Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

Embed Size (px)

Citation preview

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    1/14

    DONGENG SASATOAN BAHASA SUNDA,SAKADANG MAUNG JEUNG SAKADANG

    BAGONG

    Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keuranakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung.Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang

    Maung, nyaeta masrahkeun anakna.

    Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. HaritaSakadang Bagong ceurik. Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung!Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae,

    engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika.

     "angtu dagingna empuk tur pelem.#

    $gadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulusngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.

    $ya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudunyumponan jangjina. "api piraku aing rek tega mikeun anak ka SakadangMaung% Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan% Sakadang

    Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.

    Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.

    Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong%#Sakadang Peucang nanya. &orolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku

    naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.

    Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. "eu lila pok nyarita' Euhgampang atuh ari kitu mah. (ndika ulah hariwang, keun kumaha kuringbae. )rang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasaSakadang Maung. *agoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang

    +andak!#

    Sakadang Peucang ngaleos. "eu lila oge geus ngurunyung deui dibarenganku Sakadang +andak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.

     "epi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang+andak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anukawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di

    lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung.(ri manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.

     "eu lila Sakadang Maung geus rentangrentang datang. "i kajauhan ogegeus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. Mana anak sampean

    teh, Sakadang Bagong%# cek Sakadang Maung bari jungangjengong.

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    2/14

    Sakadang Bagong antare nembalan' "uh, di jero guha. "ah geuningkatenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun,

    nedunan jangji ka andika. *idaharna ulah dililalila, teureuy bae sakaligus,sing ulah kadenge ceurikna. -ig geura sampeurkeun, kuring rek indit

    heula, teu kaduga nenjona.#

    Sakadang Maung nenjo raratreret ka jero guha. Enya bae katenjoeun ayanu ngaringkuk di juru. (wahing ku atoh bari teu kuat hayang geura

    ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguhbae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung

    gegerungan, sungutna baloboran getih. *iutahutah oge landak teh teudaekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. (ntukna Sakadang

    Maung teh paeh. Sakadang +andak ngurumuy kaluar tina sungutna.

    Sakadang Bagong kacida bungaheunana. (nakna salamet. Manehnanganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung kadirina. Kitu deui ku Sakadang +andak oge manehna kahutangan budi.

    Sakadang Peucang jeung Sakadang +andak tuluy arindit deui ninggalkeunSakadang Bagong.

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    3/14

    DONGENG BAHASA SUNDA "SAKADANGKUYA SILIH DURUK JEUNG MAUNG"

    *ina hiji po Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manhna cicinghandapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. (ya ku nimat. Bakating

    ku genah, nepi ka nundutan.

    Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomongtarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan.

    Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun!# pokna baringadeukeutan Sakadang Kuya.

    Sakadang Kuya reuwas kacida. "api teu bisa nyumput atawa lumpat. *inabiasa og ktang, kateuteu ari, da angger bakal katwak ku Sakadang

    Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

    K heula, Sakadang Maung,# ceuk Sakadang Kuya, negerneger manh.

    $aon deui% (nu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing!# ceuk SakadangMaung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. "i

    kamari aing can baranghakan. +umayan kuya kolot og!#

    Sabar, Sakadang Maung, sabar,# ceuk Sakadang Kuya, ngomongnaleuleuy, +amun mmang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mahrido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. $gan anjeunkudu nyaho, daging uing th tiis jeung hampos. +amun hayang ngeunah

     jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula.#*iduruk heula% Kumaha carana%# ceuk Sakadang Maung.

    &ampang atuh. (wak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk.#

    (ri suluhna ti mana%#

    $gala ka leuweung!#

    $gala ka leuweung% Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya!/aktu aing ka leuweung nangan suluh, sia rk kabur! (ing moal bisa

    katipo deuleu!# ceuk Sakadang Maung.Bisi anjeun teu percaya mah, pk tah talian awak uing, tuluy cangcang

    kana tangkal!# tmbal Sakadang Kuya.

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    4/14

    Heug atuh ari kitu mah!# ceuk Sakadang Maung. "uluy nangan areuykeur nalian kuya. &eus manggih, reketek awak Sakadang Kuya th

    ditalian. "ungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. $gahaja talinadipanjangan, da kitu pamnta Sakadang Kuya th. Sanggeus yakin talina

    pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rk ngala suluh.

    Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buruburu Sakadang Kuya nyieunliang dina keusik. +iangna kawilang jero og, gedna sapaseun awakna. "uluy manhna cicing dina luhureun ta liang, nepi ka henteu kaciri aya

    liang.

     -ol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awakSakadang Kuya. &ur ba sukuh th diseungeut. "eu hs teurakna seuneuth, kawantu suluh gararing. Sakeudeung og seuneuna geus ngabebela,teu bina ti nu keur nyieun api unggun. (ri Sakadang Kuya, barang durukan

    hurung th, terus ba mubus kana liang anu aya di handapeunana.

    Sakadang Kuya!# ceuk Sakadang Maung.

    Kuk!#

    0an pah%#

    Encan, seuneuna kurang ged.#

    Suluhna ditambahan deui.

    Sakadang Kuya!#

    Kuk!#

    0an pah knh%#

    Encan, anh di dieu mah seuneu th bet haneut!# tmbal SakadangKuya.

    Suluhna ditambahan deui.

    Sakadang Kuya!#

    Sakadang Kuya teu nmbalan.

    (h, jigana ayeuna mah geus pah Sakadang Kuya th.#Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurahkorh kana

    durukan, nangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. (wakna jadi bodas ku lebu.

    Sakadang Kuya, geuning sia hirup knh%# ceul Sakadang Maung kacida

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    5/14

    kagtna.

    Puguh ceuk uing g tadi, seuneuna th jadi haneut di lebah dieu mah!#tmbal Sakadang Kuya kalem.

    Baruk tiis nya%# ceuk Sakadang Maung deui bari niliknilik awakSakadang Kuya. -eung deui awak silaing jadi bodas kitu% (sa leuwih

    kasp euy!#

    Sakadang Kuya msem. Pok ngomong, Sakadang Maung hayang sigakuring%#

    1h, puguh w, ti baheula aing th hayang boga kulit bodas. Meureunbakal leuwih tegep, nya!#

    "angtu w atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodasth, bakal leuwih gagah jeung kasp. (yeuna og cacakan corlng geus

    tegep.#

    Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna%# ceukSakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna th, teu uangaing

    teuing.

    $ya bisa atuh, asal dak diduruk w siga uing tadi,# ceuk SakadangKuya.

    *iduruk% Moal panas kitu%#

    Moal. (pan uing og henteu nanaon, malah kulit jadi bodas,# tmbalSakadang Kuya. +amun ark, jung atuh nangan suluhna heula!#

     "eu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rk ngala suluh.Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh

    gararing.

    Pk ngagolr di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh!# ceukSakadang Kuya.

    Sakadang Maung ngagolr, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluhdiseungeut. -egur ba hurung, tangka ngabebela.

    Sakadang Maung!#

    Heuy!#

    Hirup knh%#Hirup, euy, ngan panas geuning!#

    Panas soth mimitina, engk mah moal geura.#

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    6/14

    Suluhna ditambahan deui. &eus sawatara lilana, ditanya deui ku SakadangKuya.

    Sakadang Maung, hirup knh%#

    Hirup euy, ngan panas,# tmbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan.

    Suluhna ditambahan deui. &eus sawatara lilana, ditanya deui ku SakadangKuya.

    Sakadang Maung, hirup knh%#

    1up, han hanas heuy 2,# Sakadang Maung nmbal, sorana beuki teukadng ba.

     "eu talangk, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pokditanya deui ku Sakadang Kuya.

    Sakadang Maung, hirup knh euy%#Sakadang Maung teu nmbalan.

    +ah, kawasna mah geus pah Si Belang th,# ceuk Sakadang Kuya.

     "eu lila kadng sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awakSakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu

    kaduruk.

    3akin geus pah Si Belang th. Keun, itungitung wawalesna ka sato anusok ngahakanan sato laleutik,# ceuk Sakadang Kuya.

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    7/14

    DONGENG LEGENDA BAHASA SUNDASANGKURIANG

    Sampurasun,

    Ka sugri para wargi kisunda 4 urang sunda, mangga nyanggakeunringkesan guaran simkuring ngeunaan makna carita Sangkuriang.

    )rang Sunda +ain "urunan (njing

    5panyungsian dongeng Sangkuriang6

    ku ' Engkus 7uswana

    *ongeng atawa oge sok disebut legenda atawa sakakala Sangkuriangmangrupakeun salah sahiji dongeng nu paling kakoncara di tatar Sunda,

    malahan dongeng ieu sumebar sanusantara, nu tangtu teu leupas jeungkasundaan.

    )pama nilik dina jalanna carita, asa ku pamohalan pisan kunaon karuhunSunda nyieun dongeng nu teu ilahar, jiga nu euweuh gawe nyawang tehsakahayang rasa, malahan aya sabagean urang Sunda nu ngarasa era

     jeung mungkin manghanjakalkeun ku ayana dongeng ieu, sababngabalukarkeun datangna pamoyokan batur, majar urang Sunda turunan(njing 5Si "umang tea6, urang Sunda teu uni hayang ngawin ka indung.

     "api ke heula ki dulur, didieu urang kudu lantip, da apan urang percayaluluhur sunda lain jalma barodo, da sabodobodona oge maenya nepi kaboga pamikiran yen jalma daek kawin jeung anjing kalayan ngahasilkeun

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    8/14

    anak jalma, jeung piraku deui parahu bisa ngajadi gunung mah.

    Sabalikna malah urang percaya ku sababaraha bukti nu nganyatakeunyen luluhur Sunda sugih ku pangarti, jembar ku pangabisa. *idieu tangtululuhur sunda ngahaja nguji pangarti jeung ngadidik turunanana sangkan

    motekar dina nalungtik naon pimaksudeunana, jeung apan geus jadikabiasaan yen dina unggal carita ngandung siloka. Ku pinterpinterna dinanyusun carita nepikeun unggal carita karasana hirup jeung jiga nu nyata

    ayana, kurangkurangna lantip mah dina ngalenyepanana bisangabalukarkeun kasamaran.

    &eura hayu urang guar naon atuh harti eta carita.

    7ingkesan 0arita '(ya hiji putri raja di tatar Sunda nu geulis kawantiwanti endah kabina

    bina nu ngaranna *ayang Sumbi, tapi hanjakal manehna diasingkeun kaleuweung alatan nandang panyakit nu teu cageurcageur, nu dianggap

    bisa ngabalukarkeun boborna wibawa jeung komara sang 7aja.

    *ina sajeroning pangasingan, pikeun ngaleungitkeun kakesel, nyasapopoena sok ngadon ninun di saung ranggonna Hiji mangsa keuranteng ninun, taropong paragi ngasupkeun benang kana rentangan

    anyaman benang murag ka handapeun saung. Kulantaran keur kagokdigawe tambah hoream turun ti saung, *ayang Sumbi ngucap ka singsaha bae nu daek mangnyokotkeun jeung nganteurkeun eta alat ka

    manehna, lamun awewe rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun

    salaki.. $ya harita aya anjing jalu nu ngaran si "umang nyokot eta alat jeung nganteurkeun ka *ayangSumbi. Barang mireungeuh yen nu nganteurkeun taropong teh mangrupaanjing jalu atuh kacida ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap nu keur

    elmu sunda mah ucap teh sarua jeung sumpah nu teu meunangdibolaykeun.

    Bari ngaheruk ku lantaran geus sumpah tea, nya kapaksa *ayang Sumbikudu ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si "umang, nepi ka bogabudak lalaki nu kacida kasepna nu dingaranan Sangkuriang. Sangkuriang

    ti orok nepi ka mangkat baleg, salawasna diasuh jeung diaping ku Si

     "umang, kamana Sangkuriang lumampah didinya si "umang ngintilmarengan. Hiji mangsa *ayang Sumbi hayangeun pisan jantung mencek,mani asa geus aya dina lentah, nya gancang nitah Sangkuriang sangkan

    moro mencek jeung kudu kabawa jantungna. "api dadak dumadakanharita nepi ka sapoe jeput teu panggih jeung sato naonnaon, sedeng

    waktu geus nyerelek maju ka burit. Sangkuriang bingung ku lantaran canhasil nedunan kahayang nu jadi indung, Sangkuriang sieun nu jadi

    indungna bendu mun mulang teu mawa hasil. Barang ret ka si "umangnya timbul akalna, terus si "umang dipanah jeung dicokot jantungna, terusdibawa jeung dipasrahkeun ka indungna. Ku *ayang Sumbi ditarima terus

    diasakan.

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    9/14

    *ina sajeroning masak *ayang Sumbi ras inget ka si "umang, anusaterusna ditanyakeun ka Sangkuriang kamana si "umang. Barang ditanyakitu Sangkuriang ngabetem teu ngajawab, tapi sanggeus disedek, ahirnaSangkuriang wakca balaka, yen anu eukeur dipasak ku *ayang Sumbi teh

    eta jajantungna si "umang. (tuh dadak sakala *ayang Sumbi ambek

    kacida sabab si "umang the bapana Sangkuriang, bakat ku ambek sindukbatok nu keur dipake masak harita ditakolkeun kana sirah Sangkuriangnepi ka baloboran getih nu ngabalukarkeun sirahna pitak jeung terusdiusir. Sangkuriang minggat teu puguh arah tujuan kaluntalunta asup

    leuweung kaluar leuweung naek gunungturun gunung, asup guha kaluarguha, nya bari ngelmu sakapanparan.

    &ancangna carita liwat welasan taun Sangkuriang tumuwuh jadi jajaka nugagah kasep tur luhung ku elmu, jembar ku pangabisa. Kersaning nu Maha

    Kawasa, hijimangsa panggih jeung *ayang Sumbi nu sacara lahir wujudna teu robahlir parawan welasan taun geulis kabinabina lir widadari ti kahiyangan,

    lantaran ngagem elmu awet jaya. *uanana padapada teu wawuhpangrasana karek tepung munggaran harita. Barang paamprok timbul

    tatali asih, padapada mentangkeun jamparing asih geugeut layeut lir gula jeung peueut teu bisa dipisahkeun, nya terus patali jangji rek hirup

    babarengan ngawangun rumahtangga ka cai jadi saleuwi ka darat jadisalogak Hiji mangsa *ayang Sumbi keur anteng nyiaran buuk

    Sangkuriang, katenjo aya pitak dina sirah Sangkuriang, harita *ayangSumbi ngagebeg sabab ras inget ka nu jadi anakna waktu keur leutik

    ditakol ku sinduk persis palebah eta pitak. $ya gancang tatalepa tumanya

    ka Sangkuriang nalungtik sajarahna eta pitak. Sanggeus dicaritakeun nusabenerna atuh kacida reuwasna horeng eta Sangkuriang teh anakna nugeus heubeul diteangan diantianti hayang kapanggih deui, atuh gancangku *ayang Sumbi dibejerbeaskeun yen sabenerna manehna teh indungna

    kalayan menta ka Sangkuriang sangkan pamaksudan hayang hirup lakirabi jeung manehna dibolaykeun, sabab teu mungkin anak kawin ka

    indung.

    $gadenge caritaan *ayang Sumbi kitu Sangkuriang teu percaya,alesanana teu mungkin wujud nu jadi indung bisa leuwih ngora tibatan

    dirina, Sangkuriang boga anggapan yen caritaan kitu teh, sakadar alesan

    pikeun ngabolaykeun jangji pasini. *ayang Sumbi terusngajebejerbeaskeun ceuk paribasa nepi ka beak dengkak ngajelaskeun

    sangkan nu jadi anak sadar jeung narima kana kanyataan nu tumiba, tapiSangkuriang tetep teu percaya jeung keukeuh maksa pikeun

    ngawujudkeun tali rarabi rumahtangga, malahan jadi ngabuburu sagalahayang harita keneh dilaksanakeun. Mireungeuh kahayang Sangkuriang

    kitu, *ayang Sumbi ngaheruk buntu laku beakeun jalan pikeunnyingkahan, harita timbul akal

    sangkan tali rarabi bisa dibatalkeun ku jalan nyanggupan pikeun kawintapi aya sarat, nyaeta Sangkuriang dina jero sapeuting kudu bisa

    ngabendung nyieun talaga gede jeung parahu pikeun lalayaran madukeunkaasih, nu ceuk pikirna pamohalan eta sarat bisa katedunan ku

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    10/14

    Sangkuriang.

    Sangkuriang nyanggupan, kalayan gancang guragiru ngumpulkeun madiabaladna bangsa lelembut nu katelah &uriang "ujuh, nya prak migawe

    naon nu dipikahayang *ayang Sumbi. "eu kungsi sapeuting eta

    pagaweaan ampir anggeus, atuh nempo kaayaan kitu *ayang Sumbikacida reuwasna, sabab sieun ku dosa. *ayang Sumbi terus sidakep

    situhu tunggal mujasmedi, jumerit menta pituduh $u Kawasa sangkanSangkuriang teu bias nganggeuskeun pagaweanana. Sangeus nampa

    pituduh, guragiru *ayang Sumbi ngerahkeun masyarakat di wewengkoneta sangkan ngebeberkeun jeung ngelebetkeun boeh rarang nu

    didamaran ku obor nu nimbulkeun pantulan cahaya katingalina mangrupabalebat tanda peuting rek ganti beurang, kitu oge ibuibu jeung para

    wanoja dikeprik dimanamana sangkan gancang babarengan narutu lisungtutunggulan.

    Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago jadi reang patingkongkorongok. Mireungeuh kajadian kitu, &uriang "ujuh nu keur

    ngangsitkeun pagawean kacida reuwaseun, atuh gancang kalaburngalaleungit deui teu sanggup neruskeun sabab sieun kabeurangan, nubalukarna naon nu jadi sarat ti *ayang Sumbi teu bias direngsekeun ku

    Sangkuriang.

    $garasa ditipu Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse terusditalapung nya ragrag jadi &unung "angkuban parahu, tunggultunggulsesa nuar kai pikeun nyieun parahu robah ngajadi &unung Bukittunggul,

    sedengkeun tumpukan dahan, pangpang, rerenteng jeung daun kaingajadi &unung Burangrang. Sangkuriang teu puas, anu saterusnangudagngudag *ayang Sumbi, ceuk sakaol sapanjang jaman tepi ka

    wanci ayeuna Sangkuriang masih terus ngudagngudak *ayang Sumbi.

    Harti dina carita nu kasungsi '&alur carita Sangkuriang nu runtut kalayan cocog jeung kaayaan alam

    Pasundan, hususna wewengkon #*anau Purba Bandung# karasa nyata turhirup oge sakral. Hal ieu ngabuktikeun kalinuhungan luluhur sunda nu

    nyusun carita.

    Sangkuriang asal tina kecap Sang Kuring atawa 1ngsun. &ubragnaSangkuriang ka dunya hasil kawin si "umang jeung *ayang Sumbi kualatan taropong murag. "aropong hartina toropong nyaeta alat pikeun

    nempo sangkan leuwih talilti, eces tur museur. "umang teh mangrupakeunanjing hideung tapi bangus jeung buntutna koneng. *umasar kana simbulsimbol warna dina palsapah kasundaan, hideung perlambang bumi8lemahnu ngabogaan si9at kateguhan, katetepan, pengkuh, sedengkeun Koneng

    ngalambangkeun angin si9atna kadunyaan. -adi tina wujud "umangngandung harti ieu carita perkara dunya jeung nu nuturkeun8turun ka

    dunya 5manusa6 nu mangrupakeun katetepan ti nu Maha Kawasa.

    #"umang# tina basa kawi hartina hawu atawa dapuran seuneu anu ogengandung maksud hawa napsu, sedengkeun #dayang# nyaeta sebutan

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    11/14

    keur awewe, harti lianna asal tina kecap dangiang8dahyang nu hartinabangsa lelembut atawa halus.

    *ayang bisa oge dihartikeun asal tina kecap dang 5: dangdang6 jeunghyang 5: suci : dewa6. Sumbi nyaeta seuseukeutna katimang 5sing

    seukeut nya nimang6, sedengkeun upama dipenggel ngandung hartiwujud diri 5sum : sumsum : acining; bi : awewe : ibu pertiwi : bumi6.

     -adi *ayang Sumbi ngandung harti sing seukeut tinimangan, kudu lantipdina nyungsi harti ngaguar rasa kanyahokeun sing taliti yen wujud diri teh

    hakekatna suci nu asal tina acining ibu pertiwi8bumi nu kaancikan kunapsu 5*ayang Sumbi kawin ka si "umang6.

    Palebah dieu nyata kalinuhungan luluhur urang Sunda dina milih kecappikeun ngalarapkeun pasangan hawa napsu jeung wujud waruga, oge bisaluyu jeung harti lian nu masangkeun harti hawu jeung dangdang. *ayangSumbi tetep geulis awet jaya, upama disungsi bakal nganyatakeun yen ti

     jaman ayana manusa di dunya tepi kaayeuna wujud diri manusa teh tetepgeulis, pantes teu robah strukturna, manusa teu bisa nyieun wujud, soksanajan tepi ka wujud geus pareot, ilaharna teu aya manusa nu hayang

    ninggalkeun warugana, malahan tetep dipikacinta dipikaasih, ku kuringna.*ina palsapah8kapercayaan Sunda netelakeun yen Sang Kuring atawa

    1ngsun lain si9at ragawi8lahir, oge lainsi9at rohani8batin, tapi anu dilahiran jeung dibatinan.

    1ngsun 5kuring6mangrupakeun dat suci nu asal ti &usti $u Maha Suci nu

    sapanjang di alam dunya ngancik dina wujud manusa sakuringnasakuringna.

    &umelarna ingsun ka dunya ngaliwatan cukang lantaran indung bapa nudina carita ngaliwatan indung nu ngaran *ayang Sumbi sarta bapa nu

    ngaran "umang. *i dunya 1ngsun ngancik dina wujud waruga8diri nu asaltina acining8 saripati dunya 5dayang Sumbi6, kulantaran kitu hawa napsusalawasna marengan Sangkuriang 5"umang sok ngintil marengan6. Munteu aya hawa napsu nu marengan raga, tinangtu moal aya kahirupan di

    dunya jeung moal aya ingsun nu gumelar ka dunya. Kusabab eta waktu si "umang di paehan *ayang Sumbi kacida benduna, nu hartina lamun hawa

    napsu dipaehan tangtu kapentingan raga kaluliluli nu balukarna bakalleungit kahirupan manusa di dunya 5sawang kumaha balukarna mun

    sarupaning napsu dahar8nginum, napsu gawe, napsu birahi, napsu pikeunningkatkeun diri jeung napsunapsu lianna dipaehan, tinangtu kahirupan

    di dunya bakal punah6, matak dina elmu Sunda mah teu aya ajaran pikeunmaehan napsu, ngan tangtu kudu dikadalikeun, manusa sunda teu

    meunang ngasingkeun diri ninggalkeun urusan dunya.

    Hirup ingsun di dunya kudu ngabogaan elmu hasil ngasah jeung olah pikirdina uteukna nu mancar dina gawe nu rancage, nu dina carita

    disimbulkeun sirah Sangkuriang ditakol ku sinduk tepi ka pitak.

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    12/14

    Sangkuriang maksa hayang kawin ka *ayang Sumbi ngandung harti, yenkulantaran 1ngsun asal ti &usti nu hakekatna suci, tinangtu ngabogaan

    rasa jeung tanggungjawab pikeun nyalametkeun diri8waruga asal ti dunyanu diancikanana sangkan salamet kukuh mituhu teu ingkar tina papagonkamanusaan, ku cara ngamanunggalkeun kuring jeung kurungna dina hiji

    parahu nu sahaluan sapanjang ngumbara ngalakonan kahirupan di dunya5parahu pikeun lalayaran di talaga6.

    *ina ngalaksanakeun gawena, Sangkuriang dibantu ku &uriang "ujuh 5:&uru hyang tujuh6, maksudna tujuh pangawasa suci nu asal ti &usti nu

    ngancik dina diri manusa, nyaeta ' pangawasa8geraklangkah,pangersa8kadaek, hirup, pangrungu8denge, awas, pangandika8 ucap,pangangseu8ambeu, nu jadi guru jati manusa pikeun nganyahokeun,

    ngarasakeun, nyaksikeun kaayaan dunya jeung pangeusina, lain cenahlain beja estuning dirasakeun ku sorangan sakuringnasakuringna.

    Pon kitu deui digunakeun pikeun ngalalakon kahirupan di dunya jeungngudag kahayang8citacita sarta ningkateun harkat jeung martabat dirina.

    Boeh rarang dibeberkeun jeung dikelebetkeun dicaangan obor,nyimbulkeun akal pikiran nu dicaangan ku elmu8katerang8kanyaho nu

    ditembrakkeun8dikibarkeun atawa diwujudkeun dina kahirupan 5gawe akalpikiran6.

    +isung tutunggulan nyimbulkeun napsu nu ngagolak 5gawe rasa8napsu6,sedengkeun hayam jago pating kongkorongok ngalambangkeun

    kasombongan jeung katakaburan, nepak dada ngarasa ieu aing jago. Elmu

    spiritual Sunda ngajentrekeun yen aya tilu unsur dina diri manusa nu bisangawasa kana pamarentahan diri, nyaeta kakuatan akal8pikiran, kakuatanrasa8napsu, jeung kakuatan jati ingsun. *ina perkara ieu ingsun kudu bisa

    ngadalikeun akalpikiran jeung rasa8napsu 5ingsun jadi supir8nahoda6.+amun akal pikiran jeung rasa napsu geus miheulaan ingsun 5Sangkuriangkabeurangan lantaran boeh dioboran jeung lisung tutunggulan nu terusna

    kongkorongok6, tangtu kuring jeung kurung teu bisa kawin 5teu bisamanunggal6, balukarna hirup manusa lir ibarat parahu nangkub

    5"angkubanparahu6 teu bisa dipake ngalakonan kahirupan di dunya5lalayaran di talaga6 nu didumasaran ku ajen luhung kamanusaan jeungkasucian, tungtungna ngan bati hanjelu kaduhung sagede gunung ibarat

    tunggul 5Bukittunggul6, hate nalangsa ngarangrangan ngarasa hirupeuweuh ajen 5Burangrang6. "api sok sanajan batal kawin, ku lantaranngarasa boga kawajiban salila gumelar di dunya, 1ngsun 5kuring6 teuweleh ngudagngudag supaya kurung bisa dikawin, nu kadangkala

    deukeut, kadang jauh 5Sangkuriang ngudagngudag *ayang Sumbi6

    1ntisari papatah nu dibewarakeun'Sasakala Sangkuriang nyaritakeun kahirupan manusa nu gumelarna kadunya mangrupakeun papasten ti $u Maha Kawasa ngaliwatan cukang

    lantaran indung jeung bapa.

    1ngsun ngumbara di dunya ngagunakeun raga nu asal tina saripati dunya,

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    13/14

    nyaeta acining bumi, acining cai, acining angin8hawa jeung aciningseuneu ngaliwatan kadaharan jeung inuman nu dikonsumsi, napas jeungpanas nu diserep. Kulantaran raga asal tina saripati dunya, nya tangtu

    timbul napsunapsu dina diri manusa nu asal ti dunya, sedengkeungumelarna ingsun ka dunya oge ngaliwatan raga nu ngabogaan napsu,

    sabab mun teu aya napsu tangtu moal aya kahirupan di dunya, kulantaraneta teu meunang maehan napsu, tapi kudu dikadalikeun sangkan teu

    kabetot ku kadunyaan. Elmu Sunda teu ngajarkeun manusa pikeun tatapaninggalkeun urusan dunya, sabab eta hartina sarua jeung nu

    ngaleungitkeun hakekat kamanusaanana.

    Keur kahirupan di dunya ingsun kudu motekar nempa diri sangkan luhungku elmu jembar ku pangabisa, tapi kudu inget 1ngsun lain urang dunya

    sabab asal ti $u Maha Suci nu tangtu ngabogaan kawajiban pikeunngaping jeung ngajaga diri sangkan sagala tekad, ucap jeung langkah teu

    ingkar tina papagon kamanusaan jeung kasucian 5kawin8manunggalingkuring jeung kurung6.

    *ina raraga ngawulaan kabutuhan raga8kurung, ingsun5kuring6ngagunakeun tujuh Pangawasa &usti nu ngancik dina dirina, nyaetapangawasa, pengersa, hirup, pangrungu, pangandika, awas jeung

    pangangseu 5guriang tujuh6.

    Kade masing taliti, yen dina diri manusa teh aya tilu kakuatan nu bisamarentah diri, nyaeta akalpikiran, rasanapsu jeung jati ingsun sorangan.

    *ina perkara ieu, ingsun nu kudu jadi nahoda ngadalikeun akalpikiran

     jeung rasanapsu pikeun kaperluan ingsun ngalakonan kahirupan didunya, sabab lamun akalpikiran jeung rasanapsu geus miheulaan ingsunbakal timbul kasombongan adigungadiguna nu ngabatalkeun

    manunggalna kuring jeung kurung pikeun ngahontal kahirupan di dunyanu didumasaran kamanusaan jeung kasucian. Mun nyana kitu lir ibaratparahu nangkub anu balukarna bakal kaduhung jeung ngarasa hirup

    euweuh hartina, tungtungna hate ngarangrangan nalangsa saendengna.Kulantaran kitu, mangkahade upama can bisa kawin, ingsun ulah eureun

    ngudagngudag kurung sangkan bisa manunggal.

    Kitu intisari harti nu kasungsi tina legenda Sangkuriang, ku kituna pamuga

    pedaran ieu tiasa nambah kareueus parawargi urang Sunda, yen buktigeuning kalinuhungan luluhur urang Sunda teh. $u leuwih penting deuisanggeus harti, hayu atuh urang nyungsi ka diri sorangan, naha tekad,

    ucap jeung lampah uranggeus tepi kana #kawinna Sangkuriang ka *ayang Sumbi#%.

    Sumangga atuh.

  • 8/17/2019 Contoh dongeng sasatoan bahasa sunda.docx

    14/14