10
2.1 Pengertian Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran). Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula. Ilaharna dongéng téh pikeun barudak. Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta , atawa mahluk séjénna. Corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma 2.2 Wangenan Dongéng nya éta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina. Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok. Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna. Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit. Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja. 2.3 Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng Gelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.v Dina ieu jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan,jampé-jampé, kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, nya éta ku ayana pecitakan, loba dongéng anu dimuat dinamajalah jeung surat kabar. Lian ti éta ogé, aya anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana: Dongéng disalin kana tulisan, sanggeus téknologi ngambah kana

Makalah Sunda

Embed Size (px)

Citation preview

Page 1: Makalah Sunda

2.1 Pengertian Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran).  Nilik wandana jeung eusina dongéng téh kaasup rékaan baheula.  Ilaharna dongéng téh pikeun barudak.  Patempatan anu jadi latarna mindeng tétéla gambaran kaayan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna.  Corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma2.2 WangenanDongéng nya éta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian, biasana osok nyaritakeun kajadian-kajadian jaman baheula. Numutkeun kamus dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian saenyana anu mohal jadina. Budi Rahayu Tamsah nétélakeun yén dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok.  Dongéng mimiti gelar dina wangun lisan, sumebar ti hiji jalma ka jalma liana, tur teu kapanggih saha nu ngarangna.  Lantaran sumebar dina wangun lisan, téks dongéng babari robah atawa leungit.  Robahna téks téh alatan aya anu dihaja jeung teu di haja.  2.3 Sajarah Kamekaran jeung Sumebarna DongéngGelarna satra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu.v Dina ieu jaman, sastra anu aya teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning carita-carita pantun, carita-carita mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan,jampé-jampé, kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, nya éta ku ayana pecitakan, loba dongéng anu dimuat dinamajalah jeung surat kabar.  Lian ti éta ogé, aya anu dikumpulkeun jadi buku, di antarana: Dongéng disalin kana tulisan, sanggeus téknologi ngambah kana kasustraan sunda, loba dongéng anu dibukukeun di antarana : Carita Rayat Sunan Gunung Jati ku Yuliadi Soekardi jeung U.Syahbudin. Carita Rayat Asal Mula Kasultanan Cirebon ku A.Setiawan jeung U.Syahbudin.

Page 2: Makalah Sunda

Babad Tanah Sunda Babad Cirebon ku P.S. Sulendraningrat. Dongéng-dongéng Sunda, karangan D.K.Ardiwinata, terbit taun 1910. Salawé dongéng-dongéng Sunda jeung pariboga, karangan C.N. Pleyte, duanana terbit taun 1991. Warnasari Sunda I, karangan J.Kats, terbit taun 1991.  Dongéng-dongéng Sunda II, karangan R.H. Muhammad Musa (saduran), terbit taun 1912. [Dongéng-dongéng Sunda II]], karangan Mas Saleh jeung Ardiwinata, terbit taun 1920. Sakadang Peucang, karangan Sakadadibrata, terbit taun 1931. Dongéng-dongéng Sasakala II, karangan Sakadibrata, terbit taun 1959. Abu Nawas, karangan Mawarun (sadarun), terbit taun 1980. Ganjaran Kanu Sabar, karangan M.O.Kusman, terbit taun 1980. Beregejed (dongéng pikaseurieun), karangan Taufik Faturrahman, terbit taun 1982. Dongéng dirobah jadi wawacan, salain ditulis dongéng anu mimitina ngagunakeun basa lancaran bisa dirobah jadi wangun pupuh, nya éta jadi wawacan.2.4 Papasing DongengDumasar kana eusina dongéng dibagi jadi tujuh nya éta :a. Dongéng sasatoan (Fabél)Dongéng Fabél nya éta dongéng atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa.  Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung pikiran.  Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola.  Dina kasusastraan Sunda, dongéng sato téh pohara lobana.  b. Dongéng babad (Sagé)Dongéng Sagé nya éta carita ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di masarakat jeung dina sajarahna. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman

Page 3: Makalah Sunda

baheula, umumna nyaritakeun tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul Muhyi,jrrd. c. Dongéng kahirupan Jalma Biasa (Parabél)Dongéng Parabél nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur. Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si Congcorang,jjrd.d. Dongéng mitéDongéng Mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap aramat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana maot.  Aya ogé mite anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, tanda-tanda alam, jsté. Mite di Indonésia dibagi jadi dua golongan dumasar kana tempat asalna nya éta, mite asli Indonésia jeung mite nu asalna ti luar Indonésia, utamana ti nagara India, Arab jeung nagara-nagara sabudeureun Laut Tengah. Nu asalna ti luar Indonésia, umumna geus robah nepi ka siga asli carita ti Indonésia, ku lantaran kitu mite éta ngalaman prosés adaptasi. Mite nu asalna ti Indonésia umumna nyaritakeun asal-muasal jagat raya, ayana tingkat déwa, jeung mimiti manusa manggihan kadaharan saperti sangu, jagong,jsté. ContonaDongéng Déwi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul, Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.[9]e. Dongéng PieunteungeunDongéng Pieunteungeunnya éta dongéng anu eusina mangrupa tauladan pikeun kahirupan manusa. Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.[15]f. Dongéng PamukDongéng Pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma tur bisa aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon

Page 4: Makalah Sunda

Sunda bisa ditingali dina carita ''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu pernah maréntah wewengkon Pasundan. Contona Weasan Aki Sayang Hawu. g. Dongéng sasakala (Légénda)Dongéng légénda nya éta carita rayat anu dianggap (ku nu boga caritana) minangka hji kajadian nu bener-bener kungsi aya. Lumangsungna éta kajadian dina waktu nu can pati lila, sarta tempatna di lingkungan nu geus dipikawanoh ku urang ayeuna.  Dongéng sasakala mngrupa golongan carita anu geus turun tumurun, sumebar sarta ku balaréa dianggap mibanda dasar kasajarahan atawa sakumna carita wandal kitu anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku utama dina legenda jalma biasa. Dongéng legenda biasana nyaritakeun asal-muasalna kajadian. Kajadian hiji tempat, tutuwuhan,sato, atawa barang. Papasingan Legenda :1. Legenda Agama nya éta legenda jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste. 2. Legenda Alam gaib nya éta carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib. 3. Legenda tokah jalma nya éta carita ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana. 4. Legenda tempat atawa legenda wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala Maribaya.  Sedengkeun dumasar kana palakuna dongéng téh kabagi jadi lima nya éta dongéng fabél , dongéng legénda , dongéng sagé , dongéng parabél , Dongéng mité 

2.5 Unsur-unsur carita dongéng1. Téma, tema nya éta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca atawa ngadéngékeun dongéng. 

Page 5: Makalah Sunda

2. Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.  3. Tokoh carita atawa palaku nya éta jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita. 4. Latar (setting), nya éta waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.  5. Amanat, nya éta pesen pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu sagemblengna.  2.6 Ciri-ciri Dongéng

1. Caritana pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari nu jadi alesanana nya éta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.  2. Aya bagian anu pamohalan.  3. Asup kana wangun lancaran jeung ugeran.  4. Anonim atawa teu kapaluruh saha nu ngarangna.  5. Mibanda fungsi jeung kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu di sidem. Sanajan dongéng ditepkeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun. 6. Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda jeung logika umum.  7. Sipatna tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.  8. Pola ngadongéng sok angger.2.7 Dongeng RadioCarita dina dongeng Sunda oge aya nu ngamangpaatkeun mitos. Tradisi jeung adat tali-paranti masarakat Sunda jaman beh ditu, diungkab deui dina racikan lalakon. Ka dituna, aya nu

Page 6: Makalah Sunda

memper kana kapercayaan sabagean masarakat kana hal-hal supranatural. Anu ceuk sawareh mah sok disebut tahayul tea; upamana bae carita ngeunaan jurig, nagara siluman, nagara jin, atawa tempat-tempat anu dianggap sanget.Dina sastra tulisan oge,  aya pangarang anu sok nyaritakeun alam gaib teh. Kawas Moh. Ambri dina "Munjung", atawa puriding-puringkakna Ki Umbara, sastrawan senior anu mindeng pisan nulis carita "jurig".Di Sumedang, aya pangarang dongeng, Ki Leuksa sandi asmana. Spesialis carita jurig. Meh sakabeh dongengna nyaritakeun kahirupan manusa anu dipatalikeun jeung alam lelembutan. Geus aya puluhna, boa ngaratus, naskah dongeng anu ditulisna teh.Minangka carita panglipur mah, dongeng-dongeng beunang Ki Leuksa beunang disebutkeun onjoy. Lolobana nyaritakeun kahirupan masarakat pilemburan. Ti taun 2000 nepi ka kiwari, dongeng Ki Leuksa sok kadenge dibacakeun di radio Daya Swara Sumedang.Kabehdieunakeun mah dongeng Sunda teh geus mimiti melempem. Ukur sababaraha radio bae, anu masih keneh leukeun nyiarkeunana. Mimiti taun 1980 nepi ka awal 1990-an mah, beunang disebutkeun haneuteun. Meh saban radio di tatar Jawa Barat, sok aya bae acara dongeng Sunda. Malah apan tina dongeng Sunda, Wa Kepoh nepi ka dikontrak ku PT. Supra Perbindo Parma, nu jadi sponsor tunggal dina acara dongeng.Dongeng Sunda apan ukur ngamangpaatkeun media radio, sangkan nepi ka masarakat teh. Ku naskah anu kacida panjangna tea, nepi ka rebuan lambar, asa pamohalan dimuat dina media massa citak mah. Pikeun para sponsor, dongeng Sunda teh beunang disebutkeun "jurus ampuh" pikeun promosi produkna. Harita mah apan tacan aya televisi swasta, atuh masarakat anu ngadengekeun dongeng oge loba keneh.

Page 7: Makalah Sunda

Bisa jadi, hirup-huripna dongeng Sunda dina radio mah henteu beda jeung sinetron dina televisi. Upama aya sponsor, nya meureun bisa sukses. Sacara materi aya buruhna keur nu ngadongeng jeung nyieun naskahna. Tapi apan henteu sakabeh pausahaan "ngareret" kana acara dongeng. Komo nilik situasi ayeuna, masarakat geus mimiti pindah pangaresep kana televisi. Hartina, dongeng Sunda tanpa sponsor, ukur ngabeberah bari euweuh buruh.Nasib dongeng Sunda kiwari geus matak salempang. Padahal radio teh minangka media pikeun nepikeun karya sastra lisan. Kaasup anu kungsi dilalanyah ku RRI Bandung taun 1990-an, basa aya acara maca carita pondok dina radio.Pasualanana balik deui kana sponsor tea. Lantaran euweuh sponsor, jadi terus melempem, malah ampir-ampiran pareum. Kaayaan sarupa kieu teh, bisa mangaruhan kana kreatifitas pangarang dongeng. Keur naon cape ngetik nepi ka ratusan atawa rebuan lambar, ari euweuh buruhna mah. Biheung kagantian jinis urut meuli keretas oge.Padahal dina urusan kreatifitas mah, pangarang dongeng teh beunang disebutkeun aya unggulna. Ceuk Maman Ma'ruf (almarhum) pangarang carpon anu sok rajeun ngarang dongeng ongkoh, nyieun naskah sajudul teh, lamun dikeureuyeuh saban peuting, sok nepi ka sabulan lilana. Jumlahna paling saeutik 300 lambar, dina keretas polio, diketik 1 spasi. Sanggeus ngajanggelek jadi naskah, ku pihak radio ukur dihargaan Rp. 30.000,- (taun 1992). Eta oge bisa cenah dijual "gelempeng", hargana nepi ka saratus rebu. Tapi ironisna, hak cipta nu ngarang leungit, bisa diganti ku nu meuli naskah.Dina  kamekaranana, dongeng Sunda kungsi jadi kacapangan masarakat pilemburan. Malah bangun anu hanjelu, lamun henteu ngabandungan teh. Teu beda jeung ngahanca sinetron atawa telenovela. Pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna, kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge, naskah dongeng Sunda (najan henteu

Page 8: Makalah Sunda

dibukukeun) milu ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah, kaayaanana arang pisan diadu-renyomkeun.Tapi ketang, boa ayeuna mah geus euweuh nu daekeun, pangarang anu nulis naskah nepi ka 1000 lambar kawas naskah dongeng Sunda. Boa ukur jadi panineungan anu hamo kasampeur deui!2.8 Kagunaan DongéngKalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah. Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Dongéng sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngng hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun ditétélakeun di handap:

1. Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan. 2. Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki. 3. Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat. 4. Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan tali parantina. 5. Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel hirupna. 6. Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang. Dumasar kana hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975 tétéla yén dongéng mampuh ngaronjatkeunItelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus n Ach (need for Achievement) nya éta virus nu ngamotipasin budak sangkan miboga cara mikir jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu

Page 9: Makalah Sunda

macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan karuhun ka budakna. DAFTAR PUSTAKAhttp://daluang.com/baca/isi/dongeng-sunda-dina-radio-2

http://su.wikipedia.org/wiki/Dong%C3%A9ng