13

Click here to load reader

Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

Embed Size (px)

Citation preview

Page 1: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

PEMBAWA ACARA : LUTFIA FITRI INSANI

THOLA’AL BADRU ALAINA, MINSANI YATIL WAHDA, WAJABAS SYUKRU

ALAINA, MADA’AL LILLAHIDA.

AYYUHAL MAB’US SYUFINA,JI’TAMIL AMRIL MUHTOOOOO.

PANGALUNGAN MANGLETawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon panganten pameget.Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

Assalamua’laikum Wr. Wb.

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring.

Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan

parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara.

Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah

seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.

Langse panyana hate ayeuna urang singraikeun, gesan mapak balebat di Beulah wetan,

rek balayar tarik jangkar mapak jalan nu ngembat taya simpangan, namung memeh kebat nya

lumampah, ranggeuyan acara urang sebatan.

Nu ka hiji bubuka, eusina: maos ayat suci al-qur’an

Nu ka dua seren bakal panganten ditema ku panampian.

Nu ka tilu akad nikah disusul ku hormat sungkem.

Nu ka opat piwuruk awuran sepuh.

Nu ka lima manjatkeun du’a, minangka pamungkas acara.

Page 2: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

PANGANTEUR BUBUKA

Nyukcruk jalur sunah rosul, pedah aya mapag anu diseja, nu dipilar maksad hasil, tong petot

urang tawakal, lumrah dimana-mana keur sakumna umat islam dimana rek milampah hade, sok

ngaoskeun basmallah. Sumangga urang rampak sasarengan ngaoskeun ayat basmallah ;

Bismillahirohmanirrohim

1. NGAOSKEUN AYAT SUCI AL-QUR’AN

Bisi leumpang pareng sabab meun balayar pareng katambias rampang reumpeung poekeun jalan

sorangan,sangkan maneh jadi caang, guligah ku ka tentreman kalayan maksad ibadah, sumangga

urg samisami dangukeun aosan ayat suci al-quran anu bade di aoskeun ku : Milda Utari.

2. SEREN BAKAL PANGANTEN DITEMA KU PANAMPIAN

MASRAHKEUN PANGANTEN PAMEGET

Assalamualaikum wr. Wb.

Bapa sohibul bet sakalih !

Para tamu undangan anu ku simkuring dihormat, oge hadirin walhadirot anu mulya.

Satutasna maca hamdalah ka dzat alloh Azzawajala anu jembar kurniana, ditema ku maca

solawat sareng salam ka rosullulloh saw anu jadi kakasihna kitu deui kakulawargina sareng ka

sohabatna tug dugi ka urang sadayana.

Anu tipayun dihaturkeun,sewu nuhun laksana bingah reh na simkuring dipaparin waktos kanggo

biantara ngadugikeun pamaksadan, padahal saleresna tos ka sudi ku pribumi, kateguh ku nu

ngariung, namung da bongan parantos ilahar ditatar sunda, ieu mah etang etang ngawartosan

bulu tuur.

Hadirin anu mulya,

Jelas yen islam teh masihan bongbolongan, masihan jalan kanggo ngahontal citacita, alias

sapagodos sareng fitrah manusa. Anu janten jeujeur biantara nyaeta ngajajapkeun calon

panganten pameget anu lengoh ngaligincing, paripaos heunteu bungkus kosong kosong acan, ari

Page 3: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

tutungkusan mah aya mung heunteu ditembrakkeun, isin ceunah nu dibungkusna teh koneng

sasolor sareng muncang sadampa, eta khususon lil muksinin.

Para sepuh miwah hadirin sadaya!

Simkuring percanten pihak pribumi ka calon panganten pameget the tos teu bireuk deui, parantos

apal, parantos kenal pisan, henteu kedah dijentrekeun deui aranjeuna terang yen calon mantuna

the jajaka anu luar biasa. Luar na biasa, mun diciwit sok karasa nyeri mun dikeuret sok raheut

mun titajong sok jontowor. Kitu deui lebet na ge biasa, mun ay aka keuheul sok baeud, mun rek

mere kaleked sok jengkel mun nyemah hayang gek sor mun sare hayang dug cle biasa tea bae

lumrah, malih sawaktos-waktos sok disimbut kakeudul, disolendang hoream, dipasieup ku igeng

taligeuh, malah teu kapalang dandananana the ditambih ku balangah jeung lalawora

Bapa shohibul bet sakalih miwah para tamu uleman

Leres ieu calon panganten pameget the dijurung ku laku ku sepuh, diiring ku kadang wargi,

dijajap ku baraya, sareng tatangga, biasanamah nu jajap the naktak mundak nyuhun nanggung

rebo ku cacandakan. Ari ieu matak isin, ngaleut ngeungkeuy bari teu nanggeuy, ngabrul batur

bari teu manggul, malih dijalan simkuring ngaharewos ka panganten “ jang (ceuk simkuring)

sakira lengoh mah mending ulin ka kebon binatang lalajo monyet lantaran datang ka calon

mitoha ge ka era-era.” Sang calon ngawaler “ mang mending datang tandang sacara satria, margi

kahiji janji parantos paheut, kadua alhamdulilah anu aya mah dibantun, kayaning iwung jeung

nangka tambah beunyeur tapieuneun, parentul irung paregpeg mata, teu weudeu euyeub ku

beuteng eusianeun. Nyanggakeun deui bae ka urang dieu bongan simkuring teu mekel.

Sanes teu isin nyanggakeun, sanes kirang ka kogel mung rumaos heureut pakeun pungsat bahan,

nyanggakeun sabrang da cabe mah pimanaeun, nyanggakeun nu diwadahan wadah namah

kadieukeun, wadah namah kenging nambut bade di wangsulkeun deui.

Bapa shohibul bet sakalih!

Simkuring moal seueur teuing ngalantur kumargi parantos teu kiat nyorodod tuur, katambih

waktos na nyeredkeun batur, urang ringkeuskeun bae “nyanggakeun calon panganten pameget

miwah ruruban na anu sakitu buktosna, mugi ditampi kalayan aya dina kamaslahatan, amiin oge

ngiring ngaduakeun mugia dina ngolah rumah tangga naengke sing lulus banglus, kacai jadi

salewi kadarat jadi salebak, geus sakali sok menta deui mun telat sok loba adat.

Page 4: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

Rumah tangga pun anak sareng tuang putra sing lir ibarat rakit anu raket henteu rukat roket,

hanas enjing pageto aya anu rukat reket, tong digeureuwahkeun, da biasa eta mah.

PANAMPIAN TI PIHAK ISTRI

Para tamu rombongan miwah para tamu uleman anu sami hadir!

Bawiraos payus tur luyu upami langkung tipayun nyembah puji ka gusti anu maha suci anu

parantos ngersakeun ka urang sadaya ruing mungpulung di ieu haflah, sarehna kahiji ; para tamu

diperjalanan salamet kanu dituju tiasa cunduk. Kadua pribumi salamet tina nyeri beuheung

sosonggeteun reureuh tina lengo deui lengo deui. Ditema ku maca solawat sareng salam ka

kanjeng rosulullah saw, anu parantos ngebrehkeun syareat nikah ka kabeh manusa anu banget

butuh, sakantenan ka kulawargi sareng ka sohabatna malih parat dugi ka urang sadayana amin.

Mugi ieu ririungan dijantenkeun salah sawios riungan anu dijuuhan ku rohmat sareng maghiroh

alloh robbul izzati, atuh dina bubarna engke sami-sami kenging apingan sareng jaringan anjeuna.

Amiin.

Kasumpingan para wargi mugi dilebetkeun kana idkholus surur, anu aya dina deretan ibadah anu

ditampi ku alloh swt. Amin.

Salajengna neda dihapunten ti sadayana pihak, boh ti pihak tamu anu sumping aleut-aleutan, boh

tamu anus umping na nungtutan, boh ti pihak baraya atanapi tatangga ti palih kulon sareng ti

palih wetan, kitu deui ti para pejabat anu bersangkutan, boh tingkat desa atanapi tingkat

kacamatan, teu hilap deui ti para wargi anu parantos nyumbangkeun tanagana sareng emutan anu

ti kamari malih timangkukna mung sakadar kabagean cape bari teu kabagean sate, katambih

aranjeuna mah katempuhan beberes engke.

Para hadirin sadayana!

Ari daya ikhtiar numutkeun kamampuan mah tos diketrukkeun, hoyong nyugemakeun para tamu,

namung dalah dikumaha, da buktosna mung sakadar sakieu.kumargi kitu sakalideui mugi para

wargi kersa meberkeun lautan hapunteun. Sim kurin gmung tiasa namprak ngadu’a mugi-mugi

Page 5: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

kasaean para wargi, hartana, tanaga sareng emutanna digentosan ku Allah nu Maha Rohman

sareng Maga Rohim. Jazaa-Kumulloh ahsanal Jazaa.

Para Hadirin sadayana!

Sim kuring darma sambung lemek pribumi, darma ngawartoskeun harewos sohibul walimah.

Harewos anu kadua, ieu mah peryogi diikklankeun kalalyan jelas nyaeta “nampi,” kana naon-

naon anu parantos disanggakeun ku parentawiswan sesepuh rombongan, boh calon

silaturahmina, boh calon panganten pamegetna.

Ngarupikeun hiji kayakinan kanggo sim kuring yen callon mantu tegesna tuang putra teh salah

sahiji jajaka anu sae kasepuh, hormat kasasama, buktosna dina ngalaksanakeun pamaksadan teh

dijurung ku sepuh, dijajap ku baraya sareng tatangga, malah guru-guruna.

Para wargi sadayana

Sateuacan biantara the sim kuring naros heula ka calon istrina kumahha bade di tampi wae?

Walerna the atuh sumuhun ditampi pisan. Kumaha lamun panganten pamegetna calancang

celenceng teu aya nu jajap?” “ahh sawios” walerna the. Lajeng ka sim kuring ngaharewos

“kanggo abdi mah kajeun jeunjing sisi rawa asal ka ciapus jalana, kajeun teu jinjing teu bawa

asal di bungkus kucalana”.

Para hadirin anu sami linggih

Munasabah upami nikah kalebet kan akategori ibadah anu paling ni’mat geura titenan sateuacan

angkat, salametan heula, baraya, tatangga, sobat pada ngadu’akeun, ucapana rupi-rupi “selamat

menempuh hidup baru”,semoga bahagia”,”wilujeung berbulan madu” jeung sajabina.

Para hadirin sadaya

Bilih teubih teuing ngalantur,katambih waktosna nyeredkeun batur hayu urang pungkas wae ieu

catur ku du’a anu ma’tsur

Wassalamualaikum wr. Wb

Page 6: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

3. AKAD NIKAH

Baarokallaahu laka wabaroka alaika wajama’a baina kuma fikhoir

Alhamdulillahi rabbil ‘aalamiin hamdan yuwafii ni’amahu wayukaafi’u maziidah, yaa rabbanaa

lakal hamd, kama yambaghi lijalaali wajhikalkal kariim wa’adhiimi sulthonik,allahuma sholi

‘alaa sayyidina Muhammad wa’alaa alihi wa ashhabihi ajma’iin.allaahumma allif baina junjunan

dwi putra bin ira sudrajat wa RESCA SORAYA FAUZIAH bin dian permadi.kama allafia baina

nabiyuka adam wa hawa, wa kama allafta baina rosulikal kariim Muhammad saw wa khodijah

al-mukaromah

Allahumma yaaloh, satukanlah hayi kedua mempelai ini sebagaimana engkau telah menyatukan

antara hati nabimu adam dan hawa serta antara rosulmu yang mulia Muhammad SAW dan siti

khodijah.

Allohumma yaalloh, berkahilah kiranya kedua mempelai ini, dengan kehidupan yang penuh

dengan kebahagiaan didunia dan di akhirat.

Allohumma yaallah, anigerahilah kedua mempelai ini dengan keturunan yang shaleh, yang

berbakti kepadamu, dan taat kepada orang tuanya serta berguna bagi agama, bangsa, dan Negara

Allahumma ya allah, rahmatilah kami semua yang hadir disini dengan kehidupan yang bahagia

sejak di dunia sampai di akhirat dan hindarkanlah kami dari siksa neraka.

Robbana hab lanaa min azwaajinaa wa dzurriyatinaa qurrota a’yun wah’alnaa lil muttaqiina

imaama.

Rabbana aatina fid dunyaa khasanah, wa fil akhirati khasanah waqinaa adzzabannar,

Alhamdulillahi robbil aalmiin.

Bapak/wali : Bapak Resca+ Penghulu

Neng, Bapak atos ngahapunteun sadaya kalepatan Eneng sareng deui bapak ngawidian

pernikahan sareng cep Junjunan. INsya allah sakedap deui pernikahan anjeun bade bapak

laksanakeun. Bapak Do’akeun mugia pernikahan anjeun the pinuh ku barokah jeung kadamaian

sarta meunang rido Allah SWT, Aamin Yaa Allah Ya Robbal “alamin

Page 7: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

Kasiapan Kadua Mempelai :

Penghulu :

Naros ka masing-masing suami/calon istri sacara bergilir

Cep Junjunan, Anjeun tulus ikhlas, teu aya paksaan mikabogoh Neng Resca sareng siap kangge

ditikahkeun sacara Islam?

Junjunan Dwi Putra :

“Muhun, abdi tulus ikhlas teu aya paksaan mikabogoh kang Junjunan jeung siap ditikahkeun

sacara Islam.”

Neng Resca Anjeun tulus ikhlas, teu aya paksaan mikabogoh Cep Junjunan sareng siap kangge

ditikahkeun sacara Islam?

Resca Soraya Fauziah

“Muhun, abdi tulus ikhlas teu aya paksaan mikabogoh kang Junjunan jeung siap ditikahkeun

sacara Islam.”

Penghulu

“Alhamdulillah, ku disaksikeun tokoh tokoh masyarakat, alim ulama, para saksi sarta hadirin

sekalian, kadua calon mampelai atos siap nikah kukasadaran nyalira sareng ikhlas tanpa aya

paksaan, kusabab kitu dugi oge urang sadaya kana acara anu paling penting dina kahirupan

kadua calon nyaeta ijab qabul.

Nyuhunkeun widi ka pun Rama:

Bapa, tikahkeun abdi ka a junjunan kalayan aya dina karidhoan bapa.

Neng, bapa tikahkeun anjeun ka cep junjunan kalayan aya dina karidoan bapa.

Page 8: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

Ijab-Qobul Nikah

Wali/ sepuh panganten (bari pacepeng-cepeng panangan sareng panganten pameget) :

BISMILLAHIR RAHMAANIR RAHIIM. JUNJUNAN DWI PUTRA KAULA TIKAHKEUN

ANJEUN KA ANAK TEGES KAULA, NENG RESCA SORAYA FAUZIAH KU

MASKAWIN SAPERANGKAT ALAT SHOLAT SARENG ARTOS RP. 100.000.000,00

KONTAN

Panganten Pameget :

TARIMA ABDI NIKAH KA NENG RESCA SORAYA FAUZIYAH BINTI DIAN PERMADI

KU MASKAWIN SAPERANGKAT ALAT SOLAT SARENG ARTOS RP. 100.000.000,00

KONTAN

Doa (ku Ustadz/penghulu)

BaarokalLaahu Lakuma bi Barookatil Faatihah,

A’UDZU BILLAHI MINASSYAITHONIR ROJIIM, BISMILLAHIR RAHMAANIR RAHIIM,

ALHAMDULILLAHI ROBBIL ‘AALAMIIN, ARRAHMAANIR RAHIIM,

MAALIKI YAUMIDDIIN, IYYAKA NA’BUDU WA IYYAKA NASTA’IIN,

IHDINASSHIRAATAL MUSTAQIIM, SHIRAATHAL LADZIINA AN’AMTA ‘ALAIHIM,

GHOIRIL MAGHDHUUBI ‘ALAIHIM, WALADDHOOLLIIN. .AMIEN.

ALHAMDULILLAHI RABBIL ‘AALAMIIN, HAMDAN YUWAFII NI’AMAHU

WAYUKAAFI’U MAZIIDAH, YAA RABBANAA LAKAL HAMDU, KAMA YAMBAGHI

LIJALAALI WAJHIKALKAL KARIIM WA’ADHIIMI SULTHONIK, ALLAHUMMA

SHOLLI ‘ALAA SAYYIDINAA MUHAMMAD WA’ALAA ALIHI WA ASHHAABIHI

AJMA’IIN. ALLAHUMMA ALLIF BAINA …………… BIN ………………… WA

…………………… BINTI …………………… KAMA ALLAFTA BAINA NABIYUKA

ADAM WA HAWA, WA KAMA ALLAFTA BAINA ROSUULIKAL KARIIM

MUHAMMAD S.A.W WA KHODIJAH AL- MUKARROMAH

Page 9: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

Allahumma, Yaa Allaah, satukanlah hati kedua mempelai ini sebagaimana Engkau telah

menyatukan antara hati NabiMu Adam dan Hawa serta antara RasulMu yang mulia Muhammad

SAW dan Siti Khodijah.

Allahumma, Yaa Allaah, berkahilah kiranya kedua mempelai ini, dengan kehidupan yang penuh

dengan kebahagiaan di dunia dan di akherah.

Allahumma Yaa Allaah, anugerahilah kedua mempelai ini dengan keturunan yang saleh saleh,

yang berbakti kepadamu, dan taat kepada kedua orang tuanya serta berguna bagi

Agama, Bangsa dan Negara.

Allahumma, Yaa Allah, rahmatilah kami semua yang hadir disini dengan kehidupan yang

bahagia sejak di dunia sampai di akherat dan hindarkanlah kami dari siksa neraka. Robbanaa hab

lanaa min azwaajinaa wa dzurriyyatinaa qurrota a’yun waj’alnaa lil muttaqiina imaama. Rabbana

aatina fid dunyaa khasanah, wa fil akhirati khasanah waqinaa adzabannar, alhamdulillahi robbil

aalamiin.

Penghulu:

Para hadirin sadayana , dengan ku disaksian ku parqa saksi sareng para hadirin sadaya,

alhamdulillah upacara pernikahan searing ijab qobul atos rengse dilaksanakeun kalawan lancer

sacara agama islam . Ku kituna , saatos rengsena ijab qobul eta, Cep junjunan sareng Neng Resca

atos sah janten suami istri menurut agama islam.

Mudah-mudahan kahirupan kadua panganten ieu diberkahi cucuran rakhmat ti Allah SWT,

sareng bagja di dunia dan di akherat. Amiin.

YAAA ROBBIGHFIR MUSTHOFAA, BALLIGH MAQOOSHIDANAA, WAGHFIRLANAA

MAA MADHOO, YA WAASI’AL KAROMIII. (4x)

PENYERAHAN SIMBOLIS SESERAHAN

Page 10: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka panganten pameget kanggo ngadugikeunna

di tampi ku panganten pameget.

(*cacandakan sanesna tiasa diantaykeun)

SUNGKEM

ka dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah, sim kuring sateu acan ngiring

jabung kumalaku, lumampah cumarita seja wakca balaka, wireh sim kuring sanes pujangga anu

ahli ngareka basa, kumargi kitu paralun maklum anu kasuhun, hampura anu diteda, boh bilih

dina ngadadar ieu acara kirang nyorang kana kakedahannana.

Bismillah…

mangga ka pasang panganten, geura lumampah nyaketan pangkonan ibu rama.

Prak, mangga ujang- nyai. Kasep-Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung.

Samemeh hidep duaan bareng penta kanu jadi indung, pek haturanan heula tawis rasa

tumarima ngalangkungan basa kaanjeunna. Kalayan dimimitian ku keretegna manah.

Uningakeun kanu janteun ibu, kieu unina :”Mamah dina dangeut ieu kalayan sareatna disakseni

ku kadang wargi nu hadir didieu hakekatna disakseni ku Allah SWT langkung tipayun abdi seja

ngahaturkeun rebu nuhunn laksa ketik kabingahan kana kasaean anu parantos dipaparinkeun ka

abdi.

Kasawang ku abdi kasusah mamah, nalika bureuyeungan, senggah gulung gasahan.

Patuangan nyelekit beuki narikan. Celekit Dina parindikan, jeletot dina bobokong, renyang-

renying teu betah cicing. Dina waktu mamah ngalahirkeun abdi, mamah bajuang dina tungtung

hirup tanaga mamah, engapan mamah, kesang mamah, cai soca mamahh, getih mamah

nyurugcug maseuhan bumi pikeun melaan anu jadi anak.

Mamah mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngesto tina lelembutan abdi anu pang jero-

jerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda hampura tina samudaya dosa

perdosa. Tinangtos dosa abdi anu jadi putra moal kaetang seueurna. Abdi yakin sanajan

sakumaha benduna, mamah lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi”.

Page 11: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

Deudeuh teuing kasep-geulis anak mamah

Saleresna kasedih mamah dina danget ieu lain kusabab kapusingna indung kanu jadi anak.

Keun sagala kasalahan anu geus di pilampah ku hidep dina waktu anu katukang tukang ku

mamah di hampura.

Naning anu ngalantarankeun mamah sedih danget ieu the nyaeta kabeuran hate indung kanu

jadi anak.asa kamari hidep ku mamah diseeh, di akod-akod waktu orok, di memenan waktu

budak.

Kiwari ti harita mangsa ngaliwat bari teu karasa. Geuning si kasep anu di hancleung –

hancleung ku mamah, si geulis anu di timbang-timbang waktu orok teu sangka geuning geus

sawawa, dewasa, manjing milampah rumah tangga. Nyukcruk galur sunnah rosul, mapai lacak

papagon agama. Hidep kiwari seja ngamimitian ngabaladan sagara rumah tangga. Geura bral

miang, beber layar tarik jangkar ku mamah didu’akeun mugia sing tinemu jeung kabagjaan dunia

katut aherat.

Mangga kasep, geulis geura ingkah tina lahunan mamah ngalih kana panggonan Bapa.

Ujang,nyai – kasesp, geullis. Sok paseurkeun panyawang hidep kana kanyaah nu jadi Bapa ka nu

jadi anak dina salila ngipayahan, nyumponan kabutuhan hirup nu jadi anak.

Bapa,

Rumaos abdi mindeng musingkeun ka Bapa, dina danget ieu clik putih jatining bersih,

clak herang jatining padang, ti luhur sausap rambut, tihanap sausap dampal , geutih sateteh bekan

sadami, kiwari abdi neda jembar hampura tinu jadi Bapa.

Bageur kasep, geulis. Malati lingsir na ati, ansana ligar ku mangsa. Hamo lingsir dina wanci,

moal ligar dina mangsa kiwari wanci tur mangsana Bapa dumareuda wakca balaka kahidep

duaan. Sabenerna, gunung karahayuan, pasir kaasih, sagara kanyaah Bapa kahidep teh memang

langka kakedal ku lisan, jarang karaba ku carita. Namung sanajan kitu, ngahunyudna kanyaah

Bapa ka hidep teh tinangtos langkng langkung kanyaah. Sabab, sagaka rupa anu diusahakeun ku

Bapa belaan ngadua-duakeun huap, ti sruk-sruk tidugdug belaan poho ka temah wadi, teu aya

lian nyaeta melaan nu jadi anak.

Page 12: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

Cag, anaking geura tandang makalang, geura milampah babarengan kalalayan diwuwuh

ku du’a nu janten sepuh. Dihiad ku panghiap nu jadi Bapa. Montong melang, lengkahkeun

sampean bari ngucapkeun niat seja milampah tugas pangeran.

Mangga ujang, nyai, kasep, geulis geura ngalih kana pangkonan ibu mertua.

Baarokallohulaka wabaroka alaika wajama’a baina kuma pikhoir.

Mangga ujang, nyai, kasep, geulis geura ngalih kana pangkonan ibu mertua.

4. SAWER

Assalamualaikumna

Salam abdi sadayana

ka anu sumping ayeuna

dina ieu walimahna.

Ieu abdi kawakilan

ku ibu ramana pisan

maksad bade ngawurukan

kanu nembe di akadan.

Junjunan sareng neng resca

ayeuna tos ngahiji

maksad bade rumah tanggi

mugi aya rido gusti

Resca kedah ati ati

ayeuna gaduh salaki

poma kedah amis budi

ngawulaan ka salaki

kitu deui ka junjunan

ulah sok abring abringan

komo lamun lalajoan

tangtu alloh bendu pisan.

Page 13: Teks Pembawa Acara Pernikahan Sunda

5. DU’A NIKAH

PANUTUP

Bapa-bapa, ibu-ibu miwah para wargi hormateun simkuring, rupina rundayan acara timunggaran

dugi ka akhir parantos rengse di pedar kalayan aya dina kalancaran , simkuring Lutfia Fitri Insani

bari samit mundur amit mungkur , hapunten anu kasuhun bilih aya basa nu teu luyu sareng undak

usukna, bilih luhur saur bahecarek, rumaos sanes ahlina, kanggo nutup ieu acara sumangga urang

pungkas kumaos hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirrobilalamin.

Haturnuhun, wassalaualaikumwr.wb