14
1 Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Data Lokasi panalungtikan nya éta tempat di mana panalungtikan baris dilaksanakeun. Lokasi anu rek dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta di Kampung Adat Cikondang. Sacara administratif Kampung Adat Cikondang aya di wilayah Désa Lamajang, Kecamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung. Nurutkeun Arikunto (2010: 172) ari nu dimaksud sumber data téh nya éta: Sumber data dalam penelitian adalah subjek dari mana data diperoleh. Apabila peneliti menggunakan kuesioner atau wawancara dalam pengumpulan datanya, maka sumber data disebut responden, yaitu orang yang merespon atau menjawab pertanyaan-pertanyaan peneliti, baik pertanyaan tertulis maupun lisan”. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta, tokoh masarakat, sesepuh, aparat désa. 3.1.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan 3.1.1.1 Lokasi Geografis Kampung Cikondang sacara géografis aya di Désa Lamajang, Kacamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung. Wates administratif Désa Cikondang nya éta belah wétan kawatesanan ku Désa Tribakti Mulya jeung Désa Cikalong (Kacamatan Cimaung), di belah kulon ku Désa Sukamaju jeung Désa Mekarsari, di belah kalér ku Désa Cikalong jeung Désa Cipinang (Kacamatan Cimaung), di belah kidul ku Désa Pulosari. Ieu kampung kaliwatan ku walungan Cisangkuy anu ngalir ti Pangaléngan. Kampungna aya dina ketinggian 700-900 dpl (di atas permukaan laut), angka curah hujan 2300/6 m/ taun jeung hawa rata-ratana 23˚C. Lokasina aya di daérah pagunungan Bandung kidul nu pernahna di handapeun Gunung Tilu.

BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Sumber Datarepository.upi.edu/2061/6/S_BD_0906317_Chapter3.pdf1 Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia

Embed Size (px)

Citation preview

1

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Sumber Data

Lokasi panalungtikan nya éta tempat di mana panalungtikan baris

dilaksanakeun. Lokasi anu rek dilaksanakeun dina ieu panalungtikan nya éta di

Kampung Adat Cikondang. Sacara administratif Kampung Adat Cikondang aya di

wilayah Désa Lamajang, Kecamatan Pangaléngan, Kabupatén Bandung.

Nurutkeun Arikunto (2010: 172) ari nu dimaksud sumber data téh nya éta:

“Sumber data dalam penelitian adalah subjek dari mana data diperoleh.

Apabila peneliti menggunakan kuesioner atau wawancara dalam pengumpulan

datanya, maka sumber data disebut responden, yaitu orang yang merespon atau

menjawab pertanyaan-pertanyaan peneliti, baik pertanyaan tertulis maupun lisan”.

Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta, tokoh masarakat, sesepuh, aparat

désa.

3.1.1 Gambaran Umum Lokasi Panalungtikan

3.1.1.1 Lokasi Geografis

Kampung Cikondang sacara géografis aya di Désa Lamajang, Kacamatan

Pangaléngan, Kabupatén Bandung. Wates administratif Désa Cikondang nya éta

belah wétan kawatesanan ku Désa Tribakti Mulya jeung Désa Cikalong (Kacamatan

Cimaung), di belah kulon ku Désa Sukamaju jeung Désa Mekarsari, di belah kalér ku

Désa Cikalong jeung Désa Cipinang (Kacamatan Cimaung), di belah kidul ku Désa

Pulosari. Ieu kampung kaliwatan ku walungan Cisangkuy anu ngalir ti Pangaléngan.

Kampungna aya dina ketinggian 700-900 dpl (di atas permukaan laut), angka curah

hujan 2300/6 m/ taun jeung hawa rata-ratana 23˚C. Lokasina aya di daérah

pagunungan Bandung kidul nu pernahna di handapeun Gunung Tilu.

2

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Gambar 3.1

Sanajan asup ka Kacamatan Pangaléngan, tapi ti Kampung Cikondang mah

masih rada jauh ka Pangaléngan téh, Cikondang leuwih deukeut ka Kacamatan

Cimaung. Jarakna ka pusat pamarentahan Kacamatan Pangaléngan kurang leuwih 11

km. Ka pusat pamarentahan Kabupaten Bandung jauhna kurang leuwih 19,5 km. Ti

Kota Bandung ka Kampung Cikondang jauh na kurang leuwih 30,9 km. Kampung

Cikondang ka belah kidul ngaliwatan Kacamatan Dayeuhkolot, Kacamatan

Pameungpeuk, Kacamatan Banjaran, jeung Kacamatan Cimaung. Jauhna ti jalan

Bandung-Pangalengan ngaliwatan Kampung Cibiana ka Kampung Cikondang téh sa-

kilometer. Anapon jalan komplék mah ti Kantor PLTA Cikalong ngaliwatan

bendungan tuluy ngaliwatan kantor desa Lamajang anu jauhna kurang leuwih 1,5 km.

Teu hésé nyorang ka Kampung Cikondang, rék maké kandaraan pribadi atawa

umum ogé bisa. Saupama ti Kota Bandung maké kandaraan pribadi, jalanna

ngaliwatan Moh. Toha ka arah Banjaran terus méngkol di pal tilu Kamasan ka belah

kénca ka arah Pangaléngan. Lokasina dipikawanoh, sabab di sisi jalan aya plang gedé

nu nétélakeun lokasi Kampung Adat Cikondang. Ti jalan gedé mah jauhna kurang ti

3

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sa-kilometer. Saupama naék kandaraan umum, bisa naék angkot jurusan Tegallega-

Banjaran turun di terminal Banjaran. Ti terminal Banjaran bisa naék élf Pangaléngan-

Tegallega, beus Pangaléngan-Kebon Kalapa, atawa angkot Cikalong-Banjaran. Ti

jalan gedé ka Kampung Cikondangna bisa naék ojég.

3.1.2 Kaayaan Sosial Ekonomi Masyarakat di Kampung Cikondang

3.1.2.1 Démografi

Kampung Cikondang aya di wilayah administrasi RT 03, RW 03, Desa

Lamajang, Kacamatan Pangaléngan, Kabupaten Bandung. Dumasar kana data taun

2010 jumlah penduduk di RW 3 teh aya 315 jalma. Sedengkeun di RT 03 aya 131

jalma.

Tabél No. 3.1

Jumlah Penduduk Kampung Cikondang RW 03

Désa Lamajang Bulan Januari 2013

No. Jenis Jumlah Katerangan

1 Lalaki 186 -

2 Awéwé 185 -

Jumlah 371 -

Tabél No. 3.2

Jumlah Penduduk Kampung Cikondang RT 03

Désa Lamajang Bulan Januari 2010

No. Jenis Jumlah Katerangan

1 Lalaki 82 -

2 Awéwé 74 -

Jumlah 156 -

Sumber: Catetan Ketua RW 03 Kampung Cikondang

4

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.2.2 Pakasaban

Pakasaban masarakat kampung Cikondang lolobana nya éta jadi patani.

Kayaning palawija legana 1007 ha, jagong 112 ha, kedelé 79 ha, bawang beureum

591 ha, bungbuahan 8,25 ha, sayur 57 ha, kopi 72, 62 ha, jeung cengkéh 5 ha. Salian

tina tatanén, aya ogé tina ternak kayaning sapi, munding, hayam kampung, éntog,

domba, embé, jeung kelinci. Anu ka tilu nya éta tina perikanan nu ngahasilkeun 11,60

ton/taun tina émpang nu legana 2,85 ha.

3.1.2.3 Pendidikan

Pendidikan masarakat Cikondang rupa-rupa. Di sabudeureunana loba sakola-

sakola sangkan masarakat teu pati jauh dina nyiar élmuna. Aya sakola SD, Madrasah

Ibtidaiyah, MTS Al-Jihad, jeung SMEA Al-Jihad.

Tabél No. 3.3

Dumasar Tingkat Pendidikanana

No. Jenis Pendidikan Jumlah Katerangan

1 Teu tamat SR/SD 19 Sakola Rakyat

2 Tamat SD 57 -

3 Tamat SMP 31 -

4 Tamat SMA/SMK 41 -

5 Paguron Luhur 8 -

Jumlah 156 -

Sumber: Catetan Ketua RW 03 Kampung Cikondang

3.1.2.4 Agama jeung Kapercayaan

Masarakat Cikondang ngagem agama Islam. Sajaba ti éta, masarakatna masih

kénéh percaya ka karuhun. Karuhun dipercaya bisa nyalametkeun sakumna

masarakat Cikondang tina sagala musibah. Karuhun nu dimaksud nya éta Uyut

5

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pameget jeung Uyut Istri nu dipercaya ku masarakat yén karuhunna salah saurang

wali nu nyebarkeun agama Islam, hususna di kampung Cikondang. Dicaritakeun

Uyut Pameget jeung Uyut Istri téh leungit tapakna, masarakat percaya yén karuhunna

tilem.

Aya sababaraha pantrangan nu aya di masarakat kampung Cikondang. Éta

pantrangan téh aya patalina jeung karuhun, di antarana:

1) Ngaléngkahan tumpeng utamana pikeun kagiatan upacara. Kitu ogé konca,

susudi, jeung takir;

2) najong dawegan, utamana dawegan pikeun sajén, nu ngalanggar bakal

meunang musibah;

3) Masarakat nu ngala daun cau manggala ka leuweung keur kaperluan upacara

adat teu meunang misahkeun diri tina rombongan. Saupama dilanggar sok

nyasab, sok sanajan geus ngawasa situasi jeung kaayaan di éta leuweung;

4) indit-inditan ka leuweung dina poé Kemis;

5) nangunjar ka belah kidul;

6) Saupama kiih teu meunang nyanghareup ka belah kidul, kudu ka kulon.

Saupama ka belah wétan jeung kalér mah kurang hadé;

7) nincak parako;

8) nincak bangbarung;

9) migawé kagiatan dina poé Juma’ah, kajaba poé Saptu pikeun netepkeun poé

H upacara;

10) Dina mangsa kagiatan nutu paré, teu meunang poé Salasa jeung Juma’ah.

Nutu paré lulugu kudu ping 13 Muharam, mun ping 13 Muharam ieu poé

Salasa, ku kituna kudu dipindahkeun ka poé isukna; hartina mun dina poé

Salasa, kagiatan bakal dipindahkeun ka poé Rebo, kitu ogé mun ninggang

dina poé Juma’ah, kagiatan kudu dilakikeun poé Saptu;

11) imah penduduk teu meunang nyanghareup ka Belah imah adat, kajaba

padumukan di peuntaseun jalan désa;

12) jarah teu meunang dina poé Juma’ah jeung Saptu;

6

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

13) Awéwé nu keur kareseban jeung nu keur nipas teu meunang asup ka imah

adat. Saupama aya kaperluan ka bumi adat atawa hayang nanyakeun hiji

perkara ka kuncén, disadiakeun balé-balé hareupeun bumi adat;

14) bumi adat teu meunang aya parabotan tina beling jeung barang éléktronik

(modérn) saperti radio, listrik, jeung tv;

15) imah adat teu meunang maké kaca jeung teu meunang ditambahan ku bahan

bangunan lianna;

16) Kadaharan nu dijieun pikeun kaperluan upacara teu meunang diasaan heula.

Masarakat Cikondang miboga anggapan yén kadaharan nu diasaan heula

saacan réngsé upacara sarua jeung nyadiakeun kadaharan nu geus bari;

17) nincak kai atawa suluh dina waktu nyieun tumpeng lulugu;

18) daun cau manggala nu diala ti leuweung karamat teu meunang murag kana

taneuh;

19) mulungan kadaharan nu murag tuluy diasupkeun deui kana wadahna;

20) ngomong kasar atawa sompral;

21) meuncit hayam, salian ti hayam kampung;

22) kaping 14 Maséhi sasih naon baé tara dipaké barang gawé;

23) teu meunang ngala suluh di lahan adat;

24) teu meunang aya tatabeuhan nu sipatna gandéng;

25) tamu, saha baé teu meunang saré di bumi adat, kajaba ti kuncén jeung

pamajikanna;

26) aya opat amanat ti kabuyutan;

a. Hateup imah teu meunang maké kenténg jeung kudu nyanghareup ka

kulon. Ma’nana nya éta ulah poho kana asal muasal kajadian manusa nu

dijieun tina taneuh jeung tilar dunya ogé bakal jadi taneuh deui;

b. Saupama naék haji kudu jadi mabrur, nya éta haji nu miboga kamampuh

lahir jeung batin;

c. Teu meunang jadi jalma beunghar, sabab mun jadi jalma beunghar bisi teu

bisa ngucap sukur kana ni’mat ti Allah SWT;

7

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

d. Teu meunang jadi pajabat di pamaréntahan, ma’nana nya éta bisi teu bisa

jadi pamingpin anu teu bisa ngaping ka masarakatna.

3.1.2.5 Sistem Pamaréntahan jeung Kamasarakatan

a. Sistem Pamaréntahan

Kampung adat Cikondang miboga struktur pamaréntahan jeung adat.

Masarakat kudu taat kana aturan hukum adat ogé taat ka pamaréntahan désa. Struktur

pamaréntahan jeung adat di antarana:

1) Kapala Désa (Lurah), tetua adat salaku tokoh;

2) Kapala Dusun (Bapa Olot), tetua adat kampung;

3) P3N (Lebé), sesepuh irigasi solokan;

4) Rukun Warga, tetua adat kampung;

5) Rukun Tetangga, aparat désa panghandapna kaasup tetua adat ogé;

6) Posyandu;

7) Paraji sunat, tetua adat;

8) Paraji lahir, ngurus nu rék ngalahirkeun, tetua adat;

9) Punduh, tetua adat tradisi Imam melak pare jeung panén;

10) Pupuhu Poktan (Kelompok Tani), tokoh tani tetua adat;

11) Kuncén juru kunci karamat Cikondang, tetua adat;

12) Tukang Bas, arsiték imah panggung, tetua adat;

13) Dalang tahlilan, tetua adat;

14) Imam Khotib di tajug, tetua adat;

15) MUI, tokoh ulama Islam;

16) Tukang du’a adat, tetua adat; jeung

17) Tukang ruwatan, tetua adat.

Nepi ka kiwari aya tujuh kuncén nu geus miara imah adat nya éta:

1) Ma Empuh,

2) Ma Akung,

3) Anom Idil,

8

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) Anom Rukmana,

5) Anom Rumya,

6) Anom Samsa, jeung

7) Anom Juhana.

Aya sawatara sarat pikeun jadi kuncén di ieu bumi adat, nya éta lalaki,

turunan ti sesepuh Cikondang (Ma Empuh) anu geus masagi (sawawa) jeung dipilih

dumasar kana wangsit, hartina saupama kuncén tilar dunya, anakna teu bisa langsung

jadi kuncén saacan meunang wangsit. Anu jadi kuncén ogé kudu miboga ali wulung

hideuung. Éta ali wulung téh kapanggih sorangan ku kuncén nu anyar di sabudeureun

bumi adat. Ali wulung bisa disebut mahkota pikeun kuncén. Saupama geus manggih

ali wulung, kakara dilantik ku karamat disebutna juru kunci.

Kuncén nu geus kapilih, dina sapopoéna kudu maké pakéan adat Sunda

lengkep jeung iket. Baju nu dipaké ku kuncén warnana bodas, nyilokakeun cai nu

miboga harti suci tur bersih, jeung calanana warna hideuung nu nyilokakeun bumi

hartina kuncén kudu nurut kana aturan adat istiadat, agama, jeung darigama

(pamaréntah). Sedengkeun iketna maké rupa iket paros nangka.

Kuncén dianggap sok meunang wangsit, biasana sok nyaho kana sagala hal nu

bakal kajadian di Kampung Cikondang. Salasahijina saupama aya nu rék tilar dunya,

biasana sok ditandaan ku rungkadna tatangkalan. Saupama rungkadna ka belah

wétan, hartina nu tilar dunya téh di belah wétan. Kitu deui saupama nu rungkadna ka

belah kulon, hartina nu tilar dunya téh aya ti belah kulon.

b. Kondisi Sosial Budaya

Aya sawatara sistem kamasarakatan nu aya di Kampung Adat Cikondang, di

antarana dina basa, stratifikasi sosial, jeung sistim kawin.

1) Basa

Basa nu digunakeun di Kampung Adat Cikondang nya éta basa Sunda.

Saupama ka sasama sok maké basa Sunda loma, tapi saupama ka saluhureun

9

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

atawa ka sepuh kudu maké basa Sunda nu lemes, sarta dipaké undak usuk

basa Sundana.

2) Sistim Stratifikasi Sosial

Nurutkeun Engku Sumitra salaku sesepuh Cikondang, sistim

stratifikasi sosial di masarakat Kampung Adat Cikondang dipasing-pasing

dumasar kana katurunan, umur, jeung ékonomi. Dumasar umur, lapisan sosial

dipasing jadi tilu nya éta sesepuh/tetua adat, kaum ngora, jeung budak. Tetua

adat nya éta jalma nu dianggap miboga pangaweruh anu luhung, umurna kudu

50 taun ka luhur, jeung biasana masarakat sok loba tunyu-tanya ka tetua adat.

Tetua adat bisa jadi panengah anu keur parebut harta warisan, tanah, irigasi

tatanén, aya mangsa ogé dipénta keur nguruskeun acara kawinan, lahiran,

maot, jeung upacara kaagamaan. Kuncén atawa tetua adat miboga pancén

pikeun mingpin upacara sarta méré wejangan sangkan hajat bisa lumangsung

kalawan lancar tur salamet. Aya anggapan ti masarakat yén kuncén miboga

pangalaman hirup tur sikep nu wijaksana.

Salian ti kuncén jalma nu dianggap penting di masarakat nya éta ustad

jeung jalma beunghar. Ustad dianggap jalma nu miboga pangaweruh nu

luhung dina widang kaagamaan. Sedengkeun jalma beunghar dianggap jalma

nu bisa mantuan jalma nu keur susah sacara materi.

3) Sistim Kawin

Sistim kawin di Kampung Cikondang nganut sistim exogami, nya éta

bisa kawin jeung warga luar Cikondang. Tapi kudu nyumponan kana sarat,

sirit, jeung sorot. Sarat hartina miboga kamampuh materi atawa boga

pagawéan jeung harta, sirit hartina bisa nyumponan napkah batin, sarta sorot

hartina miboga wibawa anu hadé. Éta pasaratan kudu dicumponan hususna

pikeun lalaki.

Salian ti éta aya katangtuan yén dina milih minantu lalaki kudu

nyumponan sarat 3 M, nya éta maraban, makéan, jeung mondokan.

Sedengkeun dina milih minantu awéwé kudu nyumponan sarat 3 N, nya éta

10

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nurut ka salaki, ngaraksa kahormatan, tur ngajaga rusiah rumah tangga.

Hartina boh lalaki boh awéwé kudu nyomponan kawajibanana sewang-

séwangan.

3.1.2.6 Sistem Téhnologi

Sistim téhnologi nya éta tata cara hiji masarakat dina maké pakakasna pikeun

kahirupan. Aya sawatara pakakas nu dipaké di Kampung Cikondang, di antarana nya

éta pakakas pikeun nyumponan sajumlahing pakasaban masarakatna. Aya pakakas

pikeun tatanén, ternak, kitu ogé perikanan.

Salian ti pakakas, aya ogé sandang jeung pangan. Ilaharna, sandang nu dipaké

di Kampung Cikondang kiwari tina kaén katun atawa sarua jeung masarakat kota.

Iwal ti para sesepuh atawa kuncén nu sok maké pangsi jeung iket. Masarakat yakin

yén baheula Uyut Pameget sok maké iket.

3.1.2.7 Sajarah Kampung Cikondang

Nurutkeun Abah Ilin, di ieu lembur téh aya séké (ci liang) nu

disabudeureunana loba tangkal gedé, nu ngaranna Kondang. Ku kituna ieu lembur

dingaranan Cikondang atawa Kampung Cikondang. Kecap ci asalna tina cai nu

miboga harti cai, sedengkeun Kondang nya éta ngaran tatangkalan.

Kampung Cikondang mimiti aya kurang leuwih taun 1800-an. Iéu imah adat

téh diadegkeun ku Uyut Pameget jeung Uyut Istri. Bisa dikira-kira yén umur

Kampung Cikondang ayeuna kurang leuwih 200 taun. Masarakat yakin yén Uyut

Pameget jeung Uyut Istri ngagem agama Islam.

Baheula, Kampung Cikondang mangrupa leuweung. Tapi dina taun 1911

Lurah Lamajang, nu ngaranna Lurah Sepuh Adiwinata (lurah ka-3) ngabukbak ieu

leuweung pikeun nyambungkeun walungan Cisangkuy jeung Cikondang. Harita

Cikondang kahalangan ku batu cadas. Lurah Adiwinata ménta tulung ka Abah Kulisi

pikeun nugar éta batu cadas. Singgetna carita, batu cadas téh bisa urug ku kasakténna

11

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Abah Kulisi. Tungtungna walungan Cisangkuy bisa asup ka désa Lamajang, nyaian

sérang 225 ha. Pungsi éta walungang téh pikeun sumber cai keur urusan tatanén.

Kampung Cikondang kabagi dua wilayah, nya éta Cikondang jero jeung

Cikondang luar. Ieu dibédakeun dina pola arsitéktur imahna. Cikondang jero miboga

ciri has dina imah tradisional. Dina taun 1942, kurang leuwih aya genep puluh imah

adat. Ku lantaran kahuruan, kiwari ngan ukur aya hiji imah adat. Cikondang luar nya

éta taun 1955 dina mangsa arsitéktur imah ngalaman parobahan. Parobahanana nya

éta teu tradisional deui, lantaran aya kawatesanan dina néang bahan-bahan nu aya di

leuweung. Ku kituna masarakat nyieun imah sacara modern atawa nu basajan. Ieu

parobahan disaluyuan ku kuncén, tapi kudu tetep miara imah adat nu ngan ukur hiji

deui.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain nya éta rarancang, sajaba ti éta desain ogé miboga harti pola, bentuk,

modél, tujuan jeung maksud (Echols dan Shadily, 1976: 177). Nurutkeun Guba

(1984) dina Suharsaputra (2012: 194) desain panalungtikan nya éta rarancang,

susunan, jeung strategi investigasi salaku tuntunan atawa arahan pikeun

meunangkeun jawaban, atawa nyieun kacindekan.

Dina ieu panalungtikan dimimitian ku ngaidéntifikasi masalah, ngarumuskeun

tur ngawatesanan masalah, obsérvasi ka lapangan, nyieun instrumén panalungtikan,

ngumpulkeun data, ngolah data, nepi ka ngadéskripsikeun data hasil panalungtikan.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif.

Métode deskriptif nya éta métode anu biasa dipaké pikeun nalungtik jalma atawa hiji

objék nu tujuanna ngagambarkeun sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan

fakta-fakta sipat sarta hubungan antar fenoména nu ditalungtik (Moh. Nazir, 1985:

63).

12

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Métode deskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun ajén falsafah nu

nyampak dina iket Sunda nu aya di Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan panalungtikan leuwih jéntré, sacara operasional istilah-istilah anu

patali jeung panalungtikan nya éta:

1) Ajén Falsafah

Ajén nurutkeun KUBS hartina nya éta pangaji atawa harga. Falsafah nurutkeun

KBBI (idem) mibanda harti (1) gagasan; (2) sikap batin yang paling dasar yang

dimiliki oleh orang atau masyarakat; (3) pandangan hidup.

2) Iket Sunda

Iket Sunda mangrupa panutup sirah lalaki urang Sunda. Bahanna tina kaén batik

atawa polos, bentukna pasagi.

3) Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung

Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung nya éta ngaran tempat anu

dijadikeun objék panalungtikan.

3.5 Instrumen Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta handphone, kaméra

foto, pedoman wawancara.

3.5.1 Handphone Rekorder

Handphone gunana pikeun ngarékam proses wawancara ka tokoh masarakat,

sesepuh, atawa aparatur désa ngeunaan iket Sunda.

3.5.2 Kaméra Foto

Kaméra foto gunana pikeun ngadokuméntasikeun gambar nu aya patalina

jeung iket Sunda.

3.5.3 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara gunana pikeun meunangkeun informasi ngaliwatan

wawancara ka tokoh masarakat, atawa sesepuh ngeunaan Iket Sunda.

13

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan mangrupa salasahiji usaha anu dilakukeun kalawan

ngagunakeun métode anu tangtu, sangkan udagan anu dipiharep dina hiji

panalungtikan bisa kahontal (Nurani, 2003: 39). Téhnik panalungtikan ngawengku

kana téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya

éta telaah pustaka, wawancara, observasi, jeung dokuméntasi (Arikunto, 2010: 263).

1) Téhnik Telaah Pustaka

Ieu téhnik gunana pikeun néangan bahan-bahan keur dijadikeun dasar tiori

anu aya patalina jeung masalah anu ditalungtik.

2) Téhnik Wawancara

Ieu téhnik gunana pikeun néangan informasi ngaliwatan lisan ku cara méré

sababaraha patalékan ka tokoh masarakat atawa sesepuh nu dianggap mikanyaho

kana ajén falsafah iket Sunda.

3) Téhnik Obsérvasi

Ieu téhnik gunana pikeun ngumpulkeun data-data jeung informasi nu leuwih

akurat ti sumber data ngeunaan ajén falsafah iket Sunda nu aya di Kampung Adat

Cikondang Kabupatén Bandung.

4) Téhnik Dokuméntasi

Ieu téhnik gunana pikeun ngarojong inpormasi data. Datana bisa mangrupa

gambar atawa hasil foto salaku bukti yén panalungtikan téh bener-bener

dilaksanakeun.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Data anu geus ngumpul satuluyna dianalisis maké métode déskriptif. Anu

baris didéskripsikeun nya éta ajén falsafah katut simbol nu aya dina iket Sunda di

Kampung Adat Cikondang Kabupatén Bandung.

14

Dadan Mulyana,2013 Ajén Falsafah Iket Sunda Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Léngkah-lengkah pikeun ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Obsérvasi ka lapangan ngeunaan iket Sunda nu aya patalina jeung sajarahna, ajén

falsafahna, simbol-simbolna, nu diayakeun di Kampung Adat Cikondang

Kabupatén Bandung.

2) Ngadokuméntasikeun hasil data nu dipibeunang ngeunaan ajén falsafah iket Sunda.

3) Nganalisis ajén falsafah nu aya dina iket Sunda.

4) Ngadéskripsikeun ajén falsafah iket Sunda nu aya di Kampung Adat Cikondang

Kabupatén Bandung.