Buku Guru Sunda Kls 1- 2014

Embed Size (px)

DESCRIPTION

manawi peryogi w mang uy..

Citation preview

  • Buku Tuturus Guru SD/MI

    Kelas I

    BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

    Pamekar Diajar

    DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT2014

  • PANYUSUN:Tatang Sumarsono

    Ahmad HadiAno Karsana

    Asep RuhimatDarpan

    Dede KosasihH. Dingding Haerudin

    H. Yayat SudaryatRisnawati

    PENELAAH:Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.

    Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd.Drs. H. Elin Syamsuri

    Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.Budi Riyanto

    Rarancang Eusi : Yoshi SukadarRarancang Jilid : Edi laish

    Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

    Dipedalkeun ku:DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

    ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap)978-602-1300-16-9 (Jilid 1)

    Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

    Hak cipta kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa BaratDitangtayungan ku Undang-undang

    Disklaimer: Ieu buku th diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakna buku taun 2014. Ieu buku th sipatna dokumn hirup. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajn ieu buku.

    BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

    Pamekar Diajar

    Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

  • iii

    PANGBAGA

    KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

    Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning

    nyaosan implemntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal

    Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

    Hasil garapan tim panyusun th aya dua rupi buku nyata buku murid sareng

    buku guru. ta th mangrupa bagian tina pakt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan

    pangajaran basa jeung sastra darah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013,

    ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sans mung buku wungkul

    bagian ta Permendikbud th, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi

    Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

    Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan

    pangajaran muatan lokal basa jeung sastra darah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan

    merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra darah,

    dipiharep dina diri murid aya parobihan anu ttla, boh unsur sikepna (attitude), boh

    pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagan (performance;

    behavior). Singgetna mah ta unsur anu tilu th bisa disebut kompetnsi.

    Kalungguhan guru dina posisi agn parobahan utama enggoning

    ngaimplemntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotsis basajan,

    saupami guru kagungan kompetnsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna

    g kalebet guru basa darah deuih, tinangtos ta kurikulum bakal tiasa diimplemntasikeun

    kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetnsi

    guru th, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarkah anu kedah

    knging pangajn.

  • Muga-muga wa harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu ttla dina

    dunya atikan ku diimplemntasikeunana Kurikulum 2013 th tiasa ngawujud, enggoning

    lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu bad dongkap.

    Bandung, Desember 2013

    Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

    Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA

    Pembina Utama Madya

    NIP 19570807 198601 1 001

    iv

  • PANGBAGA

    KEPALA BALAI

    PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN

    DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

    Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional.

    Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra darah nu diperenahkeun janten muatan lokal

    di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemn-

    elemn parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar

    kompetnsi lulusan, standar isi, standar pross, sareng standar penilaian. ta katangtosan

    kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah

    anu mancn tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

    Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24

    jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten

    buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun

    sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar

    sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi

    dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, mtodologi pangajaran, sareng valuasi, og

    mangrupi pangjembar buku murid.

    Komponn-komponn anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku

    guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca,

    sareng nulis anu diajarkeun mak pamarekan saintifik sareng penilaian autntik. Hal ieu

    dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng

    penilaian autntik dina pross pangajaran.

    Disusuna ieu buku th mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas

    Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan

    Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs,

    SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, og dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat

    Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah

    pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

    v

  • Muga-muga wa ieu buku th aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten

    cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan

    langkung tebihna pikeun ngamumul sareng mekarkeun basa jeung sastra darah,

    ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

    Tangtosna og ieu buku th teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu,

    teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina

    ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan

    pajaman.

    Bandung, Dsember 2013

    Kepala Balai

    Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

    Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd

    NIP. 196110051986031014

    vi

  • PANGJAJAP

    Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompetnsi (KBK) pikeun nyanghareupan panka jaman, utamana mah kompetnsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, dak teu dak butuh karancagan dina rupining widang, kaasup kamekaran thnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda.

    Luyu jeung ta hal, rumusan kompetnsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipak dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititnan og kahasan basa jeung budaya Sunda minangka mdia jeung wahana pangajaran basa Sunda.

    Tma-tma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana tma-tma dina pangajaran tmatis SD/MI nu sipatna nasional. Kompetnsi nu dipiharep ku barudak SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancag dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh th dicskeun dina kompetnsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngntp seureuh, sarta luyu jeung kontks situasi. Eta kamampuh th dirarancang dina pross pangajaran winangun papancn (project based learning) jeung ngorhan (discovery learning) anu nyoko kana lngkah-lngkah ngilmiah (saintifik) kayaning nitnan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).

    Ieu buku ngawincik tarkah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompetnsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih ged kawanina tur kadak dina ngorhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkna parigel mak basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu had kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.

    Tangtu wa ra knh kahngkran ieu ibu th. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

    Bandung, Oktober 2013

    vii

  • DAFTAR EUSI

    PANGBAGEA:1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii2. Kepala Balai Pengembangan

    Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v

    PANGJAJAP _vii

    DAPTAR EUSI _viii

    BAB I PITUDUH UMUM _1

    A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2C. Tatapakan Formal _4D. Sistem, Prinsip, jeung pamarekan

    pangajaran _4E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 F. Proses Pangajaran _5G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi

    Dasar (KIKD) _6 H. Tema jeung Bahan Ajar _8

    BAB II PITUDUH HUSUS _9

    PANGAJARAN 1 _10Tema : Ngurus Diri Sorangan _10

    PANGAJARAN 2 _18Tema : Pangaresep _18

    PANGAJARAN 3 _25Tema : Kagiatan _25

    PANGAJARAN 4 _32Tema : Kulawarga _32

    PANGAJARAN 5 _40Tema : Pangalaman _40

    PANGAJARAN 6 _48Tema : Lingkungan Sabudeureun _48

    PANGAJARAN 7 _55Tema : Miara barang jeung

    mikanyaah sasatoan katut tatangkalan _55

    PANGAJARAN 8 _63Tema : Kajadian Alam _63

    BAB III PITUDUH MEUNTEUN _71

    A. Kritria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) _72

    B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _72

    C. Rubrik Meunteun Sikep _73D. Rubrik Meunteun Latihan _73E. Rubrik Meunteun Maca _74 F. Rubrik Meunteun Nembang _74G. Rubrik Meunteun Biantara _74 H. Daftar Peunteun Murid _75I. Daftar Peunteun Murid _76

    Glosarium _77Daftar Pustaka _79

    viii

  • Bab 1 Pituduh Umum

  • 2 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    A. Ngeunaan Buku Tuturus GuruIeu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu cs dina ngalaksanakeun

    kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.1. Tatali tma anu mr gambaran ka guru ngeunaan tma nu nyoko kana kompetnsi

    dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.2. Kagiatan pangajaran nu tmatik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung

    tur ngamalir.3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah

    had, ngawasa konsp, kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik), kamampuh ngarngskeun masalah, karancagan, pribadi nu sonagar (rplktif), tur rasa basa Sunda.

    4. Rupining thnik meunteun kamampuh murid.5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rmdial jeung ngajembaran murid.6. Kagiatan silih simbeuh tur silih ldan (sharing) antara guru jeung kolot barudak,

    anu mr lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna swang-swangan.

    7. Pituduh mak buku babon murid.

    Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinka. Ari paripolahna ngawengku:1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun tks, tumanya,

    ngawih, kaulinan, dmonstrasi, pidangan masalah, jst.2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.3. Ngali kaweruh murid sammehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal

    diulikna.4. Papancn nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsp.5. Mr lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.6. Mr unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

    B. Padika Mak Buku Tuturus GuruIeu buku Tuturus Guru th mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh mak buku

    babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep nitnan heula sawatara hal nu

    dipidangkeun dina ieu buku.1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut.2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana tma.3. Tarkahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran.

    Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu had.

  • 3Bab 1 Pituduh Umum

    4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.

    5. Luyukeun tiap-tiap lngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana.

    6. Mekarkeun gagasan rancag dina milih padikapangajaran. Sungsi og kagiatan sjn lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.

    7. Rupining strtgi pangajaran nu rk dimekarkeun (kayaning murid nitnan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jst.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa wa ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

    8. Guru dipiharep mekarkeun: a. Mtode pangajaran aktif, inovatif, kratif, fktif, jeung menyenangkan (PAIKEM); b. Timbang-timbang og mak pamarekan komunikatif jeung kontkstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali

    jeung sosial budaya Sunda.10. Semster hiji aya opat tma atawa matri galeuh, ari dina semster dua aya nu opat

    tma (matri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda.

    11. Tiap-tiap tma (matri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan).12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku nitnan bahan, karep rsptif

    (ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kratif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun mr lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.

    13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu fktif, situasi katut kaayaan di sakola.

    14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompetnsi.

    15. Hasil pagawan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.16. Pikeun tarkah ngoman diri jeung minggu fktif, jieun catetan rfleksi sanggeus

    hiji tma atawa bahan rngs.17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yn manhna th

    cerdas tur bisaeun.18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru og perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina

    nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid th bda-bda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

  • 4 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    C. Tatapakan Formal

    Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu wa kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

    Hususna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK th diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana tma jeung alokasi waktu. Hal ta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing mngpar tina katangtuan KIKD, tma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibr lolongkrang tir diperedih karancaganana.

    Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD th moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana mdia massa, bagbagan palmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus th, kumaha carana nngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

    D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

    Sakabh matri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hs. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari hsna th tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti ta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan.

    Konsp basa anu dianggap ntng dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa wa dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsp basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan mak kagiatan basa atawa aktivitas murid.

    Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral th tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebrhkeun dina pancn ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9.

  • 5Bab 1 Pituduh Umum

    Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku th dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

    E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

    Rabah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA/MAK

    Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajnan, jeung ngamalkeun

    Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

    Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun

    Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancag dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

    Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

    Pribadi nu ngawasa lmu kaweruh, thnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

    F. Proses PangajaranPross pangajaran lumangsung mak pamarekan saintifik. Ari lngkah-lngkahna keiu.

    1. Nitnan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)6. Ngawangun jejaring (networking) ku cara nangan bahan tina sumber lian

  • 6 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas I SD/MI

    KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

    6.1 Menerima, menghargai, dan menjalankan ajaran agama yang dianutnya

    6.1.1 Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat penuturnya melalui teks narasi, deskripsi, pupuh, dongeng, dan pidato.

    6.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, teman, tetangga, dan guru

    6.2.1 Memiliki perilaku peduli terhadap penyelamatan makhluk sebagai ciptaan Tuhan YME melalui teks narasi (Tema 1)

    6.2.2 Memiliki perilaku santun dalam memelihara dan membina persatuan dalam perbedaan bangsa melalui teks pupuh. (Tema 2)

    6.2.3 Memiliki perilaku peduli terhadap tokoh dan penemu melalui teks narasi (Tema 3)

    6.2.4 Memiliki perilaku tanggung jawab dan peduli menghadapi pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia melalui teks deskripsi. (Tema 4)

    6.2.5 Memiliki perilaku tanggung jawab, peduli, dan disiplin dalam berwirausaha melalui teks deskripsi. (Tema 5)

    6.2.6 Memiliki perilaku peduli, disiplin, dan tanggung jawab dalam menjaga memeliharan kesehatan masyarakat melalui teks pidato. (Tema 6)

  • 7Bab 1 Pituduh Umum

    6.3 Memahami pengetahuan faktual dengan cara mengamati dan mencoba [mendengar, melihat, membaca] serta menanya berdasarkan rasa ingin tahu secara kritis tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan kegiatannya, dan benda-benda yang dijumpainya di rumah, sekolah, dan tempat bermain

    6.3.1 Memahami teks narasi tentang penyelamatan makhluk.

    (Tema 1)6.3.2 Memahami teks pupuh tentang kehidupan

    berbangsa dan bernegara (Tema 2)6.3.3 Memahami teks narasi tentang tokoh

    dan penemu secara mandiri kemudian mengolah dan menuliskannya kembali dengan kata-kata sendiri

    (Tema 3)6.3.4 Memahami teks deskripsi tentang

    pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4)

    6.3.5 Memahami teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5)

    6.3.6 Memahami teks pidato tentang meme-lihara kesehatan masyarakat. (Tema 6)

    6.4 Menyajikan pengetahuan faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang estetis dalam gerakan yang mencerminkan anak sehat, dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku anak beriman dan berakhlak mulia

    6.4.1 Menyusun teks carita pondok tentang penyelamatan makhluk dengan bahasa Sunda yang baik. (Tema 1)

    6.4.2 Melantunkan teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara (Tema 2)

    6.4.3 Menyusun teks narasi tentang tokoh dan penemu secara mandiri. (Tema 3)

    6.4.4 Menyusun teks deskripsi tentang pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4)

    6.4.5 Menyusun teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5)

    6.4.6 Menyusun teks pidato tentang menjaga dan memelihara kesehatan masyarakat. (Tema 6)

  • 8 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    H. Tema jeung Bahan Ajar

    Tema 5 : Pangalaman Bahan : Dskripsi

    Tema 6 : Lingkungan SabudeureunBahan : Dskripsi

    Tema 7 : Miara barang jeung mikanyaah sasatoan katut tatangkalanBahan : Dskripsi

    Tema 1 : Ngurus Diri SoranganBahan : Dskripsi

    Tema 2 : Pangaresep Bahan : Dskripsi

    Tema 3 : Kagiatan Bahan : Dskripsi

    TEMA&

    BAHAN AJAR

    Tema 8 : Kajadian AlamBahan : Dskripsi

    Tema 4 : Kulawarga Bahan : Dskripsi

  • Bab 2 Pituduh Husus

  • 10 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    PANGAJARAN 1

    Tema : Ngurus Diri SoranganBahan : Tks jeung gambarWaktu : 4 minggu

    KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

    Diajar basa Sunda di kelas I dimimitian ku aspk ngaregepkeun. Dina hal ieu, anu diregepkeun th carita pikeun ngawadahan tma Ngurus Diri Sorangan. Ti dinya disambung ku aspk nyarita, maca, jeung mungkaskeunana nulis. Tangtu wa ta aspk anu opat th ukur dina tahapan basajan.

    Dina Pangajaran I, murid mimiti diwanohkeun kana fonm vokal: a, i, u, , jeung o, jeung fonem konsonan: p, b, m, d, n, k, l, h, s, r, j, jeung t. Matri anu diajarkeun henteu mngpar tina ta fonem.

    A. NGAREGEPKEUN CARITA

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah ka murid sangkan maruka buku. Kabh diroris heula bisi aya anu salah mukana.

    2. Guru nmbongkeun gambar budak keur mandi, meunang ngagedkeun tina buku. Gambarna mah bisa dina karton sanggeusna digedkeun ku cara difoto kopi atawa di-scan, bisa ngaliwatan in focus.

    3. Guru nerangkeun yn ta budak nu aya dina gambar th ngaranna Tisna, sok disebut Aa. Aa th sakolana kelas hiji. Aa boga adi, ngaranna Jayadi, sok disebut Ii. Aa th budak apik jeung berska.

    4. Guru maca wacana anu nerangkeun saha ari Aa, jeung kumaha kabiasaan sapopona. Murid sina saregep ngabandungan.

  • 11Bab 2 Pituduh Husus

    B. NGAREGEPKEUN PEDARAN NGARIKSA BADAN

    No. Kagiatan

    5. Guru nerangkeun yn Aa th budak apik, tur geus baku ngariksa badanna sorangan. Ciri-cirina budak apik th tara poho mandi, sapo dua kali. Mandina mak sabun.

    6. Guru bisa nyelang nanya heula ka murid, upamana: a) Ari hidep mandi sok iraha wa? b) Naha geus bisa mandi sorangan, atawa sok dimandian knh ku ibu? c) Kumaha karasana lamun geus mandi?

    7. Saterusna guru nerangkeun hal sjnna anu kaasup kana hirup apik dina

    ngariksa badan, nyata huntu kudu dikosok jeung kuku kudu dikeureutan

    ulah sina kalotor. Ngosok huntu og sarua, sakurang-kurangna dua kali dina

    sapo. Lamun huntu langka dikosok engkna bakal katerap nyeri huntu. Kitu

    deui lamun kuku teu dikeureutan, komo mun bari kalotor, engkna bakal

    nularkeun kuman kana dahareun dina waktuna urang dahar.

    8. Dina ngariksa badan th kaasup kudu apik barangdahar deuih. Ulah sok tambarkan atawa sagal didahar, pangpangna kadaharan anu lada, sabab bisi katerap nyeri beuteung.

    9. Sangkan shat, urang kudu nyeuseup hawa nu beresih. ta pangna jandla kamar kudu dibuka, sangkan hawa beresih tur seger bisa asup ka kamar. Mana komo lamun ku mukakeun jandla kamar th cahaya panonpo bisa asup. ta th matak shat pikeun urang.

    C. NGAREGEPKEUN TEMBANG

    No. Kagiatan

    10. Satutas ngaregepkeun carita ngeunaan Aa dina sapopona, saterusna murid sina ngaregepkeun tembang. Eusina ngbrhkeun miara badan, minangka bagian tina rasa sukur ka Gusti Nu Maha Agung, sabab hirup shat. Kashatan th kacida pentingna. ta pangna wajib ngariksa sakujur badan. Lain wa nu mangrupa bagian tina jasmani atawa lahiriahna, tapi deuih rohanina.

    11. Anu dipilih pupuh pucung, sabab katimbang babari dina nembangkeunana. Lian ti ta, ukur diwangun ku opat padalisan.

  • 12 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    12. Mimitina ku guru digalantangkeun heula, sapadalisan-sapadalisan. Saterusna ku guru ditembangkeun sagemblengna, murid sina ngabarandungan. Dina hal ieu, guru kudu geus bisa nembangkeunana. Mun ku guru geus dicontoan, murid sina nurutan nembangkeunana, babarengan. Bakal leuwih alus mun guru bisa ngacapi, pikeun pamirig murid anu keur narembang.

    D. NGALISANKEUN JAWABAN

    No. Kagiatan

    13. Pangajaran ngalisankeun jawaban patali jeung kamampuh nyarita. Murid sina ngajawab pertanyaan anu matrina patali jeung pedaran guru sammhna. Kahiji, carita ngeunaan tokoh Aa, jeung kumaha kabiasaan dina sapopona. Kadua, pedaran guru ngeunaan ngariksa badan sangkan shat.

    14. Jawaban tina pertanyaan anu dipidangkeun dina buku th lolobana cukup ku sakecap, tur kabh og nyampak dina pedaran guru sammhna.

    15. Pertanyaanana dibaca guru, masing antar jeung masing jntr. Mimitina murid sina ngajawab babarengan, geus kitu saurang-saurang.

    16. Pertanyaan jeung jawaban salengkepna th kieu:

    1. budak nu kumaha ari aa th jawabanana: budak apik

    2. sok kumaha aa mmh ka sakola jawabanana: sok mak mandi heula

    3. sok iraha aa mandina th jawabanana: mandina isuk sor

    4. naha ari huntu kudu dikosok jawabanana: supaya beresih

    5. naha mandi kudu mak sabun jawabanana: supaya beresih

    6. bakal kumaha mun kuku kotor jawabanana: bakal mawa kuman

    7. naha ulah sok dahar anu lada jawabanana: bisi nyeri beuteung

  • 13Bab 2 Pituduh Husus

    8. jandla kamar naha kudu dibuka jawabanana: supaya hawa seger asup

    9. naha hirup mak kudu muji sukur jawabanana: sabab badan shat

    10. kudu kumaha ari dina saban th th jawabanana: ngurus sakujur badan

    E. DIAJAR MACA 1

    No. Kagiatan

    17. Guru nmbongkeun gambar Aa, Ii, Uu, Apa, Ibi, jeung Mumu, pikeun ngawanohken finem vokal a, i, u, jeung fonem konsonan p, b,

    m. Saterusna nmbongkeun gambar mi, Oni, Nina, jeung Dani, pikeun ngawanohkeun fonem vokal jeung o, jeung konsonan n jeung d.

    18. Murid mimiti diajar ngjah aksara, dimimitian ku mikawanoh fonem vokal a heula. Ku guru dituduhkeun gambar budak ngaran Aa, terus dicontoan ngjah aksarana dumasar kana metodeu maca struktur analisis sintesis atawa SAS. Mimiti diwanohkeun fonem vokal a. Lamun ta vonem dirndonkeun jeung fonm vokal a deui, dibacana jadi aa. Ieu kagiatan dilaksanakeun sababaraha kali, kabh murid dipapay sina nurutan ngucapkeunana, tepi ka lancar.

    19. Mimiti diwanohkeun kana fonm konsonan p. Lamun p dirndonkeun jeung a, dibacana jadi pa. Lamun a dirndonkeun jeung pa, dibacana jadi apa. Aa jeung apa ngahaja disajajarkeun sangkan murid arapaleun bdana.

    20. Pola engang anu mimiti diwanohkeun nyata V-V, terus V-KV. Ieu pola minangka tarkah anu dianggap babari dina ngawanohkeun fonm vokal jeung konsonan.

    21. Dina ngawanohkeun fonm konsonan m, sakaligus mimiti ngawanohkeun pola engang KV-KV deuih. Ari cara ngajarkeunana mah sarua wa anu sammhna.Kecap anu dipak conto dina kabh g nujul kana sesebutan atawa ngaran jalma. Maksudna sangkan babari dipikawanohna ku murid.

  • 14 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    F. NULISKEUN AKSARA 1

    No. Kagiatan

    22. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha anu geus diajarkeun.

    23. Dina tahap munggaran, anu dipigaw ku murid sina nyalin fonem vokal jeung fonem konsonan. Lamun geus lancar, terus ditingkatken kana nuliskeun kecap skumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran sammhna.

    24. Hasil pagawan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

    G. DIAJAR MACA 2

    No. Kagiatan

    25. Maca Munggaran 2 th terusna tina Maca Munggaran 1. Pola engang nu diajarkeun masih KV-KV. Bdana, dina Maca Munggaran 2 mah murid mimiti diwanohkeun jeung kecap anu nuduhkeun barang.

    26. Murid diwanohkeun kana fonm konsonan j dina kecap laja, mja, jeung jara. Kecap anu kudu dijah teu diwuwuh ku ilustrasi gambar, anu dipalar sangkan murid mimiti wanoh kana konsp basa sacara mandiri.

    27. Fonm vokal anu diajarkeun aya anu sarua, contona a a dina laja jeung jara. Lian ti ta mimiti diwanohkeun dua fonm vokal anu bda: a u dina palu jeung halu a i dina dasi o i dina roti jeung topi i a dina bima a o dina nako a dina sat a dina mja u a dina kupa

    28. Prak-prakan ngajarkeun Diajar Maca 2 henteu bda ti Diajar Maca 1.

  • 15Bab 2 Pituduh Husus

    H. NULISKEUN AKSARA 2

    No. Kagiatan

    29. Pangajaran Nuliskeun Aksara 2 th tuluyna ti pangajaran Nuliskeun Aksara 1. Bdana, dina pangajaran ieu mah taya latihan nuliskeun fonem vokal rangkap kawas dina Diajar Maca 1.

    30. Hasil pagawan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

    I. NUDUHKEUN GAMBAR

    No. Kagiatan

    31. Murid sina nuduhkeun barang sakumaha nu ditugaskeun dina buku pangajaran.

    32. Alusna mah guru nyadiakeun gambar minngka alat peraga anu ngebrehkeun rupa-rupa barang sakumaha anu aya dina buku pngajaran.

    33. Guru anu mr parntahna, terus ku murid sina dituduhkeun, bagilir saurang-saurang.

    J. DIAJAR MACA 3

    No. Kagiatan

    34. Dina Maca Munggaran 3, murid diwanohkeun kana pola engang V-KVK. Cara ngjahna angger ngagunakeun metodeu SAS.

    35. Kecap nu diajarkeun geus mimiti dilegaan ambahanana. Konsp anu diajarkeun mimiti nincak ka nu abstrak. Cindekna lain nu mirupa barang nyata wungkul. Kitu deui dina warna kecapna, henteu ngan sawates kecap barang wungkul. Murid mimiti diwanohkeun kana kecap bilangan, kecap pagawan, kecap sipat, jeung kecap kaayaan. Prak-prakanana mah sarua wa jeung diajar maca sammhna.

  • 16 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    K. DIAJAR MACA 4

    No. Kagiatan

    37. Dina Diajar Maca 4, murid mimiti diwanohkeun kana pola engang KV-KVK. Kecap anu dipak conto dina diajar ngjah ngawengku ngaran barang kongkrit, tur diwuwuh ku ilustrasi gambar.

    38. Dina ngajarkeun pola engang KV-KVK, posisi saban fonem boh vokal boh konsonan mimiti dilegaan. Aya kecap anu sarua vokalna, tapi bda konsonanana.

    1. Dua kecap anu ngandung dua vokal tur sarua susunananana, tapi bda konsonanana,

    contona: a : prak ltak a u : manuk balur i a : jidar rikat a i : rakit kasir o a : solar solat 2. Dua kecap anu bda vokalna, tapi sarua susunan konsonanana, contona: l t k : ltak lotk j k t : jukut jkt

    3. Dua kecap anu diwangun ku savokal, tapi bda konsonanana, contona: a a : dahar sabar i i : mikir kirim u u : subur jukut : brs lbr o o : botol lohor

    39. Saterusna murid diwanohkeun kana kecap anu diwangun ku tilu engang, polana KV-KV-KV, KVK-KV-KV, jeung KV-KV-KVK. Prak-prakan ngajarkeunana mah sarua wa jeung dina pangajaran diajar maca sammhna.

  • 17Bab 2 Pituduh Husus

    L. LATIHAN NULIS

    No. Kagiatan

    40. Pangajaran 1 dipungkas ku latihan nulis. Anu kudu disalin ku murid th kalimat anu diwangun ku tilu engang, kabhna aya sapuluh kalimah.

    41. Ku guru dicontoan heula cara nuliskeunana dina bor, terus ku murid sina diturutan. Murid migaw ieu pancn th dina buku tugas masing-masing.

    42. Hasil pagawan murid dipariksa ku guru, terus dipenteun.

  • 18 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    PANGAJARAN 2

    Tema : Bahan : Tks jeung gambarWaktu : 4 minggu

    KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

    Tatahapan dina Pangajaran 2 masih knh sarua jeung dina pangajaran sammhna. Dimimitian ku aspk ngagunakeun basa nu pangbasajanna, nyata ngaregepkeun. Ti dinya disambungku aspk nyarita, terus maca, jeung mungkaskeunana nulis.

    Dina pangajaran maca, murid diwanohkeun kana fonem vokal e, jeung fonem konsonan p, g, c, w, jeung y. Dina diajarna, murid mimiti diwanohkeun kana konsp kabasaan anu leuwih komplks. Dina diajar maca, teu salawasna dicukangan ku gambar, tapi langsung kana ungkara kecapna.

    A. NGAREGEPKEUN CARITA

    No. Kagiatan

    1. Guru nerangkeun, ayeuna urang dialajar deui basa Sunda. Mimitina urang nyaritakeun pangaresep. Murid sina maruka buku pangajaranana. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.

    2. Guru nmbongkeun gambar japati jeung kelenci. Ti dinya terus nanya ka murid, ari ieu gambar naon? Ku guru dijelaskeun heula yn ieu th japati jeung kelenci bogana Tisna nu sok biasa disebut Aa ta. Tisna th karesepna ngukut sasatoan.

    3. Guru maca tks nu judulna Resep Miara Sato. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu g sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana.

    4. Sarngsna ngaragepkeun tks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui yn lamun urang resep miara sasatoan, peupeujeuh kudu diurus kalawan tulatn, kawas Tisna. Ulah tepi ka poho maraban, jeung kandangna kudu diberesihan. Lamun miaran teu bener, matak jadi dosa ta th.

  • 19Bab 2 Pituduh Husus

    5. Guru nanya ka murid, saha anu di imahna ngukut sasatoan? Sato naon wa anu dikukut th? Jawaban murid tangtuna g rupa-rupa. Mungkin aya anu ngukut hayam, manuk, lauk, jeung sajabana. Jawaban murid th pikeun nyukangan pedaran matri saterusna.

    B. NGEDALKEUN OMONGAN

    No. Kagiatan

    6. Satutasna ngabandungan carita ngeunaan Tisna anu karesepna miara sasatoan, murid sina ngajarawab pertanyaan patali jeung eusi ta carita.

    7. Pertanyaanana dibaca ku guru, sina bagilir dijawab ku murid. Jawabanana th aya anu persis sakumaha ceuk dina wacana, aya deuih anu dumasar kana kaweruh murid.

    8. Hiji pertanyaan bisa wa dijawab ku sababaraha murid. Pertanyaan jeung jawaban salengkepna kieu: 1. miara sato naon wa tisna th jawabanana: japati jeung kelenci

    2. ari anak japati disebut naon jawabanana: piyik

    3. hidep apal naon ari parab japati jawabanana: jagong, bangsal, atawa bas

    4. kelenci tisna th pamr ti saha jawabanana: pamr ti komar

    5. kumaha ari warna buluna jawabanana: barodas

    6. naon maksudna sajodo th jawabanana: jalu jeung bikang

    7. kumaha tisna th miara satona jawabanana: mani tulatn

    8. matak jadi kumaha mun elat maraban jawabanana: matak jadi dosa

  • 20 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    C. DIAJAR MACA 1

    No. Kagiatan

    9. Dina Diajar Maca 1, murid diwanohkeun kana fonem vokal e, fonem konsonan p, g, c, w, jeung y.

    10. Sammh prak diajar maca, guru nmbongkeun/nuduhkeun gambar emur, peti, sugu, cau, sawah, jeung kuya, bari disebutkeun hiji-hijina.

    11. Guru mimiti ngjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna, ngagunakeun mtodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca th sarra, geus kitu sina saurang-saurang.

    12. Guru nugaskeun murid tanpa dicontoan heula pikeun ngjah aksarana. Mimiti anu maca th sarra, geus kitu sina saurang-saurang.

    D. NULISKEUN AKSARA

    No. Kagiatan

    13. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha anu geus diajarkeun. Kecap anu kudu ditulis th nyata anu ngandung fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha nu geus diajarkeun dina Diajar Maca 1.

    14. Murid sina nyalin kecap dina buku tugas masing-masing. Sammhna ku guru dicontoan heula cara nulisna.

    15. Fonem vokal e ukur bisa nempatan awal atawa tengah kecap, teu bisa dina posisi tungtung. Ari fonem konsonan p, g, c, w, jeung y mah bisa nempatan posisi di awal, di tengah, jeung di tungtung kecap.

    16. Hasil pagawan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

    E. DIAJAR MACA 2

    No. Kagiatan

    17. Guru nmbongkeun/nuduhkeun gambar sendal, lancah, kuh, kaos, Ambu, rni, ntog, jeung uncal. ta kecap th diwangun ku dua engang, polana KVK-KVK, KV-VK, VK-KV, jeung VK-KVK.

  • 21Bab 2 Pituduh Husus

    18. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

    F. DIAJAR MACA 3

    No. Kagiatan

    19. Mun dina diajar maca sammhna ngagunakeun gambar pikeun alat peragana, dina Diajar Maca 3 mah langsung wa kana ungkara kecap.

    20. Anu kudu dijah th kecap tilu engang, polana KV-V-KV (piala), KV-KV-V (radio), AK-KV-KV (aksara), V-KVK-KV (arimbi), KV-KV-VK (kiloan), KV-KVK-KV (karamba), KV-KVK-KVK (tarumpah), jeung KVK-KV-KVK (komputer).

    21. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

    G. NGUNIKEUN KECAP

    No. Kagiatan

    22. Ieu pangajaran th tujuanana pikeun ngalatih murid dina ngunikeun kecap, tepi ka sora fonem vokal nu diucapkeun th ttla bdana. Dina hal ieu, bda antara ngunikeun jeung e, upamana dina kecap dua engang kr jeung ker. Aya kecap anu fonm vokalna , e , jeung e e.

    23. Ku guru dicontoan cara ngucapkeunana, geus kitu murid sina babarengan nurutan, terus saurang-saurang.

    H. MACA KALIMAH

    No. Kagiatan

    24. Ieu pangajaran mangrupa tuluyna tina anu sammhna. Bdana, anu kudu dibaca ku murid th ayeuna mah ungkara kalimah basajan. Sajaba ti pikeun latihan diajar maca, patali jeung kamampuh dina ngunikeun kecap deuih.

  • 22 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    25. Dina ieu pangajaran murid mimiti diwanohkeun kana pross robahna kecap, nyata tina kecap barang jadi kecap pagawan (po mo, baju dibaju), tur kumaha larapna dina kalimah. Tangtu wa hal ta mah teu kudu diterangkeun, ukur pikeun kaweruh guru wungkul. Murid mah cukup sina maca wungkul, tur ta og bari dituyun ku guru.

    26. Kalimahna ku guru dibaca, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid ngucapkeun kalimahna babarengan, geus kitu terus sina saurang-saurang.

    I. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH

    No. Kagiatan

    27. Pangajaran Latihan Ngalengkepan Kalimah th sina dipigaw sacara tinulis dina buku tugas swang-swangan.

    28. Murid ngan kari nuliskeun kecap dina bagian anu dikosongkeun sangkan kalimahna jadi lengkep. Dina buku pangajaran geus disayagikeun conto cara migawna. Sammhna ku guru diterangkeun heula cara-carana kalawan jntr.

    29. Ieu latihan th pikeun ngukur kamampuh murid dina nuliskeun kecap, tepi ka ttla bdana antara vokal jeung e.

    30. Hasil pagawan murid kudu dipariksa ku guru, jeung kudu dibr peunteun. Anu jadi patokan dina meunteun th bener-henteuna nuliskeun kecap.

    J. LATIHAN NYALIN KALIMAH

    No. Kagiatan

    31. Murid mimiti diwanohkeun kana pangajaran nyalin sagemblengna kalimah, sok sanajan ukur kalimah basajan anu diwangun ku tilu kecap, tur saban kecapna diwangun ku dua engang. Ieu pangajaran th patali jeung aspk nulis dina kagiatan ngagunakeun basa.

    32. Anu kudu disalin kabehna aya dalapan kalimah. Aya anu polana subyk jeung prdikat wungkul, aya deuih anu ditambahan ku obyk.

    33. Murid migawna dina buku tugas masing-masing. Sammhna ku guru dicontoan heula cara migawna. Ieu tugas th bisa wa sina dipigaw di imah, tur minggu hareupna dipariksa.

    34. Hasil pagawan murid dipariksa rapih-henteuna jeung bener-henteuna, terus ku guru dibr peunteun.

  • 23Bab 2 Pituduh Husus

    K. NYARITAKEUN GAMBAR

    No. Kagiatan

    35. Murid sina diajar nyarita sanggeus maranhna nitnan gambar anu patali jeung migaw pangaresep. Ku guru ditmbongkeun/dituduhkeun heula gambarna. Aya tilu budak, nyata Nastiti, Koswara, jeung Solh.

    36. Ku guru diterangkeun, Nastiti karesepna ngurus taman hareupeun imahna. Di taman th loba tangkal kembang. Saban po ku Nastiti sok dicbor. Kembangna sok dipetikan, terus dipak papas dina luhur mja tamu. Ari Koswara mah karesepna kana langlayangan. Sok nyieun sorangan, tara meuli. Biasana pasosor Koswara sok ngapungkeun langlayangan di lapang. Di dinya th tempat ngumpulna barudak anu ngadon arulin. Ari Solh mah karesepna ulin paparahuan di sisi balong. Sarua Solh og sok nyieun paparahuan sorangan. Lain paparahuan meunang meuli.

    37. Sajeroning dicaritakeun th, ku guru bari ditmbongkeun/dituduhkeun gambarna, murid sina ngabarandungan. Geus kitu murid sina nyaritakeun deui, ngagunakeun basana sorangan.

    38. Saban murid dibr tugas nyarita, ku guru dipeunteun, tepi ka lebah mana kamampuh maranhna dina napsirkeun gambar.

    L. LATIHAN NULISKEUN PANGARESEP

    No. Kagiatan

    39. Sanggeus diajar nyarita, saterusna murid sina diajar nuliskeun pangaresep masing-masing. Anu ditulis ku murid th ukur dina tahap anu paling basajan. Dina nuliskeunana th bari dicukangan heula. Cindekna murid mah ngan kari nuliskeun sakecap, sangkan kalimahna jadi lengkep.

    40. Murid sina nitnan contona, bari ku guru terus diterangkeun, kumaha cara nuliskeunana. Anu dipak nyukangan murid nuliskeun pangaresepna th aya lima kalimah, nyata: 1. abdi resep kana ___________ 2. tempatna sok di ___________ 3. ari waktuna tabuh __________ 4. biasana dina po __________ 5. alat anu dipakna __________

  • 24 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    41. Ieu tugas sina dipigaw di imah masing-masing. Murid dibr kasempetan pikeun nanyakeun atawa mnta bantuan ka kolotna atawa ka lanceukna. Minggu hareupna, pagawan murid dipariksa ku guru.

    42. Naon anu ditulis ku murid tangtuna g rupa-rupa. Hasil pagawan maranhna terus dibr peunteun.

  • 25Bab 2 Pituduh Husus

    PANGAJARAN 3

    Tema : KagiatanBahan : Tks jeung gambarWaktu : 4 minggu

    KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

    Tma dina Pangajaran 3 th ngeunaan kagiatan. Maksudna, kagiatan anu patali jeung diri murid. Pikeun nyumponn ta tma, anu diajarkeun th ngeunaan kagiatan saban isuk dina rk indit ka sakola, jeung kagiatan salila diajar. Lian ti ta, dina wacana sjnna diwanohkeun wacana anu midangkeun kagiatan olahraga. Pikeun ngalengkepanana, ditambahan ku tks paguneman.

    Dina pangajaran ayeuna, hususna dina Diajar Maca, murid diwanohkeun kana vokal eu jeung konsonan ng. Prak-prakan ngajarkeunana teu bda ti pangajaran sammhna.

    A. NGAREGEPKEUN CARITA

    No. Kagiatan

    1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.

    2. Guru nmbongkeun gambar barudak di buruan sakola, jeung gambar dua budak keur laleumpang, indit ka sakola. Ku guru dijelaskeun heula yn ieu th Tisna atawa nu sok biasa disebut Aa ta. Tisna th indit ka sakolana sok bareng jeung Oki, batur sakelasna.

    3. Guru maca tks nu judulna Indit ka Sakola. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu g sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana.

    4. Sarngsna ngaragepkeun tks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui kumaha kagiatan Tisna jeung Oki saban isuk dina waktu rk indit ka sakola. Kudu disabit-sabit kumaha suhudna ta dua budak dina rk indit ka sakola, tepi ka tara kungsi kabeurangan. Terus deuih dicaritakeun, kumaha ari pangajaran geus dimimitian. Sakabh murid saregep diajar, tara aya anu heureuy atawa malaweung.

  • 26 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    B. NYARITAKEUN KAGIATAN

    No. Kagiatan

    5. Pikeun ngukur tepi ka mana kamampuh murid dina mahamkeun carita, maranhna sina ngajawab pertanyaan patali jeung eusi tks anu dibaca ku guru.

    6. ta pertanyaan sina bagilir dijawab ku murid. Hiji pertanyaan bisa wa sina dijawab ku sababaraha murid. Kabh murid kudu meunang giliran. Sabot aya murid nu ngajawab, murid sjnna sina ngabarndungan.

    7. Pertanyaan jeung jawabanana th kieu:

    1. saha nu disampeur ku tisna th jawabanana: oki

    2. naha inditna sok laleumpang jawabanana: sabab deukeut

    3. naon sababna tara kabeurangan jawabanana: sabab tara llda

    4. kumaha mun keur kagiliran pikt jawabanana: inditna sok tanginas

    5. kumaha ngabagi giliran pikt th jawabanana: kabh kagiliran saminggu swang

    6. naon sababna diajar kudu saregep jawabanana: sabab diajar mah teu meunang bari heureuy

    7. naha di kelas teu meunang garandng jawabanana: matak ngaganggu kana diajar

    8. naha di kelas ulah silih baldog jawabanana: bisi matak cilaka

    8. Anu diregepkeun ku murid, katut jawaban maranhna kana saban pertanyaan di luhur kabh g patali jeung kagiatan tokoh Tisna katut Oki. Saterusna murid sina nyaritakeun pangalaman kagiatan dirina sorangan. Pok-pokan guru dina nugaskeun nyaritakeun kagiatan, upamana:Kumaha ari kagiatan hidep sapopo? Cing pk ku hidep caritakeun. Carana mah jawab wa pananya anu aya di handap. Tangtu hidep bakal bisa nyaritakeun kagiatan sorangan.

    9. Kagiatan anu dicaritakeun ku murid tangtu moal persis sarua. ta nu dipiharep, sangkan maranhna ludeung nyarita.

  • 27Bab 2 Pituduh Husus

    10. Matri pertanyaan pikeun nyukangan murid sina nyaritakeun kagiatan nu karandapan ku dirina th kieu: 1. tabuh sabaraha hidep ka sakola 2. sok bareng jeung saha ari inditna 3. jauh henteu ti imah ka sakola th 4. mmh ka kelas sok naon heula 5. terus ka mana bubar ti sakola th 6. di imah naon wa nu dipigaw 7. iraha hidep ulin jeung babaturan 8. hidep resep kana kaulinan naon

    11. Alus pisan mun saban murid boga kasempetan ngajawab sakabh pertanyaan, sabab bakal kagambar leuwih cs naon wa kagiatan maranhna sapopo. Tapi dina kondisi waktu teu nyukupan, bisa w saban murid ukur ngajawab dua pertanyaan.

    C. DIAJAR MACA 1

    No. Kagiatan

    12. Ngajarkeun matri Diajar Maca 1 masih knh dituyun ku guru. Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana vokal eu. Dina basa Sunda, ieu vokal th bisa nempatan posisi di hareup (eurih), di tengah (careuh), jeung di tukang (sampeu).

    13. Guru nmbongkeun gambar eurih, careuh, jeung sampeu, katut katerangan kecapna. Ku murid sina ditengetan, terus guru nanya, Ari ieu gambar naon? bari nuduhkeun. Murid sina ngajarawab.

    14. Guru mimiti ngjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna, ngagunakeun mtodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca th sarra, geus kitu sina saurang-saurang.

    15. Guru nugaskeun murid tanp dicontoan heula pikeun ngjah aksara. Mimiti anu maca th sarra, geus kitu sina saurang-saurang.

    16. Mun katimbang geus lancar, ngjahna diteruskeun kana anu dua kecap. Ieu og sarua, mimitina sarra sina bareng, geus kitu sina saurang-saurang.

    17. Saterusna guru ngawanohkeun konsonan ng. Pikeun nyukanganana, guru nmbongkeun gambar buah jeung gambar bango.

    18. Prak-prakanana teu bda ti waktu ngajarkeun ngjah eu, boh dina mtodeuna boh dina nugaskeun ka murid pikeun maca kecap anu geus nyampak.

  • 28 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    D. NGUCAPKEUN KECAP

    No. Kagiatan

    19. Ieu pangajaran Ngucapkeun Kecap th maksudna mah sangkan murid bnts dina ngunikeun sora-sora basa, utamana vokal eu jeung konsonan ng.

    20. Ku guru dibaca per kecap, sina diturutan ku murid. Mimitina diturutanana th ku sarra, terus sina ku saurang-saurang.

    E. MACA KALIMAH 1

    No. Kagiatan

    21. Murid diwanohkeuh kana pangajaran maca kalimah basajan. Ieu pangajaran th patali jeung anu sammhna, nyata latihan ngucapkeun kecap kalawan bnts. Utamana ngabdakeun kecap anu ngagunakeun vokal , e, jeung eu.

    22. Kecap anu dipak conto th nyata: lebet jeung leubeut, bener jeung beuneur, ntng jeung eunteung, hideng jeung hideung.

    23. Conto kecap anu bieu ditataan th mimitina diucapkeun heula ku guru, sina diturutan ku murid. Kudu diperhatikeun sangkan anu diunikeun ku murid th ttla bdana.

    24. Saterusna guru maca kalimahna, sina dibarandungan ku murid. Guru maca per kalimah, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid anu nurutan th sarra, geus kitu sina ku saurang-saurang.

    F. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH

    No. Kagiatan

    25. Pangajaran Latihan Ngalengkepan Kalimah th sina dipigaw sacara tinulis dina buku tugas swang-swangan.

    26. Murid ngan kari nuliskeun kecap dina bagian anu dikosongkeun sangkan kalimahna jadi lengkep.

    27. Ieu latihan th pikeun ngukur kamampuh murid dina nuliskeun kecap, tepi ka ttla bdana antara vokal , e, jeung eu.

    28. Hasil pagawan murid kudu dipariksa ku guru, jeung kudu dibr peunteun. Anu jadi patokan dina meunteun th bener-henteuna nuliskeun kecap.

  • 29Bab 2 Pituduh Husus

    G. DIAJAR MACA 2

    No. Kagiatan

    29. Dina pangajaran Diajar Maca 2 anu kudu dijah th kecap anu diwangun ku opat engang, nyata baldsa, kacapanon, panonpo, sandiwara, olahraga, babakaur, katumbiri, jeung majalngka.

    30. Anu kudu dibaca th kecap kanttan anu diwangun ku dua kecap. Ngajarkeunana masih knh kudu dituyun ku guru. Kecapna dibaca ku guru, murid sina nurutan. Prak-prakan ngajarkeunana mah teu bda ti anu enggeus-enggeus.

    H. MACA KALIMAH 2

    No. Kagiatan

    31. Tina diajar maca kecap kanttan, saterusna murid dibr deui pangajaran maca kalimah anu kecapna aya anu diwangun ku opat engang.

    32. Kalimah anu kudu dibaca th kabhna aya dalapan. Prak-prakanana teu bda ti nu enggeus-enggeus.

    I. MACA BEDAS

    No. Kagiatan

    33. Murid diwanohkeun kana tks winangun wacana. Tmana masih ngbrhkeun kagiatan, dina hal ieu nyata olahraga.

    34. Ieu wacana th sina dibaca bedas ku murid. Prak-prakanana dituyun ku guru. Dibaca sajajar-sajajar, murid sina nurutan.

    35. Saluyu jeung judulna, eusi ieu wacana th nyata nyaritakeun gunana olahraga: penting pikeun kashatan, ngalantarankeun urang jadi gumbira, nambahan kawawuhan, jeung ngaraketkeun duduluran.

    36. Ngeunaan gunana olahraga ku guru terus diterangkeun, naon anu dimaksud kashatan, timbulna rasa gumbira, jeung nambahan kawawuhan katut ngaraketkeun duduluran. Guru bisa tumanya, upamana: Ari hidep sok olahraga naon? Reesep henteu? Jeung saterusna. Murid sina ngajarawab dumasar kana pangalaman atawa pamanggihn masing-masing.

  • 30 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    J. NGEDALKEUN JAWABAN

    No. Kagiatan

    37. Pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi wacana, murid sina ngajarawab

    pertanyaan sacara lisan.

    38. Pertanyaanana dibaca ku guru, terus sina dijawab ku murid, saurang-saurang.

    Hiji pertanyaan bisa wa diasongkeun ka sababaraha murid.

    39. Jawaban murid kudu dipeunteun. Pikeun patokan guru dina meunteun bisa

    dititnan ieu di handap.

    1. di mana senam po ahad th tempatna

    jawabanana: di lapang baldsa

    2. tabuh sabaraha nu rk senam karumpulna

    jawabanana: tabuh tujuh

    3. sok marak naon anu mariluan senam th

    jawabanana: marak baju jeung sapatu olahraga

    4. naha ari barudak og sok miluan senam

    jawabanana: sabab barudak og resepeun

    5. penting pikeun naon ari olahraga th

    jawabanana: pikeun kashatan

    6. mun olahraga naha matak jadi gumbira

    jawabanana: sabab bisa nambah kawawuhan

    7. penting henteu mun urang loba sobat

    jawabanana: penting

    8. naon wa gunana mun urang loba sobat

    jawabanana: pikeun silih tulungan

    9. ari kagiatan hidep sapopo naon wa

    jawabanana dipasrahkeun kana pangalaman murid swang-swangan

    10. di mana tempatna mun hidep olahraga

    jawabanana dipasrahkeun kana pangalaman murid swang-swangan

  • 31Bab 2 Pituduh Husus

    K. MACA PAGUNEMAN

    No. Kagiatan

    40. Murid diwanohkeun kana tks winangun wacana paguneman. Kabhna aya dua judul. Kahiji, judulna Miluan Senam, palakuna papada aww, nyata Yanti jeung Sinta. Kadu, judulna Piknik ka Ciwidy, palakuna papada lalaki, nyata Pandu jeung Irman.

    41. Ku guru ditmbongkeun/dituduhkeun heula gambarna, bari diterangkeun ta th gambar naon wa.

    42. Guru nyontoan maca saban wacana, ku murid sina diturutan ngucapkeunana, babarengan. Geus kitu sina diturutan ku saurang-saurang.

    L. LATIHAN PAGUNEMAN

    No. Kagiatan

    43. Saterusna guru mr tugas molahkeun paguneman di hareupeun kelas. Pikeun paguneman kahiji, anu dibr tugas th murid aww, saha anu jadi Yanti, jeung saha anu jadi Sinta. Pikeun paguneman kadua, anu dibr tugas th murid lalaki, saha anu jadi Pandu, jeung saha anu jadi Irman.

    44. Alus pisan mun dina kagiatan molahkeun paguneman th murid sina maca tks sorangan. Tapi pikeun murid anu tacan lancar mah bisa bari dituyun ku guru.

    45. Sajeroning dua murid keur molahkeun paguneman, murid sjnna sina ngabarandungan.

  • 32 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    PANGAJARAN 4

    Tema : KulawargaBahan : Tks jeung gambarWaktu : 4 minggu

    KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

    Saluyu jeung tmana ngeunaan kulawarga, dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana lingkungan anu leuwih lega. Maranhna dipiharep bisa nataan anggota kulawargana masing-masing. Lian ti ta, dina ngipuk karakter positif, murid bisa nempatkeun dirina kalawan bener dina kahirupan kulawargna, utamana dina nerapkeun tika.

    Dina diajar maca, murid mimiti diwanohkeun kana fonem konsonan ny. Ti dinya ditma ku latihan nuliskeunana. Masih knh dina diajar maca, murid dilalanyahan sina maca bedas, dumasar kana anggapan yn maranhna geus bisa ngjah aksara

    A. NGAREGEPKEUN CARITA

    No. Kagiatan

    1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.

    2. Guru nmbongkeun gambar kulawarga Tisna anu keur tumpak dlman. Aya lanceukna, aya adina, aya ibuna, jeung aya apana. Ku guru dijelaskeun heula yn ieu th kulawarga Tisna, terus dituduhkeun hiji-hijina.

    3. Guru maca tks nu judulna Kulawarga Tisna. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu g sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana.

    4. Sarngsna ngaragepkeun tks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui kumaha layeutna Tisna sadudulur. Leuwih jauhna hal ieu bakal dipedar dina bagian B. Ngabandungan Piwuruk.

  • 33Bab 2 Pituduh Husus

    B. NGABANDUNGAN PIWURUK

    No. Kagiatan

    5. Pedaran ngeunaan piwuruk utamana pikeun nyumponan Kompetnsi Dasar 1.2.4 anu nmbongkeun ayana sikep miduli jeung mikanyaah anggota kulawarga. Pedaran guru th miangna tina wacana Kulawarga Tisna.

    6. Guru nerangkeun hubungan dina lingkungan kulawarga. Aya indung jeung bapa, aya adi jeung lanceuk. Diterangkeun deuih kumaha sesebutan pikeun anak di hiji lingkungan kulawarga. Aya anu disebut cikal, panengah, jeung bungsu.

    7. Saterusna guru nerangkeun kawajiban anggota kulawarga, boh kawajiban ka indung-bapa boh kawajiban ka dulur. Pikeun nyukanganana, guru bisa ngadadarkeun kaayaan di kulawarga Tisna, upamana wa:Tisna sadudulur layeut jeung alakur. Lanceuk kudu nglhan ka adi. Dak ngaping tur jadi picontoeun. Lanceuk ulah sok nyeurikan adi. Kitu deui adi og ulah ngalawan jeung masaan lanceuk. Ulah bedegong atawa mawa karep sorangan.Tisna ka dulurna tara kort. Ka batur sarua tara kitu deuih. Hidep og kudu brhan jeung dak tutulung. Dibarung ku iklas. Jalma nu resep dipuji sok adigung. mun nyarita sok sombong.Hidep og tangtu sarua kitu. Ari jeung dulur teu meunang pasa. Nya jeung batur g sarua ulah kitu peta. Jalma nu resep pasa th gorng kacida. Komo mun bari jeung harak atawa resep ngaganggu batur mah. Engkna moal aya nu dakeun maturan.

    8. Guru terus nerangkeun kawajiban lanceuk ka adi, jeung kawajiban adi ka lanceuk, upamana: Mun hidep jadi lanceuk kudu picontoeun adi. Ulah bangor jeung carkeun. jeung ulah sok ngaheureuyan adi deuih. Malah mun adi ceurik th kudu gancang sina rph. Kudu dak ngasuh deuih. Pk ajakan ulin tapi ulah nu matak jadi cilaka.Upama hidep jadi adi kudu nurut ka lanceuk. ulah sok ngalawan jeung ulah ogoan. Kudu dak mantuan lanceuk deuih. Mun lanceuk keur bbrs ku urang kudu dibantuan. Entong ngadagoan dititah heula. Kudu hideng sorangan.Alus pisan mun hidep ngapalkeun babarengan. Mun aya sual anu tacan ngarti pk tanyakeun ka lanceuk. Engk og ku lanceuk bakal diterangkeun sabisana. Kad poho hidep ngucapkeun nuhun.

  • 34 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    9. Saterusna, anu paling utama, nerangkeun kawajiban anak ka indung-bapana. Anu paling penting urang kudu nurut ka indung jeung ka bapa. Nashat indung bapa th jadi tuduh jalan kana kahadan. Urang kudu hormat nmbongkeun sopan santun. Ulah sok mungpang atawa ngalawan. Komo mun wani nyentak mah. Apan ta th kolot urang. Kanyaah indung jeung bapa taya watesna. Sakur piwurukna kudu diregepkeun jeung dipigaw. ta th sangkan urang salamet dunya ahrat. Indung jeung bapa tangtu miharep urang jadi budak anu solh. Di sakola jadi murid anu pinter.

    10. Pedaran ngeunaan piwuruk th bakal kasabit deui dina bagian saterusna. Murid dibr tugas sina ngbrhkeun pamanggihna ngeunaan kautamaan hirup di lingkungan kulawarga.

    C. NGAJAWAB PANANYA

    No. Kagiatan

    11. Murid dibr tugas ngajawab pertanyaan sacara lisan, pikeun ngukur kamampuh maranhna dina nyangkem eusi wacana anu dibaca ku guru. Lian ti ta, og pikeun mikweruh sikep murid dina ngalaksanakeun kawajibanana dina kahirupan kulawarga.

    12. Pertanyaanana dibaca ku guru, sina dijarawab ku murid, bagilir. Hiji pertanyaan bisa wa sina dijawab ku sababaraha murid.

    13. Pertanyaan jeung jawaban anu kudu dipigaw ku murid th kieu:

    1. sabaraha urang dulurna tisna th? jawabanana: duaan

    2. saha anu nyepls pisan ka tisna? jawabanana: jayadi

    3. naon anu dimaksud anak cikal? jawabanana: anak panggedna

    4. naon anu dimaksud anak bungsu? jawabanana: anak pangleutikna

    5. kumaha ari tisna sadudulur th? jawabanana: layeut alakur

    6. kudu kumaha ari lanceuk ka adi? jawabanana: dak ngaping jeung jadi conto

  • 35Bab 2 Pituduh Husus

    7. kudu kumaha ari adi ka lanceuk?

    jawabanana: kudu nurut jeung ulah ngalawan

    8. alus henteu ari jalma kort th?

    jawabanana: henteu

    9. nashat saha anu wajib diturut th?

    jawabanana: nashat indung jeung bapa

    10. bakal jadi kumaha mun urang nurut?

    jawabanana: bakal salamet dunya ahrat

    D. NGANGGEUSKEUN KALIMAH

    No. Kagiatan

    14. Murid dibr tugas nganggeuskeun kalimah dumasar kana pedaran guru ngeunaan piwuruk anu patali jeung kawajiban anggota kulawarga. Anu kudu dipigaw ku murid th kabhna aya sapuluh sual.

    15. Ieu tugas sina dipigaw di imah masing-masing. Ged kamungkinan dina migawna th bakal bari dituyun ku kolotna atawa ku lanceukna. Dina minggu hareupna, hasil pagawan murid dipariksa saurang-saurang, terus dipeunteun.

    16. Pikeun padoman dina mr peunteun, bisa dititnan ieu di handap:

    1. ari jeung dulur teu meunang pasa

    2. budak harak moal aya nu maturan

    3. lanceuk kudu bisa mr conto ka adi

    4. ari ka adi urang th kudu dak ngasuh

    5. lanceuk ulah sok bangor jeung carkeun

    6. urang ulah ulin anu matak jadi cilaka

    7. mun lanceuk keur digaw kudu dibantuan

    8. alus pisan mun bisa ngapalkeun babarengan

    9. mun urang dibantuan kudu nyebut nuhun

    10. kanyaah indung jeung bapa urang taya watesna

  • 36 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    E. DIAJAR MACA

    No. Kagiatan

    17. Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana fonem konsonan ny. Ku guru dituduhkeun heula, bari dicontoan cara ngucapkeunana.

    18. Kecap anu mak fonem konsonan ny dilarapkeun kana kalimah. ta kalimah th meunang nyutat tina matri anu dipidangkeun sammhna. Ku kituna, dina diajar maca ayeuna mah murid mimiti dilalanyahan ngjah kalimah.

    19. Ku guru dicontoan heula cara macana, murid sina nengetan. Geus kitu maranhna sina nurutan sakur anu dibaca ku guru.

    20 Murid dibr tugas sina ngalalanyahan diajar maca sorangan, utamana dina ngjah kecap anu ngandung fonem konsonan ny. Alusna mah sakabh murid meunang giliran, sangkan bisa kanyahoan kamampuh macana.

    F. NGJAH AKSARA BARI NUDUHKEUN GAMBARNA

    No. Kagiatan

    21. Aya dua tujuan nu kudu dihontal dina pangajaran ayeuna, nyata murid bisa maca, jeung sakaligus bisa nuduhkeun gambar dumasar kana kecap anu dibacana.

    22. Aksara anu kudu dijah th aya dina kecap kanttan, kabhna aya dalapan. Sammhna ku guru ditmbongkeun/dituduhkeun heula gambar anu patali jeung ta kecap kanttan.

    23. Anu kudu dijah th kecap anu diwangun ku dua jeung tilu engang, anu polana sakumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran sammhna.

    24 Pikeun ngabeungharan kaweruh murid, ku guru kudu diterangkeun sakur kecap kanttan anu aya gambarna ta. Upamana wa: naon ari gunana sapu nyr, anu kumaha ari anu dimaksud sayang rinyuh, naon ari manuk manyar, jeung bakal kumaha mun nyiruan nyeureud.

  • 37Bab 2 Pituduh Husus

    G. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH

    No. Kagiatan

    25. Ieu pangajaran th pikeun ngalatih murid dina ngucapkeun kalimah. Kahiji, dina lebah artikulasina tepi ka jntr dina ngucapkeun saban fonem. Kadua, ngalatih dina ngagunakeun lentong atawa intonasi.

    26. Kecap-kecap anu aya dina kalimah th aya anu diwangun ku saengang, dua engang, jeung tilu engang. Dina saban kalimah aya kecap anu ngagunakeun fonem konsonan ny.

    27. Guru ngucapkeun saban kalimah, terus ku murid sina diturutan. Mimiti babarengan, terus dipents saurang-saurang.

    H. NGALENGKEPAN KALIMAH

    No. Kagiatan

    28. Dina ieu pangajaran, murid sina ngeusikeun kecap kana bagian kalimah anu dikosongkeun. Kecap anu kudu dieusikeun th geus disadiakeun, tur kabhanana ngagunakeun fonem konsonan ny. Sina dipigaw dina buku tugas masing-masing.

    29. Kecap anu ngagunakeun fonem konsonan ny dina ieu tugas th aya dua rupa. Dina kelompok kahiji, sagemblengna kecap asal, kayaning penyu, anyar, konyal, nyiruan, jeung saterusna. Ari dina kelompok kadua mah kecap anu geus dirobah ku ngagunakeun rarangkn nasal, kayaning sugu jadi nyugu, susun jadi nyusun, surung jadi nyurung, jeung sajabana. Kad murid bisi salah migawna, anu kudu dieusikeun th kecap anu geus mak rarangkn nasal, lain kecap asalna.

    30. Ku guru dicontoan heula cara migawna. Bagian kalimah anu kosong dieusian ku kecap, tepi ka jadi kalimah lengkep. Sanggeus kitu ta kalimah th dibaca ku guru, sina dibarandungan ku murid.

    31 Sakabh murid migaw tugas, ku guru kudu diroris bisi aya anu tacan merenah dina prak-prakanana.

    32. Mun geus brs dipigaw, kalimah anu meunang ngalengkepan th sina dibaca bedas, dibagilirkeun. Lamun murid katimbang hseun knh, ku guru dicontoan cara macana.

  • 38 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    I. MOLAHKEUN PAGUNEMAN

    No. Kagiatan

    33. Dina ieu pangajaran aya opat wacana anu kudu dipolahkeun ku murid. Kahiji, prak-prakan narima smah. Kadua, nginjeum barang. Katilu, dititah balanja ka warung. Kaopat, diajakan piknik ku bibi. Ieu paguneman th lumangsung dina basa ragam hormat, pikeun ngalatih murid dina ngagunakeun tika basa. Dipolahkeunana mah sacara basajan wa, teu kudu dibarung ku peta, tapi cukup dina lentongna.

    34. Ku guru dicontoan heula cara ngucapkeun sakur paguneman, murid sina ngabarandungan. Paguneman anu kahiji ukur diwangn ku opat kalimah. Paguneman kadua jeung saterusna dipanjangan ku cara nambahan kalimahna.

    35. Ku guru tangtukeun heula murid anu molahkeun hiji tokoh dina paguneman. Murid anu jadi tokoh paguneman th sina maa tksna, patmbalan. Lamun katimbang murid tacan lancar macana, ku guru dituyun heula.

    36 Sajeroning murid molahkeun hiji tokoh dina paguneman, ku guru dititnan cara ngucapkeun saban kalimahna.

    J. MACA BEDAS

    No. Kagiatan

    37. Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana sesebutan di lingkungan kulawarga. Ieu th pikeun ngabiasakeun murid ngagunakeun tika basa di lingkungan kulawarga.

    38. Guru nuduhkeun/nmbongkeun bagan kulawarga. Di dinya dittlakeun aya aki jeung nini, indung jeung bapa, jeung barudakna.

    39 Guru maca tks anu judulna Sesebutan di Lingkungan Kulawarga, murid sina nurutan ngucapkeunana.

    40. Guru nerangkeun pancakaki di ta lingkungan kulawarga dumasar kana ta gambar. Pedaran ngeunaan hal ieu dibrhkeun dina buku pangajaran anu ku murid sina dibaca bedas.

    41. Sajaba ti hubungan pancakaki, bari diterangkeun deuih sesebutan atawa istilahna.

  • 39Bab 2 Pituduh Husus

    K. NATAAN KULAWARGA JEUNG DULUR

    No. Kagiatan

    42. Satutasna meunang katerangan ngeunaan hubungan pancakaki katut sesebutanana, murid dibr tugas nataan kaayaan kulawarga maranhna masing-masing. Anu kudu disebutkeun th ngaran indung-bapa, jumlah dulur katut ngaranna masing-masing, ngaran aki jeung nini, ngaran emang jeung bibi, jeung ngaran uwa.

    43. Ieu tugas mun katimbang rada hs, bisa wa sina dipigaw di imah masing-masing. Ku kituna, murid bisa nanyakeun heula ka kolotna. Jawabanana bisa wa dituliskeun dina buku tugas. Dipariksa ku guru dina minggu hareupna.

    44 Hasil pagawan murid sina dibaca, dibarandungan ku anu sjn. Ku guru kudu dipeunteun, dumasar kana lengkep henteuna jawaban anu ditulis terus dibaca. Bisa wa aya murid anu teu bogaeun emang jeung bibi, atawa teu bogaeun uwa. Bisa wa teu bogaeun adi, atawa teu bogaeun lanceuk deuih. Hal ta teu kudu matak ngurangan peunteun.

    L. NATAAN KAAYAAN DI IMAH JEUNG SABUDEUREUNANA

    No. Kagiatan

    45. Patali jeung tugas nataan anggota kulawarga, murid sina sakalian nataan kaayaan di imah jeung sabudeureunana.

    46. Anu ditanyakeun th alamat imah, anggangna ka sakola, di buruan imah aya naon wa, ari keur di imah sok migaw naon, di mana ari diajar ngaji, kaulinan naon anu dipikaresep, jeung saha wa ulinna, jeung di mana tempatna.

    47 Ieu tugas sina dipigaw di imah masing-masing. Dipariksana minggu hareupna, sakumaha dina tugas nataan anggota kulawarga. Hasil pagawa maranhna kudu dipeunteun.

  • 40 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    PANGAJARAN 5

    Tema : PangalamanBahan : Tks jeung gambarWaktu : 4 minggu

    KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

    Pangjaran 5 henteu dimimitian ku kagiatan ngaregepkeun sakumaha biasana, tapi langsung kana maca bedas. Dina prakna maca geus teu ngagunakeun deui ngjah mak mtodeu SAS. Anu dijah langsung kana engang. Kitu deui di antara kecap anu dijah th aya anu diwangun ku opat engang.

    Saluyu jeung pameredih kompetnsi dasar, matri anu dipidangkeun dina ieu pangajaran ngutamakeun aspk nyarita. Dina hal ieu, nyaritakeun hal-hal nu patali jeung pangalaman, hususna anu karandapan langsung ku diri murid.

    Dina bagian panutupna, murid sina dialjr nembangken pupuh magatru

    A. MACA BEDAS

    No. Kagiatan

    1. Tks anu kudu dibaca th judulna Nyaba ka Panyirapan. Eusin nyaritakeun Tisna diajakan nyaba ka lembur akina di pilemburan. Ku maca ieu tks dipiharep kaweruh murid ngeunaan kaayaan lingkungan alam katut eusina bisa nambahan.

    2. Guru mr conto ku maca sawatara kalimah dina tks, sina dibarandungan ku murid, terus sina nurutan.

    3. Murid dititah maca tks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu sjnna ngabarandungan. Mimitina macana th cukup sakalimah-sakalimah wa, ti dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.

    4. Sakabh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.

  • 41Bab 2 Pituduh Husus

    5. Sarngsna maca, eusi tks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matri nu patali jeung kaayaan alam. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna. Kahiji, dina ngabandungan pedaran pangalaman. Kadua, dina nyaritakeun pangalaman anu kungsi karandapan.

    B. NGABANDUNGAN PEDARAN PANGALAMAN

    No. Kagiatan

    6. Dina ieu bagian, guru nerangkeun anu dimaksud pangalaman nyanyabaan, anu tangtu wa ku sakabh murid og kungsi karandapan. Nyanyabaan th di antarana aya anu patali jeung silaturahmi, upamana nganjang ka dulur atawa baraya. Lian ti ta, nyanyabaan bisa wa pikeun tujuan rkrasi atawa darmawisata.

    7. Pangalaman Tisna diajak nyaba ka Panyirapan ku uana bisa dipedar leuwih lengkep, sakumaha anu dipidangkeun dina buku pangajaran. Matrina ngan kari dibaca ku guru, sina dibarandungan ku sakabh murid.

    8. Dina medar lalakon Tisna nyaba ka Panyirapan bisa wa ku guru divariasikeun jeung aspk sjnna, upamana kumaha pentingna miara alam.

    9. Guru bisa tumanya ka murid, upamana saha wa anu kungsi nyaba, ka mana ngajugjugna, jeung kumaha resep henteuna. Ieu th pikeun nyukangan kana pangajaran saterusna, waktu murid dibr pancn nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku dirina.

    C. NYARITAKEUN PANGALAMAN

    No. Kagiatan

    10. Dina ieu bagian, murid dits kamampuhna, tepi ka mana maranhna nyangkem eusi tks anu geus dibaca bedas. Carana sina ngajawab pertanyaan patali jeung pangalaman Tisna diajakan nyaba ka Panyirapan.

    11. Guru nyontoan kumaha prak-prakan ngajawabna. Saterusna mah saban pertanyaanana sina dibaca ku murid, tur langsung dijawab saharita.

  • 42 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    12. ta pertanyaan katut jawabanana th kieu:

    1. ka mana tisna th diajak nyabana jawabanana: ka panyirapan

    2. saha ari ngaran nini jeung akina tisna th jawabanana: nini rahmi jeung aki suganda

    3. naon anu dipigaw ku akina tisna jawabanana: ngebon melak palawija

    4. tangkal naon wa nu diarah buahna jawabanana: alpuket nangka peuteuy jeung limus

    5. naon wa gunana tatangkalan th jawabanana: miara sumber cai

    6. kumaha di tempat nu taya tatangkalan jawabanana: hawana beresih tur seger jeung nambahan ndah

    pamandangan

    7. naha kanyaho tisna jadi nambahan jawabanana: sabab jadi nyaho kana kaayaan alam

    8. naon sababna tisna betaheun di lembur akina jawabanana: sabab akina sok ngadongng ngeunaan alam

    9. naha tisna mak kudu mulang deui ka dayeuh jawabanana: sabab waktu perna geus bak

    10. rk kumaha mun engk tisna per deui sakola jawabanana: rk nyaba deui ka lembur akina

    8. Pikeun ngahudang minat murid dina nyaritakeun pangalaman nyanyabaan anu kungsi kaalaman ku dirina, guru bisa nerangkeun kieu heula:Anu dibaca bieu ku hidep th pangalaman Tisna salila per sakola. Tisna th apan imahna di dayeuh atawa di kota. Ari akina Tisna matuh di lembur anu jauh ti kota. Kaayaan di kota mah ram, bda jeung di lembur. Tapi najan kitu Tisna ngarasa betah. Hawana seger sabab loba tatangkalan. Kitu deui kaayaan alamna og ndah.Kanyaho Tisna jadi nambahan. Akina nerangkeun rupa-rupa tatangkalan. Loba gunana geuning tatangkalan th. Miara tatangkalan sarua jeung miara lingkungan. Ngaruksak tatangkalan sarua jeung ngaruksak alam.Hidep og tangtu boga pangalaman anu matak resep. Kumaha tah pangalaman hidep th? Di mana ari tempatna?

  • 43Bab 2 Pituduh Husus

    9. Naon anu kudu dicaritakeun ku murid ngeunaan pangalaman anu kungsi karandapan ku dirina, dicukangan ku dalapan pertanyaan. Sakur murid sina ngajawab sacara lisan, dibagilirkeun saurang-saurang. Anu sjnna sina ngabarandungan. 1. harita hidep nyaba ka mana (murid sina nyebutkeun ngaran lokasi anu dijugjugna)

    2. di mana ta th tempatna (murid sina nyebutkeun wewengkonna aya di kabupatn mana)

    3. jeung saha hidep inditna (murid sina nyebutkeun saha wa anu indit bareng jeung manhna)

    4. kumaha ari kaayaan di jalanna (murid sina nyaritakeun kaayaan anu katempo di jalanna)

    5. aya naon wa di tempat anu dituju (murid sina nyaritakeun rupa-rupa obyek di tempat anu dijugjug)

    6. naon wa anu nyababkeun hidep ngarasa resep (murid sina nyebutkeun alesan pangna resep ka tempat anu

    dijugjugna)

    7. meunang olh-olh naon hidep ti tempat nyaba (murid sina nataan olh-olh naon wa ti tempat anu dijugjugna)

    8. naha hidep hayang deui nyaba ka ta tempat (murid sina nyebutkeun minat nyaba ka tempat anu dijugjugna)

    10. Kamampuh murid dina nyaritakeun pangalaman dirina kudu dipeunteun. Aspk nu dipeunteunna di antarana ngawengku: sikep dina nyarita, kamampuh lancar henteuna nyarita, jeung matri anu dicaritakeunana.

    D. NYARITAKEUN GAMBAR

    No. Kagiatan

    11. Anu dimaksud gambar di dieu th saenyana potrt. Pangna milih potrt th sangkan leuwih autntik dina nyaritakeun kaayaan anu dibrhkeun dina ta potrt.

    12. Guru nmbongkeun/nuduhkeun potrt sakumaha anu aya dina buku pangajaran. Kahiji, potrt di kebon binatang. Kadua, potrt di sisi basisir.

  • 44 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    13. Guru nyaritakeun pangalaman Wndi jeung Yunita patali jeung ta potrt. Wndi piknik ka kebon binatang, diajakan ku lanceukna. Loba sasatoan anu asalna Wndi teu nyaho. Geuning mani rupa-rupa pisan. Kaasup sasatoan anu geus langka. Di kebon binatang th aya maung, gajah, bantng, biruang, uncal, jeung rupa-rupa sato lianna. Ari Yunita mah piknikna ka basisir. Pamandangan di sisi laut kacida ndahna. Yunita diajakan tumpak parahu. Sammh balik Yunita meuli heula barang karajinan tina kerang keur olh-olh. Pangalaman Wndi jeung Yunita bisa dititnan dina gambar. Kumaha ari kaayaan di kebon binatang, jeung kumaha ari pamandangan di sisi laut.

    14. Sajeroning nyaritakeun pangalaman Wndi jeung Yunita th ku guru bari dituduhkeun potrtna. Murid sina saregep ngabandungan.

    15. Saterusna guru mr tugas ka murid sangkan nyaritakeun deui pangalaman Wndi jeung Yunita dumasar kana potrtna. Prak-prakanana mah bagilir wa saurang-saurang.

    16. Dina waktu salah saurang murid keur nyarita, anu sjnna sina ngabarandungan.

    E. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH PANANYA

    No. Kagiatan

    17. Ieu pangajaran th pikeun ngalatih murid dina ngalisankeun kalimah pananya. Kahiji dina lentong atawa intonasina. Kadua, sangkan murid bisa ngagunakeun kecap pananya kalawan merenah.

    18. Aya dua kecap pananya anu diajarkeun, nyata saha jeung naon. Ku guru diterangkeun gunana ta kecap pananya. Saha digunakeun pikeun nanyakeun jalma. Ari naon digunakeun pikeun nanyakeun barang atawa hiji kajadian nu patali jeung barang.

    19. Mimitina dipidangkeun heula kalimah wawaran, terus disambung ku kalimah pananyana. Ku cara kieu dipiharep murid meunang gambaran anu jelas dina ngagunakeun kalimah pananya.

    20. Boh kalimah wawaranana boh kalimah pananyana, ku guru dibaca heula, terus sina diturutan ku murid dina ngalantangkeunana. Saterusna mah bisa wa sina langsung dibaca ku murid.

    21. Sakabh murid kudu meunang giliran ngagalantangkeun kalimah pananya. Kudu diperhatikeun kumaha kamampuh murid dina ngalisankeunana, utamana nu patali jeung lentong atawa intonasi.

  • 45Bab 2 Pituduh Husus

    F. NGALENGKEPAN KALIMAH KU KECAP PANANYA

    No. Kagiatan

    22. Pangajaran ngeunaan kalimah pananya dilegaan deui ku ditambahna kecap pananya sjnn, nyata iraha, kumaha, sabaraha, di mana, jeung ti iraha.

    23. Ku guru diterangkeun heula gunana ta kecap pananya. Iraha pikeun nanyakeun hal-hal anu patali jeung waktu, kumaha pikeun nanyakeun hal-hal nu patali jeung cara atawa prak-prakan migaw pagawan, sabaraha pikeun nanyakeun hal-hal anu patali jeung jumlah, jeung di mana pikeun nanyakeun hal-hal anu patali jeung tempat.

    24. Dina ieu pangajaran, murid dibr tugas ngalengkepan kalimah pananya ku kecap pananya anu geus disayagikeun. Sina dipigaw dina buku tugas masing-masing.

    25. Hasil pagawan murid kudu dipariksa, terus dipeunteun.

    G. NYUSUN KECAP JADI KALIMAH

    No. Kagiatan

    26. Ieu pangajaran pikeun ngukur kamampuh murid dina nyusun kalimah. Alusna ieu tugas sina dipigaw di imah masing-masing wa. Minggu hareupna ku guru dipariksa.

    27. Kalimah anu kudu disusun th aya anu diwangun ku opat kecap, jeung aya anu lima kecap. Pikeun nuyun murid dina migawna, dina buku geus ditulis kecap anu mimiti. Jadi murid mah ngan kari nuluykeun.

    28. Ku guru dicontoan heula cara migawna: sapda mardani boga minidisusun jadi kalimah: mardani boga sapda mini

    29. Hasil pagawan murid dina minggu hareupna ku guru dipenteun. Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititnan ieu di handap: 1. juara jadi penca - ibrahim ibrahim jadi juara penca

    2. ngaji keur nurjanah - diajar nurjanah keur diajar ngaji

  • 46 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    3. balik dwi olahraga kakara dwi kakara balik olahraga

    4. rk kostaman mnbal - latihan kostaman rk latihan mnbal

    5. sedepmalem melak tangkal - ria ria melak tangkal sedepmalem

    6. bnsin iskandar dititah dagang iskandar dititah dagang bnsin

    7. tukang lukman di buruan sasapu lukman sasapu di buruan tukang

    8. kuda balap resep hryanti lalajo hryanti resep lalajo balap kuda

    9. carita dina pantun purbasari aya purbasari aya dina carita pantun

    10. getol sunat puasa jamaludin pisan jamaludin getol pisan puas sunat

    H. MIKAWANOH ISTILAH TEMPAT

    No. Kagiatan

    30. Dina tks anu nyaritakeun Tisna nyaba ka Panyirapan disabit-sabit sawatara istilah tempat. Saterusna murid diwanohkeun kana istilah tempat lianna anu dianggap mindeng kapanggih dina kahirupan sapopo.

    31 Istilah tempat nu kudu diwanohkeun th nyata kota, kampung, taman, lapang, gunung, walungan, sawah, kebon, jurang, jeung talaga. ta itilah dilarapkeun dina kalimah sangkan leuwih babari kahartina ku murid. Hadna mah ku guru diterangkeun saliwat, tur mun nyampak mah bari ditmbongkeun gambarna.

    32. Dina prakna diajar, bisa wa sakur kalimah anu ngandung istilah tempat th sina dibaca ku murid, dibagilirkeun.

  • 47Bab 2 Pituduh Husus

    I. NGALENGKEPAN KALIMAH KU ISTILAH TEMPAT

    No. Kagiatan

    33. Nyambung jeung pangajaran di luhur, saterusna murid dibr pancn ngalengkepan kalimah ku istilah tempat anu geus disayagikeun. Pikeun ngalengkepanana, murid ngan kari milih.

    34 Ku guru dicontoan heula cara migawna. Cukup sanomer atawa dua nomer wa tina sapuluh kalimah anu kudu dipigaw.

    35. Ieu tugas sina dipigaw di imah masing-masing. Minggu hareupna terus dibahas babarengan, jeung dipeunteun.

    36. Kalimah anu geus dilengkepan th kieu unina: 1. par di sawah trh dipann 2. sakitu halodo g sumur teu saat 3. cai di walungan palidna ka hilir 4. hawa di luhur gunung tiris pisan 5. di talaga ciremis loba wisatawan 6. barudak latihan manbal di lapang 7. kamari aya mobil ragrag ka jurang 8. kendaraan di jalan raya mani tararik 9. pamayang ngala lauk di tengah laut 10. teu kudu ra najan imah di kampung

    J. NEMBANGKEUN PUPUH

    No. Kagiatan

    38. Pangajaran 5 dipungkas ku nembangkeun pupuh magatru. Eusina nyaritakeun sasatoan anu aya di kebon binatang.

    39 Rumpaka ieu pupuh mimitina sina dibaraca heula ku murid dina jero hat, sangkan maranhna meunang gambaran ngeunaan eusina.

    40. Guru nyontoan nembangkeunana, murid sina ngabarandungan. Dina prak-prakanana, nyontoan th sapadalisan-sapadalisan heula, terus murid sina nurutan nembangkeunana. Geus kitu kakara ditingkatkeun jadi gembleng sapada.

    41.. Murid sina nembangkeun ta pupuh babarengan, terus dipents saurang-saurang, anu sjnna sina ngabarandungan.

  • 48 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    PANGAJARAN 6

    Tema : Lingkungan SabudeureunBahan : Tks jeung gambarWaktu : 4 minggu

    KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

    Tma dina Pangajaran 6 th pikeun nyukangan tumuwuhna kaweruh ngeunaan alam jeung sikep positif murid dina miara alam. Murid sina wanoheun kana kaayaan di sabudeureun dirina, kaasup hal-hal nu patali jeung cuaca. Dina lebah tumuwuhna sikep, dipiharep murid kajurung pikeun babarengan miara alam di sabudeureun dirina.

    Dina Pangajaran 6, murid diwanohkeun kana fonem konsonan rangkep. Kumaha macana, jeung kumaha nuliskeunana

    A. MACA BEDAS

    No. Kagiatan

    1. Tks anu kudu dibaca th judulna Mimiti Usum Hujan. Eusina nyaritakeun kaayaan di hiji tempat dina rk mimiti nincak usum hujan. Ku maca ieu tks dipiharep kaweruh murid ngeunaan kaayaan lingkungan alam katut eusina bisa nambahan, utamana anu patali jeung iklim.

    2. Guru mr conto ku maca sawatara kalimah dina tks, sina dibarandungan ku murid, terus sina nurutan.

    3. Murid dititah maca tks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu sjnna ngabarandungan. Mimitina macana th cukup sakalimah-sakalimah wa, ti dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.

    4. Sakabh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.

    5. Sarngsna maca, eusi tks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matri nu patali jeung kaayaan alam dina usum hlodo jeung usum hujan. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna.

  • 49Bab 2 Pituduh Husus

    B. NGABANDUNGAN PEDARAN MIARA LINGKUNGAN

    No. Kagiatan

    6. Dina ieu bagian aya pedaran anu kudu dibaca ku guru, sina dibarandungan ku murid. Wacanana ditulis dina wangun prosa dskripsi. Eusina nyaritakeun kaayaan alam, jeung kumaha kuduna dina lebah miarana sangkan teu ngadatangkeun mamala.

    7. Ku guru dibaca masing antar. Malah alusna mah tepi ka dua balikan, sangkan eusina enya-enya kacangkem ku murid.

    8. Sarngsna dibaca terus diterangkeun. Bakal leuwih alus mun guru bisa nmbongkeun sawatara gambar anu patali jeung miara alam.

    9. diajak paguneman ngeunaan matri anu bieu diterangkeun, upamana wa ku ngasongkeun pertanyaan anu patali jeung kaayaan di sabudeureun murid: 1) Lamun keur usum halodo, naha di tempat hidep sok hs cai? 2) Lamun keur usm hujan, naha di tempat hidep sok banjir? 3) Naha di tempat hidep aya tempat pamiceunan runtah? 4) Ari runtahna sok terus dikumahakeun?

    C. NGANGGEUSKEUN KALIMAH

    No. Kagiatan

    10. Satutasna ngabandungan pedaran miara lingkungan, murid sina nganggeuskeun kalimah. Murid ngan kari ngeusian bagian anu dikosongkeun. Eusina mah cukup ku sakecap wa.

    11. Ieu tugas th pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem pedaran nu ditepikeun ku guru. Lian ti ta, pikeun ngukur katapis murid dina nuliskeun kalimah.

    12. Hasil pagawan murid dibahas babarengan, terus ku guru dipeunteun. Pikeun padoman dina meunteun, bisa dititnan ieu di handap: 1. dina usum hujan langit mindeng ceudeum 2. ari rk turun hujan hawa robah jadi panas 3. turunna hujan th jadi rahmat pikeun kahirupan 4. dina usum hujan sumur sok pinuh deui caina 5. cai hujan kudu sina gancang nyerep kana taneuh 6. solokan jeung walungan teu ngalir lantaran kapengpet 7. tangkal kai anu rungkad matak bahaya lamun ninggang 8. ceuk dina aturan urang entong miceun runtah ka solokan

  • 50 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    D. DIAJAR MACA

    No. Kagiatan

    13. Guru nmbongkeun/nuduhkeun gambar jangkrik, angklung, semprong, jeung congkrang. Guru nanya ka murid, ari ieu gambar naon wa?

    14. Dina pangajaran diajar maca ayeuna murid diwanohkeun kana fonem konsonan rangkep, nyata kr, kl, jeung pr. Ku kituna, dina ngjhna og balik deui kana mtodeu SAS.

    15. Guru nyontoan ngjah aksara, murid ngabarandungan, terus babarengan sina nurutan. Geus kitu dipents saurang-saurang.

    E. NGUCAPKEUN KALIMAH

    No. Kagiatan

    16. Patali jeung fonem konsonan rangkep sakumaha anu dijah dina diajar maca, saterusna murid dilatih ngucapkeunana dina kalimah.

    17. Aya lima kalimah nu kecapna ngandung fonem konsonn rangkep, nyata tr (dina mantri jeung listrik), cr (dina kancra), kr (dina jangkrik), jeung bl (dina jemblung).

    18. Kalimahna dibaca heula ku guru, murid sina ngabarandungan. Geus kitu maranhna sina nurutan ngucapkeunana babarengan.

    19. Murid dipents ngucapkeun kalimah saurang-saurang, anu sjnna sina ngabarandungan. Ku guru kudu enya-enya diperhatiken bisi dina ngucapkeun fonem konsonan rangkapna tacan jntr.

    F. NYALIN KALIMAH

    No. Kagiatan

    20. Pangajaran nyalin kalimah di dieu patali jeung katapis murid dina nyieun tulisan. Anu dimaksud tapis di dieu nyata bener-henteuna dina nyalin kalimah. Kadua, pikeun ngukur karapih dina nyieun tulisan, pangpangna mah bisa dibaca.

  • 51Bab 2 Pituduh Husus

    21. Guru nyontoan heula prak-prakan nyalin kalimah. Anu kudu disalin th kalimah anu kecapna ngandung fonem konsonan rangkep. Dilegaan deui ku diwanohkeunana fonem konsonan rangkep dr (dina sandra) jeung pl (dina jempling).

    22. Ieu tugas nyalin kalimah th sina dipigaw di imah masing-masing. Minggu hareupna dibahas babarengan, sarta terus dipeunteun.

    G. NGALENGKEPAN KALIMAH

    No. Kagiatan

    23. Ieu pangajaran ngalengkepan kalimah th bisa wa dilaksnakeunana patali jeung aspk nyarita, nyata ngalatih murid dina ngunikeun kecap jeung kalimah.

    24. Aya bagian kalimah anu kosong, engkna sina dieusian ku kecap anu geus disayagikeun. Cindekna, murid mah ngan kari ngalarapkeun wa.

    25. ta kalimah nu kudu dieusikeun th mangrupa kecap rajkan dwirka anu di jerona aya aya fonem konsonan rangkap, nyata bra-bru, plak-pluk, bruy-bray, plu-plos, pras-pris, krang-kring, crung-crng, blung-blong, trong-trang, jeung jlung-jleng. Tangtu wa ari perkara tori dina lmu basana mah teu kudu diterangkeun. Murid cukup sina weruh wungkul yn aya kecap anu dirajk kawas kitu.

    26. Kalimah anu kudu dilengkepan ku murid th pikeun nambahan kaweruh maranhna, utamana dina nyangkem kamahran ngagunakeun basa.

    27. Ku guru dicontoan heula prak-prakan migawna. Mimiti kecapna dieusikeun kana bagian anu kosong, terus dibaca/dikedalkeun.

    28. Murid dipents saurang-saurang pikeun ngucapkeun kalimah anu geus dilengkepan, dibarandungan ku anu sjn.

    H. NGABANDUNGAN CARITA

    No. Kagiatan

    29. Mateti pangajaran dina ieu bagian th pikeun ngalatih kamampuh murid dina ngabandungan carita winangun wacana lengkep. Engkna bakal nyambung jeung pangajaran dina bagian sjnna anu patali jeung aspk nyarita.

  • 52 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

    30. Wacana anu kudu dibandungan th judulna Kerja Bakti di Jadaria, eusina nyaritakeun sikep masarakat anu sauyunan dina miara lingkungan sabudeureun (patali jeung tma). Anu dicaritakeun dina wacana th enggoning nambahan kaweruh murid, tur dipiharep bisa numuwuhkeun sikep sauyunan dina kahirupan masarakat.

    31. Ieu wacana dibaca ku guru, sina dibarandungan ku murid. Dibaca tepi ka dua balikan, sangkan eusina bisa enya-enya kacangkem ku murid.

    32 Tina kagiatan ngabandungan, saterusna murid diperedih mampuh migaw tugas anu patali jeung eusi ta wacana.

    I. NYARITAKEUN KERJA BAKTI

    No. Kagiatan

    33. Murid dipiharep bisa nyaritakeun deui eusi wacana anu geus dibandungan ku maranhna. Pikeun ngahontal hal ta dicukangan heula ku tugas ngajawab pertanyaan. Anu kudu dijawab th kabhna aya sapuluh sual.

    34. Pertanyaan anu kudu dijawab ku murid th bisa dibaca langsung ku maranhna, lamun sakirana geus mampuh maca. Tapi lamun tacan mampuh mah bisa deuih pertanyanana dibaca ku guru, murid sina ngajarawab.

    35. Pertanyaan sina dijawab ku murid, saurang-saurang, terus dibahas babarengan. Pikeun padomanana bisa dititnan ieu di handap:1. iraha urang jadaria ngayakeun kerja baktina jawabanana: dina po ahad

    2. naon wa anu dipigaw dina kerja bakti th jawabanana: meresihan lingkungan sabudeur

    3. naon sababna tatangkala