Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

Embed Size (px)

Citation preview

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    1/88

    Buku Tuturus Guru SD/MI

    Kelas II

    BASA SUNDAKIKD Kurikulum 2013 

    Pamekar Diajar

    DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT2014

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    2/88

    PANYUSUN:Tatang Sumarsono

    Ahmad HadiAno Karsana

    Asep RuhimatDarpan

    Dede KosasihH. Dingding Haerudin

    H. Yayat SudaryatRisnawati

    PENELAAH:Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.

    Dr. Hj. Ai Soanti, M.Pd.Drs. H. Elin Syamsuri

    Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.Budi Riyanto

    Rarancang Eusi :  Yoshi Sukadar Rarancang Jilid : Edi laish

    Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

    Dipedalkeun ku:DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

    ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap)

    978-602-1300-17-6 (Jilid 2)Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

    Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa BaratDitangtayungan ku Undang-undang

    Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapnaKurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasiku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas PendidikanProvinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna bukutaun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum

    luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharepbisa ngundakkeun ajén ieu buku.

    BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013 

    Pamekar Diajar

    Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    3/88

    PANGBAGÉA

    KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

      Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning

    nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan LokalMata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

      Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng

    buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan

    pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013,

    ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul

    bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi

    Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan

    pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan

    merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah,

    dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude ), boh

    pangaweruhna (knowledge ), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan ( performance;

    behavior ). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.

      Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoningngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan,

    saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna

    gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun

    kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi

    guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah

    kènging pangajèn.

     

    iii

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    4/88

    Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina

    dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning

    lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

    Bandung, Desember 2013

    Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

    Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA

    Pembina Utama MadyaNIP 19570807 198601 1 001

    iv

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    5/88

    PANGBAGÉA

    KEPALA BALAI

    PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN

    DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

    Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional.

     Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal

    di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar

    kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan

    kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah

    anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

    Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24

     jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten

    buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeunsakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar

    sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi

    dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé

    mangrupi pangjembar buku murid.

    Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku

    guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca,

    sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintik sareng penilaian auténtik. Hal ieu

    dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintik sareng

    penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

    Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas

    Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan

    Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs,

    SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat

    Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerahpada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

    v

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    6/88

    Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten

    cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan

    langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah,

    ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

    Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu,teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina

    ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan

    pajaman.

    Bandung, Désember 2013

    Kepala Balai

    Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

    Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd

    NIP. 196110051986031014

    vi

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    7/88

    PANGJAJAP

    Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK)pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abadka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasupkamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warnapangajaran basa Sunda.

    Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeungkaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna

    karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénanogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basaSunda.

    Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dinapangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudakSD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dinaranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dinakompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah,

    ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dinaprosés pangajaran winangun papancén ( project based learning ) jeung ngoréhan (discoverylearning ) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya,nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).

    Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontalkompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedihgedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anuengkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa

     jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun

    nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

    Bandung, Oktober 2013

    Panyusun

    vii

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    8/88

    DAFTAR EUSI

    PANGBAGEA:1. Kepala Dinas Pendidikan  Provinsi Jawa Barat _iii2. Kepala Balai Pengembangan

    Bahasa Daerah dan Kesenian DinasPendidikan Provinsi JAwa Barat _v

    PANGJAJAP _viiDAPTAR EUSI _viii

    BAB I PITUDUH UMUM _1

    A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2C. Tatapakan Formal _4

    D. Sistem. Prinsip, jeung pamarekanpangajaran _4E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5F. Proses Pangajaran _5G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi

    Dasar (KIKD) _5H. Tema jeung Bahan Ajar _8

    BAB II PITUDUH UMUM _9PANGAJARAN 1 _10Tema : Hirup sauyunan _10

    PANGAJARAN 2 _18Tema : Kaulinan di imah jeung

    sabudeureun _18

    PANGAJARAN 3 _26Tema : Pancén sapopoé _26

    PANGAJARAN 4 _33Tema : Lingkungan sakola _33

    PANGAJARAN 5 _40Tema : Hirup beresih tur séhat _40

    PANGAJARAN 6 _48

    Tema : Cinta jeung Reueus jadi Bangsa Indonésia _48

    PANGAJARAN 7 _55Tema : Miara sasatoan

     jeung tutuwuhan _55

    PANGAJARAN 8 _62

    Tema : Ngajaga kasalametandi imah jeung di jalan _62

    BAB III PITUDUH MEUNTEUN _69

    A. Kritéria Meunteun KatutasanMinimal (KKM) _70

    B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _70

    C. Rubrik Meunteun Sikep _71D. Rubrik Meunteun Latihan _71E. Daftar Peunteun Murid _72F. Reeksi Guru _72

    BAB IV BAHAN PANGJEMBAR _73 

    A. Kaweruh Basa jeung Sastra _74B. Glosarium _77

    Daftar Pustaka _80

    viii

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    9/88

    Bab

    1 PituduhUmum

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    10/88

    2 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru

    Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeunkagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi

    dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung

    tur ngamalir.3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah

    hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir ngilimiah (saintik), kamampuh ngaréngsékeun

    masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda.4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid.6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing ) antara guru jeung kolot barudak,

    anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajarmurid di imahna séwang-séwangan.

    7. Pituduh maké buku babon murid.

    Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku:1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,

    ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.

    3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakaldiulikna.

    4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép.5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

    B. Padika Maké Buku Tuturus Guru

    Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké bukubabon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.

    Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nudipidangkeun dina ieu buku.1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut.2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma.3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran.

    Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah

    nu hadé.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    11/88

    3Bab 1 Pituduh Umum

    4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun,pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.

    5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeungkacana.

    6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén

    lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya,nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisawaé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

    8. Guru dipiharep mekarkeun:  a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM);  b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual;  c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;  d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran;  e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali

     jeung sosial budaya Sunda.10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat

    téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda.

    11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan).12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif

    (ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik,ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatifnulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkankaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeunméré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.

    13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun soranganalokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.

    14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalankompeténsi.

    15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réeksi sanggeus

    hiji téma atawa bahan réngsé.17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh

    cerdas tur bisaeun.18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina

    nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat,

    waktu, jeung bahan ajar.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    12/88

    4 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    C. Tatapakan Formal

    Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dinaieu buku dumasarkana Kurikulum2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sundaatawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeungSastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah danKesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna,ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mahkaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

    Husuna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sund anu disusun ku BPBDK téhdiwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusunmangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tinakatangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan

    katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana.Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naonnu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeuntina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budayamasarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carananéngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

    D. Sistim. Prinsip, jeung Pamarekan PangajaranSakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedara, ulikan, jeung latihan

    dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé.Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kanasaban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jeropangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deuidina ulikan jeung latihan.

    Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waédina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeunkana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid.

    Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih.Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitandna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9.

    Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur

    tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna(panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dinaeusi atawa substansina (gampang-henteuna).

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    13/88

    5Bab 1 Pituduh Umum

     E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

    Rabah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA/MAK  

    Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun

    Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawabdina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alamsabudeureun, sarta dunya katut adabna.

    Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun

    Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah turrancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

    Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

    Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sartawawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

    F. Proses Pangajaran

    Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintik. Ari léngkah-léngkahna keiu.

    1. Niténan (mengamati ), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton

    2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala3. Nalar (menalar/mengasosiasi ), ku cara nambahan kaweruh lain4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)6. Ngawangun jejaring (networking ) ku cara néangan bahan tina sumber lian

    G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)

    Kelas II SD/MIKOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

    2.1 Menerima dan menjalankanajaran agama yang dianutnya

    2.1.1 Menerima anugrah Tuhan Yang MahaEsa atas penciptaan bahasa Sundasebagai bahasa daerah dan unsur budayabangsa serta alat komunikasi masyarakatpenuturnya melalui teks pupuh,

    narasi, deskripsi, PAGUNEMAN, dankakawihan.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    14/88

    6 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    2.2 Memiliki perilaku jujur,disiplin, tanggung jawab,santun, peduli, dan percayadiri dalam berinteraksidengan keluarga, teman, dan

    guru

    2.1.2 Memiliki perilaku santun, disiplin, dan jujur dalam menjalin kerukunan hidupdalam kemajemukan melalui teks pupuh(Tema 1)

    2.1.3 Memiliki perilaku santun, jujur, rukun,

    dan toleransi dalam kegiatan bermain dilingkungan keluarga dan di lingkungansekitar melalui teks narasi. (Tema 2)

    2.1.4 Memiliki perilaku disiplin, jujur, tanggung jawab dalam melaksanakan tugasku sehari-hari melalui teks narasi atau deskripsi.(Tema 3)

    2.1.5 Memiliki perilaku tanggung jawab dan

    disiplin sebagai pelajar yang baik dalammerawat lingkungan sekolah melaui teksdeskripsi. (Tema 4)

    2.1.6 Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam menjaga hidup bersih dan sehatmelaui teks PAGUNEMAN (Tema 5).

    2.1.7 Memiliki perilaku disiplin dan tanggung jawab dalam memelihara lingkungan alamsekitar (air, bumi, dan matahari) melaui

    teks deskripsi. (Tema 6)2.1.8 Memiliki perilaku disiplin dan tanggung

     jawab dalam memelihara hewan dantumbuhan melaui teks deskripsi. (Tema 7)

    2.1.9 Memiliki perilaku tertib, tanggung jawabdan disiplin dalam menjaga keselamatandi rumah dan perjalanan melaui tekskakawihan. (Tema 8)

    2.2 Memahami pengetahuanfaktual dengan caramengamati [mendengar,melihat, membaca] danmenanya berdasarkan rasaingin tahu tentang dirinya,makhluk ciptaan Tuhan dankegiatannya, dan benda-

    benda yang dijumpainya dirumah, sekolah

    2.2.1 Mengenal teks pupuh tentang kerukunanhidup dalam kemajemukan. (Tema 1)

    2.2.2 Mengenal teks narasi tentang kegiatanbermain di lingkungan keluarga dan dilingkungan sekitar (Tema 2)

    2.2.3 Mengenal teks narasi tentang tugaskusehari-hari (Tema 3)

    2.2.4 Mengenal teks deskripsi tentang

    pentinngnya merawat lingkungan sekolah.(Tema 4)

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    15/88

    7Bab 1 Pituduh Umum

    2.2.5 Mengenal teks PAGUNEMAN tentangmenjaga hidup bersih dan sehat. (Tema 5).

    2.2.6 Mengenal teks deskripsi tentanglingkungan alam sekitar (air, bumi, danmatahari). (Tema 6)

    2.2.7 Mengenal teks deskripsi tentang carapemeliharaan hewan dan tumbuhan.(Tema 7)

    2.2.8 Mengenal teks kakawihan atau pupuhtentang menjaga keselamatan di rumahdan perjalanan. (Tema 8)

    2.3 Menyajikan pengetahuan

    faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dansistematis, dalam karya yangestetis dalam gerakan yangmencerminkan anak sehat,dan dalam tindakan yangmencerminkan perilakuanak beriman dan berakhlakmulia

    2.3.1 Melantunkan teks pupuh tentang

    kerukunan hidup dalam kemajemukan.(Tema 1)2.3.2 Menceritakan isi teks narasi tentang

    kegiatan bermain di lingkungan keluargadan di lingkungan sekitar. (Tema 2)

    2.3.3 Menceritakan isi teks narasi tentangpelaksanaan tugasku sehari-hari .(Tema 3)

    2.3.4 Menuliskan isi teks deskripsi tentangpentingnya merawat lingkungan sekolah.(Tema 4)

    2.3.5 Memperagakan teks PAGUNEMANtentang menjaga hidup bersih dan sehat.(Tema 5)

    2.3.6 Menuliskan isi teks deskripsi tentanglingkungan alam sekitar (air, bumi, danmatahari). (Tema 6)

    2.3.7 Menuliskan isi teks deskripsi tentang caramerawat hewan dan tumbuhan. (Tema 7)2.3.8 Melantunkan teks kakawihan tentang

    menjaga keselamatan di rumah danperjalanan. (Tema 8)

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    16/88

    8 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    H. Tema jeung Bahan Ajar

    Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat

    Bahan : Paguneman

    Tema 6 : Lingkunga alam(Cai, Bumi,Panonpoé)

    Bahan : Sajak

    Tema 7 : Miara sasatoan jeung tutuwuhan

    Bahan : Déskripsi

    Tema 8 : Kasalametan diimah jeung di jalan

    Bahan : Kakawihan/Pupuh

    Tema 1 : Hirup Sauyunan

    Bahan : Pupuh

    Tema 2 : Ulin di  LingkunganBahan : Déskripsi

    Tema 3 : Pancén sapopoéBahan : Déskripsi

    Tema 5 : Hirup beresih jeung séhat

    Bahan : Paguneman

    TEMA&BAHAN AJAR 

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    17/88

    Bab

    2 PituduhHusus

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    18/88

    10 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    PANGAJARAN 1

    Tema : Hirup SauyunanBahan : PupuhMédia : Téks jeung Gambar 

    Tujuan Pangajaran:Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa nembangkeun pupuh pucung jeung

    maham eusina, mikaweruh kandaga kecap, nulis kalimah, ngalarapkeun tatakrama basa,nembangkeun pupuh, ngalengkepan kalimah, jeung nyaritakeun gambar.

    Kagiatan Diajar:Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,

     jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian,nyaéta (1) ngaregepkeun tembang, (2) ngalisankeun jawaban: maham eusi tembang, (3)mikanyaho sasaruaan kecap, (4) nulis kalimah, (5) ngalemeskeun kecap, (6) nembangkeunpupuh, (7) maham pupuh, (8) ngalengkepan kalimah, jeung (9) nyaritakeun gambar.Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

    Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

    A. NGAREGEPKEUN TEMBANG

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid ngaregepkeun pupuh pucung nu témana “HirupSauyunan” nu ditembangkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét kalawansaregep. Nu dipilih pupuh pucung lantaran katimbang babari jeung pondok.

    2. Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh pucung. Geus kitu,murid giliran sajajar-sajajar bangku nembangkeun pupuh pucung.

    B. NGALISANKEUN JAWABAN : Maham Eusi Tembang

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid niténan pupuh pucung nu geus ditembangkeun kalawan saregep.

    2. Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan tina eusi pupuhpucung. Pananya nu kudu dijawab ku murid ditujukeun pikeun ngahualkeunkamampuh murid kana pupuh pucung.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    19/88

    11Bab 2 Pituduh Husus

    3. Jawaban ti murid cukup ku ngalengkepan naon-naon nu ditanyakeun.Pananya jeung jawabanana kieu.

    Pék jawab pananya ieu di handap!1. Jalma téh kaasup kana naon? Mahluk hirup.2. Teu bisa naon jalma téh? Hirup nyorangan.3. Kudu loba naon urang téh? Loba wargi.4. Keur naon urang loba wargi? Pikeun hirup babarengan sauyunan.5. Kudu kumaha jeung batur? Kudu sauyunan.6. Keur naon loba batur? Hirup urang jadi loba duduluran.7. Asalna batur bisa jadi naon? Jadi wargi.8. Sangkan naon silih tépakeun pangarti? Sangkan nambahan kabisa.9. Urang kudu nyiar naon? Pangabisa.10. Tungtungna bakal kumaha? Loba pangalaman.

    C. MIKANYAHO KECAP

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid niténan conto larapna kecap dina kalimah.wargi = dulur 

      Urang kudu loba wargi.  Urang kudu loba dulur.

    2. Guru nitah murid sangkan weruh kana harti kecap ku cara dibéré sinonimnatur larapna dina kalimah.

    D. NULIS KALIMAH

    1. Murid disina diajar nyusun kalimah ku cara ngalarapkeun kecap pananya.  2. Bisi héséeun, murid dibéré heula conto makéna kecap pananya.  3. Kecap pananya anu kudu dilarapkeun nyaéta di mana jeung saha.

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid niténan conto larapna kecap pananya di mana  jeung saha dina kalimah.

    1. Yadi meuli buku.  _______ Yadi meuli buku?  Di mana Yadi meuli bukuna?

      2. Yadi meuli buku.  _______ nu meuli buku?  Saha nu meuli bukuna?

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    20/88

    12 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    2. Guru nitah murid sangkan diajar nyusun kalimah ku cara ngalarapkeun kecappananya. Murid ngan ngalengkepan ku kecap pananya di mana jeung saha.

    Pananya jeung jawaban ngalarapkeun kecap pananya di mana.

    1. Déni rék mandi.  Di mana Déni rék mandina?

    2. Barudak keur arulin.  Di mana barudak keur arulinna?

    3. Murid keur dialajar basa Sunda.  Di mana murid diajar basa Sundana?

    4. Nénéng jeung Yési keur sapintrong.  Di mana Nénéng jeung Yési sapintrongna?

    5. Dadang ngagambar gunung.

      Di mana Dadang ngagambar gunungna?

      Pananya jeung jawaban ngalarapkeun kecap pananya saha.

    1. Déni rék mandi.  Saha nu rék mandi?

    2. Barudak keur arulin.  Saha nu keur arulin?

    3. Murid-murid diajar ku bu guru.

      Saha nu diajar ku bu guru?4. Nénéng jeung Yési keur apintrong.  Saha nu keur sapintrong?

    5. Dadang ngagambar gunung.  Saha nu ngagambar gunung?

     E. NGALEMESKEUN KECAP

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina niténan kecap kasar jeung kecap lemes dina kalimah nupatali jeung anggahota awak.leungeun  = panangan

    Dédé dahar ku leungeun katuhu.Dédé dahar ku…………….. katuhu.

    Bapa tuang ku panangan tengen.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    21/88

    13Bab 2 Pituduh Husus

    2. Guru nitah murid ngeusian kalimah nu dicopongkeun ku kecap lemes.Pikeun mantuan murid, dipidangkeun gambar nu patali jeung anggota awak.  Pananya jeung jawaban ngalemeskeun kecap dina kalimah.

    1. pipi = damis

      Pipi aya di kénca jeung katuhu.  Damis aya di kénca jeung katuhu.

    2. panon = soca  Gunana panon paranti nempo.  Gunana soca paranti ningal.

    3. ceuli = cepil  Ucing téh ceulina getihan.  Dadang téh cepilna getihan.

    4. biwir = lambey  Biwir Déni dibalemkeun.  Téh Susi lambey nuju balem.

    5. irung = pangambung  Dina irung Féri aya karang.  Karang dina pangambug  Téh Déwi aya dua.

    6. huntu = waos

      Kudu ngosok huntu unggal poé.  Kang Rudi mah ngosok waos unggal dintén.

    7. tarang = taar   Wawan tarangna tidagor kana panto.  Kang Ujang taarna tidagor kana panto.

    8. suku = sampéan  Nana, sukuna titajong kana batu.  Téh Wiwin sampéanana titajong kana batu.

    9. ramo = réma  Cik, nempo ramo nu belah katuhu.  Réma Téh Yanti mani laléncop.

    10. beuteung = patuangan  Wéndi, beuteungna dibaluran ku balsem.  Wanti nuju nyeri patuangan.

     

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    22/88

    14 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    F. NEMBANGKEUN PUPUH 

    No. Kagiatan

    1. Sanggeus murid ngaregepkeun, guru nitah murid sina nembangkeun pupuh

    pucung babarengan.2. Guru nitah murid sina nembangkeun pupuh pucung bagilir saurang-saurang.

      Hé barudak urang kudu loba batur,  ngarah duduluran,  jauh rasa hiri dengki,  mana komo ka batur bari culika.

    3. Guru meunteun murid dina nembangkeun pupuh pucung tina jihat titilaras,wirahma, jeung éksprési.

    G. MAHAM PUPUH 

    No. Kagiatan

    1. Pikeun maham pupuh, murid disina ngalengkepan kalimah nu patali jeungteks pupuh pucung. Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusipupuh.

    2. Mun bisa ngajawab, hartina murid geus paham kana eusi pupuh. Pananya jeung jawaban pikeun maham eusi pupuh kieu.

    Pék lengkepan ieu kalimah!1. Hé barudak urang kudu loba batur .2. Urang kudu jauh tina rasa hiri dengki .3. Mana komo ka batur bari culika.4. Hirup guyub babarengan jeung batur.5. Barang gawé kudu ihlas tina manah.

    6. Henteu jail  kaniaya ka babaturan7. Sobat dalit sarua baé jeung dulur .8. Sobat dalit bisa silih pikanyaah.9. Daék ngahibur nu keur sedih.10. Sobat dalit bisa ngahibur mun urang nandangan kasusah.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    23/88

    15Bab 2 Pituduh Husus

    H. NGALENGKEPAN KALIMAH

    No. Kagiatan

    1. Murid disina paham kana sasaruaan kecap (sinonim). Ari sinonim téh

    nyaéta kecap anu wangunna béda tapi hartina sarua. Singgetan, sinonim téhkecap anu sarua hartina.

    2. Murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap sinonimna.

    1. sobat dalit = babaturan deukeutUrang kudu boga sobat dalit.Urang kudu boga babaturan deukeut .

    2. hiri dengki = goréng hatéUlah sok hiri dengki ka batur téh.Ulah sok goréng haté  ka batur téh.

    3. guyub = akur Hirup kudu guyub jeung batur.Hirup kudu akur  jeung batur.

    4. culika = jailBudak culika mah sok pada mikangéwa.Budak jail  mah sok pada mikangéwa.

    5. sirik pidik = dengkiUlah sok sirik pidik mun batur boga untung téh.Ulah sok dengki  mun batur boga untung téh.

    6. kaniaya = telengesHenteu hadé sok jail kaniaya ka batur téh..Henteu hade sok telenges ka batur téh.

    7. nandangan = ngarandapan  Kudu ngahibur nu keur nandangan kasusah.

    Kudu ngahibur nu keur ngarandapan kasusah.

    3. Guru meunteun pagawéan murid bener henteuna dina ngalarapkeunsinonim.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    24/88

    16 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    I. NYARITAKEUN GAMBAR 

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid niténan gambar kajadian, tuluy disina nyaritakeun dina

    wangun kalimah.  Didi jeung Wawan keur silihcekel.

    2. Gambar nu dipidangkeun patali jeung sikep sauyunan atawa sabalikna.Eusina kieu.

    1. Hardi keur neunggeul ucing .2. Susan keur ngala kembang .3. Néndah keur sasapu di imah.4. Bébén keur maraban hayam.

    5. Angga keur méré duit ka nu barangmaén.3. Guru meunteun murid bener henteuna dina nyaritakeun deui gambar.

    Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 1, guru babarengan jeungmurid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung pupuh “Hirup Sauyunan”.Guru ngayakeun rééksi ngeunaan kamajuan diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh

    murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun, boh dina waktu lumangsung kagiatandiajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, guru nangtukeun geus tutas acanna murid kana

    bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan Minimal (KKM).

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    25/88

    17Bab 2 Pituduh Husus

     EVALUASI

    Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

    Kritéria MeunteunKaterangan Tutas

     Enggeus Encan

    A. NGAREGEPKEUN TEMBANG

    B. NGALISANKEUN JAWABAN

    C. MIKANYAHO KECAPD. NULIS KALIMAH

    E. NGALEMESKEUN KECAP

    F. NEMBANGKEUN PUPUH

    G. MAHAM PUPH

    H. NGALENGKEPAN KALIMAH

    I. NYARITAKEUN GAMBAR

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    26/88

    18 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    PANGAJARAN 2

    Tema : Kagiatan ulin di lingkungan kulawarga jeung sabudeureunBahan : NarasiMédia : Téks jeung Gambar 

    Tujuan Pangajaran:Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun téks narasi, maham

    eusi téks, nyangkem harti, nyaritakeun, ngalarapkeun kecap, ngajembaran kaulinan,ngahartikeun kecap, ngalarapkeun kecap anteuran, sarta nyebutan ngaran bungbuahan

     jeung tatangkalan.Kagiatan Diajar:

    Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapan bagian,nyaéta (1) ngaregepkeun téks narasi, (2) maham eusi téks narasi, (3) nyangkem hartikecap, (4) nyaritakeun kaulinan, (5) ngalarapkeun kecap, (6) ngajembaran kaulinan, (7)ngahartikeun kecap, (8) nyebutan kecap anteuran, jeung (9) nyebutan ngaran bungbuahan jeung tatangkalan. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar.

    Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

    A. NGAREGEPKEUN TEKS NARASI

    No. Kagiatan

    1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy gurunepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

    2. Guru nitah murid ngaregepkeun ték narasi nu témana “Kaulinan” nu

    ditepikeun ku guru. Nu dipilih kaulinan “Pacublek-cublek Uang” lantarankatimbang babari jeung pondok.

    3. Guru ngalatih murid sina niténan téks lisan ku cara ngaregepkeun kalawan daria.Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

    B. MAHAM EUSI TEKS

    No. Kagiatan

    1. Sanggeus ngaregepkeun téks nu diucapkeun ku guru, murid disina mahameusi téks narasi ku cara ngajawab pananya.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    27/88

    19Bab 2 Pituduh Husus

    2. Murid disina ngajawab pananya ku cara ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun. Jawaban dumasar kana téks narasi nu geus ditepikeun ku guru.

    Pananya jeung jawabanana kieu.

    1. Urang tangtu boga naon? Boga babaturan.

    2. Babaturan deukeut disebutna naon? Sobat dalit .3. Sok kumaha waé ari babaturan deukeut? Sok bareng di mana waé 

    4. Kumaha babaturan deukeut mun di kelas? Diuk sabangku.

    5. Mun aya nanaon, sok kumaha babaturan deukeut?

    Sok nulungan jeung ngabéla urang .

    6. Arulin naon barudak awéwé téh? Pacublek-cublek uang .

    7. Dikumahakeun dampal leungeunna? Dikeupeulkeun.

    8. Budak nu purah mepegan peureup batur disebutna naon? Indung .

    9. Di kamanakeun leungeun nu sabeulah deui? Dikahandapkeun.

    10. Saha nu kudu kakawihan dina éta kaulinan?Nu jadi indung (Néng Uni).

    3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi téks kaulinan. Jawaban nu bener dipeunteun 10.

    C. NYANGKEM HARTI KECAP

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna sarta larapna dinakalimah.

    2. Guru nitah murid sina ngalarapkeun kecap nu mibanda sinonim kana

    kalimah.1. ulin = ameng

    Maranéhna ulin babarengan.Maranéhna ameng babarengan.

    2. babarengan = sasarenganMun urang jajan ka warung sok babarengan.Mun urang jajan ka warung sok sasarengan.

    3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan kecap katutsinonimna.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    28/88

    20 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    D. NYARITAKEUN KAULINAN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid nyaritakeun deui kaulinan pacublek-cublek uang. Hal-ha

    anu dicaritakeun aya tilu hal.1. Saha waé nu arulin pacublek-cublek uang téh?

    Néng Uni, Risa, Héna, jeung Yanti.

    2. Kumaha prak-prakanana “Pacublek-pacublek Uang” téh?Anu arulin ngeupeulkeun dampal leungeun, tuluy leungeun nu sabeulahdisimpen di handap. Engké aya saurang nu jadi indung nyaéta purahmepegan. Salahsaurang neunggeulan peureup babaturan nu séjén.Leungeun nu kénca ogé sarua dikahandapkeun.

     Tuang mepegan leungeun nu keupeulkeun, tuluy ngawih.3. Kumaha kakawihan “Pacublek-pacublek Uang” téh?  Pacublek-cublek uang,

    Si Ujang maung lentér,

    matata-matiti 

    Si Titi mau kawin

     pa emh, pa emh emh…..

    2. Guru meunteun murid dina nyaritakeun deui kaulian pacublek-cublek uang.

     E. NGALARAPKEUN KECAP

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid niténan conto kecap asal jeung kecap rundayan nu

    dirarangkénan tengah –ar-.  deukeut → dareukeut  Aya babaturan anu deukeut aya babaturan anu jarauh.

    Barudak téh imahna dareukeut jeung sakola.

    2. Kecap asal jeung kecap rundayan dicontoan heula dina dua kalimah.

    3. Murid disina ngawangun kecap rundayan ku rarangkén tengah – ar -.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    29/88

    21Bab 2 Pituduh Husus

    4. Murid disina ngalarapkeun éta kecap rundayan kana kalimah.

    1. kumpul→ karumpul Tilu budak kumpul di imah Uni.Para siswa keur karumpul  di buruan sakola.

    2. jauh→  jarauhAdang mah imahna jauh ka sakolana.Di lembur mah, barudak téh jarauh ka sakolana.

    3. indit→ arindit  Yudi indit ka sakola isuk-isuk.Nu rék ka sawah téh geus arindit  bieu.

    4. ulin→ arulinTiluanana keur ulin di imahna Néng Uni.Barudak awéwé keur arulin di pos Ronda.

    5. ngariung→ ngarariung Néng Uni, Risa, Héna, jeung Yanti ngariung tiluan.Nu rék kerja bakti geus ngarariung  di sisi lapang.

    6. ngajawab→ ngajarawab Yudi ngajawab pananya ti Bu Guru.Waktu ditanya, Barudak cicing teu ngajarawab 

    7. dipeureupkeun→ dipareureupkeunLeungeun Féri dipeureupkeun.Sok ayeuna leungeunna dipareureupkeun.

    8. dikeupeulkeun→ dikareupeulkeunSanggeus namprak, leungeun Néng Uni dikeupeulkeun.Barudak téh dikareupeulkeun leungeunna.

    9. cicing→ caricing 

    Risa jeung Yanti cicing deukeut tangkal jambu.Geura prak digawé, ulah caricing  baé atuh.

    10. nginum→ ngarinumHéna nginum make cangkir pelastik.Hayam téh keur ngarinum dina wadah cai nu disadiakeun.

    5. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngawangun jeung ngalarapkeunkecap nu dirarangkénan tengah –ar-.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    30/88

    22 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    F. NGAJEMBARAN KAULINAN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid niténan kaulinan barudak ku cara maca ték nu judulna

    “Lalandakan”.2. Guru nitah murid maham eusi téks ku cara ngajawab pananya nu geus

    disayagikeun.Pék jawab pananya ieu di handap!

    1. Keur naraon barudak lalaki téh? Keur karumpul .

    2. Saha waé nu karumpul téh? Yudi, Rangga, Wawan, Acép, jeung Réja.

    3. Di mana barudak téh arulinna? Di lapang badminton.

    4. Arulin naon barudak téh? Lalandakan.5. Saha nu mimiti ngajak ulin téh? Yudi .

    6. Naon hartina lalandakan téh? Niru-niru landak.

    7. Sakalian naon cenah lalandakan téh? Sakalian olahraga.

    8. Cau jeung tiwu téh keur dahareun iraha? Hakaneun janari .

    9. Cau jeung tiwu téh keur bekel ka mana? Bekel miang ka Batawi .

    10. Jurig naon waé nu disebutan ku barudak téh? jurig jarian, jurig tangkod, juring pacilingan, jeung jurig onom.

    3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi tekskaulinan.

    G. NGAHARTIKEUN KECAP 

    No. Kagiatan1. Guru nitah murid niténan conto kecap jeung sinonimna.

    2. Pikeun leuwih maham hartina, guru nitah murid niténan kecap nu sinonimtéh dilarapkeun dina kalimah.

    1. niru-niru = nurutanAri lalandakan téh hartina niru-niru landak.Ari lalandakan téh hartina nurutan landak.

    2. ngabeberik = ngudag-ngudagNu jadi landak kudu ngabeberik babaturan séjénnaNu jadi landak kudu ngudag-ngudag babaturan séjénna

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    31/88

    23Bab 2 Pituduh Husus

    H. NGALARAPKEUN KECAP ANTEURAN 

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid niténan conto kecap anteuran jeung larapna.

    kopKop jurig jarian tah méré.

    ………jurig jarian tah méré.

    Kop jurig jarian tah méré.

    2. Guru nitah murid ngalarapkeun kecap anteuran nu geus disadiakeun kanakalimah.

    Pigawé cara conto!

    1. jolRagga jol  datang.

    2. gékGék Wawan diuk.

    3. Jung Jung  Yudi nangtung.

    4. berebetBarudak téh berebet  lalumpatan.

    5. térékél Jang Adun téh térérék naék kana tangkal jambu.

    6. léosNgan léos wéh Maman téh indit.

    7. jrutMamah jrut  turun tina béca.

    8. trétRéza téh tuluy trét  nulis dina keretas sacewir.

    9. gorowokAtuh gorowok baé Yudi téh ngagentraan babaturanana.

    10. nyéhBasa panggih jeung Wa Iding, nyéh Yana imut.

    3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngaarapkeun kecap anteurankana kalimah.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    32/88

    24 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    I. NYEBUTAN NGARAN BUBUAHAN JEUNGTATANGKALAN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid niténan conto kecap nu patali jeung bubuhan atawatatangkalan. Contona:  Kop cau kop tiwu….  Cau saturuy.

    2. Guru nitah murid ngajawab pananya nu geus disayagikeun ku cara milih kecaptur ngalengkepan kalimah.

    Ayeuna hidep nyebutan ngaran bubuahan atawa tatangkalan.Piliha jawaban ku kecap nu aya gigireunana.

    1.  Jéngkol  sapérékét. A. kalapa

    2. Peutuy sapapan. B. awi

    3. Kalapa samanggar. C. jéngkol

    4.  Awi  saleunjeur. D. tanah

    5. tanah sahéktar. E. peuteuy

    Pék sebutan naon ngaranna. Pilih jawaban nu aya gigireunana!6. Buah nu carucukan tur seungit disebut kadu A. rambutan

    7. Buah nu ngagonyok loba cucukan disebut salak B. mélon

    8. Buah nu bareureum loba buluan disebut rambutan C. kadu

    9. Buah nu semu amis jeung haseum disebut jeruk D. jeruk

    10. Buah nu buleud kulitna semu konéng disebut mélon É. salak

    3. Guru meunteun bener henteuna murid dina ngajawab pananya. Nu

     jawabanana bener dipeunteun 10. Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 2, guru babarengan jeung

    murid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin dilingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun rééksi ngeunaan kamajuan

    diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, gurunangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan

    Minimal (KKM).

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    33/88

    25Bab 2 Pituduh Husus

     EVALUASI

    Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

    Kritéria MeunteunKaterangan Tutas

     Enggeus Encan

    A. NGAREGEPKEUNTEKS NARASI

    B. MAHAM EUSI TEKS

    C. NYANGKEM HARTI

    D. NGALARAPKEUN KECAP

    E. NGAJEMBARAN KAULINAN

    F. NGAHARTIKEUN KECAP

    G. NGALARAPKEUNKECAP ANTEURAN

    H. NYEBUTAN NGARANBUBUAHAN JEUNGTATANGKALAN

     

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    34/88

    26 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    PANGAJARAN 3

    Tema : Pancén sapopoéBahan : NarasiMédia : Téks jeung gambar 

    Tujuan Pangajaran:Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, ngalisankeun jawaban,

    mikaweruh kecap, nyaritakeun, ngalarapkeun undak usuk basa, maca narasi ngajembaran,ngalengkepan kalimah, jeung néangan deui narasi séjén.

    Kagiatan Diajar:Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,

     jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapanbagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun muridsangkan sayaga pikeun diajar.

    Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

    A. MACA JERO HATE 

    No. Kagiatan

    1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy gurunepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

    2. Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu témana “Pancén Sapopoé”

    nu judulna “Rajin”.3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi wacana lisan ku cara maca kalawan daria.

    Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

    B. NGAJAWAB PANANYA : Maham Eusi Téks 

    No. Kagiatan

    1. Sanggeus maca téks narasi, guru nitah murid maham eusi bacaan ku carangajawab pananya nu disadiakeun.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    35/88

    27Bab 2 Pituduh Husus

    2. Guru nitah murid sina ngajawab pananya ku cara lisan.1. Kumaha watek Yudi téh? Bageur .2. Kumaha Yudi di sakolana? Pinter .3. Kumaha sobat-sobat Yudi? Réa pisan.4. Kumaha sikep Yudi ka batur? Soméah.

    5. Iraha Yudi mandina? Subuh-subuh.6. Tara poho naon mun Yudi mandi? Disabun jeung ngosok huntu.7. Kumaha kaayaan awak Yudi téh? Séhat tur berséka.8. Geus ngamparkeun sajadah, tuluy naon Yudi téh? Solat subuh.9. Réngse solat dikumahakeun sajadah téh? Ditilepan.10. Keur naon Yudi ngeunteung? Bisa aya nu kaliwat tur teu rapih.11. Dina naon dasi téh cicingna? Dina beuheung .12. Ari topi paranti nutupan naon? Sirah.13. Sasarap téh ngarah teu naon? Sangkan teu salatri .14. Mun sasarap, tanaga urang bakal kumaha? Kuat tur séhat .15. Mun aya tanaga, kumaha dina narima pangajaran?

    Kana mikir jeung narima pangajaran bakal sayaga.

    C. MIKAWERUH KECAP 

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna.

    2. Guru nyontoan kecap jeung sinonimna nu ngahaja geus dilarapkeun kana kalimah.

    1. mandi = ibakSubuh-subuh Yudi mah geus mandi.Subuh-subuh Yudi mah geus ibak.

    2. soméah = lemah-lembutka sasaha ogé Yudi mah soméah.ka sasaha ogé Yudi mah lemah-lembut.

    3. Guru ngaroris murid paham heteuna kana kecap-kecap nu dilarapkeun kanakalimah.

    D. NYARITAKEUN EUSI BACAAN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid disina maca deui bacaan “Rajin” dina jero haté.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    36/88

    28 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    2. Geus kitu, murid disina nyaritakeun deui eusi bacaan di hareupeunbabaturanana. Tujuanana murid dilatih wanter jeung parigel nyarita.

    3. Dina nyaritakeun eusi bacaan, murid dibéré jejer pikiran nu kudu diaritakeun.1. Kagiatan Yudi isuk-isuk.2. Kagiatan Yudi sanggeus mandi.3. Kagiatan Yudi sanggeus solat.4. Kagiatan Yudi saméméh sakola.

     E. NGALARAPKEUN UNDAK USUK BASA

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid disina niténan kecap lemes jeung kecap kasar dina kalimah.Titénan ieu conto kalimah:  mios = indit  Abdi mios ka sakola.  Bapa angkat  ka kantor.

    2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu geus disadiakeun.

    Eusikeun kecap-kecap ieu di handap kana tempat nu dikosongkeun!

    nyandak sumping ngagaleuh

    ngadangukeun nyarios teu damang 

    mastaka siram waos

     panangan

    1. dongkap  = ………………….Rudi dongkap ti sakola.

    Bapa Rudi ……………………. ti Jakarta.2. ngupingkeun  = …………………….

    Abdi ngupingkeun radio.Bapa ogé nuju ……………………radio.

    3. ngabantun  = ……………………….Abdi ka sakola ngabantun sapédah.Bapa guru mah ka sakola ……………… motor.

    4. nyanggem  = ……………………….Abdi nyanggem ka bu guru.Bu guru …………………… ka bapa kapala sakola.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    37/88

    29Bab 2 Pituduh Husus

    5. mésér   = ………………………….Abdi mésér roti ka warung.Pa guru mah …………………….. roko ka warung.

    6. udur   = ……………………………

    Rudi téh teu sakola lantaran udur.Pa guru …………………. da teu ngawulang.

    7. mandi   = …………………………..Sateuacan ka sakola, abdi mandi heula.Sateuacan angkat ka kantor, Bapa ……………….. heula.

    8. sirah = ………………..Dadan téh sanggemna nuju nyeri sirah.Aya wartos pa guru téh nuju nyeri ………………..

    9. huntu  = ………………Wawan pipina kembung keur nyeri huntu.Kang Dadang ogé nuju nyeri …………….

    10. leungeun = ………………………..Lamun dahar kudu maké leungeun katuhu.Upami tuang kedah nganggo ……………… tengen.

    F. MACA NARASI NGAJEMBARAN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid maca téks narasi dina jero haté nu judulna “Kabiasaan”pikeun ngajembaran wawasan murid.

    2. Guru nitah murid niyéna eusi téks narasi nu nu judulna “Kabiasaan”.

    3. Guru ngalatih murid sina paham kana eusi téks ku cara diskusi kelompok.Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayagaingetanana.

    Pananya jeung jawaban nu kudu didiskusikeun téh kieu.1. Samémeh sakola, Yudi sok kumaha heula ka mamahna?

    Uluk salam heula.2. Naon nu dibawa ku Yudi ka sakola? Nyoréndang kantong buku.

    3. Mun geus datang ka sakola, sok naraon barudak téh?Sok ngarariung heula hareupeun kelas.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    38/88

    30 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    4. Dikumahakeun kuku barudak ték ku guru? Dipariksa.5. Bari kumaha barudak diuk dina korsi? Sidakep.6. Saméméh diajar, barudak sok naon heula? Ngadunga heula.7. Kudu kumaha urang kana sagala piwuruk guru?

    Siperhatikeun enya-enya.

    8. Naon kawajiban urang sapopoé jadi budak sakola? Diajar .9. Kudu kumaha urang diajar boh di imah boh di sakola?

    Kudu suhud jeung rajin.10. Urang bakal kumaha mun teu diajar soson-soson?

    Bakal kaduhung ahirna.

    G. NGALENGKEPAN KALIMAH

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid disina niténan kecap jeung sinonimna sarta larapna dinakalimah. Contona:

    Indit = miosIsuk-isuk Yudi indit ka sakola.Isuk-isuk Yudi ………….. ka sakola.Isuk-isuk Yudi mios ka sakola.

    2. Guru nitah murid maham kecap nu sinonim tur ngalarapkeun kana kalimah.Pigawé cara conto!

    1. uluk salam = ngucapkeun salamMéméh indit sok uluk salam heula ka mamahna.Méméh indit sok ngucapkeun salam heula ka mamahna.

    2. nyoréndang = ngagantungkeun dina taktak

     Yudi ka sakola nyoréndang kantong buku. Yudi ka sakola ngantungkeun kana taktak kantong buku.

    3. ngarariung = karumpulIsuk-isuk barudak geus ngarariung di buruan sakola.Isuk-isuk barudak geus karumpul  di buruan sakola.

    4. dipariksa = dititénanUnggal kuku ramo barudak dipariksa saurang-saurang.Unggal kuku ramo barudak ditténan saurang-saurang.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    39/88

    31Bab 2 Pituduh Husus

    5. ngadunga = nunuhun ka Gusti AllohSaméméh diajar barudak ngadunga heula.Saméméh diajar barudak nunuhun ka Gusti  Alloh heula.

    6. ditungtun = dipingpin, dituyun

    Ngadunga ditungtun ku ibu atawa bapa guru.Ngadunga dipingpin ku ibu atawa bapa guru.

    7. Jaligrah = ijigimbrang bari atohBabaturan jaligrah lantaran aralus niléyna.Babaturan ijigimbrang bari atoh lantaran aralus niléyna.

    8. lalawora = gagabahUlah sok melid komo bari jeung diajar lalawora.Ulah sok melid komo bari jeung diajar gagabah

    9. suhud = getolurang kudu diajar sing suhud jeung rajin.urang kudu diajar sing getol  jeung rajin.

    10. Kaduhung = hanjakalMun teu diajar soson-soson bakal kaduhung ahirna.Mun teu diajar soson-soson bakal hanjakal  ahirna.

    H. MIGAWÉ PANCÉN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid disina ngajawab pananya ku cara ngalengkepan kalimah nudikosongkeun ku kecap-kecap tina kagiatan sapopoéna.

    2. Murid ngajawab pananya cukup ku ngalengkepan kalimah nu dikosongkeun

    luyu jeung kabiasaan dirina. Jawaban kumaha murid.1. Hudang saré hidep sok tuluy mandi .2. Isuk-isuk hidep sok sasarap heula.3. Saméméh ka sakola, hidep ka mamah sok amitan heula.4. Samémeh dahar, hidep sok kokocok panangan.5. Lamun geus dahar, hidep sok ngadunga.6. Saméméh mondok, hidep sok kokocok suku.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    40/88

    32 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    7. Lamun mandi hidep sok disabun jeung ngosok huntu.8. Lamun diajar hidep kudu suhud tur rajin.9. Lamun leumpang hidep kudu di sisi jalan belah kénca.10. Lamun panggih jeung guru kudu uluk salam tur rengkuh.

    Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 3, guru babarengan jeungmurid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin dilingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun rééksi ngeunaan kamajuan

    diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, gurunangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria KatutasanMinimal (KKM).

     EVALUASI

    Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

    Kritéria MeunteunKaterangan Tutas

     Enggeus Encan

    A. MACA JERO HATE

    B. NGALISANKEUN JAWABAN

    C. MIKAWERUH KECAP

    D. NYARITAKEUNE. MENERKEUN KALIMAH

    F. MACA NGAJEMBARAN

    G. NGALENGKEPAN KALIMAH

    H. MIGAWE PANCEN

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    41/88

    33Bab 2 Pituduh Husus

    PANGAJARAN 4

    Tema : Lingkungan SakolaBahan : DéskripsiMédia : Téks jeung gambar 

    Tujuan Pangajaran:Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi paguneman,

    nyebutan gambar, ngalengkepan kalimah, nyaritakeun, ngawangun kalimah, ngalarapkeunundak usuk basa.

    Kagiatan Diajar:Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,

     jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapanbagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun muridsangkan sayaga pikeun diajar.

    Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

    A. MACA JERO HATE 

    No. Kagiatan

    1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy gurunepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

    2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Lingkungan

    Sakola” nu judulna “Di Sakola Yudi”.3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawan daria.

    Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tur sayaga ingetanana.

    B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN 

    No. Kagiatan

    1. Sanggeus maca téks déskripsi “Di Sakola Yudi”, guru nitah murid maham eusibacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    42/88

    34 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    2. Pikeun maham eusi bacaan, guru nitah murid disina ngajawab pananya tinabacaan ku cara lisan.Ayeuna hidep kudu ngajawab pananya. Jawaban dituliskeun heula, engkédilisankeun.

    1. Di mana Yudi sakolana? Di SD Guna Darma.

    2. Sok kumaha barudak di buruan sakolana? Arulin.3. Arulin naon barudak lalaki di buruan sakola?

    Sok méngbal ku bal pelastik.4. Geus dialajar naon barudak di sakolana? Beberesih sakola.5. Mun aya runtah sok dikumahakeun?

    Sok dicokot ka wadah runtahkeun.6. Kumaha kaayaan lingkungan sakola? Beresih tur raresik.7. Murid-murid geus dilatih naon? Dibéré tanggung jawab.8. Dibéré tugas naon barudak téh? Tugas pikét .9. Kumaha barudak téh pikétna? Tugas pikétna béda-béda.10. Naon nu kudu dilaksanakeun enya-enya téh? Tanggung jawab.

    3. Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya.

    C. NYEBUTAN GAMBAR  

    No. Kagiatan1.

    Guru nitah murid sina niténan gambar jeung kalimahna nu geus disayagikeun.

    2. Guru nitah murid nyebutan gambar tina segi gunana.  Sapu injuk gunana paranti ……………………  Sapu injuk gunana paranti sasapu di jero imah.

    Pigawé kawas conto!

    1. Sapu nyéré gunana paranti sasapu di buruan.2. Wadah runtah gunana paranti ngawadahan runtah.3. Embér téh gunana paranti ngala atawa wadah cai .4. Pamupus gunana paranti mupus.5. Elap tina lamak gunana paranti ngelap.6. Pamupus bor gunana paranti mupus tulisan dina bor .7. Spidol gunana paranti nulis saperti dina whiteboard .8. Mangkok cai gunana paranti wadah cai .9. Kapur gunana paranti nulis dina bor .

    10. Kamocéng gunana paranti meresihan kekebul.3. Guru meuteun bener henteuna murid ngajawab pananya.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    43/88

    35Bab 2 Pituduh Husus

    D. NGALENGKEPAN KALIMAH

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina diajar mikir ku cara milih kecap.

    2. Guru nitah murid disina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu geus diadiakeun.

    beberesih, sasapu, ngelapan, mupus, miceun, ngangkut,

    dipulungan, mantuan, ngeprukan, mérésan

    Lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap nu dikurungan.1. Barudak keur mérésan korsi di kelas .2. Keretas nu ngabarak di kelas keur dipulungan ku barudak.3. Déwi keur sasapu di buruan sakola.4. Jajang mantuan bu guru némpélkeun gambar.5. Bandi ngelapan kaca jandéla ku elap.6. Réndi ngeprukan kekebul dina méja ku kamocéng.7. Panji ngangkut  cai ku émbér.

    8. Ari miceun runtah kudu kana wadahna.9. Barudak keur beberesih di jero kelas.10. Atuh ari mupus Bor mah kudu ku pamupus.

     E. NYARITAKEUN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina maca bacaan nu judulna “Pasapon” dia jero haté.

    2. Guru nitah murid sina niténan eusi bacaan nu judulna “Pasapon” kalawangemet.

    3. Guru nitah murid sina nyaritakeun deui eusi bacaan.Bacaan “Pasapon” téh caritakeun deui ku basa sorangan.

    Hal-hal anu kudu dicaritakeun deui:1. Di sakola aya saha? Pasapon.

    2. Naon tugasna pasapon? Nyapuan buruan sakola jeung beberesih.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    44/88

    36 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    3. Sok maké naon pasapon beberesihna? Maké sapu.4. Sok dikumahakeun runtah téh? Digundukkeun, tuluy diduruk.5. Kumaha watek Mang Barna? Bageur pisan.6. Di mana imahna Mang Barna? Tukangeun sakola.7. Saha nu sok ngonci sakola? Mang Barna.

    8. Kumaha panto gerbang sakola mun isuk-isuk? Dibuka.9. Kumaha barudak téh ka pasapon? Mantuan beberesih di kelas.10. Naon tujuan beberesih di sakola? Sangkan sakola beresih tur asri .

    4. Guru meunteun bener henteuna komponén nu dicaritakeun ku murid.

    F. NGAWANGUN KALIMAH 

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina niténan conto kalimah aktif jeung kalimah pasif.ngonci → dikonciMang Barna téh sok ngonci panto gerbang sakola.Panto gerbang sakola téh sok dikonci ku Mang Barna.

    2. Guru nitah murid sina latihan ngarobah kecap nu maké rarangkén hareup N-ku rarangkén hareup di-.

    3. Guru nitah murid disina ngalarapkeun kecap pasif nu geus diwangunna kanakalimah.

    Pananya jeung jawaban ngawangun kecap tur larapna kana kalimah sapertikieu.1. mupus → dipupus

    Rijki mupus bor maké pamupus.Bor dipupus ku Rijki make pamupus.

    2. ngelap→ dielapDéwi keur ngelap kaca jandéla.Laca jandéla keur dielap ku Déwi.

    3. meuli → dibeuli Barudak meuli cilok di pipir sakola.Cilok dibeuli  ku barudak di pipir sakola.

    4. nulis → ditulisMurid-murid keur nulis kalimah.

    Kalimah keur ditulis ku murid-murid.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    45/88

    37Bab 2 Pituduh Husus

    5. maca → dibaca Yadi keur maca buku basa Sunda.Buku basa Sunda keur dibaca ku Yadi.

    6. ngarang→ dikarang 

    Barudak keur ngarang sajak.Sajak keur dikarang  ku barudak.

    7. ngagambar→ digambar Wéndi keur ngagambar gunung.Gunung keur digambar  ku Wéndi.

    8. ngariung→ diriung Barudak keur ngariung Kang Nandi.Kang Nandi keur diriung  ku barudak.

    9. ngajul→ diajul Kang Undang keur ngajul buah.Buah keur diajul  ku Kang Undang.

    10. Ngeduk→ dikedukMang Dadi keur ngeduk solokan.Solokan keur dikeduk ku Mang Dadi.

    G. MENERKEUN TULISAN 

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina niténan conto kalimah nu awalna ditulis ku hurufleutik. Eta kalimah tuluy dibenerkeun cara nulisna ku huruf kapital.

    hamperu lauk téh mun kadahar karasana pait.Hamperu lauk téh mun kadahar karasana pait.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    46/88

    38 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    2. Guru nitah murid disina ngarobah kalimah nu dimimitian ku huruf leutik,dirobah jadi ku huruf kapital.

    Kalimah ieu di handap, ku hidep benerkeun cara nulis aksara gedéna.1. nénéng melak kembang dina pot.

    Nénéng melak kembang dina pot.2. yudi sakola di sd sukamaju.

    Yudi sakola di SD Sukamaju.3. rangga keur diajar maca.  R angga keur diajar maca.4. ajat téh putrana bu euis.  A jat téh putrana Bu Euis.5. bapa kawitna ti tasik.  Bapa kawitna ti Tasik.6. dédé boga ucing dua.

    Dédé boga ucing dua.7. di lembang réa sapi diingu.  Di L émbang réa sapi diingu.8. barudak keur arulin di buruan.  Barudak keur arulin di buruan.9. dadang resep macaan buku carita.  Dadang resep macaan buku carita.10. urang kudu diajar apik jeung berséka.  Urang kudu diajar apik jeung berséka.

    3. Guru meunteun bener henteuna murid dina ngarobah hurif kecil menjadihuruf kapital dalam kalimah.

    Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 4, guru babarengan jeungmurid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin dilingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun rééksi ngeunaan kamajuan

    diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, gurunangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria KatutasanMinimal (KKM).

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    47/88

    39Bab 2 Pituduh Husus

     EVALUASI

    Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

    Kritéria MeunteunKaterangan Tutas

     Enggeus Encan

    A. MACA JERO HATE

    B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN

    C. NYEBUTAN GAMBARD. NGALENGKEPAN KALIMAH

    E. NYARITAKEUN

    F. NGAWANGUN KALIMAH

    G. MENERKEUN TULIAN

     

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    48/88

    40 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    PANGAJARAN 5

    Tema : Hirup beresih jeung séhatBahan : PagunemanMédia : Téks jeung gambar 

    Tujuan Pangajaran:Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa molahkeun paguneman, maham eusi

    paguneman, ngalarapkeun kecap, ngalengekepan kalimah, ngajembaran paguneman, jeung nembangkeun pupuh.

    Kagiatan Diajar:Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,

     jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapanbagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun muridsangkan sayaga pikeun diajar.

    Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

    A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN

    No. Kagiatan

    1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy gurunepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

    2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “Hirup Beresih

     jeung Séhat” nu judulna “Apik jeung Berséka”.3. Guru nitah murid ngelompok, tuluy disina molahkeun paguneman nu judulna

    “Apik jeung Berséka”.

    4. Guru ngalatih murid sina niténan eusi paguneman ku cara maca deuikalawan daria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplintur sayaga ingetanana.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    49/88

    41Bab 2 Pituduh Husus

    B. NGAJAWAB PANANYA

    No. Kagiatan

    1. Sanggeus maca jeung molahkeun téks paguneman “Apik jeung Berséka”, guru

    nitah murid maham eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.2. Murid ngajawab pananya bisa ku cara mandiri bisa babarengan jeung batur

    sabangkuna.

     Jawaban tina pananyana téh kieu.1. Saha nu keur ngalobrol téh? Yudi jeung Bébén.2. Ari nu gering téh saha? Rangga.3. Gering ku naon cenah? Nyeri beuteung .4. Balukar ku naon geringna téh? Jajan és.

    5. Urang ulah jajan nu kumaha? Sambarangan (gagabah).6. Kudu kumaha urang dina dahar? Apik.7. Kudu kumaha urang dina maké pakéan? Kudu berséka, ulah odoh.8. Sangkan beresih, kudu dikumahakeun pakéan téh? Diseuseuh.9. Maké naon nyeuseuh pakéan téh? Maké sabun.10. Ngarah rapih, kudu dikumaha pakéan téh? Disetrika.

    3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun mahameusi paguneman.

    C. NGALARAPKEUN KECAP 

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna.

    2. Guru nitah murid sina niténan kecap jeung sinonimna dina kalimah sangkan

    paham hartina.Titénan ieu conto:

    tambarakan = sagala didahar Rangga téh sok jajan tambarakan.Rangga téh sok jajan sagala didahar.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    50/88

    42 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    3. Guru nitah murid sina néangan sasaruaan kecap atawa sinonimna, tuluydilarapkeun kana kalimah.

    Pigawé kawas conto!1. apik = taliti

    Urang kudu apik dina dahar.Urang kudu taliti  dina dahar.

    2. berséka = apikUrang kudu ngajaga awak sing berséka.Urang kudu ngajaga awak sing apik

    3. odoh = jorokUlah odoh kana papakéan.Ulah jorok kana papakéan.

    4. kokocok = kukumbah

    Mun rék dahar kudu kokocok panangan heula.Mun rék dahar kudu kukumbah panangan heula.5. dikumbah = diberesihan

    Piring kotor kudu dikumbah heula.Piring kotor kudu diberesihan heula.

    6. Tengi = hapeukKadaharan nu geus tengi matak jadi panyakit.Kadaharan nu geus hapeuk matak jadi panyakit.

    7. dituruban = ditutupan

    Nyimpen dahareun kudu dituruban bisi ku laleur.  Nyimpen dahareun kudu dututupan bisi ku laleur.

    D. NGALENGKEPAN KALIMAH

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina niténan kalimah nu dicopongkeun jeung kecap gigireunana.2. Guru nitah murid sina milih kecap nu disadiakeun, tuluy dieusikeun kana

    kalimah anu copong kalawan merenah. Kalimah jeung jawabanana téh kieu.

    Lengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu aya gigireunana!

    1. Méméh dahar, urang kudu … F … leungeun heula. A. katuhu

    2. Lamun mandi, kudu maké …… J …………………. B. sikat seuseuh

    3. Awak kudu diruru maké ………… G …………….. C. pamitan

    4. Lamun buuk dikuramas, kudu maké…… I ……… D. ngadunga5. Ari dahar kudu maké leungeun………… A ……… E. laleur 

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    51/88

    43Bab 2 Pituduh Husus

    6. Samémeh reup saré, urang kudu… D …. heula. F. kokocok

    7. Ari ngosok huntu kudu maké………… H ……… G. batu

    8. Ari rék indit ka sakola, kudu …… C … heula. H. odol

    9. Dahareun kudu ditutupan bisi ku ……… E …….. I. sampo

    10. Sikat seuseuh béda jeung …… B ……. huntu J. sabun3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngalengkepan kalimah.

     E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN 

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks paguneman nu judulna “KaPuskesmas”, tuluy sina dibaca dibedaskeun atawa dipolahkeun di kelas.

    2. Guru nitah murid sina niténan eusi paguneman kalawan daria.

    3. Guru nitah murid sina maham eusi paguneman ku cara ngajwab pananya nugeus disadiakeun dina buku. Kieu paréntah jeung jawabanana téh.

    Sanggeus hidep maca paguneman di luhur, pék jawab pananya ieu di handap!

    1. Gering naon Randi téh? Rieut jeung panas tiris.

    2. Akibat naon Randi gering téh? Tas ulin papanasan, tuluy kahujanan.

    3. Dibawa ka mana Randi téh ku ibuna? Ka Puskesmas.

    4. Ka mana ibuna Randi meuli karcis? Ka lokét .

    5. Disina kumaha Randi téh ku dokter? Ngagolér dina kasur.

    6. Dikumahakeun baju Randi téh ku dokter? Disénglédkeun.

    7. Ku dokter, dipariksa maké naon Randi téh? Stétoskop.

    8. Diantelkeun kana naon stétoskop téh ku dokter? Kana dada jeung BeuteungRandi .

     9. Dibéré naon Randi ku dokter téh? Obat .

    10. Sabaraha kali obat téh diinumna? Sapoé dua kali .

    4. Guru meunteun murid bener henteuna dina molahkeun paguneman jeungngajawab pananya ngeunaan eusi paguneman.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    52/88

    44 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    F. NYUSUN PAGUNEMAN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina latihan nyusun paguneman pondok.

    2. Ngarah babarieun, guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nudicopongkeun dina paguneman.  Ieu di handap aya paguneman anu can anggeus nu kudu dilengkepanku murid. Paguneman lengkepna kieu.

     Yudi : Ran, ku naon kamari teu sakola?

    Randi : Udur .

     Yudi : Naon anu karaos?

    Randi : Awak karasana paranas tiris.

     Yudi : Oh, demam atuh, nya?

    Randi : Enya, ceuk dokter  ogé demam.

     Yudi : Iraha ka dokterna kitu?

    Randi : Kamari dua poé  ka tukang.

     Yudi : Ka dokter mana?

    Randi : Eta dokter di Puskesmas. Yudi : Jeung saha ka dokterna?

    Randi : Jeung Mamah.

     Yudi : Dikumaha waé ku dokter téh?

    Randi : Nya dipariksa, maké alat nu diantelkeun kana dada.

     Yudi : Oh, maké stétoskop meureun.

    Randi : Enya, maké Stétoskop éta ogé. Yudi : Disuntik henteu?

    Randi : Ah, henteu ngan dibéré obat wungkul.

    Lamun geus dilengkepan, téks paguneman téh disina dipolahkeun ku duaan.Dipeunteun cara maca jeung lentongna.

    3. Guru meunteun murid bener henteuna dina maca jeung molahkeunpaguneman.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    53/88

    45Bab 2 Pituduh Husus

    G. NEMBANGKEUN PUPUH 

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina maca jero haté teks pupuh asamarandana nu patali

     jeung hirup berséka.2. Guru ngajak murid babarengan nembangkeun pupuh asmarandana.

    3. Guru nitah murid nembangkeun pupuh babarengan sakelas, tuluy bagilirsajajar-sajajar bangku. Geus kitu, nembangkeun pupuh saurang-saurang.

    4. Guru meunteun murid alus henteuna dina nembangkeun pupuhasamarandana.

    5. Guru nitah murid sina maham eusi pupuh asmarandana ku cara ngajawab

    pananya nu geus disayagikeun dina buku.  Sanggeus nembangkeun pupuh, murid sina maham eusina, anu jawabanana kieu.1. Murangkalih téh kudu éling .2. Urang ulah odoh ka panganggo.3. Mun pakéan kotor geuwat seuseuhan.4. Lamun pakéan soéh geuwat kaputan.5. Kana pakéan buruk masing butuh.6. Ari kana pakéan anyar masing lebar .

    6. Guru nitah murid néangan harti kecap tur ngalarapkeun kana kalimah.Ngarah teu héséeun, murid disina niténan heula contona.

    Contona:éling-éling = sadar-sadar  Éling-éling murangkalih…………………murangkalih

    Sadar-sadar murangkalih

    Pigawé kawas conto di luhur! Jawabanana kieu.

    1. murangkalih = barudakÉling-éling murangkalih.Éling-éling barudak.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    54/88

    46 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    2. panganggo = pakéanUlah odoh ka panganggo.Ulah jorok ka pakéan.

    3. geuwat = gancang

    Mun kotor geuwat seuseuhan.Mun kotor gancang  seuseuhan.

    4. buruk = bututKa nu buruk masing butuh.Ka nu butut  masing butuh.

    5. lebar = nyaahKa nu anyar masing lebar.Ka nu anyar masing nyaah.

    Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 5, guru babarengan jeungmurid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin dilingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun rééksi ngeunaan kamajuan

    diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, gurunangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria Katutasan

    Minimal (KKM).

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    55/88

    47Bab 2 Pituduh Husus

     EVALUASI

    Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

    Kritéria MeunteunKaterangan Tutas

     Enggeus Encan

    A. MOLAHKEUN PAGUNEMAN

    B. MAHAM EUSI PAGUNEMAN

    C. NGALARAPKEUN KECAP

    D. NGALENGKEPAN KALIMAH

    E. NGAJEMBARAN PAGUNEMAN

    F. NEMBANGKEUN PUPUH

     

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    56/88

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    57/88

    49Bab 2 Pituduh Husus

    2. Guru nitah murid ngajawab pananya kana eusi teks déskripsi ku cara lisan.

    Pananya jeung jawabanana kieu.1. Manusa jeung alam kaasup mahluk ciciptan Pangéran.2. Jalma, sasatoan, jeung tutuwuhan kaasup mahluk Hirup.3. Unggal poé urang sok nyeuseup hawa.

    4. Mun euweuh hawa, urang moal bisa ngambekan.5. Keu nginum, urang perlu cai .6. Urang bisa moyan lantaran aya cahaya panonpoé .7. Alam dunya bakal moal caang  mun euweuh cahaya panonpoé.8. Ti peuting di langit aya bulan jeung béntang .9. Bulan moncorongna buleud .10. Ari béntang mah caangna tingkarelip.

    3. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya pikeun maham

    eusi téks.

    C. MIKAWANOH KECAP 

    No. Kagiatan

    1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah muridniténan kecap jeung sinonimna nu dilarapkeun kana kalimah.

    2. Guru nitah murid sina maham kecap-kecap jeung sinonimna nu dilarapkeunkana kalimah.

    Contona:ciciptan = jieunan

    Manusa jeung alam kaasup mahluk ciciptan Pangéran.Manusa jeung alam kaasup mahluk jieunan Pangéran.

    3. Guru nitah murid ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap

    nu geus diyagakieun. Paréntah jeung jawabanana kieu.Lengkepan kalimah-kalimah ieu di handap ku kecap-kecap anu aya

    gigireunana.1. Angin téh karasana ………… C …………… A. mongkléng2. Ti peuting bulan caang mani…… D ……… B. ragrag3. Isuk-isuk panonpoé …… E …….. ti wétan. C. ngahiliwir 4. Mun ti peuting, kaayaan poék…… A ……. D. mabra5. Ti langit hujan ………………… B ………………. E. moncorong

    4. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngajawab pananya ngeuaanngalengkepan kalimah.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    58/88

    50 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    D. NGAROBAH KALIMAH 

    No. Kagiatan

    1. Sanggeus maca téks déskripsi “Urang jeung Alam”, guru nitah murid

    niténan kecap pagawéan aktif jeung kecap pagawéan pasif.2. Guru nitah murid sina niténan kalimah aktif jeung kalimah pasif.

    Contona:

    dipelak →  melakTangkal kembang sok dipelak ku jalma.

      Jalma sok ……………….. tangkal kekembangan.

    3. Guru nitah murid sina ngarobah kecap pagawéan pasif jadi kecap pagawéan

    aktif, tuluy dilarapkeun kana kalimah.  Paréntah jeung jawabanana kieu.  Pigawé kawas conto!

    1. diseuseup → nyeuseupHawa diseuseup ku mahluk hirup.Mahluk hirup nyeuseup hawa.

    2. dikali → ngali Taneuh dikali ku tukang sumur.

    Tukang sumur ngali  taneuh.3. dituar → nuar 

    Tangkal dituar ku Mang Bébén.Mang Bébén nuar  Tangkal.

    4. disiuk → nyiukCai disiuk ku Néni tina bak.Néni nyiuk cai tina bak.

    5. dirabut→

     ngarabut Tangkal sampeu dirabut ku Kang Ruslan.Kang Ruslan ngarabut  tangkal sampeu.

    6. diundeur→ ngundeur Daun sampeu diundeur ku Bu Nénéng.Bu Nénéng ngundeur  daun sampeu.

    7. dipetik→ metikKembang di buruan dipetik ku Téh Éma.

    Téh Éma metik kembang.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    59/88

    51Bab 2 Pituduh Husus

    8. dipacul→ macul Tanah kebon keur dipacul ku Mang Karwa.Mang Karwa keur macul  tanah kebon.

    9. diala→ ngala

    Paré di sawah keur diala ku ibu-ibu.Ibu-ibu keur ngala paré di sawah,

    10. diajul→ ngajul Gedang keur diajul ku Mang Yoyo.Mang Yoyo keur ngajul  gedang.

    4. Guru meunteun murid bener henteuna dina ngarobah kecap pagawéan pasif jadi kecap pagawéan aktif sarta ngalarapkeunana dina kalimah.

     E. MENERKEUN KALIMAH

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina niténan kalimah anu runtuyan kecapna diacak.Contona:

      hudang—isuk-isuk—kénéh—hudang—geus—Yudi

      Kalimahna: Isuk-isuk kénéh Yudi geus hudang.2. Guru nitah murid sina menerkeun runtuyan kecap-kecap sangkan jadi kalimah

    anu bener tur merenah.  Paréntah jeung jawabanana saperti kieu.

    1. maca – keur – Yayan – basa SundaYayan keur maca basa Sunda.

    2. nyéboran – di buruan – Néni - kembangNéni nyéboran kembang di buruan.

    3. di dapur – nuju – mamah – masakMamah nuju masak di dapur .

    4. koran – di tepas – bapa – maca – keur Bapa keur maca koran di tepas.

    5. macul – di kebon – keur – Mang KaryaMang Karya keur macul di kebon.

    6. ngaput – mesin -- Bi Inah -- dina – keur Bi Inah keur ngaput dina mesin.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    60/88

    52 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    7. keur—barudak—arulin—di—buruanBarudak keur arulin di buruan.

    8. santri—keur—barudak—di masigit – ngarajiBarudak santri keur ngaraji di masigit .

    9. tivi—baba-bapa—lalajo—dina—keur – méngbalBapa-bapa keur laajo méngbal dina tivi .

    10. Persib—Persija—keur—si Jalak harupat—tanding --- jeung --- diPersib jeung Persija keur tanding di si Jalak Harupat .

    3. Guru meunteub murid bener henteuna dina nyusun kalimah nu kecap-kecapna diacak.

    F. NADOMKEUN PUPUJIAN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina maca heula dina jero haté téks pupujian nu judulna “Bab Cai”.

    BAB CAIDupi sadayana cai,

    nu sok dianggo susuci,éta aya tujuh rupi,walungan anu kahiji.

    Cai laut kaduana,cai sumur katiluna,cai ibun kaopatna,cai és nu kalimana.

    Cai nyusu kagenepna,

    cai hujan katujuhna,éta cai sadayana,sah dianggo susucina.

    2. Guru ngajak murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai”.

    3. Guru nitah murid babarengan nadomkeun pupujian “Bab Cai”

    4. Pikeun maham eusi pupujian, guru nitah murid disina ngajawab pananya nudisadiakeun.Sanggeus murid ngalagukeun atawa nadomkeun pupujian di luhur, sangkanpaham kana eusina, pék jawab ieu pananya.1. Aya sabaraha cai nu sok dipaké susuci? Aya tujuh rupa.

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    61/88

    53Bab 2 Pituduh Husus

    2. Cai naon nu kahijina? Cai walungan.3. Ari cai és nu kasabaraha? Nu kalima.4. Rupa-rupa cai téh sah dipaké naon? Susuci .5. Cai naon anu karasana tiis? Cai és.6. Ari cai hujan ti mana asalna? Ti langit .

    7. Cai laut kumaha rasana? Asin.8. Naon ngaranna cai nu ngaburial tina jero taneuh? Cai nyusu.9. Cai naon nu ngagarendang isuk-isuk dina daun? Cai ibun.10. Sah dipaké naon cai nu tujuh rupa téh? Susuci .

    G. NGAJEMBARAN DADARAN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah murid sina maca jero haté bacaan nu judulna “patempatan“.

    2. Guru disina niténan kalawan imeut eusi bacaan “Patempatan”.

    3. Guru nitah murid sina nyebutan deui ngaran-ngaran tempat nu geusdicontoan.  Sanggeus hidep maca bacaan nu eusina ngaran patempatan, ayeuna hidepnéangan deui ngaran patempatan. Bisa diskusi jeung babaturan. Jieun dina

    buku tugas!1. Patempatan patali jeung ci- saperti Cinangka, Cicaheum, Cileunyi , …2. Patempatan patali jeung pasir  saperti Pasirimpun, Pasiripis, Pasirimpun,

    Pasirkoja, ….3. Patempatan patali jeung ranca sapertiRancabolang ,Rancakalong ,Rancabuaya,

    Rancabali , …4. Patempatan patali jeung rawa  saperti Rawabogo, Rawabango, Rawamerta,

    ….

    5. Patempatan patali jeung leuwi saperti Leuwiliang ,Leuwipanjang ,Leuwigajah,Leuwimunding , Leuwisari , ….

    Sanggeus réngsé kagiatan diajar bahan dina pangajaran 6, guru babarengan jeungmurid nyindekkeun eusi bahan pangajaran nu patali jeung narasi “Kagiatan ulin dilingkungan kulawarga jeung sabudeureun”. Guru ngayakeun rééksi ngeunaan kamajuan

    diajar murid. Guru ogé ngukur kamampuh murid ku cara ngayakeun kagiatan meunteun,boh dina waktu lumangsung kagiatan diajar boh di ahir pangajaran. Jaba ti éta, gurunangtukeun geus tutas acanna murid kana bahan pangajaran maké Kritéria KatutasanMinimal (KKM).

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    62/88

    54 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

     EVALUASI

    Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

    Kritéria MeunteunKaterangan Tutas

     Enggeus Encan

    A. MACA JERO HATE

    B. MAHAM EUSI BACAAN

    C. MIWANOH KECAPD. NGAROBAH KALIMAH

    E. NYUSUN OMONGAN

    F. NADOMKEUN PUPUJIAN

    G. NGAJEMBARAN DADARAN

     

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    63/88

    55Bab 2 Pituduh Husus

    PANGAJARAN 7

    Tema : Miara sasatoan jeung tutuwuhanBahan : Dadaran (déskripsi)Média : Téks jeung gambar 

    Tujuan Pangajaran:Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa maca jero haté, maham eusi bacaan,

    ngalengkepan kalimah, nyusun karangan, ngalarapkeun kecap, jeung nyusun omongan.

    Kagiatan DiajarSaméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan,

     jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya salapanbagian, nyaéta (1) maca jero haté, (2) maham eusi téks narasi, (3) mikaweruh kecap, (4)nyaritakeun carita, (5) ngalarapkeun undakusuk basa, (6) maca narasi ngajembaran, (7)ngalengkepan kalimah, jeung (8) migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun muridsangkan sayaga pikeun diajar.

    Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

    A. MACA JERO HATÉ No. Kagiatan

    1. Saméméh pangajaran dimimitian, guru ngucapkeun salam. Tuluy gurunepikeun téma jeung tujuan pangajaran nu kudu dihontal.

    2. Guru nitah murid maca téks déskripsi dina jero haté nu témana “MiaraSasatoan jeung Tutuwuhan” nu judulna “Melak Kembang”.

    3. Guru ngalatih murid sina niténan eusi téks déskripsi ku cara maca kalawandaria. Tujuanana sangkan murid mibanda sikep sosial jeung disiplin tursayaga ingetanana.

    B. NGALISANKEUN JAWABAN

    1. Murid disina maca deui téks bacaan.2. Murid disina paham kana eusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

     

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    64/88

    56 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas II

    No. Kagiatan

    1. Sanggeus maca téks déskripsi “Melak Kembang”, guru nitah murid mahameusi bacaan ku cara ngajawab pananya nu disadiakeun.

    2. Guru nitah murid ngajawab pananya kana eusi teks déskripsi ku cara lisan.

    Pananya jeung jawabanana kieu.1. Resep naon Ibu téh? Melak kembang .2. Saha deui nu gaduh karesep kawas Ibu? Téh Nani .3. Ibu sareng Téh Nani osok naon? Melak kembang .4. Di mana dipelakna kembang téh? Dina pot .5. Kumaha ngurusna kembang téh? Kudu diceboran jeung digemuk.6. Kumaha warnana kembang srangéngé téh? Konéng .7. Kumaha rasana seureuh beureum téh? Pait .8. Kembang naon nu make ngaran sasatoan? Kuping gajah, lidah buaya.9. Ti mana mun urang rék meuli gemuk? Ti toko kembang .10. Ari di kampung sok aya gemuk naon? Gemuk kandang .

    C. NGALENGKEPAN KALIMAH

    No. Kagiatan1. Sanggeus maca téks déskripsi “Melak Kembang”, guru nitah murid sina wanoh

    kana ngaran babagian tatangkalan.

    2. Guru nitah murid sina ngalengkepan kalimah nu dicopongkeun ku kecap-kecap nu disayagikeun. Kecap-kecap anu bisa dipilihna patali jeung ngaranbabagian tutuwhan.

    Pék lengkepan kalimah ieu di handap ku kecap-kecap gigireunana!1. Ibu melak ………… E ………… dina pot. A. beutina2. Tangkal rambutan téh…… C ……leubeut. B. akarna3. Tangkal sampeu mah…… A …..dina jero taneuh. C. buahna4. Tangkal téh …… B …... nyeceb kana taneuh D. pendul5. Méméh jadi buah, peuteuy asalna…… D …. É. Kembang6. Buah salah téh ngagonyok jeung……… J …… F. dawegan7. Bisa dipaké ubar ……… E ……. kumis ucing mah. G. paria8. Buah ……… G …….. téh rasana pait. H. céngék9. ……… F ……….. keur meujeuhna lumého. I. kembang10. Kembang …… H …….. disebutna méncéngés. J. cucukan

  • 8/18/2019 Buku Guru Sunda Kls 2 - 2014

    65/88

    57Bab 2 Pituduh Husus

    D. NYUSUN KARANGAN

    No. Kagiatan

    1. Guru nitah heula murid sangkan maca téks déskripsi “Ngukut Ucing” keur

    cont