paket basa sunda kls 10 kurtilas

Embed Size (px)

DESCRIPTION

buku paket basa sunda kelas 10 kurikulum 2013

Citation preview

  • PAN

    GAJ

    ARANCarita Wayang

    71Sumber:www.trekearth.com

  • 72Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Nepi ka kiwari, teu saeutik jalma anu resep kana carita wayang. Malah mah carita wayang th jadi inspirasi keur nyiptakeun karya-karya seni samodl arca (patung), ibing (tari), puisi atawa prosa, og lagu. Di urang apan aya lagu Ceurik Rahwana. Ari Rahwana apan salah sahiji tokoh dina pawayangan.

    Naon pangna carita wayang sakitu populrna? Ari sababna mah carita wayang th sastuna ngandung rupa-rupa atikan jeung hikmah nu bisa dipak eunteung kahirupan. Dina carita wayang nyampak kaarifan, kawijaksanaan, paripolah had gorng, sarta rupa-rupa pasipatan keur tuladeun.

    Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana unak-anik carita wayang sarta ahirna bisa ngaanalisis caritana.

    A. Mikawanoh Carita Wayang Di urang mah carita wayang th umumna nyebar

    ngaliwatan pagelaran wayang golk. Papadaning kitu aya sawatara buku atawa karangan anu nuliskeun deui carita wayang, boh mangrupa novel, carita pondok, dangding boh wawacan, anu eusi caritana biasana mah sempalan tina carita wayang.

    Rupa-rupa Buku Carita Wayang. Sumber: dokumen pribadi

  • 73Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Aya hiji carita pondok anu ditulis ku Salh Danasasmita, ngagambarkeun perang antara Alngka nu dirajaan ku Rahwana jeung Kisknda nu diluluguan ku Rama. Tapi ta karangan ngan ngagambarkeun sempalanana ba, nyata waktu Kumbakarna, adina Rahwana, maju ka medan perang kalawan mak carana sorangan. Gugurna Kumbakarna dina ta perang digambarkeun kalawan had ku Salh Danasasmita dina karanganana.

    Geura pk baca.

    Kumbakarna(Salh Danasasmita)

    Kumbakarna ngahuleng nangkeup harigu bari nyndr kana tangkal tanjung di palataran purina. Teuteupna jauh ka hareup nembus belegbegna peuting, ngaliwatan Kota Alngka nu ngalamuk diharudum geblgan pok, teup eunteup dina puncak Gunung Gokarna nu ngelemeng ditiung langit biru ngawun-ngawun.

    Bntang midang ngabaranang, mijah ku cahyana nu sumirat tina kerejep kiceupna. Angin leuleuy naburkeun segerna hawa, bari liwat ngumbara ngalanglang jagat dijajapkeun ku keleter dangdaunan. Alam giak ngidungkeun agungna peuting, dipairan ku hat nu keur ngalamun.

  • 74Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Tadi datang bja pikasediheun ti pangperangan. Prahasta Papatih Agung, paman manhna, geus kasambut sabada perang sapo jeput. Hatna yakin, Prahasta sorangan henteu sapukeun kana kawijaksanaan Rahwana, henteu narima perluna ngayakeun perang jeung pihak Rama nu dibantu ku Sugriwa. Manhna sorangan og henteu panuju, malah Wibisana juru siasat Alngka, adina pet ku hinis anu pangdipikadeudeuhna, nepi ka diusir dititah nyingkah lantaran nolak kana kahayang Rahwana.

    Manhna sapamadegan jeung Wibisana, tapi handeueuleun dumh adina jadi biluk ka pihak Rama. Henteu soth ngahalang-halang kana karepna, lantaran manhna ngarumasakeun lh seukeut dina nyawang kaayaan kanagaraan. Tapi pangpangna mah ngaragangan kana hatna, dumh Rahwana geus katambias nepi ka tga ngarogahala. Sedih jeung amarah ngagulung dina hatna. Sedih ku geus euweuh Wibisana pangeunteupan kadeudeuhna, adi nu dianggap saluhureun dina pamadegan hirup. Amarah kana kalakuan Rahwana pageusanan manhna ngawula, lanceuk anu salilana diaping, malum tutunggul nagara.

    Sammh kajadian Rahwana nyulik Sinta ti alas Dandaka, tali duduluran di antara manhna, Rahwana jeung Wibisana th raket cara jaman manhna keur leutik. Ku diiwatna Sinta jeung diboyongna ka Alngka kareugreugan anu jadi deudeul kajembaran Alngka mimiti rengat anu antukna silih kajeunkeun antara dulur jeung dulur. Rengat anu beuki lila beuki ged, pamustunganana jadi bengkah ku datangna Anoman anu diutus ku Rama nepungan Sinta. Anoman ditangkep, teu ngalawan, malah sadrah pisan waktu manhna rk dibeuleum di alun-alun. Wibisana nyaram bbakan lantaran bakal jadi cacad ged pikeun Alngka lamun tepi ka ngahukum utusan, komo ieu mah dihukum beuleum.

    Prahasta ngawawadian, manhna g milu nyaram, tapi Indrajit keukeuh mnta Anoman dihukum. Manhna anu nangkes kaamanan kota Alngka, manhanana anu kapapancnan ngabendung juru telik musuh nu rk norobos; kari-kari Anoman bisa molos bari teu katangn ku nu jaga, bisa jongjon nepungan Sinta, boyongan anu dituguran ku ratusan kajineman di Argasoka taman sari karajaan. Indrajit ngarasa wirang lantaran manhna bongoh kacolongan ku Anoman.

  • 75Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Anoman dibeuleum. Awakna teu busik-busik, kalah tali pangring-kusna nu paregat rampung ku seuneu. Leupasna ngarampid balok nu keur hurung muntab-muntab, terus luluncatan dina suhunan. Saparona Kota Alngka ledis kabeuleum, sakitanana mah terus kabur teu tmbong deui.

    Alngka geunjleung. Indrajit murang-maring. Rahwana budal amarahna. Gempungan Dwan Karaton diayakeun dadak-dadakan. Rahwana nangtungkeun bandra perang.

    Prahasta numplekkeun pangaruhna sangkan Rahwana dak nglhan mulangkeun Sinta ka salakina. Pokna og:

    Putra Prabu sans Paman ngalalangkungan, namung bubuhan Paman nu jadi kokolot, ngawakilan tuang yang, ngawakilan tuang ibu, sawadina Paman kedah ilubiung dina leresan ieu mah. Ti jaman tuang yang knh pun bapa jeung ibu rama aranjeun, Paman th tacan poos dina perang nu mana ba og. Raga Paman, nyawa Paman, Alngkadirja nu boga. Kahayang paman kantun sarupi, hayang th ssa umur anu aya dibaktikeun ka nagara. Namung ulah kajadian bakti dina jalan anu kirang merenah. Paman teu ngartos upami urang muka banjir getih ku alatan Sinta wungkul, alatan hiji wanoja anu ttla boga salaki, tur ayana di Alngka sans ku kahayangna sorangan.

  • 76Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Manhna geus ngarasa bungah, lantaran ceuk ijiranana, piraku Rahwana teu ngawaro kana caritaan pamanna. Bener pangkatna sahandapeun raja, tapi Prahasta th gaganti indung bapana, malah Rahwana jadi raja th ku lantaran Prahasta ngaleupaskeun hakna mangku kaprabon, demi kaagungan jeung kajembaran Alngka nu bisana laksana ngan ku pangolahna para nonoman, turug-turug tedak Wisrawa ti Lokapala. Kasadrahan ieu anu pangdipikaajrihna ku sanagara, nepi ka Prahasta dipikasrab ku sarngrngan karaton.

    Rahwana mmang ngabetem, tapi Indrajit ngasongkeun alesan anu bisa ngagedurkeun jiwa kalalakian Rahwana. Mmang Rahwana geus kagok asong, taya jalan geusan mundur, lantaran bakal katara leutik burihna upama mulangkeun Sinta sabada Anoman ngacak-ngacak dayeuh Alngka, komo sanggeus Anoman ngahuru dayeuh. Piwirangeun mun kasurak ka nagri lian, malah nagara erhan Alngka aya bahan kana baruntak.

    Wibisana ngimbangan ku ngasongkeun alesan budi. Raja nu budina luhur moal ra ngaku salah, moal ra mnta dihampura ka sasama raja, komo deui ka pantaran Rama anu dianggap guru ku Sugriwa Raja

  • 77Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Kisknda, adina Subali guru Rahwana. Dibeuleumna Anoman dianggapna mangrupa kasalahan Alngka anu kadua sabada urusan diculikna Sinta ku Rahwana. Meujeuhna mun kahuruna Kota Alngka dianggap tebusanana.

    Kagambar knh dina lamunanana, Rahwana ngadgdg nahan amarah, ambk ka Pamanna henteu bisa. Wibisana katempuhan narima amarah keur duaaneun. Rahwana ngawakwak ngumbar kakeuheul. Wibisana ditunjuk-rork disebut biluk ka musuh, disebut jukutriutan, malah diusir dititah indit.

    Manhna rk milu ngomong, tapi hs kedal bareuheudeun nepi ka kapiheulaan ku Wibisana anu nyuuh ngarangkul tuur Rahwana. bbakan meper amarah lanceukna, bari tetep mplingan. Jengkatna suku Rahwana kanyahoan ku manhna, tapi teu kaburu ngahalangan. Sakolpat Wibisana geus ngajengkang. Untung knh waktu Rahwana rk mindo manhna kaburu luncat ngajega hareupeunana. Teu karasa kedal ucap rada sugal.

    Raka Prabu, mmh ngidek Wibisana, leyek heula Kumbakarna!

    Rahwana mencrong bari ngajengjen, manhna melong mencarkeun sagemblengna kakuatan batin anu dibarung ku pangharepan piraku lanceuk rk tga. Lain, lain niat manhna ark ngalawan, tapi ukur rido nalangan badan adina. Mun ta mah Rahwana tga ngarogahala, manhna rk pasrah ba moal budi, sabab batinna teu mikeun kudu ngalawan ka lanceuk. Rahwana mundur bari terus diuk deui, manhna jongjon neuteup kana beungeutna. Clak cipanonna nyekclak. Ngangres, lantaran saumurna kakara ngabangkang ka dulur nu pangkolotna ....

    Kumbakarna ngarnjag, sadar tina panglamunanana, kagebah sora ajag nu babaung ti kajauhan; ajag lapar nu ngambeu hangruna bangk.

    Rahwana th lanceuk aing, ceuk hatna. Kudu, kudu diblaan.

    Teu bisa, bongan geus ngusir adi aing. Teu bisa bongan ka aing nuding belang bayah. Moal, aing moal perang bongan aing diiwalkeun teu meunang pipilueun. Antep sina karasaeun.

    Tapi kumaha Paman Prahasta? geuning tetep bla sanajan teu panujueun kana kahayang Rahwana?

  • 78Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Hatna ngagolak deui, perang batin antara milu jurit jeung ngantepkeun. Ka Prahasta hayang bbla, tapi keuheul ka Rahwana, lantaran manhna teu meunang pipilueun kana urusan perang, malah dititah nyingkah sagala ti Alngka. Tilu tokoh bagilir liwat dina ciciptaanana: Prahasta, Rahwana, jeung Wibisana anu ngejat ka pihak Rama, lantaran ceuk pamikirna mmang Rahwana nu salah.

    Manhna tanggah terus nuturkeun pelengkung langit ku teuteupna nu rumeuk kahalangan ku cipanon, tapi kandeg lebah puncak Gunung Gokarna anu geus surem kasaput halimun ibun, ngeleng ipis samar-samar. Di dinya baheula manhna tapa. Di dinya Rahwana jeung Wibisana tarapa. Di dinya manhna sadudulur sok arulin gogonjakan sura-seuri. Di dinya jemplingna alam disasaak ku giakna tatali getih saindung, diramkeun ku tiluan.

    Angin peuting anu leuleuy ngeleterkeun daun soka di katuhueun ceulina, hawar-hawar sada sora nu ngaaharwos, Alngka nagri pupundn! Mumul ku sarra!

    ta th amanat indungna, sora Suksih sammh tilar dunya. Ditungtungna ku ppling, Jeung dulur mah kudu bisa silih timbang.

    Kumbakarna gigisik. Leungeunna dipeureupkeun terus diketigkeun kana tangkal tanjung urut nyndrna. Bari ngoloyong ka jero purina manhna ngomong sorangan.

    Aing isukan rk maju jurit!Rebun-rebun Kumbakarna geus anjog ka datulaya, geus paamprok

    jeung Rahwana. Cipanonna geus ngembeng ti barang datang, lantaran henteu kuat mireungeuh lanceukna, ratu agung anu dipikasrab ku nagara tatanggana, wanci kitu keur nyuuh knh dina tangan-tangan korsi panganginan. Awakna siga nu nyampay. Beuki ngaleketey hatna waktu Rahwana cengkat. Beungeutna pias haropak, ciri bingung jeung kurang sar. Lain nanya, kalah melong siga nu ceuleupeung pisan.

    Kakang! Kumbakarna nanya mak sesebutan jaman manhna keur budak. Piraku lalaki bingung? Urang th tedak Wisrawa.

    Rahwana nguniang cengkat. Diukna ajeg. Bada melong sajongjongan kakara manhna nanya.

    Naha bener ieu th adi Kakang, Kumbakarna? Rahwana gigisik, terus hudang, gabrug ngarangkul adina. Duanana paungku-ungku

  • 79Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    ngabudalkeun kasedih swang-swangan. Kumbakarna nu harelung jangkung luhur digalntoran ku Rahwana, dipidangdam kawas nu geus tilar dunya. Duanana silih tangkeup kekereket, ngaleburkeun rasa nyaah, nepungkeun keteg jajantung.

    Kumbakarna nyekel peupeuteuyan Rahwana, dicengkatkeun bari diteuteup.

    Calik Kakang!

    Teu sangka, teu sangka Rai rk bla. Hampura, Kakang hampura ku Rai. Moal Paman Prahasta ninggalkeun urang lamun Rai teu dinyenyeri ku Kakang.

    Kumbakarna jongjon nangtung, ngahgak nahan geterna rasa di jero dada. Bari dareuda manhna maksakeun nyarita:

    "Kakang, po ieu urang gulungkeun pangalaman anu baheula. Mangsa urang sok arulin, mangsa silih pikahman, mangsa urang silih blaan. Tedak Wisrawa kudu pengkuh dina pamadeganana. Piraku Kakang kaduhung, piraku Kakang ngolmbar!

    Rahwana teu nmbalan, kalah ngoroml nyoo gadona bari panonna molotot siga teu puguh nu dipelongna.

    Kakang, lalaki, urang lalaki! Mana tanda pancaran Gunung Gokarna?

    Rahwana unggut-unggutan, tapi lain tanda ngaheueuhan. Dangdak-dngdkna cara nu keur ngadng sora hawar-hawar ti jauhna. Kumbakarna reuwas, lantaran nyangka Rahwana rk owah. Ceg dicekel peupeuteuyanana, terus diguyaah-guyah bari nyarita satengah ditompokeun kana ceulina.

    Kakang, sing mut! Urang keur ngayonan musuh.

    Kumbakarna cengkat deui. Rahwana curinghak bari terus ngabirigidig. Batan nmbalan kalah malngos, terus anteng deui ngalamun, badis nu katerap kasakit ngajubleg.

    Kumbakarna beuki bingung. Manhna perlu nyarita. Po ta rk miang ka mdan perang. Antukna bak kasabaranana, teu ngarti kana kahngkran jiwa lanceukna. gegedug pupuhu Alngka geus taya nu

  • 80Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    nysa. kabh perlaya ngemasi pati. Prahasta sorangan anu kuduna pada ngajaring kasalametanana, kalah geus perang ti heula, geus kasambut. Manhna yakin miangna Prahasta th bari ngemban pangkat patih anu kapaksa tunduk kana parntah rajana. Raja anu saenyana mah alo tegesna. Amarahna ngusial minuhan eusi dadana. Turut karepna mah hayang namplokkeun ka Rahwana anu euweuh tanggung jawabna. teu karasaeun manhna ngagorowok bari ngagejlig.

    Ari sieun mah ngayonan Rama, keur naon nangtang perang? Keur naon wani maling pamajikanana? Prajurit Alngka ludes, gegedug kabh geus tumpur, Paman Prahasta perlaya, Wibisana geus diusir. Kabh dipak nebusan Sinta nu tetep satia ka salakina. Ieu nagara, tuturunan ti karuhun, ancur kalebuh dina lautan napsu rajana!

    Kumbakarna ngahuleng heula, hayang nyaho nepi ka mana pangaruh ucapanana kana jiwa Rahwana anu keur langlang-lingling. Beungeutna mimiti siak-siak rada getihan, leungeunna tikekereket, dikeupeulkeun kana tungtung tangan-tangan korsi bari ngadgdg kawas nirisan.

  • 81Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Lalaki, nu siga kieu? Kumbakarna nyarita deui. Cokot Sinta ka Argasoka, bawa ka pasanggrahan Rama. Pulangkeun, tuluy sujud, ciuman dampal sukuna!

    Lalaki, aing lalaki! ceuk Rahwana bari jung nangtung terus ngaljg.

    Inget knh, naon hartina lalaki pencaran Gunung Gokarna? Kumbakarna nuyun deui ku pertanyaan bari melong ka lanceukna.

    Rahwana ngahuleng, rt ngarrt kana adina, terus ngusap beungeut bari gigideug.

    Rai! ceuk manhna sarh pisan. Hampura!Kumbakarna ngemplong hatna. Ngadng Rahwana mnta

    dihampura, manhna yakin, yn lanceukna keur aya dina puncak kasadaranana. Kasadaran mahluk awam, lain kasadaran manusa anu hayang ngawasa jagat. Ti saprak jadi raja, Rahwana cadu ngedalkeun kecap hampura. Murah knh harga nagara, malah murah knh harga jagat sapangeusina, ti batan kecap hampura.

    Kakang! ceuk Kumbakarna, Po ieu Rai ark maju jurit.Ulah Rai! Po ieu Kakang nu rk tandang perang. Katarima bbla

    Rai ka Kakang.

    Ulah lepat, ceuk Kumbakarna megat kalimah, Kumbakarna lain rk ngablaan Prabu Rahwana. Pamadeganana tetep, Raja Alngka anu salah, sabab Rama ngan ukur nohonan kawajibanana, nyusul bojona anu diboyong ka dieu. Anu maju po ieu lain Arya Kumbakarna ahli waris Prabu Somali. Lain! Tapi Kumbakarna putra Alngka, Kumbakarna warga Alngka anu teu ridoeun nagarana diranjah deungeun, kajeun kumaha alesanana.

    Lebah alesanana kumaha Rai, ceuk Rahwana bari neuteup. Teuteu anu taya riuk-riuk ambk. Tapi mun enya Rai rk jurit ayeuna, hayu urang bareng jeung Kakang.

    Sa, mun seug rahwana geus lain raja Alngka. Kumbakarna perang ku niatna sorangan, sabab ku raja teu diidinan.

    Jadi Kakang kudu ngcagkeun kalungguhan? Rido pisan asal urang babarengan ngablaan ieu nagara. Tinggal rai dulur Kakang anu hirup.

  • 82Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Lepat pamadegan Kakang. Raja teu meunang ngaltak ciduh. mut kana prajurit nu geus ledis, ka gegedug, ka paman Prahasta nu perlayana nyumponan papancn ti raja. Piraku rajana kalah rk eureun? Raja wajib nebus nyawa prajuritna nu laleupas ku nyumponan parntahna. Mun bisa ku kaunggulan.

    Jadi Kakang kudu kumaha? ceuk Rahwana bari bingung.

    Kakang tetep jadi raja. Raja pencaran Wisrawa moal turun tina kaprabon mun nagara keur aya dina tunggara. Kumbakarna ngahaja teu milu perang sabab diiwalkeun, dicaram ku raja. Ieu tanda satia, tanda satuhu ti dirina ka rajana. Po ieu ark jurit. Ulah diiring ku wadya balad, sabab lain tugas ti nagara, lain parntah ti raja. Kumabakarna datang ka lanceukna rk munjungan, ark mnta dihampura bisi teu papanggih deui.

    Brek Kumbakarna deku, cong nyembah munjungan ka Rahwana, nu colohok mata simeuteun. Rada lila ngahulengna, curucud cipanonna murubut, gabrug Kumbakarna dirangkul bari sasambat.

    Ttla Rai th lalaki langit. Ttla Rai th tedak Wisrawa. Di diri rai nerapna dangiang Gunung Gokarna. Diduakeun Rai. Bawarasa diri Kakang, po ieu urang tepung panungtungan. Hampura Kakang ku rai!

    Saha ieu nu nyarita? ceuk Kumbakarna bari rada mundur saeutik.

    Rahwana cengkat bari nyusutan cipanon.

    Rai, ieu nu nyarita lain Rahwana raja Alngka, tapi Rahwana putra Wisrawa, dulur cikal Kumbakarna. Rai teu boga jasa ka raja, sabab raja teu nyahoeun jeung teu ngidinan Arya Kumbakarna, gegedn Alngka, pipilueun kana ieu perang pupuh. Diri Rahwana Rai, lain diri raja, nyeungceurikan adina nu bla ka lemah cai, nu ayeuna nyieun tepung panungtungan. Jung ku Kakang didongdon ti kaanggangan, br tempat Rahwana di batin Rai.

    Kumbakaarna nangtung bari neuteup lanceukna. Mmh ngalos hayang sidik kana dedegan dulur cikalna kawas nu sieun pohoeun deui.

    Kakang, kula miang! ceuk manhna bari ngalos.

  • 83Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Kakara opat lngkah, Rahwana geus ngageroan deui.Rai, ku saha ieu nagara engk dirajaanana mun Kakang nemah

    perlaya?Kumbakarna ngarandeg, bari ngahuleng manhna malik.

    Kakang, tanah Alngka geus ngampar sammh urang gumelar. Bakal tetep ngampar knh mun urang geus jadi lebu. Di dinya urang geus kumpul dilalakonkeun ku Hirup. Ti langit Alngka urang datang, ka bumi Alngka urang mulang, Rai rk wangsul ti payun.

    Kumbakarna ngalos, ukur ngadng Rahwana nutup carita.

    Kakang rk nyusul pandeuri. Po isuk raja Alngka rk tandang. Tanggerkeun dangiang Gunung Gokarna!

    (Dicutat tina majalah Katumbiri, jidil 7 taun 1986, kaca 9-23)

    Cirian kekecapan anu hidep teu ngarti, susun jadi glosarium dina buku catetan, sarta tangan hartina dina kamus.Keur nyangkem carita di luhur jawab pertanyaan ieu di handap!1. Cing gambarkeun alus lamun mak diagram kumaha hubungan

    pancakaki (duduluran) antara tokoh-tokoh nu ngalalakon dina carita Kumbakarna.

    2. Naon sabenerna anu jadi sabab utama timbulna peperangan antara Rama jeung Rahwana?

    3. Tangtukeun, saha anu jadi tokoh protagonis jeung saha anu jadi tokoh antagonis carita di luhur th?

    4. Kumbakarna nganggap Rahwana anu salah, tapi naha manhna antukna milu perang ngalawan Rama?

    5. Dina carita di luhur aya tokoh Indrajit, cing tangan informasi tina sumber sjn, saha saenyana Indrajit jeung kumaha hubunganana jeung tokoh sjn?

    6. Ceuk hidep, naha dina carita di luhur th aya bagian-bagian anu pamohalan (teu kaharti ku akal) siga carita dongng?

    7. Dskripsikeun, naon kesan anu timbul sabada urang maca ta carita?

    Pancn 1

  • 84Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    B. Pedaran Carita WayangCarita Kumbakarna di luhur th saenyana mah sempalan tina pik

    Ramayana, kitab nu nyaritakeun lalampahan Rama, raja Ayodya. Babad Ramayana th karangan Walmiki ti India. Caritana panjang pisan, jeung ra babagianana. Ngawengku 7 kitab, 24.000 pada, jeung 500 sargah. Ari di Indiana, ta th sasat jadi kitab suci umat Hindu.

    Tingali baganna:

    pik Ramayam

    Salian ti pik Ramayana, aya deui pik Mahabarata nu dikarang ku Wiyasa. Sarua sohorna ieu g. Malah teu kurang-kurang panjangna, jeung ra babagianana. Sarua deuih ieu g ditulis di India jeung jadi kitab suci urang Hindu.

    pik Ramayana intina medar lalampahan Rama, Raja Ayodya, nu kawin ka Sinta. Hiji waktu, basa Rama, Sinta, dibaturan ku Lesmana keur araya di leuweung, datang Rahwana nyulik Sinta sarta diboyong ka Alngka. Puguh ba Rama murka. Anjeunna ngutus Anoman ka Alngka, tapi ta utusan Rama th kalah ka dihukum. Anoman bisa kabur bari ngaduruk kota Alngka.

  • 85Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Rahwana anu keukeuh peuteukeuh embung mulangkeun Sinta diperangan ku Rama. Dina ta perang, Rama dibantuan ku pasukan wanara (monyt) ti Kisknda. Kabh pangagung Alngka palastra, kaasup Rahwana, rajana. Ngan Wibisana anu salamet th lantaran manhna mah biluk ka Rama. Sabada perang rngs, Alngka dipasrahkeun ka Wibisana. Rama jeung Sinta katut pangiringna balik deui ka Ayodya.

    Ari Mahabarata mah nyaritakeun turunan Raja Barata nu kalibet perang sadulur. Ku lantaran ta pik Mahabarata sok disebut og Baratayuda atawa perang kulawarga Barata. Ari nu perangna nyata kulawarga Pandawa (rundayan ti Pandu), jeung kulawarga Kurawa (rundayan ti Dstarata). Alatanana mah parebut tahta karajaan warisan ti karuhunna. Karajaan th kuduna lungsur ka Kurawa, da Dstarata th putra cikal. Ngan lantaran Dstarata teu walagri, karajaan ahirna dipasihkeun ka Pandu nu terus diwariskeun deui ka Pandawa. Ku hal ta, Kurawa salilana ngakalakeun Pandawa, padahal karajaan g geus dibagi dua. Hiji mangsa, ku kalicikan Kurawa, Pandawa diusir ti karaton lantaran lh ngadu. Pandawa nu limaan th kudu hirup sangsara mangtaun-taun. Waktu Pandawa nagih jangji, sangkan nagarana dipulangkeun, Kurawa ingkar tina jangjina. Ieu pacngkadan th ahirna dirngskeun ku perang di Kurustra.

    Asupna pik Ramayana jeung Mahabarata ka urang th bareng jeung nyebarna agama Hindu di Nusantara. Tapi waktu agama Islam nyebar di Nusantara, para wali ngamangpaatkeun ta pik keur syiar Islam mak mdia wayang. Nya ti dinya lahir pagelaran wayang nu dipirig ku gamelan, nu caritana nyokot tina sempalan Ramayana jeung Mahabarata. Nya ti dinya deuih carita wayang th asal-usulna, nyata carita dina pagelaran wayang nu mangrupa sempalan-sempalan tina pik Ramayana jeung Mahabarata.

    Di tatar Sunda, carita wayang th umumna dipagelarkeun dina pintonan wayang golk. Aya deuih nu dipagelarkeun dina wayang kulit jeung wayang wong (wayang jelema) siga di Jawa. Tapi umumna mah mangrupa sempalan-sempalan ta, lain carita Ramayana atawa Mahabarata anu gembleng.

  • 86Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Titnan baganna:

    pik Mahabarata

    Lian ti ta aya bda-bdana deuih. Geura titnan tabel ieu di handap, anu ngagambarkeun bda-bdana carita wayang di urang jeung carita aslina ti India.

    Carita ti India Carita Wayang di Urang

    Teu aya punakawan (Semar, Cpot, Dawala, Garng)

    Aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Garng) anu tuhu ngabdi ka Pandawa. Dina lalakon wayang, Semar th kacaritakeun sakti, leuwih sakti batan dununganana, malah leuwih sakti batan dwa. Semar og sok kacaturkeun bisa dawah.

  • 87Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Dorna kacaritakeun jadi guru Pandawa jeung Kurawa anu boga sipat wijaksana jeung dipihormat.

    Dorna jadi tokoh anu boga sipat julig, rh, jeung pikasebeleun, tur leuwih mihak ka Kurawa batan ka Pandawa.

    Gatotgaca lain tokoh penting, tapi ukur dicaritakeun rk maotna, nyata basa jadi wadal sanjata Konta nu dileupaskeun ku Karna nu rk ditujulkeun ka Arjuna.

    Jadi tokoh penting jeung ra dicarita-keun. Malah aya carita-carita wayang anu husus ngalalakonkeun Gatotgaca siga dina carita Jabang Tutuka, Pergiwa-Pergiwati, jeung Brajamusti.

    Srikandi lain aww Srikandi th aww geulis anu jadi pamajikan kadua Arjuna.

    Drupadi th poliandri, nyata jadi pamajikan pandawa lima (Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadwa).

    Drupadi ukur jadi pamajikan (pramswari) Yudistira.

    Ka dieunakeun, pik Ramayana jeung Mahabarata th ra ditulis deui jadi buku mak basa Sunda. Aya nu ditulis dina wangun wawacan, novel, atawa carita barudak. Contona, R.A.A Martanagara nganggit Wawacan Batara Rama. Ahmad Bakri nyieun carita barudak Perang Barata. Hidayat Susanto ngarang buku Kurawa Pandawa, Saymbara di Mantili, jeung sajaba ti ta.

    Cindekna, dina kabudayaan Sunda mah bisa diterangkeun kieu:

    Carita wayang ukur pragmn tina Mahabarata atawa Ramayana. Upamana lalakon wayang Tgal Kurustra, ukur nyaritakeun perangna antara Pandawa jeung Kurawa di Kurustra.

    Dimodifikasi tina carita aslina. Dipintonkeun minangka media hiburan dina pintonan wayang

    golk, wayang kulit, atawa wayang orang. Geus kaserepan unsur Islam. Ra ditulis deui keur bahan bacaan.

  • 88Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Tokoh Pandawa dina wayang golk. Ti knca ka katuhu: Nakula, Sadwa, Yudistira, Arjuna, Bima. Sumber: www. evanshop.webasyst.net

    C. Ngabdakeun Carita Wayang jeung DongngBoh dina carita wayang boh dina dongng, sakapeung sok manggih

    hal-hal anu pamohalan atawa teu asup akal. Upamana loba tokoh carita wayang anu kacida saktina. Gatotgaca upamana bisa ngapung. Rama upamana boga kasaktian nyageurkeun jalma anu tatu. Loba tokoh wayang anu bisa nglhkeun dwa, jeung sajabana. Lian ti ta boh dina carita wayang boh dina dongng sok kapanggih babagian carita anu alus pikeun pieunteungeun nu maca atawa nu ngadngkeunana.

    Tapi aya og hal-hal anu ngabdakeun antara carita wayang jeung carita dongng. Geura bandingkaeun carita wayang "Kumbakarna" di luhur jeung dongng-dongng dina pangajaran 5, tuluy pigaw pancn ieu di handap!

    Sangkan hidep leuwih paham kana bbdaan antara dongng jeung carita wayang, pek eusian titik-titik dina tabl ieu di handap. Diskusikeun jeung babaturan di kelompok

    Pancn 2

  • 89Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Dongng Carita Wayang

    Awalna sumebarna th lisan, tatalpa. Euweuh atawa teu kapaluruh anu ngarangna. Mun aya buku dongng, ta th tangtu hasil nyalin jalma nu ngumpulkeunana.

    ..

    Caritana biasana pondok, siga carpon. Bisa tamat sakali dibaca. .

    Palakuna bisa naon ba. Bisa manusa, sato, tutuwuhan, atawa barang. Sato, tutuwuhan, atawa barang dina dongng mah bisa nyarita jeung mikir kawas manusa.

    .

    Unggal bangsa di dunya boga tradisi dongng. Di Arab upamana aya dongng 1000 satu malam. Di ropa aya carita-carita Asop. Di Asia og ra pisan carita dongng.

    ..

    Pk prsentasikeun hasil analisis kelompok hidep, tuluy bandingkeun jeung analisis kelompok sjn!

    D. Ngaanalisis Carita Wayang Ieu di handap aya conto carita wayang sjnna. Pk

    baca!

    Antara Asih jeung Adil

    Hiji mangsa sabada ngudag-ngudag uncal di leuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadwa, bawaning ku halabhab, ngarinum di situ. Geus ngarinum patinggolpak maraot. Singhorng cai talaga th ngandung racun. Yudistira pohara susaheunana. Manhna tuluy sasambat ka dwa, hayang maot babarengan.

  • 90Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Ceuk dwa, lamun bisa ngajawab tilu pertanyaan, Yudistira baris kaidinan mnta dihirupkeun deui salah sahiji ti antara tilu urang dulurna nu tiluan. Pertanyaan ta, tiluanana g kajawab ku Yudistira. Manhna kaiidinan mnta dihirupkeun deui saurang ti antara tilu dulurna nu maraot.

    Yudistira pohara bingungeunana. Lila manhna nimbang-nimbang, saha kira-kirana di antara tilu dulurna nu maraot nu kudu dihirupkeun deui. Da puguh kabhanana og adi-adina anu dipikaasih. Kahayang mah kabh dihirupkeun. Tapi Dewa ngan mr kasempetan hiji ba ti antara Arjuna, Nakula, jeung Sadwa.

    Sanggeus lila nimbang-nimbang, Yudistira ahirna mnta Nakula nu dihirupkeun deui th. Dwa pohara hraneunana. Naha bet henteu Arjuna anu ku Yudistira pangdipikaasihna jeung anu disiapkeun pikeun neruskeun kaprabon. Arjuna th apan pangran dipati.

    Walon Yudistira, Lamun Arjuna anu hirup deui, atuh para putra Ibu Kunti harirup kabh. Ari putra Ibu Madrim parah kabh. ta henteu adil. Lamun Ibu Madri terangeun kana ta kateuadilan tada teuing kanyenyerianana. Tapi lamun Nakula anu hirup deui, jadi Ibu Kunti jeung Ibu Madri pada kapapatnan ku anakna hiji swang. ta adil. Ka Arjuna lain henteu nyaah, tapi kanyaah th henteu kaci ngalindih kaadilan.

    Dwa pohara panujueunana kana timbangan Yudistira anu sakitu adilna. Pikeun ganjaranana, dulurna anu tiluan dihirupkeun deui.

    (Dicutat tina buku Kandaga Buku Bacaan jilid IV, susunan M.A. Salmoen, Ganaco NV, 1957 kaca 101)

    Analisis ku hidep:a. Sempalan tina pik naon carita wayang di luhur th?b. Kumaha anu dimaksud adil ku Yudistira th?c. Dina ta carita disebut-sebut aya dwa. Pangaruh tina naon ta th?d. Ceuk hidep, ta carita th kaharti ku akal henteu?e. Piwuruk naon anu bisa kapetik ku urang tina ta carita?

    Pancn 3

  • 91Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Dina pangajaran sammhna, hidep ngulik soal dongng. Diterangkeun di dinya papasingan dongng jeung ciri-ciri carita dongng. Sabada hidep ayeuna ngulik carita wayang, pk talungtik naon ba sasaruaanana jeung bdana antara carita dongng jeung carita wayang th. Hasilna bisa dituliskeun dina tabl siga ieu di handap.

    Sasaruaanana

    Dongng jeung carita wayang th sarua disusun mangrupa carita.

    Bbdaanana

    Dina dongng mah ... sedengkeun carita wayang mah ...........

    Pk tangan CD atawa kast wayang golk, tuluy bandungan caritana atawa lalajoanana. Hasilna laporkeun dina sy pondok anu strukturna siga kieu:

    Tuliskeun judul caritana

    Paragraf ka-1 Terangkeun, dipagelarkeun ku lingkung seni atawa grup naon ta carita wayang th, saha dalangna, ti mana asalna, sarta dipagelarkeun dina raraga naon ta carita wayang th?

    Paragraf ka-2 Kumaha galur caritana? Tuliskeun sacara singget. Naha dina galur caritana aya hal-hal anu pamohalan?

    Pancn 4

    Pancn 5

  • 92Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Paragraf ka-3

    Terangkeun, ta carita th sempalan tina pik naon? Naha di dinya kacaturkeun aya punakawan atawa henteu? Lamun aya punakawan, kumaha peranna dina ta carita? Naha dina ta carita og aya unsur-unsur Islam? Kumaha ta unsur Islam diselapkeunana?

    Paragraf ka-4 Tuliskeun kritik atawa kesan hidep kana ta carita wayang. Upamana, naha hidep resep atawa henteu ngabandunganana, sarta jelaskeun alesanana.

  • PAN

    GAJ

    ARANCarita PonDok

    93Sumber: dokumen pribadi

  • 94Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Carita pondok sok disingget carpon. Asalna ta istilah th tina basa Inggris, short story. Dina basa Indonsia disebut cerita pndk. Nepi ka ayeuna carpon th populr knh. Loba knh pangarang anu ngarang wangun carpon, ra mdia massa anu masih knh ngamuat carpon, jeung ra knh masarakat anu maca jeung mikaresep carpon.

    Minangka karya sastra, carpon Sunda kabuktian geus ngbrhkeun rupaning aspk sosial masarakat Sunda. Boh kahirupanana, masalahna, boh angen-angenna. Aya sawatara carpon malah kaasup pinunjul tur dileler hadiah sastra. Had lamun urang ra macaan carpon Sunda, sangkan apal jero-jerona batin urang Sunda. Apan cenah karya sastra th gambaran hirupna hiji bangsa. Tinangtu, mun ra macaan carpon Sunda og urang bisa loba nyaho ngeunaan kahirupan urang Sunda jeung masalah-masalah sosialna.

    Dina ieu pangajaran hidep bakal diajar mikawanoh wangun carita pondok, ngaanalisis jeung mikapaham unsur-unsur caritana, sarta muga-muga ahirna bisa ngarang carpon nu basajan.

    A. Maca CarponIeu di handap aya carpon karangann Budi Rahayu Tamsyah, bacaeun

    hidep. Pk baca masing daria!

    Kuburan(Trisna Mansur)

    Kajurung ku tos tilu dinten teu kararaban sangu, Aki Uki ngulampreng ka bumi Dn Haji Darmawan, teu tebih ti rorompokna. Pribumi kasampak nuju aya di tengah bumi, ngabaheuhay mayunan mja alit.

    Kaleresan, Ki! Nyi Haji, cing sapiring deui ka dieu! saurna. Teu lami golosor sangu ketan sapiring sareng kari hayam ngebul knh. Lajeng w dihnggoy, teu mindoan dimanggakeun.

    Saban Aki ka dieu, kaleresan aya wh tuangeun. Iraha kaleresan teu ayana, Dn? saur Aki Uki bari ngalmtan rmh. Nu dialem akon-akon teu ngadangu. Kalah tumaros.

    Aya naon, Ki? Tambihan deui?

  • 95Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Tos cekap, Dn, saur Aki Uki. Biasa w, Dn, Aki th peryogi ku padamelan. Da kedah neda geuning Aki th yeuh!

    Ki, kanggo neda nyaliraeun mah, ka dieu w. Teu kedah barangdamel sagala.

    Sans nampik kana pangangken, Radn. Aki mah hoyong knging ngsang w.

    Teu langkung Aki, upami kitu mah. Padamelan naon, nya? Euh, itu w, Ki, kuburan ta kali deui. Teu aya nu sans deui mah!

    Kutan? saur Aki Uki hran.Kieu, Ki, riwayatna th. Kapungkur waktos Aki ngali nu ngawitan,

    ta th saparantos abdi knging katerangan ti hiji ustad yn urang th salamina kedah mut kana maot. Di antawisna nyadiakeun kuburan. Lajeng abdi miwarang Aki ngali ta lombang.

    Muhun, Dn. Nanging ku Adn ta lombang th kedah disaeur deui.

    Leres, Ki. Dumasar katerangan ustad sans deui. Saurna, kirang sa sasadiaan kuburan anggoeun nyalira. Jalaran, can tangtos tempatna pimaoteun th. Boa di tempat nu tebih tina kuburan nu disayagikeun. Apan mubadir. Ayeuna, ta lombang th kedah dikali deui, ta g nurutkeun katerangan. Saur ustad nu katilu mah, teu sawios-wios urang sasadiaan lombang kanggo kuburan urang nyalira, sok sanaos engkna teu kaanggo ku urang g. tang-tang midamel amal solh w kanggo nu sans.

    Bad ngartos, bad henteu, Aki Uki pinasti mios ka pamakaman kulawarga Dn Haji, ngabantun pacul, linggis sareng singkup. Dibekelan cai sabotol sareng tedaeun, knging Nyi Onih, rncang pribumi.

    Di dinya th tos seueur kuburan. Sadayana ditmbok, dilapisan keramik. Dina nisan handapeun samoja nu kembangna ngabarak, kaaos Nyi Rd. Mayangsari, Rd. H. Mugni, Rd. Aom Tirtaningrat, S.H., M.B.A., Rd. Ir. Suryaningbuana, M.Sc., Nyi Mas Solhah.

    Dupi lombang nu diancokeun kanggo kuburan Rd. H. Darmawan, sisi palih wtan gdngeun makam ibuna. Numutkeun pangemut Aki Uki, di dieu, jaganing gto, baris aya nisan nu dinamian Rd. H. Darmawan. Terah mnak nu kayungyun ku brhanana. Adatna resep nulung ka nu butuh, nalang nu susah. Nanging duka iraha pupusna. Katingalna salirana jagjag waringkas knh. Kiat knh badminton mayunan nu anom, bari arang kawon.

  • 96Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Aki Uki ras kana dirina nyalira, jalmi cacah kuricakan. Tangtos kuburanana boro-boro nganggo nisan tina marmer kanggo nyerat nammina, moal ditmbok-tmbok acan. Namina paling g diserat dina tutunggul tina papan albasiah nu gancang sp dihakan rinyuh. Ctna tina tr ssa.

    Barang bad prak ngulangkeun pacul, Aki Uki th rada muringkak bulu punduk, margi kakuping sora incuing. Duka di palebah mana eunteupna. Tambih muriding, ditol tiisna angin. Asa ditol ramo mayit. Duka pdah salirana nuju rada panas tiris tilas sababaraha dinten ukur neda kulub hui sareng sampeu. Atanapi pdah ku perbawa kaayaan di pamakaman nu teu aya rncang, keueung.

    Waktos ngali nu ngawitan mah dugi ka aya samingguna. Taneuh teuas knh. Ayeuna mah rada bar. Pacul tiasa mebes dipancongkeun th.

    Mung tanaga teu aya pisan. Nemb sakecruk dua kecruk tos cap. Namung Aki Uki gaduh tkad gilig pisan. Kedah brs bada lohor. Bad mintonkeun ka Dn Haji, yn dirina, Si Tarjuki, nu keur ngorana bisa maratkeun macul sakotak dina sabedug th, ayeuna bedas knh. Atuh cap th teu diraos. Bes linggis, kecruk pacul. Sodok singkup. Silih genti. Cikaringetna luut-lt maseuhan sakujur salirana lir nu dibanjur ba. Untung ngabantun bekel. Unggal lirn, unggal belewek opieun, sareng regot cai. Nanging tanaga asa teu nambihan.

    Taneuh nu dikeduk beuki luhur, lombang beuki jero. Tanaga kedah tambih ageung supados taneuh nu dikaluhurkeun teu urug deui ka handap. Ku dikeureuyeuh mah, panyaeuran dina lombang th kakeduk sadayana. Orokaya tanaga teu nysa pisan. Aki Uki ngaraos lungs, dugi ka teu tiasa hanjat g. Nya reureuh bari ngumpulkeun deui tanaga. Ngalungsar dina lombang. Nyarand kana taneuh beulah kalr. Nimat padamelan tiasa rngs. Di luhur angin ngahiliwir, ngoyagkeun dangdaunan. Incuing angger disada. Asa dippnd, reup wh Aki Uki kulem kapulesan.

    Bada lohor Nyi Onih nganteuran ka kuburan. Luak-lieuk teu katingal Aki Uki. Barang nempo kana lombang, puguh w reuwas kacida. Katingal Aki Uki ngajoprak nyangirah ngalr. Disidik-sidik ttla teu ngarnghap.

  • 97Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Dn Haji Darmawan teu seueur nimbang itu ieu. Layon Aki Uki dipulasara sapertos kulawargana nyalira. Malih dikurebkeunana g dina lombang nu dicawiskeun kanggo kuburan salirana. Malih tos diniatan, sabada natusna, kuburan Aki Uki th bad ditmbok dilapisan keramik. Nisanna tina marmer dipahat nami Radn Tarjuki, M.Si. bin Radn Anu. Lahir ping sakitu. Wafat ping sakitu.

    Carpon di luhur th kawilang unik. Boh masalahna boh cara nyaritakeunana. Pikeun nyangkem carpon di luhur, jawab heula pertanyaan ieu di handap!

    1. Soal naon anu jadi jejer caita di luhur th? Rumuskeun dina sakalimah!

    2. Pasipatan tokoh Radn Darmawan dina carpon di luhur th rada mahiwal. Pk terangkeun, jalma kumaha Radn Darmawan th?

    3. Mimitina Aki Uki th disina ngali kuburan. Tapi ta kuburan tuluy disaeur deui. Sanggeus kitu, bet kudu dikali deui. Naon sababna bisa kitu?

    4. Ku naon Aki Uki nganjang ka Radn Darmawan? Ku naon deuih Radn Darmawan ahirna nitah Aki Uki ngali deui kuburan? Ku naon Aki Uki getol pisan ngali kuburan, sarta ku naon manhna asa bak tanaga? Kumaha ahirna lalakon Aki Uki th?

    5. Aya henteu hubungan prinsip Radn Darmawan dina soal nyadiakeun lombang kuburan jeung dikurebkeunana Aki Uki di ta lombang?

    6. Carita pondok di luhur th galurna nuturkeun ka mana Aki Uki indit. Sebutkeun sawatara tempat anu disebut-sebut dina carita di luhur!

    7. Ku saha lalakon di luhur th dicaritakeunana?8. Kumaha pamadegan hidep kana sikep Radn Darmawan anu

    nyadiakeun lombang kuburan ancoeun anjeunna dipak keur ngurebkeun layon Aki Uki? Cindekkeun, amanat naon anu hayang ditepikeun ngaliwatan carita di luhur th?

    Pancn 1

  • 98Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    B. Unsur-unsur Carita PondokCarpon th singgetan tina carita pondok. Pangna disebut carita

    pondok lantaran ukuran caritana kaitung pondok. Bda upamana jeung carita novel anu umumna paranjang. Ukuran pondok di dinya th kira-kira ngawengku 5.000 nepi ka 10.000 kecap, atawa bisa ditamatkeun dina waktu memenitan. Carpon Uing mah Neunggeul Si Jago og apan mun ku urang dibaca bisa ditamatkeun dina waktu kurang ti sapuluh menit. Komo lamun dibacana bari gancang.

    Lantaran pondok, dina carpon mah kajadian th biasana tunggal. Biasana kajadian dina hiji waktu jeung di hiji tempat. Malah sakapeung mah ahir caritana og ngahaja digantungkeun, henteu ditamatkeun siga novel. Pon kitu deui para palaku jeung alurna. Palakuna biasana mah henteu ra, sarta konflikna basajan, henteu ngarancabang siga carita nu panjang.

    Carpon th kaasup golongan carita atawa prosa. Dina prosa, unsur-unsurna th aya tma, palaku, latar (setting), puseur sawangan (point ov view), galur, jeung amanat. Ilikan deui pancn 1 di luhur, ta th saenyana mah pertanyaan-pertanyaan pikeun manggihan unur-unusr carita. Ieu dadaranana.

    a. Soal naon anu jadi jejer caita di luhur th?

    Pertanyaan tadi th tujuanana pikeun manggihan tma carita. Tma th poko atawa galeuh carita nu ngajiwaan carita ti awal nepi ka ahir. Nu sok kapanggih dina carpon Sunda mah di antarana tma-tma sabudeureun masalah kulawarga, masalah sosial, kaagamaan, atawa masalah pendidikan. Dina carita Kuburan tmana th masalah sosial. Nyaritakeun dua jalma anu hirup jeung nasibna ganjor pisan, nu hiji terah mnak (Radn Darmawan) nu hiji deui jalma leutik tur masakat (Aki Tarjuki). Tapi, hubungan antara duanana th henteu aya jarak, stuning layeut picontoeun. Utamana dina soal silih tulungan. Bda jeung strotif hubungan menak jeung cacah dina carita baheula anu sakapeung anggang pisan.

  • 99Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    b. Pasipatan tokoh Radn Darmawan dina carpon di luhur th rada mahiwal. Pk terangkeun, jalma kumaha Radn Darmawan th? Ari Aki Uki jalma nu kumaha?

    Ieu pertanyaan bisa dipak keur ngajawab saha ba anu jadi palaku carita jeung kumaha pasipatananana. Palaku nyata jalma atawa tokoh-tokoh nu ngalalakon dina carita. Aya palaku utama jeung aya palaku tambahan. Masing-masing palaku boga sipat atawa karakter sorangan. kabh carita di luhur museur kana kahirupan tokoh Aki Uki, ku hal ta Aki Uki th tokoh utama ta carita. Nu sjnna mah ukur ngmbohan atawa ukur jadi panambah. Tokoh Aki Uki jeung tokoh sjn, bda-bda sipatna. Titnan geura.

    Golongan Tokoh Carita Tokohna Pasipatananaa

    Tokoh Utama Aki Uki

    Getol digaw. Embung hirup ladang pamr ti batur, tapi hirupna sangsara.

    Tokoh Panambah

    Radn Darmawan ..Nyi Onih ...Nyi Haji (pamajikan Radn Darmawan)

    .

    ..

    c. Ku naon Aki Uki nganjang ka Radn Darmawan? Ku naon deuih Radn Darmawan ahirna nitah Aki Uki ngali deui kuburan? Ku naon Aki Uki getol pisan ngali kuburan, sarta ku naon manhna asa bak tanaga? Kumaha ahirna lalakon Aki Uki th?

    ta pertanyaan th keur ngajawab galur carita. Nu disebut Galur th jalanna carita. Aya nu ngaruntuy ti awal nepi ahir (alur maju); aya nu ti tengah-tengah heula, kark ka awal tuluy ka ahir (mobok tengah); aya og nu nyaritakeun ahirna heula, tuluy ka tengah, kark ka awal (alur mundur). Ngan ba galur henteu ujug-ujug aya. Biasana galur th digerakkeun ku konflik atawa masalah. Contona, pangna Aki Uki ngadatangan Radn Darmawan th apan bakat ku lapar. Titenan gerua:

  • 100Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    1. Aki Uki kalaparan lantaran teu manggih dahar, nya tuluy minangsaraya ka Radn darmawan, mnta pagawan.

    2. Aki Uki dititah ngali lombang kuburan nu geus disaeur lantaran taya pagawan deui anu merenah keur manhna.

    3. Aki Uki ngali lombang kuburan bari segut, sanajan tanagana mimiti suda.

    4. Lantaran tanagana suda, Aki Uki ngajoprak di kuburan, sarta antukna kapanggih ku Nyi Onih geus maot.

    5. Lantaran maot di jero ta lombang, ku Radn Darmawan Aki Uki dikurebkeun di dinya.

    Masalah-masalah di luhur th antukna mah ngagerakeun carita jeung ngagerakkeun lalampahan atawa pasipatan tokoh-tokohna.

    c. Carita pondok di luhur th galurna nuturkeun ka mana Aki Uki indit. Sebutkeun sawatara tempat anu disebut-sebut dina carita di luhur!

    Pertanyaan tadi bisa ngajawab latar atawa setting carita. Dina carita, sakapeung latar th jadi penting. Sababna latar sok mangaruhan jalan carita. Latar pilemburan jeung latar kota, bakal mangaruhan kahirupan tokoh-tokohna. Kitu deui latar waktuna, latar beurang jeung latar peuting ged og pangaruhna. Latar baaheula jeung latar ayeuna, tangtu bda. Dina carpon Kuburan disebutkeun yn carita th latarna sabudeureun imah Radn Darmawan jeung di sabudeureun kuburan atawa astana.

    d. Ku saha lalakon di luhur th dicaritakeunana?

    Pertanyaan tadi bisa dipak keur maluruh puseur sawangan atawa point of view. Puseur sawangan th thnik atawa cara pangarang nyawang sakabh carita nu dikarangna. Naha disawangna th ku pangarangna sorangan, atawa nyawangna th ngaliwatan hiji tokoh dina carita. Aya og karangan anu dicaritakeun anu dicaritakeun ku hiji tokoh karangan, tapi kalungguhan ta tokoh th lain jalma penting dina carita, da sakadar nyaritakeun. Kabh carita di luhur th dicaritakeun ku pangarang ta carita. Rupa-rupa kajadian dicaritakeun ku pangarang anu sagala nyaho.

  • 101Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    f. Kumaha pamadegan hidep kana sikep Radn Darmawan anu nyadiakeun lombang kuburan ancoeun anjeunna dipak keur ngurebkeun layon Aki Uki? Cindekkeun, amanat naon anu hayang ditepikeun ngaliwatan carita di luhur th?

    Amanat th pesen atawa piwejang/piwuruk anu hayang ditepikeun ngaliwatan carita ka nu maca. Dina carita Kuburan, urang manggihan sipat had Radn Darmawan anu luyu jeung ngaranna, jalma dermawan. bageurna th lain ba brhan dina soal kadaharan, tapi deui iklas nyadiakeun lombang kuburan keur anjeunna ka Aki Uki. Malah Aki Uki teu dibda-bda jeung kulawarga anjeunna anu sjn, disadarajatkeun posisina jeung terah mnak kulawadetna. Kitu apan kuduna, nu beunghar th dak tutulung ka nu butuh nalang ka nu susah.

    C. Kamekaran CarponAyana wangun carita pondok (carpon) dina sastra Sunda th

    pangaruh ti ropa. Pangpangna pangaruh ti Walanda, nu kungsi ngajajah urang. Harita mah istilahna bisa disebut henteu pati ttla, da masih disaruakeun jeung dongng. Munculna kira-kira katomprnakeun abad ka-19. Di ropa jeung di Amrika, disebutna short story.

    Dina buku Soendanesche Bloemlezing, susunan G.J. Grashuis nu terbit taun 1881 kamuat dua carita karangan R.H. Moehamad Moesa, anu mun ditilik eusi caritana mah geus nyumponan pikeun disebut carpon nu geus bda jeung wangun dongng. ta dua carita th judulna Hibat jeung Santri Gagal. Hibat nyaritakeun anak nu keukeuh mnta warisan ti bapana, ari Santri Gagal nyaritakeun kahirupan dua sadulur nu bda nasib lantaran kalakuanana swang-swangan.

    Awal abad ka-20 beuki ra nu nulis carita pondok, utamana sabada medal majalah Papaos Nonoman jeung Parahiyangan. Dina ta majalah sering kapanggih karangan nu mangrupa carpon. Dina majalah Parahiyangan mah rrana dimuat dina disi lebaran. Taun 1930, terbit buku kumpulan carita pondok anu munggaran ku alpukahna Bal Pustaka. Judulna Dogdog Pangrwong, ngamuat dalapan carita, karangan jalma anu mak inisial G.S.

  • 102Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Sabada nagara urang merdka, beuki ra ba nu ngarang carita pondok th. Henteu ngalaman aya pagedrug paham deuih. Teu siga wangun sajak nu kungsi teu diaku jadi banda budaya urang Sunda. Malah dina taun 1960-an mah kamekaran wangun carpon th kacida suburna sabada medal rupa-rupa majalah Sunda, di antarana Warga, Sunda, Mangl, Sari, Langensari, jeung sajaba ti ta. Buku kumpulan carpon og ra diterbitkeun. Di antarana ba Carita Biasa karangan RAF (1959), Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga (1960), Hujan Munggaran karangan Ayat Rohadi (1960), Nangan karangan Caraka (1962), Di Luhureun Jukut Reumis karangan Yus Rusyana (1965), jeung sajaba ti ta.

    Nepi ka kiwari carpon Sunda terus mekar sarta ditulis ku pangarang nu leuwih ngarora. Kitu deui majalah jeung koran Sunda tuluy ngamuat karangan carpon. Buku kumpulan carpon og masih diterbitkeun saban taun. Rupa-rupa hadiah sastra og dipasrahkeun ka pangarang-pangarang carpon pinunjul. Di antarana ba hadiah sastra Rancag nu dipasrahkeun saban taun keur buku sastra Sunda pinunjul.

    Ieu di handap sawatara pangarang Sunda nu kungsi dillr hadiah sastra Rancag keur buku kumpulan carponna.

    Pangarang Judul Buku Kumpulan CarponTaun dillr

    hadiahYus Rusyana Jajatn Ninggang Papastn 1989Iskandarwassid Halimun Peuting 1990Godi Suwarna Serat Sarwasastra 1996Caraka Aww Dulang Tinand 1998Darpan Nu Harayang Dihargaan 1990Mh. Rustandi Kartakusumah

    Amanat Dina Napas Panungtungan 2005

    Yous Hamdan Geus Surup Bulan Purnama 2006Rukmana Hs. Oleh-oleh Pertempuran 2007

    Usp Romli H.M. Sanggeus Umur Tunggang Gunung 2010

    Us Tiarsa Halis Pasir 2011

  • 103Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    D. Ngabdakeun Carpon jeung Dongng

    Carpon jeung dongng th caritana mah papada pondok. Henteu panjang siga novel apan. Naon bdana atuh jeung carita dongng anu sarua parondok?

    Aya hal-hal anu ngabdakeun antara carpon jeung carita dongng. Titnan tabl ieu di handap, sarta lengkepan ku hidep.

    Dongng Carpon

    Awalna sumebarna th lisan, ti omong ka omong. Euweuh atawa teu kapaluruh anu ngarangna. Mun aya buku dongng, ta th tangtu hasil nyalin jalma nu ngumpulkeunana.

    ..

    Caritana pamohalan, loba bohongna, atawa teu kaharti ku akal. Matak teu anh sasatoan bisa ngomong, atawa tokohna bisa siluman atawa jin.

    .

    Palakuna bisa naon ba. Bisa manusa, sato, tutuwuhan, atawa barang. Sato, tutuwuhan, atawa barang dina dongng mah bisa nyarita jeung mikir kawas manusa.

    .

    E. Fiksimini SundaLian ti carpon anu ngagambarkeun carita nu ralistik, aya deui carita

    anu leuwih pondok. Ngaranna fiksimini. ta istilah th tina basa Inggris: mini fiction. Lantaran karanganana anu pondok pisan (aya nu diwangun kurang ti 300 kecap, malah aya nu kurang ti 50 kecap) sok disebut og micro fiction, flash fiction, jeung five minute fiction. Biasana tungtungna th ngandung rnjagan atawa dipungkas ku hal anu teu disangka-sangka. Ku hal ta fiksimini sok disebut og sudden fiction (fiksi ujug-ujug).

    Ieu wangun karangan th mimiti populr sabada Nunu Nazarudin Azhar nyieun grup fiksimini Sunda dina ramatloka facebook, taun 2011. Ra anu nulis fiksimini Sunda di dinya malah aya anu geus dibukukeun.

    Pancn 2

  • 104Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Nepi ka taun 2013, teu kurang ti 10 judul buku fiksimini Sunda anu geus diterbitkeun. Singhorng, galagat resep nulis jeung maca fiksimini th lain di urang ba. Katomprnakeun, fiksimini populr di mana-mana, kaasup di mancanagara. Sigana ba, wangun fiksimini cocog keur kahirupan manusa kiwari anu sarwa sibuk jeung sarwa hayang ringkes.

    Ieu di handap sawatara conto fiksimini Sunda nu kungsi ditulis dina grup fiksimini Sunda di ramatloka facebook. Tiluanana dicutat tina www.fikminsunda.com. Titnan geura!

    Lebaran Ahng(Hadi AKS)

    Reg ngarandeg. Maleman lebaran. Mobil nu nyalemprung muru lembur pangbalikan. Para panumpang nu arimut rk dipapag kulawarga. Ngaheunggeu palebah dinya. Tadina tingraringeuh, sugan ukur mact biasa. Basa turun saurang, duaan. Gustihorng gerbong karta malang. Tiguling. Ngarahuh sarra. Wanci janari. Lebaran kari opat jam deui. Brul tina beus tarurun. Tina kendaraan pribadi, nungtutan kaluar. Nu luh-lah, tinggorowok jeung tingcakakak. Tah, nu kieu ngaranna mudik, daaak! cek saurang. Breng tuluy ngawangkong jeung nu lian. Naon teu bisa disingkahkeun gerbongna, Kang? ceuk si Euceu bari nginghak. Bagooor Euceu mah, mending lebaran di dieu uingah tibatan ngagogotong gerbong! Ger sareuri. Aya nu ngampar samak. Brak murak bebekelan. Sada nu takbir ti kajauhan karasa ngagerihan. Bray beurang. Bring sarolat Id di tegalan. Rngs solat, tuluy aleut-aleutan sasalaman, Hapunten samudaya kalepatan! Mapay jalan. Nepungan panumpang nu nguyung. Nu careurik. Jaga kieu di ahrat. Urang tepung jeung papada, nu teu kungsi wawuh! ceuk si nini bari rambisak.

  • 105Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    1. Pk paluruh dina kamus atawa dina internt, naon saenyana anu disebut fiksi th? Tuluy jntrkeun ku hidep, kunaon tilu karangan di luhur disebut fiksi?

    2. Fiksimini th sasat wangun carpon anu leuwih pondok (short-short story). Hartina, ari unsur-unsurna mah masih knh siga carita pondok. Pk paluruh, naha unsur-unsur carita pondok (tma, palaku, galur, jst.) masih nyampak dina fiksi mini?

    3. Diterangkeun di luhur yn fiksimini th sok disebut og sudden fiction lantaran sok ngandung rnjagan atawa dina bagin ahirna sok dipungkas ku hal nu teu disangka-sangka. Naha enya dina fiksimini Sunda di luhur og ngandung rnjagan?

    4. Pk itung, diwangun ku sabaraha kecap fiksimini di luhur th?

    F. Nganalsisi Carpon

    Ieu di handap aya carpon sjn bacaeun hidep. Pk analisis unsur-unsur caritana kawas ngaanalisis dina carpon Lebaran Ahng. Pikeun nangan unsur-unsur caritana urang bisa nyieun pertanyaan heula kawas dina analisis carpon Uing mah Neunggeul Si jago karya Budi Rahayu Tamsyah. Ieu carponna.

    Ada Main(Darpan)

    Jeung saenyana lurah hasil nyundutan urang lembur. Po ta Mang Ursin ninggalkeun heula paculeun. Ki Sarja mrnan heula anyameun. Kang Sabri nutup heula warung. Mang Sarip ngahaja teu ngurilingkeun

    Pancn 3

    Pancn 4

  • 106Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    dagangan. Mh kabh lalaki urang lembur ngabring rk ngadongdon kantor kacamatan. Mapay-mapay totoang siga keur ngajajapkeun pangantn, jiga nu rk seserahan.

    Pucuk ti girangna mah: listrik!Dsa Karangsaga kaliwat teu kabagan listrik.

    Padahal lembur bh girang jeung hilireunana mah geus raang. Nu jadi ambek urang lembur, naha atuh ukur kabelna wungkul nu ngaliwat ka luhureun dsa th.

    Piraku urang teu ngarasa diteung-teuinganan? ceuk Lurah, Lain kuring kurang usaha, inget! Tapi camat anyar jiga sentimn ka dsa urang! pokna deui basa rapat LKMD. Mmh nepi ka dsa hilir g, kuduna mah kapan ka urang heula. Camat anyar jeung oknum PLN jiga ada main! Lurah awong-awongan. Jeung enyana, urang Karangsaga kakot ambekna.

    Bari abring-abringan maranhna padungdengan.Kumaha engk pokpokanana ka Camat? ceuk

    salahsaurang.Mnta kaadilan w kituh!Urang sebut, Camat teu gableg cedo!Ah, kasar teuing ari kitu mah.Har, naha urang ayeuna rk popoyongkodan

    kitu?Ari rk kitu mah ku saurang g mahi!Sarra unggut-unggutan nyaluyuan.Maksud th sing wajar w.Nu wajar-wajar mah kapan enggeus ku Lurah.

    Urang mah kapan rk ngalakonan nu teu wajarna.Sarra unggut-unggutan deui.Moal kumaha onam kitu lamun Camat ambek?Nya urang paged-ged ambek w atuh!Sarra leuwih rosa unggut-unggutanana.Jalan nu diliwatan, jalan dsa nu can diaspal. Sisi-

    sisina sawah makplak garapeun. Manjing usum porkat, tapi teu jadi bahan obrolan nu abring-abringan. Tukang endul ukur wasa ngajanteng di tengah jalan basa nu

  • 107Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    abring-abringan ngaliwatan dirina. Motor nu ngaliwat g maksakeun nyisi heula.

    K, saha nu apal ka Camat anyar? cuk salahsaurang deui.

    Mun geus tepung mah engk g meureun ngaku sorangan.

    Bisi w kasamaran.Saha atuh engk nu pangheulana rk nyarita?Mending ti nu ngora heula. Jang Ann w tah nu

    ngamimitian mah!Ah, ti kolot heula alusna mah, ceuk nu ditunjuk. Kumaha mun Mang Ursin?Is, ulah Emang atuh. Ti iraha Emang bisa nyarita

    jeung Camat. Nu bedas tanagana w heula, ti nu ngora, Mang Ursin kkphan. Sarra silih rrt.

    Kieu atuh. Kumaha mun babarengan. Langsung cocorowokan.

    Tah enya, mending kitu! ceuk sarra mh bareng.Urang lembur beuki gancang leumpangna.Barang srog ka hareupeun kantor kacamatan,

    kasampak simp. Sarra silih pelong bari nyusutan ksang, sanggeus leumpang jauh abring-abringan.

    Ann komandoan! salahsaurang ngaharwos.Ann luak-lieuk heula, Ngomandoan naon?

    pokna.Ngomandoan ngagorowok, belegug! Pokona sagala

    rupa nu kudu dikomandoan, komandoan ku manh.Naon nu rk digorowokkeunana? Ann masih

    kerung.Sarra silihpelong deui. Salahsaurang mr

    bongbolongan, Kieu w atuh: Camaaaat, kaluaaar! Kituh!

    Sarra nyatujuan.Hijji duUlah gancang teuing, Nn! Bisi teu bareng. Kumaha

    kh nu ngagorowok ti heula nu katempuhan?

  • 108Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Ah, loba teuing aturan. Geura sok-sok ka dinya, Nn!

    Ann malikan deui, Hiji duatiluu!Lir keur kampanyeu. Bari ngacung-ngacungkeun

    peureup tingjorowok nitah Camat kaluar. Tukang bca nu keur nambangan ngadadak ngeureunkeun heula bcana. Si Ayu nu keur ngaladangan jajamu ngahajakeun tunga-tengo heula. Barudak SD nu kark baralik ti sakola tinglaliud nyalampeurkeun, ngadarangong na tmbok bntng.

    Camaaaatt kaluaaaarrr!! Kaluaaarr Camaaaaat!Karyawan kacamatan jul-jol kalaluar. Tapi sanggeus

    ningali nu tingjorowok mah tingrarengkog deui. Jiga nu sadar, yn jelas-jelas nu daratang th lain nu rk nguruskeun KTP. Heuleut ti harita kark waranieun deui nyalampeurkeun nu tinggorowok bari pacekel-cekel leungeun.

    Pa Sekwilmat ngawakilan nyarita, Tenang, tenang!" cenah, K, aya naon para sadrk?

    Bapa th Camat? ceuk salah saurang.Lain kuring mah!Euh, lain Camat mah ulah pipilueun atuh. Kuring

    mah butuh ka Camat.Skwilmat kerung, pokna, Keur eweuh Pa Camat

    mah.Ah, wadul. Sok dak naon?Sekwilmat rurat-rrt heula ka stap sjn. Geus kitu

    pokna, Dak medu! Euweuh Pa Camat mah!Anakna atuh? ceuk Usn nu sapopona kuli

    macul.His, rk naon mamawa anak Camat? Nu

    gigireunana ngagebs.Enggeus kudu ka saha deui?Aya ku belegug ari manh.Skwilmat mariksa deui, Sakali deui rk naon para

    sadrk th?

  • 109Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Rk ka Camat! Mani teu cukup ku sakali.Sugan bisa diwakilan ku kuring?Is teu bisa! Ceuk Lurah g nu ada main mah

    Camat! Ada main? Skwilmat kerung.Camaaaaat kaluaaarr! salahsaurang ngago-

    rowok deui. Dituturkeun ku nu sjn, bari nyedek rk asup ka jero kantor. Skwilmat jeung stap nu sjn undur-unduran. Tapi nu nyedek beuki ngangsreg. Antukna stap kacamatan th barirat lalumpatan.

    Camaaat kaluaaar!Dor! Kadng sada nu ngabeledug. Nu cocorowokan

    ngadadak simp. Saha nu ulin pepetasan euy? salahsaurang nanya.

    Pepetasan atawa pstol?Pstol? sarra tingcuringhak.Ann teu kaburu ngomandoan, urang lembur

    kaburu buriak kabur katawuran! Tingberetek satujuanana swang-sewangan.

    Jangan lariii! aya nu ngagorowok. Ann ngalieuk, Pulisiiii.!" bari jicir leuwih

    kenceng.Dor!Mang Ursin bak tanaga, bru nyempod di juru

    imah batur bari rnghap ranjug. Ngan teu lila jol nu disaragam. Dada Mang Ursin asa ditotog halu. Tapi pulisi hareupeunana kalah ka melong

    Geuning Kang Ursin, ceuk pulisi.Sakedapan Mang Ursin ukur matasimeuteun.

    Sanggeus teges kark bisa nyarita, Leuh geuning manh Kamsir. Ti iraha jadi pulisi?

    Ssstt, Banpol kuring mah!" cenah bari luak-lieuk, Naha Akang pipilueun ka nu kieu?

    Hih, ra atuh teu milu mah.Ngarah teu kanyahoan ku pulisi enyaan, ayeuna

    mah lumpat w atuh sing jauh, sing tarik! ceuk Kamsir.

  • 110Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Is nanaon th. Kumaha mun kanyahoan di tengah jalan? Tiwas Akang

    Kamsir ngahuleng. Atuh kumaha lamun urang ucing-ucingan. Kuring pura-pura ngudag Akang. Mun geus euweuh sasaha, Akang gancang balik.

    Nya teu nanaon ari kitu mah.Becir Mang Ursin lumpat deui, deregdeg diudag ku

    Kamsir. Ngan teu lila aya pulisi sjn nu milu ngudag. Gorowok Kamsir megatan, Keunkeun ieu mah kuring nu nyerek. Udag w nu sjn! Pulisi nu milu ngudag nurut. Beretek mngkol ka nu sjn.

    Di kebon sampeu tugtung lembur, sanggeus jauh ti kantor kacamatan, Mang Ursin ngudupruk kacapan. Teu lila Kamsir nyusul. Duanana rnghap ranjug. Sanggeus sababaraha heuleutan, Kamsir nanya, Aya naon tadi th? Siga rk ngajakan perang.

    Puguh rk nangan Camat.Har, piraku teu tepung jeung Camat? Kapan tadi th

    katingalina mah ka Karangsaga-keun kana motor. Ceuk dunungan kuring mah rk ngajakan Lurah Karangsaga ka kantor PLN.

    Mang Ursin colohok, Rk naon Camat jeung Lurah ka kantor PLN?

    Kapan nguruskeun listrik dsa Karangsaga!Naha? Ku naon atuh lurah ambek-ambekan?Lurah? ceuk Kamsir ditungtungan ku nyikikik.Kamari g Lurah ambek-ambekan ka komandan

    kuring. Pdah Camat anyar jiga ada main jeung pamajikan ngorana.

    Mang Ursin teu bisaeun milu seuri cara Kamsir.Pok Kamsir nyarita deui, Jung geura balik, Kang.

    Bisi urang disangka ada main!

    (Dicutat tina buku Nu Hayang Dihargaan, diterbitkeun ku Kiblat taun 2011, kaca 142-146

  • 111Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini

    Sabada hidep macaan sawatara judul carpon jeung fiksimini, sarta ngaanalisis eusina, tangtu hidep jadi leuwih paham naon anu disebut carita pondok atawa fiksimini th. Ayeuna cing cobaan ngarang hiji carita pondok atawa fiksimini. Minangka karya nu rk dikarang, duanana g boga kaunggulan jeung kahngkran. Mun urang milih carpon kaunggulanana th laluasa ngagambarkeun atawa medar carita, sedengkeun dina fiksi mini mah heureut pisan lahanna. Sabalikna, ku fiksimini anu lahanna heureut urang bisa nyieun carita anu pepel atawa nyiptakeun rnjagan.

    Boh ngarang carpon boh ngarang fiksimini aturanana mah sarua ba. Ieu di antara padika keur ngarang carpon atawa fiksimini.

    1. Tma carpon atawa fiksimini urang bisa naon ba. Bisa tma kulawarga, sosial, rligi, cinta, kateuadilan, jeung sajabana.

    2. Ulah dimimitian siga dongng. Maksudna, ulah mak kalimah jaman baheula atawa kacaturkeun aya.. Urang bisa ngamimitian ngarang carpon ku ngalukiskeun suasana, medar sipat tokohna, atawa nerangkeun kajadian nu keur lumangsung. Contona, Dangdaunan th aralum, siga hatna harita nu keur sedih.., jeung saterusna. Atawa, Teu disangka-sangka ta kajadian th kudu kaalaman ku manhna, jeung saterusna.

    3. Dina carpon mah ulah sagala dicaritakeun. Poko-pokona ba, atawa nu pentingna ba. Masing inget, lahan carpon mah heureut. Kajadianana kudu tunggal sarta konflikna og kudu basajan. Papadaning kitu, masalahna mah bisa ged atawa rohaka.

    4. Hs ngamimitian ngarang? Euweuh ilham? Cenah

    Pancn 5

  • 112Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    bahan karangan keur carpon urang nu pangbabarina nyata pangalaman pribadi. Tapi lain hartina ukur catetan poan atawa siga nulis dina buku diary. Carpon mah sanajan bahanna tina nu katempo, kaalaman, atawa karasa ku urang angger kudu dirka deui minangka fiksi (hayalan).

    5. Sangkan carpon atawa fiksimini urang henteu monoton, selapan ku dialog antara tokoh-tokohna. Dialogna og cokot ba anu perluna.

    6. Ulah aya unsur-unsur pamohalan siga dina dongng. Carpon atawa fiksimini mah kudu ralistik.

    7. Judulan karangan urang masing alus tur ta judul th bisa ngahudang kapanasaran batur pikeun maca karangan urang.

    8. Aya piwuruk Barnji, pangarang sohor ti India, cenah seuneu th dilahirkeun ku seuneu, mustahil urang hayang ngahurungkeun obor ku cara ngabebeskeun ta obor kana lebu anu tiis. Hartina, mun hayang bisa ngarang carita anu hbat, urang kudu loba macaan karya-karya anu hbat. Ku kituna, mmh ngarang alusna mah macaan heula carpon-carpon atawa fiksimini anu hbat.

    Prak pigaw. Alusna engk karya ti unggal siswa th diihijikeun sarta dijilid, nepi ka urang boga antologi atanapi kumpulan karya carita pondok meunang babaturan sakelas.

  • PAN

    GAJ

    ARAN

    guguritan

    113Sumber: dokumen pribadi

  • 114Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    ling-eling mangka lingrumingkang di bumi alamdarma wawayangan baraga taya pangawasamun kasasar lampahnapsu nu matak kaduhungbadan anu katempuhan

    Hirup urang th wawayangan, raga urang taya pangawasa. Kitu ceuk puisi di luhur th. Mun dihartikeun mah, hirup urang th siga wayang nu diulinkeun ku dalang. Ari dalang urang nyata Gusti Nu Maha Kawasa. Hirup urang, pah urang, aya dina kakawasaan Anjeunna.

    Panjang knh ta puisi th, jeung kawentar pisan, dalah nepi ka ayeuna. Pangpangna sempalanana anu dicutat di luhur. ta th sastuna pada kahiji guguritan nu judulna Lahir Batin dina pupuh Asmarandana karangan R.A. Bratadiwidjaya, anu dikarang jaman sammh perang. Nepi ka ayeuna g, mun urang diajar pupuh Asmarandana, nya guguritan nu ta nu sok dipak contona th.

    Ayeuna urang diajar perkara guguritan. Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana tks-tks guguritan, padika-padikana, ngaanalisis puisi guguritan, sarta antukna muga-muga hidep bisa ngarang guguritan anu basajan.

    A. Maca Tks GuguritanBaca conto guguritan ieu di handap masing daria.

    Malah mun bisa nembangkeun pupuhna mah, alus mun ditembangkeun ba.

  • 115Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Asih IndungResmiati

    Nlngnngkung asih indungnu ngayuga beurang peutingbeurang dijaga kamelangpeuting dijaring kalingmuga manjang dina beurangmuga ling dina peuting

    Nlngnngkung muga nanjung indung nu ngaping ngajaring masing bisa ngawang-ngawang ngalingling di indung peuting ngalanglang di mga malang ngapung di langit awaking

    Anaking ketug jajantunggetih indung anu weningnapas ema anu hrangulah rk rungsing ku peutingsing tahan ku panas beurangdunya pinuh ku tarucing

    Hidep kudu bisa neguh eusina masing kapanggih hidep th geura tatahar keur bekel di alam lahir sing bisa muka siloka warisan ti nini aki

    Hirup lir tumpak parahu nu ngangkleung tengah jaladri nataran ombak sagara mun bisa ngajaga diri hidep mo katalangsara bisa waluya walagri

    (Dicutat tina buku Guguritan, dipilih jeung dipanganteuran ku Ajip Rosidi, penerbit Kiblat, taun 2011, kaca 115)

    Sumber: dokumen pribadi

  • 116Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    1. Cing banding-banding jumlah baris dina sapadana, sarua henteu? Kitu deui banding-banding jumlah engang dina unggal barisna, sar-ta sora tungtung di unggal pada naha ngawangun pola anu sarua? Alusna jelaskeun siga kieu:

    Sapadana diwangun ku ... jajar. Jajaran ka-1 diwangun ku ... engang, ditungtungan ku sora vokal ... Jajaran ka-2 diwangun ku ... engang, ditungtungan ku sora vokal ... Jajaran ka-3 diwangun ku ... engang, ditungtungan ku sora vokal ... Jajaran ka-4 diwangun ku ... engang, ditungtungan ku sora vokal ... Jajaran ka-5 diwangun ku ... engang, ditungtungan ku sora vokal ... Jajaran ka-6 diwangun ku ... engang, ditungtungan ku sora vokal ...2. Mun nilik pola padana, engangna, jeung sora tungtung baris-baris

    panungtungna, ta guguritan th dikarang mak pola pupuh naon?3. Dina ta guguritan, ra kekecapan anu mungkin ba keur hidep mah

    kurang paham hartina. Cing runtuykeun kecap-kecap anu hidep teu ngarti, susun jadi glosarium, sarta tuluy tangan hartina dina ka-mus. Contona:

    asih = cinta ngayuga = mr wujud kamelang = .... nanjung = .... ngaping = .... ngawang-ngawang = .... jeung saterusna4. Judul guguritan di luhur th Asih Indung. Pk pikiran, naon sae-

    nyana jejer atawa masalah anu dicaritakeun dina guguritan di luhur th?

    5. Nilik kana eusina mah, guguritan di luhur th hayang nepikeun pi-wuruk atawa nashat. Cing dadarkeun ku hidep, piwuruk saha ka saha, jeung naon ba eusi piwurukna th?

    6. Dunya th cenah pinuh tarucing (Ind. teka-teki). Urang kudu bisa neguh eusina. Ku sabab kitu urang kudu tatahar sangkan boga bekel. Cing jelaskeun, naon anu dimaksud tarucing di dinya teh? Ku naon urang kudu boga bekel keur hirup?

    Pancn 1

  • 117Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    7. Dina pada kalima (pada pamungkas) aya mtapora anu alus pisan, yn cenah urang hirup th siga keur tumpak parahu di tengah jaladri (ombak). Mun ura-ng bisa ngajaga diri, hirup urang moal nepi ka sang-sara. Cing tafsirkeun mak logika urang sorangan, naon maksud ta mtapora th!

    8. Guguritan th sasat kagolong kana wangun puisi. Pk jelaskeun, naon sababna!

    B. Mikawanoh Puisi GuguritanGuguritan th kagolong kana puisi, nyata wangun

    sastra nu kauger ku patokan-patokan. Conto puisi sjnna nyata sisindiran, jangjawokan, kakawihan, pupujian, jeung sajaba ti ta.

    Ceuk Ajip Rosidi guguritan th pangaruh ti Mataram, Jawa. Populrna jaman sammh perang. Harita mah loba pisan karangan atawa buku guguritan anu terbit. Ku populr-populrna, nulis surat og jaman harita mah loba nu disusun mak guguritan. Tapi sabada aya sajak anu sok disebut puisi modrn, kabiasaan ngarang guguitan th atawa sok disebut og ngadangding mimiti ngurangan.

    Parandn kitu, sok aya knh anu ayeuna ngadang-ding, boh keur muatkeuneun dina koran atawa majalah, boh keur bukukeuneun. Upamana aya buku Jamparing Hariring, kumpulan guguritan Ddy Windyagiri nu diterbitkeun taun 1991. Aya deui buku Guguritan Munggah Haji karangan Yus Rusyana nu terbit taun 1995. Dyah Padmini nulis buku Jaladri Tingtrim, nu terbit taun 2000.

    Guguritan th puisi nu dianggit mak patokan pupuh. Ari pupuh jumlahna aya 17, nu populr di antarana ba kinanti, asmarandana, sinom, dangdanggula, pangkur, mijil, jeung wirangrong. ta nu 17 th boga watek jeung patokan swang-swangan. Titnan tablna.

  • 118Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Pupuh Watek Guru lagu & guru wilangan

    KinantiNgadago,nganti-nganti, aya nu diarep-arep, prihatin

    8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i

    Asmarandana Silih asih, kasmaran 8i, 8a, 8/o, 8a, 7a, 8u, 8a

    Dangdanggula Agung, agem 10i, 10a, 8o/, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a

    Sinom Senang, gumbira 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12aPangkur Keuheul, lumampah 8a, 11i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i

    Mijil Simp, bingung, sedih 10i, 6o, 10, 10i, 6i, 6u

    Durma Napsu, perang 12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i

    Maskumambang Nyeri, nalangsa, peurih 12i, 6a, 8i, 8a

    pucung Piwuruk, banyol 12u, 6a, 8i/o,12a

    Balakbak Heureuy, pikaseurieun 15, 15, 15

    Magatru Prihatin, lulucon 12u, 8i, 8u, 8i, 8oWirangrong ra, wirang 8i, 8o, 8u, 8i, 8a, 8a

    Gambuh Bingung, samar polah 7u, 10u, 12i, 8u, 8o

    Ladrang Banyol, heureuy 10i, 4a, 8i, 12a

    LambangHeureuy (leuwih mijah batan balakbak jeung ladrang)

    8a, 8a, 8a, 8a

    Gurisa Tamba kesel, pangangguran 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a

    Jurudemung Kaduhung, hanjelu 8a, 8u, 6i, 8a, 8u

    Lian ti guguritan, karangan anu disusun mak patokan pupuh th aya deui, nyata wawacan. Bdana, guguritan mah siga sajak, pondok ba jeung biasana ditulis dina hiji atawa dua pupuh, ari wawacan mah panjang jeung ngalalakon siga novel. Pupuh nu digunakeunana dina wawacan mah ra deuih, luyu jeung suasana carita. Malah mah jumlah

  • 119Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    padana og aya nu ngaratus atawa nepi ka mangrbu-rbu siga wawacan Purnama Alam karangan R. Suriadiredja.

    Tadi ta, guguritan mah siga sajak, pondok jeung umumna dianggit ku hiji pupuh ba. Eusina biasana ngbrhkeun pikiran, harepan, rasa, atawa angen-angen. Guguritan Asih Indung anu dicontokeun di luhur, upamana, ngbrhkeun harepan indung ka anakna. Ari patokan dangdingna kieu:

    Guguritanana Jml engang(Guru wilangan)Sora tungtung

    (Guru lagu)

    Nlngnngkung asih indung 8 u

    nu ngayuga beurang peuting 8 i

    beurang dijaga kamelang 8 a

    peuting dijaring kaling 8 imuga manjang dina beurang 8 amuga ling dina peuting 8 i

    Nilik kana pola engang jeung sora tungtungna, tur lamun diluyuken jeung katerangan tabl di luhur, ta guguritan th luyu jeung pola pupuh kinanti, anu polana patokanana 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, jeung 8-i. Naon sababna dikarang mak pola pupuh kinanti? Bisa jadi eusi guguritanana ngbrhkeun harepan indung nu dianti-anti ti putrana. Ku sabab nganti-nganti, nya dianggap cocog lamun dikarang mak pupuh kinanti.

    C. Nganalisis Puisi GuguritanIeu di handap aya deui conto guguritan bacaeun

    hidep. Pk analisis. Alata analisisna aya dina pancn 2. Sammhna pk baca heula puisi guguritanana masing gemet, atawa mun bisa mah bari ditembangkeun!

  • 120Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Nimat Teuing Cai Jamjam(Yus Rusyana)

    Hrang teuing cai jamjamdiuyup karasa tiismani nyecep kana badannyerep kana tulang sandisaregot tambah deuimps ksang anu juuhlantaran leumpang gancangurut tawap ujag-ajigawak seger karasa jagjag waringkas

    Nimat teuing cai jamjampusaka nabi Ismailjeung Ibuna Siti hajaranu halabhab nunggelisturun milari caika lngkob batu taringgulihtiarna ijabahtina lemah bijil caicai jamjam sapanjang jaman teu saat

    Ku bagja teuing jamaahnu kiwari munggah hajitinggal regot mun hanaangteu hs nangan caiteu kudu nimba deuicai jamjjam ngocor ngucurdiinum juta jalmadibekel ka mana mendidibaroro ku sadaya kadang warga

    Ku deudeuh teuing Pangranka mahluk teu pilih kasihnyuguhan ku kanimatan

  • 121Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    nimat rasa cai weningsareng sadia deuicawisan dua nu nginumlmu anu mangpaatreujeung kajembaran rijkicageur bageur nugraha kawalagrian

    (Dicutat tina buku Guguritan Munggah Haji karangan Yus Rusyana, diterbitkeun ku CV Geger Sunten Bandung

    taun 1995, kaca 28-29).

    Pigaw pancn ieu di handap ku kelompok!

    1. Pk diskusikeun, dikarang dina pupuh naon ta guguritan th? Keur mikanyaho dikarang ku pupuh naon-naonna, analisis jumlah padalisan dina sapa-dana jeung jumlah engang unggal padalisanana (guru wilangan), sarta tungtung unggal barisna. Dadarkeun dina tabl siga ieu di handap. Hasilna bandingkeun jeung padika cara ngadangding di luhur!

    RumpakanaGuru Lagu

    & Guru Wilanganana

    Pupuhna

    Hrang teuing cai jamjamdiuyup karasa tiismani nyecep kana badannyerep kana tulang sandisaregot tambah deuimps ksang anu juuhlantaran leumpang gancangurut tawap ujag-ajigawak seger karasa jagjag waringkas

    2. Ra kecap dina guguritan anu mmang rada arkhaik (kabaheulaan). Pk paluruh hartina ku cara nyusun ta kekecapan nu hidep tacan ngarti jadi hiji glosar-

    Pancn 2

  • 122Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    ium (kamus alit), sarta tangan hartina dina kamus. Sanggeus kekecapanana kaharti, cing parapraseu-keun eusi ta guguritan th mak kekecapan hidep sorangan.

    3. Naha anu dicaritakeun dina guguritan di luhur th luyu jeung watek pupuhna? Tingali tabel pupuh, pa-tokan jeung watekna.

    4. Kumaha kesan hidep sabada maca/ngabandungan guguritan Nimat Teuing Cai Jamjam th? Pk jie-un komntar singget kana ta guguritan.

    5. Saenyana, naon anu dicaritakeun ku ta guguritan th pangalaman hiji jalma. Pangalaman naon jeung pangalaman di mana ta th?

    Pk tangan guguritan sjn. Sumberna bisa tina buku, koran atawa majalah, bisa og ditangan dina internt. Pk analisis pupuh jeung patokanana, jejer eusina, sarta luyu henteuna jeung watek pupuh nu digunakeunana!

    Conto-conto buku guguritan. Sumber: dokumen pribadi

    Pancn 3

  • 123Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    D. Ngarang jeung Nembangkeun GuguritanMinangka wangun sastra, guguritan saenyana bisa

    digunakeun mdia keur ngbrhkeun rasa, harepan, pikiran, atawa angen-angen nu ngarangna. Munasabah nepi ka kiwari aya knh nu ngarang guguritan th, lantaran dianggap cocog keur ngbrhkeun rupa-rupa masalah.

    Hidep g saenyana bisa ngarang guguritan, basajan-basajan ba mah. Saratna apal kana patokan pupuh jeung watekna. ra pasualan sosial kiwari anu bisa dibrhkeun mak wangun guguritan. Upamana soal karuksakan lingkungan, soal korupsi, soal kateuadilan, atawa soal patriotisme jeung nasionalisme. Atawa, bisa og ngbrhkeun hal-hal nu patali jeung rasa pribadi, upamana soal cinta, rligi, atawa soal-soal nu dicita-citakeun ku urang.

    Pk karang sapada guguritan. lngkah-lngkahna kawas ieu di handap:

    1. Pilih heula topik atawa jejerna. Masalah naon nu ku urang rk dibrhkeun dina guguritan th?

    2. Pilih pupuhna. Alusna mah pupuh nu populr. Upamana kinanti, asmarandana, balakbak, atawa sinom.

    3. Ngarah ntng, kekecapan nu rk digunakeun dina guguritan th nu babari ba. Contona urang nganggit guguritan dina pupuh kinanti:

    Lamun urang resep nabung loba sisimpenan pasti harta th tuluy nambahan tong dihambur-hambur teuing pikeun bekel engk jaga lamun butuh henteu rungsing

    Pancn 4

  • 124Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    4. Ku sabab kudu tumut kana patokan guru wilangan jeung guru lagu ta, urang kudu bisa milih-milih kekecapan anu luyu keur disimpen di tungtung jajaran. Lian ti ta og kudu pinter ngatur-ngatur jumlah engang dina jajaran. Lamun aya nu kagok bisa diseselan ku kecap panyambung jeung atawa reujeung. Bisa og ku kecap pangantb th, mah, ta jeung sajabana. Bisa og ku katerangan-katerangan pondok anu merenah.

    5. Hasil karangan urang pk tembangkeun saurang-saurang di hareupeun kelas.

    6. Sanggeus ditembangkeun, kumpulkeun guguritan karangan urang th. Pk dokumntasikeun ku cara dijilid sarta dijudulan Antologi Guguritan Karya Siswa Kelas .... SMA .... Taun ...... Alus lamun jilidna mak ilustrasi siga buku.

  • PAN

    GAJ

    ARAN

    sisinDiran

    125Sumber: dokumen pribadi

  • 126Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Dina jaman kiwari, ana nyarita urang Sunda th resep togmol. Langsung kana bukur caturna. bda jeung baheula. Dina kahirupan karuhun urang baheula kapanggih paribasa malapah gedang. Hartina, sammh nyaritakeun maksud nu saenyana, nyaritakeun heula perkara sjn minangka bubukana, supaya nu ngadngkeun ulah reuwas atawa leutik hat (Satjadibrata, 2005).

    Hartina, nyarita th kudu aya senina. Nu sok kapanggih th lain ba kabiasaan malapah gedang, urang Sunda og boga kabiasaan-kabiasaan sjn nu patali jeung seni nyarita atawa seni komunikasi. Di antarana ba seni nyarita th dibrhkeun dina sisindiran. Ngan ba, sisindiran urang Sunda baheula mah lain sisindiran siga jaman ayeuna nu sakapeung ngahaja dijieun keur kaperluan pagelaran. Sisindiran jaman baheula stuning dalit jeung kahirupan sapopo, biasa digunakeun dina komunikasi sapopo, malah antukna jadi idiom.

    Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana rupa-rupa wangun sisindiran, nyangkem padika-padikana, nganalisis wangun puisi sisindiran jeung eusina, sarta muga-muga ahirna hidep bisa ngarang sisindiran anu basajan.

    A. Mikawanoh SisindiranIeu di handap aya conto-conto sisindiran anu populr di masarakat

    Sunda. Pk baca!

    1. Aya lumut dina batu, aya kuya di muara. Kedah tumut kana waktu, di dunya urang ngumbara.2. Sing getol nginum jajamu, nu guna nguatkeun urat. Sing getol nangan lmu, nu guna dunya ahrat.3. Sapanjang jalan sorang, moal welh diaspalan. Sapanjang tacan kasorang, moal welh diakalan.

  • 127Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    4. Ti sorang ka Garunggang, msr bngsin satalnan. Sanaos arang patepang, batin tetep sasarengan.5. Tikukur macokan kupat, kecok deui kecok deui. Dipupur reujeung disipat dekok deui dekok deui.6. Cau naon cau naon, cau kulutuk dihuru. Bau naon bau naon, bau hitut nu di juru.

    (Dicutat tina rupa-rupa sumber)

    Keur nyangkem sisindiran di luhur, jawab pertanya-anana!

    1. Sisindiran ka-1 jeung ka-2, eusina nglingan atawa miwurukan urang. Pk caritakeun deui ku basa hidep sorangan, piwuruk naon nu kapanggih ku urang di dinya?

    Sisindiran ka-1 piwurukna sangkan .Sisindiran ka-2 piwurukna sangkan .

    2. Ari sisindiran ka-3 jeung ka-4 mah bda deui eusina. Cing ttlakeun nyaritakeun naon eusina?Sisindiran ka-3 nyaritakeun soal .Sisindiran ka-4 nyaritakeun soal .

    3. Sisindiran ka-5 jeung ka-6 mah eusina matak nyrngh nu macana. Ari sababna di dinya mah kapanggih hal-hal anu lucu. Naon anu matak lucu di dinya th?

    Sisindiran ka-5 lucu lantaran . Sisindiran ka-6 lucu lantaran .4. Dina sisindiran th aya nu disebut cangkang jeung aya nu disebut

    eusi. Cing ilikan deui sisindiran di luhur. Tuduhkeun ku hidep, mana cangkangna jeung mana eusina?

    5. Cangkang jeung eusi sisindiran th tungtung jajaranana murwakanti, atawa sarua sorana. Pk ilikan dina sisindiran nu ka-4. Murwakanti dina sora naon ba tungtung-tungtung jajaranana th?

    Pancn 1

  • 128Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    6. Kekecapan nu dipak dina sisindiran th umumna mah mak ngaran-ngaran barang, patempatan, tatangkalan, atawa sasatoan nu mindeng kapanggih di sabudeureun urang. Contona: melak kangkung sisi laja, tengah-tengah dibontngan, atawa mawa peti dina sundung, ditumpangan ku karanjang. Cing terangkeun, ngaran naon ari kangkung, laja, jeung bontng th? Ari peti, sundung jeung karanjang ngaran naon deuih? Paluruh dina Kamus Sunda.

    7. Mun dibacakeun ku urang, umumna sisindiran mah ngeunah kadngna atawa ngalagu. Malah sakapeung mah sok dikawihkeun. Cing pikiran naon sababna kitu?

    8. Loba kawih atawa tembang Sunda anu rumpakana mak sisindiran deuih. Cing sisindiran dina kawih naon ieu di handap?

    a. Kaso pondok kaso panjang, kaso ngaroyom ka jalan. Sono mondok sono nganjang, sono patepang di jalan.b. Bubuy bulan sangray bntang Panonpo disasat Unggal bulan abdi tang Unggal po og had

    B. Nyangkem SisindiranPikeun urang Sunda mah sisindiran th lain ba

    jadi kalangenan atawa hiburan, tapi sok dalit dina omongan sapopo. Buktina, dina omongan baheula atawa dina karya sastra sok kapanggih sisindiran keur ngedalkeun hiji maksud. Malah mah nu dikedalkeun th rajeun tara lengkep cangkang jeung eusina, tapi cukup cangkangna ba. papadaning kitu nu diajak nyarita atawa anu maca geus surti kana naon hartina.

    Dina novel Manhna karangan Sarif Amien (terbit munggaran taun 1965), upamana aya omongan kieu: Malah peutingna piisukeuneun Sumber: dokumen pribadi

  • 129Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    indit mah, siga aya leuwihna. Mak aya sari-sari leumeung teundeut cocongoan rk papisah th. Leumeung teundeut cocongoan th apan cangkang sisindiran. Lengkepna kieu:

    Leumeung teundeut cocongoandibawa ka Rajagaluhmeungpeung deukeut sosonoanjaga mah urang pajauh.

    Tapi anu disebutkeunana th ukur sajajar, jajaran cangkangna ta. Tapi jalma jaman baheula mah bakal ngarti deui lamun aya anu nyarita kitu th. Ngarti yn ta th keur nuduhkeun anu keur sosonoan. Ahirna sisindiran th jadi idiom anu pihartieunana geus papada apal.

    Ungkara samodl kitu kapanggih og dina carita pondok Apun Gencay karangan Yus Rusyana (ditulis taun 1973). Kieu unina: Kapan Akang og tara bosen ka Cikembar, pagar gork-gork manuk tuweuw, disada dina taweuran. Ungkara gork-gork manuk tuweuw disada dina taweuran th apan sisindiran knh, ngan anu dilisankeunana th cangkangna wungkul. Lengkepna kieu:

    Gork-gork manuk tuweuw,disada dina taweuran.Pok-pok abdi ludeung, ngablaan kasukaan.

    Mun dipikiran ku jalma ayeuna mah tangtu pada nganggap teu efektif, da nyarita th siga loba disumputkeun maksudna. Ari jalma ayeuna mun nyarita th apan sok hayang togmol, teu dipindingan atawa tara didingding kelir.

    Sisindiran th kagolong kana puisi, nyata wangun sastra anu boga ugeran atawa patokan-patokan. Sisindiran boga ciri-ciri kieu.

    Sapadana diwangun ku opat jajar. Unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang. Jajaran kahiji jeung kadua disebutna cangkang. Jajaran katilu jeung kaopat disebutna eusi.

  • 130Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Cangkang

    Eusi

    Sora vokal dina tungtung jajaran cangkang, murwakanti (sasora) jeung vokal dina tungtung jajaran eusi.

    Titnan geura!

    Aya lumut dina batu, 8 - u Aya kuya di muara. 8 - a

    Kedah tumut kana waktu, 8 - u Di dunya urang ngumbara. 8 - a

    Ceuk M.A. Salmun, eusi sisindiran th aya tilu rupa. Aya nu ngandung piwuruk (nashat), aya ssbrd (heureuy/pikaseurieun), aya og nu silih asih. Tengetan geura conto-contona:

    Piwuruk: Mawa peti dina sundung, ditumpangan ku karanjang. Pangarti teu beurat nanggung, tapi mangpaatna manjang.Ssbrd: Cau naon cau naon, cau kulutuk dihuru. Bau naon bau naon, bau hitut nu di juru.Silih asih: Aya listrik di masigit, caangna kabina-bina. Aya istri jangkung alit, karangan dina pipina.

    Ceuk M.A. Salmun knh, ditilik tina wangunna sisindiran th kabagi dua. Aya paparikan jeung aya rarakitan. Nu ngabdakeunana th dina rarakitan mah sok aya kecap-kecap (boh sakecap, boh dua kecap) dina jajaran cangkang nu dibalikan deui dina jajaran eusi. Contona:

    Sapanjang jalan Sorang, sapanjangmoal welh diaspalan moal welhSapanjang tacan kasorang. sapanjangmoal welh diakalan. moal welh

  • 131Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Lian ti paparikan jeung rarakitan, aya deui nu disebut wawangsalan. Sarua ba ieu g baheulana mah sok biasa dilisankeun dina omongan sapopo urang Sunda. Ngan unikna th wawangsalan mah cangkang jeung eusina th diwangun ku dua jajar ba. Sajajar cangkang jeung sajajar eusi. Nu sok dilisankeun th sakapeung cangkangna wungkul, da eusina mah papada kaharti ku balara.

    Bagan Babagian Sisindiran ceuk M.A. Salmun

    Ceuk Ajip Rosidi (1995) wawangsalan th sabangsa kamonsan basa ku jalan nyebut hiji maksud henteu langsung ku kecapna anu paranti, tapi kalah ka nyebut kecap sjn anu salah sahiji engangna atawa leuwih, dalah sok sagemblengna pisan, murwakanti jeung kecap anu dimaksud ta. Ku sabab kitu, dina wawangsalan mah siga tatarucingan, kecap nu dimaksud th disumputkeun tur kudu ditangan dina cangkangna, nu sorana deukeut atawa murwakanti jeung kecap nu dimaksud ta.

  • 132Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Geura titnan contona: Abdi th kapiring leutik cangkangKaisinan ku gamparan eusi

    Pedaranana:

    Abdi th kapiring leutikAya unsur tatarucingan, naon ari nu dimaksud piring leutik th?

    Kaisinan ku gamparanJawabna pisin. Tapi kecap pisin th disumputkeun dina kecap isin anu deukeut soranana atawa murwakanti.

    Conto larapna dina omongan:

    Aduh Ibu, hapunten pisan. Abdi th kapiring leutik. Manawi th nu kamari di pasar sans Ibu.

    Mun aya nu nyarita kitu, tangtu ta jalma th keur kaisinan (karaan). Ari sabab, wawangsalan kapiring leutik th eusina kaisinan ta.Conto sjna:

    Aya nu dianjing cai cangkangAya nu keur dihroan eusi

    Aya nu dianjing cai Tarucingna: naon ari nu dimaksud anjing cai th?Aya nu keur dihroan Jawabna sro

    Conto larapna dina omongan:

    Paingan sok ulin ba ka kelas XI, da aya nu dianjing cai.

  • 133Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Jadi, dina wawangsalan mah copelna aya tilu unsur nu kudu dicangkem ku urang. ta tilu unsur th ngawengku:

    C. Nganalisis Sisindiran

    Di handap aya sawatara conto sisindiran nu dicutat tina rupa-rupa sumber. Eusi jeung wangunna bda-bda. Pancn keur hidep, pk analisis kagolong kana naon wangun jeung eusi ta sisindiran th!

    No Sisindiran Wangunna Eusina

    1

    Cau ambon dikorangan,Kanyr kapipir-pipir.Lalaki ambon sorangan,Aww teu mikir-mikir

    Paparikan Silih asih

    2

    Majar manh nganyam samak,Neukteukan bari motongan.Majar manh nang anak,Ngadeukeutan popotongan.

    ............. .............

    Pancn 2

  • 134Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    3

    Majar manh cengkh konng,Kulit peuteuy dina nyiru.Majar manh lengkh konng,Kulit beuteung mani nambru.

    ............... .............

    4

    Po Saptu po Kemis,Salasa heuleut-heuleutan.Saha itu muril kumis,Leumpangna eundeuk-eundeukan.

    .............. .............

    5

    Sabuk beubeur geura piceun,gantian ku sutra ba.Anu heubeul geura piceun,gantian ku abdi ba

    ............... .............

    6

    Ciung lain krak lain,Japati belang jangjangna.Sieun lain ra lain,ra soth ku bapana.

    ............. .............

    7

    Peupeujeuh ari ka dayeuh,Meuli kupat jeung gorngan.Peupeujeuh lamun geus euweuh,Ulah ngupat kagorngan.

    ............. .............

    8

    Dagang seureuh papatungan,Cangkalng laku sasiki.Euleuh itu popotongan,Dikalng ku aki-aki.

    ............. .............

    9

    Samangka melak di tonggoh,Melak pala di nu bala.Tong waka boga kabogoh,Sakola tamatkeun heula.

    ............. .............

    10

    Ct tmbok meuli di toko,Sng nyngsrng kasaatan.Ulah sok beuki ngaroko,Gorng kana kashatan

    ............. .............

  • 135Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    Tangan jawaban tina tarucing wawangsalan ieu di handap!

    No Wawangsalan Jawabna

    1 Gedong ngambang di sagara,Ulah kapalang nya bla

    2 Alun-alun paleuweungan,Gagal temen mun teu jadi.

    3Belut sisit saba darat,Kapiraray siang wengi.

    4 Kendang ged pakauman,Dag-dig-dug rasaning ati.

    5 Sok rajeun ngabuah kawung,Curucud cipanon bijil.

    Pk tangan sisindiiran jeung wawangsalan anu sjn. Sumberna bisa tina buku, majalah atawa koran, bisa og dipaluruh dina internet. Ku hidep tuluy analisis:

    - ta sisindiran th naha kagolong kana paparikan atawa rarakitan?

    - Eusina naha kagolong kana piwuruk, silihasih, atawa ssbrd?

    - Akurkeun jeung patokan sisindiran anu umum. Naha sarua sapadana diwangun ku opat padalisan? Naha engang unggal padalisanna sarua dalapan-dalapan engang? Kitu deui purwakantina, naha tungtung jajaran cangkangna murwakanti jeung tungtung jajaran eusina?

    - Husus keur wawangsalan, cing paluruh naon jawaban tina unsur tatarucinganana!

    Pancn 3

    Pancn 4

  • 136Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

    D. Ngarang Sisindiran

    Ayeuna urang latihan ngarang sisindiran. Pigaw lngkah-lngkah ieu di handap!

    1. Dina ngarang sisindiran alusna urang nangtukeun heula eusina, nyata jajaran katilu jeung kaopat. Soal kumaha eusina mah bbas ba. Naha rk silih asih, ssbrd, atawa piwuruk. Upamana keur pieusieunana th kieu:

    Abdi bogoh ka Kang Agus, Hanjakal kantongna kosong.

    2. Ulah poho, jumlah engang (suku kata) unggal jajaranana kudu dalapan-dalapan engang. Ciria