12
Maca Artikel Kelompok: Dhea Sekar R Izzatunnissa Galih W Khalid Prasetya Revi Alamsyah

Ngarang éséy

Embed Size (px)

DESCRIPTION

Presentation about "Ngarang Esey" for Sundanese task^^

Citation preview

Page 1: Ngarang éséy

Maca Artikel

Kelompok:

Dhea Sekar RIzzatunnissa Galih W

Khalid PrasetyaRevi Alamsyah

Page 2: Ngarang éséy

Éséy?

• Anu di maksud éséy (dina bahasa Indonesia) disebutna esai, nyaéta karangan pondok dina wangun lancaran.

• Pangna disebut pondok téh kusabab dina éséy tara maké bab atawa pasal, tapi ngaguluyur.

Page 3: Ngarang éséy

Éséy téh diajangkeun pikeun bacaeun umum. Anu matak, eusina téh kudu komunikatif.Dina nyieun judulna ogé biasana sok ngagunakeun ungkara kalimah anu ngahudang kapanasaran. Anu di bahasna lain pasualan anu beurat, sarta gaya bahasana ogé hampang.Éta pangna umumna di muat natéh osok dina koran/majalah.

Page 4: Ngarang éséy

Tujuannana pikeun ngadiskusikeun hiji pasu'alan, midangkeun pandangan, atawa ngajak balaréa narima buah pikiran anu keur di pedar. Ari anu sok di jieun jejerna mah bisi ngeunaan naon waé.Sanajan éséy téh kaasup bacaan hampang, tapi angger waé sok di barengan ku data jeung hasil talaah.

Page 5: Ngarang éséy

Ciri éséy?

Ciri-ciri éséy nyaeta;

1. Karangan pondok wangun lancaran2. Gaya bahasa na hampang3. Anu di bahasna lain pasualan beurat4. Jejerna bisa naon waé5. Di barengan ku data jeung hasil talaah.

Page 6: Ngarang éséy

Tujuan nulis éséy?

• Ari tujuan nulis éséy diantarana;

1. Ngadiskusikeun hiji pasualan2. Midangkeun hiji pandangan3. Ngajak nu maca narima fikiran anu keur di

pedar

Page 7: Ngarang éséy

Salah sahiji jenis éséy aya anu sering disebut Artikél.Artikel téh éséy anu dimuat dina média massa saperti surat kabar atawa majalah.Ari eusina mah bisa mangrupa karya ilmiah, opini atawa sawangan jeung pamadegan pribadi hiji hal, laporan lalampahan atawa laporan ngunaan kaayaan, bisa ogé kritik kana hiji pasualan atawa kaayaan.

Page 8: Ngarang éséy

Cara nulis Artikel mah taya katangtuan anu husus, dituluykeun jeung kawijakan redaksional media massa anu ngamuatna.Upamana, artikel anu dimuat dina surat kabar kompas, tengtu beda jeung artikel anu dimuat dina majalah rumaja, boh gaya basa anu dipakéna boh gaya nulisna.

Page 9: Ngarang éséy

Obyéktif jeung subyéktifna hiji artikel, gumantung kana eusi tulisanana.Upama eusina mangrupa karya ilmiah, tangtu baé kudu diwuwuhan ku data katut fakta-fakta ilmiah. Kitu déui lamun medar ngeunaan hiji kaayaan di hiji tempat, kudu luyu jeung faktana anu aya . Tapi upama mangrupa opini, biasana mah leuwih kentel unsur subyéktifna.

Page 10: Ngarang éséy

Henteu saeutik deuih artikel anu ngaworkeun antara unsur subyéktif jeung obyéktif dina medar hiji pasualan.Fakta-fakta anu sifatna obyéktif dipaké dadasar pikeun nembrakkeun pamadegan jeung pamanggih pribadi anu sifatna subyéktif, atawa sabalikna.

Page 11: Ngarang éséy

Conto éséyTi mimiti taun tujuhpuluhan, aya parobahan gedé di tatar Sunda. Pausahaan-pausahaan deungeun ngalabring daratang, dituturkeun ku pagawé-pagawéna. Barang-barang ahéng ti luar nagri jadi ceuyah. Proyék-proyék merul. Harga tanah ogé ngarayap naék. Ari keur masyarakat leutik nu teu ngarti pulitik mah nya atoh wé nu aya. Harga tanah nu biasana ukur saratus rébu satumbak, ditawar jadi tilu tikeleun. Atuh sawah, balong, jeung kebon katut tatangkalanana ogé nya dijarualan ku nu bogana. Ari maranéhna tuluy milih nyalingkir ka sisi, néangan nu hargana masih kénéh murah.Duit ladang ngajual tanah téa, ku manéhna ditumpakan jadi motor atawa mobil. Puguh wé jadi asa gaya. Sikep hirup ogé ngadadak robah. Jadi leuwih resep nge-”band” jeung nge-”rock” batan ngacapi suling atawa ngadegung. Teu saladar, yén nu geus dijarualan ku maranéhna téh saenyana mah lain ngan sakadar tanah titinggal ti kolot, tapi éta téh lemah cai. Lemah jeung cai wariskeuneun ka anak incu urang Sunda.

Page 12: Ngarang éséy