Pasantrén Kilat Print

Embed Size (px)

DESCRIPTION

Cerita Pasantrén Kilat dina Aksara Sunda

Citation preview

Pasantrn Kilat.Bada salat Lohor, sadayana santri parantos ngarempel. Harita mah Pa Ustad nembe ngadugikeun rarancang jadwal pangajaran salami di pasantrn kilat. Salajengna, Pa Ustad nerangkeun perkawis hal-hal anu aya patula-patalina sareng pasantrn kilat.Hidep tangtos tumaros, naon ari pasantrn kilat th? Tah, anu disebut pasantrn kilat th nyata pasantrn anu dilaksanakeun mung sakedap, henteu salamina. Pasantrn kilat anu diayakeun ku urang mah lamina th sasasih, nyaeta salami sasih Romadon. Upami ditang dintenna panginten mung tilu puluh dinten, saur Pa Ustad.Saparantos kitu, para santri diwuruka ngaos. Katawis ayeuna mah, unggal murangkalih th benten katiasana. Jaka sareng rerencanganna parantos tiasaeun nganggo lagam ngaosna th. Ari anu sansna mah, nembe narabas biasa bae. Malihan, aya oge anu nembe ngejah, teu acan kana narabas ku nyalira. Ku margi kitu, Pa Ustad enggal ngelompokeun murangkalih, supados gampil dina ngawuruk sareng nalingakeunana.Dugi ka tamat minggon kahiji sasih Saum, murangkalih th dialajar ngaos sareng ngiringan pangaosan tiap subuh sabada salat. Nincak kana minggon kadua, nembe diajar tata tertib salat bareng nacaan kanggo wiridna. Unggal murangkalih ku Pa Ustad dibingbing dina praprakan salat. Saparantos adengan salatna leres, nembe kana bacaan anu dilengkepan ku medar hartos-hartosna. Rengse kitu, ditema ku apal-apalan kana bacaan wiridan sareng hartos-hartosna deuih.Waktos sasih Saum parantos nincak kana minggon katilu, Jaka sareng rerencanganana ngawitan diwurukan perkawis hadis-hadis any aya patalina sareng kahirupan murangkalih. Di sagedengeun kitu, marurangkalih oge dipirawang ngapalkeun doa-doa anu parondok.