57

Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Embed Size (px)

DESCRIPTION

Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Citation preview

Page 1: Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Page 2: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Pilihan umum 2014 ukur sababaraha bulan deui.Masing-masing nu boga karep miang ka Senayantatahar, bebekelan. Nu pangpentingna, babawaan

teh ‘pangrojong’ masarakat. Paracalon, boh DPR bohDPD RI, butuh pangdeudeul masarakat ti tempatpamiangan ana.

Karep miang ka Senayan luyu jeung pancénna, ngu-rus ngatur pamaréntahan sarta bajoang keur kapenti -ngan masarakat hususna nu diwakilanana umumnamah Indonesia. Nilik ka dinya, boh DPR boh DPDngemban pancen nu lain joré-joré, da lian ti ngembanpancén nagara téh, ogé deuih mawa harepan masarakat.

Sanggeusna boga wewenang di legislatif sawadinamampuh ngalaksanakeun amanah. Hartina, nu kapilihtéh misti bener-bener nu panghadéna ti antara calonnu milu tarung dina pilihan umum. Di dieu mah, nudipilih jeung nu milih téh kudu pada-pada maphumkana masing-masing pancén. Nu hayang dipilih kudu

némbongkeun karep, kamapuhan jeung ketakna nu kai-jir pantes jadi utusan nu miang ka Senayan. Nu rekmilih deuih misti titén kana pakarepan jeungkamampu han paracalon.

Miharep dukungan masarat memang teu gampang.Komo deui, sora-sora silung ka para wawakil rahayatteu weléh nongtoréng. Nu kawas kitu téh, bisa jadicukang lantaran partisipasi kana pilihan umum gé lobanu puraga tamba ka dengda!

Kayaan kitu, butuh ajén wawakil rahayat nu lain waéboga kamampuhan, tapi deui meunang kapercayaanmasarakat. Kapilihna parautusan nu nyumponanpasaratan kawas kitu, ngan bisa tinekanan upamarahay at nu boga hak milihna daék milih kalayantinimba ngan anu asak. Ukuran basajanana mah, bisanilik kana tapak lacak lalampahanana. Di dinya bisakasaksén pantes henteuna arinyana ngemban harepanmasarakat. ***

Nu Mariang ka Senayan

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun No. 130-00920.32518,

Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm), Ny.RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib -rata, Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendrayana, Eep Nandang R, Narti. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRE-

TARIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, DOKU-

MENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA RUPA/PRA CETAK

Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana, KORESPONDEN

Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun Juharyanti(Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista(Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan,Ai Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Page 3: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

BAHASAN

Parobahan Kalima UUD 1945;Ti DPD-RI Jawa Barat keur Nguatan Nagara....................................................... 8

RANCAGÉ

Niténan Alam

Maca Jagat Tatar Sunda .................. 17

PURIDING PURINGKAK

Kuntilanak

Andang S. Argayuda ....................... 24

IMPLIK-IMPLIK

Wisata Alam Mekarkeun Kapunjulan Lembur............................................. 46

KOLOM

Pemilu 2014, “Menunggu Godot”?

Dede Marian.............................................31

Quran Tarjamah Kemenag RIUsép Romli HM...................................... 49

SAJAK

Umur 64 Taun

Usép Romli HM .............................. 48

CARITA PONDOK

Anaking jeung Bulan Puasa

Anggi Novia Dewi ............................. 20Kakawihan

Dede Syafrudin .................................. 22Jihad

Risnawati ........................................... 26

NU MANEUH

Lawang Saketeng ................................. 1Kaca Tilu ............................................. 3Munara Cahya ................................... 14Tanya Jawab Munara Cahya ............. 16Dongeng Aki Guru ............................ 17Mimbar Atikan .................................. 21Mangle Rumaja .................................. 32Katumbiri .......................................... 37Nyusur Galur .................................... 42Carpon Lucu ..................................... 49Pangalaman Para Mitra ..................... 50Ha... Ha... Ha ..................................... 52Bale Bandung .................................... 54Tarucing Cakra .................................. 55Lempa Lempi Lempong .................... 56

CARITA NYAMBUNG

Carita Sarebu Samalem (169)

............................................................. 10Gogoda Ka Nu Ngarora (8)

M.A. Salmun

............................................................. 12

­Sekar­MangléLANY

5LAPORAN

Capres ti Tatar Sunda Ngahudangkeun nu keur Tibra

Po

tre

t : R

eis

yan

Enduy cinutrung di juru stasion, niténanjalma-jalma nu pabaliut ka ditu ka dieubari rébo ku sagala rupa babawaan. Dihareupeun lokét, antayan jalma kacida

panjangna, lir nu keur arulin oray-orayan. Ari di handap, ngabarak jalma

jeung barang-barang..........

20

Kakawihan

Panata Rias & Raksukan:Sanggar Ayu Busana (Galery

Rias Pengantin) Komplek Neglasari Jl. Neglarasa No. 9

Ujungberung – Bandung Telp.022 – 70432343

HP: 08122395408

Page 4: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Pamingpin

Nu kumaha ari pamingpin nualus téh? Nu nyaaheun karayatna. Ari ayeuna aya

kénéh pamingpin anu kitu? Ari étaPa Béyé kurang kumaha nyaah karayatna. Sagala rupa diaya-ayakeun.Keur rayatna nu beunghar, hayangnaon baé disampakkeun. Mobil nupoé ieu kaluar ti pabrikna di Jepang,bulan hareupna geus aya di Jakarta.Atuh keur anu mariskin ogé teudipopohokeun. Geus sababarahakali ngayakeun program nulungannu miskin. Nu pangahirna BLSMtéa. Tapi geuning di Bandung Baratbaé aya 5418 kartu BLSM anu dipu-langkeun deui lantaran salah ala-mat.

Puguh nyaéta atuh. Kitu tah diurang mah. Program nu sakumahaalusna ogé ari dina prak dijalan -keunana ngaco mah angger wé moalkaarah mangpaatna. Beuki tétélabaé, teu cukup ku ayana rencanaanu alus. Angger kudu digarapnaogé bener deuih. Ari anu kajadianayeuna, apan tacan kitu. Nu narimakartu BLSM gé teu kurang-kuranganu imahna ngajegir.

Na ku naon atuh bet dina dernasok kitu jeung kitu baé?

Soal éta tah anu teu anggeus-anggeus téh. Nu ngaranna Ke-menterian Penertiban AparaturNegara mah geus sababaraha kaliayana. Tapi hasilna tacan katém-bong. Padahal pan nya éta nu jadi

tugas utamana téh. Teu bener di-gawéna kitu? Atawa baredegong?

Sigana mah duanana. Nungaranna birokrasi di urang rudetnakabina-bina. Geus jadi kacapanganpan di urang mah. Lamun pagawéanbisa dihésé-hésé, na ku naon makékudu disina gampang? Nyusahkeunbatur téh geus jadi pamaké jeungpangaresep bangsa urang umumna.Duka teuing naon sababna pangnanepi ka kararitu. Padahal boh ceukpapagon hirup papada manusa,komo deui lamun dipatalikeunjeung agama, ngahésékeun baturtéh lain pagawéan anu pantes dipuji.Komo mun dipatalikeun jeung gan-jaran mah.

Dina urusan éta pamaréntahanSBY bisa disebut gagal. Hartina,sarua waé jeung pamaréntahan nusaméméhna. Kakara nepi kanapidatona tacan bari jeung prakna.

Tapi lamun ngabandungan naonanu keur dihanca ku Jokowi jeungAhok di Jakarta, geuning éta bisa?Maksud téh apan palaturanana mahnu aya di sakuliah nagara éta-étakénéh. Lamun kitu mah atuh lain a -turanana anu salah téh tapi jelem-ana.

Tinggal ayeuna mah kumahamilih jelema anu pantes dijadikeunpamingpin. Lebah dinya bakalkarasa banggana. Nu hayang loba,tapi nu pibenereun mah duka.

Naha bener geus hésé kabina-bina néangan jelema anu bener di

urang téh? Mun rék disebutkeunkitu, aya benerna. Da buktina, geussababaraha kali urang ganti pa -mingpin boh di tingkat pusat boh ditingkat daérah, apan ngan misalahjeung misalah baé. Awalna disangkaenya ari dina derna kalah matakhandeueul.

Karepna mah, lantaran urang nubakal milihna, nya tinggal der wéatuh. Tapi dina prakna mah apananu kudu dipilih ku urang téh ngankitu jeung kitu baé. Sakalina urangteu milu milih angger wé anu meu-nang téh nu dipilih ku batur.

Undang-undang di urang tacanaya anu netepkeun yén lamun rayatanu milihna kurang ti 70 persén,upamana, dianggap teu sah. Tangtuwé bakal loba nu teu satuju kanapasaratan nu saperti kitu mah.Bakal matak capé kana gawé jeungbakal matak olok kana ongkosna.

Papadaning kitu lain hartinakudu diantep kumaha saayana baé.Ka hareupna kudu terus ditarékah -an yén dina prosés milih pamingpintéh kudu ditangtayungan ku aturanhukum anu henteu beurat sabeulah.Nu aya ayeuna mah pan mang -meunangkeun pisan parpol. Baku -karna geus karasa, nu ngarannaparpol téh mani asa pangbenerna.Jeung da maranéhanana mah teumikir ngeunaan kualitas parpol. Nupasti mah hayang jeneng wé. AM

Manglé 2438 3

Page 5: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

4 Manglé 2438

Sabada Halal Bihalal

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Kapayunan Ais PangampihManglé, Simkuring sejangadugikeun salam silaturahmi.

Ais Pangampih, ieu mahpédah kaleresan maos Manglé,jorojoy hoyong nyerat dina ko-ropak, perkawis kabiasaanurang nu beuki tumpur. Nya di-antarana kamulyaan man-jangkeun silaturahmi. Komo,sabada boboran siam 1434 H,tangtos acara pataréma-rémasok pada ngayakeun. Tah, kabi-asaan hoyong silihhampurakawas dina halal bihalal, saépisan. Mudah-mudahan ieukabiasaan natrat nepi ka jadibiasa diluar usum lebaran, ogé,sahanteuna tiasa ngobatan pasi-patan urang tina sikep sili-hjongklokeun silihpoyokan, jadisilihélédan, silihlengkepan, sili-hwasiatan dina bebeneransareng kasobaran.

Komo di nagara urang aye-una, teu weléh leupas tina

masalah. Balukar seueurmasalah, pasti keur nu nan-jeurkeun hukum kudu adusanghareupan jeung pihak nuteu hayang diusik-usik sanajansalah. Tah, nu anéh, sanajanpuguh geus salah, tapi buktinamah loba nu ngabéla, nunanawarkeun jasa sangkan ‘jigateu salah!”.

Kabiasaan silihhampura nudatangna tina ajaran Islam,hanjakal teu parat ka unggaljalma, pangpangna ka parapan-gacara. Naon nu jadi lan-taranana? Alatan pangacarakadieunakeun téh, loba nu lainmuslim. Upama kitu, naha halalbihalal silihhampura, bakalnguatan silih wasiatan nan-jeurkeun papada urang?Mangga waé antosan, kumahasikep urang sabada halalbihalaldisaban tempat.

Sakitu waé, sakali deuihatur nuhun pisan ka Manglénu parantos nampi ieu serat.Wassalam.

BaktosMurtado- Ciamis

Innalillahi wa innailaihi Roji’uun

Parantos mulih ka jati mu-lang ka Gusti Alloh nuMaha Suci

Ambu Tetty Suhartibinti Anuh Suharna(72 taun)(Pangasuh Mangle Alit -Mangle Rumaja manten)

Almarhumah ngantunkeun dinten Senen, 29 Juli 2013tabuh 03.05 WIB. Almarhumah dikurebkeun

di Dusun Salem Kemuning Karawang.

Allohumagfirlaha warhamha waafihi wa’fuanha.Allohuma latahrimna ajroha wala taftina

ba’daha wagfirlana walaha.Sakumna Ais Pangampih Mangle ngiring sungkawa,

mudah-mudahan kulawarga nu dikantunkeun henteukaleleban. Du’a nu ihlas, mugi almarhumah ditampiIman Islamna dicaangkeun di alam kuburna. Amin.

Bandung, Juli 2013Pupuhu Mangle

Drs. H. Oedjang Daradjatoen M.

Page 6: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Kiwari ramé naker calon-calonpresiden. Geus loba nu nye-but-nyebut pipresidéneun.

Atuh, spanduk calon presiden gé reu-teum di tempat-tempat ramé. Ngan,nya kitu, ti tatar Sunda mah teu singubyag.

Copongna capres asal Sunda, radakaubaran ku munculna Jumhur Hi-dayat, manten aktivis mahasiswa nukungsi ngaringkuk di panjara dinajaman Orde Baru. Karep Jumhur milukana konvensi capres ngaliwatan par-pol, ceuk Heri Kantaprawira ketuaForum Ki Sunda, pilihan nu merenah,lantaran Jumhur mah lain pamingpinpartéy pulitik.

Saha Jumhur Hidayat téh? Inyanapituin Bandung. Ieu teureuh Sunda

téh, satamatna SMA Negeri 3 Ban-dung, Jumhur asup ka InstitutTeknologi Bandung (ITB), jurusanFisika (1986). Ngan ti mimiti jadi ma-hasiswa gé geus aktip dina aksi-aksimahasiswa, boh di kampusna boh ditempat séjén di Bandung. Salah sahijinu dibajuangkeun ku Jumhur jeungbatur-batur harita téh tumali jeunghak-hak rahayat. Lian ti éta Jumhurgé nyorakeun dibubarkeunana OrdeBaru, salah sahiji buktina, mingpinaksi nolak datangna Mendagri Rudiniharita. Lantaran aksina terus diku -kuntit pihak kaamanan, antukna, di-tangkep sarta diadili nepi meunangdipones tilu taun. Upaya hukum terusdilakukeun, ngan ahirna mah, teu bisamajar kumaha, ieu teureuh Bandung

téh dibérok di panjara, malah kungsiditempatkeun di Nusakambangan.

Sumanget Jumhur teu pareum. Dipanjara gé tetep nguatan jiwana. Diantarana ku cara loba macaan buku,kaasup buku-buku perjuangan InggitGarnasih, karya Ramadhan KH.Sanggeus kaluar ti panjara, Jumhuraktif di sababaraha organisasi, sapertidi Center for Information and Deve -lopment Studies (CIDES) GabunganSerikat Pekerja Merdeka Indonesia(GASPERMINDO), Konfederasi Seri -kat Buruh Indonesia (KSBI), YayasanKesejahteraan Pekerja Indonesia(YKPI), jeung sajabana.

Lian ti ancrub ka rupa-rupa orga -nisasi, Jumhur gé biasa jadi nara-sumber disababaraha tempat di

Manglé 2438 5

Nyantek kana pilihanpresiden, lobangaran capres nujadi bukur catur.Ngan, galibna, titatar Sunda mah,arang pisan nu kase-but. Kumaha dinapilpres ayeuna? Sahawaé urang Sunda nukacatur jadi capres2014-1019?***

Moh. Jumhur Hidayat (potret Asep GP.)

Page 7: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Nusantara, pangpangna dina nan-jeurkeun martabat jeung jatidiribangsa, kaasup remen ngalanglangmancanagara dina rupa-rupa ka-giatan, di antarana neuleuman sistemkatatanagaraan di Amerika Serikat,International Conference on Method-ological Problems in The Study of Re-ligions-Montreal Canada, Con fe renceon Indonesia-South Africa; New Be-ginnings and Future Relations,Capetown, South-Africa jeung saja-bana.

Nya ngaliwatan sababaraha organ-isasi jeung ancrub kana rupa-rupa ka-giatan, Jumhur loba ngabélaanmasarakat katideresa nu hak-haknakarampas ku pihak séjén. Haté Jum -hur teu tingtrim, upama nyaksiankaayaan nu méngpar tina kamistian,najan éta paripolah téh dilakukeun kunu nyekel kakawasaan. Matak, najanranggeuman kakawasan kacida ku-atna, Jumhur tara ngarasa sungkannepikeun kateupanujuanana. Dirinaremen makalangan, ngaluluguanpihak-pihak nu boga karep ngaron-jatkeun ajén jeung karaharjaanmasarakat.

Upama karepna kacida kuatna, damémang pangaruh lingkunganana.Ramana gé, Alm. Mohammad SobariSumartadinata geus ngawawadianan,mun wani ancrub jadi aktivis, kuduwani sagala rupana, malah najan nepi

ka nemahan pati!Kanyaahna Jumhur ka si leutik,

ditémbongkeun kana kanyahna kakaum buruh. Ceuk pikirna, buruh téhkudu dianggap bagian tina ieu bangsa.Hartina, ulah aya bagian nutinggaleun komo nu katideresa mah.

Kanyaahna ka kaum buruh, ahirnamah loba pihak nu percaya ka Jumhurbakal leuwih témbrés upama inyanaboga kakawasan nu leuwih batan nuayeuna dicangking jadi kepala BNP2TKI.

Calon PresidenJumhur Hidayat, mimiti pada nye-

but calon presiden. Kituna téh, saperticeuk para aktivis di organisasi buruh.Eta organsiasi mah togmol naker nyo -rakeun ngaran Jumhur jadi calonpresiden téh. Kitu téh, sapertisawatara waktu ka tukang, dina dék-larasi capres ‘versi’ kaum buruh nulumangsung di Gedung KONI JawaBarat sawatara waktu ka tukang. Nungarojong Jumhur mémang saba -baraha organisasi buruh, sapertiSerikat Pekerja Nasional (SPN),Gabungan Serikat Pekerja MerdekaIndonesia (Gaspermindo), SerikatPekerja Tekstil Sandang dan KulitSerikat Pekerja Seluruh Indonesia (SPTSK SPSI), Gabungan OrganisasiBuruh Seluruh Indonesia (KSBS),

Serikat Buruh Sejahtera Indonesia(SBSI) jeung Serikat Pekerja OtomotifIndonesia (SPOI).

Paraburuh tandes naker, yénburuh katut kulawargana, nyalonkeunJumhur Hidayat, nu kiwari mancénKepala BNP2TKI jadi presiden. Kitutéh, cenah, lantaran Jumhur dianggapmampuh mingpin ieu nagara kalayantémbong kanyaahna ka rahayat, pang-pangna mah ka kaum buruh. Orga -nisasi mah teu ngan ukur ngambengpangdeudeulna semet émbaran, dasaterusna téh ditepikeun ka DPDDemokrat Jawa Barat. Harita keyengaliansi buruh dihaminan ku R.Heryanto, Bendahara DPD ParteyDemokrat.

Dina éta déklarasi, Ketua SerikatPekerja (SPN) Jawa Barat Iwan Kus-nawan nétélakeun, Deklarasi lumang-sung di Jawa Barat, lantaran Jumhurtéh asalna ti Jawa Barat. Ngan, cenah,déklarasi téh moal kateug nepi kadinya, da bakal diteruskeun didaérah-daérah séjénna sakurang-ku-rangna di salapan tempat, saperti diAceh, Sumatera Utara, SumateraBarat, Sumatera Selatan, Kepri, Lam-pung Banten, Jawa Timur, jeungNTB.

Forum Kesatuan Buruh NTB nungawengku lima orgnaisasi sapertiSPN, GespermindoLembaga AmanahGappa Samudra (Lagas), MigranWorld Indonesia (MWI), jeungForum Petani Tembakau LombokTimur (FPTL). Di anatrana eta forumteh samiuk bajuang keur Jumhursangkan eta ketua BNP2TKI jadi pres-iden mangsa bakti 2014-2019.

Jumhur Hidayat buleud paté -kadan. Teuneung nétélakeun paka -repanana jadi calon presiden. Malah,ketakna kitu téh dibuktikeun kumiluna kana konvensi capres ti ParteyDemokrat.

Ngahudangkeun nu TibraMunculna ngaran Jumhur Hi-

dayat dina pakalangan capres, ceukProf. Dr. H. Asep Kartiwa, SH., M.S.,Guru Besar Universitas Padjadjaran(Unpad), lir ngageuingkeun nu keurtibra. Ka dieunakeun, urang Sundamah, bangun nu teu kecét-kecét,atawa arang pisan nu makalangandina tingkat nasional. “MunculnaJumhur Hidayat, lir ngageuingkeun

6 Manglé 2438

Prof. Dr. H. Asep Kartiwa, SH., M.S.

Page 8: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 7

urang Sunda nu keur tibra,” pokna.Ketak jeung kaludeung Jumhur

kawas kitu, gedé mangpaatna keur ka-giatan pulitik di tatar Sunda mah.Lantaran ceuk Prof. Asep, kitu téhbisa jadi panyundut sumanget atawanyumangetan deui kaengeuh pulitikurang Sunda nu salila ieu melempem.

Nilik kana jumlah padumukna,kaasup nu baroga hak pilih, urangJawa Barat téh kacida lobana.Hartina, ceuk ieu ahli kawijakan pub-lik Unpad mah, Jumhur nu asalnateureuh Sunda téh, samistina jadi‘kakuatan’ nu baris dibalitungkeun kupihak séjén.

Ngan, naha majuna putra Sundadina pakalangan kapamingpinan na-sional baris pada ngarojong? Upamaceuk Indra Prawira, pupuhu BadanMusyawarah Sunda Jawa Barat mah,meujeuhna urang Sunda silih rojong!“Eureunan silih salahkeun, mistinasilih rojong upama saha waé nu bogakarep makalangan jadi pamingpin na-sional!” pokna sawatara waktu katukang.

Punten Kapayunan!“Urang Sunda lamun hayang jadi

pamingpin atawa aya dina kamajuankudu ngaleungitkeun budaya “Mang -ga ti payun” diganti ku “Punten kapayunan”. Sabab kualitas urangSunda sarua wé jeung seke-seler(etnis) liana, malah aya onjoyna lianti etnis kadua panglobana di Indone-sia, urang Sunda ti baheula mulajujur, gagah, teuneung-ludeung jeungluhur hargadirina. Sacara historisurang Sunda (ti jaman karajaanSalakanagara, Tarumanagara, Galuh,Pajajaran) teu kajajah ku etnisliana.Urang Sunda ti baheula mulakawentar gagah, jujur, teuneung-ludeung jeung luhur hargadirina dinangabéla bebeneran, contona nalikakajadian Pasunda Bubat (PerangBubat), nyata natrat ditulis dina sa-jarah kumaha gagahna Prabu LinggaBuana jeung Diah Pitaloka katutwadyabalad nu ngan saeutik, teu -neung ludeung ngabéla hargadirina!”

Kitu cek Mohamad Jumhur Hi-dayat ka wartawan dina sela-sela“Menolak Lupa 5 Agustus1989 Talk-stalgia 2013 - Bersama MohamadJumhur Hidayat” nu lumangsung diGIM (Gedong Indonesia Menggugat)

Jln. Perintis Kemerdekaan Bandung(5/8). “Lamun urang Sunda taya nupayus jadi presiden ulah maksakeun,tapi lamun aya nu pantes jeungnyubadanan jadi pamingpin nagri,ulah caricingeun”, kitu pokna nan-deskeun.

Dina paguneman nu ngaguar deuikajadian 5 Agustus 1989 (mahasiswaITB ngademo Mendagri Rudini nurawuh ka kampusna muka panataranP4- 11 mahasiswa ITB kaasup Jumhurditéwak Bakorstranasda laju dibui-Jumhur bebas 25 Februari 1992)harita dijejeran ku Prof.H. AhmadMansyur Suryanegara (SejarawanUnpad), M. Ridho Eisy (Wartwaansenior & Penyair alumni ITB), MasRadar (mantan aktivis), jeung wa-likota anyar Ridwan Kamil kaasupJuhana Sutisna (Joe P Project-mode -rator) jeung ibuna Jumhur, Bu Ati.

Soal kajadian 5 Agustus harita, cekDenci (Aden Kecil, nenehananaJumhur keur leutik ) memang jadiperlawanan nyata kana “hapana”karaharjaan jeung demokrasi mangsaorba. Kiwari agenda demokrasi /re-formasi sok sanajan “kabablasan”jeung perlu dibeberes deui tapi geuslumangsung di ieu nagri. Tinggalngarah kana agenda nu utamananyaeta ngabébérés karaharjaan ka-martabatan jeung kamandirian .Kaja-dian “Saptu Kulawu” 5 Agustus ge

sabenerna perlawanan kana saniskarapanggusuran tanah nu lumangsungteu adil jeung nyangsarakeun rayat diIndonesia (dibayar 30 perak/meter),saperti kasus Kacapiring, Badega,Cimacan, Lampung, Kedung Ombo(Jawa Tengah), jsb, Penggusurantanah nu mangrupakeun kolaborasikasarakahan antara bupati, gupernurjeung pangusaha, “Tah kapanan sa-dayana kapala daérah téh pa-payungna Mendagri, tah kaleresanharita aya ka kampus, nya didemo wé,da anjeunna nu pangtanggelwalernamah.”, Cek Denci nyoreang alam katukang dina mangsa perjuangan.

Dina pamustunganana Jumhurumajak ka batur-batur saperjuan-ganana baheula, sangkan dimanageus meunang jabatan/ jadi paming-pin ulah nepikeun “Rajawali robahjadi Manuk Nuri” , jadi pamingpin nukumaha juragan wae jeung teu mihakka rayat, sabab sieun ilang ja-batanana. Tapi kudu saperti pajuangnu ku Rendra ditulis dina sajakna,“sangkar besi jangan merubah Ra-jawali jadi burung Nuri!” Memangkiwari loba batur Jumhur nu tala-jakna kawas nu ditulis dina sajakna “Jabatan pujapuji, hormat, kaka -wasaan, fasilitas, sok ngarobah ra-jawali jadi manuk nuri”,pok na.***(RH/Asep GP)

Dr. Indra Prawira, pupuhu Bammus Jabar

Page 9: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438

Poko-poko usulan Dewan Perwaki-lan Daerah (DPD) RI ngeunaanparobahan kalima UUD 1945, terus

dibéwarakeun. Anggota DPD RI asalJawa Barat, Dra. Hj. R. Ella M. Giri Ko-mala, MM.Pd., nétélakeun, sosialisasiparobahan kalima UUD 1945 minangkaupaya nguatan bakti DPD-RI keurnguatan nagara. Kitu diantara biantaranawaktu acara Focus Group DiscussionDPD-RI gawé bareng jeung DMI WilayahJawa Barat, Rebo 24 Juli 2013.

Acara diskusi euyeub pisan. Kitu deuinarasumber jeung pamilonna ti saba -baraha tokoh penting di Jawa Barat. Di-antara waé narasumber nu hadir harita,lian ti Dra. Hj. R. Ella M. Giri Komala,MM.Pd., ogé aya Prof. Dr. H. DeddyMulyasana, M,Pd., Dr. Dedi DjamaludinMalik, M.Si., Drs. HR. Maulany, SH., Drs.H. Maman Muhammad Iskandar.

Aya 10 usulan parobahan UUD 1945,nyaéta : 1. Nguatan sistem presidensial,2. Nguatan lembaga perwakilan, 3.Nguatan Otonomi Daerah, 4. Ngeunaancalon presiden perseorangan, 5. Mis-ahkeun antara pemilu nasional keunglokal, 6. Forum previlegiatum, 7. Nguatandeui peran MK, 8. Nambahan pasal

masalah HAM, 9. Masalah Bab KomisiNagara jeung 10. Nguatan ngeunaan babatikan jeung ékonomi.

“Tangtos usulan parobahan ieu, éstu -ning keur nguatan nagara. Lantaranupama teu aya parobahan, dihari-wangkeun ayana démokrasi nu katalanju-ran. Sanajan peran DPD teu sakuat DPR,tapi upama meunang pangrojongmasarakat, teu mustahil bisa dirobah,”ceuk Hj. R. Ella M. Giri Komala jinek.

Sababaraha usulan DPD RI memangpada ngarojong. Malahan sual OtonomiDaerah, ngarasa panuju kana usulanDPD-RI sangkan OTDA henteu disaléng-gorkeun keur ngalemahkeun peranprovinsi. “Peran pamaréntah provinsikacida pentingna, tangtu OTDA kudunguatan provinsi sanés kabupaten atanapikota,” ceuk Drs. HR. Maulany, SH., jinek.

Kumaha ari parobahan calon presidenperseorangan? Usulan DPD-RI mémangdianggap logis. Ngan ceuk Dr. Dedi Dja-maludin Malik, M.Si., keur calon presidenmasarakat masih percaya ka partéy poli-tik. “Wajar pisan pami masarakat masihkénéh percaya ka partéy keur nangtukeunpamingpin bangsa mah,” pokna.

Sedengkeun, nurutkeun Drs. H.

Maman Muhammad Iskandar, staf ahlianggota DPD-RI, mémang usulan paro -bahan UU 1945 bakal moal gampang,pangpangna ti pihak DPR-RI. Tapi sana-jan kitu, upama nilik kana kapentinganbangsa nu leuwih hadé mah, Insya Allohlaun-laun mah bisa tinekanan.

Wakil Jawa Barat Kudu Leuwih LobaNurutkeun undang-undang ayeuna,

wakil masing-masing anggota DPD(Dewan Perwakilan Daerah) ti sabanprovinsi aya opatan. Sanajan jumlah pa -dumuk antar provinsi ganjor kacida, tapiangger sarua opatan. Sistem modél kitu,keur urang Jawa Barat mah kacida rugina.Lantaran, luyu jeung pungsi DPD tur pad-umuk Jawa Barat nu sakitu lobana, kaa-sup henteu adil. Ku kituna, keur JawaBarat mah kacida perluna anggota DPD kahareup bisa merjuangkeun kuota wakilDPD nu adil. “Mémang parobahan kitu,luyu jeung kahayang masarakat pang-pangna di Jawa Barat. Masalahna, keurberjuang kitu, kudu aya parobahan deuimasalah kuota anggota DPD tiap provinsi.Hadéna mah, nu ngawakilan daérah gé

8

Parobahan Kalima UUD 1945;DPD-RI Jawa Barat Nguatan Nagara

Page 10: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 9

ulah disaruakeun antar provinsi. Piraku,Jawa Barat nu sakitu loba padumukna,anggota DPD ngan opat urang, disa -ruakeun jeung provinsi nu saeutik padu-mukna. Tangtu parobahan ieu pentingkacida,” kitu nurutkeun Drs. HR.Maulany, Ketua Dewan Masjid Indonesia(DMI) Jawa Barat, pokna témbrés.

Sedengkeun nurutkeun Prof. Dr. H.Deddy Mulyasana, M,Pd., kaayaan politikkiwari mémang diantarana luyu jeungkamekaran kacerdasan rakat nu rekmilih na. Hartina, ngawangun sistem poli-tik nu adil, memang perlu proses nu teugampang. “Ngaliwatan DPD-RI saben-erna sistem politik nagara bisa dibebenah,ngan hanjakal ngawatesanan téa,” pokna.

Kumaha ceuk politisi Jawa Barat? Nu-rutkeun Dr. Dedi Djamaludin Malik,M.Si., nu harita ngahaja hadir, mémangsistem ayeuna dianggap paling hadé.Anapon peran DPD-RI dianggap kurang,diantarana lantaran masarakat can bener-bener ningal ketak DPD nu sagemlengna.“Rupina ketak DPD-RI kedah seueursosialisasi, dugi ka janten kabutuhanmasarakat. Kanggo pribados mah, atoh nuaya, mudah-mudahan DPD ka payun tiasalangkung greget,” cek ieu politisi PDI Per-juangan Jawa Barat tandes.

Peran lembaga DPD-RI nu leuwihjinek, memang ahirna bakal mekar luyu

jeung pangabutuh masarakatna. Ku ki-tuna, Dra. Hj. R. Ella M. Giri Komala,MM.Pd. deui, ka hareupna moal bosen-bosen rék nyosialisasikeun peran DPD kamasarakat nu leuwih maksimal. “Sanajankawatesanan pungsi keur ngabebenah sis-tem ketatanegaraan, mudah-mudahanmasarakat ahirna ngarasa leuwih butuh,komo keur urang Jawa Barat mah,”

pokna.Tarékah-tarékah DPD-RI keur

nguatan nagara mémang perludibéwarakeun maneuh ka masarakat,kaasup di Jawa Barat. Kituna téh, lian tisangkan masarakat wanoh kana peranDPD RI, ogé keur nampung aspirasimasarakat di daérah. *** (RH)

Para pamilon sosialisasi ngarojong usulan parobahan kalima UUD 1945 DPD-RI.

Page 11: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

10 Manglé 2438

Bagian

169

Peuting ka-186Sajeroning diadu-

renyomkeun, Putri Budurjeung Komarujaman mah,teu kagareuwahkeun.Angger ngagoplek talibranaker, teu kaganggu kusora jin nu omongananapatarik-tarik.

“Sok atuh guyahkeunsina hudang!” ceuk jinnyarankeun.

“Heug!” ceuk jinawéwéna.

Leng mikir néangancara ngahudangkeun nukeur tibra. Maimunahmésém, ras kanakabiasan ana nu bisamalih warni mindah rupa.Harita gé kapkir, men -ding ngageuingkeunngaliwatan jasad séjén.Manéhna ngagibegkeunawakna, les leungit, dajadi sato leutik, jadi tu-mila. Kitu téh sangkanbisa samemena nga-garayaman kana awak nukeur ngageubra.

Nu pangheulana di -

hudangkeun téh Komaru-jaman. Hudang lantaranaya nu nyoco kanaawakna. Ngan, ari diusap-usap nu nyioco téh teukarampan.

Komarijaman nguni-ang hudang. Cengkat bariterus rarat-reret. Gebegngagebeg lantarangigireun ana aya awewegeulis naker. Ieupangeran nu jangji ka di-rina moal kagoda kuawewe téh ningali rurupa -an Putri Budur kitu mah,teu burung ngageterhatena. Kapincut kururupa an éta awéwé.

Bari neuteup nu keurtibra, Komarujamanmikir. Ras inget kanapurwa daksina. Ceukpikirna, mana kitu gégeus suratan takdir, kudupapanggih jeung awéwénu mampuh ngiruthatena. Ras inget kanakajadian ka tukang-tukang, apan pangnadiberok téh lantaran

nolak laki-rabi.Teuteup éta pangeran

téh anteb naker. Pipiki-ranana cus-cos ka manakarep. Ras ka bapana, boaéta putri téh nu rék di-jodokeun ka manéhna.Mun apal kana pikitueun,tangtu moal nolak, malahmanéhna sorangan nubaris leuwih tiheulangalamar éta awéwé.

Komarujaman nyoba-nyoba ngagaramang kanalebah suku nu keur sare.Maksudna mah,ngageuing keun. Tapi,Putri Budur teu ka-ganggu. Malah, ahirna,najan diguyah-guyahtetep teu lilir-lilir.

Memang kituna téhpangaruh tenung tunduhDahnasyi nu mangaruhankénéh ka éta putri. Apan,méméh dibawa ka étatempat téh disirep heulasina tunduh. Ku cara kitu,éta jin bisa mawa putrikalayan gampang jeungteu ngagareuwahkeunpihak séjén.

Peuting ka-187Syahrazad nerukeun

dongengna.Najan taya sasaha, da

Komarujaman teuningalieun aya jin nutiluan, tetep bisa nahandirina. Sanggeus éta putriteu hudang waé, manéhnaukur nyokot ali nu ayadina ramo éta awéwé.Kitu na téh, banget ku asihka éta putri nepi kahayang ngajodo ngawa -ngun rumah tangga. Geuskitu mah, éta lalaki téhngagoledag deui reup sarétibra naker.

Ku lantaran putri teuhudang, Maimunahhayang ngahudangkeunPutri Budur. Carana,saperti nu dilakukeun kaKomarujaman. Ieu putrijin téh ngarobah wujudjadi tumila. Geus kitumah, gagarayaman dinabeuteung putri. Celetotnyoco tarik pisan.

Putri reuwas, ka-gareuwahkeun ku nunyoco. Geus kitu mah,nya beunta terus rarat-rérét. Bakating ku lulungunyangkana mah ayakénéh di tempatna, di ka-putren.

Page 12: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 11

Putri rarat-reret,horéng éta tempat téhbéda jeung kamarna.Gebeg manéhna ngagebegwaktu ngalieuk ka gigir,horéng aya lalaki nu keurngageubra. Barang dilik-ilik, éta lalaki téh kacidamatak ngirutna. Ku lan-taran kitu, éta putri téhteu bisa nahan haténa.Manéhna gancang hu-dang, ngaguyahkeun nukeur tibra.

Komarujaman me-mang tibra naker. Antuk -na, najan digeuingkeunangger teu daék lilir.Atuh, éta putri téhngahuléng. Ret kanaramo kénca Komaru -jaman. Manéhna mésem,da sidik éta lalaki téhmaké ali nu manéhna.Hartina, Komarujamantéh neundeun haté ka étaputri.

Wanci geus ngagayuhka subuh. Jin nu tiluanmasih kéneh ngabandu -ngan kalakuan éta putri.

Atuh, Maimunah téh bu -ngah kacida lantaran ceukpikirna, tétéla nu awéwéleuwih katajieun ku lalakinu dibobotohanana.

“Hartina, andikaéléh!” ceuk Maimunah.

“Teu lepat, nampi simkuring asor!” ceuk Dah-nasyi.

Najan kitu, trét wéhputri jin téh nyieunkatera ngan sakumaha pa-menta Dahnasyi tiheulatéa. Intina, éta jin lalakinatéh dianggap baladMaimunah nu teu meu-nang diganggu ku sahawaé. Da, upama Dahnasyidiganggu ku jin séjén,Maimunah baris mantuanéta jin lalakina téa.

“Sok geura balikkeunka tempatna!” ceukMaimunah.

Sanggeus Maimunah

ngomong kitu, Dahnasyinyirep deui Putri Budur.Golédag wéh éta putri téhsaré deui, tibra deui.

Regeyeng nu putri nukeur saré dipangku,dibawa ngapung kaawang-awang. Maksudna,dibalikeun ka nagrinaluyu jeung parentahMaimunah.

Peuting ka-188Komarujaman lilir

deui. Langsung ngoréjatlantaran mémang geussubuh. Manéhna kacidareuwasna, lantaranawéwé nu cikénéh aya digigireunana téh teu tem-bong. Ras ka bapana,ceuk pikir putri, éta lalakigeus dibawa deui ka tem-pat séjén luyu jeungparéntah raja.

“Hey nu ngajaga! Ka

mana awéwé nu bieu didieu!”

Nu ngajaga, nu keurlulungu asa kagebah.Kore jat hudang terusnangtung nyampeurkeunKomarujaman. Manéhnaheran ngadéngé kekeca-pan dununganana kitutéh.

“Saha juragan?”“Bieu téh apan aya

awéwé. Ka mana ayeu -na?”

“Ih, naha da ti tatadigé teu aya sasaha!”

Mémang enya, lanta -ran pangaruh élmu jin-jintéa, nu ngajaga gé teuapaleun aya awéwé jeungjin ka éta kamar téh. Nukatempo ti soré kénéhmalah nepi ka peutingterus ka subuh, tayasasaha iwal ti Komaru -jaman. *** (Hanca)

Page 13: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

12 Manglé 2438

Ayeuna mah NyiDampi seurienyaan, atoh

pitapak na diasupan, ngankari ngabésrat tamiangnabaé. Nyi Rapiah moal teukajiret. Geus kaured mah,wah, ti Babah Ringgitatawa ti Anom Luwih –Louis— ogé copélnasalawé pérak mah moalteu ngagolosor.

“Ih, Masmirah, dunu -ngan Embi, Agan mah betkitu, sapertos mu-rangkalih nyuhunkeuncau, ari pok ari sok. Nukitu mah atuh teu kengingdidadak. Upami yaktospalay, Agan kedah kersarurumpaheun linggih kaEmbi. Upami kaleresanmah di Embi sok kempel,Néng Munigar, NéngSalamah, Néng Sinta,malah Agan Lilis sarengAgan Éha gé sirikna teular-bus ka Embi mah.”

“Aéh kutan,” ceuk NyiRapiah bangun kagét.“Atuh éta mah kabéh gébatur ngaji kuring, malah

Agan Lilis jeung NéngSinta mah hatamananaogé bareng. Éta téh diwiri-dan pamaké téa di Embi,nya.”

Nyi Dampi pura-purangeunah seuri bari jigaenya ocon banyol: “Hah,hah, hah. Éta mah Si Lucuana geus nyieun luluconsok matak ngabarakat teu-ing abong enya ka Embiteu asa-asa miindungmhah, hah, hah.”

Dibéjér béaskeun mahpanjang teuing pok-pokanatawa pepetaan NyiDampi “ngaragaji” NyiRapiah nu mémang ropohpagerna téh. Cindeknamah Nyi Piah téh rungkadwéh!

Saha di palebah dieunu kudu disalahkeun?Naha Nyi Rapiah nu ipisbendungan? Apan jadinaipis bendungan mah nganukur akibat!

Akibat kurang urus,akibat nyeridipangnyandung keun.Cara nu keur lapar aya nu

méré kadaharan sasongna.Lain salah Si Lapar, dalapar mah ukur akibat ku-rang dahar. Teu lapareunmah moal enya sasantok-sasantokna!

Nyi Dampi atuh nucara careuh, ngadodohohayam balangah. Ih, apan,careuh mah mémangkabeukina hayam. Careuhkahakanan hayam.

Nu salah mah nu bogahayam. Kurang awur, nepika hayam ngalantrah,jeung teu rékép lawangparanjé.

4

Di urang aya paribasa“kausap sétan”nuduhkeun ka jalma nuingkar tina jalan bener,nyasab tina ihdinas sirotolmustaqim, tegesna kasungkana jalan nu henteudirido an ku Alloh Taala.Cék para arif, mungguhsétan teurakna ngagodatéh ngan ka jalma nuhéngkér batinna, bangsa -ning jalma aral, jalma teukuat ku dodoja, jalma nujejerih ku kaprihatinan,jalma anu hayang senang

mumul pusing, jeungsabangsa na. Ayamending na lamun jalmakaritu téh, barogaeunpacabakan anu baku ayageusan bangbalérna. Ananinggang di nu kedulditamba han poék pikircupet budi, kabisa nganlugah-ligeuh atawa hulengjentul, babari pisankausap sétan téh, apancenah gé: “Lugah-ligeuhtéh sarua jeunggégéléhéan dina anggelsétan.”

Nyi Rapiah ogé jeungawéwé ngora sabangsanaatawa sapantarana, nyakitu. Tuman senang di-wowoy ti bubudak, daharkari am, paké kari rap,pele sir sadaékna, heug di-tambélarkeun ku salaki,lugah-ligeuh taya gadag dateu timu pacabakan... jolgerejud pantar Nyi Dampi,beu atuh pérén.

Dua poé sanggeusdiolo digélo ku NyiDampi, isuk-isuk kirapukul sapuluh, para pa-gawé mah keur meujeuh -na di kantor, Nyi Rapiahaya di imah Nyi Dampi, diKebonkalapa, meunang

{ 8 }Ku M.A. Salmun

Page 14: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 13

ngabadamian, meunangngolo, meunang ngalem-pes, geus leumpeuh lirjawér kotok meunangngadéang, rék digéléng rékdibébér gé kari kadaék.

Pasangpeta imah NyiDampi téh enya di luarbiasa, pantona gé ti ungalmadhab, sugag-segognakamar pantes geusansusumputan. Di antarakamar téa aya dua anupasangpetana moal éléhku kajuaran ménak jamanharita, garenah bararesih,raresik, héor-héor seungitmanglé. Di béh tukang,deukeut dapur aya kamarmandi jeung jamban anumoal kurang bareresihnati di kabupaten, dina bilik -na gé aya eunteung gedéjeung pangradinansapurati na, wedakna rupa-rupa, ti wédak beuas nulumayan nepi ka pupurtoko nu mahal jamanharita. Di juru aya jajam-baran di eusi cai meunangngembangan, siga caipadusan, ngamandian nususuci.

Dina tepas, ayasawatara rékal, di jurunyo cok gulungan samak,di luhurna erak tempatkitab-kitab. Di ténjo ti luarmah, cék saha lain imahparanti diajar ngaji, komoduméh bilikna dipapaésku lapad, gambar burakjeung gambar ka’bah. Dajeung enyana, ari ti peu -ting mah, lamun sorékénéh, di tepas Nyi Dampitéh réang ku barudak di-alajar ngaji, diguruan kuHaji Gombél –kawasnamah lain haji enyaan, dabéjana leuwih apal kanabalak batan kana manasik;leuwih nyaho kana lédotbatan tawaf— mun ti beu-rang, meujeuhna lalaki-lalaki jarongjondipagawéanana atawapausahaanana, sok réaawéwé ngarora jeung

urang asing nu baleung-har, boh anom-anom tikontrakan, boh babah-babah ti kalangan sudagardaratang ka imah NyiDampi. Kalan-kalan sokaya ogé bangsa urang, tapirada carang, kawasnadompétna bangsa urangmah kurang padet.

Upama pareng aya nunanya, rék naon Nyi Anuatawa Néng Anu kaimahna, Nyi Dampi ayabaé jawabna, magar téhnu ménta dipangjualkeungeulang, nu ménta di-pangjualkeun samping, numénta asihan, nu diakubaraya baé jeung jaba tiéta. Ari anom-anom jeungbabah-babah, magarkeuntéh ngilikan berlian, uru-san dagangan, néanganpibabueun jeung jaba tiéta. Kabéh nu nanyabiasa na percaya baé. Aritatangga, puguh ku NyiDampi dikanyahokeunkabutuhna, aya nu dibajelurusan dapurna, aya nudiruruba ku lungsuran,aya nu dipangjeujeuhkeunkaperluan jeung jaba tiéta, atuh kabéh gé balem.Jaba ti di unggal jalanpangparatan ka imahnaneundeun calo purahméré isarah mun aya nurék ngagaradah téh, dikalangan pulisi ogé NyiDampi téh masang usung-ésang. Teu percumahjuru tulis sakaut disampingweuteuh unggal bulanatawa ganti baju lena opatbulan sakali téh, mun lainpanyogok ti Nyi Dampi.Jaba ari agén-agén mah,saat kabéh geus ngasaanbako tampang “Ibu Empi”.Cindekna pikeun jamanharita mah “Pausahaan”Nyi Dampi téh pohararikip tur limitna.

Anu jadi jontrotna,Agan Lilis. Enya ari bapa -na mah ménak tur puguhkocoranana malah kungsi

jadi wadana di bawahanGarut, orokaya indungna,ronggéng Manglayang nujaman harita mah kawen-tar geulis, ngungkulananak-anak priyayi, NyiAnis ngaranna. AomDotong bapa Lilis, beukingibing, resep ria-ria,ditam bah piawéwé, mang-gih ronggéng sakitumohmoyna, dibélaan guj -rud, maksa kawin, bogaanak, “agan” Listariah.Lantaran agan gé “aganbulu hiris” lain “agancandra mawat” hirupnagugulawingan, dibawa kaluhur teu sundul, cicing dihandap teu napak, komobarang Aom Dotong geussah ti dunya mah, jaba tigugulawingan téh barikokoléaban, hadéna baéaya baraya indungna nungaranna Nyi Dampi, daékrumawat. Satuluyna, ku

saréréa ogé tangtu kaharti,moal teu ka jarian-masarakat gubragna.

Nyi Rapiah abusna kaimah Nyi Dampi téh di-haja ditéang heula kuAgan Lilis, batur ngajikeur budak sabab bisiéraeun atawa teu luasdidagoan di imah mah.

Harita gé ari haténamah Nyi Rapiah téh dag-dig-dug, leumpang ogé asanincak asa henteu, sababsaumur dumelah kakaraharita “nyaba teu puguh”téh. Ngan minangkaluang na téh, baheula dii-wat ku Si Abdullah ti gu-nung, disumputkeun diimah gulang-gulang téa.Jadi ari bakat kana teu unimah di Nyi Rapiah téhmémang geus nyampak,rayungan ti jaman keur dipanganténkeun kénéh.(hanca)

Page 15: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Tos pada kauninga wireh ayatAlqur’an anu munggarandilungsurkeun dina sasih

Romad hon, hal eta dumasar kanaayat Alloh surat Al-Baqoroh ayat185: “Bulan Romadhon teh bulan di-turunkeunna Alqur’an, mangrupapituduh pikeun manusa tur anungajelaskeun ngeunaan pituduh eta,sangkan ngabedakeun antara hakjeung batil”

Sanaos teu aya ayat atanapihadist shahih anu sacara langsungnuduhkeun ayat Qur’an anu mung-garan teh lungsur dina tanggal 17Romadhon, atawa laelatul qodar tehtanggal 17, tapi kalolobaan kaummuslimin mieling lungsurnaAlqur’an saban tanggal 17 Romad-hon. Tapi oge deuih palebah laelatulqodar teu aya saurang oge anusacara tandes nangtukeun tanggal -na, padahal sidik dina ayat sanesdawuhan Alloh: “Saestuna Kaminurunkeun (Alqur’an) dina hijipeuting anu mulya (laelatulQodar).” (Al-Qodr: 1).

Pedaran ieu lain rek madung-dengkeun beda pahamna paraulama ngenaan poe laelatul qodarjeung nuzulul Qur’an, sababbawiraos aya hal langkung pentingbatan sakadar mieling atawangarayakeun mangsa nuzululQur’an nu ilahar sok dipieling sabantanggal 17 Romadhon.

Hal anu langkung penting tehnyaeta, kumaha eusining Alqur’anngawujud jadi pepeling. Momentum

bersejarah lungsurna Alqur’an anupasti dina bulan Ramadhan sapertosanu digambarkeun di luhur, hadenangageuing diri pikeun malikkeunlaku kana eusi kandungan ayatAlqur’an, malar teu kajadian antaraurang jeung Qur’an ibarat cai jeungminyak, atawa ngaku kanalinuhung na Alqur’an salaku papa gonhirup tapi cul dogdog tinggal igel.

Alqur’an diturunkeun pikeunjadi panggeuing anu sampurna keursaban manusa taqwa (Al-Baqorohayat 2), sarta jadi pituduh anunuduhkeun jalan titincakan lakulampah. Allah parantos maparinjaminan kasampurnaan Alqur’angeusan ngatur perkara syare’atjeung prakprakanana (Al-Maidah:48,50), pon kitu deui orisinilitasajaranana (Al-Hijr: 9).

Ngan hanjakal dina emprona,kacida lobana kaum muslimin teupati mirosea kana ayana Alqur’an,dibaca soteh mun pareng keur tung-gara, atawa hirup keur katideresabari teu apal kana hartina, komopimaksudeun ana. Rajeun diampi-han ukur sakadar hiasan, dipusti-pusti ukur kawatesanan dianggapkaramat, padahal bakal soteh jadirohmat lamun daek macana atawaneuleuman eusina.

Nuzulul Qur’an anu kamariwaktu Romadhon geus sabarahakali karandapan ku urang, ari mi -eling namah meureun geus aya likurkalina, ngan saumur hirup asa cankungsi boa tamat macana komo ka-

cangkem eusina. Lamunkaayaanana sarupa kitu, tangtu ka-datangan Nuzulul Qur’an taun ieulain sakadar di pieling, tapisakuduna jadi pepeling. Mana-horeng hirup teh geus lila nyicingandunya, da geuning geus puluhan kalinyorang Nuzulul Qur’an.

Naha naon sababna urang kudungajadikeun Alqur’an salaku papa -gon hirup?

Kahiji, lantaran eusina Alqur’anngawengku sagala aturan tur jawa-ban saban pasualan kahirupanmanusa, perkara eta kacida ka-hartina, sabab kapan Alqur’an tehdilungsurkeun ku Alloh Ta’ala anunyiptakeun sagala rupa kajadiandina kahirupan, nya tangtuna Man-ten-Na Maha nguningakeun kananaon-naon anu parantos diciptaNasinareng nangtukeun sagala aturanpikeun mahluk ciptaanana. Ibaratnahiji pausahaan anu nyieun laptop,tangtuna pausahaan eta anu ngaran-cang, nangtukeun cara operasi na,cara miarana, jeung anu bakalleuwih apal di mana aya karuksakan,kalayan leuwih nganyaho keunkumaha ngomekeunana.

Kadua, Alqur’an minangka juk-lak kahirupan anu dijaminorisinalitas na. Salaku papagonhirup Alqur’an minangka hiji-hijinakitab anu tahan uji, jeung tahan tinasagala upaya jalma dzolim anu boganiat nyelewengkeun atawamengkolkeun eusina. Lebah dieuAlloh parantos jangji pasini geusan

Qur’an Jadi PépélingSangkan Aréling

Ku Juniarso Ridwan

14 Manglé 2438

Page 16: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

salamina ngariksa kamurnian ayat-ayat Alqur’an sakumaha dawuhan -ana:

“Kami geus nurunkeun Alqur’anjeung ku Kami dijaga salawasna (Al-Hijr: 9).

Dina ayat sanes:

“...Anu moal datang kana etaAlqur’an teh kabatilan, boh tihareup atawa ti tukang” (Fushilat:42).

Komitmen Gusti Alloh ngariksakamurnian Alqur’an kabuktosan kuayana mujizat kaanehan anu jarangkapirosea ku manusa. BuktinaAlqur’an, babari diapalkeun, gan-cang kaharti lamun dibaca turbabari ngamalkeunana. Lamun dihiji lembur geus ngurangan anuapal kana Alqur’an, buru-burudatang generasi anu ngagantina,barudak TK, TPA paheula-heulangapalkeun Alqur’an, jeung beukidieu asa beuki loba lembaga pen-didikan Alqur’an ti mimiti usia dinitepi ka nini-nini dialajar maracaquran saban pangajian. Loba pihak,rek lembaga atawa perorangan anunalingakeun kana kamurnian ayat-ayat Alqur’an, upama aya salah citakatawa ngahaja diselewengkeunsanajan saayat, tantu bakal gancangkanyahoan.

Katilu, Alqur’an minangka hiji-hijina undang-undang kahirupananu paling pas pikeun manusa jeungalam sakuliahna, lantaran baris nga-jamin pikeun saha anu ngagemnasalawasna moal sasab. PidawuhAlloh Ta’ala:

“Saestuna ieu Alqur’an mere pi-tuduh kana (jalan) anu lempeng (Al-Isra: 9).

Rosululloh oge ngadawuh:

“Kuring mere titinggal duaperkara pikeun aranjeun, lamun seugaranjeun muntang pageuh kana duaperkara eta, moal sasab salawasna,nyaeta Alqur’an jeung Sunah.”

Alqur’an baris bisa mere jawaban

pikeun sakumaha rohakana pasualananu pagaliwota dina pikiran manusa.Min aina..ilaa ainaa...limadza (timana, rek ka mana, jeung keur naonurang hirup nyicingan dunya) sadayapatarosan ngeunaan tujuan hirupmanusa, asal-usul sajarah na tur gam-baran kahirupan anu bakal kasorang,kajadian-kajadi an leutik atawabadag, naon wae perkara anudiperlu keun manusa aya jawabananadina Alqur’an.

Kautamaan-kautamaan Alqur’ananu sakedahna dikanyahokeun kukaum muslimin malar bisangaronjat keun kaimanan tur katak-waan bari micinta Alqur’an diantawisna:

1. Alqur’an kitab anu pinuhbarokah (mubarok), nyumi-ratkeun cahaya (nuur), ngabeda -keun haq jeung batil (furqan),obat panyakit hate jeung jiwa(syifa’ul limaa fis-shudur), nga-jelaskeun sagala pasualan (al-bayan), pituduh (al-Huda) jeungrea deui nami-nami Alqur’ananu luyu jeung fungsina.

2. Pang hade-hadena manusanyaeta ahli Qur’an. Pidawuh Ro-sululloh : Khoerukum man ta’al-lamal Qur’aana wa ‘allamahu

(Panghadena di antara aranjeunnyaeta anu neuleuman elmuAlqur’an jeung ngajarkeunana-HR. Bukhori).

3. Generasi anu diajar jeungngajar keun Alqur’an disebutpang hadena generasi. PidawuhAlloh Ta’alaa: “Anjeun kudu jadigenerasi rabbani (generasi anusampurna) lantaran anjeunsalawasna ngajarkeun Alqur’ankusabab ajeun teu eureun diajar -na (Ali-Imron: 79).

Lungsurna Alqur’an (NuzululQur’an) tiasa disebat kajadianagreng, margi sanes mung wungkulpangalaman spiritual aheng anukaalaman ku Kanjeung Nabi, tapiminangka titimangsa gumelarnapapa gon hirup manusa anu nga-jamin kasalametan kahirupandunya akherat.

Lamun ditakdirkeun poho iraha,tanggal sabaraha, jeung wayahkumaha Alqur’an diturunkeunana,asana moal leuwih cilaka tibatanpoho kana eusina, poho ngajalan -keun parentah jeung laranganana,poho yen Alqur’an teh papagonhirup anu ngudukeun sabanmanusa mutlak ta’atna. Wallo-hu’alam bissawab. ***

Manglé 2438 15

tina internet

Page 17: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Tanya Jawab Munara CahayaGawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI Lembaga Pengkajian dan Pengembangan Syiar Islam UNPAS

Sual Qodo jeung Fidyah

Patarosan:

Dina bulan Puasa taun samemehna,abdi gaduh keneh qodoaneun puasa.Lantaran teu kabujeng wae ngodoaneuntea, teu karaos sumping deui puasa. Nujadi patarosan, kumaha kedahna supa-dos abdi tetep kalebet jalmi nu toat kanaagama. Punten, sanaos ayeuna tos sanesdeui sasih puasa, namung mudah-mu-dahan ku aya waleran mah, abdi jantenhati-hati. Hatur nuhun kana waler-anana.

Wassalam,Romadon SyahGeger Kalong Hilir Bandung

Waleran:

Nu janten prinsip utama, yen puasasasih Romadon keur umat Islam,hukumna wajib, sakumaha nu kaunggeldina surat al-Baqarah ayat 183. Lan-taran hukumna wajib, atuh nuhenteungalaksanakeunana hukumna dosa,anging ka jalma-jalma nu ngagaduhan-halangan (udzur syar’i). Palebah dieumah mangka wajib ngaganti (ngodoan)puasa anu ditinggalkeunana. PidawuhAlloh: “… mangka saupama di antaraaranjeun ngarasa teu damang atawadina kaayaan nyanyabaan (safar),mangka wajib diganti dina poe-poelianna…” (QS. al-Baqarah: 184).

Anapon dina hukum qodo, aya nukedah diperhatoskeun. Kahiji, ning-galkeun puasa Romadon ku sabab ayahalangan sacara syar’i (udzur syar’i).Anu disebat udzur syar’i nyaeta udzuratawa halangan anu disahkeun kuhukum Islam, sapertos henteu damangwales, nyanyabaan (safar), ngalahir -keun, kedah nyusuan jeung sa-bangsana. Jumhurul ulama geus sapuksaupama aya jalma anu ngabogaanhutang qodo puasa nyaeta puasa Ro-

madon kusabab udzur syar’i, terusnunda qodona nepi kadatangna bulanRomadon deui, mangka henteu jadidosa ka manehna jeung meunangdiqodoan dina poe-poe anu mungkinmanehna bisa ngalakukeuna sok sana-jan tos dua atawa tilu kali bulan Ro-madon anu dialamana.

Contona, saupama aya istri anukakandungan di bulan Romadon taun1433 H., terusanjeunna henteu mam-puh ngalaksanakeun puasa dina etabulan Romadon salila sapuluh poe ala-tan bisi ngaganggu kana kasehatanjanin atawa indungna anu nuju ngan-dung, mangka jumhurul ulama mu-fakat wajib pikeun manehna ngodoanpuasana anu ditinggalkeun dina poe-poe sabada rengse bulan Romadon eta.Tapi saupama sabada bulan Romadontaun eta (1433 H.) teu acan kenehmampuh ngalaksanakeun qodopuasana, alatan kedah nyusuan nepi kadatangna deui bulan Romadon taun1434 H.,mangka henteu jadi dosapikeun manehna jeung meunangngodoan puasana dina poe-poe anumungkin manehna sanggup ngalak-sanakeuna sok sanajan dua atawa tilukali bulan Romadon anu ditinggalkeu-nana.

Kadua, kumaha saupami anu nga-gaduhan tanggungan qodo puasa, bohalatanngalahirkeun, teu damang parnaatanapi alatan safar, teras henteungalaksanakeun qodoalatan ngamo-morekeun nepi ka datangna bulan Ro-madon deui? Pikeun ka jalma anusaperti kitu mah, leuwih ti heulamanehna wajib tobat, neda pangam-pura ka Gusti Alloh ku sabab tos namo -lerkeun kana salasahiji parenta-Na,kalayan bari ulah ngabogaan niat badenamolerkeun deui. Saatosna kitu, nu-mutkeun Jumhurul Ulama ti MadzhabMaliki, Syafi’i, Hambali, Abu Hurairah,

Ibnu Abbas, Ibnu Umar sareng liannasapuk, wajib pikeun manehna mayarfidyah salila poe-poe anu ditinggal -keunana bari tetep wajib ngodoanpuasana.

Contona, saupama aya jalma anungagaduhan tanggungan qodo puasaRomadon taun 1433 H. teras saatosrengse bulan Romadon taun etamanehna ngabogaan kasempatanpikeun ngodoan hutang puasana, tapimanehna namolerkeun nepi ka-datangna bulan Romadon taun 1434 H,mangka pikeun manehna wajib mayarfidyah hutang puasana bari tetep wajibngalaksanakeun qodo. Hartosna, kawa-jiban qodo tetep dilaksanakeun bariwajib mayar fidyah, sabab manehna tosnamolerkeun kana mayar qodopuasana dina eta taun (1433 H.) nepi kadatangna bulan Romadon taun 1434 H.

Kawajiban mayar qodo jeung fidyaheta salila poe-poe anu ditingalkeunatawa poe-poe anu jadi tanggungana.Saupama jumlah puasa anu wajibdiqodoanana salila tujuh poe, teruskabayar dina eta taun mung salila duapoe, mangka anu jadi tanggunganmanehna mung lima poe deui. Jadi anuwajib dibayar fidyah jumlahna munglima poe deui bari tetep wajib qodopuasa salila lima poe. Anapon fidyahanu wajib dibayarkeuna lobana nyaeta1 mud/poe anu wajib dipasihkeun kafakir miskin, mangrupa katuanganpokodi eta tempat. Upama wae di urang mahbeas, nya mayar fidyahna oge kubeas.Fidyah ieu diwajibkeun pikeun kajalma anu henteu mampuh ngalak-sankeun puasa wajib, ku sabab nga-gaduhan panyakit atawa ku sababyuswa anu tos kacida sepuhna sahinggahenteu mampuh ngalaksanakeunibadah saum.

Sakitu, mudah-mudahan waleranieu ageung mangpaatna. Wallohu

16 Manglé 2438

Page 18: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Niténan AlamMaca Jagat Tatar Sunda

Kitu di antara kekecapan nukabaca dina pangjajap bukuWanoh ka Lakuning Jagat. Eta

bukut téh yasana Prof. Dr. Ir. H. AdjatSudradjat, M.Sc., Guru Besar GeologiUniversitas Padjadjaran (Unpad), Ban-dung. Nu jadi bukur catur téh alam,pangpangna gunung. Ngan, teu saka -dar nyaritakeun jengléngan alamna danyosok jero, kaasup nyaritakeun nutumalina jeung kahirupan. Manusa nuhirup jeung alamana, bisa ngamang-paatakeun alam sabudeureunana kala -yan langgeng. Nya, bisana kitu téh,upama manusana wanoh kana rindatsarta tanda-tanda alam.

Alam mawa barokah. Gunung-gu-nung nu parentul di saban tempat,ngalantarankeun cai ngalir ti girang kahilir. Sakur nu kaliliwatan jeungkasimpangan ku cai pada-pada miluuntung. Ku parentulna gunung deuihjadi cukang lantaran tumuwuhnawarna-warni tutuwuhan, ogé pangan-cikan rupa-rupa sasatoan. Ku lantarankitu deuih, manusa gé bisa ngalapmangpaatna tina tutuwuhan jeungsasatoan nu nyampak sabudeureun -ana. Gunung mahala-mahayu. Ngan,gumantung ka manusana! Puncak gu-nung atawa congcot gunung, bisa dise-butkeun tandon cai, sabab di dinyaméga téh neumbag congcot. Dibarungku hawa tiis, méga téh jadi hujan nusalawasna maseuhan congcot gunung.Haseup anu ngelun tina kawah mawat -na téh nyedot saab anu ngulibek dinaméga. Ku kituna, dina congcot gunungméga téh gancang pisan jadi hujan(kaca 10).

Najan gunung nu nyidem seuneubisa waé bitu, tetep loba mangpaatna.

Gunung-gunung nu kungsi bitu,saterusna mah mawa barokah, lembursabudeureunana gé kabagéan cai ha-neut. Matak, teu sing anéh, di tatarSunda mah loba pisan tempat-tempatcai panas téh.

Mangpaat gunung teu ngan ukur

mayengna cai jeung gas bumi, di tatarSunda mah, loba gunung nu mibandaemas. Nu kawas kitu téh saperti nukasaksen di wewengkon banten terusmapay ka pakidulan tatar Jawa Barat.Emas gé jadi kauntungan keur nungokolanakeunana.

Di bagéan sejen éta buku (kaca 23),nyaritakeun rajakaya tatar Sunda.Naon tea? Nu remen jadi kacapangantéh panas bumi. Eta téh sumber energi

nu moal orot najan disebdot. Ku lan-taran kitu, eta ‘tanaga’ panas bumi téhjadi andelan kiwari jeung mangsa jaga.Geus bisa dikira-kira, upama beuki lilaminyak beuki langka, ahirna mah nujadi andelan téh, di antarana panasabumi téa.

Buku Wanoh Ka Lakuning Jagat,nyaritakeun pangaruh alam pisik kanakahirupan manusa. Rengkak polahmanusa geus pasti luyu jeung kaayaanalam sakurilingka. Lamun teu kitu, étamanusa tangtu tumpurna. Hartina,manusa jeung budayana satékah polahngindung ka waktu mibapa ka jaman,sarta nitenan rindat jeung paripolahalam.

Nu nulis eta buku buku, ngaduma -nis keun sawangan geologi jeung bu-daya. Atuh, dina nyaritakeun alamtatar Sunda gé lian ti medar pisik alam,sajarahna, ogé budayana. Gambarankitu, muka lolongkran nu maca leuwihwanoh ka nu kungsi, keur, jeung nubakal kaalaman mangsa jaga.

Paripolah alam, memang, teu bisadihalang-halangan. Saperti gunungbitu, lini, jeung tsunami, bisa kaalamaniraha baé. Komo deui nu dumuk ditatar Sunda, kurang leuwih 60 persenaya dina wewengkon nu ‘nampeu’ kanamamala alam (63). Ngan, ku caramikawanoh alam, manusa bisa macarindat alam, sarta taki-taki dinamangsana aya bancang pakweuh nudilantarankeun gunung bitu, lini, jeungtsunami. Ku lantaran kitu, ieu bukupayus jadi bacaan balarea sangkandina sajeroning ngamangpaatkeunalam, oge bisa nyegah mamalana. ***

(Ensa)

Manglé 2438 17

Judul Buku: Wanoh ka Lakuning JagatPangarang: Adjat Sudradjat

Panerbit: Galeripribadi – Bandung ( Januari 2013)Kandelna: 71 kaca

Bituna Gunung Rakata dianggap kila-kila, ciri wanci ning-gang mangsana ngusir urang Walanda. Soldadu nu keur

meuli bako, ditewak. Asistén Residen Hendrik Gubblesdibeberik ti tungtung kulon ka tungtung wétan. Bui didobrak,

pangeusina dibudalkeun.

Page 19: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

18 Manglé 2438

Buku-buku biografi parainsan seni galindeng Sundatradisi saeutik pisan, hu -susna tembang Sunda Cian-juran. Akibatna urang ayeu

na teu uninga kumaha jasa aranjeunnasareng naon baé karya-karyana nu kan-tos ngajembaran khazanah seni galin-deng Sunda. Nu katiténan dugi ka ayeuna mung aya

tujuh buku biografi nu kantos medalnyaéta biografi Bakang Abubakar (AahIschak, 1988), Tati Saléh (Aam Amélia,2001), Nano S. (Hawé Setiawan, 2004),Tien Rostini (Arthur S. Nalan, 2006),Apung S. Wiratmadja (nyalira, 1996 &2006) jeung Hj. Euis Komariah (AamAmélia, 2010). Ari nu pangahirnaNénéng Dinar (HD. Bastaman, 2011).Tah pangalaman nyusun biografiNénéng Dinar nu badé dipedar téh.

Ambisius ari kahoyong mah. Hoyongnyusun buku biografi, sakirang-kirangnaartikel, para juru galindeng nyongcolangdina mamaos Cianjuran ti angkatankasepuhan nepi ka angkatan ayeuna.Nanging kandeg jalaran rupi-rupi alesan,utamina kirang data sareng sesah men-dakan rekaman soanten aranjeunna dinakasét, cd sareng vcd. Dipaluruh ka nu ka-gungan soanten… teu nyimpen hiji-hijiacan. Manjing babasan “panday mah tarabogaeun bedog”. Seuseueurna mahnyaurkeun “ditarambut nanging plengles taya nu ngawangsulkeun”. Atuh samibaé sareng nambutkeun buku carang nukeresa mulangkeun. Dugi ka aya babasandina basa asing, kieu cenah: “Ngan jalmabodo nu nginjeumkeun buku ka nu séjén.Tapi leuwih bodo deui mun geus ngin-jeum dipulangkeun”.

Ku margi langka data téa, utaminapara kasepuhan, kapaksa harita kedahmilih-milih saha nu badé dilalakonkeun.

Saratna: panembang nonoman nu teusénior teuing sareng sanés nu yunior,aktif kénéh dina kagiatan tembangSunda, aya album galindengna, prés-tasina nyongcolan, maparin andil kanakamekaran seni galindeng Sunda tradisitur kualitas galindengna kénging pa -ngangken ti masyarakat. Pokona mahInsya Allah perjalanan ngahontal karirsareng ngawujudkeun karya-karyanamasih panjang waktosna.

Sim kuring cop téh ka sdrk. NénéngDinar Ratna Suminar nu katiténan wak-tos éta “nyepeng bandéra” di lingkunganTembang Sunda. Ditingal tina ngawitanmunculna Nénéng Dinar aya diantawispara kasepuhan, maéstro sareng sénior-kahot taun 70 - 80an, nanging saluhur -eun angkatan béntang harepan taun2000-an.

Anjeunna panembang generasi nono-man nu muncul ti kawit taun 1990-an turtetep nyongcolang dugi ka ayeuna. Kale-bet panembang nu leubeut préstasi sartanampi pangajén ti masyarakat sarengpemda Jabar. Kualitas galindengna ogédiangken luhur ku sasama senimanmusik internasional waktos mintonkeuntembang Bandungan di Gedung UnescoParis taun 2006. Malah Prof. Andrew N.Weintraub ti Universitas Piitsburg mu-jina téh kieu: “…the tembang Sunda vo-calist Neneng Dinar, who has one of themost beautiful voices on the planet….”.Rada kaleuleuwihi, nanging da leres kitu.

Sajabi ti éta Nénéng Dinar ngiring aktifngarojong gelarna tembang-tembangwanda anyar di lingkungan tembangSunda kiwari nyaéta Katem (Kawih &Tembang), Sekar Anyar sareng TembangBandungan bari tetep ajeg dina padikamamaos Cianjuran. Nénéng mibandasora istiméwa nu kalintang luwesna, dugika teu sesah nyoraan motif-motif galin-

deng nu bénten-bénten wandana barikualitasna tetep prima. Dina ngagalin-dengkeun lagu-lagu Tembang Bandun-gan bakal kauninga kumaha tapisnaNénéng Dinar ngaworkeun kalayanmulus téhnik-téhnik mamaos cianjurannu linduk, liukan mujawwad nu linghas,kawih nu hégar sareng téhnik sériosasareng opera nu anggun. Komo lagu-laguayem, agamis tur mélankholis, sapertosuntayan lagu Sunda Islami, kawadahanpisan ku Nénéng Dinar mah. Malah dinaKasidah Sundawi mah nuansa “minyaksamin” karaos “gurih”na.

Nu matak curinghak téh horéng dinakawih kaléran gé Nénéng mahér pisan.Blég baé sindén pantura nu sénggol-sénggolna lincah sénsual tapi tetep so -pan, élitis tur terpelajar. “Sindén nya kola” jujuluk ti dalang kawentar DédéAmung mah. Kitu rupina nu disebat soraka bula ka balé téh. Multi-talénta atuh is-tilah nu payus dilarapkeun ka jinisnamah.

Nanging waktos gagasan nyusun bi-ografi ngawitan pisan didugikeun,Nénéng Dinar sasatna kéképéhan nyau-rkeun teu rumaos waktos sim kuringngébréhkeun sabagian pertimbangan nukaunggel di luhur. “Naha Nénéng, sanéspanembang nu sanésna? Apan seueur.Nénéng mah tetep ngaraos héjo kénéh”kitu réaksina. Ku pribados diwaler kieu:“Mending gé tetep ngarasa héjo ambéhbisa asak. Mun urang geus ngarasa asakdagoan baé..... burukna”. Duka kasigeungduka henteu dikiyasan ku manggah arummanis téh.

Perkawis judul buku “BÉNTANGTEMBANG: Fragmén Kahirupan Né -néng Dinar” nu kantos kedah “hoghag”heula téh. Nénéng Dinar kaabotan kukecap “béntang tembang”. Alesanana“sieun riya” saurna. Nembé ayem tur

Meunang Luang Pangalaman nyusun buku “Béntang Tembang”

Ku: H.D. Bastaman

Page 20: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 19

nyaluyuan saparantos disanggemankieu: “Yeuh, Néng, jalma riya mah najanriwayatna teu dibukukeun ogé bakaltetep resep pamér. Nu riya mah di manabaé, iraha baé, jeung ka saha baé tetepkitu, sabab riya mah ayana dina hatéjeung niat. Ari Nénéng kaasup jalma riyaatawa henteu?”. (Rupina di dinya ung-gulna nu nyerat biografi téh nyaéta tiasa“ngagebés” béntang tembang).

Luyu sareng judulna, buku téh eusinarupi-rupi pangalaman sareng ketaknaNénéng Dinar di lingkungan seni galin-deng Sunda tradisi di sarakan sarengmancanagara. Diseratna parondok, én-téng tur aya unsur humorna. Ngarah teubosen maosna maksad téh. Manggageura aos contona “Sarua MeunangPiala”: “…Sajabi ti guru maénpo, Apih(pun bapa) resep pisan miara dombaadu. Tah, diantawis domba-dombaaduna aya nu istiméwa pisan. Domba téhawakna dedeg sembada, gagah, macho,buluna bodas ngeplak, malah tanduknagé warna gading. Kalebet carang dombanu wandana kitu mah. Jeung asa cankantos éléh deuih mun diadukeun téh,salawasna juara kahiji. Sami sarengNénéng sakaémut juara kahiji baé ti kelashiji SD kénéh unggal ngiring pasanggirikawih. Éta domba kawentar pisan sa-Majalaya, dugi ka seueur nu ngajak“bébésanan” ka Apih, ti pihak itunyayagikeun domba bikangna. Dukapédah domba buluna bodas tur taya nungéléhkeun atanapi bakating kudeudeuh, éta domba jalu ku Apih dinga -ranan….Si DINAR. Nuju budak mah sokkeuheul mun aya nu nyauran “Dinaaar”ka Nénéng, asa disaruakeun jeungnyalukan domba. Jeung hariwang deuih,kumaha mun diwaler “Kaaah”, hégdomba bareng ngabérélé. Lucuna upamimiéling Hari-hari Besar nu direuah-reuah ku rupi-rupi perlombaan, bohNénéng boh Si Dinar wangsul téh soksami-sami ngaboyong piala atanapimedali juara kahiji sareng hadiah-hadi-ahna. Béntenna Nénéng Dinar mah hasilpaalus-alus sora, ari Si Dinar mah ladangpateuas-teuas hulu….”

Rada lami ogé prosés “négosiasi” téhnembé aya kaputusan: Nénéng Dinarkeresa! Kitu gé bari nganggo implik-im-plik badé nyuhunkeun widi heula tiibuna, Hj. R. Ruminda. Malah proposalpenulisanana gé dicandak heula....umroh sasih Juni 2010. Diistiharohanatanapi henteuna mah, teu terang.

Buku “Béntang Tembang” téh nuwedalan PT. Kiblat Buku Utama di-wuwuhan ku seratan pangbagéa ti Hj.

Euis Komariah (almh) sareng Drs. UbunKubarsah salaku guru-guru NénéngDinar. Dupi sawangan budayana diseratku Prof. Dr. H. Ganjar Kurnia, DEA, Rék-tor Universitas Padjadjaran. Malahlaunching-na ogé di Aula Unpad dihi-jikeun sareng pagelaran-seni “NéngDinar Ratna nu Nyuminar” ping 3 Juni2010. Hanjakal Hj. Euis Komariah teukantos nungkulan medalna buku biografimurid kadeuheus jalaran kabujeng ngan-tun tilu sasih sateuacanna.

Naon baé nu diguar dina buku “Bén-tang Tembang”? Sadayana pangalamanpribadi Nénéng Dinar nu unik tur ngan-dung ajén-inajén kahirupan. Malahupami maosna bari dilenyepan mah bréhbaé kagambar karakteristik méntal juara,diantawisna:- Mibanda bakat jeung karesep husus

(upamana ngagalindeng) sarta tianggal na boga cita-cita nu jelas hon-taleun.

- Aya di lingkungan (kulawarga, sakola,sasama) nu ngarojong mekarna bakatjeung karesepna tur méré kasempetanmintonkeun préstasi.

- Boga guru nu geus kabuktian suksés tu-turkeuneun jeung tuladeun.

- Temen wekel, teu gampang sugemaan,salawasna daék diajar jeung latihanterus-terusan pikeun ngaronjatkeunkualitas pribadi (élmu, kaparigelantéhnis, penghayatan, sikep profésionaljeung karakter).

- Ngabersihan niat tur jembar hatényanghareupan nu béda pamadegan

- Maliré kritik bari teu maliré gossip.- Béréhan ku rijki jeung élmu, sabab

sadar rijki jeung élmu mah beuki dite-barkeun beuki nambahan

- Resep ngajak nu séjén babarengan suk-sés

- Loba batur jeung luwes dina campurgaul bari tetep waspada kana “piba-hayaeun”.

- Salawasna ngadunga ka Nu Maha Suci,satia ka guru tur sumujud ka sepuh,hususna ka indung.

Pikeun sim kuring pribadi nu nyusunbuku aya hal-hal husus nu nimbulkeunréspék ka Nénéng Dinar nyaéta kuat ka-hayang jeung sikepna nu teger tur tang-goh nyanghareupan kapeurih jeungtunggara nu pohara bari terus ngudagpréstasi, ngaronjatkeun kualitas pribadi,nyukupan kulawarga jeung nanjeurkeunprofésonalitas. Picontoeun. Sajaba ti étanganteng tali silaturahmi lain baé jeungnu dilalakonkeun, tapi ogé jeung ku-lawargana. Asa nambahan baraya! Malahmun kabeneran nyaksian pagelaran seni

hég harita aya Nénéng Dinar, sokdikenal keun ka para inohong. Da leresatuh jalaran ditepangkeun ku anjeunnasim kuring tiasa wanoh sareng parapamirig pakar sapertos: Iwan Mulyana(suling), Yusdiana, Gan-gan Garmana(kacapi), Galih Gustamijaya (rincik). Kitudeui sareng para selebriti: Ujang Supri-atna, Elis Rosliani sareng Héri Hérianto,kalebet Hj. Euis Komariah. Terangeunmeureun nu nyusun biografina téh rada“kuper” di komunitas galindeng Sundatradisi mah. Sim kuring gaduh pangala-man batin unggal réngsé maca buku bi-ografi/otobiografi, kalebet waktos nyu sun buku ieu. Sok kagambar dina imaji-nasi “disain” Gusti Nu Maha Suci pikeununggal manusa, hususna pribadi nu di-lalakonkeun. Maksad téh Mantennanangtoskeun disain umum nu kalintangluwesna sarta maparin nugraha luarbiasa ka unggal manusa mangrupi: roh(ciptaan) Ilahi, watek (bakat, sipat, tem-peramén), napsu (cita-cita, kahayang),akal (intéligénsi, wangwangan), haté(rasa, nurani) miwah daya pikeunngarobah nasib. Sadayana mangrupipoténsi nu kedah diréalisasi ku manusasorangan. Mantenna ogé maparin pitun-juk mangrupi agama miwah ngintun utu-san pinilih salaku uswatun hasanah,tuladan idéal: Kangjeng Rosul saw.

Nugraha sanésna ka manusa nyaétakabébasan (sanés paksaan) nu kalintangjembarna pikeun ngokolakeun sarengngaréalisasikeun poténsi diri sarta milihjalan hirup nu madoman kana pitun-jukNa sangkan salamet dunya ahérat.Malah nangtoskeun “nasib” mah méhsagemblengna disérénkeun ka manusa.

“...Saenyana Gusti Alloh moal ngaro -bah kaayaan salahiji kaom, satungtungmaranéhna henteu ngarobah kaayaan di-rina...” (QS. Al-Ra’ad/13: 11).

Tah, tina biografi bakal kauningakumaha ketak hiji pribadi ngaréalisas-ikeun kalayan sadar poténsi dirina sarengperjoangan ngarobah nasib tina kondisikirang saé janten langkung saé. Dina halieu, katiténan Nénéng Dinar kalayan cer-das tur merenah tiasa milih rupi-rupikasempetan sareng lolongkrang-lolong -krang kahirupan pijalaneun mekarkeunpoténsi sareng ngahontal kualitas hirupnu langkung cangra pikeun dirina miwahkulawargana. Atuh galindengna mugimibanda ajén ibadah, dina hartos tiasangalemesan rasa miwah budi-pekertipikeun dirina sareng sakumna nungadarangukeun tur ngahudang éling kaMantenna. Amiin ya Rabb.

Ciputat, 24 Méi 2013

Page 21: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

20 Manglé 2438

Sumanget nataku.Bulan puasa aye-una, si bungsudiajar puasatamat nepi ka

maghrib. Budak umurtujuh taun, mani sok watirningali pépéréngkélan la-parna. Komo lamun baliksasapédahan jeung ba -turna, ngabeubeurang.Kadang katingali biwirnagaring. Kajeun anyanganbarbie wé atuh ceuk kuringtéh. Tara ngajawab,

manéhna sok tuluyngaléndé bari méntadiusapan, reup wé saré.Hudangna téh engké lamunrék sholat dzuhur, geussholat indit sakola TPA.

Sok sanajan direumbeuyku paménta itu-ieu puasa -na téh. Hayang baju leba -ran dua, hayang hapé,hayang sapédah anyar téamah, keun waé nu pentingdaék puasa. Matak sok di-wowoy gé. Song duitna,song dahareunana. Sagala

diaya-ayakeun keur anu di-ajar puasa. Malah soknepika ditanyakeun engkébuka atawa saur hayangdengeun sangu naon.

Lamun rérés sholatashar, cakah-cikih milu ri-weuh di dapur. Natahar -keun keur buka. Hayangmilu nyiksikan bawang,hayang milu ngagoréngtémpé. Ngambengkeun da-hareun dina méja makan géhayang ku sorangan. Palaurtamplok wé kolekna.

Ari sagala geus diam -beng keun, manéhna soktuluy diuk nanggeuy gadobari neuteup dahareun.Kadang sok katohyan di-ambeuan atawa dicam-paan, manéhna soknyéréngéh garo-garo teuateul. Bari pokna téh, énakmeureun nya.

Geus deukeut kamaghrib, pok deui pok deuimanéhna nanya, naha kawaktuna maghrib téhsabaraha menit deui. Tam-polana ari geus waktunabuka atawa saur mah, da-harna téh saeutik. Ku in-dung bapana kénéhdibéakkeunana mah.

Mun rék tarawéh, manigeus saged ti tabuh sate -ngah tujuh kénéh. Pokonageus tajil jeung solatmaghrib tuluy manéhnadangdan. Heug ditiung.Gundayan-gundeyendierok, mawa sajadah jeungmukena. Sakitu diengké-engké sina dahar heula kukuring téh, éh da teu daék.Alesanana téh bisi kaburubéakeun tempat. Engké wédahar mah balik tarawéhcenah. Bapana ngahen-jigkeun. Kuring gé teu bisakumaha.

Méméh indit, budakménta duit keur ngéncléngjeung jajan. Ari keur kuringmah asal budak daéktarawéh. Géus bagja hatétéh. Ari geus dibéré duittéh, celengok nyium leung -eun mani kuat soraan. Aritapakna mani baseuh.Kayungyun wé nu aya. Ba-pana mah sok tuluy nyiumtarangna. Bari pokna téhsing leres tarawéhna nya,tong heureuy komo nga-gandéngan ngaganggu kabatur mah. Teuing kadé -ngé eun teuing henteu, dabudakna mah kaburungaberebet lumpat nyam-peurkeun babaturanana nugeus raéng ngagentraan.

Waktuna janari, sok teu

Carpon Anggi Novia Dewi

Anaking jeung Bulan Puasa

Page 22: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 21

wasa ngahudangkeunana.Lalaunan bari diusapan.Diguyahkeun, kakaradibukakeun simbutna. Munteu kitu mah aya bahanceurik embung janari. Sokdititah wudlu heula ku ku -ring téh sangkan teu tun-duh teuing. Gék dina korsi,lelenggutan deui. Tung-tungna sok dihuapan. Nulelenggutan, lelenggutan.Nu ngahuapan, ngahuapan.

Sholat subuh, hayang jadiimam. Hayang ngabuk-tikeun ka kuring cenah, yénmanéhna geus apal bacaansholat. Bapana jeung sicikal nu lalaki mah dasholat di mesjid. Prak tak-biratul ihrom mani khusyu,bacaanna tartil. Ni’matkacida sholat diimaman kumanéhna téh. Rokaat kahiji maca surat al-fiil,rokaat ka dua maca suratal-falaq. Mani lekoh téhqolqolahna. Ari geussababaraha poé diimamansholat subuh ku manéhnabét hantem éta suratna téh.“Gentos atuh énjing mahsuratna nya. Pan tos apalsurat nu rada panjang ogésanés?” ceuk kuring barinilepan mukena. Jawabnatéh keukeuh, “éh, da upamidiajar prakték sholat subuhdi TPA gé, Pa Ustad sokmaca surat éta. Al-fiilsareng al-falaq.” Kuringngan wasa nga”oh”keunbari unggeuk bati kayung -yun. Ari si cikal, kawantukeur meujeuhna begérbulan puasa ayeuna téh.Kuring mah api-api teunyaho wé, lamun minyakseungit bapana dipaké téh.Buuk dirancungkeun makéminyak buuk bapana, taradikopéah mah, sangkilangbogaeun gé. Baju koko ung-gal poé hayang salin. Ariindit tarawéh embungbareng jeung indung bapa,manéhna mah sok pan-deuri. Konci imah mah dasok diteudeun dina juru pot

kembang. Hiji waktu mah, ditingali

ti kajauhan ku kuring jeungbapana téh, manéhna inditbareng jeung budak awéwé.Angkanan mah kabogohna.Siga kalakuan bapana wémeureun baréto, ceuk ku -ring. Bapana nyenghél.

Béda deui carangabeubeurangna si cikalmah. Mimiti mah sok ulinjeung babaturanana. Tuluyrobah ulin ka warnét. Geusdihulag ku bapana yén kawarnét téh keur budaksaumur manéhna mah lobamudorotna. Naon anudibuka tina internet téhjauh tina mangpaat. Apandeuih sakola keur peré, jadimoal aya pancén nu kududitéangan tina internét.Puguh gé jaman keursagala mararahal kieu, nga-bangkarkeun kolot. Sababanggaran keur budak kawarnét mah taya ancoan -ana deuih.

Geus kitu, si cikal min-deng ngonci manéh dipangkéng. Sugan téh saré,ari ditingali keur ngoméhapé. Kadang nepi kalalanggiran, untung teunepika nonggéng gé.Kadang seuri sorangan,kadang kerung siga numikir bari panon jeungramo manco kana hapé. Ariditanya téh keur chattingjeung babaturanana.

Mending saré ceuk ku -ring téh, da nu puasa mahsaréna ogé pahalaan. Daripada méakkeun pulsa, atuhsarua kénéh nurut kananafsu, nurut ka syétan daawuntah kana duit. Jabaapan balik tarawéh téhmanéhna mah tara lang-sung ka imah. Kadang nepika tabuh sapuluh peutingda ulin heula cenah. Geusbalik ka imah téh tara lang-sung saré, kadang katingalimasih ngomé hapéna. Hésédicarék ari budak keurmeujeuhna belekesenteng

kitu. Teu bisa leupas pisan tina

hapé téh. Geus puguh dipangkéng, ka cai ogé mawahapé da bari ngadéngékeunlagu. Kadang keur sholat géhapé téh diteudeun dinagigir pangsujudan. Ari wak-tuna aya sms, sholat nutadina anca téh jadi gu-runggusuh da hayanggeuwat muka eusina. Luak-lieuk, awéh salam, ceg deuikana hapé lain dzikir.

Keuheul mah éta ari keursaur, masih kénéh ngoméhapé.

Geus puguh hésé dihu-dangkeun, ari waktunadahar léléda pisan, jabatéréh imsak. Atuh da, amsangu sahuap, ceg hapé.Uyuhan teu salah ngasup-keun sangu gé. Hiji mangsamah dikotéktak eusihapéna téh. Aduh ieung,paingan resep nyo’o hapéda eusina ogé ayang-ayan-gan jeung kabogohna.

Isukna dipapatahan kubapana. Atuh puasa téh,keur budak saumurmanéhna mah kudu geusbisa ngundak kualitasna.Lain ukur bisa nahan diritina haus jeung laparwungkul siga adina, tapiogé kudu bisa ngajaga hatéjeung pikiran katut lakulampah jeung omongan.Kaasup bobogohan ngali-watan hapé. Enya puasanamah moal batal, tapi ngu-rangan kana pahalana.Tungtungna, bapana moaldeui pangngeusiankeunpulsa.

Sapuk ceuk budak téh,tapi bérés puasa hayang di-pangmeulikeun play sta-tion, atawa netbook,syukur-syukur motorcenah.

Kahayang mah tong lobapaménta ari geus gedémah. Sing surti kanakaayaan kolot. Sakitu kolottéh nyanghareupan bulanpuasa, harga ngararundak,

bayaran sakola, jaba nyang-hareupan lebaran. Ih, dalain deui jawab si cikalmah, ari si dédé rék dipang-meulikeun sapédah anyarcenah. Berarti hadiahlebaran Aa kudu leuwihalus. Sangkan saluyu jeungkebutuhan cenah.

Geus dua poé teu geugeutteuing kana hapé, tapisapopoéna téh ngan saréwé. Kuat hésé dititah sholatgé. Ngaahir-ahir waktusholat, geus téréh béak,kakara wudlu. Dipapatahangé hésé, ngajawabna téhapan saréna nu puasa mahpahalaan saur ibu gé cenah.Alah ieung, naha budakayeuna mah mani pinterupama ngabalik-balikkeunomongan kolot téh.

Mun waktuna baliktarawéh téh ayeuna mahtara elat. Sok langsungbalik ka imah. Ngan barimawa petasan jeung kem-bang api. Heug disundut diburuan hareupeun imah.Lain atuh kuring nu réksaré téh hudang deui. Ba-pana nya kitu deui gandé -ngeun. Sok sanajan salahsahiji pancén bapana téhngarajia petasan, ari kabudak mah keukeuh wé teubisa. Si bungsu nurutanhayang nyundut petasanjeung kembang api.Kadéngé galécok jeunglanceukna. Lain atuh bu-ruan téh nya bau merecon,nya kebul ku haseup. Nuhiji bebeledagan matakracleng tai ceuli, nu hijideui tingbelesat pépérépé-tan hurung mancawuramaturan tingkaretipna bén-tang.

Nu nyundutna mahsaleuseurian, suka bungahngabagéakeun bulan puasa.Indung bapana mah nga -langeu, teu bisa sararé.***

Baitii, 8 Juli 2013Haturan utun inji nu

karék datang

Page 23: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

22 Manglé 2438

Enduy cinutrungdi juru stasion,niténan jalma-jalma nu paba -liut ka ditu ka

dieu bari rébo ku sagala rupababawaan. Di hareupeunlokét, antayan jalma kacidapanjangna, lir nu keur arulinoray-orayan. Ari di handap,ngabarak jalma jeung ba -rang-barang. Sawaréh gun-treng ngobrol, sawaréh deuianteng nongton pilem Indiadina tévé anu aya di rohang -an stasion. Enduy gé biasanamah sok nagog ngadon lalajotévé, bareng jeung jalma-jalma nu keur ngadagoanlokét dibuka. Ayeuna mahperhatianana lain kana tévé,tapi kana jalma-jalma nungaliud di statsion. Manéhnabanget ku héran, naha betsababaraha poé ieu statsiontéh pinuh pisan ku jelema.....

“Deuk ka marana baturtéh, mani ramé kieu? Boadeuk parindah, da marawabarang sakitu lobana? Nahabet réa-réa teuing nu rék pin-dah...?” haténa norowéco.

“Perhatian! Perhatian!Jalan tiga dari arah Baratsegera masuk KerétaÉkonomi tujuan Surabaya....”

Enduy nangtung. Ninggalikajero, ka tempat rél lintasankarata nu ngajajar. Ti Kulon,karéta nu warnana gadingpolét bulao maju lalaunanngadeukeutan statsion. Disisis rél, jalma-jalam pahibut,teu salabar ngadagoan karétanepi. Keamanan statsionsibuk ngatur jalma-jalma daloba nu kawas poho kanakasieun, teu mikir kasalamet -an diri, pada-pada hayangnangtung panghareupnangarah bisa pangheulanaasup kana gerbong.

Ti jauhna Enduy ningaliKang Mamat sarta dua urangbaturna milu paciweuh jeungpara calon panumpang.

“Wah ramé kieumah pasti Si KangMamat bakal réabeubeunanganana,bakal réa duit. Keunah engké ku uing rékdioloan.” gerentesnadeui.

Tacan gé karétabener-bener eureun,loba nu geustinggarajleng kanapanto gerbong. Ituieu pada-padahayang pangheulanaasup. Silih sedek,silih séréd, silih idek,katurug-turug baribarangbawa, atuhjadina teh metet dinapanto. Macét, teubisa asup. Kaamananstatsion beuki sibukngatur.

“Itu geura, kuat kapasedek-pasedekkitu...,” Enduy molo-hok.

Karéta téh bener-benerlébér ku panumpang. Nu teukabagéan tempat tingkalacatkana luhureun gerbong, teubeunang dicarék. Karéta lirdigembrong ku rébuanmanusa.

Parat nepi ka Isa Enduylalajo jalma-jalma di statsiontéh. Manéhna balik, lainpédah bosen ningali jalma-jalma nu ngagimbung,tapibeuteungna geus pupurlitianménta dieusian. Manéhnaleumpang mapay-mapayjalan nu rada sepi, léokméngkol ka gang. Palebahgang nu rada poék aya tiluurang lalaki keur ngariung. Tikajauhan ogé Enduy geussidik lamun nu ngariung téhKang Mamat jeung batur-baturna keur ngudaran eusidompét.

“Anjir loba beubeunang -anana, bagi euy!” Enduysatengah ngagorowok.

Nu keur ngariung ting -

rarénjag.“Saha?!” sora Kang Mamat.“Uing, Enduy!”“Goblog, sugan téh saha!

Ngareureuwas waé siah mah,Senduy!” Si Arab, batur KangMamat, muncereng bari nyoogadona nu bala ku bulu.

“Geus ti mana manéh,Enduy?”

“Ti Statsion....”“Deuk nanahaon manéh

maké ka statsion sagala?”Sarkabo, batur Kang Mamatnu saurang deui, kerung.

“Ningali jelema.”“Ningali jelema?” beuki

kerung.“Enya. Mani loba-loba teu-

ing nya nu naék karéta téh,caba bari marawa barang.Deuk parindah kitu?”

Nu tiluan téh batan nga-jawab pananya Enduy mahkalah tingcakakak.

“Na manéh téh belegug-belegug teuing, Senduy!” SiArab ngadegungkeun sirah SiEnduy, “Yeuh, tangtu baé distatsion téh ramé lantaran

réa jalma nu rék mudik,kapan téréh lebaran. Arimudik kudu loba barangbawa!”

“Ulah sok dugang-degungkana sirah budak téh, Arab!”Kang Mamat muncereng.

“Heueuh, nyaho éta téh pi-anaktéréeun Si KangMamat...,” Sarkabo mairanbari nyengir.

Dikitukeun teh KangMamat kuram-kireum. Gan-cang manéhna nyokot duitsarébu, song diasongkeun kaEnduy.

“Yeuh, jang jajan manéh,Enduy. Jig geura balik kaditu!”

“Adoooh Si Kang Mamatngajajanan anak teréna euy!”

Si Arab jeung Sarkabotingcakakak.

***Wanci janari leutik, tina

spéker masjid mimiti raéngsora nu ngahudangkeun saur.Enduy ngulisik, nyah beunta.Katangen ku manéhna in-

Carpon Dede Syafrudin

Kakawihan

Page 24: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 23

dungna keur nilepan keretassemén urut.

“Ma...,” Enduy ngomonglalaunan. Indungna anggeranteng nilepan keretas seménurut.

“Ma!” leuwih tarik.Indungna ngarérét, “Geun-

ing geus nyaring....”Enduy neuteup indungna,

“Ma, ari ema iraha deukmudik?”

Indungna ngalieuk.Kerung, “Manéh téh ngalin-dur, Enduy?”

Kuniang Enduy hudang.Gigisik. Terus diuk, nang -keup tuur.

“Tadi uing ulin di statsion,Ma. Mani pasedek-sedek nudeuk naék karéta api téh.Cenah ceuk Si Kang Arabmah éta téh nu deukmarudik. Ema, ari mudik téhnaon sih?” Méméh némbalanindungna Enduy ngahulengheula.

“Mudik téh..., Enduy, balikka lembur.... Ngadon lebarandi lembur...,” pokna.

“Kudu mawa barang anuloba mudik mah nya, Ma?”

“Enya. Keur bagikeuneunka baraya di lembur kapan.”

Oh...,” Enduy garo-garo teuateul, “Ari uing naha tara dia-jak mudik ku Ema? Isuk mahurang mudik yu, Ma! Uingmah hayang ngajaranmudik!”

Indungna Enduy ngabigeu.Bet laju karasa aya nu nyelekdina tikorona.

“Ma, uing hayang mudik kalembur. Hayang panggihjeung baraya...!”

Indungna Enduyngarahuh. Leungeunna nukeur nilepan keretas seménurut téh ngadadak kandeg.Tina juru-juru matana mere-bey cipanon.

“Yéh Ema mah kalahceurik....”

“Geus sia ah gandéng...!”cenah, bari nyusutan cipanonku dampal leungeunna,“Geura saré deui kadinyah!”

“Da uing mah geus teu tun-duh.”

“Dahar atuh jig. Tuh ayakénéh liwet sésa peuting.”

“Teu lapar deuih. Barina

ogé uing mah lain hayangdahar atawa saré, uing mahhayang mudik...!”

“Mudik ka mana,Enduy...?”

“Nya ka lembur. Kapanceuk Ema gé mudik téh balikka lembur. Ngadon lebarandi lembur. Manggihanbaraya....”

Merebey deui cimata in-dungna Enduy téh.

“Yéh kalah ceurik deui....”“Urang..., urang mah,

Enduy, geus teu boga lemburteu boga baraya....”

“Har...?”“Lembur urang mah geus

jadi lapangan golep. Atuhdulur-dulur, baraya, kabéh gétransmigrasi ka Sumatra,meuntas lautan...,” cenah.

Leungeuna pakupis nyusu-tan cimata anu teu eureun-eureun ngalémbéréhmaseuhan pipina.

“Ari Ema naha bet teu milutransmigrasi?”

“Ema mah kapan nung-guan bapa manéh, Enduy.”

“Har, na ka mana kitu bapauing téh?”

“Di bawa ku aparat basangahalangan buldoser nu rékngarugrug imah urang.Tangtu manéh mah moalinget da harita téh bureykénéh pisan....”

“Di bawa ka mana bapatéh, Ma?”

“Teuing, teu nyaho Emaogé....”

Jempling. Duanana tayadeui nu nyarita. Di luar, soranu ngahudangkeun saurbeuki raéng....

“Ma...,” Enduy ngangsrodngadeukeutan indungna,“Uing mah hayang mudik....”

“Ari manéh, Senduy, canngarti kénéh baé. Mudik tehmudik ka mana? Kapan tadigé geus dicaritakeun urangmah geus teu boga lemburteu boga baraya!”

“Nya ka mana wé.... Uingmah hayang ngajaranmudik...,” Enduy mimitingarenghik.

“Sok nu lain-lain waé siamah!”

“Uing hayang mudik...!Hayang mudik...!” cenah,

bari ngenegnyang baju in-dungna.

“Hih ku teu beunangdiomongan bebenyit téh,sugan kudu ku ieu yeuh!”peletrak ceuli Si Enduy disin-treuk.

Enduy ngaleupaskeunleung eunna tina baju in-dungna, tuluy ngaringkuk dijuru bari ngadingdiut ceurik.

Indungna Enduyneruskeun deui hancananilepan keretas semén urut.Cipanonna angger merebey.

“Éha! Éha...!” kapirengsora nu ngageroan.

Kalayan teu ngadagoanditémbalan, nu ngageroantéh mukakeun panto, tuluyasup.

“Euh..., Kang Mamat...,”ceuk indungna Enduy, lajurikat nyusutan cipanonna.

“Aya naon ieu téh? Kunaon ceurik?”

“Éta atuh da bebenyitpikasebeleun, kahayangnatéh nu lain-lain baé...!”

“Hayang naon cenah SiEnduy téh?”

“Hayang mudik!” Enduynu keur ceurik nyelang heulanémbalan.

Kang Mamat kerungsakedapan, laju ngagakgakseuri, genah naker.

“Ngarana oge budak atuh,Éha, dianggap teuing...,” ceukKang Mamat sanggeusreureuh tina seuri.

“Éta atuh da mani kukeukeuh-keukeuh teuingberenyit téh, sakitu geus dije-laskeun yén kuring mah geusteu boga lembur, teu bogabaraya. Aya ogé baraya da diditu, di Sumatra, teuing dimana di Sumatrana ogé....”

Kang Mamat unggut-unggutan, gek diuk gigireunindungna Enduy, “Nyalamun Si Enduy hayangmudik mah, kumaha lamunurang ka lembur akang baé.Kieu-kieu gé akan téh bogakénéh kolot. Atuh baraya ayahiji-dua baé mah. Sakalianurang tetep-tumetep di lem-bur wé, tibatan cicing di dieukadungsang-dungsang. Akandeuk diajar deui tani. SiEnduy kapan sakeudeung

deui gé kudu disakolakeunmeureun. Uang sakolakeundi lembur baé....”

Indungna Enduy tungkul,neuteup tungtung bajuna.Taya sora nu kaluar tina bi-wirna....

“Ceuk akang mah....” KangMamat neruskeun deuiomonganana, “Éha teu bisasalalawasna nungguan KangUjang. Boa aya kénéh diki -euna boa henteu Kang Ujangtéh. Dina aya kénéh dikieunaogé boa di mana ayana, ka -ngaranan geus mangtaun-taun téa atuh.... Ayeuna mahgeus mangsana Éha mikir kahareup. Mikiran masa depanÉha jeung Si Enduy...,” nye-lang heula ngarénghap KangMamat téh, “Kumaha, Éha,daék milu ka lembur Akang?”

Indungna Enduy unggeuklalaunan, laju nyusutancimata ku tungtung bajuna....

“Nya sukur atuh ari Éhageus daék mah.... Engképabeubeurang urang balanjakeur bawaeun ka lembur.Tah isuk, isuk-isuk pisan,urang ka lembur téh, murukaréta pangisukna.”

“Geus tong ceurik baé,Enduy! Isukan urang mudiktumpak karéta api!” ceukKang Mamat deui.

“Nyaan?” Enduy curing-hak.

“Enya.”“Asiiik.”“Jung ayeuna geura jajan

ka ditu!” Kang Mamat nga-songkeun duit rébuan dualambar ka Enduy. Ngan saki-lat duit téh geus pindah kanaleungeun Enduy.

Sanggeus Enduy ka luar,golédag Kang Mamatngagolédagkeun sirahnakana lahunan IndungnaEnduy.

“Yéy...! Nanaonan KangMamat...,téréh imsak kapanieu téh!”

“Baé wé da can adanieuh....”

Ti luar kapireng soraEnduy kakawihan:

“Naik keréta api tut tut tutSiapa mau ikutKe Bandung Surabaya....”***

Page 25: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

24 Manglé 2438

Peuting ka janarinakeundi astana Bulak Lega.Réhé combrék. Angin tiis

ngahiliwir nembus kulit paratkana sungsum balung, bulupunduk ting puringkak, awakngadégdég kabulusan. Sakuri -ling bungking poék mongkléng,tatangkalan tingbelegbeg hi -deung matak keueung, sakape-ung hawar–hawar sora anjingbabaung ti béh anggang, sit un-cuing disada dina tangkal kiaranambah kakeueung.

Tempatna haraharaeun, lainsabaeun jalma borangan. Tongboro ti peuting, dalah beurangogé tempatna anu harieum ca-neom matak keueung, malahkabéjakeun di palebah tangkalrangru nu ngarampidak sisijalan, cenah sok aya anugagayabagan bodas, sakapeungnyikikik cicirihilan nyingsieun -an anu liwat, antukna lamunreup peuting tara aya anuwanieun ngulampreng liwat kapalebah dinya.

Peuting beuki nyecep tiis,halimun turun mungkus peu -ting anu jempling, tetempoanbeuki heureut, rarasaan beukirus–ras kagagas, sagalabarobéda pikir, kasangsaraanhirup anu panjang, kasusahhirup anu lir taya tungtungna,pabaliut dina juru panonnarémbongan. Hirup lirdibulen tarucing, rarasaan teupuguh kamana eunteupna, jiwamangprung kumambangkabawa panglamunan.

Geus kumpul deui panga-cian, gék sila andekak gigireuntutunggul, sarung dibeulitkeunkana beuheung, bisi kakotoranjang sholat. Gerencem baba-caan ngadu’akeun bapa nu tosaya di alam baka, peupeuri-heun keur jenengna kénéh didunya teu kapareng bisa mu-lang tarima, nya da puguhhirup katalangsara, boro bisaméré indung bapa, keur nyum -ponan beuteung sorangan ogélolobana mah puasa nahanlapar, ayeuna bapa geus karitutunggul, ngan cara kieu anubisa dijalankeun, susugananbaé ari mindeng di dungakeun

mah, arwah nu jadi bapa tehkenging rohmat pangampura tigusti anu Maha Kawasa.

Kakara bérés do’a, keurngusap beungeut gé cananggeus, ujug–ujug, gayabag ...gayabag ... jegug ... luhureunsirah aya anu gagayabagan,jaba disada jugag-jegug teuingnanahaon tah, ngarenjag kagétliwat saking, bulu punduktingpuringkak... prak tanggah...

teu aya nanaon, luak-lieuk...rarat–rérét ... dapuguh poékteu katingal nanaon, jemplingdeui réhé deui, ibun beukingandelan hawa beuki nirisan.Kuniang hudang..., jung nang-tung, bismillah rék neruskeunlalampahan, geus meujeuhnasholat tahajud.

Karek ogé ngangkat suku rékngaléngkah, beulah kidul sadaaya anu humarurung ménta tu-

lung, sada sora awéwé, halonnaker, lah ririwa..., atawadédéngéan meureun piraku ayajalma wayah kiwari di kuburan,ngaléngkah rék neruskeun lam-pah tampolan mah, tapi ayadeui sora anu tadi ménta tu-lung, sorana tarik ayeuna mah.

“Tuluuung..., tuluuuung...,hiii.... hiii...”, ditungtungan kuseuri ngajérélé, ngahihih sadakunti. Panasaran ditempoandeui..., bréh... dina handapeuntangkal nu hieum, aya anukokoléaban... bodas, camuk-muk nangtung sagedé jalma,disampeurkeun dideukeutanngarah jelas, hayang apal kanarupana, kumawani nyingsieu-nan kawas nu teu apal baé.

“Tuuluuung, tulung..., tulun-gan abdi Kang...”

“Saha andika..., kumawaningajungjurigan kula kawas nuteu apal baé, kula mah tarasieun ku jurig, nyaho!” Radakasar nanya téh bakat kukeuheul.

“Duh ampun paralunKang..., abdi teu kumawantunseja nyingsieunan saliraakang...”, lemes nyaritana téhaya ku anéh, dibarung ngeluktungkul siga nu ceurik, ram-butna anu ngarumbay panjangsabagian nutupan kana tak-takna, ririakan ka anginkeun.

“Tulungan abdi Kang..., tospuluhan taun kumambanghirup di alam marakayangan,siksaan demi siksaan terusngudag–ngudag diri, abdi teukiat ku lami nandang panyiksaanu rohaka, abdi hoyong leupastina kaayaan anu karandapansaperti ayeuna, teu daya teuwalakaya, teu bisa leupas tinasiksa anu terus–terusannyasaak diri.”

“Beu... deudeuh teuingNyai... saha atuh anjeun téh?Naha tos sabaraha lami anjeunhirup di alam marakayangan?”Ngahelas ogé ngabandungancaritana, jadi panasaranhayang apal kana lalakon di-rina.

“Nami abdi... Suharti, abdimaot dijaman gorombolan...layon abdi di kubur di tengah

KuntilanakAdang S. Argayuda

Page 26: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 25

leuweung.” Luk tungkul... alumdumareuda... kaén bodasnangageleber ka anginkeun, se-lengseng bau rampé nebaktungtung irung.

“Di jaman gorombolan...saumur jeung hirup akang atuh,naha maké dikubur di leuweungpédah naon atuh?”

“Abdi diculik, diperkosa...teras ditandasa... tulungankang... abdi teu kiat nandangpanyiksa anu rongkah.” Melasmelis medar lalakon dirina,pikawatireun, hayangdipikarunya jigana mah.

“Euleuh kutan kitu Nyai,sabaraha umur anjeun waktuharita...?”

“Nuju yuswa dua puluh dala-pan taun Kang.”

Dua puluh dalapan taunmah, keur sumedeng mangkakkembangan, jeung geulis jiganamah ieu awéwé téh keur di du -nyana mah, kaciri gurat be-ungeut anu ngadaun seureuh,alus tangtung, hadé wanda,awak lenjang, irung mancung,pipi konéng, panon cureuleukhideung.

“Ke, ieu téh beneran atawaanjeun keur ngaheureuyan?”Panasaran bisi ieu teh jurig nyi -liwuri anu ningkahan.

“Duh... teu pisan–pisan sejakumawantun ngaheureuyansalira, abdi lumantung tinujauh, kumalayang tinu anggang,seja nyusul–nyusul haréwosangin, ngawartosan cenah di ieutempat, abdi baris tepung jeungjalmi anu bisa ngaleupaskeundiri abdi tina sagala panyiksa.”Dumareuda ngabéjér béaskeunpamaksudananna.

“Tos tepung sareng anu dipi-lari téh, Nyai?”

“Tos lami abdi aya di dieu,unggal wengi abdi ningali hijijalmi anu sok nyumpingankuburan sepuhna, ceuk haré-wos, cenah anu baris nulunganabdi téh hiji jalmi anu soknyumpingan astana sanésmangsa, jalmina teuneung tayakasieun, tapi salami ieu simabdi teu walakaya, teu tiasanémbongkeun diri ka salira,nembé ayeuna jirim téh tiasaatra katingali ku salira.”

“Ke... naon hubungana an-tara haréwos angin jeung diriAkang?”

“Duh... pan salira Akang anudipilari ku diri abdi, mung saliraanu tiasa ngabébaskeun diriabdi.”

“Jadi Nyai tos lami nya... aya

di dieu?”“Muhun... lami Kang.”“Jadi anjeun atuh anu kabé-

jakeun sok ngajungjurigan,gagayabagan dina tangkal ran-gru nyingsieuna anu ngaliwattéh?”

“Rumaos... Kang.”“Naha atuh rék ménta tulung

kalah nyieun ulah, pédah naonatuh?”

“Iseng éta mah Kang, resepngaheureuyan jalma–jalmahéngkér borangan, ting kocéak,tinggorowok, alawah-eu-leuweuh kawas anu owah,ongkohan mung ku jalan kituabdi tiasa reureuh tina pa-nyiksa, janten abdi mendak ka-suka kabungah.”

“Ke... Nyai... titadi anjeunnyebut baé panyiksa... panyiksamodél kumaha atuh?”

“Duh Kang... unggal wengiabdi teu weléh diudag–udag pa-nyiksa nu teu aya reureuhna,aya hiji barang kawas tongkatbeusi, ujungna burahaybeureum kawas meunangmeuleum, éta tongkat nojosankana sakur liliangan anu ayadina badan abdi, teu eureun–eureun... nyeri ..., panas jeungpeurih nu taya hinggana. Tu-lungan Kang... abdi sakapeungngarasula, aya pikir hayangbalik deui ka alam dunya, tapipan waruga tos sirna, nurutanngiring jeung batur muru tem-pat anu tos diatur, teuwalakaya, unggal rék lebet kaéta tempat, awak téh neumraghahalang anu rongkah, antuknamental deui ka alammarakayangan.”

“Deudeuh teuing... tapi panceuk katerangan anu kapendakku akang dina Al–Qur’an, mundisundakeun mah kieu, singsaha jalma anu nyieun ka-hadéan ka jalma anu lian, makaéta jalma bakal diganjar jeungdimulyakeun ku kahadéannana,tapi sing saha jalma anu nyieunkajahatan ka jalma anu lian,maka éta jalma bakal dihukumjeung dicilakakeun ku kaja-hatannana.”

“Leres... kahartos Kang....”.“Dumasar kana éta kateran-

gan, Akang rék tumanya, tapiménta jawaban anu jujur!”

“Mangga Kang, badé tumarosnaon?”

“Waktu keur hirup di dunya,ari anjeun jalma modélkumaha?”

“Tobaaat... duh... ampunKang, rumaos abdi téh jalma

doraka, hirup mamprungnutur–nutur napsu nungaberung, tunggul dirarudcatang dirumpak, rucah...awuntah... poho kana ibadah,sagala paharaman dijalankeun,dudukun... sagala pamaké dite -rapkeun, kasuka diumbar teudihiding... kaduhung abdi téhKang.”

“Beu, paingan teuing atuhNyai... kapan ceuk katerangancenah sakumaha gedéna dosaanu dilakukeun ku manusa,langkung ageung kénéh rohmatampunan Gusti Alloh, nahaNyai teu kungsi tobat?”

“Teu kabujeng Kang, arisugan hirup di dunya téh bakallila, ari sugan moal ngalamantunggara siga ayeuna, reueus kupangalem deungeun, majarabdi téh wanoja lenjang, alusrupa hadé wanda, geulis lainpupulasan, éstu geulis bawangajadi. Nu bogoheun paboro–boro, nu hayang paheula–heula, teu pilih–pilih lalaki, asalsuka asal senang, asal gedépamahugina, dilayanan, diay-onan, sadaya karesep dianteurkarep.”

“Euh... kalangsu anjeun mahNyai.”

“Muhun... rumaos kang, tapiwayahna abdi tulungan.”Melas–melis pikawatireun,ménta di tulungan, hayangeunbébas tur bisa mulang ka alamanu sampurna, siga arwahbatur.

“Insya Alloh, tapi anjeunkudu pasrah.” Dijawab bariunggeuk, méré pangharepan,jadi kawajiban salaku mukminpikeun nulungan anu keurmanggih tunggara, geus kudunaditepungkeun ku anu ngaturbumi langit, pédah dina diri ayasampakna.

“Sumangga, abdi sumerahKang.” Nyaritana daria naker,taya tanda–tanda jiga jurig nyi -liwuri, nu katingali téh jirimanu keur sumerah pasrah.

“Sok atuh beresan tah ram-but anu awut–awutan,katukangkeun.”

Rambutna disisir ku ramo,dibereskeun ka tukangkeun,panjang, jaba kandel hideung,nuruban tonggongna.

“Bissmillah, hassbunnallohwannimal wakill, nimammaulla waniman nassirr, la-haulla walla quwatta illa bil-lah...” ngagerendeng babacaanmanjatkeun puji ka Gusti Alloh.

Ceg, rambut gimbal panjang

téh dikeupeul pageuh, terus di-centok, diuleng sataker kebekbari babacaan, “Massya allohukhodirrunn abbadan abbada...”

“Tobaaat... ampuuun...”kocéak dengék, ngajeritmaratan langit ngocéakmaratan jagat, rumpuyuk étajirim téh ambruk kana lemah.Teu daya teu walakaya, sot ram-butna dileupaskeun, wusss...jirim tadi robah jadi haseupbodas. Les... éta haseup téhsirna ka anginkeun. Peutingréhé deui, jempling deui, tapihawar–hawar ti kaangganganaya sora meulah simpena peu -ting.

“Wilujeng kantun Kang...hatur nuhun...”

“Allhamdullillah... jung di ja-japkeun ku pangdu’a, muga an-jeun kenging pangampura...”Peuting beuki simpé, rét kaawang–awang, langit nu tadireueuk angkeub kahalanganméga hideung, ayeuna geuscangra deui, béntang tingkariceup baranang, bulan nukari sapasi ngagelenyu imut,kawas anu surti. Sukudiléngkahkeun rék neruskeunlalampahan, ngalieuk heula kapalebah tadi urut haseup ngiles,bet jiga aya anu ngolenyay semukonéng, panasaran balik deuidiilikan, bréh aya anu konéngsagedé jarum, di cokot di teges–teges, beu geuning susuk emas,ieu jigana mah anu terus–teru-san ngudag–ngudag arwah taditéh. Ngoréhkeun taneuh saeu-tik, terus éta susuk téhdikuburkeun di éta tempat.

Tuturubun ka lebakkeun,terus meuntas walungan Ciban-tar, hanjat ka darat seseleketmapay–mapay galeng sawah nuparéna keur sumedengbareukah, teu lila anjog ka tajugnu aya di tengah pasawahanluhureun balong, ucul–ucul, ge-brus mandi ngerelepkeunmanéh kana cai balong nuhérang ngagenclang, gadonoroktok awak ngahodhod ka -bulusan bakat ku tiris, bereswudu, cat hanjat ka tajug nu ayadi luhur balong. Tiis tingtrim,haté sumelende, teu aya ge-uneuk maleukmeuk, balung-bang timur caang bulan opatwelas, jalan gedé sasapuan.Kiceup jeung renghap, jantungjeung endagna, diri jeung tang-tungannana, sumerah pas-rah.***

Désa Patakaharja -Rancah, Ciamis

Page 27: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

26 Manglé 2438

Jelegur sora bomdina tivi. Lenyaphaté ngalenyap.Asa urug angen.Awak ngadadak

tingsariak. Gambar dina tivibeuki kerep waé némbong -keun tingbelesatna rudal Is-rael anu ditujukeun ka JalurGaza. Diselang ku sora ré-porter geulis nyaritakeunkajadian anu keur lumang-sung di Timur Tengah an-tara Israel jeung Palestina.

Tapi palias teu kahartisakecap-kecap acan. Atudaréporter geulis téh nyaritanaku basa Arab. Najan hatamQur’an ti leuleutik malahgeus teu kaitung sabarahabalikan, tapi kana hartinamah palias teu mantra-mantra acan. Ari lain Al-Fatihah jeung susuratandina Juz Amma mah. Kituogé ngan sawaréh, teu apalkabéh.

Sok ngahaja lalajo téhdina chanel Al-Jazeera. Lain

ku ngarti, ngan lantarankuring yakin beritana ngeu-naan kajadian anu lumang-sung di Jalur Gaza leuwihup-date batan di tivi na-sional. Ngan nya kitu, ukurbisa nempoan gambarnawungkul, kana eusi beritanamah palias. Tapi kétah dabisa dibabadé, dipapantesjeung gambar nu keur di-tayangkeun.

Nu sidik, haté teu weléhlelenyapan. Unggal jelegurbom, jajantung asa didudut.Pikiran ngalayang kajauhna, ka Kang Faridz, nuayeuna keur aya dinapuncerna sasaran bom Is-rael di jalur Gaza.

“Akang teu tiasa ukurnangkeup harigu bari lalajodulur urang di Palestinadibasmi ku bangsa biadab.Asa éra paradah, ari Akangdi dieu unggal poé ngan nge-dukan duit ti pasén, ari ba-baturan Akang nu sanésnadi ditu dihujanan bom,”

ceuk Kang Faridz sataun katukang.

“Maksad Akang?” panonmencrong manéhna, nepika poho ngiceup.

“Akang badé ngiring dap-tar janten rélawan MER-C.Akang hayang ngabaktikeunélmu Akang ka dulur-dulurmuslim anu ayeuna keurkatideresa. MER-C nujungadamel rumah sakit In-donésia di Palestina, tangtungabutuhkeun rélawan nuleuwih loba,” pokna tatag.

Piomongeun ngadadakngiles tina tikoro. Jadirélawan? Ka Paléstina?Ninggalkeun kuring jeungbudak nu kakara umur duataun? Gustiiiii.......

“Wayahna Eulis kedahrido. Sanubari Akang teutingtrim lamun ukur lalajobari jeung teu aya hojahpisan. Kamari Kang Ilyastos nelepon deui naroskeunkasadiaan Akang,” poknadeui bari melong antebpisan. Pasti nu dimaksudKang Ilyas téh dr. IlyasaPratama, ahli bedah nu geusmoyan, babaturan gawénadi rumah sakit swastapanggedéna di Bandung.dr. Ilyas mah geus indit tiheula. Pagawéan jeungklinik pribadina diting-galkeun. Cenah diurus kuadina nu sarua dokter.

Kuring masih ngabigeuhareugeueun. Lain teunyangka, da ti keur maha-siswa kénéh ogé KangFaridz mah aktivis kampusnu sok tandang pangha -reupna mun aya démoatawa protés-protés keurngabéla kapentinganumum. Rasa “kepeduliansosial” jeung tanggung-

jawabna gedé pisan. Meu-jeuhna, da jabatananasalaku presiden BEM,meredih aktivitas anu totalti Kang faridz. Tapi pan étamah keur mahasiswa,hirupna masih bébas, dibia -yaan ku kolot sarta skup ak-tivitasna masih ukur sa kuliah Indonesia. Palingjauh jadi rélawan kaAmbon. Tapi ayeuna?Sabada boga tanggungjawab anak pamajikan, nyasipatna kuring jeung budaknu kakara sasiki, rék miangka Paléstina?

“”Akang percaya Eulismampuh ngokolakeunklinik anu urang. Moalripuh teuing da ayeuna mahpan menejmenna tos jalan.Akang terang Eulis téh dok-ter anu pinter, anu sahatétur satujuan jeung Akangdina konsép ngamalkeunélmu anu ku urang dipimi-lik. Akang yakin, Eulis ngar-tos kana naon anu marudahdina haté Akang ayeuna.Dalah mun urang can gaduhturunan mah, Akang yakinEulis tangtu palay ngiringsareng Akang, bajoang diPaléstina ngabélaan dulururang sasama muslim diditu,” sora Kang Faridzhawar-hawar nembus bataskasadaran kuring.

Asa taya gunana nyarita.Kuring apal pisan kana pasi-patan jeung tujuan hirupKang Faridz. Mun manéhnageus yakin kana hiji putu-san, nu salawasan éta putu-san téh mihak kana bebene ran jeung kayakinanhirupna, moal aya nu bisamondah. Éta sababna ku -ring bisa jadi kabogohnasalila tilu taun basa jadi ma-

Carpon Risnawati

Page 28: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 27

haiswa kedokteran sarta jadipamajikanana salila limataun, lantaran ngarti pisankana haté, pikiran, jeung tu-juan hirupna.

Aya nu merebey mapaypipi, basa mireng omonganKang Faridz nu panungtung.Enya, kapercayaanmanéhna ka kuring jeungkapercayaan kuring kamanéhna, kalan-kalan jadipakarang anu nandasa kanabatin. Mun seug KangFaridz teu percaya kana ka-mampuh kuring salaku dok-ter jeung indung ti anakna,mun seug Kang faridz teuyakin yén kuring bakalikhlas ditinggalkeun kajauhna, meureun ayeunaKang faridz moal wasangedalkeun sakabéh ucapanbieu. Sataun ka tukang KangFaridz resmi jadi rélawansarta miang ka Paléstina.Unggal peuting bbm mu-rudul. Cenah manéhnamasih cicing di Kedubes RIdi Kairo, lantaran can bisaasup ka Palestina. Di Kairo,opat taun ka tukang gegedénMER-C ngumpul ngagodogrencana ngadegkeun RumahSakit Indonesia di Gaza.Cenah harita masih kénéhhésé meunang izin ti kemen-trian kesehatan Palestina.Sarta harita mah dana sum-bangan ti masarakat In-donesia anu ngumpul keurrayat palestina téh kakara 5Milyar. Padahal waragadanu diperlukeun nepi ka 30milyarna.

Kakara dua taun katukang éta rencana bisangamimitian diwujudkeun.Kang Faridz hayang jadibagian tina sajarah, lantarananu keur dibangun téh raketpatalina jeung élmu anu di -pimilikna. Mun aya saranamedis, tangtu butuh kutanaga médis pikeun nga-jalankeunana. Hal ieu pisananu ngahudang karep KangFaridz pikeun mangkat téh.

Basa geus asup ka Pales -tina ogé, Kang faridz teuweléh ngadongéngkeun ka-jadian-kajadian anu kaala-

man ku dirina. Cenahrumah sakit anu dibanguntéh ayana di Bayt Lahiya,Gaza Utara. Palias teukabayang di mana jeungkumaha éta patempatan téh.Ieu rumah sakit téh diba -ngun dina lahan nu legana16.261 meter pasagi, dinatanah wakaf ti PamaréntahPaléstina. Wangunan agréngdua umpak, boga rohanganbaseman, sarta aya deuisaumpak wangunan aréatengah. Lumayan badag dabisa nampung nepi ka sara-tus urang pasén.

Kajadian-kajadian anumatak tegang ogé teu weléhdicaritakeun. Cenah basangawangun lanté basemantéh mareng jeung waktunaperang dalapan poé antaraIsraél-Hamas. Puguh waématak tegang jeung tagiwursakumna rélawan. Teukacipta cenah, lamun rumahsakit anu keur dianggeus -keun, ujug-ujug keuna kubom nyasar, heug rata deuijeung taneuh. Anu nyésa téhmeureun baseman anu keurdiwangun. Tapi Alhamdulil-lah geuning, rumah sakitjeung sakumna rélawanmah salamet nu kitu-kieu.

Aya kajadian, duka pikalu-cueun, duka matak hélok,duka pikabungaheun,cenah. Basa di Paléstina tayabeusi keur bahan bangunan,kapala divisi konstruksi geusbingung kudu ka mana nyiarbeusi. Piraku bangunan dualanté kitu teu maké beusimah. Sabada négo ka ditu-ka dieu, der téh nu ngaya -keun beusi pangusaha tiIsraél, ngaliwatan lobi tiTurki. Sakabéh bubutuhbeusi dicumponan ku étapangusaha.

“Asa ironis pisan nya. Panurang nyieun rumah sakittéh keur nulungan mu -suhna, tapi manéhna daékmantuan ngajual barangmaterialna. Dasar Yahudi,nu aya dina otakna nganukur duit jeung duit!” KangFaridz semu gegetun.

Dina bbm-na nu séjén

deui Kang faridz nétélakeunrumah sakitna husus keurngarawat jeung ngaréhabili-tasi pasén nu ngalamantrauma balukar perang.Cenah manéhna kacidasibukna, lantaran pasénmerul teu eureun-eureun.Komo mun geus aya seran-gan ti Israél mah, pasti jum-lah pasén undak mang lipet-lipet ti biasa.

Kalan-kalan Kang faridzogé nyaritakeun kakeueung -na cicing jauh ti lembur, teusanak teu kadang, sasatnangtung dina congo bom.Kasonona ka kuring jeungbudak mah geus teu kududicaritakeun deui. Tapi ceuktadi ogé bbm nu modél kitumah ukur kalan-kalan.Lolobana nyaritakeun kapri-hatinan dirina ningalikaayaan rayat Paléstinajeung kagemesna kamasarakat internasional nukuduna mah bisa mantuanmémérés ieu pasualan, tapikalah ka ngantep. Malah kanagara nu mihak ka musuhPalestina mah leuwih geme-seun pisan.

Sering Kang Faridz ngirimpoto-poto pasénna nupikawatireun. Atawa wangu-nan-wangunan ruksak sésabom. Mamaras dokter kur-ing sok langsung katodél.Cenah ngan ka kuringmanéhna bisa ngabu-dalkeun sagalarupa anunyangkaruk dina angen-an-genna. Jeung babaturansasama rélawan mah tayawaktu pikeun ngobrolkeunperasaan, lantaran waktubéak ku gawé jeung gawéngarawat pasén. Tara pohomanéhna ogé nanyakeunpasén-pasén nu datangjeung dirawat di klinik ku -ring duaan. Sok maksa ku -ring kudu nyaritakeunpagawéan sapopoé di imahjeung di klinik. Meureun tidituna mah méh saimbang,ulah ngan manéhna waé nuhayang “didéngé” téh, tapi

ogé méré kasempetan kakuring pikeun “didéngé” kumanéhna.

Kalan-kalan dina telepon -mun keur aya waktu sokngahaja nelepon rada lila-Kang Faridz nyaritakeun ka-jadian-kajadian lucu disatengahing suasana perangjeung rasa sinisna ka na-gara-nagara sasama muslim.Sering manéhna ngomén-taran omongan-omonganpamingpin nagara tatanggangeunaan kaayaan diPaléstina ku koméntar anulucu tur sinis. Ngan hiji anuteu kungsi dikedalkeun tapikarampa ku batin kuring;rasa prustasina nu ti poé kapoé beuki ngandelan.

Mun mimitina kuring sokmelang ku kasalematan di-rina sacara jasmani, ayeunamah melang téh kukasalametan batiniahna.Pikeun jiwa modél KangFaridz, kateuadilan jeungkadzoliman anu terus-teru-san karasa jeung kasaksiantéh laun-laun bakalmareuman cahaya jiwana.Hal ieu pisan anu nga-jadikeun kahariwang kuringbeuki ngandelan.

Hiji waktu Kang faridznelepon, cenah aya budakawéwé Palestina geulisumur opat belas taunan nudirawat di rumah sakit. Timimiti asup teu daéknyarita. Ditanya dikitu kieu,ukur ngabigeu. Mun peutingsok jejeritan jiga nu kasuru-pan. Cenah éta budak nyak-sian awak indung bapanaancur keuna ku bom. Canaya dulur atawa kulawargaséjénna nu mapaykeun.

“Mun aya Eulis di dieu,boa daékeun diajak nyarita,”cenah semu ngangluh.

Kuring ukur bisa ngupa-han. Tuluy ngahatéansangkan beuki sumangetdina ngalaksanakeun cita-ci-tana nulungan bangsaPalestina. Lantaran karasa,ieu musibah téh mimiti nyu-

Nyambung ka kaca 36

Page 29: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

28 Manglé 2438

Komisi D DPRD Provinsi JawaBarat prihatin ku lobana situnu robah pungsi jadi padu-

mukan. Nu kawas kitu teh ditete-lakeun Anggota Komisi D dina waktungadongdon ka Situ Cibeureum nuperenahna di antara dua lemburnyaeta Lambang Sari jeung LambangJaya, Tambun Selatan nu ayeuna mahayana di tengah-tengah kompleks pe-rumahan Grand Wisata Kab. Bekasi.

Situ nu legana 20,614 meter pasagisarta dikokolakeun ku Balai BesarPengelolaan Wilayah Sungai Cili-wung-Cisadane teh kiwari robahpung si jadi kawasan perumahanmewah jeung geus mimiti saat, pada-hal Situ Cibeureum téh mangrupasalah sahiji bagean tina kasapukan pa-marentah tina program pelestariansitu terpadu di Jabodetabek.

Komisi D miharep sangkan ayanasitu-situ di Jawa Barat kaasup SituCibeureum bisa ditartibkeun jeungdipungsikeun atawa dipulangkeundeui pungsina sakumaha mistina nyaeta jadi reservoir atawa puseur caisarta bisa dimangpaatkeun jadi po -tensi wisata.

Beuki lobana situ nu geus alihpungsi ngalantaranlkeun DPRDProvinsi Jawa Barat dina perkara ieuKomisi D pikeun ngadongsok Pem-prov Jawa Barat luyu jeung wewe-nangna ngayakeun inventarisasi sartasertifikasi situ minangka salah sahijiaset daerah anu perlu dimumule sartabisa mangpaat pikeun untuk masa -rakat balarea.

Legana nu 38 hektar tina 40 hektarSitu Cibeureum di Desa LambangJaya, Tambun Selatan, Bekasi, Jawa

Barat, geus dialih pungsikeun jadi pe-rumahan, diantarana jadi perumahanGrand Wisata.

Kepala Seksi (Kasi) Pengaturan danPenataan Pertanahan (P3) Badan Per-tanahan Nasional (BPN) KabupatenBekasi, Joko Susanto, Situ Cibeureummangrupa salah sahiji bagian tina pro-gram pelestarian situ terpadu di Ja-bodetabek. Kasapukan ieu geus ayadina “perjanjian bersama tiga pro -vinsi” anu ditandatangan ku BupatiBekasi manten, HM Saleh Manaf,tanggal 12 Mei 2004.

"Situ Cibeureum téh kapungkurnalega lahanna 40 hektar, tapi kumargiaya pangwangunan perumahan, aye-una tos ngirangan janten kantun duahektar deui, padahal lahan ieu téhkedah dimumule," ceuk Joko Susantonetelakeun.

Situ-situ di Jawa BaratRobah Jadi Padumukan

Page 30: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 29

Tina 38 hektar legana situ anu geusalih pungsi, 18 hektar diantarana geusdiurug jadi lahan keur perumahanKota Legenda anu kiwri katelah GrandWisata.

Nurutkeun Joko Susanto, 7 Maret1996, Irjen Depdagri ngirim suratnomor X.700/179/B.IV/IJ anu ditan-datangan ku pajabat harita, SoedrajadNatapradja, surat ieu keur GubernurJawa Barat ngeunaan lajuning lakunapamariksaan kana robahna pungsisitu di wilayah Bodetabek.

"Ieu téh luyu sareng serat tugasMendagri Nomor 34/SP/IJ/1/1996tanggal 22 Januari 1996. Dimanahasilna aya 19 situ sueurna anu kale-bet “bermasalah” salah sahijina nyaetaSitu Cibeureum," pokna deui.

Depdagri ngadongsok GubernurJawa Barat sangkan sagancangna bisanindak sajumlah oknum pajabat anutalobeh dina ngalaksanakeun pan-

cenna dina ngamankeun jeung nga-mumule situ luyu jeung Peraturan Pe-merintah (PP) Nomor 30 Tahun 1980

ngeunaan perlindungan lahan.***

(AS)

Kawijakan widang kasehatan nu dipasrahkeun ka daerahdina jaman Otda (Otonomi Daerah) tetela ngajadikeunsajumlah masalah nu di antarana pikeun puskesmas

dina mere layanan ka masarakat. Palayanan ka masarakatheun teu bisa maksimal ku sabab elatna proses dina mayarJamkesmas jeung Jampersal nu salah sahijina kusabab prosesverifikasi anu lila.

Hal ieu ditetelakeun dina waktu Komisi E DPRD ProvinsiJawa Barat ngayakeun kunjungan ka Puskesmas DTP (DenganTempat Perawatan) di Ciranjang Kab. Cianjur.

Nurutkeun Kepala Puskesmas DTP Ciranjang, dr. Elfira Fir-daus, M. Kes, puskesmas anu dipingpinna ayeuna, tina urusanfasilitas mah geus nyukupan kusabab geus boga laboratoriumanu cukup lengkep, klinik HIV/Aids, poli gigi sarta PONED(Pelayanan Obstetri Neonatal Esensial Dasar) jeung ruangrawat inap. Legana lahan puskesmas oge geus cukup lega nyaeta1 hektar, malah mah taun kamari Presiden SBY kungsi merebantuan waragad sacara pribadi 50 juta rupia gedena.

"Tapi ayeuna pihak Puskesmas nuju nungkulan masalah tagi -han Jampersal sareng Jamkesmas anu telat dibayarkeun ku-margi masih kahambat ku verifikasi data," ceuk dr. Elfira.

Sakumaha anu karandapan ku sajumlah puskesmas di kabu-paten/kota, tina retribusi anu dibeunangkeun ku puskesmastéh meunang target keur PAD (Pendapatan Asli Daerah), pada-hal sakumaha anu geus disaluyuan ku Anggota Komisi E yenpungsi puskesmas anu utama téh nyaeta pikeun mere layananka masarakat. Sacara teori 60 persen waragad memang kudubalik deui ka puskesmas tapi kanyataanana henteu salawasnasaperti kitu, nu ahirna waragad operasional puskesmas jadi ka-hambat. Anggota Komisi E Syarief Bastaman netelakeun kuayana kunjungan ka puskesmas-puskesmas di Jawa Barat, lianti sosialisasi Perda JPKM (Jaminan Pemeliharaan Kesehatan

Masyarakat.), Komisi E oge hayang ningali sacara langsungnaon anu jadi hahalang atawa hambatan jeng kabutuhan opera -sional puskesmas.

Dina prak-prakanana otonomi daerah téh ninggalkeunsajumlah pasualan anu diantarana pasualan dina urusan kase-hatan anu patalina jeung layanan langsung ka masarakat.

"Kumargi seueurna pasualan dina widang layanan kasehatanieu, pamarentah hoyong terang sacara pasti kumaha kondisifisik, naon wae anu diperyogikeun puskesmas supados tiasadibantos luyu sareng fungsi atanapi pancen pihak DPRD dinahal ieu komisi E," ceuk Syarief Bastaman netelakeun.

Nurutkeun dokter Elfira, lian ti ngabutuhkeun mobil ambu-lance, pihakna ngabutuhkeun oge mesin rontgent. Saacannapuskesmas kungsi ditawaran pikeun meunangkeun bantuanalat rontgen ti pihak katilu, tapi bantuan ieu teu jadi dibikeunkusabab pihak katilu ngan saukur ngabantu mesin rontgennawungkul, sarana fisikna kudu disiapkeun ku puskesmas soran-gan padahal puskesmas teu sanggup pikeun nyadiakan saranafisikna.

Puskesmas kuduna 70 persen ngajalankeun pungsi preventif,30 persenna ngajalankeun pungsi kuratif. Tapi dina kanya -taanna mah sabalikna, 70 persen anu dilakukeunana téh nyaetakuratif atawa “pangobatan bukan pencegahan”.

Komisi E dina kagiatan pangdongdonna harita paham kanapasualan nu aya di lapangan, masalah layanan kasehatan téhkudu sarua halna jeung pendidikan anu kuduna disentralisasijeung henteu dipasrahkeun ka kepala daerah, hal ieu dimak-sudkeun sangkan euweuh istilah pegat hubungan antara pusat,provinsi jeung kabupaten nu balukarna ngaganggu jeung nga-hambat kana layanan kasehatan ka masyarakat.***

(AS)

Otonomi Daerah Ngahambat Palayanan Kasehatan ka Masyarakat

Page 31: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

30 Manglé 2438

CÉK sawatara hasil panalungtikan,partéy-partéy politik téh geus teudipercaya deui ku rahayat. Mana

pantes rahayat téh teu pati sumangetpikeun ngagunakeun hakna dina pilihan,boh milih kapala daerah (pilkada) bohdina pilihan umum (pemilu). Ari hak ra-hayat dina pilkada jeung pemilu téh tayalain ti milih salah saurang ti jalma-jalmanu nyalon. Atuh dina pemilu ayeuna mahapan hak rahayat téh aya leuwihna. Kacimilih jalma atawa prtéy. Pikeun ngagu-nakeun hakna téh apan teu kudu hésé,lakar daék leumpang seutik ka tempat pe-mungutan suara (TPS), daptar ka panitia,sup ka “bilik suara”, coblos gambar partéyatawa potrét jalma, asupkeun kana kotaksora, tuluy mulang. Teu kungsi jamjamanpikeun ngagunakeun hakna téh. Di TPSanu para petugasna hadé mah teu mus-tahil ukur butuh waktu memenitanpikeun ngagunakeun hak pilihna téh.

Tapi nya kitu rahayat téh. Umumnamah wegah rék ngagunakeun hak pilihnatéh. Atuda euweuh piliheun. Milih jalmada puguh dicalonkeun ku partéy. Milihpartéy da puguh narah. Kiwari mah eu-weuh hiji gé partéy nu cop jeung hatésabagian rahayat. Ku sabab kitu lewihhadé milih jadi golput. Leuwih hadé hen-teu ngagunakeu hak pilihna. Apan kitucék pikiran rahayat téh.

Ngagunakeun hak pilih téh pikeunsabagian gedé rahayat mah asa bakalngarasa dosa. Apan da puguh kitu kabuk-tianana. Ana geus jadi partéy nu ngawasapamaréntahan, ana geus jeneng jadianggota parlemén, sok tuluy poho ka ra-hayat. Lain ngan saukur poho, tapi ogéngagerejud duit nu saéstuna milik ra-hayat. Korupsi di pamaréntahan jeung diparlemén, méh taya pisan towongna.

Ti baheula kituna téh. Ayeuna kapang-gih soténan sabada urang ngabogaanKomisi Pemberantasan Korupsi (KPK)téa. Ti kader partéy nepi ka dedengkotpartéy, kabéjakeunana téh ngan goréngjeung goréng baé. Euweuh pisan hadéna.Euweuh pupurieunana. Batan kababawadosa jagana, leuwih hadé teu milih baé.

Beuki nguranganana rahayat anu hen-teu ngagunakeun hak pilihna, anu milihjadi golput, enas-enasna mah ngurangankana ajén demokrasi. Apan rémen pisankajadian, nu kapilih jadi kapala daérahtéh teu leuwih réa sorana manan rahayatnu jadi golput. Kawasna mah kudu ayaakatangtuan anyar jaga mah.

Katangtuan nu nétélakeun yén pilkadatéh teu sah upama nu ngagunakeunhakna kurang ti 60 persén sora rahayatanu ngabogaan hak pilih. Nepi ka partéytéh ngarasa boga kawajiban pikeunngabéwarakeun ka rahayat ngeunaanpentingna pemilu atawa pilkada. Ulahcara ayeuna, sosialisasi teh ngan ukur jadipancén KPU. Tapi meureun nyakitu,pilkada [h kudu dibalikan deui. Hartinawaragad deui. Hartina aya lolongkrangpikeun korupsi deui ka nu resep ce-ceremed mah.

Sabenerna keur partéy mah sosialisasipentingna ngagunakeun hak pilih téhhenteu kudu hésé ieuh. Cukup ku digawésing bener, sing enya-enya digawé keurkapentingan rahayat. Partéy téh geuswaktuna mulangkeun deui kapercayaanrahayat. Cacak rahayat geus percaya deuika partéy mah nu milih golput gé otoma-tis bakal ngurangan. Da ari rahayat mahapan kabeuli haté gé geus cukup. Teukudu awong-awongan kampanyeu malardipilih dina pilkada atawa pemilu. Keurpartéy téh apan aya waktu lima taun

pikeun kampanyeu. Pikeun ngayakin -keun rahayat yén maranéhna téh enya-enya pejuang rahayat, berjuang pikeunngabélaan kapentingan rahayat. Ulah aridina waktuna kampanyeu jiga nu heueuh,nyarita awong-awongan majar rékbuméla ka rahayat, ari geus jeneng nong-gongan. Ngadadak teu wawuh ka rahayat,ngadadak asa teu dipilih ku rahayat.Malah tuluyna téh ngagunasika hak ra-hayat. Partéy nu awalna hadé tur jadiharepan balaréa, horéng tutung tamba-gana.

Mulangkeun deui kapercayaan rahayatka parpol tangtu lain pagawéan énténg.Geus kapalang teu percaya, bakal hésédeui ngubaranana. Bongan kalakuan par-pol ku kitu téa mah. Butuh ku rahayat téhukur butuh ku sorana. Dina waktunanye rang pamaréntah jeung dina waktunapilihan, boh pilkada boh pemilu, kakarabutuh sora rahayat. Padahal haté rahayattéh apan kudu terus dijaga. Kudu sala -wasna ketak paripolah parpol téh ném-bongkeun kanyaahna ka rahayat. Pastikabeuli haté rahayat téh. Ulah ngan ukurdina waktuna butuh wungkul parpol nyo -mbo ka rahayat téh.

Rahayat téh “catang” nu saban limataun sakali teu weleh diarah “supa”-na.Apan saban lima taun sakali téh, malahkurang ayeuna mah da katambahan kupilkada, “supa” rahayat anu mangrupahak pilih téh dipibutuh pisan ku parpol.Teu sirikna ngolo-ngolo malar “supa” nudipibanda ku rahayat téh teu dibikeun kanu lian. Ana “supa”-na geus kaarah mah“catang” téh diapilainkeun. Kitu pangnakapercayaan rahayat ka parpol beukingurangan waé téh. Cing sing éling atuhparpol téh. Ari diarah supana, atuh kududipiara catangna.***

DI KIWARI MACA BIHARI(14)

Catetan Budaya YAYAT HÉNDAYANA

(Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda Unpas)

Ari Diarah Supana, KuduDipiara Catangna

Page 32: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 31

Taun 2014 dianggap taun very verycolosso, nginjeum istilah Bung Karno diawal 1960an dina nalika tamatna era

pemerintahan Presiden Soekarno 1967an.Taun 2014 mangrupakeun taun nu pentingpikeun parobahan jeung demokrasi di Indone-sia, sabab dina taun eta, masarakat Indonesiabisa jadi ngagantungkeun harepan anyarnakana perpolitikan jeung kamekaran demokrasinu keur lumangsung di ieu nagara. Aya dua ka-jadian politik penting di taun 2014, PemiluLegislatif jeung Pemilu Presiden. Naha bisaeta dua event politik nasional teh mereharepan ka rayat jeung sakumna bangsa In-donesia yen bangsa jeung nagara teh bakaltetep eksis di alam dunya, di jagad wayang-wayangan disatengahing silih gitik, silih udag,silih telegna nagara-bangsa di dunya, boh kujalan lemes ( (soft) ngaliwatan hegemoni bu-daya global, utamana budaya nagara-bangsa“berbahasa inggris (Anglo-Saxis Culture)”jeung budaya nagara-bangsa “koneng” sapertiChina-Jepang-Korea (Mongolid Culture) kanabudaya lokal, dina harti subkultur budaya-bu-daya nusantara minangka ngaran lain tina ne-gara-bangsa Indonesia. Nya ieu pisan salahsahiji bentuk “kolonialisme anyar (new colo-nialism)” nu dipilampah ku nagara-bangsakuat ka nagara-bangsa anu masih lemah,atawa dihaja dilemahkeun.

Sacara faktual, eta nagara-bangsa nu kuatteh sabenerna ku sabab ngamilik kapaming-pinan nasional nu kuat, teu ngan saukur nun-juk kana figur presiden salaku pamingpinnasional, tapi nunjuk kana sistem politik jeungsistem sosial anu ngalahirkeun atawa ngaro-jong kana kapingpinan nasional di eta nagara-bangsa, nyaeta presiden kapala pamarentahanjeung kapala nagara oge anggota-anggotabadan legislatif anu bakal ngeusian jeung nga-jalankeun roda pamarentah jeung kapa-marentahan (governance)negara-bangsa.

Katilikna, urang kudu nyampurnakeun deuisistem politik jeung sistem sosial pasca era pa-marentahan Presiden Soeharto, nu geusrungkad 15 (limabelas) taun ka tukang, tapisesa-sesa budaya jeung kabiasaan cara-caramarentahna hirup keneh jeung akaran dinakehirupan sapopoe, antarana wae mentalkorup dikalangan para elit jeung kabiasaanmenta dilayanan publik / rayat nu milihnapasca pamilihan ge kacida kuat keneh .Refor-masi rupa-rupa aturan maen keur ngabebe-nah kahirupan politik, sosial, ekonomi, jeunghukum, geus dilaksanakeun ngan bae katin-galina mah dina prakprakanana teu diimban-gan ku praktek-praktek nu bener. Antukna,urang kajiret ku seremonial jeung formalismedina nganjalankeun pamarentahan jeungpangwangunan. Nafsu kumawasa, kiwarileuwih rosa tibatan sumanget pikeun ngabdi

ka rayat nu sabenerna geus mere kakawasaanka elit-elit politik di pamarentahan, boh elit ek-sekutif atawa legislatif. Elit birokrasi pa-marentahan remen jadi korban praktik politiknu malawading (bad politic practices),atawana malah maranehna remen gawebareng (bersekutu) ngajalankan praktik politiknu goreng patut dina ngokolakeun urusan-urusan publik. Di pihak sejen, para kaum in-telektual kalolobaanna ngan saukur bisabaralem ngabigeu saridengdang di munara-munara gading universitas, sakalieun ancrubmilu turun ge ngan tamba gugur kawajibanwungkul, mere advis-advis nu remen teunyambung jeung kondisi empirik nu saben-erna, nu jadi sual utama sabab-musababgorengna kondisi kahirupan sosial, politik,ekonomi, jeung hukum nu disanghareupannegara-bangsa urang.

Kukituna, 2014 sabenerna lir ibarat urang“menunggu godot”, pinuh ku hal nu teu pasti,naha sistem pemilu di urang, rek pemilu leg-islatif atawana pemilu presiden teh bakalmedalkeun para pamingpin bangsa nu masagi,nu mampuh mawa negara-bangsa ka tengah-tengah persaingan antar nagara-bangsa didunia. Katilikna, sistem pemilu legislatif jeungpemilu presiden, moal mampuh ngalahirkeunelit-elit pamingpin nagara-bangsa saperti nudipikaharep ku urang. Paling oge, ngan saukur“nyitak” para pamingpin legislatif nu biaspartey politik, boa bias korporasi jeung indi-vidu. Kitu oge, presiden nu bakal hadir ngansaukur presiden anu “biasa-biasa saja”, anungan saukur bisa nganjalankan tugas rutin pa-marentahan sapopoena.

Lamun urang salaku hiji bangsa teu daria(seurieus) ngarorotek nyiar jalma-jalma pinilihnu bakal ngeusian badan-badan legislatif jeungkorsi Presiden RI di 2014, saestuna urangbakal “menunggu godot”. Mugia we aya kenehjalan pikeun ngungkulan sistem politik, sistemsosial, sistem ekonomi, jeung sistem hukum diurang anu geus teu kondusif, moal we dise-butkeun paburantak jeung ngalaman disorien-tasi mah, akibat tina gurunggusuhna urangdina ngalakukeun reformasi konstitusi, UUD1945 pasca 4 (opat) kali amandemen. Mugiaoge urang teu poho kana tujuan sarerea anudirumuskan dina pembukaan konstitusi UUD1945, nyaeta “menjadi bangsa dan negara yangMERDEKA, BERSATU, BERDAULAT, ADILDAN MAKMUR. Ieu pisan nu sabenerna jadikapentingan nasional mah, nu geus mimitikalululi jeung dimomorekeun. Ngomean sis-tem budaya jeung konstitusi kudu jadi agendaprioritas urang salaku hiji bangsaing tKakaraditeruskeun ku ngabeberes sistem sosial, sis-tem hukum, sistem politik, jeung sistemekonomi ka hareupna. Lamun elat, tingaleuntanwande nagara-bangsa urang ngan saukur

jadi “kelas bawah”, potensi anak bangsa ge teubisa dimangfaatkeun pikeun ngawangun ne-gara-bangsa.

Ku kituna, calon presiden 2014-2019 jeungpara politisi di badan-badan legislatif nu engkedipilih ku urang kudu boga kamampuansaperti : (1) kemampuan leadership nu kuat.Pamingpin nu ngamilik kamampuan leader-ship lian ti mampuh ngarahkan masarakat,mampu memberi motivasi, jadi inspirasi keurwarga nagara gawe rancage sabilulungan dinangahontal sagala tujuan sarerea; (2) paham,ngamilik wawasan budaya jeung kebangsaan. Wawasan budaya jeung kebangsaan kacidapentingna keur hiji pamingpin, keur nu-muwuhmekarkeun rasa cinta tanah air, alhasilpikiran jeung lengkahna estu pikeun kamajuanbangsa dan negara; (3) paham kana pergaulanjeung ngamilik jaringan pergaulan interna-sional. Pergaulan internasional kacida pentingayana di hiji pamingpin nu engkena bakal bisanuyun kana lancarna system politik nu mam-puh beradaptasi jeung parobahan-parobahanlingkungan internasional sarta mampuhngahijikeun potensi dina gawe bareng interna-sional anu saling nguntungkeun; (4) ngamilikkaparigelan dina widang ekonomi jeunghukum. Hiji pamingpin kudu boga konsep-konsep jeung ide-ide strategis keur mawabangsana kana kamajuan ekonomi jeungpangwangunan sangkan mapakan bangsalinna. Kitu deui pangawueruh ngeunaanhukum sangkan dina ngajalanken tugas jeungkawenanganna henteu ngarempak hak-hakasasi publik, sarta bisa jujur, adil jeung iklasdina ngajalankeun amanah rakyat; (5) ngami-lik strategi nu cerdas, hiji strategi nu nga-mangfaatkan bantuan nagara deungeun demikamajuan pangwangunan jeung karaharjaanmasarakat Indonesia bari teu jeung jadi‘boneka’ sarta teu gampang diintervensi kubangsa lain.

Ku kituna Presiden Indonesia jeung parapolitisi di badan-badan legislatif anu kapilihengke dipiharep mampuh mawa negara-bangsa Indonesia kana parobahan nu leuwihhade sarta mampuh ngawangun solidaritassosial sangkan masarakat daek sabilulunganngawujudkeun tujuan nasional, nepi ka ahirnabisa jadi pamingpin di nagara sorangan jeungjadi pamingpin dunia.Jadi nagara-bangsa nuboga martabat di tengah-tengah pergaulanantar negara-bangsa di dunia, kudu jadi cita-cita jeung kapentingan sarerea.Mugia.***

*) Panulis : Guru Besar Ilmu Pemer-intahan FISIP, Universitas Padjad-jaran; Kapuslitbang Kebijakan Publikdan Kewilayahan LPPM Unpad; jeungKetua Pengurus Cabang Asosiasi IlmuPolitik Indonesia (AIPI) Bandung

Pemilu 2014 “Menunggu Godot?”

Ku Dede Mariana

Page 33: Mitra Sunda WA - Mangle 2438
Page 34: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 33

Poé kacida morérétna.Wanci lohor ahir dimasjid kadéngé sora

dulag ngadulugdug, méré to-tondén ka urang lembur Kebon-jero yén isuk rék dimimitianpuasa. Aki Sastra harita téhkatémbong balik ti balong Cipi-cung tas ngaheurap, sasadiaankeur engké saur. Ongkoh poééta téh incuna rék datang tikota. Dina cireung nu ditang-gung ku Mang Sarjum, badé-gana, katémbong aya guraméjajangkar dua siki jeung laukkancra beureum sagedé bitisjelema déwasa.

Barang nepi ka pakarangan,lauk nu dina cireung dipasrah -keun ka Bi Ocoh, pembantuNini Mantri. Heurapna mahterus digantungkeun dinaparantina bari dibéré tutunjangsangkan mébér.

“Ninina...! di mana Si AsépDeni téh?” ceuk Aki Mantri Sas-tra bangun teu sabar hayanggeura gok papanggih jeung incu.

“Itu...keur leleson di kamar.Keun teuing, ulah waka diga -nggu! Karunya, capéeun ké -néh!” témbal Nini Mantri bariléos ka dapur rék papatah ka BiOcoh.

“Deuh...puguh geus sono kabudak téh!” ceuk Aki Mantribangun handeueul. Geus kitumah terus ngoloyong ka tukangrék néwak Si Jago. Barang srogka kandang hayam, sihoréng SiJago téh geus dicecekel kuMang Sarjum.

”Jago nu ieu, Pa Mantri?”ceuk Mang Sarjum, bisi salahnéwak meureun.

“Enya nu éta. Kadieu bawa,urang peuncit!” témbal KiMantri bari ngalugas bedog.

Geus kitu mah, kek baé di -peuncit. Si Jago katémbongadug lajer bari beuheungnabaloboran ku getih. Mun cacakjelema mah manéhna téh keurjejeritan nahan kanyeri, duméhraga jeung nyawa arék papisah.Heuleut sababaraha menit SiJago téh geus teu katémbongempéd-empésna deui. Teu patilila, terus hayam téh dicokot kuBi Ocoh, rék diukumbah.

Ma’lum di tengah désa,tatangga Aki Mantri téh ayakana puluhna imah. Beulah Gi-rang, aya Bapa Kuwu manten,terus Bapa Haji Gofar. Tong-goheunana Haji Sarbini, HajiDurahim jeung Mantri Hamim.Beulah Hilir aya Bapa Ulis man-ten, Bapa Mantri Elon jeungHaji Nanang. Kolot-kolot didinya téh méh kabéh boga anaknu ngalumbara, aya nu di Bogoraya nu di Jakarta. Aya nu jadiPNS, malah nu daragang jeungmaruka wirausaha sorangan ogéaya.Keur kitu...piripis hujan,leutik tapi dibarengan ku anginngagelebug. Burinyay....jelegér-rrrr! gelap nyamber tatangkalanteuing lebah mana. Geus kitubreg hujan mani gedé pisan,kawas nu meunang nyicikeun tilangit. Tapi hujan gedé téh teulila ieuh. Kadieunakeun mah

biasa baé miripis deui.Sanggeus sarolat asar, Asép

Déni katémbong keur ngaropijeung akina di tepas hareup.Keur kitu torojol aya mojangjangkung lenjang ngajingjingrantang.

“Assalamu’alaikum!” ceuk NyiMojang rengkuh.

“Wa’alaikum salam!” témbalAki Mantri jeung Déni méhbareng.

“Punten...dupi Nini Mantriaya?” ceuk éta mojang sopannakeran.

Keur kitu torojol Nini Mantriti jero rék nyodorkeun kélereusi saroja kasedep incuna.

“Euleuh...ieu téh Néng Mira,sanés?” ceuk Nini Mantri asa-asaeun kénéh.

“Leres...Nini,” témbal NéngMira bari terus munjungan kanu aya di dinya. Ku Nini Mantri,Néng Mira téh digaléntoranbangun nu sono pisan. NéngMira téh sapantar jeung NéngYuli, adina Déni.

“Sok ka lebet atuh!” ceuk AkiMantri bari ninggalkeun incunadi tepas.

“Nyandak naon atuh ieu téh,Néng?” ceuk Nini Mantri barinampanan rantang.

“Ah...duka. Saur pun Nini...kedah disanggakeun ka NiniMantri,” témbal Néng Mira barialuman-alimen semu éra, pédahsadareun dipelong baé ku Déni.

“Yu atuh...urang ka lebet,Geulis!” ceuk Nini Mantri barinyekel pigeulang Néng Mira.

Carpon Rumaja

Tarawéh MunggaranKu AY Héryanto

Page 35: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

34 Manglé 2438

“Ah...sawios, di dieu wé...damoal lami,” témbal Néng Mirabari ngajengjen nangtung, dacan aya nu nitah diuk.

“Mangga calik atuh...Néng!”ceuk Déni, bangun nu asa-asanitahna gé. Geus kitu mah,Néng Mira gék waé diuk, pa-hareup-hareup jeung Déni.

“Nepangkeun....Déni!” ceukAsép Déni bari nyolongkrong.

“Mira...,” témbal Néng Mirabari tungkul.

“Moal di lalebet calikna?”ceuk Nini Mantri bari norojoldeui, nyodorkeun citéh duagelas.

“Wios...di dieu baé....teukedah répot-répot,” témbalNéng Mira.

Ma’lum, duanana gé calonsarjana, saditinggalkeunana kuNinina téh der waé ngobrolngalér-ngidul. Satuluyna mahterus omhang, jiga nu geus lilawawuh. Padahal Déni jeungMira téh panggih gé kakaraharita. Néng Mira kuliah di IPBseméster ahir Jurusan Peter-nakan, sedeng Déni mah di UInyokot Jurusan Kedokteran,tinggal nungguan wisuda. Keuranteng ngarobrol, séok deuikadéngé hujan kabawa anginreureundahan.

“Asa di Bogor nya, ieu téh?”ceuk Déni neruskeun obrolannu kapegat.

“Muhun, da di Bogor mahKota Hujan, jadi suasana kieutéh kanggo abdi mah tos teuanéh deuih,” ceuk Mira barihayoh ngomé tungtung jil-babna.

“Engké wengi téh ngawitantarawéh, nya? Badé angkat,Téh?” ceuk Déni nyebut Tétéh.

“Justru...pangna abdi wangsulka lembur téh hoyong nyobianngiring solat tarawéh di lembur.Dupi Aa, badé kitu?” Mira maliknanya.

“Nya...badé atuh, komo mun

angkatna disarengan ku urangBogor mah...,” Déni mimiti waningaheureuyan. Keur antengngarobrol, kadéngé ti masjid nunakol bedug bari dituturkeun kusora adan magrib.

“Euleuh...mani teukaraos...geuning tos magrib,nya?” ceuk Mira bari cengkat.

“Punten wartoskeun ka NiniMantri...Mira badé permiosheula, bilih pun Nini deudeu-peun,” ceuk Mira ka Déni.Kakara gé Déni cengkat, torojolNini Mantri nyampeurkeun baringajingjing rantang.

“Néng...ngawengi di dieu baéatuh....sakantenan urang saur didieu,” ceuk Nini Mantri barimikeun rantang ka Néng Mira.

“Hatur nuhun, Nini...sanéswaktos waé. Hawatos ka punNini...hoyong bobo sarengsaurna téh...” témbal Néng Mirabari nampanan rantang.

Geus kitu ,mah Néng Miramulang ka imahna bari dipe-long ku Déni mani teu ngiceup-ngiceup.

Waktu keur patepung mung-gran, Déni jeung Mira kungsisilihtukeur nomer HP. Béréswiridan, HP Déni di kamar di -sada. Déni ratug haténa....barang dibuka...enya baé tiMira.

“Assalamu’alaikum...!” ceukMira ti beulah ditu.

“Wa’alaikumsalam, Téh,” tém-bal Déni bari lajag-léjég hareup -eun lomari pakéan di kamarna.

Geus kitu mah terus ngobrolneruskeun hanca nu tadi. Miranyarita ka Déni, tadina mahnganjang ka Ninina téh palinggé sapoé- dua poé. Tapi kusababpanggih jeung Déni, dirobahjadi rék saminggu. Kitu deuimanéhna boga paménta, mu-langna hayang dibarengan kuDéni, bari sakalian hayang dija-japkeun nepi ka imahna.

Ku kituna, Déni asa mobok

manggih gorowong, keur mahaya ser.....aya kémistri...nya ka-hayang Mira téh teu burung di -saluyuan.

Basa rék indit tarawéh téhNéng Mira dibarengan ku BiOnih, pembantu ninina. Haritatéh Déni keur nungguan ditepas hareup.

“Mangga atuh A, urang kamasjid!” ceuk Mira bari nyorot -keun batréna kana tangkalrambutan nu keur meuhpeuybuahan. Sora lalay kadéngé pa -tinggeleber ngurilingan buahrambutan nu keur meujeuhna.

Diajak ka masjid téh Déni teuloba carita, terus leumpangpairing-iring jeung Néng Mira.Datang ka pakarangan masjidbarudak leutik geus pabaliutbari mareuleum kembang api.Geus kitu mah Mira asup kamasjid nu ublug-ablag, da canloba nu daratang. Masjid téhdibagi dua, beulah tukang keurawéwé, beulah hareup bagéanlalaki. Di tengah-tengah masjidtéh dihalangan ku hordéngwarna héjo, nepi ka antara ja-ma’ah awéwé jeung jama’ahlalaki téh teu bisa silihtempo.

Kira-kira jam dalapan liwatsaparapat jama’ah tarawéh geusbubar.

“Laksana ogé nya, Téh...ngi -ring tarawéh di lembur téh,”ceuk Déni nu leumpang gigir -eun Néng Mira.

“Leres A...ieu téh tarawéhmunggaran nu pinuh ku kenan-gan manis keur abdi mah,” tém-bal Néng Mira waktu rékpapisah di hareupeun imah akiDéni. Satuluyna, Néng Mirajeung Déni méh sapeupeutingngobrol dina HP teuing nepi kajam sabaraha. Teu lila ti harita,di masjid kadéngé nu nabeuhdulag ngahudangkeun, nitahsalaur.***

(Saung Huma,awal Juli 2010)

Page 36: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 35

Nami lengkepna In tan Sekar AyuLes tari, S.Pd.

Dibabar keun di Bandung ping 26

Novémber 1989.Intan téh cikal ti 4sadulur, putra pasa -ngan Bapa Ir. Bam-bang Irianto, M.M.Pdsareng Ibu Ida RidaMaryani, S.Pd.

Aya teureuh tiluhurna, Intan milihneruskeun kuliahnaka Universitas Pen-didikan Indonesia,Jurusan Bahasa In-donésia. Lian ti mulusbanglus dina urus anakademik, Intan ogéresep ngagaya ha -reupeun ka méra.

“Ah....sanés modélpropésional ieu mah,reresepan wé,” ceukmojang geulis anupangawakanana 160

cm/ 45 kg ieu bari imut. Dina widangseni, lain ukur seni dipoto, Intan ogé

sihoréng resep ngibing. Upami dinawidang olah ragana,”Abdi mah resepolah raga ngojay,” ceuk mojang nuresep nongton pilem drama jeungkomédi ieu bari nyingraykeunkudungna nu kahelab ku angin.

Kaluar ti kampus, teu ka manaléokna, Inta ngawulang jadi guru BasaIndonésia di salah sahiji sakola. Han-jakal teu kapapaykeun, ieu Bu Gurugeulis téh di mana ngawulangna.

Kacipta payusna. Geulis, lobakabisa, bari élmu basana nyampak,geus kajudi pasti padami karesepna kumurid-muridna ogé.

“Ah....henteu ogé, biasa wé jiganamah,” ceuk Intan anu mikaresep ja-jaka jujur, sabar jeung tanggung jawabieu. Saméméh paturay jeung MR,Intan nitip salam jeung alamat bu-mina keur sobat-sobat MR: Jl. CibiruIndah I No. 36 RT. 02/ 13 Bandung.***

(Naskah: Narti/ Poto: KangRéisyan)

Intan Sekar Ayu Lestari, S.Pd:

Bu Guru nu Resep Ngibing

Évi Aprilianti

Daluang Tineung

Wilujeng natratkeun carita nu ngalimbaDina daluang tineung nu pias konéasSab rasa nu mahabu apanan geus kalangsuKari calacah hideung na tungtung keueung

Leres inyana hideung ngararamatMapayan gurat-gurat uratNgajirim peteng nu teu kendat-kendat

Wilujeng natratkeun carita na daluang tineungBasa nyaring kageuing ku jempling peutingMaturan haté lebah lulurung simpé ***

(Taman Ganeca, 250908)

Pareum

Haleungheum hieum tan lénglanganBasa layung surup kasilep langit ceudeumNgiles katindes ku nu malindesTaya tapaknaEuweuh kalangkangnaTilem kabawa wanci sareupnaBasa langit ceudeumCahayana ngalicesPareum ***

(Sukabumi, 6 Oktober 2008)

Sajak Rumaja

Page 37: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

36 Manglé 2438

rudkeun tékadna. Akangmah bagja, tiasa ngiringjihad, ceuk kuring téh. Ba-joang di jalan Alloh, ngabélasasama muslim anu keurdikakaya deungeun, sasatnangabéla agama. Jeung loba-loba deui. Nepi ka kapirengsora Kang Faridz teger deui.

“Ahir bulan mah jiganaAkang badé nyelang mu-lang. Sono ka kulawargadulur baraya, sareng pang-pangna mah sono ka Eulissareng budak,” cenah mé -méh nutup telepon.

Haté kacida bungangang -na mireng kaputusanana nupanungtung. Rék nyelangmulang cenah. Gustiii ayaku sono. Najan kuring teunyaram manéhna mangkatka ditu, tapi haté mah teusapinuhna ihlas. HapuntenGusti, teu pisan-pisan nga-halangan nu jihad, tapi dakumaha geuning ieu hatéteu beunang dibébénjokeun.Kamelang ka nu keur ba-joang, ngorowotan kaihlasnu teu sabaraha dina hatékuring, beurang peuting.

Ti saprak nampa teleponnu panungtung, kuring teuweléh gegebegan. Kabungahjeung kahariwang pagali-wota dina haté. Komo basadina berita Israél mimitingabom-an deui wilayahGaza. Remen datang goréngsangka, boa harita téh tele-pon nu panungtungan. Boaéta téh ukur kila-kila bakalaya kajadian anu tumiba kaKang Faridz. Boa nyebuthayang mulang téh lain kadieu, ka imahna, tapi ka dituka Nu Kagungan.

Komo basa bulan geusngora deui sarta taya béjairaha manéhna nyelang mu-lang téa, haté beuki maru-dah. Sababaraha kali kuringnelepon kana hapéna, taradiangkat. Di-bbm di-sms,taya balesan. Malah dinabbm-na mah kaciri candibuka pesen ti kuring téh.Gustiii...boa kakasih ati téh

geus taya dikieuna.Tadina mah rék ngada -

goan béja ti manéhna waé.Tapi sabada sidik manéhna“ngiles”, kuring ngontak kaMER-C. Bari jeung rada éra,da teu biasa kuring mah ma-paykeun salaki ka batur.Tong boroning ka nu teuwawuh, ka kolot jeung du -lur-dulurna ogé tara. Ayanaon-naon ogé kuring mahsok hayang nyaho ti jinisna,embung ti batur. Nu matak,ti mimiti babarengan ogéanu dibuka ku kuring duaantéh keran komunikasi ti duapihak anu lancar jeungpinuh kapercayaan. Komu-nikasi jeung kapercayaantéh dua hal anu kacida pent-ingna dina hubungan kuringjeung Kang Faridz mah,sarta tuluyna jadi mustikaanu didama-dama dinarumah tangga.

“Muhun nuju ngaleres -keun dokumen kanggomulih ka tanah air. Ren-canana badé ahir sasih, tapiaya dokumen anu can réng -sé. Aya, séhat, teu sawios-wios,” ceuk ketua MER-C.

Plong tah haté téh. Najanrada ngageremet lantaranhapéna jigana tara dipaké.Naha hapéna leungit kitu?Bisa jadi. Da dicék deui téhbbm ti kuring masih dinaposisi deliveri, can dibuka.

Saminggu can aya béjadeui. Dina berita ramé ayarelawan Indonesia anudisandera ku HAMAS.Puguh waé haté maningalenyap. Boa-boa KangFaridz.......Gustiii Nu Agung.

Geuwat nelepon deui kaMER-C. Hayang informasianu jelas, saha waé dokteranu disandera. Naha kaasupKang Faridz. Sekjénna anunarima téh.

“Maaf Bu, kita belumdapat berita yang pasti.Masih simpang-siur. Adatiga dokter yang hilang. Tapikita belum dapat nama-nama yang pasti. Kalo ada

kabar kami segera kontakibu,” cenah.

Rarasaan, kakara ayeunangado’a husu nakeran téh.Kuring muntang ka Nu Ka-gungan, sangkan nang-tayungan Kang Faridz dimana waé ayana. Ceurikmah ceurik, asa geus saa-teun cimata. Pirasat goréngnarémbongan. Asa pondokpangharepan. Tapi anéh, dijuru haté aya sakolényayharepan. Aya kayakinan, yénKang Faridz salamet. Rasakuring jeung manéhna,masih nganteng sabihari.Can aya nu pegat.

Isukna, kakara meunangbéja, enya cenah KangFaridz, dr. Ilyassa, jeung dr.Andri anu diculik kuHAMAS téh. Basa nampaéta béja, rarasaan, bom anudibelesur ditémbakkeun kuIsraél téh ragragna persis nahaté kuring! Rajét, awut-awutan.

Sabada ngariung jeungkulawarga ti pihak kuringjeung Kang Faridz, kuringmutuskeun rék nyusul kaKairo heula, dibaturan kuadina Kang Faridz nu lalaki.Najan can aya béja nu pastinaha Kang faridz kaasupkana sandera, tapi leuwihhadé mun kuring aya ditempat nu pangdeukeutna,batan nungguan di dieu.Mun aya nanaon téa mahbakal leuwih gampang aras-urusna.

Geus koordinasi jeungMER-C. Sagalarupa kaper-luan kuring mangkat kaKairo ogénan diurus kuMER-C waé. Puguh kuringmah batan sakieu, diteger-teger ogé haté angger tagi-wur.

Piduapoéeun deui kamangkat, cening cening cen-ing.....aya bbm asup. Kuringnu kakara kaluar ti kamarmandi, teu sirikna lumpatngarontok hapé. Aya daptarpanggilan anu teu kaangkat.Meureun tadi waktu kuringmandi. Dibuka téh.....ti KangFaridz. Geuwat ditelepondeui.

“Eulis séhat?” cenah. So-rana béar, kebek ku kasono,taya sari-sari urut meunangmusibah.

“Naha Akang nembé nele-pon? Naha telepon abdi teudiangkat? Naha bbm abditeu diaos waé? Naha Akangtéga ka abdi? Naha leresAkang disandera?” pananyaanu salila sapuluh poé ieunumpuk dina angen, mu-rubut ka luar bareng jeungmurubutna cipanon kabu -ngah.

“Uluh mani murudul kitu?Heup, heup, atuh ulahnangis. Akang salamet, jag-jag waringkas. Malah Akangtos mendak kabagja anukacida gedéna. Akang toshasil nyalametkeun salah-saurang pingpinan HAMASanu méhméhan paragat lan-taran keuna ku pépétélanbom basa markasna dibom-bardir ku Israél......” cenah.

“Maksad Akang, salamisapuluh dinten ngaleu -ngit.......”

“Muhun Akang sarengréréncangan diculik kuHAMAS. Sanés kanggosandera, tapi kanggonyalametkeun jalmi mulyaanu salami ieu tohtohanjihad ngabéla agama sarengbangsana. Jalmi anu salamiieu jadi bukur panyileukanAkang, anu jadi idola hirupAkang. Ehm Eulis, Akangpercanten Eulis langkungterang kumaha rarasaanAkang salami sapuluh din-ten ieu..... Akang bagja kéng-ing ieu kahormatanEulis........”

Akang percanten, cenah.Akang bagja. Rumpuyukwéh kuring sujud dina ubinbari ukur disasampinganduk.

Sora Kang faridz ukurhawar-hawar ti tungtungditu. Keuheul, sedih, bun-gah, pagalo dina haté.“Muhun Akang abdi terang,tapi naha Akang terang kanaperasaan abdi salami sapu-luh dinten ieu......” gerentestéh bari nahan piceurikeunnu nyelek dina tikoro. ****

Sambungan ti kaca 27

Page 38: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 37

Ningkatkeun Ajén Ékonomi PadésaanNgaliwatan BUMN Ngawangun Désa

Page 39: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

38 Manglé 2438

Page 40: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 39

Masarakat Kabupatén Ban-dung éstu réa anu teuapaleun lamun salila ieu

daérahna meunang Dana Bagi HasilCukai Hasil Tembakau (DBH CHT) nuunggal taun ngamalir kana APBD-na.Tong boro masarakat, cenah Pamarén-tah Kabupatén (Pemkab) Bandung ogéteu apal lamun di wilayahna geusngadeg opat pabrik roko kéréték, numasih produksi nepi ka kiwari.

DBH CHT nu katarima KabupaténBandung dina taun ayeuna undakpisan, nepi ka Rp 5,5 milyar, tina taunsaméméhna nu ukur Rp 3 miliar. Étatéh alatan robahna status daérah, tinapanghasil bako jadi industri roko.

“Di Kabupatén Bandung aya opatpabrik roko, anu salah sawiosna aya diKacamatan Pameungpeuk,” ceuk Kepa -la Dinas Koperasi Perindustrian &Perdagangan (Diskoperindag) Kabu-patén Bandung, Hj. Popi Hopipah, nuharita dibarengan ku Kabid.Pengem-bangan Usaha Mikro Kecil dan Menen-gah, Pujo Semedi SH.

Popi ngajéntrékeun, pihakna nyahoaya pabrik roko téh sanggeus patugas tibéa cukai ngajelaskeun alesan ku naontaun ieu DBH CHT nu katarima kuKabupatén Bandung undakna nepi kaampir 90%. Tadina mah dirina éstu teunyangka lamun di lingkungan gawénaaya pabrik roko. Komo upama dipata-likeun uar pangajak ti Pemkab Ban-dung sangkan masarakatna, hususnaPNS, henteu ngaroko.

Ngeunaan perijinan éta pabrik, Popinandeskeun, ijinna ayana di BadanPenanaman Modal dan Perijinan(BPMP). Disperindag mah ukur ngurusprosés industrina, bisi aya nu makécuké ilégal. Data ti bagian perékono-mian Sétda Kabupatén Bandungnétélakeun, ti taun 2008 DBH HCT nungamalir ka Kabupatén Bandung jum-lahna unggal taun terus undak. Ti mim-iti Rp 113 juta, naék jadi Rp 1,3 miliar.Taun 2010 DBH HCTC turun jadi Rp.

771 juta, saterusna nepi ka 2012 nérékéldeui nepi ka leuwih ti Rp. 3 miliar.Masarakat kakara nyaho kana ayanaDBH HCT téh taun 2012, sabadaAsistén Perékonomian dan Kesejahte -raan Rakyat, Sétda Kab.Bandung,Yayan Subarna, ngayakeun sosialisasingeunaan bagi hasil tina bako.

“Waktos 2010 DBH HCT nu katampiku Kabupatén Bandung aya penu-runan. Éta téh sanés balukar panénbako anu awon, tapi aya laporan ti or-ganisasi pamaréntah daérah (OPD-réd)nu nataroskeun DBH bako téh dianggonaon waé,” ceuk Yayan, nu haritadibarengan ku koordinator DBH CHTKab. Bandung, U. Suska Puji Utama, diSoréang.

Yayan ogé nétélakeun, nepi ka kiwariDBH CHT dimangpaatkan ku dalapanOPD, nyaéta Bapeda, Dinas Peter-nakan, Pertanian, Dispertasih, BadanKetahanan Pangan Pelaksana Penyu-luhan (BKPPP), Diskoperindag, DinasKeséhatan, jeung bagian perékonomianSétda Kabupatén Bandung. Éta dana

salian ti pikeun ningkatkeun kualitasbako téh, ogé pikeun ngarojatkeunSDM patani bako sarta biaya pikeunngungkulan kasakit nu dibalukarkeunku haseup roko.

Saluyu jeung aturan, DBH bako ogédialokasikeun pikeun ngaronjatkeunkualitas bako, ngabina industri bakokaasup lingkungan sosialna, sosialisasiparaturan widang cuké, sarta pikeunnyegah tur ngeureunan barang ilégal,utamana cuké roko.

“Éta dalapan OPD téh ngagaduhankagiatan nu aya hubunganana sarengbako. Sapertos Dinas Pertanian, kuma -ha carana supados bako nu dihasilkeunti Kabupatén Bandung téh janten bakoungulan, naha binihna atanapi ayapupuk husus kanggo bako,” pokna.

Ngeunaan ayana OPD nu maké DBHHCT pikeun studi banding, ceuk Yayan,teu jadi pasualan.

Asal dina studi bandingna aya ogépatani bako nu marengan, ogé tujuan -ana pikeun ngaronjatkeun kualitasbako Kabupatén Bandung.***

Hasil Cuké Roko Kab. Bandung Undak 90%

Cuké bako Kab. Bandung unggal taun undak (nét)

Page 41: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

40 Manglé 2438

Masarakat Indonésia,pangpangna anu aya diJawa Barat, tangtu geus

pada apal yén di Bandung ti ba-heula mula geus ngadeg pabrikkina nu mangrupa ubar pikeunkasakit malaria. Ngaran kina téhcenah mah dicokot tina ngaransaurang mojang di Amérika Latinnu ngaranna Comtessa Del Cin-chon anu nandangan kasakitmuriang alatan malaria. Kalawanteu ngahaja diubaran ku saurangdukun Indian ku cara diinumancai tina kulit kai. Ti dinya étatangkal kai téh laju dingarananchinchona atawa kina.

Dina jaman pamaréntahanKolonial Belanda, perkebunan-perkebunan entéh jeung kina diwewengkon pakidulan Bandungkacida kakoncarana. Hasil perke-bunan kina jeung entéh nga-datangkeun kakayaan mangrébu,malah mah mangjuta guldenpikeun anu bogana. Dina abadka-19 nepi ka awal abad ka-20,misalna dina taun 1939, HindiaWalanda kacatet mangrupa numasok 90% kabutuhan kinadunia, anu jumlah produksina nga-hontal 11.000 ton kulit kina garingsaban taunna.

Éta kulit kina téh dibutuhkeun kudunia alatan réa mangpaatna pikeunbahan ubar, pangpangna ubar pikeunkasakit malaria, kasakit jajantung,depuratif, influénza, diséntri, diaré,inuman tonik, bahan baku kosmétik,jeung industri pangolahan kulit.

Pabrik Kina nu munggaran ngadegdi Bandung dingaranan “Bando-engsche Kinine Fabriek”, dina jamanJepang ngaranna dirobah jadi “Riku-gun Kinine Seisohjo”. Sabadamerdéka, éta pausahaan dina taun1958 dinasionalisasi, sarta dingaranan

PN. Farmasi dan Alat Kesehatan.Taun 1971 ngaranna diganti deui jadiPT (Persero) Kimia Farma, sartapabrik Kina Bandung jadi unit Pro-duksi Bandung.

Pangwangunan éta pabrik téh éstuhenteu leupas tina mekarna perke-bunan kina di wilayah Jawa Barat dinaahir 1800-an. Franz Wilhelm Jung -huhn, dokter ahli botani, anu mung-garan ngamekarkeun binih tangkalkina di Priangan.

Kiwari kebon kina anu dikoko-lakeun ku PTPN VIII téh legana ka-catet 3.004,29 héktar, anu sumebartersebar di 13 perkebunan. Kulit kinagaring diprosés SQ-7, nyaéta “garam

kina” anu ngandung “quinine sul-phate”, “quinine bisulphate”,jeung sajabana. Ayeuna pro-duksina dilaksanakeun ku PT.Sinkona Indonesia Lestari(PT.SIL) minangka anak pausa-haan PTPN VIII. Produkna diék-spor ke benua Éropa, Kanada,jeung Amérika.

Franz W. Junghuhn téh pa-naratas perkebunan kina di In-donésia. Manéhna naratas disababaraha daérah pagunungandi Wilayah Priangan kira-kirataun 1830. Ku jasa Junghuhn,ngaran Priangan jadi nyambuangka mancanagara, sarta kungsi jadipamasok utama kina dunia nepika datangna Perang Dunia II.

Pikeun pangajén kana jasana,ngaran Junghuhn diabadikeunjadi ngaran perkebunan jeungrumah sakit di KacamatanPanga léngan Kab. Bandung, nuku masarakat kiwari dipika -wanoh minangka PerkebunanPasir Junghuhn (kiwari bagiantina Perkebunan Purbasari),jeung Rumah Sakit PasirJunghuhn anu kiwari dikoko-

lakeun ku PTPN VIII.Éta ilmuwan bangsa Jérman anu

lahir di Mansfeld taun 1809 yéh,kacida pisan micinta alam di daérahPriangan. Mangsa kolotna, Franz W.Junghuhn hirup tenang jeung anakpamajikanana di Jayagiri anu aya disuku Gunung Tangkubanparahu Ka-camatan Lémbang Kab. BandungBarat, nepi ka tilar dunya taun 1864sarta dikurebkeun di éta wewengkon.Makam Junghuhn aya di tempat anukiwari dipakawanoh ku sebutanTaman Junghuhn di Jayagiri Kaca-matan Lémbang Kab. BandungBarat.****

dédé

Kina,ti Indian ka Tatar Priangan

Franz W. Junghuhn ngamekarkeun tangkal kina diTatar Priangan (nét)

Page 42: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 41

Aya Bogo sosobatan jeungBajing. Unggal poé éta duasobat téh sok silih geroan

silih tanya cageur henteuna.Dina hiji poé, Sakadang Bajing

téh katarajang gering, nyeri beu -teung. Tuluy ménta tulung kaSakadang Bogo, pangnéangan -keun jambu nu asalna ti kebon ka-gungan Raja.

Sakadang bogo tuluymenekung neneda ka Pangéranhayang meunang pituduh kumahaakalna sangkan bisa meunang pi-ubareun.

Kersaning nu Maha Kawasa rasbaé Sakadang Bogo téh inget, yénunggal poé ka talaga téh aya nungala cai, piwarangan KangjengRaja. Barang éta tukang ngala caidatang sarta nyiuk gentong ka jerotalaga, ngan geblus baé SakadangBogo abus kana gentong kabawaka karaton.

Sadatangna ka karaton, cai tinagentong téh dicicikeun kana hijijamban gedé. Barang reup peutingsabot di karaton keur meujeuhsimpé, Sakadang Bogo mucunghulti jero cai, rarat-rérét niténankaayaan sabudeureun jambangan.

Kabeneran teu jauh tina jam-bangan aya hiji bokor perak, eusi -na jambu anu geus ruhruy arasak.Gancang Sakadang Bogo hanjat,tuluy ngaheungheum jambu hiji,geus kitu gajleng luncat, abus kajero gentong paranti ngala cai téa,kebeneran eusi kénéh,nyangkrung aya cai sésa.

Isukna ginceng deui éta gen-

tong téh dibawa ku tukang ngalacai ka sisi talaga. Barang éta gen-tong disiukkeun, Sakadang Bogogura-giru bijil, terus néangansobat na, Sakadang Bajing anukeur gering.

Sakadang Bajing rumang -gieung turun tina dahan caringinnu ngaroyom kana talaga, mapag -keun Sakadang Bogo anu ngirimpiubareun. Harita kénéh jambu

téh dihuapkeun. Dadak sakalaSakadang Bajing cageur deui sabi-hari.

Pareng dina hiji waktu,Sakadang Bajing gera-gero kasobat na. Pohara reuwaseunanalantaran kasampak SakadangBogo keur aduglajer kokocopokandina liangna.

“Tulung! Tulung! Pangnéang -keun ati buaya, kuring téh teu kuatieu ati nyanyautan!” pokna.

Sakadang Bajing ngahuleng

mikiran paménta sobatna. Rasmanéhna inget yén di hiji leuwiaya buaya anu pohara galakna.Naon waé nu ngaliwat ka éta leuwitangtu dicaplok. Jelema gé eu-weuh nu wani ngaliwat ka lebahdinya. Ari di sisi leuwi téh ayatangkal kalapa anu buahna keurmeujeuhna meuhpeuy.

Gajleng-gajleng Sakadang Ba-jing luluncatan mapay-mapaytatangkalan muru tangkal kalapadi sisi leuwi. Datang-datang terusbaé ngaliangan buahna hiji. Geusmolongo bus manéhna abus kajero.

Kalapa nu geus dikorowot téhgubrag baé ragrag jeung bajingnaka jero leuwi. Gep disamber kubuaya diteureuy buleud.

Sanggeus aya di jero beuteungbuaya, Sakadang Bajing bijil tinajero kalapa terus rumpu-rampanéangan ati buaya. SakadangBuaya ngagoak: “Aduh, ieu jajan-tung aing nyeriii!”

“Alah, ieu bayah aing nyeripisan!”

“Ih, geuning lain atina,” ceukSakadang Bajing. Terus dipapaydeui ditéangan. “Aduh, ieu ati aingnyeriii!” ceuk buaya basa atinakakoét ku bajing.

Ngadéngé kitu, ngan gewewekbaé digégél ati buaya téh nepi kasapat. Buaya sakarat bajing kaluartina sungut buaya, terus ka daratluluncatan mapay tatangkalanurut tadi. Ati buaya diubarkeun kasobatna nepi ka cageurna deui.***(Asgari Andalusia)

Silih Bélaan

Page 43: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Ancurna Karaton Banten

42 Manglé 2438

Sultan Ageng Tirtayasapasukan na mémang saeutik,tapi sumanget jeung jiwa

juangna luhur, teu inggis ngayonanWalanda. Sultan Ageng Tirtayasasering ngadodoho Walanda,ngélékéték ku serangan-seranganngadadak gaya gerilya téa, tepi kapihak Walanda ngarasajéngkéleun.

Walanda geus teu sabar hayangnéwak Sultan Ageng. Walandaménta ka Sultan Haji supayangalelemu ramana sina mulih kakaraton Surosowan, ulah hayuh baépérang da geus sepuh.

Kulantaran geus sérab deui kupangaruh Walanda, Sultan Hajinyuratan ka ramana supaya keresamulih deui ka karaton, ulahnyumput di leuweung atawa dimana baé.

Suratna dikirimkeun ku jurunganSultan Haji ka panyumputan SultanAgeng di Sajira. Sultan Ageng Tirta -yasa keresa mulih ka Surosowan,saheula anan mah katingal betahngahenang-ngahening.

Tapi ngarana gé Walanda, nyak-sian buronana dina kaayaantengtrem ayem, kerewek ditéwakterus diboyong ka Batavia, setatusnatawanan, tug dugi ka wapatnasetatus na tawanan Walanda.

Perjuangan Sultan Ageng Tirta -yasa diteruskeun ku sesa-sesa laskarSultan Ageng anu bela satia, diantara na putra Makasar Syeh Yusuf.Rapu Syeh Yusuf ogé ditéwak kuWalanda terus ditawan

Sabada Sultan Ageng Tirtayasawapat, kaayaan pulitik Banten jadiawut-awutan, balukar panggaweWalanda anu mémang miharepBanten ancur diadu domba. Wa-landa beuki pageuh ngawasa jeungmangaruhan Banten. Sultan Haji

ahirna ngan ukur jadi bonéka Wa-landa. Rayat Banten diperes.

Beuki loba rayat anu miskinjeung anu baruntak miharep SultanHaji ecag tina kalungguhan. Rayatmiharep turuna ratu adil anu mam-puh mémérés kaayaan nagara, Ban-ten kudu aya anu ngajait.

Sultan haji hayuh digugubragkudu turun tina kalungguhan, geuratobat ulah ngorbankeun Bantenkeur kapentingan Walanda anunyata-nyata satru kabuyutan. Bakatku hantem dibombardir ku pem-berontakan-pemberontakan, brekSultan Haji teu damang, tepi kawapat na. Rayat muji sukur ka Gustianu geus ngaleupaskeun Banten tinakatunggaraan panjang. Sultan Hajidipendem di Sedakingkin teu jauh timasjid Agung Banten.

Kiyai Tapa Baruntak

Sabada Sultan Haji wapat, dikaraton timbul kaributan, kajadiansilih rebutan kakawasaan di antaraputra Sultan Haji. Tapi Walandangistrénan Pangéran Ratu gelarnaSultan Abul Fadh Muhamad Yahya( 1687- 1690). Sultan Abul Fadhkaasup raja Banten anu ceuceubgeuleuh ka Walanda. Tapi nyaah kaBanten. Tibarang diistrenan terusbebenah, ngabenahan aispangampih karaton, pamaréntahanjeung lingkungan kasultanan anukaratona paburantak waktu dijoragWalanda.

Tapi henteu lila jeneng rajanasabab kaburu wapat. Kusabab hen-teu kagungan putra, anu ngagantinatéh raina nyaéta Sultan Abul Ma-hasin Muhamad Zaenal Abidin.(1619-1733). Dina pamarénta-hanana Mahasin henteu mampuhnyiptakeun kaayaan anu leuwih

hadé, tug tepi ka wapatna Bantenhenteu robah. Mahasin diganti kuputra kaduana, sabab putra cikalnawapat ditelasan ku Walanda.

Putra kadua katelahna SultanAbdulah Muhamad Shifa. Tapikaayaan lain aman tengtrem, malahsabalikna beuki kacow, pem-berontakan dimana-mana kajadian,ngalawan Walanda. Rayat nolakrodi atawa kerja paksa, sajeroningkitu pamaréntahan lolobanadipanga ruhan ku prameswari RatuSyarifah Fatimah. Di karaton ogérecok pakétrok baé, lantaran hen-teu panuju Pangéran Gusti di-jadikeun Putra Makuta. RatuFatimah kapalayna Pangéran SyarifAbdulah nu jadi putra makuta téh.Pikeun nyingkirkeun PangéranGusti, Ratu metakeun tipu musli-hat. Pangéran Gusti diutus kaBatavia, tapi di satengahing jalanditéwak ku Walanda. Kajadian étadimangpaatkeun ku Ratu Fatimahpikeun ngadongsok supayaPangéran Syarif Abdulah diangkatjadi Putra Makuta. Tapi sabagianrayat katut para bangsawan tetephayang Pangéran Gusti anu jadiSultan. Protes-protes ahirna mekarjadi perlawanan senjata, dipingpinku Kiyai Tapa. Pikeun numpesperlawa nan rayat, Walandangadatang keun balabantuan pasu -kan ti Batavia, tapi méméh bantuandatang, Kiyai Tapa ngajorag kara-ton. Pikeun mareuman pem-berontakan rayat Banten nudipingpin ku Kiyai Tapa, Walandanéwak Ratu Fatimah jeung SultanSyarif, terus ngabebaskeunPangéran Gusti anu dipikahayangku rayat Banten. Saterusna Wa-landa ngistrénan raina Siltannyaéta Pangéran Aria Adisantikagelarna Sultan

Page 44: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 43

Abulma Ali Muhamad WasiZainal Alamin. Taun 1752. Keursaheula anan perlawanan rayat Ban-ten bisa dipareuman. Sumawonasabada Pangéran Gusti diistrénanjadi Sultan Banten, sanajan ahirnarayat baruntak deui, malah beukirosa. Rayat nepungan deui KiyaiTapa ménta supaya Kiyai mingpindeui rayat Banten ngalawan Wa-landa anu beuki samena-mena.

Tapi Kiyai Tapa henteu untupanlantaran kakuatan lawan tambah-tambah tohagana.

Sajeroning kitu Sultan Abdu-rahcman ngan genep bulan jenengrajana, saterusna singgasanadipasrah keun ka Pangéran Gustianu gelarna Abu’l Nas’r MuhamadArif Zainul Asikin. SabadaPangéran Gusti wapat, singgasanadipasrahkeun ka Sultan Abu’lMatahir Muhamad Aliudin. (1773-1733). Dumasar kana catetan saja -rah, sabada Sultan AgengTirtayasa ngantunkeun, henteu ayasaurang ogé anu ngagentosna jadiraja bisa mawa kamajuan ka Ban-ten, anu puguh mah hantem baé di-ganggu ku karusuhan jeungpemberontakan, katurug- turug ayarajana anu téga ngahianat ka rayatbiluk ka Walanda. Ahirna Karaja -an Banten kadungsang-dungsangtepi ka karaton ogé paburantaklantaran dijorag ku Walanda.

Taun 1803, nu jadi Sultan Ban-ten Sultan Abu’l MatakhirMuhamad Aliudin, gelarna SultanNas’r Sultan Ishak MuhamadZainul Mutaqin atawa Sultan Aliu -din II ( 1803-1808). Tah, haritaWalanda maréntah supaya barudakngora umurna lewuih ti 16 taunturta awakna dedeg sampe, kudumarelak tangkal pedes. Hasilnaengké kudu dijual ka Walanda.Jelas kawijakan sarupa kitu meresrayat, nganiaya rayat di tanah jaja -han. Harita di Jakarta GupernurJendral heubeul diganti ku nuanyar nyaéta Thomas WilliamDaendels. Daendels boga cita-citanyieun bénténg pertahanan PuloJawa keur mertahankeun PuloJawa tina serbuan Inggris. Ku -lantaran kitu, Daendels hayangpisan nyieun jalan ngembat tiUjungkulon ka tungtung Pulo

Jawa (Ti Anyer ka Panarukan). Maksudna supaya herakan

pasu kan leuwih gancang ari liwatjalan ngabulungbung alus .

Daendels ogé nyieun bénténganu tohaga di palabuan Banten.

Kewur kaperekuan pangwangu-nan éta, Daendels ménta ka SultanBanten pikeun ngetrukeun kakua -tan rayatna keur migawé proyekVOC anu rohaka ieu. Balukarnaloba anu maraot, anak pamajikanakurang katedaan ari kapala kula -warga digawé durduran, nu meliddisiksa. Sajeroning kitu anakpamajikan ana di lembur katalang -sara teu kaurus . Daendels amarahbarang nyahoeun yén jumlah anudigarawé ngurangan terus sababmaraot atawa garering ripuh.

Daendels ménta ka Sultan Ban-ten supaya, saban poé ngetrukeun1000 rayatna supaya leuwih getoldigawé di proyek Ujungkulon. Sul-tan kudu masrahkeunMangkubumi Wargadiraja kaBatavia.

Sultan dipénta kudu mindah -keun karaton Susosowan kadaérah Anyer sabab Surosowanarék dipaké ngawangun bénténgWalanda. Paménta Daendels di-tolak ku Sultan anu ceuceub kaWalanda. Daendels ngutus Du Puypikeun ngadongsok Sultan supayangagugu kana paménta Walanda.Tapi utusan Walanda téh dipaéhan

ku rayat anu teu sukaeun tanahBanten dikawasa ku penjajah.Puguh wé Daendels amarah terusmepeg balad, karepna arék nga-jorag karaton Surosowan.

Serangan Walanda kusababngadadak matak kaget urang kara-ton anu henteu tatan-tatan narimaserangan sarupa kitu. Ahirna kara-ton bisa direbut ku Walanda, Sul-tan ditewak terus dibuang kaAmbon. Mangkubumi Warga -duraha dihukum pancung sababdituduh jadi ulon-ulon karusuhandi Banten.

Layona dipiceun ka laut. Pikeunjalanna pamaréntahan Walandangistrenan Pangéran Sura -manggala jadi Sultan Banten.

Tindakan Dandels anu kejemsaperti kitu nimbulkeun kaceuceubrayat Banten anu saterusnangagerilya, nyerang Walanda ditempat-tempat anu tumaninah tepika Walanda éléh wowotan.

Rayat beuki kagencet, kalung-guhan kaum agama ogé beuki nyiro-rot sabada Walanda bisa ngarebutkaraton téh, para tokoh agama dikaraton lolos kalabur ka luar, pang-pangna ka leuweung nga -gerilya,Terang-terangan ngalawanWalanda ogé dilakukeun ku parapamuka agama di Banten.

** Tina Pergerakan Pembaha -ruan Islam di Banten/DisparbudBanten. HRS / Hanca**

Titinggal saajarah karaton Banten

Page 45: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

44 Manglé 2438

Page 46: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 45

Page 47: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Nu kungsi nanjung, bisa sirna.Kitu téh, upama teu dipiara. Dinamekarkeun kapunjulan lembur,‘urang’ Pangjugjugan mah boga caraanu jinek. Di antarana, ngajaga turmekarkeun hasil tatanen nu nyampakdi éta tempat. Ngan, naon waéhasilna? ***

Poé téh teuing ku morérét.Mangka bulan puasa harita téh,nu merenahna ari tengah poé

éréng-éréngan kawas kitu mah man-jing reureuh. Tapi, keur nu araya dikebon hui, panas nyongkab téh teusing jadi panghalang. Saperti Ade Ruk-mana, katut sababara urang pagawe,tigin ngalaksanakeun pancenna, dianatarana miara kebon hui.

Di mana eta téh? Taya lian ti ditempat Wisata Alam Pangjugjugan,Kampung Anjun, Desa Cilembu, Kaca-matan Pamulihan, Sumedang JawaBarat. Eta tempat, tempatna tutuwu -han kaasup hui Cilembu nu sohor kajauhna.

Memang, hui Cilembu mah bogangaran. Sohor ka mana-mana. Atuh,méh di saban tempat ramé, pang-pangna di sabudeureun Sumedang, eta

hui téh teu weléh nyampak. Malah,sohor na téh, parat ka tempat-tempatsejen ka sisi-sisi jalan, luareunSumedang. Hui Cilembu jadi bahandagangan nu nguntungkeun sabanpihak. “Alhamdulillah, seueur nu sin-dang ka dieu ngahaja ngadon nga-galeuh hui Cilembu,” ceuk salahsaurang padagang hui Cilembu diwewengkon Nagreg, Kabupaten Ban-dung.

Ngajaga KajayaanSohorna hui Cilembu, teu burung

jadi daya pangirut keur nu mitineungtutuwuhan. Nu kawas kitu téh Ir. H.Djadjat Suhardja, nu boga Wisata AlamPangjugjugan. Di antara lahan nu di-jadikeun tempat wisata, inyana nyesa -keun sacangkewok kebon hui hususCilembu. “Hui asli nu katelah nirkum,”ceuk Djadjat, lulusan ITB Bandung téh.

Adjat mah teu weleh neundeunkatineungna kana tutuwuhan téh.Apan, di éta tempat gé nyampakpepela kan nu geus langka atawa nuasalna ti wewengkon séjén. “Piraku arihui Cilembu teu aya,”pokna mésem.

Lobana padang hui nu ngakukeundaganganana hui Cilembu, lain hartina

bener-bener huina teh has Cilembu.Lantaran, nu tuwuh di wewengkonCilembu téh, rupa-rupa hui. “Najanampir sami boh warnana boh amisna,hui nu ‘asli’ Cilembu mah, gaduh cirimandiri,” ceuk H. Djadjat.

Naonna bedana ti hui sejenna? Diantarana amisna. Mun diicip-icip, di-rasa-rasa, cenah, bakal karasa bedanatéh. Hui nu nu disebut ‘asli’ téh, peueu-tan. Mun diopen téh, kaluar ‘madu’.Mun eta ‘madu’ dicabak, karasanacepel. “Tah, eta di antawisna nungabéntenkeun hui Cilembu nu katelahnirkum sareng nu sanesna,” poknabasa ngobrol bari ngaparak kebon.

Ngobrol téh sawatara waktu katukang, meneran bulan Puasa. Didinya, memang tembong rupa-rupatutuwu han jeung ingon-ingon. Dianatara kekebonan, aya sacangkewokkebon hui nirkum. Sabrehan mah, teupati beda jeung hui rancing (jenis huisejen nu oge biasa dipelak di Cilembu).Ngan, bedana téh cara ngurusna.“Margi langkung lami dugi ngahasil -keun téh,” ceuk Ade Rukmana, pagawePangjugjugan.

Hui nirkum, dina pipikiran H.Djadjat mah, kawas béas jeung ketanbabandinganana téh. Ketan ketan géapan leuwih lila batan pare biasa. Kitudeui hui nirkum, leuwih lila batanrancing, misalna. Mun hui umumnacukup ku waktu ti melak nepi kapanen, opat bulan, hui nirkum mahgenep bulan.

Ku lantaran kitu, loba nu seunggahmelak hui nirkum mah, lantaran kulilana tea. Padahal, ari haregana mahteu pati geseh. Ceuk Ade ukur beda duarebu tina sakilo téh. Mun hui rancingatah haregana opat rebu, hui nirkummah, genep rebu. “Memang langkungonjoy, tapi teu sabaraha benten,”pokna bari ngarabutan jukut nu tuwuh

46

Wisata AlamMekarkeun Kapunjulan Lembur

H.Djadjat Suhardja, nu boga tempat Wisata Alam Pangjugjugan

Page 48: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

47

dina galengan hui.Miarana deuih, nirkum leuwih

bangga. Mun hui biasa teu kudu di-galengankeun, husus nirkum mah,kudu wé digaleng-galeng. Lantarancenah, hasilna kurang hade mun teudigalengkeun mah. Lian ti kitu, hususnu dipelak di Pangjugjugan mah, teumaké gemuk kimia, da maké gemukkandang atawa ‘pupuk organik’ tea.“Janten dijamin sehat sareng hasrasana,” ceuk Ade semu promosi.

Hui nu dipelak di Pangjugjugan,tara dijual ka luar. Husus wé keur nungadongdon éta tempat. Kitu téa mahlantaran hasilna kawatesanan. “Upamihoyong ngaraos hui nu asli hasil tiPangjugugan nya kedah di dieu, katempat Wisata Alam Pangjugjugan,”ceuk ieu pagawe nu oge Ketua RT di etatempat téh.

Karesep WalandaMun nanyakeun mangsa ka tukang,

di anatra nu sok kacatur téh, jamanWalanda. Kitu deui, ngeunaan huiCilembu, ayana téh ti baheula mula.Ade gé teu bisa mastikeun ti iraha étahui di Cielmbu mimiti aya. Nu apal téhtina béja ti kolotna turun tumurun, tiuyut dicariatkeun, ka akina, ti akina, kabapana, ti bapana ka dirina. Najan teuapaleun pasti titi mangsa ayana, Ademah nyebutkeun cenah ti jaman wa-landa keneh eta hui teh geus sohor.

Dina Wikipedia, hui Cilembu anudisebut nirkum téh aya barendelanna.Ngan, teu nyaritakeun asal-sualna, nuaya téh ‘kandunganana’. Ceuk etatulisan mah, hui nirkum téh ngadungvitamin A leuwih onjoy batan huisejen na. Atuh, ku lantaran kitu, deuihkandungan gizi nu asalna tina peueuteta hui gé gedé mangpaatna keurkaseha tan. Malah, ceuk éta tulisankénéh, lian ti ngandung Vitamin A ogékalsium nepi ka 46 mg per 100 gram,Vit B-1 0,08 mg, Vit B-2 0,05 mg, Vit C20 mg, jeung sajabana.

Naon atuh hartina nirkum téh?Ceuk tulisan Kadar Solihat nu dimuatdina salah sahiji media terbitan Ban-dung sawatara waktu ka tukang, etangaran téh wancahan tina meneerjeung kumpeni. Pangna disebut kitu,sabab mernir kompeni (Belanada) tehkacida resepeunana kana hui hasCilembu teh. Ngan, eta ngaran teh elehsohor ku sesebutan ‘cilembu’, ngaransalah sahiji desa di Pamulihan,Sumedang. *** (Ensa)

Manglé 2438

H. Djadjat (katuhu) sareng Ade, pagawe Pangjugjugan

Miara jeung mekarkeun hui Cilembu

Ngamangpaatkeun alam, mekarkeun rupa-rupa tutuwuhan

Page 49: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Usép Romli HM

Umur 64 Taun

Nyaring tengah peutingSelang seling saméméh jejeg élingHoréng umur geus parat Kana bilangan genep opat

“Ya Alloh Nu Maha Agung Didugikeun deui abdi kana bilangan anyar Sanajan badan rambay ku barébédanNgabarak dosa tacan katobatan

Sumuhun. Dipaparin deui abdi kasempetanSideku nyuuh dina amparan kasadaranBari diri hanyir getih. Baloboran ku rupa-rupa do-rakaKaasih Gusti, geuning sakitu poharaMaha Kawasa Anjeun, ya RobbanaNu nebihkeun malakalmaot ti umur abdi ayeunaAbdi ditangtayungan. Dijaga diraksa. DitatapdiusapMaha Berehan Anjeun, ya WahhabPadahal abdi tan kendat maksiatPadahal abdi teu lirén-lirén hianatNgabur mangprung kanirca diumbar diaburMaha Pangampura, Anjeun, ya GoffurMugi abdi dilebetkeun ka nu kénging rohmatSanaos ukur kekebul dina gorombyangan jagat

(Allahumma inni as’aluka bi rohmtikal latiWasi’at kulla syai’in antaghfiro lii)

Sujud tahajud ukur sumegrukRaka’at demi raka’at teu kebat

Fajar gumebray dina rasa samar. Samar.

16 April 2013

Perjalanan

Ngembat jalan panjang nu kasorangRéa sisimpangan réa barébédan réa baléléranTeu jejem kana tujuanRéa ni’mat dipaké modal masiatGuyang dina leutak mamalaPoho yén lalakon aya tamatna

Huleng jentul deukeut pangeureunanNaha dihiap naha ditongtakNgarumasakeun réa bohakBolongor kosong ku amal kahadeanMalah bulacak ku kahinaan

Allohu RobbiDosa abdi satungkebing langit jeung bumiTapi pangampura Salira, ya Arhamar RohiminNgalimpudan alam semésta tan wangenanBari abdi isinMiharep sakeclak ampunan.

Mekkah, 26 April 2013

48 Manglé 2438

Page 50: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 49

Sawatara waktu ka tukang, sahengwarta, yen Quran tarjamahan basaIndonesia beunang tim Kementrian

Agama Republik Indonesia, rea salah.Malah dituding ngandung unsur-unsur“terorisme”. Majelis Mujahidin Indonesia(MMI), nu ngamimitian ngungkabperkara eta , langsung ngaluarkeun tar-jamah Quran “tandingan” nu dianggapbener jeung bersih tina unsur “terorisme”.Gawe rancage MMI, meunang pangbageati KH Arifin Ilham. Ieu mubaligh kawentarteh, gancang ngaganti kabeh Quran tar-jamah Kemenag RI nu aya di masjid jeungmajelis taklim “Adzzikra” asuhanana, kuQuran Tarjamah Tafsiriyah karya MMI.

Ampir kabeh umat Islam di Indonesia,pada boga Quran tarjamah Kemenag RI.Pangpangna nu geus nohonan ibadah haji.Sabab, waktu rek mulang, di bandara Jed-dah atawa Madinah, sakur jamaah hajisok meunang Quran tarjamah KemenagRI, hiji sewang. Mangrupa hadiah ti RajaKarajaan Saudi Arabia nu katelah “Kho-damul Haromain asy Syarifain”. Juru-laden Dua Tanah Harom Mekah Madinahnu mulya. Dipedalkeun ku “Mujamma AlMalikul Fahd Lithibatil Mushafiusy Syarif(Kompleks Tempat Nyitak Mushaf RajaFahd), Madinah, nu diurus ku Kemen-trian Agama Kerajaan Saudi Arabia.

Tempat nyitak mushaf Quran nungadeg taun 1404 Hijriyah (1984 Masehi)teh, unggal taun ngaluarkeun 12 juta ek-semplar mushaf. Atawa sabulan, sajutaeksemplar. Sajaba ti mushaf murni dinabasa Arab, nyitak tarjamahanana deuih,dina sakur basa nu aya di sakuliah dunya,nu dipilih ti saban nagara asal.

Quran tarjamah basa Indonesiawedalan Kemenag RI, mangrupa hasilkarya para ulama Indonesia. Diwangun kudari Prof.Dr.TM Hasbi Ashshidiq, Prof.H.Bustami Gani, Prof.H.Muhtar Yahya,Prof. HM Toha Yahya Omar, Dr.HA MuktiAli, Drs.Kamal Muhtar, H.Gazhali Thaib,Prof.DR KH Anwar Musaddad, KH AliMaksum, jeung Drs.H. Busyairi Majidi.Ieu tim panarjamah Al Quran teh, ayadina papayung Yayasan PenyelenggaraPenterjemah/Pentafsir Al Qur’an, kala -wan surat kaputusan Menteri Agama RIno.26 Th.1967. Nya tarjamah Quran basaIndonesia ieu nu kapilih ku Karajaan

Saudi Arabia. Dina unggal tarjamahan Quran, aya

sambutan sambutan ti Menteri UrusanKeislaman, Wakaf, Dakwah jeung Bimbin-gan Islam Kerajaan Saudi Arabia, nungarangkep jadi Pangawas Umum Kom-pleks Percetakan Al Quran Raja Fahd.Pikeun Quran tarjamah Indonesia nukasebut tadi, Menteri netelakeun, sajabati geus disahgkeun ku Kementrian AgamaRepublik Indonesia, geus ditaliti deuih kufihak Kompleks Percetakan Al Quran RajaFahd.

Nu nalitina,ti barang winangunnaskah nepi ka proses nyitak, nyaeta paraulama ahli tur apal (tahfidz) Quran. Saba-gian ulama Saudi Arabia.Sabagian deuiulama ti nagara-nagara sejen.Kaasup ti In-donesia.

Hartina, henteu bisalolos kitu bae, boheusi mushaf, boh tarjamahan unggal ayatjeung kalimat. dan perkalimat.

Para ulama Indonesia, nu nar-jamahkeun Quran kana basa Indonesia,sakabehna geus kakoncara dina widangelmu-elmu Al Quran jeung Islam. Kredi-bel jeung akseptabel. Saha nu teu apalkana prestasi katut reputasi Prof.KH TMHasbi ash Shiddiqi, guru besar di IAIN Yo-gyakarta jeung sawatara paguron luhurIslam sejenna ? Anjeunna nulis buku “Se-jarah Tafsir Quran” (1974), “Ilmu-IlmuTafsir Al Quran” (1975), kitab tafsir Quran“Al Bayan” (1974), opat jilid, nu jadi jadi“textbooks” di paguron-paguron luhursakuliah lemah cai jeung Malaysia,Brunei, Thailand Kidul, jsb. Anjeunna genulis buku “Pedoman Salat”, “PedomanHaji”, “Pedoman Puasa”, nu geus dicitak -ulang puluhan kali. Kitu deui, bukunangeunaan “Ulumul Hadits”, boh “mustho-lah” boh “dirayah”.

KH Ali Maksum ,sesepuh PesantrenKrapyak, Yogyakarta, jeung Prof. Dr.KHAnwar Musaaddad, Garut, luhung pisandina elmu-elmu Quran katut basa Arab.Aranjeunna kiungsi nyangking kalung-guhan Rois ‘Am PBNU taun 1980-an. Ka-gungan pasantren badag nu geus hasilnyitak santri-santri “tafaqquh fiddin” nuengkena jaradi ulama-ulama kawentardina widang kaahlian atikan jeung da’wahIslam.

Kitu deui Prof.DR.H. Mukti Ali. Guru

besar elmu perbandingan agama di IAIN(UIN) Sunan Kalijaga Yogyakarta. Kungsijadi Menteri Agama RI (1972-1977).Kaahlianana dina elmu kaislaman, moalmatak cangcaya balarea.

Nu sejen-sejenna, nyaeta Prof. Dr. KHBustami A.Gani, guru besar bahasa Arabjeung kabudayaan Islam di IAIN (UIN)Syarif Hidayatullah, Jakarta. KH GazaliThaib, panarjermah buku-buku bahasaArab, Prof.Dr.HM Toha Yahya Umar, gurubesar agama Islaam di sawatara paguronluhur, jeung Prof.Dr.Muchtar Yahya, gurubesar IAIN (UIN) Jakarta, nu nulis buku“Sejarah Perkembangan dan KehancuranBangsa-Bangsa di Timur Tengah” (1976),nu jadi bacaan utama di jurusan sejarahuniversitas-universitas di Indonesia.

Alhasil, tim penerjemah Quran Keme-nag RI, lain samanea. Pangaweruh aran-jeunna ngeunaan Quran, basa Arab katuttehnis narjamahkeun, leuwih ti diper-caya.Komo deui Quran hasil tarjama-hanana dipuji jeung dihargaan pisan kupamarentah Karajaan Saudi Arabia, nukacida pisan ati-ati dina nyeleksi bukuatawa tarjamahan, nu patali jeung agamaIslam, hususna Kitab Suci Quran.

Lamun ayeuna muncul pamanggih nubeda, teu kudu nimbulkeun kontra atawahujatan kana karya nu geus aya, tur geusnyebar salila ampir 50 taun. Tarjamahananyar, boh ti MMI boh ti nu sejen-sejen,lain keur nyingkirkeun tarjamahan nugeus diaku kaabsahanana ku pihak-pihaknu kompeten. Tapi keur ngabeungharanhasanah tarjamah Quran nu geus aya, bohkarya mandiri, saperti “tafsir Quran”H.Mahmud Yunus, A.Hasan, Hamka,Hasbi ash Shiddiq, boh karya kolektif,saperti “Tafsir al Fatihah” UniversitasIslam Nusantara (UNINUS) Bandung(1985), “Tafsir Juz Amma” UnivesitasIslam Bandung (UNISBA) Bandung(2006). Kabeh oge dina raraga “fastabiqulkhoirot”. Paheula-heula dina nyieun ka-hadean.

Ahirul kalam, Quran tarjamah In-donesia Kemenag RI, geus ditar-jamahkeun deui kana basa Sunda.Nyaeta“Tarajamah jeung Tafsir Quran BasaSunda”, nu dipedalkeun ku Proyek Pener-jemahan dan Penerbitan Quran Prov.JawaBarat (2006).***

Quran Tarjamah Kemenag RIKu H.Usep Romli HM

Page 51: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Kocap poé kagenep puasasaperti biasa Abu Nawasngadaweung dina babancik

imahna bari ngadagoan bedugmag rib. Sabot kitu inyana nyawangkumaha sangkan dapurna tetepngebul. Meunang kira-kira sapa-nyeupahan ras inget di lembur étatéh aya tuan tanah nu hirupnasugih-mukti. Imahna gedé,pangkéng-pangkéngna ngajajar,lahan pangangonana satungtungdeuleu, ingon-ingonna ngaratus,leuitna ngajéjér, duit pérakna méh-méhan teu kawadahan, jsb. Hampirsaban jalma teu kajaba Abu Nawassok baluburuh di manéhna. Nganhanjakal manéhna téh kawentarkumed. Najan pagawéna paéh posoburuhna teu sabaraha. Sakalina ayanu dibéré ngahutang, naurna tarakurang ti dua kali lipet. Disebutréntenir téh lain bobohongan.

Hiji mangsa tuan tanah apaleunAbu Nawas boga kamonésan. DemiAbu Nawas mah saban dibéré ngin-jeum naon baé ogé cenah témponanaur téh sok jadi anakan. Contonabaé mun inyana diinjeuman hayam(bikang), témpona dipulangkeuntéh jadi dua jeung anakna. Ceukpikirna saha nu embung nginjeum -keun ka Abu Nawas. Pastinguntung keun! Manéhna, ti haritabisa disebutkeun ngarep-ngarepkainjeuman ku Abu Nawas.

Soré éta kénéh Abu Nawas bogakarep rék nginjeum endog tilu siki.Tangtu baé tuan tanah bungaheunnaker. Lantaran pasti endogna

moal lila deui bakal anakan. Mala-han harita kénéh tuan tanahngahengkop keun ka Abu Nawasbisi rék nginjeum deui nu séjénna.Ngan ceuk Abu Nawas moal. Da,pereluna ogé ukur endog tilu siki.Teu poho tuan tanah langsungnanya ka Abu Nawas, iraha endognu diinjeumna rék ditaur. AbuNawas ngajawab, moal bisanangtu keun ngan mun geus ayajang naurna tangtu moal diengké -keun.

Lima poé ti harita, Abu Nawasgeus ngurunyung rék naur endognu diinjeumna. Nu tadina tilu sikijadi lima siki. Nempo kaayaan kitu,tuan tanah bungah amar watasuta.Tanpa pikir panjang, tuan tanahnawaran deui bisi aya kénéh nu rékdiinjeum. Nya harita Abu Nawasnginjeum piring poslén dua siki.Jero pikirna, sababaraha poé kahareup piring polénna bakalngaloba an. Lima poé ti harita, AbuNawas datang deui rék mulangkeunpiring poslén nu diinjeumna. Nutadina dua siki jadi tilu siki. Najanteu saperti nu diharepkeun, tuantanah tetep atoh. Piring poslénnanambahan.

Sanggeusna kitu tuan tanahngahaja nawarkeun duitna. Gedénasarébu dinar! Jumlah nu luar biasa.Cenah sarébu dinar téh cukup keurmayar gajih pagawéna camplengsabulaneun. Sarua jeungsaméméhna harepana duitna bakalanakan. Saloba-lobana. BiasanaAbu Nawas naur hutangna saban

geus lima poé. Antukna duit nusarébu dinar téh “kapaksa” di -injeum ku Abu Nawas. Tapi, selanglima poé ti harita Abu Nawas canhol. Selang sabulan can hol kénéh.Tuan tanah geus teu sabar.Tungtung na curiga. Moal kitu di -calikong mah ku Abu Nawas?

Awalna tuan tanah jeungcenténg na siap-siap rék ngontrogAbu Nawas. Ngan, inyana kaburudatang. Tuan tanah atoh, da nudidago-dagona datang. Sugan téhrék naur hutangna. Kumaha atuh?“Hanjakal tuan. Artos téh bujeng-bujeng anakan. Malihan tilu dintensaatosna ditambut sadayanamaraot”, ceuk Abu Nawas.Ngadéngé omongan Abu Nawaskitu, tuan tanah ngambek satakerkebek. Malah centéng-centéngnaméh-méhan ngarintug Abu Nawas.

Tuan tanah ngadukeun kajadianbieu ka kadi/hakim. Kadi/hakimsatuju disidangkeun. Abu Nawasdidakwa ngalaporkeun “kajadian”nu dijieun-jieun. Malah didakwangahaja ngawadul. Ganjarana AbuNawas kudu digantung atawadicambuk/dirajam. Tapi putusankadi/hakim bener-bener adil. Ceukkadi/hakim: “Sakur nu sok anakanpasti paéh. Sabab embé sok anakanpasti paéh. Nya kitu deui duit, munduit sok anakan pasti paéh”. Al-hasil, Abu Nawas dibébaskeun tinasagala tungtutan.***

(Disarungsum tina sababarahasumber)

50 Manglé 2438

Dasar KumedKu Mahmud Yunus

Page 52: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Kaca PanonKira jam sapuluh kuring geus

nongkrong di mabil colt Gunung Ci -julang. Harita téh kuring rék balik kaKarangnunggal.

Teu lila kurunyung aya babaturantina béca, harita manéhna kakaradatang ti Jakarta, atuh jadi bareng wébalik téh jeung manéhna.

Di jalan teu loba ngobrol, sababkuring nyaho manéhna téh capéeun.Ngan hayang seuri sotéh éta manéhnadi Jakartana boga grup anu ngaran naSarébu Obor.

Harita manéhna maké kaca matahideung, atuh reup wé manéhnanundu tan. Majar téh ngarah teu érajeung teu kacidi nundutan ari makékaca panon hideung mah. Harita ogékuring milu nundutan. Tapi kakara ogéngalenyap, cring kadéngé aya sora nuragrag, tapi ku kuring teu ditolih, dapanyangka téh moal salah duit ken-cring.

Tapi teu lila ti harita, kira-kiralebah Cibalong kuring kageuingkeunku panumpang anu saleuseurian manitingcakakak. Barang kuring beunta,naha anu saleuseurian téh bet kabéhmelong ka tukang. Ari disidik-sidiktetela anu diseungseurikeun téhbabatu ran kuring.

Naha barang dirérét, ari cakaka téhsorangan ogé milu seuri. Singhorénganu ngelencring tadi téh kaca panonbabaturan. Kacana ragrag sabeulah.Tapi manéhna mah jongjon wélelengga kan. Atuh puguh wé saha nuteu hayang seuri, buuk gondrong makékaca panon hideung sabeulah mo-longo, persis... naon baé.

Kulantaran sorangan ogé milu éra,terus manéhna disigeung, bray beunta.

“Aduh euy, cilaka nyeri panon ieu,da ieu asa serab sabeulah!”

“Usap wé kadinya!” ku kuringditempas bari teu kuat nyenghélhayang seuri.

“Astagrifullah...” cenah bari kuram-kireum.***

Adeng ARancapetir – Karangnunggal

Tasikmalaya

Teu Niat“Akang… tuh kenténg oméan,

nyoro sod jigana mah, wengi gé basahujan meuni baraseuh kana kasur…”kitu omongan pamajikan téh basa ku -ring balik ti pagawéan.

“Muhun…” ngan sakitu anu kaluartina biwir téh.

Capé kénéh sabenerna mah, tapi aridék nolak, piraku deuih. Da éta téhkawajiban, ari teu nolak, nyétacararapé kénéh, ma’lum gawé pantarkuli bangunan.

“Nya…, leleson heula wé ayeunamah…” bari ngasongkeun cai hérangjeung goréng ketan. “Ngan tong lami-lami teuing, tuh di luar tos angkeubdeui…”

Beu! Ngeunah mimitina mahomongan téh, asa diayuin-ambing, aritungtungna asa ditotogkeun, hehe-hehe….

Capé karasa leungit, muru kapipir dapur nyokot tarajé. Ditagen -keun dina suhunan. Rada ripuhmaké tarajé téh, ma’lum imah dikota, jeung tatangga téh meunipagéyé-géyé, heuring mun sakalieunbabawaan anu rada gedé.

Sanggeus ngarasa weweg, kuringnaék. Leuh.. enya wé, kenténg téhnyoro sod, jigana dipaké guley ku ucing,atawa ku japati tatangga.

Bismillah… suku mimiti nécé kanasuhunan. Tarapti da geus loba nu bobokaina.

“Wooii…!!!!” keur ngeunah-ngeu-nah memener kenténg, aya nu nga-jorowok di handap. Panasaran, barangdirérét, gebeg!!!

“Kang Sapri badé noong nya?” soraawéwé, rada cumentil.

Atuh kuring meureumkeun panon.Kuring poho lamun béh wétanneunimah kuring téh aya wc umum, anumun jam sakieu meujeuhna loba numarandi.

“Wios wé teu kedah peureum…”bari nyikikik.

Gusti… teu hayang ngalawanan,buru-buru turun. Pagawéan mahditinggal keun.

“Tos réngsé kang?” pamajikannanya.

“Kéla. Teu pupuguh tuur karasaleuleus.”

“Oh… kadé atuh.” ***

Aldiansyah

Jékét KulitIeu mah pangalaman kuring sora -

ngan. Anyaran boga jékét kulit dombaasli med in Garut. Ngahaja meunangnabung da hargana kaitung mahal.Atuh ari mahal meulina mah éta jékétkulit téh kacida dipupustina. Diurusnaogé dibener-bener, teu siriknadiusapan unggal poé téh lain bohong.Unggal tas maké teu poho dihémbo-dian, ngarah tetep leuleus jeung bere-sih.

Ka kuringna ogé ari pareng makéjékét kulit téh asa karasa gagah. Simajeung wawanén diri téh asa nambahan.

Ngan bubuhan ari jalma mah sokkakeunaan ku poho jeung taledor. Hijipoé kuring balik peuting tur kahujananmeusan. Sok sanajan henteu rancucut,jékét kulit téh kabaseuhan. Peutingharita teu langsung diberesihan, da teukuat ku tunduh. Ari isuk-isukna kuringtéh geus kudu miang deui ka tempatdulur.

Pabeubeurang, pas di tempat duluringet kana jékét kulit nu ti peuting ran-cucut kahujanan. Gura-giru kuringngasms adi, nitah sangkan jeket kulitkuring diberesihan. Geus ngasms kitumah jongjon waé.

Pasosoré, sanggeus bérés kaper-luan kuring balik ka imah. Pas nepi kaburuan, karérét jékét kulit kuring nga-gantung dina sasampayan. Teg hatéreuwas. Gura-giru lumpat murusasampayan. Bener teu nyalahan jeungkereteg haté. Jékét kulit téh dipoé kuadi, atuh jadi heuras siga kurupuk kulittéh enyaan.

Asa hayang sahing-hingna ceurikningali jeket kulit nu dipupusti nepi kaheuras kitu mah. Asup ka imah hadénaadi téh keur euweuh, mun aya mahsigana bakal jadi korban murang-maring na kuring. Bari jeung han-deueul, éta jékét kulit téh langsungdihémbodian sangkan leuleus deui,béak ampir sabotol.

Ema mapagahan, matakna cenahmun nanaon téh kudu tarapati. Lainbéjaan atuh ka adi manéh téh, jékétkulit mah teu meunang dipoékeunkituh. Ari adi manéh pan, sajaba ti leu-tik kénéh téh, awéwé deuih, teuapaleun kana ngurus jééet kulit lalaki.

Kuring unggut-unggutan, bariangger dina haté mah handeueul.***

Taufik RahayuBatusari – Lengkong

Cisompet – Garut 44174

Manglé 2438 51

Page 53: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Ngopi

“Punten ah… nyuhunkeun caipanas, sakantenan wé sarenggula kopina…" (bari nga-songkeun gelas kosong ka wahaji)

Asep Mahpudin

SDN Haruman Sari – Garut

Lebay

Akang : “Tos ah… akang mahalim ningal deui nyai…”Nyai : “Iiihhh… naha kang?”Akang : “Sieun diabetesakang mah..”Nyai : “Na, kumaha kitu?”Akang : “Tuda unggal poé teuweléh amis, ningal nyai imutleleb…”

Asep Mahpudin

SDN Haruman Sari – Garut

Kasét BF

Akang : "Rék ka mana su-jang?"Ujang : "Badé ka pasar, meulikasét BF."Akang : "Hus, ulah! BF mahpilem husus déwasa siah!"

Ujang : "Apal, da ujang gelain budak bolo'on atuh! Daujang mah rék meuli kasétBF-na anu husus keur budak.Wéw ah!"Akang : “Euuhh…!!”

Indra Gunawan

Jl. Keansantang No. 34

Ngarayu

Aa : “Néng… ka dieu atuh ca-likna ulah tebih teuing.”Nyai : “Emang kunaon, A…”Aa : Aa takut nanti Enéng di-gembrong sireum.”Nyai : “Harr… naha?”Aa : “Karena Enéng begitumanis katingalina.”

Indra Gunawan

Jl. Keansantang No. 34

Siiiaaappp!

Ibro : “Pa, abdi badé amengheula, nya?”Bapa : “Nya sok jang, tapiulah jauh-jauh teuing.”Ibro : “Moal atuh, paling géamengna ka cirebon.”Bapa : “Kagok atuh ulinna,

sakalian wé ka kudus, baripangmeulikeun roko!”

Obar Sobarsa

Jl. Astana Anyar No. 90

Nyikat

Omo : “Uiingah mun nyikathuntu, da tara maké odol?!”Ojos : “Naha? Ku naon atuh?”Omo : “Ku pasta gigi.”Ojos : “Ditampiling siah!!!”

Obar Sobarsa

Jl. Astana Anyar No. 90

Herbivora

Bu Guru : "Sato anu ngada-har tutuwuhan disebut her-bivora, sedengkeun anungadahar daging disebut car-nivora. Lamun sagala dida-har disebut naon?"Ibro : "Pesta-pora buuu.."

Elin Marlina

Jl. Cangkuang NO. 167

Nyandung

Salaki : "Baé akang nyan-dung?”Nyai : "Heug waé kang, nganaya saratna!”Salaki : "Naon syaratna?”Nyai : "Nyandungna ulah ka-jalma deui!”

Elin Marlina

Jl. Cangkuang NO. 167

Tanya Jawab

Ina : “Déwa naon ngarannaanu ngawasa laut dina mitosyunani kuno?”Ato : "Eeuu.. Laksamana rajadi laut!"Ina : "Euuuhh!!!"

Eva Riesta

Jl. Pembangunan 34 -

Garut

Hitut

Nunu hitut hareupeun Ojo.Hitutna tarik jaba bau deuih. Nunu : "Punten Pa, teu kake-mot,"Ojo : "Ih, teu kudu reuwasjeung éra, sabab perkarahitut mah aya paribasana,nyaeta: “Élmu tungtut dunyasiar, maneh nu hitutna aingnu jangar!"

Eva Riesta

Jl. Pembangunan 34 -

Garut

Meujeuhna

Incuna: “Ku naon Ki, étararay mani beureum kitu?”Akina: “Gara-garana mah ak-

Page 54: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

ibat laleur kasebelan euy.”Incuna: “Laleur kumaha?”Akina: “Mimitina mah ayalaleur eunteup dina bujurparawan tatangga Aki, tuluyku Aki téh ditepak ku le-ungeun. Tapi laleurna nga-pung, atuh leungeun Aki jadikeuna kana bujur parawan.”Incuna: “Ari éta raray kunaon?”Akina: “Nyaéta digamplengku budak parawan téa.”

Anisa Wulansari

Jl. Cigagak Cipadung

Bandung

Muhandeuar

Lah meuni lieur kieu!!! Ariduit loba, pangabutuh eu-weuh. Nyaho kieu mah,horéam boga duit téh....

Arini

Jl. Bandung No. 189

Kéla

"Kéla nya, keur bébérésheula, antosan kedap, damoal lami.." Sabodo teuing ceuk numaraca téh…Heuheu..

Arini

Jl. Bandung No. 189

Salah Ngahartikeun

Ninina: “Ujang, béjana pa-majikan manéh geus karasabeuteung cenah?”Incuna: “Enya Nini, malahankarak bieu pisan dibawa karumah bersalin.”Ninina: “Ari manéh pikirantéh sok kamana karep? Nahalain langsung dibawa kaparaji ari geus karasa kitumah, teu kudu maké jeungdisalin sagala bisikaborosotan mantén!”

Anisa Wulansari

Jl. Cigagak Cipadung

Bandung

Bener Ogé

Warga: “Naon cenah Pa RTnu jadi lantaranana pangnapasar kahuruan téh?”Pa RT: “Ari manéh bodo téhdibéakkeun ku sorangan.Maké jeung tatanya sagala dageus pasti ari nu ngalan-tarankeun kahuruan mah dimana-mana ogé ... seuneu.”

Anisa Wulansari

Jl. Cigagak Cipadung

Bandung

SIM

Rék bulan puasa rék lain, arisalah mah angger kudu diti-lang.Pulisi: “Ku naon teu di-hélem?”Kosim: “Kakantun, Pa!”Pulisi: “Mana Sim?”Kosim: “Badé ka alun-alunPa, mésér sapatu lebaran.”Pulisi: “Rék ka alun-alun jig,rek ka Pasar Baru pék téhteuing. Kuring mah nanyasotéh Sim, Surat Ijin Menge-mudi?”

T. Hartini

Jl. Panyerutan 34

Tasikmalaya

Salah Ngahartikeun

Ninina: “Ujang, béjana pa-majikan manéh geus karasabeuteung cenah?”Incuna: “Enya Nini, malahankarak bieu pisan dibawa karumah bersalin.”Ninina: “Ari manéh pikirantéh sok kamana karep? Nahalain langsung dibawa kaparaji ari geus karasa kitumah, teu kudu maké jeungdisalin sagala bisikaborosotan mantén!”

Anisa Wulansari

Jl. Cigagak Cipadung

Bandung

Supaya Ngebul

Jikan: “Nanaonan éta téhngulas-ngales minyak tanahdi dapur. Sakitu minyaktanah hésé jeung mahal téh?”Salaki: “Pan rék ngadurukdapur!”Jikan: “Naha kawas nu geusowah baé maké jeung rékngaduruk dapur sagala?”Salaki: “Pan ceuk Si Abahcenah geus lila dapur téh tarakaciri ngebul.”

T. Hartini

Jl. Panyerutan 34

Tasikmalaya

Bener Ogé

Warga: “Naon cenah Pa RTnu jadi lantaranana pangnapasar kahuruan téh?”Pa RT: “Ari manéh bodo téhdibéakkeun ku sorangan.Maké jeung tatanya sagala dageus pasti ari nu ngalan-tarankeun kahuruan mah dimana-mana ogé ... seuneu.”

Anisa Wulansari

Jl. Cigagak Cipadung

Bandung

Meujeuhna

Incuna: “Ku naon Ki, étararay mani beureum kitu?”Akina: “Gara-garana mah ak-ibat laleur kasebelan euy.”Incuna: “Laleur kumaha?”Akina: “Mimitina mah ayalaleur eunteup dina bujurparawan tatangga Aki, tuluyku Aki téh ditepak ku le-ungeun. Tapi laleurna nga-pung, atuh leungeun Aki jadikeuna kana bujur parawan.”Incuna: “Ari éta raray kunaon?”Akina: “Nyaéta digamplengku budak parawan téa.”

Anisa Wulansari

Jl. Cigagak Cipadung

Bandung

Supaya Ngebul

Jikan: “Nanaonan éta téhngulas-ngales minyak tanahdi dapur. Sakitu minyaktanah hésé jeung mahal téh?”Salaki: “Pan rék ngadurukdapur!”Jikan: “Naha kawas nu geusowah baé maké jeung rékngaduruk dapur sagala?”Salaki: “Pan ceuk Si Abahcenah geus lila dapur téh tarakaciri ngebul.”

T. Hartini

Jl. Panyerutan 34

Tasikmalaya

SIM

Rék bulan puasa rék lain, arisalah mah angger kudu diti-lang.Pulisi: “Ku naon teu di-hélem?”Kosim: “Kakantun, Pa!”Pulisi: “Mana Sim?”Kosim: “Badé ka alun-alunPa, mésér sapatu lebaran.”Pulisi: “Rék ka alun-alun jig,rek ka Pasar Baru pék téhteuing. Kuring mah nanyasotéh Sim, Surat Ijin Menge-mudi?”

T. Hartini

Jl. Panyerutan 34

Tasikmalaya

BTC di Demo

“Urang ka kota yu?”“Aya naon kitu?”“Euh manehna mah katin-galeun jaman, demo…demo...””Naon naon, lebaran kieu ayademo?””Eta urang Arab nu arulin kaBTC demo gede-gedean…””Demo naon, uing panasaranManehna demo, cenahngaran BTC teh salah..””Kuduna?””Aa Ba Ta Ca...””Baleg....!”

Udin Sarudin

Bojongkaler Bandung

Manglé 2438 53

Page 55: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

54 Manglé 2438

Ti jaman ka jaman, jelas pisan,pancen pers teh pangpangnamah ngayakeun parobahan.

Ieu geus tembong natrat dinalalampahan pers urang, boh jamansamemeh kamerdekaan boh jamansabada kahontalna kamerdekaan.Nu matak teu heran, mun tokoh-tokoh perintis kamerdekaan sapertiSoekarno jeung Hatta sapara -kanca, apan nem brakkeun gagasanparobahanana teh dina koran. Kitudeui, sabada kamerdekaan, koransaperti Indonesia Raya nu diping-pin ku Mochtar Lubis, dibelaan pa-hereng malah nepi ka tarung jeungnu nyekel kakawasaan, demi nyoa -rakeun parobahan. Kadieunakeun,koran saperti Harian KAMI nu di -pingpin ku Nono Anwar Makarim,kitu deui Mingguan Mahasiswa In-donesia Edisi Jabar nu dipingpinku Rachman Tolleng jeung ming-guan Mimbar Demokrasi nu dip-ingpin ku Adi Sasono, apan kalayankebek ku “gairah”(passion) teuweleh midangkeun gagasan paro -bahan.

Ana kitu, jelas, masarakat po-hara pisan ngandelkeunana lem-baga pers lebah ngayakeunpa robahan, lian ti ngandelkeunlembaga sejenna saperti parteypulitik jeung organisasi ka-masarkatan. Jadi, pohara bahlanamun pers di hiji nagara kurang kuathirupna nepi ka teu mampuhngalaksanakeun pancenna mi-nangka agen parobahan. Nya,tangtu wae, hal kitu teh bakal nim-bulkeun akibat negatip ka masa -rakat. Nu sakuduna masarakat tehmeunang atikan ti lembaga pers, ariieu persna sorangan teu walakaya,nya saha atuh nu ngatikmasarakat? Nu sakuduna masa -rakat teh beunta kana kaayaan di-

rina nu misalna wae keur katibanmamala, ari ieu bet persna soran-gan teu walakaya, nya kumahabisana masarakat beunta kana na-sibna atuh?

Zona StagnanTeu bisa dibantah, masarakat

Sunda ayeuna keur nandangan ma-mala : asup kana zona stagnan.Coba wae, masarakatna apan teukaasup raharja, saperti tembongdina sakitu reana masarakatmiskin. Atuh atikanana oge teuwalatra saperti sakitu reana siswasakola saukur semet Sakola Dasar.Akibatna kabeungharan alam tatarSunda teu bisa kamangaatkeunpikeun kamaslahatan balarea. Nyatimbul urbanisasi, masarakat pa -de saan parindah ka pakotaan.Leuheung mun meunang pagaweannu hasilna nyukupan, ninggangsaukur koreh-koreh cok, nyasaukur nambahan masarakat mis -kin pakotaan atuh. Pamustun-ganana luas neken kontrak jadiTKI nu remen kabejakeun padangakaya.

Kacaritakeun ayeuna jamandemokrasi nu mere wewenang sak-itu gedena ka para wakil rayat diparlemen. Nya, sakuduna parawakil rahayat teh tohtohan melanasib rahayat leutik, tapi geuningbuktina jauh kana kitu. Ieu tehbalukar partey pulitik bokbrokkabina-bina nepi ka teu mampuhngayakeun kaderisasi. Akibatnacalegna oge kababawa bokbrok.Tangtu teu kabeh kitu. Tapiumumna geus pada terang kanagoreng adat jeung goreng gawenakaom pulitisi urang teh.

Ngan nyaeta kaayaan nu matakprihatin kitu teh bet teu gancangpada ngomean kulantaran kapam-

ingpinan pohara hengkerna. Ieutembong pisan di pamarentahanwilayah Propinsi Jawa Barat nunepi ka kiwari henteu muncul ka-pala daerah (gubernur, walikota,bupati) nu bedas mampuh ngadob -rak kaayaan. Atuh di masarakat ogekaom cendekiawan Sunda kawasgeus mopo di tengah jalan. Cin-dekna, kaayaan masarakat Sundaayeuna teu beda jeung rawa nungeuyeumbeu. Nya kaayaan sapertikieu katelah zona stagnan.

MissiPohara teu pantesna, mun dina

kaayaan masarakat Sunda sapertikitu, bet pers Sunda oge tuluy sareteu lilir-lilir. Mun kitu, atuh persSunda geus hianat kana missinaenggoning ngatik masarakat sa -kum na. Pohara watak wirangna,geura dina mangsa penjajahan numasarakatna sakitu leuwih susahnatibatan kiwari, geuning pers Sundaharita- saperti koran Sipatahoenan- tandang mela hak-hak pulitik ra -yatna.Tapi naha ari dina mangsakamerdekaan kiwari pers Sundateu harus nyoara? Eta geuraPilkada rame di ditu di dieu, manalaporan pers Sunda nu milu“mencerahkan?”

Masing kumaha wae oge, oto-kritik, pangajen keras ka diri sora -ngan, pohara perluna dilakukeunku tokoh pers jeung insan persSunda ayeuna sakumna. Ulah nga -rasa sugema ku nu geus aya kulan-taran pers sejen geus pohara jauhmelesatna.

Piraku teu bisa urang brukbrak, “duduk bersama”, ngabahas nasibsorangan nu teu weleh matakpikamelangeun? Wilujeng EnjingPers Sunda!***

Karno Kartadibrata

Wilujeng Enjing Pers Sunda!

Page 56: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

Manglé 2438 55

KA GIGIR:1. Amis-amis nu sok usum dina bulanpuasa4. Teu nurut kana paréntah7. Sarupa cét hideung tina areng batu8. Jalan karéta api9. Hina20. Geulis12. Nagara gedé13. Anak adi15. Nagara dina pawayangan18. Hasil pertambangan21. Wangunan tempat kaagamaanurang Hindu atawa Buda23. International commite olympiade24. Palajaran di sakola26. Dahar janari dina bulan puasa28. Gelaran keur lalaki anak bupati29. Ukuran jauh30. Sumur31. Tukang meruhkeun sasatoan galak

KA HANDAP:1. Panutup rarangan lalaki di Irian2. Balangsak, susah3. Begang4. Akibat5. Akang (Minang)6. Tobat9. Cara nyambung beusi11. Duit nagara Jepang14. Indung

16. Hurang garing17. Sesebutan keur jelema laleutik dinadongéng barudak19. Nomer induk pagawé20. Nu nganut agama Islam21. Lalaki alus rupa22. Ibarat24. Pamingpin25. Naib27. Upah minimum regional

Waleran diserat dina kartu pos, témpélan Kupon Tarucing Cakra No.1405. Kintunkeun ka Majalah MangléJl. Lodaya 19 Bandung 40262 palingleuir dua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah Tarucing Cakra No. 1403:

1. Hanny Rahma HanumJl. Bagus rangin dlm no.53Bandung

2. Udin SamsudinCipariuk RT 02 RT 09 F17Cibiru Bandung

3. Uus RukasahJalan Seladarma RT 03/03 243 ATasikmalaya

1405K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Jawaban TTS 2436

Page 57: Mitra Sunda WA - Mangle 2438

“Amhamdulillah, obyag deui.”“Naon téa, Lo?”“Agustusan, Mang.”“Na asalna teu pati obyag kitu, Lo?”“Hih, kapan mun teu salah mah

geus dua kali Agustus ninggang dibulan puasa, Mang.”

“Aéh, enya nya.”“Sok sanajan teu ngurangan rasa

sukur kana poé kamerdékaan, ari dinabulan puasa mah teu bisa euyah-eu -yahan raraméan, Mang.”

“Ih, puguh wé. Kapan beurangnaleuleus da puasa, peutingna pabeulitjeung tarawéhan.”

“Bener, Mang. Aya éta ogé anumaksakeun kariaan ti peuting, badatarawéhan, tapi ripuh.”

“Ripuh kumaha,Lo?”“Sapeupeuting kariaan Agustusan,

janari kudu nyaring deui, saur.”“Ambuing.”“Taun ayeuna nu tumaninah Agus-

tusan mah, Mang.”“Tumaninah kumaha, Lo?”“Sabada raraméan lebaran tuluy

diteruskeun kana kariaan Agustusan.”

“Heuuh.”“Jadi nyaan raména téh, Mang.”“Geus dua taun atuh teu dikari-

akeun.”“Alun-alun ramé deui di lembur

abdi mah, Mang.”“Ramé ku nu pawéy, Lo?”“Enya, Mang.”“Saban grup atawa rombongan

tangtu ngadu geulis nya, Lo?”“Enya, Mang.”“Naon baé nu aya dina pawéy téh?”“Aya nu manggul jampana, nu mi-

dangkeun kandaraan hias, kasenian,jeung rupa-rupa kamonésan lianna,Mang.”

“Aya pidangan kasenian nyah dinapawéy gé.”

“Puguh wé, Mang. Paalus-alus,pakéwes-kéwes.”

“Oh.”“Malah kasenian anu geus méh

tilem gé dipidangkeun deui, Mang.”“Baruk?”“Bener, Mang. Di antarana di lebur

uing mah kasenian beluk nu remen di -pidangkeun saban pawéy Agustusan

téh.”“Alhamdulillah.”“Geus puguhning ari kasenian anu

masih kénéh kasebut populér mah,Mang.”

“Kitu nyah?”“Enya, Mang. Aya penca silat, kuda

rénggong, kuda lumping, sisingaanatawa singa dépok, jeung réa-réa deui.”

“Ari kasenian modéren kumaha,Lo?”

“Biasana nu modérenna mah drumband, Mang. Sok dieuyeuban deuih kukasenian kréasi anyar, modél tataluatawa tatabeuhan tina awi jeungbarang-barang rongsokan.”

“Resep ngabandunganana gé. Lala-jona pogot deuih nya, Lo.”

“Bener, Mang. Da atuh ari Agustustéh aya kalana saban kasenian nu ayadiketrukeun, dipintonkeun.”

“Pasti ku kituna téh, Lo.”“Pasti kumaha, Mang?”“Pasti, lantaran réa kasenian anu

bisa dipidangkeunana ukur sataunsakali. Saban Agustusan.”

“Sataun sakali téh lain alatan sakral,Mang?”

“Lain. Tapi alatan moment pikeunmidangkeunana ukur dina Agustusan.Lantaran dina waktu-waktu nu séjénnamah arang langka aya moment atawalahan pikeun midangkeunana.”

“Ari kitu mah kudu réa kagiatansalian ti momen Agustusan, sangkankasenian-kasenian di urang téh remendipidangkeun deui. Ulah ukur dinaAgustusan wungkul.”

“Ja heueuh.”***

Agustusan Deui

56 Manglé 2438