24
Easymedia Files KUMPULAN BABASAN PARIBASA Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun. Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai. Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina. Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur. Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana. Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan. Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan. Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan. Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan. Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste. Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya. Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana. Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna. Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri napsu kapegung. Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung. Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah. Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang). Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.

Kumpulan Babasan Basa Sunda

Embed Size (px)

DESCRIPTION

Kumpulan Babasan Basa Sunda Easymedia

Citation preview

  • Easymed ia Fi l es

    KUMPULAN BABASAN PARIBASA

    Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur,tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.

    Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.

    Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.

    Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.

    Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeungomonganana.

    Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.

    Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.

    Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.

    Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.

    Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asapangpunjulna, pangbeungharna jste.

    Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.

    Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.

    Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.

    Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper dirinapsu kapegung.

    Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuhsakeudeung.

    Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.

    Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun(Mikahayang nu moal bakal kasorang).

    Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kududiurus bener bener.

  • Easymed ia Fi l es

    Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hatengongoraeun keneh.

    Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.

    Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.

    Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.

    Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.

    Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.

    Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapihenteu, siga nyaah tapi henteu.

    Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.

    Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.

    Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.

    Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawakaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.

    Aya hate kadua leutik naksir.

    Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud uranggancang kalaksanakeun.

    Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeunatawa ngabulkeun kahayang.

    Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.

    Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.

    Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeungpanghasilanana.

    Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemanagede keneh kaera.

    Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.

    Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.

  • Easymed ia Fi l es

    Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku ridojeung beresih hate.

    Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuhhalangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.

    Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.

    Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawacilaka.

    Beurat birit hese jeung sungkan dititah.

    Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kanapitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

    Beureum paneureuy seuseut batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuatngahasilkeun maksud.

    Beuteung anjingeun ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.

    Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.

    Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.

    Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu soranganboh nu batur.

    Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggungajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalantinu lian.

    Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.

    Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawakaruksakanana.

    Bobor karahayuan henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.

    Bonteng ngalawan kadu nu leutik ngalawan nu gede.

    Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.

    Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santritapi sok ceceremed.

  • Easymed ia Fi l es

    Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.

    Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitahdeui ka batur.

    Buntut kasiran koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.

    Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anuaralus dipake.

    Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura baelamun aya kasalahan teh.

    Caang bulan dadamaran migawe nu kurang mangpaat.

    Cacag nangkaeun Hanteu beres, hanteu rata, henteu sampurna.

    Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji,tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.

    Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuhkarep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.

    Cara gaang katincak anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.

    Cara jogjog mondok carekcok bae, mani gandeng nacer.

    Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodoatawa ditipu ku batur.

    Cecendet mande kiara Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.

    Ceuli lentaheun Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaningtacan karuhan eta beja teh bener henteuna.

    Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeunka diri urang.

    Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesenage lila lila jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).

    Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur nandean gunungNyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.

    Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.

  • Easymed ia Fi l es

    Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya geuneukmaleukmeuk.

    Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdianak, lamun bapana henteu bageur.

    Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarahrejekina atawa pakayana ku batur mah embung.

    Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacidaleutikna.

    Dah bawang dah kapas tah barangna tah duitna.

    Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).

    Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinterdina kasenian.

    Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teunyaho tibareto yen baraya.

    Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeunakalakonanana atawa kapanggihna.

    Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngangeus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.

    Dipiamis buah gintung Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.

    Dipiamis buah gintung disangka hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.

    Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibedabeda.

    Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.

    Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup lenjangjeung geulis pisan, pantes kewes.

    Dogdog pangrewong bantuan anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.

    Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan tikeur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geusgede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.

  • Easymed ia Fi l es

    Dosa salaput hulu kacida loba dosana.

    Dulang tinande awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nujadi salami.

    Duum tinggi ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.

    Elmu ajug pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.

    Elmu sapi samiuk (ngahiji) kana kagorengan.

    Elmu tumbila nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

    Elok bangkong nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.

    Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anutumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun kasarerea.

    Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua milikna, rejekina atawadarajatna.

    Galehgeh gado darehdeh tapi henteu terus kana hate.

    Gancang pincang kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teunyugemakeun.

    Gantung denge hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangnaneruskeun ngadengekeun.

    Gantung teureuyeun Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharnakapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.

    Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang,dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg nganhanjakal gawena jeung karajinanana goreng.

    Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleungharataw jareneng.

    Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadigegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan kaurang ku kabeungharan atawa kakawasaan.

    Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum kabatur.

  • Easymed ia Fi l es

    Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusunmeledug.

    Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig , dengki.

    Ginding kakampis Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.

    Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.

    Goong saba karia Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang,maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.

    Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.

    Gurat batu Pageuh kana jangji.

    Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahluknaanu salah atawa boga dosa ka papada kawula.

    Hade gogog hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.

    Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongannu goreng, goreng deui balukarna.

    Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungitpisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.

    Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuihtapi berehan sok daek barangbere dahareun.

    Hampang birit gampang jeung daekan dititah.

    Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.

    Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mahboga.

    Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeungnangtayungan.

    Harewos bojong Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeutkalawan tetela pisan.

    Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun bohduit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.

  • Easymed ia Fi l es

    Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab,kulantaran umuna sok pabeja beja.

    Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih sotehjeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.

    Hejo tihang Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.

    Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anudirugikeun atawa dinyenyeri.

    Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.

    Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeunakari miskina.

    Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.

    Heurin ku letah Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pokkulantaran loba karisi/ karempan.

    Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sababteu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.

    Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.

    Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade lakulampah supaya alus kacaritakeunana.

    Hulu dugul dihihidan Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.

    Hunyur nandean gunung Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.

    Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anuaralus.

    Ieu aing uyah kidul Boga rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti,pangaboga, pangkat atawa kakawasaan.

    Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar,getihna satetes, ambekanana sadami, agamana darigamana, kaula nyerenkeunMasrahkeun sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dinaseserahan).

    Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung beunghar.

  • Easymed ia Fi l es

    Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.

    Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.

    Ipis kulit beungeut Gede kaera.

    Iwak nangtang sujen Wani nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.

    Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeungnempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.

    Jadi maung malang jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hijiawewe.

    Jadi sabiwir hiji jadi carita jalma loba.

    Jadi senen kalemekan mindeng dicaritakeun batur.

    Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.

    Jati kasilih ku junti pribumi kaeehkeun ku urang asing.

    Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

    Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita,duduga jeung peryoga.

    Jauh ka bedug dusun,bodo, euweuh kanyaho.

    Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeungkabiasaanana.

    Jegjeg ceker cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.

    Jejer pasar lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.

    Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang tibatan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.

    Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad.

    Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.

    Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mahmoal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.

  • Easymed ia Fi l es

    Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagaraKawentar pisan, kawentar kamana mana.

    Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah,sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.

    Kahieuman bangkong Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beungharkatenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.

    Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.

    Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah,leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.

    Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa daharkalawan cukup.

    Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.

    Kandel kulit beungeut euweuh caer.

    Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anukudu nyanghareupan balukarna.

    Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeungngagugulukeun panyerewedan.

    Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bariambek ambekan sagala.

    Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.

    Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.

    Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing.

    Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya dieta tempat.

    Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan kaawewe nu keur ngambek bari nyarekan.

    Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteurkahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.

  • Easymed ia Fi l es

    Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesenahayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.

    Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapihese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).

    Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nudipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajanmatak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.

    Kawas siraru jadi Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.

    Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.

    Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui haritakeneh dilaksanakeun.

    Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.

    Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung lobarejeki.

    Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamundagang terusterusan rugi bae.

    Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.

    Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener,tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.

    Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran Anu saumur -umur miskin tuluy dinahiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanananepi ka siga mangpang meungpeung.

    Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.

    Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk buruk milu mijah= Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur,henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.

    Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.

    Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan,kudu aya rasa curiga.

    Kujang dua pangadekna Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.

  • Easymed ia Fi l es

    Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalinakeneh ku Gusti Nu Maha Suci.

    Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.

    Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.

    Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nujeneng cara ramana.

    Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.

    Kurung batok teu resep nyanyabaan, nimat cicing diimah bae.

    Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah kukasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.

    Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra Indit tiimah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguhanu dijugjug.

    Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.

    Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.

    Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka gorengkatenjona.

    Legok tapak genteng kadek Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.

    Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.

    Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah,jeung loba pertimbanganana.

    Leunggeuh cau beuleum Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.

    Leutik burih euweuh kawani.

    Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.

    Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber kuwawanen.

  • Easymed ia Fi l es

    Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajanleutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusahsarerea.

    Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet Hade gorengnapikiran jelema hese dikira kirana.

    Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.

    Loba teuing jaksa loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matakbingung nu dipapatahan.

    Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.

    Luhur kuta gede dunya Gagah tur beunghar taya kakurang.

    Luncat mulang Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.

    Lungguh tutut Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.

    Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep) hijiperkara anu taya pihasileunana.

    Maliding sanak Henteu adil, pilih kasih.

    Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah katempat bali geusan ngajadi.

    Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa gurumah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.

    Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawamangpaatna.

    Maut nyere ka congona Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.

    Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teubageur.

    Mere langgir kalieun Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawapibahlaeunana.

    Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangkasangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.

  • Easymed ia Fi l es

    Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarangku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.

    Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawaloba kabutuh.

    Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus,tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.

    Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perlunapikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.

    Mipit teu amit ngala teu menta Maling boga batur.

    Miyuni hayam kabiri Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerahka awewe.

    Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang lobadiberena.

    Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelemanu euweuh.

    Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteugampang pihasileun.

    Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.

    Monyet kapalingan jagong Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukangngarah nagrinah karoroncodan.

    Mopo memeh nanggung Hoream, teu sanggup samemeh prak.

    Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleunhirup.

    Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moalngadatangkeun hasil (asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keurmayit nutupan liang-liangan).

    Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeunjalma loba.

    Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si ajeung si b pasea, parerea omong.

  • Easymed ia Fi l es

    Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarahmoal ngarih Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.

    Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada mangtaun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.

    Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawangawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

    Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.

    Nangkeup mawa eunyeuh mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geusnulungan ka urang.

    Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hijiperkara.

    Nepak cai malar ceret Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragragngarana jeung kawentar kagorenganana.

    Nepakeun jurig pateuh Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeunka batur sangkan urang sorangan salamet.

    Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekahtapi teu hasil bae.

    Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.

    Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusahnambahan deuih.

    Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kududatang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.

    Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunanameula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.

    Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun Heuras hatena teusabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.

    Neundeun piheuleut nunda picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supayatemahna papisahan teu ngahiji deui.

    Ngabudi ucing teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.

  • Easymed ia Fi l es

    Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkultukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteuperlu).

    Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiarpikeun ngadatangkeun eta rejeki.

    Ngadaweung ngabangbang areuy pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepika matak waas pacampur jeung sedih.

    Ngadek sacekna, nilas saplasna Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawadikurangan.

    Ngadeupaan lincar ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo kuanu boga imah jeung diajak dahar.

    Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakalku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.

    Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapiembung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.

    Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.

    Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.

    Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawakajadian.

    Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida bangganajeung sudah pihasileunana.

    Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sababhayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.

    Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan,sieunan, kecing.

    Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan,supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.

    Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin atawadunungan.

    Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah taya guna sanajan tihothat ogemoal atawa henteu beubeunangan.

  • Easymed ia Fi l es

    Ngodok liang jero Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.

    Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan,pake jste disaluyukeun jeung pangala.

    Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina poharabalangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade,ngalawan ka anu jadi dunungan.

    Ngusap birit bari indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amitheula ka anu araya didinya.

    Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeungkacilakaan atawa hukuman.

    Nincak parahu dua Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.

    Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.

    Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu geusruksak.

    Noong ka kolong Leutik hate, leutik pangharepan.

    Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diriurang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.

    Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambahkasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.

    Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deuikasusahna.

    Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa caritabatur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.

    Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna,euweuh nu mulya.

    Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.

    Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.

    Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae,mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.

  • Easymed ia Fi l es

    Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.

    Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananyajeung jawaban pasalia, henteu nyambung.

    Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaanka anu geus beunghar.

    Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawabagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.

    Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anusahandapeun darajatna jeung pangabogana.

    Nyalindung ka gelung Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.

    Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyitkunyit, dicacag diwalang walang Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rekdihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.

    Nyanghulu ka jarian Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.

    Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol baedatang.

    Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.

    Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geusbodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah kuurang sarerea bakal kasorang.

    Nyiar batuk piaraheun Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.

    Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hijiperkara anu dilarang ku luluhur.

    Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.

    Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.

    Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.

    Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resepreureujeungan jeung nu teu boga.

    Nyiuk cai ku ayakan Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.

  • Easymed ia Fi l es

    Nyium bari ngegel Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakinadipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.

    Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.

    Nyolok mata buncelik nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.

    Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.

    Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung mentatimbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.

    Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur,imeut pisan pancakakina.

    Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah bejaanu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.

    Owah gingsir Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.

    Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.

    Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.

    Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.

    Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa jira (Paunggul unggulnyiar rejeki, teu daek silih seblokan).

    Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.

    Pait daging pahang tulang Arang gering.

    Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.

    Pakotrek iteuk Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-akinini-nini.

    Paluhur luhur diuk pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.

    Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.

    Papadon los ka kolong Cidra jangji, teu nedunan jangjina.

    Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kanabarang tapi ka jelema anu dipikancinta.

  • Easymed ia Fi l es

    Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.

    Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.

    Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyetaanu bodo.

    Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisanku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.

    Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.

    Pupulur memeh mantun Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memehprak digawe.

    Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging Dinacidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anudipangnanggungkeun.

    Puraga tamba kadengda Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteungandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.

    Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.

    Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolotanu mepelingan ka urang.

    Rumbak kuntieun Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.

    Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarinangeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.

    Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matakkaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.

    Sabobot sapihanean Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.

    Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anugoreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.

    Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.

    Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji.

  • Easymed ia Fi l es

    Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geusbukti tas nganyernyeri ka urang.

    Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus ayapacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.

    Sakecap kadua gobang Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.

    Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.

    Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina moalngaluhuran guru.

    Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geusembung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.

    Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.

    Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, taraaya pacengkadan.

    Satengah buah leunca Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.

    Saumur nyunyuhun hulu Saumur hirup rumingkang di bumi alam.

    Saungkab peundeuy Omongan anu pondok tur kurang manis.

    Sengserang padung Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna carabaheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.

    Sentak badakeun teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beukingedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.

    Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab lobadosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.

    Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embungcicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.

    Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keurpagawean pulisi).

    Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana ogejalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.

    Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.

  • Easymed ia Fi l es

    Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun,tangtu bae ngambekna jadi tambah.

    Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.

    Sibanyo laleur Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.

    Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.

    Sosoroh ngadon kojor Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunangkauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.

    Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.

    Tamplok batokeun Berehan teuing nepi ka urang mah susah.

    Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus baedigelendeng atawa dicarekan).

    Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nuhadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.

    Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.

    Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuhtatalang ka nu susah.

    Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.

    Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.

    Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake hayang ti salaki.

    Teu diambeuan teu dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.

    Teu didingding kelir teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.

    Teu dipiceun sasieur Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.

    Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.

    Teu gugur teu angina Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawaciciren.

    Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya gorengkalakuanana sok daek pulang paling.

  • Easymed ia Fi l es

    Teu mais teu meuleum teu aya patalina pisan, teu pipilueun.

    Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anuhalal jeung anu haram oge disaruakeun bae.

    Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenahjeung baruk.

    Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.

    Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.

    Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing lomasabab balukarna alus pisan.

    Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan Teu baraya, teu kaka, teuadi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.

    Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa geussalah atawa boga dosa.

    Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawakaroroncodan.

    Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean.

    Tikoro andon peso ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diriurang.

    Tinggar kalongeun Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendengatawa dicarekan.

    Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.

    Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.

    Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusahnu leuwih gede.

    Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitusaeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluanjeung pangaluaran anu sakitu lobana.

    Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti kanagara.

  • Easymed ia Fi l es

    Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.

    Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genahahirna.

    Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anudipilampah, teu kaganggu ku naon naon.

    Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteuatawa tacan boga pakaya.

    Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka pamajikanteh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosentapi kudu beuki lila beuki welas asih.

    Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lilabeuki nyaah.

    Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa jurig,dedemit.

    Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese capeladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.

    Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geusjeneng.

    Ulah tiis tiis jahe kudu iatna, kudu cingceung.

    Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawakabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.

    Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.

    Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu goreng sokditurunkeun ka anak incuna.

    Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.

    Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang wiwirang nau pohara gedena.