1
o Se/asa o Sabtu 0 Minggu o Rabu Kamis 0 Jumat 4 5 20 6 7 8 9 @) 11 21 22 23 24 25 26 12 13 14 15 16 27 28 29 30 31 OSep OOkt ONov ODes o Mar OApr OMei OJun OJu/ OAgs ba'wah Bil Qolbi Syair Syiar Ku Adjie Esa Poetra M ikanyetel CD rekaman album tembang "Syair Syiar" garapan Ganjar Kurnia jeung Ubun Kubarsyah kuring ngarasa surprise luar biasa. Rek kumaha teu surprise kulan- taran kasapuluh karya anu aya dina CD eta kanyataanana jauh jeung gambaran sikep luh lah Ganjar jeung Ubun anu kagambar dina acara diskusi Tembang Islami Syair Syiar Senen 17Januari 2011 di kantor GALURA. Malahan harita mah duanana teh lain wae ngan saukur luh lah tapi siga siIih salahkeun sagala. Harita kuring curiga bisa jadi album tembang dina eta CD bakal loba lagu anu syair jeung melodina bakal rada pasalia. Sabada acara diskusi sajajalan kur- ing nyetel CD dinamobiI. Kanyataan- ana mah geuningan sabalikna. Sakabeh lagu ampir euweuh cawadeunana. Sok sanajan aya sababaraha hal kaIemahan tapi da asa henteu nembrak-nembrak teuing. Memang dina salah sahiji tern- bang rampak karasa aya sora sopran anu rada tibeberegeg rada kritis tapi untungna teh rada katutupan ku penji- waan anu lumayan ngeunah. Oge.pro- duksi vokaI lalaki dina sababaraha lagu duet oge aya anu kurang greget, ngan untungna eta kalemahan gancang kagantian ku pasangan tembang awewena: Sok sanajan kitu lamun dibere waktu anu leuwih luang keur rekaman deuisigana kadua keIemahan eta bakal moal susah diomeanana. Rumasa da ari profesi sim kuring mah sapopoena dina musik. Da lamun teu diparentah ku kang Yayat Hendrayana mah can tangtu wani '.meunteun ku ieu artikel. Sok sanajan kitu ceuk rarasaan ceuli mah moal ngabobodo. Lamun ceuk ceuli kuring eta karya "Syair Syiar" beunghar ku eksplorasi bunyi sigana moal jauh ti kitu. Bener pisan yen sakabeh dedengean dina eta CD teh beunghar ku . eksplorasi bunyi. Ma'lum margi anu ngaransemena oge Ubun Kubarsyah pangrawit anu geus kawentar kawanina. Malah ceuk cohagna mah, punten, rada baong teu sieun disebut "murtad". Kitu oge kang Ganjar, katingali pisan eksplo- rasina, utamana dina nyusun struktur basa. Sakumaha nyantrina kang Ganjar 16 da ari dina palebah kesenian mah tetep wae baong, Malahan nalika taun 1975' mah kuring kungsi nyaksian anjeuna maen calung bari nyanyi lagu sunda tapi iramana diacak acak jadi rock n roll. Cinekna kolaborasi antara kang Ganjar Kurniajeung kang Ubun Kubarsyah teh rarasaan mah ngajodo pisan. Bedana ari kang Ganjar Kurnia mahjero pisan dina nyieun syair tapi kang Ubun jero pisan dina perkara penjelajahan bunyi khususna dina pasualan mere daya dukung anu hebat ku sajumlah warna suara anu henteu umum din a pirigan tembang (biola jste). Sakali deui eta kesan teh ngan saukur dumasar kana rarasaan kusababari karya seni mah dumasarna keur ngaimpressi rasa lain keur pikiraneun sirah Dina awal taun Boan sirn kuring kaitung rada remen ngaapresiasi tern- bang kulantaran harita sering dikiri- man kaset tembang cianjuran produksi Hidayat Recording. Harita kuring per- nah naluktik kunaon sababna teknik vibrasi tembang awal jeung ahirna bet diIuhur, henteu dihandap siga music diatonic. Dina hiji poe almarhum pun biang kantos sasauran yen eta teh siloka tina ayat InaliIlahi wainnaiIaihi roji'un" Ana kitumah pantes atuh unggal kuring ngadenge tembang cianjuran hate teh sok langsung nyantel ka gusti. Suasana hate anu siga kitu tacan pernah karasa sok sanajan keur ngadangukeun musik barat anu sentimental pisan. Sama sakali hate teh asa can pernah ujug - ujung nyebat asma gusti. Malihan lain sim kuring wae, waktos ahir taun 70-an pun guru Cathy Dewitt anu harita mah masih jadi calon doktor vokaI anu nuju naluktik "Teknik Vokal Timur" sok remen nyetel tembang Cianjuran, pada- hal mah anjeuna teh kaasup bangsa Walanda tulen, Numutkeun anjeuna tembang Cianjuran teh kaasup nyanyian tradisi timur anu langka kulantaran karasana sakral tapi teu menyeramkan. Nalika ngupingkeun tembang "Kun Fayakun" garapan Ganjar Kurnia sareng Ubun Kubarsyah kuring kungsi ngarasakeun suasana hate jeung pisik anu rada aneh, Harita kuring ujug-ujug ngarasa leuleus tur kaIuar kesang tina sababaraha bagian pori pori. Beuki dieu beuki asa teu puguh rarasaan inget kana dosa jeung kalakuan. Beuki dieu beuki karasa yen Alloh teh maha kawasa. Beuki dieu beuki karasa yen kuring teh ngan saukur jalma anu hayang bagja dunya aherat tapi teu boga kaera ka Gustina. Teu acan setengah tengahna acan eta lagu .kapaksa ku kuring dipareuman. Jigana lamun dituluykeun beuki ditu awak kuring bakaI leuwih lungse. Ayat "Kun Fayakun" sabenerna mah lain pasualan anu anyar. Tileuleutik oge geus nyaho yen salah sahiji sifat Gusti teh nyaeta Kun Fayakun atawa maha bisa jeung maha sakedet netra. Sihoreng teh dina soal • hubungan jeung Gusti mah unsur pa- ngarti teh teu samenel menelna acan hati nurani. Jentre pisan kunaon sabab- na pun biang almarhum sok sering cumarios yen dina hubungan manus a jeung Gusti mah pasualan ngarasa teh jauh leuwih utama tibatan ngarti. Buktina sanajan sababaraha kali ngadangu ceramah ngeunaan soal "Kun Fayakun" tapi teu pernah sakali - kali acan ngarasa ''kasirep'' kawas nalika ngupingkeun da'wah "Kun Fayakun" ti ustad Ganjar Kurnia Jeung ustad Ubun Kubarsyah. . Kunaon sababna eta "Kun Fayakun" versi kang Ganjar jeung kang Ubun bisa mengimpressi luar biasa. Jawaban anu pang merenahna mah meureunan kulantaran nalika kang Ganjar nyip- takeun eta syair teh ditanagaan ku perasaan anu jero. Kitu deui nalika kang Ubun nyiptakeun melodi laguna. Ceuk cohagna mah kabeneran duanana geus nyorang proses kreatif anu total alias teu didominasi ku pikiran. Dina eta lagu kolaborasi antara kang Ganjar jeug kang Ubun leuwih ngarupakeun da'wah bil Qolbu Kitu oge para pangrawit katut para juru tembangna, Lamun seug sa- kabeh tembang anu aya dina album "Syair Syiar " digarap ku hate anu siga terus dipromosikeun jigana eta album tembang teh bakaI jadi fenomena anu luar biasa. Kayakinan anu siga kitu kumargi sakabeh kesenian anu sumber- na tina "bunyi" keur aya dina iklim-rthe song not the singer". *** . ________________ ~ ~M~a=n~g~le~' N__o.~3~9 IUlplng Huma. Onpad 2011 1

o @) 11 12 13 14 15 16 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 ...pustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/02/mangle-20110210... · "Kun Fayakun" tapi teu pernah sakali - kali acan

  • Upload
    others

  • View
    3

  • Download
    0

Embed Size (px)

Citation preview

Page 1: o @) 11 12 13 14 15 16 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 ...pustaka.unpad.ac.id/wp-content/uploads/2011/02/mangle-20110210... · "Kun Fayakun" tapi teu pernah sakali - kali acan

o Se/asa o Sabtu 0 Mingguo Rabu • Kamis 0 Jumat4 520

6 7 8 9 @) 1121 22 23 24 25 26

12 13 14 15 1627 28 29 30 31

OSep OOkt ONov ODesoMar OApr OMei OJun OJu/ OAgs

ba'wah Bil Qolbi Syair SyiarKu Adjie Esa Poetra

Mikanyetel CD rekaman albumtembang "Syair Syiar" garapanGanjar Kurnia jeung Ubun

Kubarsyah kuring ngarasa surprise luarbiasa. Rek kumaha teu surprise kulan-taran kasapuluh karya anu aya dina CDeta kanyataanana jauh jeung gambaransikep luh lah Ganjar jeung Ubun anukagambar dina acara diskusi TembangIslami Syair Syiar Senen 17Januari 2011

di kantor GALURA. Malahan haritamah duanana teh lain wae ngan saukurluh lah tapi siga siIih salahkeun sagala.Harita kuring curiga bisa jadi albumtembang dina eta CD bakal loba laguanu syair jeung melodina bakal radapasalia.

Sabada acara diskusi sajajalan kur-ing nyetel CD dinamobiI. Kanyataan-ana mah geuningan sabalikna. Sakabehlagu ampir euweuh cawadeunana. Soksanajan aya sababaraha hal kaIemahantapi da asa henteu nembrak-nembrakteuing. Memang dina salah sahiji tern-bang rampak karasa aya sora soprananu rada tibeberegeg rada kritis tapiuntungna teh rada katutupan ku penji-waan anu lumayan ngeunah. Oge.pro-duksi vokaI lalaki dina sababaraha laguduet oge aya anu kurang greget, nganuntungna eta kalemahan gancangkagantian ku pasangan tembangawewena: Sok sanajan kitu lamundibere waktu anu leuwih luang keurrekaman deuisigana kadua keIemahaneta bakal moal susah diomeanana.

Rumasa da ari profesi sim kuringmah sapopoena dina musik. Da lamunteu diparentah ku kang YayatHendrayana mah can tangtu wani

'.meunteun ku ieu artikel. Sok sanajankitu ceuk rarasaan ceuli mah moalngabobodo. Lamun ceuk ceuli kuringeta karya "Syair Syiar" beunghar kueksplorasi bunyi sigana moal jauh tikitu. Bener pisan yen sakabehdedengean dina eta CD teh beunghar ku

. eksplorasi bunyi. Ma'lum margi anungaransemena oge Ubun Kubarsyahpangrawit anu geus kawentar kawanina.Malah ceuk cohagna mah, punten, radabaong teu sieun disebut "murtad". Kituoge kang Ganjar, katingali pisan eksplo-rasina, utamana dina nyusun strukturbasa. Sakumaha nyantrina kang Ganjar

16

da ari dina palebah kesenian mah tetepwae baong, Malahan nalika taun 1975'mah kuring kungsi nyaksian anjeunamaen calung bari nyanyi lagu sunda tapiiramana diacak acak jadi rock n roll.Cinekna kolaborasi antara kang GanjarKurniajeung kang Ubun Kubarsyah tehrarasaan mah ngajodo pisan. Bedana arikang Ganjar Kurnia mahjero pisan dinanyieun syair tapi kang Ubun jero pisandina perkara penjelajahan bunyikhususna dina pasualan mere dayadukung anu hebat ku sajumlah warnasuara anu henteu umum din a pirigantembang (biola jste). Sakali deui etakesan teh ngan saukur dumasar kanararasaan kusababari karya seni mahdumasarna keur ngaimpressi rasa lainkeur pikiraneun sirah

Dina awal taun Boan sirn kuringkaitung rada remen ngaapresiasi tern-bang kulantaran harita sering dikiri-man kaset tembang cianjuran produksiHidayat Recording. Harita kuring per-nah naluktik kunaon sababna teknikvibrasi tembang awal jeung ahirna betdiIuhur, henteu dihandap siga musicdiatonic. Dina hiji poe almarhum punbiang kantos sasauran yen eta teh silokatina ayat InaliIlahi wainnaiIaihi roji'un"Ana kitumah pantes atuh unggal kuringngadenge tembang cianjuran hate tehsok langsung nyantel ka gusti. Suasanahate anu siga kitu tacan pernah karasasok sanajan keur ngadangukeun musikbarat anu sentimental pisan. Samasakali hate teh asa can pernah ujug -ujung nyebat asma gusti. Malihan lainsim kuring wae, waktos ahir taun 70-anpun guru Cathy Dewitt anu harita mahmasih jadi calon doktor vokaI anu nujunaluktik "Teknik Vokal Timur" sokremen nyetel tembang Cianjuran, pada-hal mah anjeuna teh kaasup bangsaWalanda tulen, Numutkeun anjeunatembang Cianjuran teh kaasupnyanyian tradisi timur anu langkakulantaran karasana sakral tapi teumenyeramkan.

Nalika ngupingkeun tembang "KunFayakun" garapan Ganjar Kurniasareng Ubun Kubarsyah kuring kungsingarasakeun suasana hate jeung pisikanu rada aneh, Harita kuring ujug-ujugngarasa leuleus tur kaIuar kesang tina

sababaraha bagian pori pori. Beuki dieubeuki asa teu puguh rarasaan inget kanadosa jeung kalakuan. Beuki dieu beukikarasa yen Alloh teh maha kawasa.Beuki dieu beuki karasa yen kuring tehngan saukur jalma anu hayang bagjadunya aherat tapi teu boga kaera kaGustina. Teu acan setengah tengahnaacan eta lagu .kapaksa ku kuringdipareuman. Jigana lamun dituluykeunbeuki ditu awak kuring bakaI leuwihlungse. Ayat "Kun Fayakun" sabenernamah lain pasualan anu anyar.Tileuleutik oge geus nyaho yen salahsahiji sifat Gusti teh nyaeta KunFayakun atawa maha bisa jeung mahasakedet netra. Sihoreng teh dina soal

• hubungan jeung Gusti mah unsur pa-ngarti teh teu samenel menelna acanhati nurani. Jentre pisan kunaon sabab-na pun biang almarhum sok seringcumarios yen dina hubungan manus ajeung Gusti mah pasualan ngarasa tehjauh leuwih utama tibatan ngarti.Buktina sanajan sababaraha kalingadangu ceramah ngeunaan soal"Kun Fayakun" tapi teu pernah sakali -kali acan ngarasa ''kasirep'' kawas nalikangupingkeun da'wah "Kun Fayakun" tiustad Ganjar Kurnia Jeung ustad UbunKubarsyah. .

Kunaon sababna eta "Kun Fayakun"versi kang Ganjar jeung kang Ubun bisamengimpressi luar biasa. Jawaban anupang merenahna mah meureunankulantaran nalika kang Ganjar nyip-takeun eta syair teh ditanagaan kuperasaan anu jero. Kitu deui nalikakang Ubun nyiptakeun melodi laguna.Ceuk cohagna mah kabeneran duananageus nyorang proses kreatif anu totalalias teu didominasi ku pikiran. Dina etalagu kolaborasi antara kang Ganjar jeugkang Ubun leuwih ngarupakeun da'wahbil Qolbu Kitu oge para pangrawit katutpara juru tembangna, Lamun seug sa-kabeh tembang anu aya dina album"Syair Syiar " digarap ku hate anu sigaterus dipromosikeun jigana eta albumtembang teh bakaI jadi fenomena anuluar biasa. Kayakinan anu siga kitukumargi sakabeh kesenian anu sumber-na tina "bunyi" keur aya dina iklim-rthesong not the singer". *** .

________________ ~ ~M~a=n~g~le~'N__o.~3~9

IUlplng Huma. Onpad 2011

1