Upload
zulfikar-nur-aly-nugraha
View
678
Download
6
Embed Size (px)
DESCRIPTION
Kumpulan sajak dalam basa Sunda, yang sebenarnya dibuat untuk memenuhi tugas mata kuliah. Sajak ini berisi perasaan, pemikiran, hingga hal-hal yang sangat dekat dan memengaruhi kehidupan penulisnya.Sajak-sajak ini dipersembahkan untuk yang penulis sangat cintai, yaitu pikiran, perasaan, dan keteguhan hati penulis yang selalu dijaga agar tetap dalam keyakinannya untuk mencapai pencapaian yang tidak bisa dinilai hanya dengan kata cinta.
Citation preview
Sajak 13 Alam
Zulfikar Nur Aly Nugraha
Zulfikar dibabarkeun di Banjar kaping 14 Séptémber
1993. Ti kawit SD dugi ka SMA di sakolakeun di Banjar.
Kuliah di jurusan Sastra Sunda Unpad jatinangor dugi
ka kiwari. Paling resep pisan kana hal-hal anu patalina
sareng ésotéris, alkimia, féminisme, sareng hal-hal
anu kontrovérsi. Resep ogé kana ningali animé, komo
anu témana sajarah, konspirasi, supernatural, jeung
fantasi. Nembéan kana tutulisan, nyobian sautak
saeutik nulis sababaraha sajak. Ngeunaan dunya
tinulis, nu dipikaresep nyaéta Diwan Al Hallaj kempelan
sajak-sajak mistik yasana Mansur Al Hallaj, tulisanna
Nawal Al Saadawi ngeunaan polémik jilbab, Jalalludin
Rumi, jrrd. Dina tulis-tinulis, buku ”Sajak 13 Alam”
mangrupa buku anu munggaran
Sajak 13 Alam
Sajak 13 Alam
Zulfikar Nur Aly Nugraha
Hak cipta ditangtayunan ku undang-undang
All rights reserved
Rarancang Jilid: Zulfikar N
Gambar jilid:
Sajak 13 Alam
Panganteur
Dunya tinulis, dunya nu pinuh ku ideu. Urang terang
kumaha sajarah perjuangan Indonésia ngalawan
kolonialisme moal bisa leupas tina tulis tinulis. Dunya
tinulis, jadi kawitna perjuangan, perlawanan, idéologi,
jeung kayakinan.
Dina tulisan, urang bisa ningal karakter jalmi hususna
panulisna sorangan. Sabab tulisan téh mangrupa eusi
haté, jeung kamandang anu nulis ngeunaan réalita.
Tos seueur karya-karya tulis anu dicitak. Seueur ogé
anu kapilih janten best seller, atawa ogé anu kénging
pangajén/panghargaan.
“Sajak 13 Alam” mangrupa nu munggaran, tebih pisan
ti nu sampurna. Mugi tiasa mangpaat.
Sajak 13 Alam
Daptar Eusi
1. Bubuka -6
2. Jat Kakawitna -8
3. Pangpoékan -14
4. Waktu -19
5. Cahya Palita -23
6. Panas Seuneu -29
7. Angin Layang -35
8. Gelap Motah -40
9. Bumi Pertiwi -44
10. Batu Guna -50
11. Keclak Banyu -54
12. Tangkal Kahuripan -
60
13. Malak & Al Jan -64
14. Bungsu Putra Langit
-70
15. Cinta Sajati -76
16. Panutup -81
Sajak 13 Alam
bubuk Jlin;dunN k nu mh aguN jeneGn; al;lH nu mh murH bis;mil;lH supy t] slH t] kliwt; GNgo solwt; k kksiH nu dipiasiH kn;jeN nbi soll;lohu alIhi wsll;lm; t] hilp; Jebt; k pr shbt; t] lli k aHlul; bIt; O[g sumuhun; k pr kruhun; k in;duN nu dijun;juN k bp nu Gyug ned dihpun;t]n; k sdyn biliH ay lept; ucp; ned widi k sdyn sim;kuriN b[d GukiQ kecp;
Sajak 13 Alam
Bubuka
Nyalindung ka nu Maha Agung
Jenengan Allah nu Maha Murah
Bismillah supaya teu salah
Teu kaliwat nganggo solawat
Ka Kakasih nu dipiasih
Kanjeng Nabi solallohu alaihi wasalam
Teu hilap nyebat ka para sahabat
Teu lali ka ahlul bait
Ogé sumuhun ka para karuhun
Ka indung nu dijungjung
Ka bapa nu ngayuga
Neda dihapunten ka sadayana
Bilih aya lepat ucap
Neda widi ka sadayana
Simkuring badé ngukir kecap
Sajak 13 Alam Kaca 9
Rohang Kakuatan
Mun ceuk Kami aya
Mangka Hyang Rahman nyumponan
Élmuning Hyang Widi jembar
Ti mangsa ajali
Mangka Hyang Rahman nyiptakeun
Sipat kahiji Pangéran
Ngamparkeun kanyaahNa
Ngajembarkeun kawelas asih
Pikeun putra-putraNa
Jeung kakasih-kakasihNa
Hyang Rahman nu kagungan
Papastén, mohal katampik
Sajak 13 Alam Kaca 10
Cinta Salawasna
Deuh,
Kadeudeuh.
Tina hiji wilangan
Saheulaanan keur dunya
Hakékatna kanggo salamina
Dipaparinkeun ka kami sawaréh,
Sawaréh alit pikeun pitrah suci jalmi
Rumingkang,
Rumingkang di bumi alam
Saliwat mapay-mapay dunya
Katingal sipatna Allah nu asihna
Dina napsi-napsi jalmi, kagungan haté
Haté suci pinilih, silih asih suka tulungan
Sajak 13 Alam Kaca 11
Masagi
Hurip geus jadi
Hirup geus tangtu
Agama jadi darma
Dunya tempat ihtiar
Laku lampah alam
Ku opat kahirupan
Geus jeneng aturan
Ti Gusti Kahuripan
Sajak 13 Alam Kaca 12
Wuku Widi Wiku
Nincak kana munggaran
Mangsi saban saban waktu
Gagambaran na rohang papastén
Tina saban saban nu usik
Parat ngaleuwihan jarak
Parat ngaleuwihan rohang
Parat teu mental waktu
Mukukeun rupi-rupi
Di eusi weruh
Saalitna dipasihkeun
Sajak 13 Alam Kaca 13
Ruh Kudus
Moal sakali-kali katingal
Moal sakali-kali kadéngé
Tapi bisa karasa
Ku haté anu beresih
Pangaping umat
Pangaping manusa
Pangaping jalmi pinilih
Dina pamungkasna jaman
Sajak 13 Alam Kaca 15
Nol
Anjeun nu sumebar
Di langit tug bumi
Anjeun nu teu kasampak
Iwal anu kabuka hijabna
Anjeun nu ngawujud
Dina euweuhna
Anjeun teu katingali
Keur kakalayangan
Anjeun nu leungit
Dina kapendakna
Élmu weruh ti nu teu sapira
Teu sapira nu nuduhkeun élmu weruh
Sajak 13 Alam Kaca 16
Peteng
Kuring cikalna
Mangka kuring nu dipikasieun
Kuring bungsuna
Tangtu kuring dipikaijid
Kuring panengahna
Jadi papait-mamanisna dunya
Sajak 13 Alam Kaca 17
Poék Mongkléng
Bet naha salira téh teu aya?
Apan kuring téh aya!
Ah, da salira mah teu sapira
Saenyana mah kuring téh pangkuatna!
Ngawujud keur teu wujud
Teu wujud keur karasa
Aya dina euweuhna
Leungit dina ayana
Moal éléh ku jaman,
Di mana-mana aya
Mo bisa diparat
Sajak 13 Alam Kaca 18
Goréng jeung Hadé
Tinulis dina kitab Widya
Dina jisim Akasa
Dwi manah
Kakuatan takdir
Kabébasan kahayang
Jodo mohal paturay
Geus ditétélakeun
Ku Acintya
Dina indungna kitab
Tah!
Ieu paparin ti Kami
Kanggo aranjeun
Pikeun rasa jeung rumasa
Jatining nu teu kasilih
Sajak 13 Alam Kaca 20
Demi Wanci
Demi wanci,
Saéstuna,
Sadaya makhluk tunduk
Demi wanci,
Saéstuna,
Kami mah moal mundur
Saeutik-eutik acan
Demi wanci,
Kami mah moal tunduk
Iwal ka Gusti
Jeung saha-saha
Nu mipit mangpaat
Kanggo nu mangpaat
Sajak 13 Alam Kaca 21
Saksi Sagala Jaman
Laku lampah dugi binasa
Hirupna kuring
Hirupna sakabéh mahluk
Kuring paéh
Mahluk paraéh
Kuring boga kawasa
Keur maranéh nu hirup
jeung nu paéh
Pikeun mawa maranéh
Tapi moal sakali-kali
Kuring ngaping maranéh
Da kuring mah ngan ukur
Jadi saksi sagala paripolah
Maranéh
Sajak 13 Alam Kaca 22
Dibéré Hirup, Teu dibéré Paéh
Duh aduh
Gusti,
Pangéran abdi
Bet naha,
Kuring teu bisa paéh?
Padahal sadaya
Nu kagungan napsi
Bakal maraot
Na pédah abdi teu boga jiwa?
Na pédah abdi teu boga rasa?
Sumuhun abdi téh teu aya
Teu aya nu ngaréncangan
Komo dugi mangsa abadi
Sajak 13 Alam Kaca 24
Hyang Manon
Sadaya puji disanggakeun
Ka Pangéran saeusi alam
Neda widi,
Hoyong cumarita
Allahna nu Maha Uninga
Hyang Manon nu mo kasilih
Ratu ti sagala Ratu
Nu ningali sadayana
Nu kagungan sadaya rasiah
Nu teu disanggemkeun
Ku langit bumi
Dugi ka bumi paling ageung
Teu aya sésa panyésa
Sajak 13 Alam Kaca 25
Béntang Timur
Éndah bodas tur mentrang
Di langit ka subuhkeun
Éndah,
Saéndah-éndahna béntang
Leuwih éndah ti béntang ageung
Leuwih éndah ti béntang Antéh
Ukur leutik satitik di langit wétan
Matak énak nu ningali
Kaéndahan mah lain sual ukuran
Tapi jadi diri nu sajati
Sajak 13 Alam Kaca 26
Panceg
Panceg maju
Pantrang mundur
Moal ngabalieur
Keukeuh
Naon waé nu aya hareupeun
Ku kami dihareupan
Demi Hyang Rahman
Nu Maha welas asih
Sajak 13 Alam Kaca 27
Déwi Sarangéngé
Hiji mangsa
Kami Hyang Rahman
Kagungan putra,
Caang méncrang
Ti anjeunna lungsur mangpaat
Di alam tata surya
Ngaping tilu belas putra
Pertiwi salah sahijina
Putra katilu nu dipikaasih
Leuwih-leuwih ti nu bodas
Leuwih-leuwih ti nu beureum
Oh,
Déwi Sarangéngé
Sajak 13 Alam Kaca 28
Cahya Puji
Hayu suang maos
Hayu urang maos
Maos asbabun nujulna
Alam langit katut bumi
Anjeun nu mulya
Ti saacan ngawujud jalmi
Anjeun nu mulya
Dunga keur anjeun
Sami dungana keur arurang
Anjeun nu moal poho
Nu nyaah ka arurang
Malah kami ogé teu acan araya
Sajak 13 Alam Kaca 30
Indung Dunya
Leres,
Gusti Suci
Ratu sadaya ratu
Nu kagungan kakuatan
Nganggo hiji jat
Pibakaleun sadaya panincakan
Tina panas dugi ka tiisna
Tina nu maceuh
Dugi ka soméahna
Supaya jadi panincakan
Sadaya kaom
Sajak 13 Alam Kaca 31
Agni
Ulah baong
Ulah osok bedegong
Jadi asal sadaya banda
Ulah sok ujug
Ulah sok adigung
Hirup tina maéhan
Turunan sorangan
Ulah sok caliweura
Hayang waé ka surga
Tiheula
Da puguh
Méga mah moal
Bisa dijugjug
Sajak 13 Alam Kaca 32
Panceg Peugeuh Kahayang Ati
Saleutik-leutikna
Moal sieun-sieun acan
Bisa nyeureud nu gedé
Saleutik-leutikna
Bisa méré raheut
Masing leutik ogé
Moal ingkah tina kahayang
Ti mimiti lahir
Paratkeun dunya surgawi
Leutik-leutik ogé
Bisa maéhan
Demi cumpon kahayang
Sajak 13 Alam Kaca 33
Maturan Pertiwi Salawasna
Béda banda
Béda rasa
Béda kahayang
Béda cara mikir
Ieu nu pihadéeun
Kudu jadi baturna
Maturan Déwi Pertiwi
Titisan Kahyangan
Dwi rupa nu ngaéka
Pikeun jadi conto
Hirup sauyunan
Sajak 13 Alam Kaca 34
Poé Pangbalesan
Wayahna
Manéh nyiksa
Tong ceurik
Najan males
Budak sorangan
Sakumaha jangji
Maranéhanna jalir
Sakumaha sumpah
Nu teu kalampah
Kop tah!
Manéh kudu maturan
Manéh sorangan
Nu kudu méré babales
Salaku Indung awal
Sajak 13 Alam Kaca 36
Cikalna Dunya
Hayang apal manéh saha?!
Tanya indung dunya!
Manéh téh saenyana
Tina kajadian
Kumaha kajadianna?
Indung dunya
Sok ngurilingkeun manéh
Kukuiran sorangan
Teu eureun-eureun
Gara-gara ditubruk
Babaturanna
Sari-sari Indung Dunya
Kalaluar
Nu matak manéh aya
Sajak 13 Alam Kaca 37
Nu Kakalayangan
Saurna Indung Dunya,
Geura ulin, geura ulin
Utun
Sok geura ibur
Ngarah manéh boga batur
Milu kukurilingan
jeung manéh
Bébas,
Bubudakeun,
Beuki kakalayangan
Resep ka mana-mana
Néang nu teu paruguh
Ngarah boga batur
Sajak 13 Alam Kaca 38
Ngatur Rijki
Hé.. Angin
Papancén hirup andika
Sebar sumebar rijki
Ti Hyang Rahman
Keur sakum-sakumna
Nu harirup
Hé.. Angin
Sok ari hayang kakalangan mah
Bari bérékeun
Baturan Méga
Ti kulon ka wétan
Ti kidul ka kalér
Jug geura nindak!
Sajak 13 Alam Kaca 39
Angin Timur
Engké mah kami
Bakal ganti rupa
Tina nu sok ngalayang
Jadi nu laleumpang
Dina mangsa
Geus marengkeun kami
Anggoan raksukan hideung
Ngacaukeun dunya
Nu dipikanyaho kiwari
Kami bakal ngajurit
Néangan perlaya
Ka kaom nu ingkar
Tina kayakinan kami
Sajak 13 Alam Kaca 41
Cahya Carék
Putra kadua
Pareng saenggeus Angin
Purah nyumput
Sakali kaluar
Pikasieuneun
Paséa waé jeung Pertiwi
Turunan Cahya Palita
Sok hayang waé balik
Saenggeus jebul
Sajak 13 Alam Kaca 42
Nyawa Mahluk
Lir ibarat walungan
Lir ibarat cahaya
Lir ibarat bumi
Lir ibarat cai
Diparengkeun jodo
Jeung Indung Hirup
Jadi nyawa
Sakabéh banda
Sajak 13 Alam Kaca 43
Aya waé Hirup Sakeudeung
Ngan sakedét nétra
Teu kasampak ku manon
Teu kacekel ku salira
Matak reuwas
Nu boga ceuli
Matak raheut ka Pertiwi
Sajak 13 Alam Kaca 45
Ngampar
Saban-saban angin
Kakalayangan
Indung Dunya
Kagungan putra deui
Béda jeung nu cikalna
Bakal jadi batur paséa angin
Resep pisan ngajedog
Cicing teu héjo tihang
Teu kawas lanceukna
Resep ulin
Ieu mah mumul
Resep kénéh ngampar
Ngalindungi Indung Dunya
Sajak 13 Alam Kaca 46
Gurat Batu
Panceg
Teteg
Peugeuh
Hayang Matuh
Ka nu jadi indung
Kuat
Moal gampang robah
Nepi ka beulah salira
Sajak 13 Alam Kaca 47
Panincakan Kahuripan
Luhur dunya
Tempat lumangsung
Gumantungna turunanna
Putra Pertiwi
Putra Langit
Putra Pinilih
Makmurkeun Pertiwi
Tempat babarna
Sang Pohaci bumi
Gumantungna Kahuripan
Alam dunya
Sajak 13 Alam Kaca 48
Leumpang Awan
Sakuat-kuatna nu hirup
Moal tangtu bakal cicing
Saumur hirupna
Indung Dunya purah kukuiran
Nunutur Déwi Sarangéngé
Nunutur Angin
Saeutak-eutik
Lir leumpangna awan
Nu matak nyilakakeun
Ogé nu mawa sakur nu hirup
Ka handapeun langit biru
Nu lian
Sajak 13 Alam Kaca 49
Indung Dunya Nyumput
Geus waktuna
Pareng ayeuna Sang Indung
Teu di panghareupna
Waktuna ngarojong
Ka nu jadi anak
Méré parab ka nu di laluhur
Bari nungguan
Indung Hirup
Ngeclak
Sajak 13 Alam Kaca 51
Batu Mulya
Anugrah ti Pertiwi
Barabay hérang
Taya tandingna
Manik-manik alam
Ngageulis bumi
Ngadangdan dunya
Sajak 13 Alam Kaca 52
Kadigjayaan
Paagul-agul
Pahadé-hadé
Kabéngbat kahayang
Hayang jago
Sangkan ditempo
Ku balaréa
Jadi mumusuhan
Jeung batur sorangan
Demi cita-cita
Kabéh diparat
Sajak 13 Alam Kaca 53
Mawa Mangpaat
Hyang Rahman
Resep nu mangpaat
Kanjeng nabi
resep ka nu mangpaat
Leuwih hadé
Mun bisa mawa mangpaat
Keur nu lian
Kahyangan
Jadi pangbalikan
Sajak 13 Alam Kaca 55
Keclak Cihujan
Angin mapay-mapay dunya
Mamawa Méga hideung
Tina Méga hideung
Lahir
Indung Hirup
Opat puluh poé
Opat puluh peuting
Indung Hirup
Mapay-mapay dunya
Maparinkeun kahuripan
Pikeun Déwi Pertiwi
Sajak 13 Alam Kaca 56
Ngagugulung Dunya
Cai..
Cai..
Cai..
Mélébér ka mana-mana
Ngakeukeup dunya
Jol nu haréjo pada lahir
Tujuh puluh bagéan
Dikeukeupan
Antukna Déwi Pertiwi
Kagungan deui putra
Putra nu mawa hawa
Kahuripan
Sajak 13 Alam Kaca 57
Hirup Saluyu
Kacipta dina mangsa
Hyang Rahman
Keur mésem manis
Kami kacipta
pikeun jadi
asal nu harirup
Ku cara sakeclak cai
Ka mana-mana
Kami hayu
Cicing di mana waé
Meunang
Ngan kudu ati-ati
Ka Indung Dunya
Sajak 13 Alam Kaca 58
Babanyo Beresih Ati
Dina diri kami
Kacipta cai suci
Cai suci keur bebersih
Bebersih diri
Tina sagala nu ledok
Ledok lahir
Ledok batin
Ledok manah
Supaya maranéh
Bisa sujud muji
Ka Hyang Rahman
Sajak 13 Alam Kaca 59
Lungsur-langsar Rijki
Kami dicipta
Ngalangkungan Rahmat Hyang Rahman
Diselapkeun sababaraha rijki
Pikeun Putra
PutraLangit Putra Pertiwi
Jeung Putra ti Indung Dunya
Siki-siki kahirupan
Dibawa ku kami
Pikeun kamakmuran
Nu bakal jadi pamingpin
Nu ngokolakeun kami sadaya
Sajak 13 Alam Kaca 61
Asalna Rijki
Hyang Rahman marengkeun
Hujan turun ka bumi
Bumi nu panas tengangé
Néréptép Déwi Sarangéngé
Kumbuh jaradi
Nimat Déwata
Awalna rijki
Leubeut daun katingali
Haréjo
Pikeun mahluk ngala rijki
Burujul hawa
Pikeun kakuatan lahir
Sajak 13 Alam Kaca 62
Bumi Éndah
Manon kana pamandangan
Nineung ati
Nineung sawarga
Cinta
Tengtrem
Tiis ceuli
Hérang mata
Mésemna Hyang Rahman
Di Tatar Parahyangan
Singgasana Rahyang suci
Di palataran Wisnu
Ngantunkeun jenengna
Sajak 13 Alam Kaca 63
Bénténg Alam
Narantung jangkung
Sigep mohal ingkah
Najan Indung Hirup
Ngabaya ka Déwi Pertiwi
Méré pangiuhan
Tina tépna Déwi Sarangéngé
Sajak 13 Alam Kaca 65
1000 Sayap
Nurut ka Rumuhun
Nyaah ka nu soméah
Ting haliber
Indung peuting
Mawa béja
Ka sakumna umat
Mébérkeun jangjang
Kakalayangan di langit
Dina malem mulya
Réwu pahala
Ngagawéan panitah
Ti Hyang Rahman
Tina jangjangna
Sawarga sumebar
Sajak 13 Alam Kaca 66
Dua Malak
Kami mah aya
Di unggal taktak
Kami mah ningali
Kami mah nyakséni
Kami mah nguping
Kami mah nunutur
Ka mana waé anjeun?
Kumaha waé anjeun?
Nanaonan waé anjeun?
Méré naon anjeun?
Ngomong naon waé anjeun?
Éling teu anjeun?
Sajak 13 Alam Kaca 67
Pok Hayang Naon?
Gusti Hyang Keresa
Hoyong teu maot
Di angkasa
Gusti Hyang Keresa
Hoyong teu katingali
Ku jalmi-jalmi
Gusti Hyang Keresa
Hoyong hiji turunan Al Jan
Jadi Ratu di hiji langit
Gusti Hyang Keresa
Hatur nuhun
Sadaya puji kagungan
Gusti
Sajak 13 Alam Kaca 68
Bumi Perang
Bumi nu makmur
Bumi nu subur
Dalapan karajaan
Silih perang
Silih kaniaya
Generasi awal nu kupur
Nganiaya generasi lian
Ijajil mingpin juritan
Prajurit langit ngabinasakeun
Sakabéh bangsa kupur
Ijajil tuluy takabur
Nampik paréntah Allah
Sajak 13 Alam Kaca 69
Paturay jeung Sawarga
Sanés abdi alim sujud
Mung nurutkeun haté
Nurani salira nu nampik
Sadaya-daya kagungan Gusti
Kalebet diri abdi
Abdi mah teu wantun
Bedegong ka Gusti
Jolédar ka Gusti
Cinta abdi leuwih ti anjeunna
Sababaraha réwu abdi ngabdi
Naha bet disilih ku nu lian
Upami cinta abdi jadi papait
Abdi mah badé ngantunkeun
Cinta Gusti salamina
Sajak 13 Alam Kaca 71
Pamingpin Anyar Geus barinasa
Umat-umat kupur
Déwi Pertiwi sujud ka Gusti
Hoyong pamingpin
Ti golongan kami
Anu langkung kasép
Anu langkung geulis
Anu langkung iman
Najan pondok yuswa
Turunan sawarga sawaréh
Pikeun mingpin umat
Dugi ka ahir jaman
Sajak 13 Alam Kaca 72
Bungsu Sajodo
Kami ciptakeun keur manéh
Gaganti keur nu tiheula
Ku Kami dibéré pangaweruh
Banda-banda alam
Ku Kami dibéré cinta kasih
Pikeun nurunkeun turunan
Pok geura cicing
Di Tatar Éden
Pok geura solawat
Ku Kami dijodokeun
Pok hirup didieu
Hirup sauyunan
Sajak 13 Alam Kaca 73
Paturay jeung Sawarga II
Na bet kurang kumaha
Kami welas asih
Ka aranjeun
Na bet anjeun jalir kana jangji
Jolédar tina piwarang Kami
Sok am buah-buah sawarga
Iwal ti hiji
Bet naha anjeun teu tumut
Geura turun siah
Maranéh mo sakali-kali
Ngambeu tatar kahyangan
Maranéh bakal silih ala pati
Diantara turunan manéh
Maranéh bakal ngarasa kasusah
Salila cicing di Pertiwi
Sajak 13 Alam Kaca 74
Musuh Salawasna
Kaburu ku napsu
Kabengbat panggoda
Kapikat manisna pangajak
Hasad ka nu jadi manusa
Teu rido kana takdir
Jangji dugi pati
Nunutur anak Adam
Nyalindung ka nu Maha Agung
Ti musuh nu saenyana
Tina tipu daya
Kana amisna dosa
Sajak 13 Alam Kaca 75
5000 Taun
Cinta,
Kanyaah,
Paséa,
Paadu-adu,
Silih ala pati,
Silih babantu,
Roda kahirupan tutuluyan muir
Manusa mah tetep manusa
Lain nu sampurna
Sajak 13 Alam Kaca 77
Papasangan Alam
Dua mahluk sajodo
Tina dua pasipatan
Mamanisna hirup
Papaitna jaman
Geus Kadarna
Ti Hyang Widi
Sajodo tina dua
Pasipatan nu baréda
Kacipta kakuatan taya tanding
Ajeg moal lebur
Kasaimbangan nu pinasti
Keur jembar haté
Keur ubar manah
Sajak 13 Alam Kaca 78
Ngalap Kasih
Duh Gusti Pangéran abdi
Abdi dolim ka diri
Gusti Pangéran abdi
Tulungan abdi
Dina pangumbaraan
Milari anu dipiasih
Paparin abdi pituduh
Cinta saéndah layung
Keudeung nanging karasa
Sajak 13 Alam Kaca 79
Cinta Salawasna II
Haté ihlas bijaksana
Silih némbongkeun pangarti
Panas jeung tiisna
Panceg jeung pangarti
Moal ka nu lian
Mun ka anjeun salawasna
Sanajan teu kacumpon
Sanajan pajauh
Nanjeur salamina dina ati
Mo kaganti mo kasilih
Dina sajak sajak alam
Ku kuring ditepikeun
Kanggo nu manis
Sami-sami sipit
Sami-sami konéng
Sajak 13 Alam Kaca 80
Kasidah
Pami abdi janten langit
Anjeun janten bumi
Pami anjeun kapanasan
Ku abdi dipasih iuhan
Pami anjeun kapanasan
Ku abdi dipasih méga
Pami anjeun kagaringan
Ku abdi dipasih hujan
Pami bidadari kacipta di bumi
Anjeun kalebet salah sahijina
Pami bidadari kacipta di langit
Mun anjeun tandinganna ti bumi
Sajak 13 Alam Kaca 81
pnutup; al;hm;dulil;lH puji sukuQ Kk al;lH nu muQ[bN alm;
hpun;ten; biliH ay lept; ucp; tiso[ldt; [ltH
titjoN OmoN JNgk]n; I} sjk; kNgo nu ply; mc
hpunten; biliH awon; d tebiH ti sipt; sm;puQn
Panutup
Alhamdulillah puji sukur
Ka Allah nu murbéng alam
Hapunten bilih aya lepat ucap
Tisolédat létah titajong omong
Nyanggakeun ieu sajak
Kanggo nu badé maca
Hapunten bilih awon
Da tebih ti sipat sampurna