Upload
nasas-kennedy-space-center
View
1.856
Download
12
Embed Size (px)
DESCRIPTION
Citation preview
PUPUH Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda
(atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat) nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi/sastra modérn, pupuh ilahar dipaké dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun. Pupuh téh kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan dina unggal pada sarta lobana engang dina unggal padalisan, sedengkeun guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa dang-ding-dung-na sora vokal dina engang panungtung.
Macam-macam Pupuh
Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah.Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol.Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung
kagumbiraan.Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget.Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri.Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung.Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun.Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa
kanyaah.Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana.Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan,
mapatahan.Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté.Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan.Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu
beurat.Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul
kulantaran teu panuju haté.Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh.Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan.Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran.
BIOGRAFI Biografi Nyaeta pedaran anu
ngalakonkeun kahirupan saurang tokoh. Anu nulisna pihak sejen. Otobiografi nayeta ngalakonkeun hirup nu ditepikeun ku soranganna.
Unsur-unsur biografi bentuk narasi :
1. Degdeg pamadeg2. Pasuarang ngarang3. Kahirupan keur leutik4. Kasam tukang di kaluarga5. Riwayat pendidikan6. Karier7. Kaparigelan8. Karya
Biografi nu bentuk formulir :
1. Ngaran lengkap2. Jenis kelamin3. Status4. Agama5. Ngaran kolot6. Alamat7. Nomor telepon atawa e-mail8. Riwayat pendidikan atawa kursus-kursus9. Pangalaman berorganisasi10. Pangalaman kerja11. Pangalaman bidang penelitian12. Karya-karya13. Penghargaan-penghargaan/pangajen
NGADONGENG Harti Dongeng
Dongeng nyaeta carita rekaan nu mere kesan pamohalan tur ukuranana parondok.Kesan pamohalanna upamana bae aya sato bisa ngomong,aya parahu jadi gunung
Eusi dongeng umumna ngandung atikan moral, contona anu bener salawasna pastimeunang pahala, budak nu teu nurut ka kolot bakal cilaka,jrrd
Palaku atawa jejer dina dongeng bisa naon bae, bisa jalma, sasatoan, tutuwuhan, jin,siluman, jrrd
Dongeng teh karya balarea, hartina tara kanyahoan saha nu ngarangna terussumebarna sacara lisan
Tehnik ngadongeng :1. lafalna kudu bentes 2. lentong kudu merenah 3. pasang peta ( aya mimik jeung gestur ) luyu jeung eusi carita
Rupa-rupa Dongeng -Dongeng sasakala nyaeta dongeng asal-usul hiji tempat atawa hiji
kajadian. Contona dongeng sasakala Situ Bagendit, Talaga Warna, Gunung Tangkuban Parahu2.
-Dongeng sasatoan / fabel nyaeta dongeng anu palakuna sastoan nu boga kalakuan jeung ngomong siga jelema, contona : sakadang Peucang Maling Bonteng3.
-Dongeng Babad karangan anu mangrupa sajarah hiji kajadian atawa hiji
tempat,contona : Babad Kuta Maya, Babad Sumedang, Babad Sukapura4.
-Dongeng Farabel nyaeta dongeng nu palakuna ngabogaan kalakuan nu
teu lumrah jeung batur, contona dongeng si Kabayan5. -Dongeng Pamuk/ sage nyaeta dongeng nu palakuna ngabogaan
kasaktian, contona :Mundinglaya Dikusuma
BIANTARA Harti Biantara
Biantara nyarita hareupeun balarea pikeunnepikeun hiji perkara, sipatna monolgis, ukurdirespon ku unggeuk/gideg, keprok, jeung pasemon
Tujuan Biantara
InformatifPersuasif jeung InstruktifEdukatifEntertaint
Materi Biantara
1. Bubuka2. Eusi3. Bahasan4. Kacindekan
Materi Biantara
1. Bubuka2. Eusi3. Bahasan4. Kacindekan
Guna Biantara
- Pikeun nepikeun rupaning kapentingan/maksud.- Ngaronjatkeun ajen diri- Ngarojong Leadership- Jadi puseur paniten masarakat, dihormat jeung dihargaan.
Wanda Biantara
-Ceramah-Pamapag/sambutan-Pedaran/bahasan hiji pasualan-Natar (up grading)-Laporan-Kampanyeu/propaganda-Tarekah Ngaronjatkeun Kamampuh Biantara-Diajar dina organisasi-Numuwuhkeun kawani tumanya-Ngaregepkeun ceramah ilmiah-Rea maca
SISINDIRAN
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi).
sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan;
(2) paparikan, jeung (3) wawangsalan.
Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.
Conto sisindiran:
Aya roda na tanjakan,katinggang ku pangpung jengkol.Aya ronda gogoakan,katinggang ku hulu kohkol.
aya listrik di masigit,caangna kamana-mana.aya istri jangkung alit,cangkengna kamana-mana
Paguneman nyaeta kagiatan
nyarita nu mangrupa kalimah
langsung sarta para palakuna
silih tempas ngalakukeun
tanya jawab.
HARTI PAGUNEMAN
BEDANA PAGUNEMAN JEUNG WAWANCARA
Wawancara mah nu saurang gawena ukur nanya
(ngawawancara) nu saurang deui ukur ngajawab
(narasumber).Paguneman mah silih
tempas, nu ditanya oge bisa nanya
HAL-HAL NU KUDU DIPERHATIKEUN DINA NGALAKUKEUN PAGUNEMAN
1. Lafal
2. Lentong kalimah
3. Sora
4. Basa
5. Ngajiwaan