88
Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013 Pamekar Diajar DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT 2014

Buku guru sunda kls 1 2014

Embed Size (px)

Citation preview

Page 1: Buku guru sunda kls 1  2014

Buku Tuturus Guru SD/MI

Kelas I

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT2014

Page 2: Buku guru sunda kls 1  2014

PANYUSUN:Tatang Sumarsono

Ahmad HadiAno Karsana

Asep RuhimatDarpan

Dede KosasihH. Dingding Haerudin

H. Yayat SudaryatRisnawati

PENELAAH:Prof. Dr. H. Iskandarwassid, M.Pd.

Dr. Hj. Ai Sofianti, M.Pd.Drs. H. Elin Syamsuri

Drs. Apip Ruhamdani, M.Pd.Budi Riyanto

Rarancang Eusi : Yoshi SukadarRarancang Jilid : Edi laish

Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.

Dipedalkeun ku:DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

ISBN: 978-602-1300-15-2 (Jilid Lengkap)978-602-1300-16-9 (Jilid 1)

Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)

Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa BaratDitangtayungan ku Undang-undang

Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK) Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.

BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013

Pamekar Diajar

Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

Page 3: Buku guru sunda kls 1  2014

iii

PANGBAGÉA

KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning

nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan Lokal

Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.

Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng

buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna ngeunaan

pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud No. 81A/2013,

ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès mung buku wungkul

bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku Kompetensi Inti jeung Kompetensi

Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).

Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna ngeunaan

pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa dilaksanakeun kalawan

merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar ngeunaan basa jeung sastra daèrah,

dipiharep dina diri murid aya parobihan anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh

pangaweruhna (knowledge), boh kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance;

behavior). Singgetna mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.

Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning

ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis basajan,

saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum 2013, tangtosna

gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal tiasa diimplemèntasikeun

kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun sareng ngaronjatkeun kompetènsi

guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah

kènging pangajèn.

Page 4: Buku guru sunda kls 1  2014

Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu tétéla dina

dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa ngawujud, enggoning

lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé dongkap.

Bandung, Desember 2013

Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,

Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA

Pembina Utama Madya

NIP 19570807 198601 1 001

iv

Page 5: Buku guru sunda kls 1  2014

PANGBAGÉA

KEPALA BALAI

PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN

DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT

Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara nasional.

Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun janten muatan lokal

di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna patali luyuna sareng elemén-

elemén parobihan anu janten karakteristik Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar

kompeténsi lulusan, standar isi, standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan

kedah kacangkem sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah

anu mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.

Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya 24

jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana janten

buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid diajangkeun pikeun

sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid eusina medar materi ajar

sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen anu raket patalina sareng kompetensi

dasar (KD). Buku Guru eusina medar silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé

mangrupi pangjembar buku murid.

Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi buku

guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca,

sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifik sareng penilaian auténtik. Hal ieu

dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu ngalarapkeun pamerakan saintifik sareng

penilaian auténtik dina prosés pangajaran.

Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala Dinas

Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret 2013, negunaan

Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada jenjang SD/MI, SMP/MTs,

SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar kana Peraturan Gubernur Jawa Barat

Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah

pada Jenjang Pendidikan Dasar dan Menengah.

v

Page 6: Buku guru sunda kls 1  2014

Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten

cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah, anu udagan

langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung sastra daérah,

ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.

Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi kitu,

teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu nyampak dina

ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan pameredih sareng kaayaan

pajaman.

Bandung, Désember 2013

Kepala Balai

Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian,

Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd

NIP. 196110051986031014

vi

Page 7: Buku guru sunda kls 1  2014

PANGJAJAP

Kurikulum 2013 saenyana mangrupa Kurikulum Berbasis Kompeténsi (KBK) pikeun nyanghareupan panéka jaman, utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék teu daék butuh karancagéan dina rupining widang, kaasup kamekaran téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran basa Sunda.

Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh, jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa Sunda mah dititénan ogé kahasan basa jeung budaya Sunda minangka média jeung wahana pangajaran basa Sunda.

Téma-téma dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana téma-téma dina pangajaran tématis SD/MI nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep ku barudak SD/MI dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit). Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun ku kaweruh dina basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta luyu jeung kontéks situasi. Eta kamampuh téh dirarancang dina prosés pangajaran winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning) anu nyoko kana léngkah-léngkah ngilmiah (saintifik) kayaning niténan, nanya, nyoba (nyungsi), nalar, jeung kedaling (ngomunikasikeun).

Ieu buku ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah ku murid dina ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep agama.

Tangtu waé réa kénéh kahéngkéran ieu ibu téh. Panyawad katut pangdeudeul pikeun nyampurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.

Bandung, Oktober 2013

vii

Page 8: Buku guru sunda kls 1  2014

DAFTAR EUSI

PANGBAGEA:1. Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat _iii2. Kepala Balai Pengembangan

Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas Pendidikan Provinsi JAwa Barat _v

PANGJAJAP _vii

DAPTAR EUSI _viii

BAB I PITUDUH UMUM _1

A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru _2B. Padika Make Buku Tuturus Guru _2C. Tatapakan Formal _4D. Sistem, Prinsip, jeung pamarekan

pangajaran _4E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) _5 F. Proses Pangajaran _5G. Kompetensi Inti jeung Kompetensi

Dasar (KIKD) _6 H. Tema jeung Bahan Ajar _8

BAB II PITUDUH HUSUS _9

PANGAJARAN 1 _10Tema : Ngurus Diri Sorangan _10

PANGAJARAN 2 _18Tema : Pangaresep _18

PANGAJARAN 3 _25Tema : Kagiatan _25

PANGAJARAN 4 _32Tema : Kulawarga _32

PANGAJARAN 5 _40Tema : Pangalaman _40

PANGAJARAN 6 _48Tema : Lingkungan Sabudeureun _48

PANGAJARAN 7 _55Tema : Miara barang jeung

mikanyaah sasatoan katut tatangkalan _55

PANGAJARAN 8 _63Tema : Kajadian Alam _63

BAB III PITUDUH MEUNTEUN _71

A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) _72

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi) _72

C. Rubrik Meunteun Sikep _73D. Rubrik Meunteun Latihan _73E. Rubrik Meunteun Maca _74 F. Rubrik Meunteun Nembang _74G. Rubrik Meunteun Biantara _74 H. Daftar Peunteun Murid _75I. Daftar Peunteun Murid _76

Glosarium _77Daftar Pustaka _79

viii

Page 9: Buku guru sunda kls 1  2014

Bab 1

Pituduh Umum

Page 10: Buku guru sunda kls 1  2014

2 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

A. Ngeunaan Buku Tuturus GuruIeu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina ngalaksanakeun

kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara hal.1. Tatali téma anu méré gambaran ka guru ngeunaan téma nu nyoko kana kompeténsi

dasar (KD) jeung indikator dipageuhan pisan.2. Kagiatan pangajaran nu tématik pikeun ngagambarkeun pangajaran nu gumulung

tur ngamalir.3. Pangalaman diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah

hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir ngilimiah (saintifik), kamampuh ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur rasa basa Sunda.

4. Rupining téhnik meunteun kamampuh murid.5. Wawaran nu jadi calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran murid.6. Kagiatan silih simbeuh tur silih élédan (sharing) antara guru jeung kolot barudak,

anu méré lolongkrang keur kolot-kolot murd sangkan ilubiung dina kagiatan diajar murid di imahna séwang-séwangan.

7. Pituduh maké buku babon murid.

Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh (sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari paripolahna ngawengku:1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks, tumanya,

ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu ditepikeun.3. Ngali kaweruh murid samémehna sankan bisa ngaitkeun jeung kaweruh nu bakal

diulikna.4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem konsép.5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan panyangkem murid.

B. Padika Maké Buku Tuturus GuruIeu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké buku

babon murid, jadi calecer (acuan) keurkagiatan pangajaran di kelas deuih.Ku penting-pentingna ieu buku, guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu

dipidangkeun dina ieu buku.1. Baca heula ieu buku tiap-tiap kaca kalawantelik tur imeut.2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator nu ngait kana téma.3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan pangajaran.

Guru kudu nguatan jeung ngukuhan ngawangun sikep, kaweruh, katutg paripolah nu hadé.

Page 11: Buku guru sunda kls 1  2014

3Bab 1 Pituduh Umum

4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan ngabiasakeun, pieunteungeun, pituladeun, jeung ngabudayakeun sakola.

5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan nu patali jeung buku babon murid luyu jeung kacana.

6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padikapangajaran. Sungsi ogé kagiatan séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.

7. Rupining strtégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan, nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.), jaba ti ngalibetkeun muridna sorangan bisa waé ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.

8. Guru dipiharep mekarkeun: a. Métode pangajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, jeung menyenangkan (PAIKEM); b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual; c. Kaparigelan nanya atawa tumanya; d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran; e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa patali

jeung sosial budaya Sunda.10. Seméster hiji aya opat téma atawa matéri galeuh, ari dina seméster dua aya nu opat

téma (matéri galeuh) aya nu kurang, diluyukeun kana KIKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda.

11. Tiap-tiap téma (matéri galeuh) rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x lawungan).12. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif

(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun (kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung ngali wawaran nu deukeut jeung murid.

13. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di sakola.

14. Buku babon murid dilengkepan ku bahan-bahan latihan nu luyu jeung hontalan kompeténsi.

15. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina portofolio murid.16. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfleksi sanggeus

hiji téma atawa bahan réngsé.17. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna téh

cerdas tur bisaeun.18. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya, tur sabar dina

nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.

Page 12: Buku guru sunda kls 1  2014

4 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

C. Tatapakan Formal

Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasar kana Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan. Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD) Mata Pelajaran Basa jeung Sastra SUnda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ari lebah ngindungna mah tangtu waé kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum Daerah (Kurda).

Hususna di tingkat SD/MI, Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, nu diluyukeun kana téma jeung alokasi waktu. Hal éta disusun mangrupa struktur anu maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna, sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD, téma, jeung alokasi waktu. Pon kitu deui, ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah, guru dibéré lolongkrang tir diperedih karancagéanana.

Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber bahan ajar. Ari sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumbersumber lianna pikeun pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinua pisan guru kudu rancngeus téh, kumaha carana néngan jeung nungkab bahan pangrojong sangkan KIKD bisa kacumponan.

D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran

Sakabéh matéri dina ieu buku, ti mimiti bagian wacana, pedaran, ulikan, jeung latihan dipidangkeun make sistem spiral; dimitian ti nu babari heula, terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran. Cindekna, tingkat kasulitan bahan anu dipidangkeun dina Pangajaran 1, upamana, kudu aya sahandapeun Pangajaran 2. Lian ti éta, bisa deuih tumerap di jero pangajaran, upamana tingkat kasulitan Pedaran 2 kudu saluhureun Pedaran 1. Kitu deui dina ulikan jeung latihan.

Konsép basa anu dianggap énténg dipidangkeunana dina Pedaran 1, atawa bisa waé dina Ulikan 1. Sanggeus nincak kana Pedaran 2 atawa Ulikan 2, murid diwanohkeun kana konsép basa anu tingkat kasulitanana saluhureun nu dipidangkeun dina Pedaran 1 atawa Ulikan 1. Subab pangajaran dingaranan maké kagiatan basa atawa aktivitas murid.

Dina wincikan nu leuwih heureut, sistem spiral téh tumerap dina saban nomer deuih. Upamana dina latihan anu diebréhkeun dina pancén ngajawab pananya, tah, tingkat kasulitan dna pananya nomer 8 kudu aya di sahandapeun tingkat kasulitan pananya nomer 9.

Page 13: Buku guru sunda kls 1  2014

5Bab 1 Pituduh Umum

Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku téh dumasar kana prinsip proporsional, tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).

E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)

Rabah SD/MI SMP/MTs SMA/SMK/MA/MAK

Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun

Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat, alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.

Kaparigelan Nampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung ngalarapkeun

Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).

Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.

Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.

F. Proses PangajaranProsés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifik. Ari léngkah-léngkahna keiu.

1. Niténan (mengamati), ku cara maca atawa ngaregepkeun atawa nongton2. Nanya (menanya), ku cara tanya jawab atawa sawala3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh lain4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen)5. Midangkeun atawa nepikeun (mengkomunikasikan)6. Ngawangun jejaring (networking) ku cara néangan bahan tina sumber lian

Page 14: Buku guru sunda kls 1  2014

6 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas I SD/MI

KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)

6.1 Menerima, menghargai, dan menjalankan ajaran agama yang dianutnya

6.1.1 Menerima anugrah Tuhan Yang Maha Esa atas penciptaan bahasa Sunda sebagai bahasa daerah dan unsur budaya bangsa serta alat komunikasi masyarakat penuturnya melalui teks narasi, deskripsi, pupuh, dongeng, dan pidato.

6.2 Memiliki perilaku jujur, disiplin, tanggung jawab, santun, peduli, percaya diri dalam berinteraksi dengan keluarga, teman, tetangga, dan guru

6.2.1 Memiliki perilaku peduli terhadap penyelamatan makhluk sebagai ciptaan Tuhan YME melalui teks narasi (Tema 1)

6.2.2 Memiliki perilaku santun dalam memelihara dan membina persatuan dalam perbedaan bangsa melalui teks pupuh. (Tema 2)

6.2.3 Memiliki perilaku peduli terhadap tokoh dan penemu melalui teks narasi (Tema 3)

6.2.4 Memiliki perilaku tanggung jawab dan peduli menghadapi pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia melalui teks deskripsi. (Tema 4)

6.2.5 Memiliki perilaku tanggung jawab, peduli, dan disiplin dalam berwirausaha melalui teks deskripsi. (Tema 5)

6.2.6 Memiliki perilaku peduli, disiplin, dan tanggung jawab dalam menjaga memeliharan kesehatan masyarakat melalui teks pidato. (Tema 6)

Page 15: Buku guru sunda kls 1  2014

7Bab 1 Pituduh Umum

6.3 Memahami pengetahuan faktual dengan cara mengamati dan mencoba [mendengar, melihat, membaca] serta menanya berdasarkan rasa ingin tahu secara kritis tentang dirinya, makhluk ciptaan Tuhan dan kegiatannya, dan benda-benda yang dijumpainya di rumah, sekolah, dan tempat bermain

6.3.1 Memahami teks narasi tentang penyelamatan makhluk.

(Tema 1)6.3.2 Memahami teks pupuh tentang kehidupan

berbangsa dan bernegara (Tema 2)6.3.3 Memahami teks narasi tentang tokoh

dan penemu secara mandiri kemudian mengolah dan menuliskannya kembali dengan kata-kata sendiri

(Tema 3)6.3.4 Memahami teks deskripsi tentang

pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4)

6.3.5 Memahami teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5)

6.3.6 Memahami teks pidato tentang meme-lihara kesehatan masyarakat. (Tema 6)

6.4 Menyajikan pengetahuan faktual dalam bahasa yang jelas dan logis dan sistematis, dalam karya yang estetis dalam gerakan yang mencerminkan anak sehat, dan dalam tindakan yang mencerminkan perilaku anak beriman dan berakhlak mulia

6.4.1 Menyusun teks carita pondok tentang penyelamatan makhluk dengan bahasa Sunda yang baik. (Tema 1)

6.4.2 Melantunkan teks pupuh tentang kehidupan berbangsa dan bernegara (Tema 2)

6.4.3 Menyusun teks narasi tentang tokoh dan penemu secara mandiri. (Tema 3)

6.4.4 Menyusun teks deskripsi tentang pengaruh globalisasi terhadap lingkungan dan kehidupan manusia. (Tema 4)

6.4.5 Menyusun teks deskripsi tentang berwirausaha. (Tema 5)

6.4.6 Menyusun teks pidato tentang menjaga dan memelihara kesehatan masyarakat. (Tema 6)

Page 16: Buku guru sunda kls 1  2014

8 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

H. Tema jeung Bahan Ajar

Tema 5 : Pangalaman Bahan : Déskripsi

Tema 6 : Lingkungan SabudeureunBahan : Déskripsi

Tema 7 : Miara barang jeung mikanyaah sasatoan katut tatangkalanBahan : Déskripsi

Tema 1 : Ngurus Diri SoranganBahan : Déskripsi

Tema 2 : Pangaresep Bahan : Déskripsi

Tema 3 : Kagiatan Bahan : Déskripsi

TEMA&

BAHAN AJAR

Tema 8 : Kajadian AlamBahan : Déskripsi

Tema 4 : Kulawarga Bahan : Déskripsi

Page 17: Buku guru sunda kls 1  2014

Bab 2

Pituduh Husus

Page 18: Buku guru sunda kls 1  2014

10 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

PANGAJARAN 1

Tema : Ngurus Diri SoranganBahan : Téks jeung gambarWaktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Diajar basa Sunda di kelas I dimimitian ku aspék ngaregepkeun. Dina hal ieu, anu diregepkeun téh carita pikeun ngawadahan téma Ngurus Diri Sorangan. Ti dinya disambung ku aspék nyarita, maca, jeung mungkaskeunana nulis. Tangtu waé éta aspék anu opat téh ukur dina tahapan basajan.

Dina Pangajaran I, murid mimiti diwanohkeun kana foném vokal: a, i, u, é, jeung o, jeung fonem konsonan: p, b, m, d, n, k, l, h, s, r, j, jeung t. Matéri anu diajarkeun henteu méngpar tina éta fonem.

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Guru nitah ka murid sangkan maruka buku. Kabéh diroris heula bisi aya anu salah mukana.

2. Guru némbongkeun gambar budak keur mandi, meunang ngagedékeun tina buku. Gambarna mah bisa dina karton sanggeusna digedékeun ku cara difoto kopi atawa di-scan, bisa ngaliwatan in focus.

3. Guru nerangkeun yén éta budak nu aya dina gambar téh ngaranna Tisna, sok disebut Aa. Aa téh sakolana kelas hiji. Aa boga adi, ngaranna Jayadi, sok disebut Ii. Aa téh budak apik jeung berséka.

4. Guru maca wacana anu nerangkeun saha ari Aa, jeung kumaha kabiasaan sapopoéna. Murid sina saregep ngabandungan.

Page 19: Buku guru sunda kls 1  2014

11Bab 2 Pituduh Husus

B. NGAREGEPKEUN PEDARAN NGARIKSA BADAN

No. Kagiatan

5. Guru nerangkeun yén Aa téh budak apik, tur geus baku ngariksa badanna sorangan. Ciri-cirina budak apik téh tara poho mandi, sapoé dua kali. Mandina maké sabun.

6. Guru bisa nyelang nanya heula ka murid, upamana: a) Ari hidep mandi sok iraha waé? b) Naha geus bisa mandi sorangan, atawa sok dimandian kénéh ku ibu? c) Kumaha karasana lamun geus mandi?

7. Saterusna guru nerangkeun hal séjénna anu kaasup kana hirup apik dina

ngariksa badan, nyaéta huntu kudu dikosok jeung kuku kudu dikeureutan

ulah sina kalotor. Ngosok huntu ogé sarua, sakurang-kurangna dua kali dina

sapoé. Lamun huntu langka dikosok engkéna bakal katerap nyeri huntu. Kitu

deui lamun kuku teu dikeureutan, komo mun bari kalotor, engkéna bakal

nularkeun kuman kana dahareun dina waktuna urang dahar.

8. Dina ngariksa badan téh kaasup kudu apik barangdahar deuih. Ulah sok tambarkan atawa sagal didahar, pangpangna kadaharan anu lada, sabab bisi katerap nyeri beuteung.

9. Sangkan séhat, urang kudu nyeuseup hawa nu beresih. Éta pangna jandéla kamar kudu dibuka, sangkan hawa beresih tur seger bisa asup ka kamar. Mana komo lamun ku mukakeun jandéla kamar téh cahaya panonpoé bisa asup. Éta téh matak séhat pikeun urang.

C. NGAREGEPKEUN TEMBANG

No. Kagiatan

10. Satutas ngaregepkeun carita ngeunaan Aa dina sapopoéna, saterusna murid sina ngaregepkeun tembang. Eusina ngébréhkeun miara badan, minangka bagian tina rasa sukur ka Gusti Nu Maha Agung, sabab hirup séhat. Kaséhatan téh kacida pentingna. Éta pangna wajib ngariksa sakujur badan. Lain waé nu mangrupa bagian tina jasmani atawa lahiriahna, tapi deuih rohanina.

11. Anu dipilih pupuh pucung, sabab katimbang babari dina nembangkeunana. Lian ti éta, ukur diwangun ku opat padalisan.

Page 20: Buku guru sunda kls 1  2014

12 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

12. Mimitina ku guru digalantangkeun heula, sapadalisan-sapadalisan. Saterusna ku guru ditembangkeun sagemblengna, murid sina ngabarandungan. Dina hal ieu, guru kudu geus bisa nembangkeunana. Mun ku guru geus dicontoan, murid sina nurutan nembangkeunana, babarengan. Bakal leuwih alus mun guru bisa ngacapi, pikeun pamirig murid anu keur narembang.

D. NGALISANKEUN JAWABAN

No. Kagiatan

13. Pangajaran ngalisankeun jawaban patali jeung kamampuh nyarita. Murid sina ngajawab pertanyaan anu matérina patali jeung pedaran guru saméméhna. Kahiji, carita ngeunaan tokoh Aa, jeung kumaha kabiasaan dina sapopoéna. Kadua, pedaran guru ngeunaan ngariksa badan sangkan séhat.

14. Jawaban tina pertanyaan anu dipidangkeun dina buku téh lolobana cukup ku sakecap, tur kabéh ogé nyampak dina pedaran guru saméméhna.

15. Pertanyaanana dibaca guru, masing antaré jeung masing jéntré. Mimitina murid sina ngajawab babarengan, geus kitu saurang-saurang.

16. Pertanyaan jeung jawaban salengkepna téh kieu:

1. budak nu kumaha ari aa téh jawabanana: budak apik

2. sok kumaha aa méméh ka sakola jawabanana: sok maké mandi heula

3. sok iraha aa mandina téh jawabanana: mandina isuk soré

4. naha ari huntu kudu dikosok jawabanana: supaya beresih

5. naha mandi kudu maké sabun jawabanana: supaya beresih

6. bakal kumaha mun kuku kotor jawabanana: bakal mawa kuman

7. naha ulah sok dahar anu lada jawabanana: bisi nyeri beuteung

Page 21: Buku guru sunda kls 1  2014

13Bab 2 Pituduh Husus

8. jandéla kamar naha kudu dibuka jawabanana: supaya hawa seger asup

9. naha hirup maké kudu muji sukur jawabanana: sabab badan séhat

10. kudu kumaha ari dina saban téh téh jawabanana: ngurus sakujur badan

E. DIAJAR MACA 1

No. Kagiatan

17. Guru némbongkeun gambar Aa, Ii, Uu, Apa, Ibi, jeung Mumu, pikeun ngawanohken finem vokal “a”, “i”, “u”, jeung fonem konsonan “p”, “b”, “m”. Saterusna némbongkeun gambar Émi, Oni, Nina, jeung Dani, pikeun ngawanohkeun fonem vokal “é” jeung “o”, jeung konsonan “n” jeung “d”.

18. Murid mimiti diajar ngéjah aksara, dimimitian ku mikawanoh fonem vokal a heula. Ku guru dituduhkeun gambar budak ngaran Aa, terus dicontoan ngéjah aksarana dumasar kana metodeu maca struktur analisis sintesis atawa SAS. Mimiti diwanohkeun fonem vokal a. Lamun éta vonem diréndonkeun jeung foném vokal a deui, dibacana jadi aa. Ieu kagiatan dilaksanakeun sababaraha kali, kabéh murid dipapay sina nurutan ngucapkeunana, tepi ka lancar.

19. Mimiti diwanohkeun kana foném konsonan p. Lamun p diréndonkeun jeung a, dibacana jadi pa. Lamun a diréndonkeun jeung pa, dibacana jadi apa. Aa jeung apa ngahaja disajajarkeun sangkan murid arapaleun bédana.

20. Pola engang anu mimiti diwanohkeun nyaéta V-V, terus V-KV. Ieu pola minangka tarékah anu dianggap babari dina ngawanohkeun foném vokal jeung konsonan.

21. Dina ngawanohkeun foném konsonan m, sakaligus mimiti ngawanohkeun pola engang KV-KV deuih. Ari cara ngajarkeunana mah sarua waé anu saméméhna.Kecap anu dipaké conto dina kabéh gé nujul kana sesebutan atawa ngaran jalma. Maksudna sangkan babari dipikawanohna ku murid.

Page 22: Buku guru sunda kls 1  2014

14 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

F. NULISKEUN AKSARA 1

No. Kagiatan

22. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha anu geus diajarkeun.

23. Dina tahap munggaran, anu dipigawé ku murid sina nyalin fonem vokal jeung fonem konsonan. Lamun geus lancar, terus ditingkatken kana nuliskeun kecap skumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran saméméhna.

24. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

G. DIAJAR MACA 2

No. Kagiatan

25. Maca Munggaran 2 téh terusna tina Maca Munggaran 1. Pola engang nu diajarkeun masih KV-KV. Bédana, dina Maca Munggaran 2 mah murid mimiti diwanohkeun jeung kecap anu nuduhkeun barang.

26. Murid diwanohkeun kana foném konsonan j dina kecap laja, méja, jeung jara. Kecap anu kudu diéjah teu diwuwuh ku ilustrasi gambar, anu dipalar sangkan murid mimiti wanoh kana konsép basa sacara mandiri.

27. Foném vokal anu diajarkeun aya anu sarua, contona a – a dina laja jeung jara. Lian ti éta mimiti diwanohkeun dua foném vokal anu béda: a – u dina palu jeung halu a – i dina dasi o – i dina roti jeung topi i – a dina bima a – o dina nako a – é dina saté é – a dina méja u – a dina kupa

28. Prak-prakan ngajarkeun Diajar Maca 2 henteu béda ti Diajar Maca 1.

Page 23: Buku guru sunda kls 1  2014

15Bab 2 Pituduh Husus

H. NULISKEUN AKSARA 2

No. Kagiatan

29. Pangajaran Nuliskeun Aksara 2 téh tuluyna ti pangajaran Nuliskeun Aksara 1. Bédana, dina pangajaran ieu mah taya latihan nuliskeun fonem vokal rangkap kawas dina Diajar Maca 1.

30. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

I. NUDUHKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

31. Murid sina nuduhkeun barang sakumaha nu ditugaskeun dina buku pangajaran.

32. Alusna mah guru nyadiakeun gambar minngka alat peraga anu ngebrehkeun rupa-rupa barang sakumaha anu aya dina buku pngajaran.

33. Guru anu méré paréntahna, terus ku murid sina dituduhkeun, bagilir saurang-saurang.

J. DIAJAR MACA 3

No. Kagiatan

34. Dina Maca Munggaran 3, murid diwanohkeun kana pola engang V-KVK. Cara ngéjahna angger ngagunakeun metodeu SAS.

35. Kecap nu diajarkeun geus mimiti dilegaan ambahanana. Konsép anu diajarkeun mimiti nincak ka nu abstrak. Cindekna lain nu mirupa barang nyata wungkul. Kitu deui dina warna kecapna, henteu ngan sawates kecap barang wungkul. Murid mimiti diwanohkeun kana kecap bilangan, kecap pagawéan, kecap sipat, jeung kecap kaayaan. Prak-prakanana mah sarua waé jeung diajar maca saméméhna.

Page 24: Buku guru sunda kls 1  2014

16 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

K. DIAJAR MACA 4

No. Kagiatan

37. Dina Diajar Maca 4, murid mimiti diwanohkeun kana pola engang KV-KVK. Kecap anu dipaké conto dina diajar ngéjah ngawengku ngaran barang kongkrit, tur diwuwuh ku ilustrasi gambar.

38. Dina ngajarkeun pola engang KV-KVK, posisi saban fonem boh vokal boh konsonan mimiti dilegaan. Aya kecap anu sarua vokalna, tapi béda konsonanana.

1. Dua kecap anu ngandung dua vokal tur sarua susunananana, tapi béda konsonanana,

contona: é – a : pérak – létak a – u : manuk – balur i – a : jidar – rikat a – i : rakit – kasir o – a : solar – solat 2. Dua kecap anu béda vokalna, tapi sarua susunan konsonanana, contona: l – t – k : létak – loték j – k – t : jukut – jékét

3. Dua kecap anu diwangun ku savokal, tapi béda konsonanana, contona: a – a : dahar – sabar i – i : mikir – kirim u – u : subur – jukut é – é : bérés – lébér o – o : botol – lohor

39. Saterusna murid diwanohkeun kana kecap anu diwangun ku tilu engang, polana KV-KV-KV, KVK-KV-KV, jeung KV-KV-KVK. Prak-prakan ngajarkeunana mah sarua waé jeung dina pangajaran diajar maca saméméhna.

Page 25: Buku guru sunda kls 1  2014

17Bab 2 Pituduh Husus

L. LATIHAN NULIS

No. Kagiatan

40. Pangajaran 1 dipungkas ku latihan nulis. Anu kudu disalin ku murid téh kalimat anu diwangun ku tilu engang, kabéhna aya sapuluh kalimah.

41. Ku guru dicontoan heula cara nuliskeunana dina bor, terus ku murid sina diturutan. Murid migawé ieu pancén téh dina buku tugas masing-masing.

42. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipenteun.

Page 26: Buku guru sunda kls 1  2014

18 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

PANGAJARAN 2

Tema : Bahan : Téks jeung gambarWaktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Tatahapan dina Pangajaran 2 masih kénéh sarua jeung dina pangajaran saméméhna. Dimimitian ku aspék ngagunakeun basa nu pangbasajanna, nyaéta ngaregepkeun. Ti dinya disambungku aspék nyarita, terus maca, jeung mungkaskeunana nulis.

Dina pangajaran maca, murid diwanohkeun kana fonem vokal “e”, jeung fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y”. Dina diajarna, murid mimiti diwanohkeun kana konsép kabasaan anu leuwih kompléks. Dina diajar maca, teu salawasna dicukangan ku gambar, tapi langsung kana ungkara kecapna.

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Guru nerangkeun, ayeuna urang dialajar deui basa Sunda. Mimitina urang nyaritakeun pangaresep. Murid sina maruka buku pangajaranana. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.

2. Guru némbongkeun gambar japati jeung kelenci. Ti dinya terus nanya ka murid, ari ieu gambar naon? Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh japati jeung kelenci bogana Tisna nu sok biasa disebut Aa téa. Tisna téh karesepna ngukut sasatoan.

3. Guru maca téks nu judulna “Resep Miara Sato”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana.

4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui yén lamun urang resep miara sasatoan, peupeujeuh kudu diurus kalawan tulatén, kawas Tisna. Ulah tepi ka poho maraban, jeung kandangna kudu diberesihan. Lamun miaran teu bener, matak jadi dosa éta téh.

Page 27: Buku guru sunda kls 1  2014

19Bab 2 Pituduh Husus

5. Guru nanya ka murid, saha anu di imahna ngukut sasatoan? Sato naon waé anu dikukut téh? Jawaban murid tangtuna gé rupa-rupa. Mungkin aya anu ngukut hayam, manuk, lauk, jeung sajabana. Jawaban murid téh pikeun nyukangan pedaran matéri saterusna.

B. NGEDALKEUN OMONGAN

No. Kagiatan

6. Satutasna ngabandungan carita ngeunaan Tisna anu karesepna miara sasatoan, murid sina ngajarawab pertanyaan patali jeung eusi éta carita.

7. Pertanyaanana dibaca ku guru, sina bagilir dijawab ku murid. Jawabanana téh aya anu persis sakumaha ceuk dina wacana, aya deuih anu dumasar kana kaweruh murid.

8. Hiji pertanyaan bisa waé dijawab ku sababaraha murid. Pertanyaan jeung jawaban salengkepna kieu: 1. miara sato naon waé tisna téh jawabanana: japati jeung kelenci

2. ari anak japati disebut naon jawabanana: piyik

3. hidep apal naon ari parab japati jawabanana: jagong, bangsal, atawa béas

4. kelenci tisna téh paméré ti saha jawabanana: paméré ti komar

5. kumaha ari warna buluna jawabanana: barodas

6. naon maksudna sajodo téh jawabanana: jalu jeung bikang

7. kumaha tisna téh miara satona jawabanana: mani tulatén

8. matak jadi kumaha mun elat maraban jawabanana: matak jadi dosa

Page 28: Buku guru sunda kls 1  2014

20 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

C. DIAJAR MACA 1

No. Kagiatan

9. Dina Diajar Maca 1, murid diwanohkeun kana fonem vokal “e”, fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y”.

10. Saméméh prak diajar maca, guru némbongkeun/nuduhkeun gambar emur, peti, sugu, cau, sawah, jeung kuya, bari disebutkeun hiji-hijina.

11. Guru mimiti ngéjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna, ngagunakeun métodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

12. Guru nugaskeun murid tanpa dicontoan heula pikeun ngéjah aksarana. Mimiti anu maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

D. NULISKEUN AKSARA

No. Kagiatan

13. Murid diwanohkeun kana aksara tulis. Guru kudu nyadiaken heula alat peraga pikeun ngajarkeun cara nulisken fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha anu geus diajarkeun. Kecap anu kudu ditulis téh nyaéta anu ngandung fonem vokal jeung fonem konsonan sakumaha nu geus diajarkeun dina Diajar Maca 1.

14. Murid sina nyalin kecap dina buku tugas masing-masing. Saméméhna ku guru dicontoan heula cara nulisna.

15. Fonem vokal “e” ukur bisa nempatan awal atawa tengah kecap, teu bisa dina posisi tungtung. Ari fonem konsonan “p”, “g”, “c”, “w”, jeung “y” mah bisa nempatan posisi di awal, di tengah, jeung di tungtung kecap.

16. Hasil pagawéan murid dipariksa ku guru, terus dipeunteun.

E. DIAJAR MACA 2

No. Kagiatan

17. Guru némbongkeun/nuduhkeun gambar sendal, lancah, kuéh, kaos, Ambu, Érni, éntog, jeung uncal. Éta kecap téh diwangun ku dua engang, polana KVK-KVK, KV-VK, VK-KV, jeung VK-KVK.

Page 29: Buku guru sunda kls 1  2014

21Bab 2 Pituduh Husus

18. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

F. DIAJAR MACA 3

No. Kagiatan

19. Mun dina diajar maca saméméhna ngagunakeun gambar pikeun alat peragana, dina Diajar Maca 3 mah langsung waé kana ungkara kecap.

20. Anu kudu diéjah téh kecap tilu engang, polana KV-V-KV (piala), KV-KV-V (radio), AK-KV-KV (aksara), V-KVK-KV (arimbi), KV-KV-VK (kiloan), KV-KVK-KV (karamba), KV-KVK-KVK (tarumpah), jeung KVK-KV-KVK (komputer).

21. Guru nyontoan macana, kalawan prak-prakanana kawas pangajaran anu ti heula waktu ngajarkeun diajar maca. Murid sina ngaregepkeun, terus sina nurutan ngucapkeun. Mimitina babarengan, terus saurang-saurang.

G. NGUNIKEUN KECAP

No. Kagiatan

22. Ieu pangajaran téh tujuanana pikeun ngalatih murid dina ngunikeun kecap, tepi ka sora fonem vokal nu diucapkeun téh tétéla bédana. Dina hal ieu, béda antara ngunikeun “é” jeung “e”, upamana dina kecap dua engang “kéré” jeung “keré”. Aya kecap anu foném vokalna “é – é”, “e – é”, jeung “e – e”.

23. Ku guru dicontoan cara ngucapkeunana, geus kitu murid sina babarengan nurutan, terus saurang-saurang.

H. MACA KALIMAH

No. Kagiatan

24. Ieu pangajaran mangrupa tuluyna tina anu saméméhna. Bédana, anu kudu dibaca ku murid téh ayeuna mah ungkara kalimah basajan. Sajaba ti pikeun latihan diajar maca, patali jeung kamampuh dina ngunikeun kecap deuih.

Page 30: Buku guru sunda kls 1  2014

22 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

25. Dina ieu pangajaran murid mimiti diwanohkeun kana prosés robahna kecap, nyaéta tina kecap barang jadi kecap pagawéan (poé – moé, baju – dibaju), tur kumaha larapna dina kalimah. Tangtu waé hal éta mah teu kudu diterangkeun, ukur pikeun kaweruh guru wungkul. Murid mah cukup sina maca wungkul, tur éta ogé bari dituyun ku guru.

26. Kalimahna ku guru dibaca, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid ngucapkeun kalimahna babarengan, geus kitu terus sina saurang-saurang.

I. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

27. Pangajaran Latihan Ngalengkepan Kalimah téh sina dipigawé sacara tinulis dina buku tugas séwang-séwangan.

28. Murid ngan kari nuliskeun kecap dina bagian anu dikosongkeun sangkan kalimahna jadi lengkep. Dina buku pangajaran geus disayagikeun conto cara migawéna. Saméméhna ku guru diterangkeun heula cara-carana kalawan jéntré.

29. Ieu latihan téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nuliskeun kecap, tepi ka tétéla bédana antara vokal “é” jeung “e”.

30. Hasil pagawéan murid kudu dipariksa ku guru, jeung kudu dibéré peunteun. Anu jadi patokan dina meunteun téh bener-henteuna nuliskeun kecap.

J. LATIHAN NYALIN KALIMAH

No. Kagiatan

31. Murid mimiti diwanohkeun kana pangajaran nyalin sagemblengna kalimah, sok sanajan ukur kalimah basajan anu diwangun ku tilu kecap, tur saban kecapna diwangun ku dua engang. Ieu pangajaran téh patali jeung aspék nulis dina kagiatan ngagunakeun basa.

32. Anu kudu disalin kabehna aya dalapan kalimah. Aya anu polana subyék jeung prédikat wungkul, aya deuih anu ditambahan ku obyék.

33. Murid migawéna dina buku tugas masing-masing. Saméméhna ku guru dicontoan heula cara migawéna. Ieu tugas téh bisa waé sina dipigawé di imah, tur minggu hareupna dipariksa.

34. Hasil pagawéan murid dipariksa rapih-henteuna jeung bener-henteuna, terus ku guru dibéré peunteun.

Page 31: Buku guru sunda kls 1  2014

23Bab 2 Pituduh Husus

K. NYARITAKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

35. Murid sina diajar nyarita sanggeus maranéhna niténan gambar anu patali jeung migawé pangaresep. Ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula gambarna. Aya tilu budak, nyaéta Nastiti, Koswara, jeung Soléh.

36. Ku guru diterangkeun, Nastiti karesepna ngurus taman hareupeun imahna. Di taman téh loba tangkal kembang. Saban poé ku Nastiti sok dicébor. Kembangna sok dipetikan, terus dipaké papaés dina luhur méja tamu. Ari Koswara mah karesepna kana langlayangan. Sok nyieun sorangan, tara meuli. Biasana pasosoré Koswara sok ngapungkeun langlayangan di lapang. Di dinya téh tempat ngumpulna barudak anu ngadon arulin. Ari Soléh mah karesepna ulin paparahuan di sisi balong. Sarua Soléh ogé sok nyieun paparahuan sorangan. Lain paparahuan meunang meuli.

37. Sajeroning dicaritakeun téh, ku guru bari ditémbongkeun/dituduhkeun gambarna, murid sina ngabarandungan. Geus kitu murid sina nyaritakeun deui, ngagunakeun basana sorangan.

38. Saban murid dibéré tugas nyarita, ku guru dipeunteun, tepi ka lebah mana kamampuh maranéhna dina napsirkeun gambar.

L. LATIHAN NULISKEUN PANGARESEP

No. Kagiatan

39. Sanggeus diajar nyarita, saterusna murid sina diajar nuliskeun pangaresep masing-masing. Anu ditulis ku murid téh ukur dina tahap anu paling basajan. Dina nuliskeunana téh bari dicukangan heula. Cindekna murid mah ngan kari nuliskeun sakecap, sangkan kalimahna jadi lengkep.

40. Murid sina niténan contona, bari ku guru terus diterangkeun, kumaha cara nuliskeunana. Anu dipaké nyukangan murid nuliskeun pangaresepna téh aya lima kalimah, nyaéta: 1. abdi resep kana ___________ 2. tempatna sok di ___________ 3. ari waktuna tabuh __________ 4. biasana dina poé __________ 5. alat anu dipakéna __________

Page 32: Buku guru sunda kls 1  2014

24 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

41. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Murid dibéré kasempetan pikeun nanyakeun atawa ménta bantuan ka kolotna atawa ka lanceukna. Minggu hareupna, pagawéan murid dipariksa ku guru.

42. Naon anu ditulis ku murid tangtuna gé rupa-rupa. Hasil pagawéan maranéhna terus dibéré peunteun.

Page 33: Buku guru sunda kls 1  2014

25Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 3

Tema : KagiatanBahan : Téks jeung gambarWaktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Téma dina Pangajaran 3 téh ngeunaan kagiatan. Maksudna, kagiatan anu patali jeung diri murid. Pikeun nyumponn éta téma, anu diajarkeun téh ngeunaan kagiatan saban isuk dina rék indit ka sakola, jeung kagiatan salila diajar. Lian ti éta, dina wacana séjénna diwanohkeun wacana anu midangkeun kagiatan olahraga. Pikeun ngalengkepanana, ditambahan ku téks paguneman.

Dina pangajaran ayeuna, hususna dina Diajar Maca, murid diwanohkeun kana vokal “eu” jeung konsonan “ng”. Prak-prakan ngajarkeunana teu béda ti pangajaran saméméhna.

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.

2. Guru némbongkeun gambar barudak di buruan sakola, jeung gambar dua budak keur laleumpang, indit ka sakola. Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh Tisna atawa nu sok biasa disebut Aa téa. Tisna téh indit ka sakolana sok bareng jeung Oki, batur sakelasna.

3. Guru maca téks nu judulna “Indit ka Sakola”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana.

4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui kumaha kagiatan Tisna jeung Oki saban isuk dina waktu rék indit ka sakola. Kudu disabit-sabit kumaha suhudna éta dua budak dina rék indit ka sakola, tepi ka tara kungsi kabeurangan. Terus deuih dicaritakeun, kumaha ari pangajaran geus dimimitian. Sakabéh murid saregep diajar, tara aya anu heureuy atawa malaweung.

Page 34: Buku guru sunda kls 1  2014

26 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

B. NYARITAKEUN KAGIATAN

No. Kagiatan

5. Pikeun ngukur tepi ka mana kamampuh murid dina mahamkeun carita, maranéhna sina ngajawab pertanyaan patali jeung eusi téks anu dibaca ku guru.

6. Éta pertanyaan sina bagilir dijawab ku murid. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid. Kabéh murid kudu meunang giliran. Sabot aya murid nu ngajawab, murid séjénna sina ngabarndungan.

7. Pertanyaan jeung jawabanana téh kieu:

1. saha nu disampeur ku tisna téh jawabanana: oki

2. naha inditna sok laleumpang jawabanana: sabab deukeut

3. naon sababna tara kabeurangan jawabanana: sabab tara léléda

4. kumaha mun keur kagiliran pikét jawabanana: inditna sok tanginas

5. kumaha ngabagi giliran pikét téh jawabanana: kabéh kagiliran saminggu séwang

6. naon sababna diajar kudu saregep jawabanana: sabab diajar mah teu meunang bari heureuy

7. naha di kelas teu meunang garandéng jawabanana: matak ngaganggu kana diajar

8. naha di kelas ulah silih balédog jawabanana: bisi matak cilaka

8. Anu diregepkeun ku murid, katut jawaban maranéhna kana saban pertanyaan di luhur kabéh gé patali jeung kagiatan tokoh Tisna katut Oki. Saterusna murid sina nyaritakeun pangalaman kagiatan dirina sorangan. Pok-pokan guru dina nugaskeun nyaritakeun kagiatan, upamana:“Kumaha ari kagiatan hidep sapopoé? Cing pék ku hidep caritakeun. Carana mah jawab waé pananya anu aya di handap. Tangtu hidep bakal bisa nyaritakeun kagiatan sorangan.”

9. Kagiatan anu dicaritakeun ku murid tangtu moal persis sarua. Éta nu dipiharep, sangkan maranéhna ludeung nyarita.

Page 35: Buku guru sunda kls 1  2014

27Bab 2 Pituduh Husus

10. Matéri pertanyaan pikeun nyukangan murid sina nyaritakeun kagiatan nu karandapan ku dirina téh kieu: 1. tabuh sabaraha hidep ka sakola 2. sok bareng jeung saha ari inditna 3. jauh henteu ti imah ka sakola téh 4. méméh ka kelas sok naon heula 5. terus ka mana bubar ti sakola téh 6. di imah naon waé nu dipigawé 7. iraha hidep ulin jeung babaturan 8. hidep resep kana kaulinan naon

11. Alus pisan mun saban murid boga kasempetan ngajawab sakabéh pertanyaan, sabab bakal kagambar leuwih écés naon waé kagiatan maranéhna sapopoé. Tapi dina kondisi waktu teu nyukupan, bisa wé saban murid ukur ngajawab dua pertanyaan.

C. DIAJAR MACA 1

No. Kagiatan

12. Ngajarkeun matéri Diajar Maca 1 masih kénéh dituyun ku guru. Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana vokal “eu”. Dina basa Sunda, ieu vokal téh bisa nempatan posisi di hareup (eurih), di tengah (careuh), jeung di tukang (sampeu).

13. Guru némbongkeun gambar eurih, careuh, jeung sampeu, katut katerangan kecapna. Ku murid sina ditengetan, terus guru nanya, “Ari ieu gambar naon?” bari nuduhkeun. Murid sina ngajarawab.

14. Guru mimiti ngéjah aksara sakumaha anu aya di handapeun gambarna, ngagunakeun métodeu SAS, murid sina nurutan. Mimiti anu nurutan maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

15. Guru nugaskeun murid tanp dicontoan heula pikeun ngéjah aksara. Mimiti anu maca téh saréréa, geus kitu sina saurang-saurang.

16. Mun katimbang geus lancar, ngéjahna diteruskeun kana anu dua kecap. Ieu ogé sarua, mimitina saréréa sina bareng, geus kitu sina saurang-saurang.

17. Saterusna guru ngawanohkeun konsonan “ng”. Pikeun nyukanganana, guru némbongkeun gambar buah jeung gambar bango.

18. Prak-prakanana teu béda ti waktu ngajarkeun ngéjah “eu”, boh dina métodeuna boh dina nugaskeun ka murid pikeun maca kecap anu geus nyampak.

Page 36: Buku guru sunda kls 1  2014

28 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

D. NGUCAPKEUN KECAP

No. Kagiatan

19. Ieu pangajaran Ngucapkeun Kecap téh maksudna mah sangkan murid béntés dina ngunikeun sora-sora basa, utamana vokal “eu” jeung konsonan “ng”.

20. Ku guru dibaca per kecap, sina diturutan ku murid. Mimitina diturutanana téh ku saréréa, terus sina ku saurang-saurang.

E. MACA KALIMAH 1

No. Kagiatan

21. Murid diwanohkeuh kana pangajaran maca kalimah basajan. Ieu pangajaran téh patali jeung anu saméméhna, nyaéta latihan ngucapkeun kecap kalawan béntés. Utamana ngabédakeun kecap anu ngagunakeun vokal “é”, “e”, jeung “eu”.

22. Kecap anu dipaké conto téh nyaéta: lebet jeung leubeut, bener jeung beuneur, énténg jeung eunteung, hideng jeung hideung”.

23. Conto kecap anu bieu ditataan téh mimitina diucapkeun heula ku guru, sina diturutan ku murid. Kudu diperhatikeun sangkan anu diunikeun ku murid téh tétéla bédana.

24. Saterusna guru maca kalimahna, sina dibarandungan ku murid. Guru maca per kalimah, terus sina diturutan ku murid. Mimitina murid anu nurutan téh saréréa, geus kitu sina ku saurang-saurang.

F. LATIHAN NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

25. Pangajaran Latihan Ngalengkepan Kalimah téh sina dipigawé sacara tinulis dina buku tugas séwang-séwangan.

26. Murid ngan kari nuliskeun kecap dina bagian anu dikosongkeun sangkan kalimahna jadi lengkep.

27. Ieu latihan téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nuliskeun kecap, tepi ka tétéla bédana antara vokal “é”, “e”, jeung “eu”.

28. Hasil pagawéan murid kudu dipariksa ku guru, jeung kudu dibéré peunteun. Anu jadi patokan dina meunteun téh bener-henteuna nuliskeun kecap.

Page 37: Buku guru sunda kls 1  2014

29Bab 2 Pituduh Husus

G. DIAJAR MACA 2

No. Kagiatan

29. Dina pangajaran Diajar Maca 2 anu kudu diéjah téh kecap anu diwangun ku opat engang, nyaéta balédésa, kacapanon, panonpoé, sandiwara, olahraga, babakaur, katumbiri, jeung majaléngka.

30. Anu kudu dibaca téh kecap kantétan anu diwangun ku dua kecap. Ngajarkeunana masih kénéh kudu dituyun ku guru. Kecapna dibaca ku guru, murid sina nurutan. Prak-prakan ngajarkeunana mah teu béda ti anu enggeus-enggeus.

H. MACA KALIMAH 2

No. Kagiatan

31. Tina diajar maca kecap kantétan, saterusna murid dibéré deui pangajaran maca kalimah anu kecapna aya anu diwangun ku opat engang.

32. Kalimah anu kudu dibaca téh kabéhna aya dalapan. Prak-prakanana teu béda ti nu enggeus-enggeus.

I. MACA BEDAS

No. Kagiatan

33. Murid diwanohkeun kana téks winangun wacana. Témana masih ngébréhkeun kagiatan, dina hal ieu nyaéta olahraga.

34. Ieu wacana téh sina dibaca bedas ku murid. Prak-prakanana dituyun ku guru. Dibaca sajajar-sajajar, murid sina nurutan.

35. Saluyu jeung judulna, eusi ieu wacana téh nyaéta nyaritakeun gunana olahraga: penting pikeun kaséhatan, ngalantarankeun urang jadi gumbira, nambahan kawawuhan, jeung ngaraketkeun duduluran.

36. Ngeunaan gunana olahraga ku guru terus diterangkeun, naon anu dimaksud kaséhatan, timbulna rasa gumbira, jeung nambahan kawawuhan katut ngaraketkeun duduluran. Guru bisa tumanya, upamana: “Ari hidep sok olahraga naon? Reesep henteu?” Jeung saterusna. Murid sina ngajarawab dumasar kana pangalaman atawa pamanggihn masing-masing.

Page 38: Buku guru sunda kls 1  2014

30 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

J. NGEDALKEUN JAWABAN

No. Kagiatan

37. Pikeun ngukur kamampuh dina nyangkem eusi wacana, murid sina ngajarawab

pertanyaan sacara lisan.

38. Pertanyaanana dibaca ku guru, terus sina dijawab ku murid, saurang-saurang.

Hiji pertanyaan bisa waé diasongkeun ka sababaraha murid.

39. Jawaban murid kudu dipeunteun. Pikeun patokan guru dina meunteun bisa

dititénan ieu di handap.

1. di mana senam poé ahad téh tempatna

jawabanana: di lapang balédésa

2. tabuh sabaraha nu rék senam karumpulna

jawabanana: tabuh tujuh

3. sok maraké naon anu mariluan senam téh

jawabanana: maraké baju jeung sapatu olahraga

4. naha ari barudak ogé sok miluan senam

jawabanana: sabab barudak ogé resepeun

5. penting pikeun naon ari olahraga téh

jawabanana: pikeun kaséhatan

6. mun olahraga naha matak jadi gumbira

jawabanana: sabab bisa nambah kawawuhan

7. penting henteu mun urang loba sobat

jawabanana: penting

8. naon waé gunana mun urang loba sobat

jawabanana: pikeun silih tulungan

9. ari kagiatan hidep sapopoé naon waé

jawabanana dipasrahkeun kana pangalaman murid séwang-séwangan

10. di mana tempatna mun hidep olahraga

jawabanana dipasrahkeun kana pangalaman murid séwang-séwangan

Page 39: Buku guru sunda kls 1  2014

31Bab 2 Pituduh Husus

K. MACA PAGUNEMAN

No. Kagiatan

40. Murid diwanohkeun kana téks winangun wacana paguneman. Kabéhna aya dua judul. Kahiji, judulna “Miluan Senam”, palakuna papada awéwé, nyaéta Yanti jeung Sinta. Kadu, judulna “Piknik ka Ciwidéy”, palakuna papada lalaki, nyaéta Pandu jeung Irman.

41. Ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula gambarna, bari diterangkeun éta téh gambar naon waé.

42. Guru nyontoan maca saban wacana, ku murid sina diturutan ngucapkeunana, babarengan. Geus kitu sina diturutan ku saurang-saurang.

L. LATIHAN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

43. Saterusna guru méré tugas molahkeun paguneman di hareupeun kelas. Pikeun paguneman kahiji, anu dibéré tugas téh murid awéwé, saha anu jadi Yanti, jeung saha anu jadi Sinta. Pikeun paguneman kadua, anu dibéré tugas téh murid lalaki, saha anu jadi Pandu, jeung saha anu jadi Irman.

44. Alus pisan mun dina kagiatan molahkeun paguneman téh murid sina maca téks sorangan. Tapi pikeun murid anu tacan lancar mah bisa bari dituyun ku guru.

45. Sajeroning dua murid keur molahkeun paguneman, murid séjénna sina ngabarandungan.

Page 40: Buku guru sunda kls 1  2014

32 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

PANGAJARAN 4

Tema : KulawargaBahan : Téks jeung gambarWaktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Saluyu jeung témana ngeunaan kulawarga, dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana lingkungan anu leuwih lega. Maranéhna dipiharep bisa nataan anggota kulawargana masing-masing. Lian ti éta, dina ngipuk karakter positif, murid bisa nempatkeun dirina kalawan bener dina kahirupan kulawargna, utamana dina nerapkeun étika.

Dina diajar maca, murid mimiti diwanohkeun kana fonem konsonan “ny”. Ti dinya ditéma ku latihan nuliskeunana. Masih kénéh dina diajar maca, murid dilalanyahan sina maca bedas, dumasar kana anggapan yén maranéhna geus bisa ngéjah aksara

A. NGAREGEPKEUN CARITA

No. Kagiatan

1. Murid maruka buku pangajaran basa Sunda. Ku guru diroris heula bisi aya anu salah muka kacana.

2. Guru némbongkeun gambar kulawarga Tisna anu keur tumpak délman. Aya lanceukna, aya adina, aya ibuna, jeung aya apana. Ku guru dijelaskeun heula yén ieu téh kulawarga Tisna, terus dituduhkeun hiji-hijina.

3. Guru maca téks nu judulna “Kulawarga Tisna”. Murid sina ngaregepkeun. Mimiti dibaca per kalimah, murid sina nurutan ngucapkeun. Geus kitu dibacana dua kalimah, dua kalimah. Ieu gé sarua ku murid sina diturutan ngucapkeunana.

4. Saréngséna ngaragepkeun téks anu dibaca ku guru, murid sina ngaregepkeun pedaran saterusna. Ku guru dicaritakeun deui kumaha layeutna Tisna sadudulur. Leuwih jauhna hal ieu bakal dipedar dina bagian B. Ngabandungan Piwuruk.

Page 41: Buku guru sunda kls 1  2014

33Bab 2 Pituduh Husus

B. NGABANDUNGAN PIWURUK

No. Kagiatan

5. Pedaran ngeunaan piwuruk utamana pikeun nyumponan Kompeténsi Dasar 1.2.4 anu némbongkeun ayana sikep miduli jeung mikanyaah anggota kulawarga. Pedaran guru téh miangna tina wacana “Kulawarga Tisna”.

6. Guru nerangkeun hubungan dina lingkungan kulawarga. Aya indung jeung bapa, aya adi jeung lanceuk. Diterangkeun deuih kumaha sesebutan pikeun anak di hiji lingkungan kulawarga. Aya anu disebut cikal, panengah, jeung bungsu.

7. Saterusna guru nerangkeun kawajiban anggota kulawarga, boh kawajiban ka indung-bapa boh kawajiban ka dulur. Pikeun nyukanganana, guru bisa ngadadarkeun kaayaan di kulawarga Tisna, upamana waé:Tisna sadudulur layeut jeung alakur. Lanceuk kudu ngéléhan ka adi. Daék ngaping tur jadi picontoeun. Lanceuk ulah sok nyeurikan adi. Kitu deui adi ogé ulah ngalawan jeung maséaan lanceuk. Ulah bedegong atawa mawa karep sorangan.Tisna ka dulurna tara korét. Ka batur sarua tara kitu deuih. Hidep ogé kudu béréhan jeung daék tutulung. Dibarung ku iklas. Jalma nu resep dipuji sok adigung. mun nyarita sok sombong.Hidep ogé tangtu sarua kitu. Ari jeung dulur teu meunang paséa. Nya jeung batur gé sarua ulah kitu peta. Jalma nu resep paséa téh goréng kacida. Komo mun bari jeung harak atawa resep ngaganggu batur mah. Engkéna moal aya nu daékeun maturan.

8. Guru terus nerangkeun kawajiban lanceuk ka adi, jeung kawajiban adi ka lanceuk, upamana: Mun hidep jadi lanceuk kudu picontoeun adi. Ulah bangor jeung carékeun. jeung ulah sok ngaheureuyan adi deuih. Malah mun adi ceurik téh kudu gancang sina répéh. Kudu daék ngasuh deuih. Pék ajakan ulin tapi ulah nu matak jadi cilaka.Upama hidep jadi adi kudu nurut ka lanceuk. ulah sok ngalawan jeung ulah ogoan. Kudu daék mantuan lanceuk deuih. Mun lanceuk keur bébérés ku urang kudu dibantuan. Entong ngadagoan dititah heula. Kudu hideng sorangan.Alus pisan mun hidep ngapalkeun babarengan. Mun aya sual anu tacan ngarti pék tanyakeun ka lanceuk. Engké ogé ku lanceuk bakal diterangkeun sabisana. Kadé poho hidep ngucapkeun nuhun.

Page 42: Buku guru sunda kls 1  2014

34 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

9. Saterusna, anu paling utama, nerangkeun kawajiban anak ka indung-bapana. Anu paling penting urang kudu nurut ka indung jeung ka bapa. Naséhat indung bapa téh jadi tuduh jalan kana kahadéan. Urang kudu hormat némbongkeun sopan santun. Ulah sok mungpang atawa ngalawan. Komo mun wani nyentak mah. Apan éta téh kolot urang. Kanyaah indung jeung bapa taya watesna. Sakur piwurukna kudu diregepkeun jeung dipigawé. Éta téh sangkan urang salamet dunya ahérat. Indung jeung bapa tangtu miharep urang jadi budak anu soléh. Di sakola jadi murid anu pinter.

10. Pedaran ngeunaan piwuruk téh bakal kasabit deui dina bagian saterusna. Murid dibéré tugas sina ngébréhkeun pamanggihna ngeunaan kautamaan hirup di lingkungan kulawarga.

C. NGAJAWAB PANANYA

No. Kagiatan

11. Murid dibéré tugas ngajawab pertanyaan sacara lisan, pikeun ngukur kamampuh maranéhna dina nyangkem eusi wacana anu dibaca ku guru. Lian ti éta, ogé pikeun mikweruh sikep murid dina ngalaksanakeun kawajibanana dina kahirupan kulawarga.

12. Pertanyaanana dibaca ku guru, sina dijarawab ku murid, bagilir. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid.

13. Pertanyaan jeung jawaban anu kudu dipigawé ku murid téh kieu:

1. sabaraha urang dulurna tisna téh? jawabanana: duaan

2. saha anu nyeplés pisan ka tisna? jawabanana: jayadi

3. naon anu dimaksud anak cikal? jawabanana: anak panggedéna

4. naon anu dimaksud anak bungsu? jawabanana: anak pangleutikna

5. kumaha ari tisna sadudulur téh? jawabanana: layeut alakur

6. kudu kumaha ari lanceuk ka adi? jawabanana: daék ngaping jeung jadi conto

Page 43: Buku guru sunda kls 1  2014

35Bab 2 Pituduh Husus

7. kudu kumaha ari adi ka lanceuk?

jawabanana: kudu nurut jeung ulah ngalawan

8. alus henteu ari jalma korét téh?

jawabanana: henteu

9. naséhat saha anu wajib diturut téh?

jawabanana: naséhat indung jeung bapa

10. bakal jadi kumaha mun urang nurut?

jawabanana: bakal salamet dunya ahérat

D. NGANGGEUSKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

14. Murid dibéré tugas nganggeuskeun kalimah dumasar kana pedaran guru ngeunaan piwuruk anu patali jeung kawajiban anggota kulawarga. Anu kudu dipigawé ku murid téh kabéhna aya sapuluh sual.

15. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Gedé kamungkinan dina migawéna téh bakal bari dituyun ku kolotna atawa ku lanceukna. Dina minggu hareupna, hasil pagawéan murid dipariksa saurang-saurang, terus dipeunteun.

16. Pikeun padoman dina méré peunteun, bisa dititénan ieu di handap:

1. ari jeung dulur teu meunang paséa

2. budak harak moal aya nu maturan

3. lanceuk kudu bisa méré conto ka adi

4. ari ka adi urang téh kudu daék ngasuh

5. lanceuk ulah sok bangor jeung carékeun

6. urang ulah ulin anu matak jadi cilaka

7. mun lanceuk keur digawé kudu dibantuan

8. alus pisan mun bisa ngapalkeun babarengan

9. mun urang dibantuan kudu nyebut nuhun

10. kanyaah indung jeung bapa urang taya watesna

Page 44: Buku guru sunda kls 1  2014

36 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

E. DIAJAR MACA

No. Kagiatan

17. Dina pangajaran ayeuna, murid diwanohkeun kana fonem konsonan “ny”. Ku guru dituduhkeun heula, bari dicontoan cara ngucapkeunana.

18. Kecap anu maké fonem konsonan “ny” dilarapkeun kana kalimah. Éta kalimah téh meunang nyutat tina matéri anu dipidangkeun saméméhna. Ku kituna, dina diajar maca ayeuna mah murid mimiti dilalanyahan ngéjah kalimah.

19. Ku guru dicontoan heula cara macana, murid sina nengetan. Geus kitu maranéhna sina nurutan sakur anu dibaca ku guru.

20 Murid dibéré tugas sina ngalalanyahan diajar maca sorangan, utamana dina ngéjah kecap anu ngandung fonem konsonan “ny”. Alusna mah sakabéh murid meunang giliran, sangkan bisa kanyahoan kamampuh macana.

F. NGÉJAH AKSARA BARI NUDUHKEUN GAMBARNA

No. Kagiatan

21. Aya dua tujuan nu kudu dihontal dina pangajaran ayeuna, nyaéta murid bisa maca, jeung sakaligus bisa nuduhkeun gambar dumasar kana kecap anu dibacana.

22. Aksara anu kudu diéjah téh aya dina kecap kantétan, kabéhna aya dalapan. Saméméhna ku guru ditémbongkeun/dituduhkeun heula gambar anu patali jeung éta kecap kantétan.

23. Anu kudu diéjah téh kecap anu diwangun ku dua jeung tilu engang, anu polana sakumaha anu geus diajarkeun dina pangajaran saméméhna.

24 Pikeun ngabeungharan kaweruh murid, ku guru kudu diterangkeun sakur kecap kantétan anu aya gambarna téa. Upamana waé: naon ari gunana sapu nyéré, anu kumaha ari anu dimaksud sayang rinyuh, naon ari manuk manyar, jeung bakal kumaha mun nyiruan nyeureud.

Page 45: Buku guru sunda kls 1  2014

37Bab 2 Pituduh Husus

G. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

25. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngucapkeun kalimah. Kahiji, dina lebah artikulasina tepi ka jéntré dina ngucapkeun saban fonem. Kadua, ngalatih dina ngagunakeun lentong atawa intonasi.

26. Kecap-kecap anu aya dina kalimah téh aya anu diwangun ku saengang, dua engang, jeung tilu engang. Dina saban kalimah aya kecap anu ngagunakeun fonem konsonan “ny”.

27. Guru ngucapkeun saban kalimah, terus ku murid sina diturutan. Mimiti babarengan, terus dipentés saurang-saurang.

H. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

28. Dina ieu pangajaran, murid sina ngeusikeun kecap kana bagian kalimah anu dikosongkeun. Kecap anu kudu dieusikeun téh geus disadiakeun, tur kabéhanana ngagunakeun fonem konsonan “ny”. Sina dipigawé dina buku tugas masing-masing.

29. Kecap anu ngagunakeun fonem konsonan “ny” dina ieu tugas téh aya dua rupa. Dina kelompok kahiji, sagemblengna kecap asal, kayaning penyu, anyar, konyal, nyiruan, jeung saterusna. Ari dina kelompok kadua mah kecap anu geus dirobah ku ngagunakeun rarangkén nasal, kayaning sugu jadi nyugu, susun jadi nyusun, surung jadi nyurung, jeung sajabana. Kadé murid bisi salah migawéna, anu kudu dieusikeun téh kecap anu geus maké rarangkén nasal, lain kecap asalna.

30. Ku guru dicontoan heula cara migawéna. Bagian kalimah anu kosong dieusian ku kecap, tepi ka jadi kalimah lengkep. Sanggeus kitu éta kalimah téh dibaca ku guru, sina dibarandungan ku murid.

31 Sakabéh murid migawé tugas, ku guru kudu diroris bisi aya anu tacan merenah dina prak-prakanana.

32. Mun geus bérés dipigawé, kalimah anu meunang ngalengkepan téh sina dibaca bedas, dibagilirkeun. Lamun murid katimbang héséeun kénéh, ku guru dicontoan cara macana.

Page 46: Buku guru sunda kls 1  2014

38 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

I. MOLAHKEUN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

33. Dina ieu pangajaran aya opat wacana anu kudu dipolahkeun ku murid. Kahiji, prak-prakan narima sémah. Kadua, nginjeum barang. Katilu, dititah balanja ka warung. Kaopat, diajakan piknik ku bibi. Ieu paguneman téh lumangsung dina basa ragam hormat, pikeun ngalatih murid dina ngagunakeun étika basa. Dipolahkeunana mah sacara basajan waé, teu kudu dibarung ku peta, tapi cukup dina lentongna.

34. Ku guru dicontoan heula cara ngucapkeun sakur paguneman, murid sina ngabarandungan. Paguneman anu kahiji ukur diwangn ku opat kalimah. Paguneman kadua jeung saterusna dipanjangan ku cara nambahan kalimahna.

35. Ku guru tangtukeun heula murid anu molahkeun hiji tokoh dina paguneman. Murid anu jadi tokoh paguneman téh sina maéa téksna, patémbalan. Lamun katimbang murid tacan lancar macana, ku guru dituyun heula.

36 Sajeroning murid molahkeun hiji tokoh dina paguneman, ku guru dititénan cara ngucapkeun saban kalimahna.

J. MACA BEDAS

No. Kagiatan

37. Dina ieu pangajaran, murid diwanohkeun kana sesebutan di lingkungan kulawarga. Ieu téh pikeun ngabiasakeun murid ngagunakeun étika basa di lingkungan kulawarga.

38. Guru nuduhkeun/némbongkeun bagan kulawarga. Di dinya ditétélakeun aya aki jeung nini, indung jeung bapa, jeung barudakna.

39 Guru maca téks anu judulna “Sesebutan di Lingkungan Kulawarga”, murid sina nurutan ngucapkeunana.

40. Guru nerangkeun pancakaki di éta lingkungan kulawarga dumasar kana éta gambar. Pedaran ngeunaan hal ieu diébréhkeun dina buku pangajaran anu ku murid sina dibaca bedas.

41. Sajaba ti hubungan pancakaki, bari diterangkeun deuih sesebutan atawa istilahna.

Page 47: Buku guru sunda kls 1  2014

39Bab 2 Pituduh Husus

K. NATAAN KULAWARGA JEUNG DULUR

No. Kagiatan

42. Satutasna meunang katerangan ngeunaan hubungan pancakaki katut sesebutanana, murid dibéré tugas nataan kaayaan kulawarga maranéhna masing-masing. Anu kudu disebutkeun téh ngaran indung-bapa, jumlah dulur katut ngaranna masing-masing, ngaran aki jeung nini, ngaran emang jeung bibi, jeung ngaran uwa.

43. Ieu tugas mun katimbang rada hésé, bisa waé sina dipigawé di imah masing-masing. Ku kituna, murid bisa nanyakeun heula ka kolotna. Jawabanana bisa waé dituliskeun dina buku tugas. Dipariksa ku guru dina minggu hareupna.

44 Hasil pagawéan murid sina dibaca, dibarandungan ku anu séjén. Ku guru kudu dipeunteun, dumasar kana lengkep henteuna jawaban anu ditulis terus dibaca. Bisa waé aya murid anu teu bogaeun emang jeung bibi, atawa teu bogaeun uwa. Bisa waé teu bogaeun adi, atawa teu bogaeun lanceuk deuih. Hal éta teu kudu matak ngurangan peunteun.

L. NATAAN KAAYAAN DI IMAH JEUNG SABUDEUREUNANA

No. Kagiatan

45. Patali jeung tugas nataan anggota kulawarga, murid sina sakalian nataan kaayaan di imah jeung sabudeureunana.

46. Anu ditanyakeun téh alamat imah, anggangna ka sakola, di buruan imah aya naon waé, ari keur di imah sok migawé naon, di mana ari diajar ngaji, kaulinan naon anu dipikaresep, jeung saha waé ulinna, jeung di mana tempatna.

47 Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Dipariksana minggu hareupna, sakumaha dina tugas nataan anggota kulawarga. Hasil pagawéa maranéhna kudu dipeunteun.

Page 48: Buku guru sunda kls 1  2014

40 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

PANGAJARAN 5

Tema : PangalamanBahan : Téks jeung gambarWaktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Pangjaran 5 henteu dimimitian ku kagiatan ngaregepkeun sakumaha biasana, tapi langsung kana maca bedas. Dina prakna maca geus teu ngagunakeun deui ngéjah maké métodeu SAS. Anu diéjah langsung kana engang. Kitu deui di antara kecap anu diéjah téh aya anu diwangun ku opat engang.

Saluyu jeung pameredih kompeténsi dasar, matéri anu dipidangkeun dina ieu pangajaran ngutamakeun aspék nyarita. Dina hal ieu, nyaritakeun hal-hal nu patali jeung pangalaman, hususna anu karandapan langsung ku diri murid.

Dina bagian panutupna, murid sina dialjr nembangken pupuh magatru

A. MACA BEDAS

No. Kagiatan

1. Téks anu kudu dibaca téh judulna “Nyaba ka Panyirapan”. Eusin nyaritakeun Tisna diajakan nyaba ka lembur akina di pilemburan. Ku maca ieu téks dipiharep kaweruh murid ngeunaan kaayaan lingkungan alam katut eusina bisa nambahan.

2. Guru méré conto ku maca sawatara kalimah dina téks, sina dibarandungan ku murid, terus sina nurutan.

3. Murid dititah maca téks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna ngabarandungan. Mimitina macana téh cukup sakalimah-sakalimah waé, ti dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.

4. Sakabéh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.

Page 49: Buku guru sunda kls 1  2014

41Bab 2 Pituduh Husus

5. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu patali jeung kaayaan alam. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna. Kahiji, dina ngabandungan pedaran pangalaman. Kadua, dina nyaritakeun pangalaman anu kungsi karandapan.

B. NGABANDUNGAN PEDARAN PANGALAMAN

No. Kagiatan

6. Dina ieu bagian, guru nerangkeun anu dimaksud pangalaman nyanyabaan, anu tangtu waé ku sakabéh murid ogé kungsi karandapan. Nyanyabaan téh di antarana aya anu patali jeung silaturahmi, upamana nganjang ka dulur atawa baraya. Lian ti éta, nyanyabaan bisa waé pikeun tujuan rékréasi atawa darmawisata.

7. Pangalaman Tisna diajak nyaba ka Panyirapan ku uana bisa dipedar leuwih lengkep, sakumaha anu dipidangkeun dina buku pangajaran. Matérina ngan kari dibaca ku guru, sina dibarandungan ku sakabéh murid.

8. Dina medar lalakon Tisna nyaba ka Panyirapan bisa waé ku guru divariasikeun jeung aspék séjénna, upamana kumaha pentingna miara alam.

9. Guru bisa tumanya ka murid, upamana saha waé anu kungsi nyaba, ka mana ngajugjugna, jeung kumaha resep henteuna. Ieu téh pikeun nyukangan kana pangajaran saterusna, waktu murid dibéré pancén nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku dirina.

C. NYARITAKEUN PANGALAMAN

No. Kagiatan

10. Dina ieu bagian, murid dités kamampuhna, tepi ka mana maranéhna nyangkem eusi téks anu geus dibaca bedas. Carana sina ngajawab pertanyaan patali jeung pangalaman Tisna diajakan nyaba ka Panyirapan.

11. Guru nyontoan kumaha prak-prakan ngajawabna. Saterusna mah saban pertanyaanana sina dibaca ku murid, tur langsung dijawab saharita.

Page 50: Buku guru sunda kls 1  2014

42 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

12. Éta pertanyaan katut jawabanana téh kieu:

1. ka mana tisna téh diajak nyabana jawabanana: ka panyirapan

2. saha ari ngaran nini jeung akina tisna téh jawabanana: nini rahmi jeung aki suganda

3. naon anu dipigawé ku akina tisna jawabanana: ngebon melak palawija

4. tangkal naon waé nu diarah buahna jawabanana: alpuket nangka peuteuy jeung limus

5. naon waé gunana tatangkalan téh jawabanana: miara sumber cai

6. kumaha di tempat nu taya tatangkalan jawabanana: hawana beresih tur seger jeung nambahan éndah

pamandangan

7. naha kanyaho tisna jadi nambahan jawabanana: sabab jadi nyaho kana kaayaan alam

8. naon sababna tisna betaheun di lembur akina jawabanana: sabab akina sok ngadongéng ngeunaan alam

9. naha tisna maké kudu mulang deui ka dayeuh jawabanana: sabab waktu peréna geus béak

10. rék kumaha mun engké tisna peré deui sakola jawabanana: rék nyaba deui ka lembur akina

8. Pikeun ngahudang minat murid dina nyaritakeun pangalaman nyanyabaan anu kungsi kaalaman ku dirina, guru bisa nerangkeun kieu heula:Anu dibaca bieu ku hidep téh pangalaman Tisna salila peré sakola. Tisna téh apan imahna di dayeuh atawa di kota. Ari akina Tisna matuh di lembur anu jauh ti kota. Kaayaan di kota mah ramé, béda jeung di lembur. Tapi najan kitu Tisna ngarasa betah. Hawana seger sabab loba tatangkalan. Kitu deui kaayaan alamna ogé éndah.Kanyaho Tisna jadi nambahan. Akina nerangkeun rupa-rupa tatangkalan. Loba gunana geuning tatangkalan téh. Miara tatangkalan sarua jeung miara lingkungan. Ngaruksak tatangkalan sarua jeung ngaruksak alam.Hidep ogé tangtu boga pangalaman anu matak resep. Kumaha tah pangalaman hidep téh? Di mana ari tempatna?

Page 51: Buku guru sunda kls 1  2014

43Bab 2 Pituduh Husus

9. Naon anu kudu dicaritakeun ku murid ngeunaan pangalaman anu kungsi karandapan ku dirina, dicukangan ku dalapan pertanyaan. Sakur murid sina ngajawab sacara lisan, dibagilirkeun saurang-saurang. Anu séjénna sina ngabarandungan. 1. harita hidep nyaba ka mana (murid sina nyebutkeun ngaran lokasi anu dijugjugna)

2. di mana éta téh tempatna (murid sina nyebutkeun wewengkonna aya di kabupatén mana)

3. jeung saha hidep inditna (murid sina nyebutkeun saha waé anu indit bareng jeung manéhna)

4. kumaha ari kaayaan di jalanna (murid sina nyaritakeun kaayaan anu katempo di jalanna)

5. aya naon waé di tempat anu dituju (murid sina nyaritakeun rupa-rupa obyek di tempat anu dijugjug)

6. naon waé anu nyababkeun hidep ngarasa resep (murid sina nyebutkeun alesan pangna resep ka tempat anu

dijugjugna)

7. meunang oléh-oléh naon hidep ti tempat nyaba (murid sina nataan oléh-oléh naon waé ti tempat anu dijugjugna)

8. naha hidep hayang deui nyaba ka éta tempat (murid sina nyebutkeun minat nyaba ka tempat anu dijugjugna)

10. Kamampuh murid dina nyaritakeun pangalaman dirina kudu dipeunteun. Aspék nu dipeunteunna di antarana ngawengku: sikep dina nyarita, kamampuh lancar henteuna nyarita, jeung matéri anu dicaritakeunana.

D. NYARITAKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

11. Anu dimaksud gambar di dieu téh saenyana potrét. Pangna milih potrét téh sangkan leuwih auténtik dina nyaritakeun kaayaan anu diébréhkeun dina éta potrét.

12. Guru némbongkeun/nuduhkeun potrét sakumaha anu aya dina buku pangajaran. Kahiji, potrét di kebon binatang. Kadua, potrét di sisi basisir.

Page 52: Buku guru sunda kls 1  2014

44 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

13. Guru nyaritakeun pangalaman Wéndi jeung Yunita patali jeung éta potrét. Wéndi piknik ka kebon binatang, diajakan ku lanceukna. Loba sasatoan anu asalna Wéndi teu nyaho. Geuning mani rupa-rupa pisan. Kaasup sasatoan anu geus langka. Di kebon binatang téh aya maung, gajah, banténg, biruang, uncal, jeung rupa-rupa sato lianna. Ari Yunita mah piknikna ka basisir. Pamandangan di sisi laut kacida éndahna. Yunita diajakan tumpak parahu. Saméméh balik Yunita meuli heula barang karajinan tina kerang keur oléh-oléh. Pangalaman Wéndi jeung Yunita bisa dititénan dina gambar. Kumaha ari kaayaan di kebon binatang, jeung kumaha ari pamandangan di sisi laut.

14. Sajeroning nyaritakeun pangalaman Wéndi jeung Yunita téh ku guru bari dituduhkeun potrétna. Murid sina saregep ngabandungan.

15. Saterusna guru méré tugas ka murid sangkan nyaritakeun deui pangalaman Wéndi jeung Yunita dumasar kana potrétna. Prak-prakanana mah bagilir waé saurang-saurang.

16. Dina waktu salah saurang murid keur nyarita, anu séjénna sina ngabarandungan.

E. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH PANANYA

No. Kagiatan

17. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngalisankeun kalimah pananya. Kahiji dina lentong atawa intonasina. Kadua, sangkan murid bisa ngagunakeun kecap pananya kalawan merenah.

18. Aya dua kecap pananya anu diajarkeun, nyaéta “saha” jeung “naon”. Ku guru diterangkeun gunana éta kecap pananya. Saha digunakeun pikeun nanyakeun jalma. Ari naon digunakeun pikeun nanyakeun barang atawa hiji kajadian nu patali jeung barang.

19. Mimitina dipidangkeun heula kalimah wawaran, terus disambung ku kalimah pananyana. Ku cara kieu dipiharep murid meunang gambaran anu jelas dina ngagunakeun kalimah pananya.

20. Boh kalimah wawaranana boh kalimah pananyana, ku guru dibaca heula, terus sina diturutan ku murid dina ngalantangkeunana. Saterusna mah bisa waé sina langsung dibaca ku murid.

21. Sakabéh murid kudu meunang giliran ngagalantangkeun kalimah pananya. Kudu diperhatikeun kumaha kamampuh murid dina ngalisankeunana, utamana nu patali jeung lentong atawa intonasi.

Page 53: Buku guru sunda kls 1  2014

45Bab 2 Pituduh Husus

F. NGALENGKEPAN KALIMAH KU KECAP PANANYA

No. Kagiatan

22. Pangajaran ngeunaan kalimah pananya dilegaan deui ku ditambahna kecap pananya séjénné, nyaéta “iraha”, “kumaha”, “sabaraha”, “di mana”, jeung “ti iraha”.

23. Ku guru diterangkeun heula gunana éta kecap pananya. Iraha pikeun nanyakeun hal-hal anu patali jeung waktu, kumaha pikeun nanyakeun hal-hal nu patali jeung cara atawa prak-prakan migawé pagawéan, sabaraha pikeun nanyakeun hal-hal anu patali jeung jumlah, jeung di mana pikeun nanyakeun hal-hal anu patali jeung tempat.

24. Dina ieu pangajaran, murid dibéré tugas ngalengkepan kalimah pananya ku kecap pananya anu geus disayagikeun. Sina dipigawé dina buku tugas masing-masing.

25. Hasil pagawéan murid kudu dipariksa, terus dipeunteun.

G. NYUSUN KECAP JADI KALIMAH

No. Kagiatan

26. Ieu pangajaran pikeun ngukur kamampuh murid dina nyusun kalimah. Alusna ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing waé. Minggu hareupna ku guru dipariksa.

27. Kalimah anu kudu disusun téh aya anu diwangun ku opat kecap, jeung aya anu lima kecap. Pikeun nuyun murid dina migawéna, dina buku geus ditulis kecap anu mimiti. Jadi murid mah ngan kari nuluykeun.

28. Ku guru dicontoan heula cara migawéna: sapéda – mardani – boga – minidisusun jadi kalimah: mardani boga sapéda mini

29. Hasil pagawéan murid dina minggu hareupna ku guru dipenteun. Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap: 1. juara – jadi – penca - ibrahim ibrahim jadi juara penca

2. ngaji – keur – nurjanah - diajar nurjanah keur diajar ngaji

Page 54: Buku guru sunda kls 1  2014

46 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

3. balik – déwi – olahraga – kakara déwi kakara balik olahraga

4. rék – kostaman – ménbal - latihan kostaman rék latihan ménbal

5. sedepmalem – melak – tangkal - ria ria melak tangkal sedepmalem

6. bénsin – iskandar – dititah – dagang iskandar dititah dagang bénsin

7. tukang – lukman – di buruan – sasapu lukman sasapu di buruan tukang

8. kuda – balap – resep – héryanti – lalajo héryanti resep lalajo balap kuda

9. carita – dina – pantun – purbasari – aya purbasari aya dina carita pantun

10. getol – sunat – puasa – jamaludin – pisan jamaludin getol pisan puas sunat

H. MIKAWANOH ISTILAH TEMPAT

No. Kagiatan

30. Dina téks anu nyaritakeun Tisna nyaba ka Panyirapan disabit-sabit sawatara istilah tempat. Saterusna murid diwanohkeun kana istilah tempat lianna anu dianggap mindeng kapanggih dina kahirupan sapopoé.

31 Istilah tempat nu kudu diwanohkeun téh nyaéta kota, kampung, taman, lapang, gunung, walungan, sawah, kebon, jurang, jeung talaga. Éta iétilah dilarapkeun dina kalimah sangkan leuwih babari kahartina ku murid. Hadéna mah ku guru diterangkeun saliwat, tur mun nyampak mah bari ditémbongkeun gambarna.

32. Dina prakna diajar, bisa waé sakur kalimah anu ngandung istilah tempat téh sina dibaca ku murid, dibagilirkeun.

Page 55: Buku guru sunda kls 1  2014

47Bab 2 Pituduh Husus

I. NGALENGKEPAN KALIMAH KU ISTILAH TEMPAT

No. Kagiatan

33. Nyambung jeung pangajaran di luhur, saterusna murid dibéré pancén ngalengkepan kalimah ku istilah tempat anu geus disayagikeun. Pikeun ngalengkepanana, murid ngan kari milih.

34 Ku guru dicontoan heula cara migawéna. Cukup sanomer atawa dua nomer waé tina sapuluh kalimah anu kudu dipigawé.

35. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna terus dibahas babarengan, jeung dipeunteun.

36. Kalimah anu geus dilengkepan téh kieu unina: 1. paré di sawah téréh dipanén 2. sakitu halodo gé sumur teu saat 3. cai di walungan palidna ka hilir 4. hawa di luhur gunung tiris pisan 5. di talaga ciremis loba wisatawan 6. barudak latihan maénbal di lapang 7. kamari aya mobil ragrag ka jurang 8. kendaraan di jalan raya mani tararik 9. pamayang ngala lauk di tengah laut 10. teu kudu éra najan imah di kampung

J. NEMBANGKEUN PUPUH

No. Kagiatan

38. Pangajaran 5 dipungkas ku nembangkeun pupuh magatru. Eusina nyaritakeun sasatoan anu aya di kebon binatang.

39 Rumpaka ieu pupuh mimitina sina dibaraca heula ku murid dina jero haté, sangkan maranéhna meunang gambaran ngeunaan eusina.

40. Guru nyontoan nembangkeunana, murid sina ngabarandungan. Dina prak-prakanana, nyontoan téh sapadalisan-sapadalisan heula, terus murid sina nurutan nembangkeunana. Geus kitu kakara ditingkatkeun jadi gembleng sapada.

41.. Murid sina nembangkeun éta pupuh babarengan, terus dipentés saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan.

Page 56: Buku guru sunda kls 1  2014

48 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

PANGAJARAN 6

Tema : Lingkungan SabudeureunBahan : Téks jeung gambarWaktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR

Téma dina Pangajaran 6 téh pikeun nyukangan tumuwuhna kaweruh ngeunaan alam jeung sikep positif murid dina miara alam. Murid sina wanoheun kana kaayaan di sabudeureun dirina, kaasup hal-hal nu patali jeung cuaca. Dina lebah tumuwuhna sikep, dipiharep murid kajurung pikeun babarengan miara alam di sabudeureun dirina.

Dina Pangajaran 6, murid diwanohkeun kana fonem konsonan rangkep. Kumaha macana, jeung kumaha nuliskeunana

A. MACA BEDAS

No. Kagiatan

1. Téks anu kudu dibaca téh judulna “Mimiti Usum Hujan”. Eusina nyaritakeun kaayaan di hiji tempat dina rék mimiti nincak usum hujan. Ku maca ieu téks dipiharep kaweruh murid ngeunaan kaayaan lingkungan alam katut eusina bisa nambahan, utamana anu patali jeung iklim.

2. Guru méré conto ku maca sawatara kalimah dina téks, sina dibarandungan ku murid, terus sina nurutan.

3. Murid dititah maca téks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna ngabarandungan. Mimitina macana téh cukup sakalimah-sakalimah waé, ti dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.

4. Sakabéh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.

5. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu patali jeung kaayaan alam dina usum hlodo jeung usum hujan. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna.

Page 57: Buku guru sunda kls 1  2014

49Bab 2 Pituduh Husus

B. NGABANDUNGAN PEDARAN MIARA LINGKUNGAN

No. Kagiatan

6. Dina ieu bagian aya pedaran anu kudu dibaca ku guru, sina dibarandungan ku murid. Wacanana ditulis dina wangun prosa déskripsi. Eusina nyaritakeun kaayaan alam, jeung kumaha kuduna dina lebah miarana sangkan teu ngadatangkeun mamala.

7. Ku guru dibaca masing antaré. Malah alusna mah tepi ka dua balikan, sangkan eusina enya-enya kacangkem ku murid.

8. Saréngséna dibaca terus diterangkeun. Bakal leuwih alus mun guru bisa némbongkeun sawatara gambar anu patali jeung miara alam.

9. diajak paguneman ngeunaan matéri anu bieu diterangkeun, upamana waé ku ngasongkeun pertanyaan anu patali jeung kaayaan di sabudeureun murid: 1) Lamun keur usum halodo, naha di tempat hidep sok hésé cai? 2) Lamun keur usm hujan, naha di tempat hidep sok banjir? 3) Naha di tempat hidep aya tempat pamiceunan runtah? 4) Ari runtahna sok terus dikumahakeun?

C. NGANGGEUSKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

10. Satutasna ngabandungan pedaran miara lingkungan, murid sina nganggeuskeun kalimah. Murid ngan kari ngeusian bagian anu dikosongkeun. Eusina mah cukup ku sakecap waé.

11. Ieu tugas téh pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem pedaran nu ditepikeun ku guru. Lian ti éta, pikeun ngukur katapis murid dina nuliskeun kalimah.

12. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus ku guru dipeunteun. Pikeun padoman dina meunteun, bisa dititénan ieu di handap: 1. dina usum hujan langit mindeng ceudeum 2. ari rék turun hujan hawa robah jadi panas 3. turunna hujan téh jadi rahmat pikeun kahirupan 4. dina usum hujan sumur sok pinuh deui caina 5. cai hujan kudu sina gancang nyerep kana taneuh 6. solokan jeung walungan teu ngalir lantaran kapengpet 7. tangkal kai anu rungkad matak bahaya lamun ninggang 8. ceuk dina aturan urang entong miceun runtah ka solokan

Page 58: Buku guru sunda kls 1  2014

50 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

D. DIAJAR MACA

No. Kagiatan

13. Guru némbongkeun/nuduhkeun gambar jangkrik, angklung, semprong, jeung congkrang. Guru nanya ka murid, ari ieu gambar naon waé?

14. Dina pangajaran diajar maca ayeuna murid diwanohkeun kana fonem konsonan rangkep, nyaéta kr, kl, jeung pr. Ku kituna, dina ngéjhna ogé balik deui kana métodeu SAS.

15. Guru nyontoan ngéjah aksara, murid ngabarandungan, terus babarengan sina nurutan. Geus kitu dipentés saurang-saurang.

E. NGUCAPKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

16. Patali jeung fonem konsonan rangkep sakumaha anu diéjah dina diajar maca, saterusna murid dilatih ngucapkeunana dina kalimah.

17. Aya lima kalimah nu kecapna ngandung fonem konsonn rangkep, nyaéta tr (dina mantri jeung listrik), cr (dina kancra), kr (dina jangkrik), jeung bl (dina jemblung).

18. Kalimahna dibaca heula ku guru, murid sina ngabarandungan. Geus kitu maranéhna sina nurutan ngucapkeunana babarengan.

19. Murid dipentés ngucapkeun kalimah saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan. Ku guru kudu enya-enya diperhatiken bisi dina ngucapkeun fonem konsonan rangkapna tacan jéntré.

F. NYALIN KALIMAH

No. Kagiatan

20. Pangajaran nyalin kalimah di dieu patali jeung katapis murid dina nyieun tulisan. Anu dimaksud tapis di dieu nyaéta bener-henteuna dina nyalin kalimah. Kadua, pikeun ngukur karapih dina nyieun tulisan, pangpangna mah bisa dibaca.

Page 59: Buku guru sunda kls 1  2014

51Bab 2 Pituduh Husus

21. Guru nyontoan heula prak-prakan nyalin kalimah. Anu kudu disalin téh kalimah anu kecapna ngandung fonem konsonan rangkep. Dilegaan deui ku diwanohkeunana fonem konsonan rangkep dr (dina sandra) jeung pl (dina jempling).

22. Ieu tugas nyalin kalimah téh sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna dibahas babarengan, sarta terus dipeunteun.

G. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

23. Ieu pangajaran ngalengkepan kalimah téh bisa waé dilaksnakeunana patali jeung aspék nyarita, nyaéta ngalatih murid dina ngunikeun kecap jeung kalimah.

24. Aya bagian kalimah anu kosong, engkéna sina dieusian ku kecap anu geus disayagikeun. Cindekna, murid mah ngan kari ngalarapkeun waé.

25. Éta kalimah nu kudu dieusikeun téh mangrupa kecap rajékan dwiréka anu di jerona aya aya fonem konsonan rangkap, nyaéta bra-bru, plak-pluk, bruy-bray, plu-plos, pras-pris, krang-kring, crung-créng, blung-blong, trong-trang, jeung jlung-jleng. Tangtu waé ari perkara téori dina élmu basana mah teu kudu diterangkeun. Murid cukup sina weruh wungkul yén aya kecap anu dirajék kawas kitu.

26. Kalimah anu kudu dilengkepan ku murid téh pikeun nambahan kaweruh maranéhna, utamana dina nyangkem kamahéran ngagunakeun basa.

27. Ku guru dicontoan heula prak-prakan migawéna. Mimiti kecapna dieusikeun kana bagian anu kosong, terus dibaca/dikedalkeun.

28. Murid dipentés saurang-saurang pikeun ngucapkeun kalimah anu geus dilengkepan, dibarandungan ku anu séjén.

H. NGABANDUNGAN CARITA

No. Kagiatan

29. Mateéti pangajaran dina ieu bagian téh pikeun ngalatih kamampuh murid dina ngabandungan carita winangun wacana lengkep. Engkéna bakal nyambung jeung pangajaran dina bagian séjénna anu patali jeung aspék nyarita.

Page 60: Buku guru sunda kls 1  2014

52 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

30. Wacana anu kudu dibandungan téh judulna “Kerja Bakti di Jadaria”, eusina nyaritakeun sikep masarakat anu sauyunan dina miara lingkungan sabudeureun (patali jeung téma). Anu dicaritakeun dina wacana téh enggoning nambahan kaweruh murid, tur dipiharep bisa numuwuhkeun sikep sauyunan dina kahirupan masarakat.

31. Ieu wacana dibaca ku guru, sina dibarandungan ku murid. Dibaca tepi ka dua balikan, sangkan eusina bisa enya-enya kacangkem ku murid.

32 Tina kagiatan ngabandungan, saterusna murid diperedih mampuh migawé tugas anu patali jeung eusi éta wacana.

I. NYARITAKEUN KERJA BAKTI

No. Kagiatan

33. Murid dipiharep bisa nyaritakeun deui eusi wacana anu geus dibandungan ku maranéhna. Pikeun ngahontal hal éta dicukangan heula ku tugas ngajawab pertanyaan. Anu kudu dijawab téh kabéhna aya sapuluh sual.

34. Pertanyaan anu kudu dijawab ku murid téh bisa dibaca langsung ku maranéhna, lamun sakirana geus mampuh maca. Tapi lamun tacan mampuh mah bisa deuih pertanyanana dibaca ku guru, murid sina ngajarawab.

35. Pertanyaan sina dijawab ku murid, saurang-saurang, terus dibahas babarengan. Pikeun padomanana bisa dititénan ieu di handap:1. iraha urang jadaria ngayakeun kerja baktina jawabanana: dina poé ahad

2. naon waé anu dipigawé dina kerja bakti téh jawabanana: meresihan lingkungan sabudeur

3. naon sababna tatangkalan anu hieum ditutuhan jawabanana:

4. saha waé anu sok miluan kana kerja bakti téh jawabanana: sangkan jadi caraang

5. naon waé pakakas anu sok dibawana jawabanana: pacul singkup parang arit jeung spu nyéré

6. naon sababna saluran cai kudu dibebener jawabanana: sangkan lajuna cai jadi lancar

Page 61: Buku guru sunda kls 1  2014

53Bab 2 Pituduh Husus

7. kumaha lamun dahan anu peunggas ninggang jawabanana: matak bahaya

8. kudu kumaha mun aya jalan anu legok jeung leueur jawabanana: kudu disaeur

9. ti tabuh sabaraha mimiti kerja baktina téh jawabanana: ti saméméh haneut moyan

10. naon waé konsumsi dina kerja bakti téh jawabanana: leupeut goréngan goréng ulén papais jeung bandrék

J. NITÉNAN GUNANA PAKAKAS

No. Kagiatan

36. Guru némbongkeun/nuduhkeun rupa-rupa gambar pakakas sakumaha anu aya dina buku pangjaran, kabéhna aya dalapan rupa, nyaéta arit, pacul, singkup, lori, hapé, kaméra, komputer, jeung blénder. Kabeh ogé dianggap pakakas anu geus ilahar kapanggih dina kahirupan sapopoé, di antarana aya pakakas anu kagolongkeun modéren.

37. Ku guru diterangkeun gunana éta pakakas. Guna anu énténg tur basajan waé, anu sakirana kahontal ku pamikiran murid kelas I, nyaéta:

1) arit pikeun ngala atawa ngababad jukut

2) pacul pikeun ngali taneuh

3) singkup pikeun nyodokan taneuh atawa runtah

4) lori pikeun ngakutan barang

5) hapé pikeun nelepon atawa ngirim SMS

6) kaméra pikeun motrét

7) komputer pikeun nulis atawa nyieun gambar

8) blénder pikeun nyieun jus bungbuahan atawa ngalemeskeun bungbu

38. Murid dipentés sina nerangkeun deui gunana éta sakur pakakas. Bisa waé anu dicaritakeun ku murid téh aya di saluareun anu diterangkeun ku guru. Aya alusna mun bisa kitu téh, sabab éta hartina aya kaweruh lianna anu dipiboga ku murid.

Page 62: Buku guru sunda kls 1  2014

54 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

K. NGALENGKEPAN KALIMAH KU KECAP BARANG

No. Kagiatan

39. Pangajaran dina ieu bagian aya patalina jeung pedran dina pangajaran saméméhna, nyaéta perkara gunana pakakas.

40. Murid dipentés sina ngalengkepan kalimah ku ngaran pakakas atawa barang. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna terus dibahas babarengan, sarta dipeunteun.

41. Ku guru dicontoan heula cara migawéna, bari diterangkeun naon maksudna. Kecap pikeun ngalengkepan éta kalimah téh bisa waé henteu sarupa.

42. Anu dipigawé ku murid téh sagemblengna kieu:1. héni nyiksikan bawang maké péso2. ageng nyeukeutan patlot maké uril3. néngsih ngaréndos bungbu maké mutu 4. dudi ngarapet langlayangan maké elém5. mang dadan meulahan papan maké ragaji6. bibi sumarni nyeuseuhan baju maké sabun7. rustono keur nyodokan runtah maké pengki8. édi ngajulan jambu tina tangkal maké gantar9. karmila meresihan kaca jandéla maké elap10. déwi motongan lawon bahan baju maké gunting

Page 63: Buku guru sunda kls 1  2014

55Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 7

Tema : Miara barang jeung mikanyaah sasatoan katut tatangkalanBahan : Téks jeung gambarWaktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR Téma anu ditangtukeun dina Pangjaran 7 diwadahan dina téks pupuh kinanti. Murid

sina dialajar nembangkeun éta pupuh. Piken nambahan kaweruh murid, eusi éta pupuh téh dipedar ku guru dina basa lancaran. Dipiharep dina diri murid tumuwuh sikep positif dina miara barang, jeung dina mikanyaah sasatoan katut tatangkalan.

Din bagian séjénna murid dibéré tugas sina ngedalkeun omongan anu patali jeung sasatoan katut tatangkalan

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG

No. Kagiatan

1. Dina ngaregepkeun tembang, anu baris diajarkeun téh pupuh kinanti, kabéhna téh aya opat pada. Eusina nyaritakeun kudu kumaha dina ngurus barang sangkan henteu téréh ruksak.

2. Saméméh ditembangkeun, éta téks pupuh kinanti téh dibaca heula, dibedaskeun. Alusna mah anu macana téh murid, dibagilirkeun, anu séjénna sina ngabarandungan.

3. Guru nembangkeun pupuh kinanti, sapada heula, murid sina ngabarandungan. Guru nerangkeun yén éta téh pupuh kinanti.

4. Guru nyontoan nembangkeun, sina diturutan ku kabéh murid. Mimitina sapadalisan-sapadalisan. Lamun sakirana murid dianggap geus mampuh nurutan, terus ditingkatkeun jadi nembangkeun sapada.

5. Murid sina nembang babarengan, henteu dituyun ku guru. Geus kitu terus dipentés saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan. Saban murid cukup nembangkeun sapada waé.

Page 64: Buku guru sunda kls 1  2014

56 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

B. NGABANDUNGAN PEDARAN EUSI TEMBANG

No. Kagiatan

6. Guru medar eusi pupuh kinanti anu bieu ditembangkeun. Dina hal ieu ulah waka nerangkeun aturan pupuh anu kawengku ku guru lagu jeung guru wilangan. Cukup ku disebutkeun yén pupuh kinanti téh diwangun ku genep jajar. Pikeun murid kelas I, ku bisa nembangkeun pupuh hasil tina ngaregepkeun ogé dianggap geus cukup.

7. Pedaran anu ditepikeun ku guru téh geus disayagikeun dina buku pangajaran. Jadi ngan kari maca waé. Tapi tangtu bakal leuwih alus mun pedaran guru téh dilegaan. Anu penting mah kudu nerangkeun yén barang bakal awét jeung lila kapakéna lamun urangna apik. Ulah kana barang nu hargana mahal waé apik téh, nya. Kana barang anu hargana murah ogé sarua waé kudu apik. Apan sanajan murah gé angger loba gunana. Contona patlot. Enya ari hargana mah kaitung murah, tapi apan loba gunana. Pék geura lamun urang teu boga patlot, tangtu moal bisa migawé tugas ti Ibu/Bapa Guru. Enya, rék kumaha nulisna lamun patlotna mah euweuh mah. Éta cenah bisa diganti ku pulpén, tapi apan béda deui.

8. Anu dimaksud apik di dieu téh nyaéta apik dina makéna, apik dina ngurusna, jeung apik dina nundana. Urang ulah sok neundeun barang di mana waé sokna, tapi kudu dina tempatna. Lamun ditunda di mana waé, urang bisa poho. Atuh lamun arék maké téh kudu ditéangan heula.

9. Saterusna guru nerangkeun yén barang dipakéna kudu saluyu jeung gunana. Patlot gunana pikeun nulis. Tah ku sabab éta nya kudu digunakeun pikeun nulis. Baju paranti sakola, apan digunakeunana téh mun urang sakola. Jadi di mana geus balik ti sakola, upamana hidep rék ulin, kudu diganti ku baju séjén anu biasa paranti ulin.Lamun baju geus kalotor, ku urang kudu gancang diseuseuh. Teu hadé lamun baju nu geus kotor tapi ku urang terus dipapaké. Kitu deui sapatu, lamun geus kotor téh kudu gancang dikumbah, terus dipoékeun. Lamun sapatu kulit, sangkan awét téh kudu disemir.

10. Lamun urang bener dina maké, ngurus, jeung nunda hiji barang, tangtu moal gancang ruksak atawa leungit. Lamun hiji barang ruksak atawa leungit, apan urang téh kudu meuli deui. Duitna ménta ka kolot. Tuh pan matak hambur duit.Komo kana barang meunang nginjeum mah kudu leuwih apik. Lamun barangna ruksak ku urang, apan matak éra dina mulangkeun deui téh. Jeung ku batur ogé di mana urang butuh terus rék nginjeum deui, moal dibéré nginjeum, da kapokeun. Komo mun barang meunang nginjeum tepi ka leungit mah, ku urang kudu digantian.

Page 65: Buku guru sunda kls 1  2014

57Bab 2 Pituduh Husus

11. Saterusna diterangkeun étika dina nginjeum barang batur. Lamun urang nginjeum barang batur, kudu gancang dipulangkeun deui ka anu bogana. Ulah terus dikeukeuweuk. Dina mulangkeunana, urang kadé poho nyebut nuhun.

12. Pedaran guru anu dibarandungan ku murid téh bakal kasampeur deui dina bagian saterusna, nyaéta waktu murid dibéré tugas ngalengkepan kalimah.

C. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

13. Satutas ngabandungan pedaran guru, murid dipentés kamampuhna, sina ngalengkepan kalimah, patali jeung eusi pedaran.

14. Aya dalapan kalimah anu kudu dipigawé ku murid. Eusina cukup ku sakecap waé. Ieu tugas ngalengkepan kalimah téh sina dipigawé dina buku tugas masing-masing.

15. Ku guru dicontoan heula cara migawéna, tur diterangkeun yén kecap anu kudu dieusikeun téh aya dina pedaran dina pangajaran saméméhna.

16. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus dipeunteun.

17. Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap: 1. barang anu tadina alus ahirna mah bakal ruksak 2. lamun barang hayang awét urang kudu apik 3. barang anu geus ruksak moal payu kana duit 4. lamun apik ngurusna umur barang bisa panjang 5. kudu leuwih apik mun nginjeum barang ti batur 6. lamun barang batur leungit ku urang kudu digantian 7. urang moal dibéré deui nginjeum da batur kapokeun 8. dina mulangkeun barang batur kudu nyebut nuhun

D. NYUSUN KALIMAH

No. Kagiatan

18. Ieu pangajaran pikeun ngukur kamampuh murid dina ngagunakeun basa sacara tinulis. Murid dibéré tugas nyusun kalimah ngagunakeun kecap anu geus disayagikeun. Anu kudu disusun pikeun saban kalimah téh lobana lima kecap.

Page 66: Buku guru sunda kls 1  2014

58 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

19. Minangka pikeun nuyun murid dina migawéna, kecap awal dina kalimah geus disadiakeun. Jadi murid mah ngan kari neruskeun waé. Anu kudu disusun ku murid téh aya sapuluh kalimah.

20. Guru méré heula conto, kumaha prak-prakan nyusun kalimahna. Saméméhna titénan heula, anu geus disadiakeun téh kecap naon waé.

21. Ieu tugas sina dipigawé di imah masing-masing. Minggu hareupna terus dibahas babarengan, sarta dipenteun.

22. Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap: 1. entong – kahadé –baju – kotor – maké kahadé entong maké baju kotor

2. séhat – maké – henteu – kotor - baju maké baju kotor henteu séhat

3. tacan – awét – tangtu – mahal – barang barang mahal tacan tangtu awét

4. hartina – barang – kana – hémat – apik apik hartina hémat kana barang

5. batur – bébéja – kudu – maké – barang maké barang batur kudu bébéja

6. henteu – ngaku – batur – hadé – barang ngaku barang batur henteu hadé

7. kawajiban – kana – apik – jadi – barang apik kana barang jadi kawajiban

8. kudu – sangkan – sapatu – awét - disemir sangkan awét sapatu kudu disemir

9. baju – maksakeun – ulah – maké – baseuh ulah maksakeun maké baju baseuh

10. dipakéna – beresih – baju – genah – matak baju beresih dipakéna matak genah

E. NEMBANGKEUN PUPUH KINANTI

No. Kagiatan

23. Bagian dina ieu pangajaran téh raket patalina jeung bagian saméméhna, nyaéta nembangkeun pupuh kinanti.

Page 67: Buku guru sunda kls 1  2014

59Bab 2 Pituduh Husus

24. Najan ukur tina ngaregepkeun, sakumaha anu diajarkeun dina Pangajaran 1, tapi murid dipiharep geus bisa nembangkeunana, sabab pupuhna sarua jeung nu aya dina ieu pangajaran. Bédana téh ukur dina eusina wungkul. Dina pupuh anu ayeuna, eusina nyaritakeun mikanyaah sasatoan jeung tatangkalan. Hal ieu saluyu jeung kompeténsi dasar anu nyampak dina kurikulum.

25. Guru nyontoan nembangkeun, sina diturutan ku kabéh murid. Mimitina sapadalisan-sapadalisan. Lamun sakirana murid dianggap geus mampuh nurutan, terus ditingkatkeun jadi nembangkeun sapada.

26. Murid sina nembang babarengan, henteu dituyun ku guru. Geus kitu terus dipentés saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan. Saban murid cukup nembangkeun sapada waé.

F. NGEDALKEUN OMONGAN

No. Kagiatan

27. Pangajaran dina ieu bagian pikeun nambahan kaweruh murid ngeunaan sasatoan jeung tatangkalan. Salian ti éta, murid dipentés sina sonagar ngedalkeun omongan, dumasar kana kaweruh anu dipiboga ku masing-masing.

28. Patali jeung sasatoan, anu kudu diterangkeun ku guru téh ngeunaan rupa-rupa sasatoan. Upamana waé ku nyaritakeun yén anu ilahar dikukut upamana domba, hayam, jeung japati. Sato anu galak pikasieuneun nyaéta maung. Cing sebutkeun, di mana hidep kungsi nempo maung? Kumaha ari warna buluna? Naon ari kabeukina? Maung téh ayana misalna waé di kebon binatang. Ari warna buluna belang coréléng, disebutna maung lodya. Aya deuih mung anu bulun totol-totol, disebutna maung tutul. Ari nu warna buluna hideung disebutna maung kumbang. Maung téh kabeukina daging.

29. Ti dinya murid terus sina ngucapkeun pamanggihna ngeunaan sasatoan. Pikeun ngahontal ka dinya, dina buku pangajaran geus dicukangan ku sapuluh pertanyaan.

30. Jawaban anu diasongkeun ku murid teu matok kudu sarupa, tapi bisa waé aya variasi, apan tujuanana ogé pikeun ngukur kaweruh murid.

31. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid. Nya lebah dieu engkéna bakal aya variasi jawaban téh.

32. Pikeun padoman guru dina ngajén jawaban murid, bisa dititénan ieu di handap:

1. kumaha ari hayam jago disadana jawabanana: kongkorongok 2. kumaha ari cakcak jeung toké disadana jawabanana: cak-cak-cak, toké-toké-toké

Page 68: Buku guru sunda kls 1  2014

60 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

3. kumaha ari jangkrik disadana jawabanana: krik-krik-krik-ker

4. sato naon waé anu sok diarah tanagana jawabanana: kuda, munding, sapi

5. sato naon waé anu kabeukina jukut jeung dangdaunan jawabanana: kelenci, domba, embé, sapi, munding

6. sato naon waé anu hirupna di cai jawabanana: lauk, buruy, utek-utek

7. sato naon waé anu bogaeun tanduk jawabanana: domba, embé, sapi, munding

8. sato naon waé anu biseun hiber jawabanana: manuk, kukupu, papatong

33. Patali jeung tatangkalan upamana bisa diterangkeun kieu yén tatangkalan mun seug bener ngurusna bakal ngadatangkeun hasil. Aya nu diala buahna, daunna, kembangna, atawa kaina. Kadaharan urang sapopoé loba anu sumberna tina tatangkalan. Kadaharan poko kayaning sangu atawa roti apan hasil tina tatangkalan.

34. Ti dinya murid terus sina ngucapkeun pamanggihna ngeunaan sasatoan. Pikeun ngahontal ka dinya, dina buku pangajaran geus dicukangan ku sapuluh pertanyaan.

35. Jawaban anu diasongkeun ku murid teu matok kudu sarupa, tapi bisa waé aya variasi, apan tujuanana ogé pikeun ngukur kaweruh murid.

36. Hiji pertanyaan bisa waé sina dijawab ku sababaraha murid. Nya lebah dieu engkéna bakal aya variasi jawaban téh.

37. Pikeun padoman guru dina ngajén jawaban murid, bisa dititénan ieu di handap:

1. tangkal naon waé anu biasa dipelak di taman jawabanana: tangkal kembang, palem, kaktus

2. tangkal naon waé anu biasa dipelak di kebon jawabanana: tangkal jagong, sampeu, hui, taleus

3. tangkal naon waé nu sok diarah buahna jawabanana: buah, alpuket, nangka, dukuh, rambutan

4. tangkal naon waé nu sok diarah beutina jawabanana: sampeu, hui, taleus

5. tangkal naon waé nu sok diarah kembangna jawabanana: angkrék, eros, sedep malem

Page 69: Buku guru sunda kls 1  2014

61Bab 2 Pituduh Husus

6. tangkal naon waé nu euweuh dahanan jawabanana: tangkal kalapa, jambé, palem, kawung

7. naon waé anu sok jadi hama tatangkalan jawabanana: hileud, beurit, bangbung, kungkang

8. kadaharan naon waé anu bahanna tina bungbuahan jawabanana: salé, manisan

G. MACA BEDAS

No. Kagiatan

38. Anu kudu dibaca ku murid téh mangrupa kalimah. Ku maca ieu kalimah dipiharep kaweruh murid ngeunaan sasatoan bisa nambahan, utamana ngeunaan hal-hal anu patali jeung pasipatan atawa kabiasaanana.

39. Guru méré conto maca kalimah, sina dibarandungan ku murid, terus sina nurutan.

40. Murid dititah maca kalimah, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna ngabarandungan.

41. Saréngséna maca, maksud anu dikandung dina kalimah ku guru diterangkeun saliwat. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna.

H. NERANGKEUN GAMBAR

No. Kagiatan

42. Guru némbongkeun/nuduhkeun gambar pagupon, ranggap, korang, sentég, kurung, jeung karangkéng.

43. Guru nerangkeun rupa-rupa hal anu patali jeung gambar anu keur diajarkeun. Saterusna murid sina ngalengkepan kalimah dumasar kana katerangan guru.

44 Pagawéan murid sagemblengna téh kieu: 1. anu disebut pagupon nyaéta kandang japati 2. sato anu ditunda dina ranggap nyaéta hayam 3. ari korang nyaéta paranti ngawadahan lauk 4. ari anu disebut sentég paranti ngala beurit 5. sato anu ditunda dina kurung nyaéta manuk 6. sato anu ditunda dina karangkéng nyaéta maung

Page 70: Buku guru sunda kls 1  2014

62 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

I. NYALIN PUPUH KANA AKSARA TULIS

No. Kagiatan

45. Pangajaran dina ieu bagian pikeun ngalatih murid dina nyalin ku aksara tulis. Lian ti éta pikeun leuwih ngantebkeun kaweruhna ngeunaan pupuh kinanti.

46 Guru nyontoan kumaha prak-prakan nyalin éta pupuh ku aksara tulis.

47 Murid sina migawéna dina buku tugas masing-masing. Lamun geus bérés, ku guru dipariksa, terus dipeunteun.

48. Bakal leuwih alus lamun éta pupuh kinanti anu eusina nyaritakeun sasatoan téh téh terus ditembangkeun babarengan.

Page 71: Buku guru sunda kls 1  2014

63Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 8

Tema : Kajadian AlamBahan : Téks jeung gambarWaktu : 4 minggu

KAGIATAN DIAJAR NGAJAR Pangajaran 8 jadi panutup ieu buku jilid I. Téma anu kudu dipidangkeun dina ieu

pangajaran nyaéta ngeunaan kajadian atawa peristiwa alam. Dipiharep murid wanoh kana sakur peristiwa alam anu lumangsung di sabudeureun maranéhna.

Pikeun ngukur kamampuh murid dina nyangkem matéri pangajaran, aya sawatara tugas anu kudu dipigawé ku maranéhna. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, terus ku guru dipeunteun.

A. MACA BEDAS

No. Kagiatan

1. Téks anu kudu dibaca téh judulna “Katumbiri”. Saluyu njeung téma anu ditangtukeun dina KI-KD, eusi ieu téks téh ngeunaan peristiwa alam, anu dina hal ieu katumbiri. Ku maca ieu téks dipiharep kaweruh murid ngeunaan kajadian alam anu lumangsung di sabudeureunana bisa nambahan.

2. Kajadian alam anu dipidangeun pikeun nedunan téma pangajaran téh dwadahan dina hiji wacana anu nyaritakeun kaayaan pasosoré. Harita loba barudak keur arulin di buruan.

3. Guru méré conto ku maca sawatara kalimah dina téks, sina dibarandungan ku murid, terus sina nurutan.

4. Murid dititah maca téks, dibedaskeun, bagilir saurang-saurang, anu séjénna ngabarandungan. Mimitina macana téh cukup sakalimah-sakalimah waé, ti dinya terus ditingkatkeun jadi dua kalimah, dua kalimah.

5. Sakabéh murid kudu kabagian giliran, sangkan kanyahoan saha-sahana anu macana geus lancar, jeung saha-sahana anu tacan lancar. Murid anu tacan lancar macana kudu diperhatikeun sacara husus, jeung terus dilatih.

Page 72: Buku guru sunda kls 1  2014

64 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

6. Saréngséna maca, eusi téks ku guru diterangkeun saliwat, utamana matéri nu patali jeung kajadian alam. Ngeunaan hal ieu nyambung jeung bakal dipedar leuwih lega dina pangajaran saterusna.

B. NGABANDUNGAN PEDARAN NGEUNAAN KAJADIAN ALAM

No. Kagiatan

7. Dina ieu bagian, guru nerangkeun anu dimaksud kajadian alam. Tangtuna ogé anu ilahar kapanggih sapopoé waé, upamana guru tumanya heula, “Saha anu kungsi nempo katumbiri? Pastina gé kungsi, nya. Lain hal anu anéh katumbiri téh. Di langit melengkung warna-warni. Kabéhna téh aya tujuh rupa, nyaéta beureum, oranyeu, koneng, héjo, biru, nila, jeung wungu.Katumbiri témbong di langit lamun tas aya hujan poyan. Hidep apal nu dimaksud hujan poyan? Hujan poyan téh nyaéta ongkoh hujan, tapi angger aya cahaya panonpoé. Tah timbulna katumbiri téh lantaran cai hujan anu kasorot ku cahaya panonpoé. Témbongna katumbiri téh tara lila. Lamun hujanna geus euweuh mah, katumbirina ogé leungit. Jadi saenyana katumbiri téh teu ngawujud barang, da éta mah beunang disebutkeun ukur kalangkang cai hujan.”

8. Guru nerangkeun ruparupa kajadian alam séjénna anu umumna karandapan ku murid dina kahirupan sapopoéna, upamana ngeunaan panonpoé. Isuk-isuk panonpoé mucunghul ti beulah wétan, dunya jadi caang. Di lemah cai urang mah caang téh kurang leuwih salila dua welas jam. Panonpoé tilem di beulah kulon, dunya jadi poék, nyaéta nu disebut datangna peuting. Ieu gé sarua kurang leuwih dua welas jam. Dina wanci peuting urang sok reureuh, sangkan isukna karasa seger.

9. Saterusna guru medar ngeunaan ayana usum halodo jeung usum hujan. Aya usum halodo, jeung aya usum hujan. Lamun keur usam halodo, loba tempat anu hésé cai. Sok aya kahuruan deuih lamun keur usum halodo téh. Anu matak hidep ulah sok nyoo seuneu. Sumur, balong, jeung walungan loba nu saat. Sabalikna ari keur dina usum hujan mah sumur, balong, jeung walungan téh parinuh deui ku cai. Tapi usum hujan téh bisa nyababkeun caah deuih. Imah jeung wawangunan lianna kakeueum. Kitu deui jalan tepi ka kendaraan teu barisa maju. Turunna hujan ogé rupa-rupa. Aya hujan ngegbrét dibarung ku dor-dar gelap. Aya anu dibarung ku tarikna angin, disebutna hujan angin. Aya nu disebut hujan poyan. Lamun hujanna henteu gedé disebut hujan miripis atawa girimis. Tah, mun hujan murupuy mah leuwih leutik ti girimis.

Page 73: Buku guru sunda kls 1  2014

65Bab 2 Pituduh Husus

10. Naon ari lini? Sanajan ieu kajadian alam téh tara lumangsung saban poé, tapi bisa jadi murid kungsi ngadéngé atawa ngarandapan kajadian dina keur aya lini. Lamun taneuh karasa ngarieg éta téh aya lini. Lamun linina gedé sakapeung bisa nyababkeun wawangunan runtuh. Éta téh sok nimbulkeun korban. Datangna lini téh sakapeung lantaran aya gunung bitu.

11. Kitu deui ngeunaan samagaha anu kaasup kana peristiwa alam. Lamun pabeubeurang dina keur panas poé ngadadak jadi poék éta téh lantaran aya samagaha. Henteu ngan beurang wungkul samagaha téh, da dina keur caang bulan gé sakapeung sok aya samagaha.

12. Guru bisa tumanya ka murid, upamana saha waé anu kungsi nempo katumbiri, saha anu kungsi ngarasa aya lini, atawa saha anu kungsi nyaksian aya samagaha, boh beurang boh peuting. Ieu téh pikeun nyukangan kana pangajaran saterusna, waktu murid dibéré pancén nyaritakeun pangalaman anu karandapan ku dirina.

C. NGEDALKEUN OMONGAN NU PATALI JEUNG PERISTIWA ALAM

No. Kagiatan

13. Pikeun ngukur kamampuh murid dina nangkep pedaran guru, maranéhna sina ngedalkeun omongan anu patali jeung peristiwa alam. Anu dikedalkeun ku murid téh dicukangan heula ku sawatara pertanyaan.

14. Aya 15 pertanyaan anu kudu dijawab ku murid sacara lisan. Pertanyaanana dibaca ku guru, terus murid sina ngajarawab. Hiji pertanyaan bisa waé dijawab ku sababaraha murid. Jawaban murid terus dibahas babarengan.

15. Pikeun padomman dina ngukur kaweruh murid, sagemblengna pertanyaan katut jawabanana bisa dititénan ieu di handap. 1. lamun langit ceudeum biasana bakal aya naon jawabanana: bakal aya hujan

2. naon anu karasa ku hidep mun keur usum halodo jawabanana: hawa karasa nyongkab matak jadi hareudang

3. kumaha kaayaan lamun keur hujan angin jawabanana: matak keueung

4. naon anu karasa ku hidep lamun keur aya lini jawabanana: taneuh oyag atawa karasa ngarieg

5. kumaha karasana dina wanci tengah poé jawabanana: panas jeung hareudang

Page 74: Buku guru sunda kls 1  2014

66 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

6. kumaha karasana mun aya angin ngahiliwir jawabanana: matak seger kana badan

7. naon anu karasa ku hidep lamun aya samagaha jawabanana: matak keueung sabab alam jadi poék

8. ari keur aya hujan sakapeung sok kadéngé sora naon jawabanana: sora guludug atawa sora gelap

9. di mana témpatna anu biasa sok aya ombak jawabanana: di laut

10. naon anu ku hidep katempo mun keur aya angin puyuh jawabanana: anu katebak angin jadi muter

11. naon anu nyababkeun langlayangan bisa ngapung jawabanana: sabab aya angin

12. lamun dilétak kumaha ari rasana cai laut jawabanana: rasana asin

13. kumaha ari kaayaan panonpoé dina wanci magrib jawabanana: panonpoé geus surup di kulon

14. lamun peuting naon anu sok caang di langit

jawabanana: bulan jeung béntang

15. bakal kumaha lamun panonpoé kahalangan méga jawabanana: jadi karasa iuh

D. MACA DINA JERO HATÉ

No. Kagiatan

16. Dina ieu bagian, murid diwanohkeun kana wacana anu patali jeung peristiwa alam. Sina dibaraca dina jero haté tepi mka eusina bisa kacangkem.

17. Ku guru diterangkeun deui, kumaha carana ari maca dina jero haté. Lantaran ieu téh pangajaran nutupkeun di kelas I, murid dianggap geus lancar macana.

18. Murid dibéré waktu kurang leuwih 20 menit pikeun maca téks dina jero haté. Sajeroning maraca, ku guru kudu dititénan bisi aya murid anu tacan enya-enya macana.

Page 75: Buku guru sunda kls 1  2014

67Bab 2 Pituduh Husus

19. Dina ieu téks dipidangkeun robah-robahna kaayaan alam anu umumna mah lantaran kalakuan manusa. Suburna lahan jeung hérangna cai walungan, kiwari mah loba anu geus robah. Ku sabab kitu dina diri murid dipiharep tumuwuh rasa nyaah ka alam sabudeureunana.

20. Kamampuh murid dina nyangkem eusi téks bakal dipentés dina bagian saterusna, nyaéta sina ngalengkepan kalimah dumasar kana eusi bacaan.

E. NGALENGKEPAN KALIMAH

No. Kagiatan

21. Tugas ngalengkepan kalimah téh sina dipigawé di imah masing-masing waé. Dina minggu hareupna terus dibahas babarengan, jeung dipeunteun.

22. Saméméhna, guru nerangkeun heula prak-prakan migawé éta tugas, bari dicontoan. Diterangkeun deuih yén bagian kalimah anu dikosongkeun téh aya anu kudu dieusian ku jawaban dumasar kana eusi téks. Lian ti éta, aya anu jawabanana kudu néangan sorangan. Carana mah bisa nanyakeun ka inddung, ka bapa, ka lanceuk, atawa ka saha waé.

23. Pikeun padoman guru dina mariksa jeung meunteun hasil pagawéan murid, bisa dititénan ieu di handap.

1. panonpoé téréh bijil langit katempo hibar

2. panonpoé mucunghul dipapag ku sora manuk

3. nyeuseup hawa seger matak genah kana bayah

4. jaman kiwari kaayaan alam téh geus loba robah

5. walungan geus teu ngagenyas hérang tapi kiruh

6. runtah jeung kokotor nu ngahunyud ditapuk laleur

7. mémérés alam lingkungan jadi tanggung jawab urang saréréa

8. mun lingkungan alam ruksak urang saréréa bakal rugi

9. hirup urang bakal sangsara manjang tepi ka mangsa jaga

10. sumber kahirupan anu nyésa ka urang moal méré mangpaat

Page 76: Buku guru sunda kls 1  2014

68 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

F. NYUSUN KALIMAH

No. Kagiatan

24. Ieu pangajaran pikeun ngukur kamampuh murid dina nyusun kalimah. Ari matérina ngeunaan peristiwa alam.

25. Kalimah anu kudu disusun téh aya anu diwangun ku lima kecap. Pikeun nuyun murid dina migawéna, dina buku geus ditulis kecap anu mimiti. Jadi murid mah ngan kari nuluykeun.

26. Mimiti dicoba, guru teu méré conto, tapi ukur nerangkeun carana wungkul. Ari sababna, murid kudu dianggap geus paham kana nyusun kalimah.

27. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan, ku guru dipenteun. Pikeun padoman dina meunteunna, bisa dititénan ieu di handap: 1. jareblog – dina – buruan – hujan - usum dina usum hujan buruan jareblog

2. hujan – bayeungyang – arék – hawa – lantaran hawa bayeungyang lantaran arék hujan

3. rubuh – puyuh – anténeu – angin – nyababkeun angin puyuh nyababkeun anténeu rubuh

4. karang – laut – neumbagan – ngajelegur – ombak ombak laut ngajelegur neumbagan karang

5. matak – sora – katorékan – tingjelegér – gelap sora gelap tingjelegér matak katorékan

G. NGAGALANTANGKEUN KALIMAH

No. Kagiatan

28. Ieu pangajaran téh pikeun ngalatih murid dina ngucapkeun kalimah anu ngandung foném konsonan rangkep. Hal ieu mimiti diwanohkeun dina pangajaran maca dina jero haté, nyaéta ku ngasupkeun kecap “bismillah”.

29. Kecap-kecap anu ngandung foném konsonan rangkep dina ieu pangajaran téh mangrupa kecap seserepan tina basa Arab, kayaning sunatulloh, alhamdulillah, assalamualaikum, subhanalloh, insa alloh, allohu akbar, astagpirulloh, asma alloh, jeung rosululloh.

Page 77: Buku guru sunda kls 1  2014

69Bab 2 Pituduh Husus

30. Ku guru dicontoan heula cara ngucapkeunana, terus murid sina nurutan. Geus kitu guru nyontoan ngucapkeun éta kecap dina kalimah lengkep, murid sina nurutan.

31. Saban murid kudu dipentés ngucapkeun sakalimah séwang, anu séjénna sina ngabarandungan.

H. NGAPALKEUN KAAYAAN ALAM

No. Kagiatan

32. Matéri pangajara dina ieu bagian patali jeung téma ngeunaan kajadian atawa peristiwa alam. Murid dina maca bedas terus sina ngapalkeun kaayaan anu patali alam.

33. Anu kudu diapalkeun ku murid téh hal-hal ngeunaan lahan urug, hujan ngagebrét, seuneu ngabebela, angin ngagelebug, cai ngagulidag, ombak ngajelegur, taneuh ngarieg, curug ngaguruh, gelap ngajelegér, jeung kilat ngabaranyay.

34. Cindekna ieu pangajaran téh pikeun nambahan kaweruh murid dina hal kajembaran basa Sunda anu nerangkeun peristiwa alam.

I. METAKEUN PAGUNEMAN

No. Kagiatan

35. Dina metakeun paguneman, prak-prakanana murid dituyun ku guru. Tokoh anu paguneman dina téks téh nyaéta Ahmad, Galih, Hérlin, jeung Wening.

36. Mimitina téksna sina dibaraca heula dina jero haté. Geus kitu terus sina dibaca bedas. Maksudna mah sangkan murid bisa neuleuman eusina.

37. Ku guru ditangtukeun heula, saha anu molahkeun Ahmad, Galih, Hérlin, jeung Wening. Ngahaja sina aya dua budak lalaki, jeung dua budak awéwé.

38. Guru nyontoan prak-prakanana. Murid sina merhatikeun, terus opatan-opatan sina molahkeun di hareupeun babaturanana. Sajeroning kitu, anu séjénna sina ngabarandungan.

Page 78: Buku guru sunda kls 1  2014

70 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

J. NEMBANGKEUN PUPUH

No. Kagiatan

39. Pangajaran 8 dipungkas ku nembangkeun pupuh kinanti. Eusina nyaritakeun yén ieu buku pangajaran téh geus tamat, sarta engké bakal disambung deui ku pangajaran saterusna lamun murid geus baék ka kelas II.

40. Rumpaka ieu pupuh mimitina sina dibaraca heula ku murid dina jero haté, sangkan maranéhna meunang gambaran ngeunaan eusina.

41. Guru nyontoan nembangkeunana, murid sina ngabarandungan. Dina prak-prakanana, nyontoan téh sapadalisan-sapadalisan heula, terus murid sina nurutan nembangkeunana. Geus kitu kakara ditingkatkeun jadi gembleng sapada.

42. Murid sina nembangkeun éta pupuh babarengan, terus dipentés saurang-saurang, anu séjénna sina ngabarandungan.

Page 79: Buku guru sunda kls 1  2014

Bab 3

Pituduh Meunteun

Page 80: Buku guru sunda kls 1  2014

72 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

A. Kritéria Meunteun Katutasan Minimal (KKM) 1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur tiap-tiap murid. 2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda guantung kana jumlah komonén dina unggal pangajaran. 3. Komponén anu dipeunteun dicontréng geus tutas acanna. 4. Conto rubrik KKM Pangajaran 9

Kritéria Katutasan Minimal (KKM)

Kritéria MeunteunKaterangan Tutas

Enggeus Encan

A. MACA JERO HATE

B. MAHAM EUSI PEDARAN

C. NYEBUTAN ISTILAH KADAHARAN

D. NGALARAPKEUN KECAP KANA KALIMAH

E. NYAWALAKEUN KADAHARAN

F. MIDANGKEUN HASIL SAWALA

G. MIGAWÉ LATIHAN

H. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH

B. Rubrik Meunteun Sawala (Diskusi)

Kritéria ALus Pisan (3) Cukup (2) Latihan Deui (1)

Ngaregepkeun Saregep Kurang saregep Api lain

Komunikasi non-verbal

Ngaréspon Kurang réspon Api lain

Ilubiung AKtif, silihéledan Kurang aktif Cicingeun

OmonganNepikeun pamadegan ngaruntuy

Nepikeun pamadegan kurang ngaruntuy

Cicingeun

Page 81: Buku guru sunda kls 1  2014

73Bab 3 Pituduh Meunteun

Katerangan:

1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun.

2. Cara meunteun : Total peunteun ____________ x 10 12

3. Contona : 2 + 3 + 1 + 2 8 ____________ x 10 = ____ = 6,7 12 12

C. Rubrik Meunteun Sikep

No. SikepEncan écés

Mimitiécés

MimitiMekar

Dibiasakeun Kat.

1. Taliti

2. Tanggung jawab

3. Disiplin

4. Jujur

5. Santun

6. Peduli

7. Percaya diri

D. Rubrik Meunteun Latihan

1. Latihan dipeunteun luyu jeung lobana soal katut hésé banggana.2. Lamun aya soal latihan 5, tiap soal dibéré peunteun 2, jumlah skorna 10. Jumlah soal (5) X bobot peunteun (2) = 10.3. Lamun aya soal latihan 10, tiap soal dibéré peuteun 1, jumlah skorna 10. Jumlah soal (10) x booto peunteun (1) = 10.

Page 82: Buku guru sunda kls 1  2014

74 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

E. Rubrik Meunteun Maca 1. Rubrik Meunteun Maca Jero Haté

No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah

1. Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan 10 -- 20

2. Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan 10 -- 20

3. Pemahaman Evaluasi: Ngajén Eusi bacaan 10 -- 20

4. Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan 10 -- 20

Jumlah 40 -- 100

2. Rubrik Meunteun Maca Bedas

Kaasup pikeun meunteun maca bedas sajak atawa déklamasi.

No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah

1. Basa: Diksi, struktur, jeung Artikulasi/intonasi 10 – 35

2. Eusi: Kasaluyuan topik jeung eusi, isi, pemahaman eusi 10 – 35

3. Tagog: Gestur, gaya maca 10 – 30

Jumlah 30 -- 100

F. Rubrik Meunteun Nembang

No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah

1. Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang) 10 – 35

2. Wirahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang) 10 – 35

3. Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh) 10 – 30

Jumlah 30 -- 100

G. Rubrik Meunteun BiantaraBiantara bakal mucekil hasilna lamun urang YAKIN (Bisa, Mampuh, Hasil, tur

Suksés). Urang kudu ngararasakeun proses biantara (Diajar, Latihan, jeung Nyoba).

Page 83: Buku guru sunda kls 1  2014

75Bab 3 Pituduh Meunteun

Pikeun meunteun biantara bisa dipake sawatara aspek ieu di handap.

No. Aspék Bobot Jumlah Nilai

1. Aspek Bahasaa. Pilihan kata, gaya bahasa, tatakrama bahasab. Struktur bahasa (bentukan kata dan kalimat) yang benarc. Pelafalan dan intonasi

35

2. Pemahaman Isia. Penguasaan Isib. Penghayatan dan penjiwaan (imaji)c. Organisasi dan sistematika penyampaian isi

35

3. Penampilan (Ekspresi)a. Gestur (mimik dan gerak)b. Kreasi dan gaya bicara

30

J u m l a h 100

* Rentang nilai 60 - 100

H. Daftar Peunteun Murid (Kaweruh jeung Kaparigelan)

No.Ngaran Murid

Rata-rata Peunteun Tiap PangajaranM

1 2 3 4 5 6 7 8 9

1.

2.

3.

4.

jst.

Page 84: Buku guru sunda kls 1  2014

76 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

I. Refleksi Guru

Réfléksi mangrupa eunteung tina kagiatan diajar ngajar geus hasil acanna. Ku kituna, guru kudu ngajawab pananya ieu di handap.

1. Kumaha prakna pangajaran? Pangajaran mana nu geus éféktif?............................................................................................................................................................................................................................................................

2. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun?............................................................................................................................................................................................................................................................

3. Bahan mana nu geus dikawas ku murid?............................................................................................................................................................................................................................................................

4. Naha aya bahan nu héséeun keur murid?............................................................................................................................................................................................................................................................

5. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha léngkah-léngkahna?............................................................................................................................................................................................................................................................

Page 85: Buku guru sunda kls 1  2014

77Glosarium

Glosarium

aksara = lambang ucapanbeukah = mimiti ngagedéan, kembungcanémbrang = ngagenclangdigunasika = diganggudipigandrung = pikaresep, dipitineungdiriksa = dipiarahanaang a= hayang nginumhasiat = kagunaanhirup rukun = hirup sauyunankacanduan = katagihan, deudeuieunkacapit = kacekel saeutikkakayon = kakayuan, kai-kaianleuwi = bagian walungan anu jeronamancawura = awur-awuran ka saban jurumetot = medol, narik; kabetot = katarik, kabedolngabuburit = ngadagoan waktu magribngangon = nungguan ingon-ingon titah nyatuan kana jukutnyékaskeun = ngébréhkeunpacekel-cekel = silih cekel, silih puntanganpaciweuh = rarépot, loba gawépahatu = teu boga indung, pahatu lalis = teu boga indung bapapananda sora (rarangkén aksara) pamaéh (ø) gunana pikeun ngaleungitkeun sora /a/ dina aksara ngalagena. pamepet gunana pikeun nambahan sora /e/ luhureun aksara ngalagena. pamingkal gunana pikeun nambahan sora /y/ dina aksara ngalagena. panéléng gunana pikeun nambahan sora /é/ hareupeun aksara ngalagena. paneuleung gunana pikeun nambahan sora /eu/ luhureun aksara ngalagena. panghulu gunana pikeun nambahan sora /i/ luhureun aksara ngalagena. panglayar gunana pikeun nambahan sora konsonan /r/ luhureun aksara … pangwisad gunana pikeun nambahan sora /h/ tungtung aksara ngalagena. panolong gunana pikeun nambahan sora /o/ tukangeun aksara ngalagena. panyakra gunana pikeun nambahan sora /-r/ handapeun aksara ngalagena. panyecek gunana pikeun nambahan sora /ng/ luhureun aksara ngalagena. panyiku gunana pikeun nambahan sora /l/ handapeun aksara ngalagena. panyuku gunana pikeun nambahan sora /u/ handapeun aksara ngalagena.

Page 86: Buku guru sunda kls 1  2014

78 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

pupujaning = nu dipuja-pujararuntag = rarungkad, raruntuhrembet = pinuh ku areuy-areuyanrempug jukung = sauyunanruntag = runtuh, rungkadsagara = lautan, jaladrisuwung = kosongtatanén = pertanianteuleum = ngalelepkeun kabéh awak nepi ka sirah kana caiwangun sastra = rupa-rupa sastra saperti prosa, puisi, jeung dramawastana = ngaranna

Page 87: Buku guru sunda kls 1  2014

79Daftar Pustaka

DAPTAR PUSTAKA

Danabrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: KIblat.Hadi, Ahmad, Spk. 2011. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.Rusyana, Yus. 1997. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.Sudaryat, Yayat. 1993. Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.Sudaryat, Yayat Spk. 2007. Tatabasa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.Suryani NS, Elis. 2010. Badingkut. Bandung: Danan Jaya.Tim Unicode Aksara Sunda. 2008. Aksara Sunda untuk Unicode. Bandung: Disdik Provinsi

Jawa Barat.Wibisana, Wahyu Spk. 2000. Lima Abad Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.Widaniawati, Wiwin. 2011. Ajén-ajén Etnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya.

Bandung: SPs UPI.

Page 88: Buku guru sunda kls 1  2014

80 Buku Tuturus Guru SD/MI Kelas I

CATATAN :

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________