36
Assalamu’alaikum wr.wb. Alhmadulillahi robbil ‘alamin.washolatu wassalamu ‘ala sayyidina Muhammadin wa ‘ala alihi washohbihi ajma’in. Amma ba’du. Para hadirin anu mulia, salaku umat Islam atos sawajarna urang mengenal lebih deket junjungan urang yakni Nabi Besar Muhammad SAW. kabehanana eta semata-mata kango ningkatken kataqwaan urang ka Allah SWT. Ku cara seperti kitu urang bisa lebih ngadeketken diri ka Allah SWT, bisa lebih baik nganjalankan perintahna sakaligus ngajauhan laranganana Hadirin anu berbahagia. dina bulan anu pinuh berkah iyeu urang perlu lewih loba ngalakuken muhasabatun nafsi atawa instrosfeksi diri, ngentengan sorangan. Terutama anu berhubungan jeung peningkatan kualitas sholat urang sadayana khususna jeng kualitas ibadah secara keseluruhan. sabab ges sakuduna urang salaku kaum muslimin kudu ningkatken kualitas diri jeng amaliyah, ibadah ka Allah SWT. Sakumaha pidawuh junjunan urang sadaya” man kaana yaumuhu hoirun min amsihi pahua roobihun” saha wae jalma anu sae poe ayena tibatan kamari,tah eta jalma anu beruntung batian mun dina dagang mah Kacida Cilakana jalma anu amal poe ayeuna lewih buruk tibatan poe kamari,kacida rugi jalma anu amal poe iyeu sarua jeung amal poe kamari, maka beruntunglah orang yang jika amal hari ini lebih baik dari kemarin. Hadirin anu mulia………..

Pidato Sunda

Embed Size (px)

DESCRIPTION

pidato sunda

Citation preview

Assalamualaikum wr.wb.

Alhmadulillahi robbil alamin.washolatu wassalamu ala sayyidina Muhammadin wa ala alihi washohbihi ajmain. Amma badu.

Para hadirin anu mulia, salaku umat Islam atos sawajarna urang mengenal lebih deket junjungan urang yakni Nabi Besar Muhammad SAW. kabehanana eta semata-mata kango ningkatken kataqwaan urang ka Allah SWT. Ku cara seperti kitu urang bisa lebih ngadeketken diri ka Allah SWT, bisa lebih baik nganjalankan perintahna sakaligus ngajauhan laranganana

Hadirin anu berbahagia. dina bulan anu pinuh berkah iyeu urang perlu lewih loba ngalakuken muhasabatun nafsi atawa instrosfeksi diri, ngentengan sorangan. Terutama anu berhubungan jeung peningkatan kualitas sholat urang sadayana khususna jeng kualitas ibadah secara keseluruhan.sabab ges sakuduna urang salaku kaum muslimin kudu ningkatken kualitas diri jeng amaliyah, ibadah ka Allah SWT.Sakumaha pidawuh junjunan urang sadaya man kaana yaumuhu hoirun min amsihi pahua roobihun saha wae jalma anu sae poe ayena tibatan kamari,tah eta jalma anu beruntung batian mun dina dagang mahKacida Cilakana jalma anu amal poe ayeuna lewih buruk tibatan poe kamari,kacida rugi jalma anu amal poe iyeu sarua jeung amal poe kamari,maka beruntunglah orang yang jika amal hari ini lebih baik dari kemarin.

Hadirin anu mulia..sabab amal ibadah sholat eta tolak ukur daripada identitas jalma islam, makana sagala upaya,tarekah kango ngengengken sholat anu khusyu, ikhlas jeng makbul kaasup rangkaian ibadah. Sedengken sholat khusyu, ikhlas jeng makbul eta moal bisa ngawujud jika lamun henteu ditunjang ku ilmu.Tina ku lantaran kitu, Islam ngawajibken sadaya muslimin muslimat milarian ilmu. Sakumaha pidawuh kangjeng nabi muhammad saw:

Tholabul ilmi faridhotun ala kulli muslimin walmuslimat

Anu pihartosenana milarian elmu teh eta fardu piken muslim lalaki jeng muslim awewe fardu didiyeu fardu ain.anu teu bisa di gantian ku batur seperti solat berjamaah jeng ngurus mayit.

Dina hadits anui sanes dicarioskeun, Teangan ilmu sananjan nepii ka negeri Cina.Hadirin anu mulia.. Lamun ku urang di talaah secara detil jeng mendalam, naun sabana Rasulullah SAW ngahubung-hubungken ilmu jeng Cina ? Aya kepentingan naun ? Sajauh mana pengetahuan baginda rosululloh saw tentang Cina ?

Hadirin anu berbahagia.Umat Islam karek sadar waktu perintah sholat mimiti diwajibken. Ternyata seeur pisan sarana jeng prasarana anu ngadukung kana ibadah sholat anu khusyu. sabab ibadah sholat ngandung syarat jeng rukun. Tah urang moal terang kana perkara rukun jeng syarat shalat lamun teu rajin ngaji elmuna sholat. Sedengken anu menyangkut masalah syarat eta erat hubunganana jeng alat jeng materi. Logikana,Hadirin anu mulia... pada saat sholat diwajibken, maka nutupan aurat eta disyaratken. nutupan aurat eta kudu ku kain, jeng dina waktu harita sekitar taun 621 Masehi, hiji hijina negara anu mampu ngahasilken tekstil kain kur negri Cina. Tah eta sababna pangna Rasulullah SAW ngahubungkan kawajiban nuntut ilmu jeng negeri Cina.

Hadirin anu berbahagia.Bulan Rajab, di mana urang ngalewatina ti taun ka taun. Jeng teu ukur ngaliwati wungkul, urang sadayana salaku kaum muslimin selalu menyambut bulan Rajab iyeu kuperingatan-peringatan, pengajian-pengajian anu dikaitken jeng uraian tentang sholat. Tapi naha nya, ku datangna bulan rajab iyeu kur ngaliwat kitu wae??? Tangtu henteu. Sabab anu lewih penting kango urang sadayana nyaeta ngalenyeupan,merenungi jeng memakna,i ibadah sholat itu ku aktifitas hirup urang.Pada saat sholat itu diwajibken kudu khusyu maka dina ngalakuken pagawe,an naun wae urang kudu khusyu serius jeng sungguh-sungguh.Ketika sholat itu disyaratkan kudu beresih tina hadats, maka dina ngalakuken naun wae eta kudu bersih tina kebohongan, henteu korupsi jeng saling menzdolimi. Lamun saurang pagawe henteu korupsi waktu, jeng lamun si majikan henteu ngagaweken pagawe secara semena-mena.

Masih seeur hikmah sholat anu perlu ku urang di talaah secara mendalam. Hayu urang aplikasiken makna sholat urang di luar sholat. Mudah mudahan urang sadyana selalu dibere kakuatan, petunjuk, jeng pitulung Alloh SWT, amin.Sakitu anu ka sanggakeun mudah mudahan aya manfaatnaAqulu qouli hadza astaghfirullohal azdim. Wallohul muwafiq ila aqwamit thoriq.

Wassalamualaikum warahmatullohi wabarokatuh

Assalamualaikum Wr.Wb.Aujubillah himinassyaiton nirojim.Bismilah hirohman nirohim.

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama badu.

Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.

Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.

Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam.

Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.

Teu hilap nu di pikahormat bapa.,(eusi kunyalira)Nu di pikahormat bapa,(eusi kunyalira)Nu di pikahormat bapa..(eusi kunyalira)

Dina kasempetan ayeuna sim kuring bade ngababarkeun yen naon-naon wae anu bakal ku urang di bawa maot, naon wae anu bakal nulungan urang eungke di jero kubur.

Anu bakal nulungan urang ke di jero kubur teh cak hadis rosul aya tilu, hiji elmu nu manpaat, nyaeta elmu anu ku urang diamal keun diwaktu hirup mamagahan batur, mamagahan barudak, jeung sajabana bari jeung urang ngalaksanakeunana.

Nu kadua nyaeta amal sodakoh atawa jariah anu suci tur iklas, dimana utang sawaktu hirup sok barang bere kanu butuh, mere dahar kanu kalaparan mere ka nu pakir, nu miskin jeng mere sumbangan keur pembangunan masjid jeung sajabana amal-amal anu soleh bari jeung rido iklas sodakoh karma Allah Subhanahu Wata Ala.

Nu terakhir nyaeta nu katilu amal nubakal nulungan urang teh nyaeta anak anu soleh, nyaeta budak anu ngadoakeun indung bapana, sakumaha keur hirupna dididik dititah ngaji ,sakola, ngala elmu jeung sajabana, tah dimana kolotna maot eta budak ngadoakeun kakolotna.

Mudah-mudahan urang sadayana tos siap, tos manteng, tos amal sodakoh, tos ngadidik barudak, tos ngamalkeun elmu jeung sajabana. Lamu anu euncan hayu urang mimitian ti ayeuna ti detik ieu ti poe ieu, sakumaha amal-amal anu di pikarido ku gusti Allah Subhanahu Wata Ala.

Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Bilahi taofik walhidayah.Wassalamu alaikum Wr.Wb.

Contoh Pidato Sunda | Ngawangun Nagri nu Utami

Innal hamda kullahu lillah. Nahmaduhu wa nastainuhu wa nastagfiruhu wa naudzu min syururi anfusina wa min sayyiati amalina. Mayyahdillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.

Asyhadu anla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu wa rosuluhu, la nabiya badah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangran Nu Nu Maha Kawasa, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ala nimatillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kumpul ngariung paamprok jonghok dina ieu makom, dina raraga ngamumul atanapi mimut hari jadina Kabupaten Ciamis anu ka 368. Acara ieu parantos janten adat tatali rasa pikeun Pemda Kab. Ciamis jeug sakumna warga masrakat Tatar Galuh Ciamis enggoning ngajantenkeun Kabupaten Ciamis janten Nagari anu Utami. Sakumaha anu parantos dijantenkeun visi og missina Kabupaten Ciamis ku anjeun.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun og ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabiin tabiatna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu turut-tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu knging syafaat di yaumil ahir. Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Langkung ti payun neda nyuhun maklum nya paralun mirh sim kuring dina medar ieu carita kirang tata titi duduga peryoga, maklum keuna kana paribasa: ciri sa nagri cara sa dsa jawadah tutung biritna sa carana sa carana bilih aya tingkah paripolah anu kabantun ti pakampungan anu kacandak di padsaan mantak ngajantenkeun reheut kana mamanahan para wargi sadaya, sakali deui sim kuring neda sih tawakuna, hapunten anu kasuhun.

Hadirin hormateun sim kuring!

Peryogi kauninga wirh ngadegna kota Ciamis palias sans ladang ntng, tinangtos tina hasil pross anu rumpil tur panjang. Sim kuring kataji ku salah sawios pupuhu anu janten Bupati Galuh anu ka genep welas, anu jenenganana Raden Adipati Aria Kusumadiningrat, anu parantos kaamanahan ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara Galuh Ciamis dina taun 1839 dugi ka taun 1886.

Saha kinten anu katelah satria linuhung kajamparing angin-angin, kakoncara ka janapria th? Raden Adipati Aria Kusumadiningrat th kalebet tokoh anu luhung ku lmu, beunghar ku komara tiasa janten ngawujud ngaraga sukma ka Bapa Engkon Komara jenenganana nyambuangkeun wawangi arum, lantaran Kangjeng Prebu kagungan lmu linuhung, Bupati munggaran anu tiasa ngaos aksara latn. Marntah adil palamarta,wedi asih ka rahayat.

Pamarntah kolonial harita keur meujeuhna ngagederkeun Tanam Paksa ta. Saenyana ari di tatar Priangan mah ti taun 1677 og geus dilaksanakeun anu disebut Preangerstelsel atawa sistim Priangan nu tumali jeung komoditi kopi th.

Tepi ka ayeuna langgeng dina lagu jeung hariring, tembang nu cipruk imata, cenah geuning Dengkleung dengdk, buah kopi raranggeuyan. Ingkeun sadrk, ulah ark dihareureuyan, gambaran wanoja anu sedih kapapanjangan lantaran ditinggalkeun ku panutan nu pancn gaw tanam paksa.

Tina Preangerstelsel, di lembur-lembur sjn saterusna dimekarkeun jadi Culturstelsel. Ttla di Kabupatn Galuh mah lain komoditi kopi wungkul anu dipaksa kudu diparelak ku rayat th, tapi og nila. Proyk nila ieu pisan anu nimbulkeun insidn Van Pabst nu ngabalukarkeun Bupati Imbanagara dirurud tina kalungguhanana th.

Mimiti Ngebon Kalapa. Tangtu ba Kangjeng Prebu bati sedih jeung prihatin nyaksian rahayatna dipaksa kudu marelak kopi jeung nila, bari hasilna dikunjalan ka nagara Walanda. Rahayat ukur kabagian kokoprot kesangna wungkul, kabagian bubuh ripuhna, cul anak pamajikan jeung kulawarga, sapopona kudu ngagugulung kebon kopi jeung enth. Tah, jaman tanam paksa kopi ieu pisan lahirna kawih sedih Dengkleung Dngdk th.

Kangjeng Prebu ku anjeun nangis lebeting manah, teu tga nyaksian rahayat kasiksa ku katelengesan pamarntah kolonial. Pikeun ngurangan bangbaluh rahayat, sangkan sajeroning lakon gaw tanam paksa henteu tepi ka lieuk euweuh ragap taya, nggal ngagederkeun pangwangunan, kayaning nyieun solokan-solokan jeung bendungan, mun ayeuna mah solokan tersir jeung sekundr katut dam-dam anu tohaga.

Tepi ka ayeuna aya knh solokan Garawangi nu diwangun taun 1839, Cikatomas taun 1842, Tanjungmanggu nu leuwih mashur disebut Nagawiru diwangun taun 1843 jeung solokan Wangunreja 1862.

Saterusna Bupati anu beunghar ku lmu panemu turta henteu tiasa kulem sammh babakti ka rahayatna th, muka lahan pasawahan anyar jeung kebon kalapa di mana-mana. Malah pikeun sosialisasi kalapa mah, unggal calon pangantn lalaki mun seserahan diwajibkeun mawa kitri (binih kalapa), anu saterusna kudu dipelak di buruan imahna tempat pangantn ngawalan rumah tangga.

Ti jaman Kangjeng Prebu, perkebunan kalapa di Galuh Ciamis nyolontod jadi, kacida suburna, produksi ngahunyud di saban lembur. Atuh teu kungsi lila ogeCiamis sohor jadi gudang kalapa pangmamurna di Priangan wtan. Dugdeg pabrik minyak kalapa diadegkeunku para pangusaha, pangpangna Cina. Nu pangsohorna Gwan Hien, ceuk urang Galuh mah Guanhin. Terus pabrik Haoe Yn jeung pabrik di Pawarang anu sohor disebutna Olpado (Olvado). Tah, Olpado mah musnah karagragan bom waktu Galuh dibombadir ku Walanda. Guanhin og kantun ngaran, sumawonna nu sjnna. Ka dieunakeun minyak kalapa kadsh ku minyak kalapa sawit jeung minyak gorng sjnna.

Contoh Pidato Sunda | Masrakat urang masih knh seueur anu beurat pikeun nyumponan kabutuhan hirup Pidato Bahasa Sunda |------------------------------------------------------------------Contoh pidato ini mungkin belum lengkap karena itu silahkan Anda lengkapi atau tambah jika menurut Anda perlu dilengkapi. ------------------------------------------------------------------Assalamualaikum Wr.Wb.Aujubillah himinassyaiton nirojim.Bismilah hirohman nirohim.

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama badu.

Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.

Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.

Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam.

Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.Para wargi hormateun sim kuring!

Tatar Ciamis th legana 2.556,75 m2 atanapi 3,65 kali lipet tina legana nagara Singapura anu legana 707,1 km2. Pendapatan perkapita penduduk Negara Singapura nyata AS $ 28.228, sedengkeun Nagara Indonesia perkapita pendudukna AS $ 3.979 atanapi ngabanding kana 7 kali lipet sahandapeun perkapitana Singapura.

Dina hal ieu sim kuring sans bad ngawiwirang ka lembur sorangan, nanging langkung payus pikeun urang sadaya pada museurkeun pamikiran swang-swangan neuleuman kasang tukang naon anu mantak tingkat konomi nagara urang masih jauh tina basa utama, rahayat mamur kahirupanana sejahtera lahir sinareng batin.

Padahal upami urang nitnan kana potnsi sumber daya alam anu dipibanda ku Singapura stu jauh tanah ka langit dibandingkeun sareng tatar Ciamis. Warga nagara Singapura pikeun nyumponan kabutuhan cai ba kudu ngadatangkeun ti nagara deungeunna nyata Johor Malaysia.

Kumargi sakitu tangtos tiasa katang ku urang sadaya sabaraha artos anu kedah dianggarkeun pikeun kaperluan MCK penduduk nagara Singapura dina sadidintenna.

Hadirin anu sami hadir!

Kalayan ngbrhkeun rasa syukur ka Gusti Allah SWT ku bageuran Mantena urang sadaya parantos dipaparin bumi anu subur mamur, gemah ripah loh jinawi.

Nanging paribasa ta saupamina dina mangsa-mangsa ka tukang sok dilengkepan ku kalimah murah sandang murah pangan, sepi paling towong rampog rupina babasan ieu kantun tunggulna. Laas tinggal tapakna, sabab henteu kasartaan sareng kanyataannana. Masrakat urang masih knh seueur anu beurat pikeun nyumponan kabutuhan hirup sadidinten.

Mun sok komo lamun kudu nyumponan sagala kabutuhan hirup anu aya hubunganana sareng pendidikan og kashatan anu layak tur pantes.

Lapangan gaw anu aya masih tebih tina basa utami pikeun nyumponan tur nampung warga masrakat angkatan kerja anu ti waktu ka waktu terus-terusan nambahan. Panarimaan masrakat dina widang konomi kacida pisan gajligna.

Di hiji pihak aya masrakat anu kabeungharanana milyaran rupiah, di pihak sjn justru aya masrakat anu malarat, tikoro nyoso-lara balangsak. Awak gulak giluk tinggal tulang jeung kulit, ceuk paribasana.

Numatak sakitu, samangsa-mangsa pamarntah ngarencanakeun pikeun nakeun BBM atawa tarif listrik pasti dirspon ku prots atawa dmonstrasi. Beurat narimbangan akibat tina nakna harga-harga sjn tina sabab musabab tuwuhna inflasi.

Saleresna sans ukuran siap atanapi teu siapna masrakat urang dina nyanggap sakumna program pamarntahna, hususna ngeunaan rencana nakeun harga BBM anu disaluyukeun sareng harga minyak dunia.

Nanging ku nrklna hahargaan ieu kuduna dipitembeyan ku panghasilan masrakat anu aya hubunganana sareng tingkat pendapatan perkapita penduduk.

Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Bilahi taofik walhidayah.Wassalamu alaikum Wr.Wb.

Contoh Pidato Sunda| Jangji-jangji Inohong kudu Ditedonan Jangji-jangji Inohong kudu Ditedonan

------------------------------------------------------------------Contoh pidato ini mungkin belum lengkap karena itu silahkan Anda lengkapi atau tambah jika menurut Anda perlu dilengkapi.------------------------------------------------------------------Assalamualaikum Wr.Wb.Aujubillah himinassyaiton nirojim.Bismilah hirohman nirohim.

Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama badu.

Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.

Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.

Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam.

Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.Hadirin anu sami hadir!

Dina momentum mimut medalna Galuh-Ciamis anu ka 368 ieu sim kuring perlu ngmutan ka para inohong anu kiwari disrnan amanah ku rahayat pikeun ngagem kalungguhan di badan kskutif atanapi lgislatif. Nanging paralun maklum anu kasuhun, sim kuring sans wakca ngalalancangan sumawonan mapatahan. Dina hal ieu sim kuring gaduh kawajiban pikeun ngalaksanakeun salah sawios partan Gusti Allah SWT sakumaha anu diunggel dina surah Al-Ashr nyata antawis muslim sareng muslim kedang silih wasiatan dina nanjeurkeun haq (bebeneran) og kashabaran. (tawa shoubil haqqi wa tawa shoubish shabr)

Wirh mutan rahayat tangtos panjang pisan, malihan tiasa mapat og parat dugi ka ahrat, nalika ngabandungan sadaya kasauran para wakil rahayat og para inohong dina nalika nyeuceup geugeut simpatik rahayat dina waktu kompanye. Nu mawi sakitu, manawi aya jangji pasini anu teu acan ngabukti, pasang subaya anu teu acan kalaksana, kumargi ta th kalebet kana hutang mangga nggal-ngkal geura cumponan.

Hadirin hormateun sim kuring!

Slogan Ciamis og visi sareng missi Kabupatn Ciamis tinangtos henteu kirang sampurnana, malihan kalintang ahng kabina-bina saupamina tiasa janglk ngawujud janten kanyataan. Masrakat tatar Galuh-Ciamis upami ditilik tina htrognitas pendudukna kalintang tengtrem ayem, henteu loba tingkah paripolah anu hubunganana sareng tindakan anarkis, provokasi, denstruktif, og kagiatan pibahayaeun anu sansna anu tiasa ngancam kana utuhna kasatuan sareng persatuan bangsa. Hal ieu tiasa kabuktos tina gebyegna masrakat Ciamis pakidulan anu nmbongkeun kahayangna pikeun ngamekarkeun darahna ti Kabupatn Ciamis janten Kabupaten Pangandaran. Pross ieu sok sanaos henteu gampil kitu-kitu wa, nanging sakiwarieun mah alhamdulillah henteu aya riak gelombang anu mantak pihariwangeun.

Potnsi pikeun ngamajukeun Ciamis th kalintang ngaleuyah pisan, malihan seueur pisan potnsi alamiah og pangwangunan titinggal Walanda anu teu bisa dioptimalkeun. Cobi ku urang titnan sabaraha legana tanah anu henteu jelas status garapanana anu dijadikeun lahan taneuh PJKA, ditarik ti kawit batas Kota Banjar ngajepat ratusan kilometer dugi ka Cijulang. Mangga mut deui, saupamina lahan ta henteu produktif usahakeun pikeun dirobah janten langkung ekonomis pikeun kasajahtraan sarra.

Teu kaitung tina potnsi perikanan laut, wisata, komoditas kalapa, kehutanan, pertanian, peternakan, mineral, jeung sumber daya alam nu sjnna. Piraku wilayah urang anu legana langkung ti tilu satengah kali lipat legana Singapura bari jeung sagala rupa sumber daya alamna lengkep pisan, mak henteu bisa ngaronjatkeun kasajahteraan?

Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Bilahi taofik walhidayah.Wassalamu alaikum Wr.Wb.

Contoh Pidato Sunda | Paturay tienung kelas 6 SD

Assalamualaikum wr. wb

Langkung tipayun sim kuring asmana Bapak,Ibu guru sekolah seja ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos tea mah sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot, rehna dina danget ieu tiasa patepung lawung, paamprok jonghok, patepang raray sareng para Ibu Bapak sadaya dina raraga paturay tineung marurangkalih kelas VI ieu.

Para Ibu, Bapak sadaya,menggah pamaksadan sim kuring teu aya sanes kajabina nyaeta seja nyukcruk galur di luluhur, mapay lacak anu baheula, tatali paranti warisan ti nini aki.

Nu mawi tebih diungsi, anggang di teang, sanes lantung tambuh laku, sanes ketang tanpa beja, sim kuring seja malikan carita anu tiheula nu kungsi dipake carita nyaeta rehna para Ibu Bapak nitipkeun, nyerenkeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana ka ieu sakola, nyatana ka Bapak Ibu guru supados pala putra putri Bapak sadayana dididik, diatik, dibina, dibimbing, dipaparinan pelajaran anu dugi ka danget ieu 6 taun parantos kalangkung, alhamdulillah parantos bade rengse, kalayan mung sakitu kamampuan sareng katiasana, mung sakitu buktosna anu mudah-mudahan aya mangfaatna, khususna kanggo marurangkalih sadayana, umumna mah kanggo keluargana, masyarakatna, agamana, nagarana, nusa sareng bangsana.

Namung dina hal ieu sim kuring asmana Bapak Ibu guru neda sihampuntena boh bilih dina salami ngadidik, ngatik, ngabimbing, ngabina pala putra putri Ibu Bapak sadayana aya dina kakirangan sinareng kalepatanana, atuh boh bilih aya anu kagitik ku pangatik, kahajar ku pangajar, pamugi ageung sihampuntena, da sentak polototna bapak sinareng Ibu guru teh sanes keuheul atanapi ngewa tapi bakat ku nyaah deudeuh kanu janten muridna.

Kalayan alhamdulillah kiwari parantos niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos kana mangsa rengsena diajar di sakolah dasar kalayan aya dina kalungsur langsar, aya dina kasuksesan, ku kituna sim kuring sabadana, mengingat, menimbang sareng memutuskan yen pada putra putri Bapak ibu sadaya dinyatakan LULUS 100 %.

Para Ibu Bapak sadayana,Kumargi kitu, sim kuring asmana Bapak Ibu guru sadayana seja nyanggakeun sejak masrahkeun deui pala putra putri Ibu bapak sadayana, ti luhurna sausap rambut, di handap sausap dampal, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kaireng katalingeuhan, bobodoran, kalepatanana sinareng kakiranganana sumangga nyanggakeun.

Para Ibu Bapak sadaya,Kanggo salajengna ieu mah khusus kanggo marurangkalih anu bade paturay tineung, tanbi lengoh kalempohan, tamba mulang ngalongkewang, sasieureun, sabeunyeureun, sarebuk samerang nyamu, belah pecah lalab rumbah, mugia janten barokah, ieu mah etang-etang tawis kanyaah, kadeudeuh sinareng katineung ka marurangkalih sadayana.

Ujang, Nyai hidep anu kungsi diiring ku kawih asih, balabuhna dasar katineung, gupay kelar enteupna geugeut kameumeut, anu disungging dina permadani, asih nu diipuk na jajantung, mangkak dina taman katresna, kiwari hidep parantos bade paturay, hidep bakal pisah, bakal pajah.

Kumargi kiti Bapak titip, Ujang Nyai mun seug hidep parantos mulang deui sareng lingkungan kulawarga, masyarakat, nagara, nusa sareng bangsa, poma Ujang Nyai hidep sing bisa ngajagi diri, ngaraksa salira, sing lantip budi, hade tata, hade basa sing nyaah, deudeuh ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat ka Nusa, Bangsa sareng Nagara.

Kumargi kita sim kuring asmana Bapak Ibu Guru sadaya seja neungteuk ranggeuy, nilas manggaran mungkasna mangsa diajar di sakola dasar, supados ngajirim eusi, subaya mibanda nyata, taya deui bahasa anu utama, iwal ti sisng lantip budi, hade tata, hade basa sing tiasa ngajagi diri, ngajaga salira, sing nyaah deudeuh ka salira, ka ibu rama, ka sasama, ka kadang warga, ka masyarakat, Nusa, bangsa, nagara sareng agama.

Rupin kiwari parantos niti wanci nu mustari ninggang mangsa anu utama, parantos anjog kana waktos anu diantos-antos, dinten ieu Rebo kaping 27 Juni 2007 hidep bakal pisah hidep bakal pajauh, pileuleuyan-pileuleuyan, sapu nyere pegat simpay, pileuleuyan pileuleuyan paturay patepang deui. pileuleuyan pileuleuyan anaking bral. Bral geura miang.

Para Ibu para Bapak sadayana sim kuring asmana Bapak Ibu Guru kalayan resmi mancen gawe ngemban tugas ti nagara sejak nyanggakeun pala putra putri Ibu Bapak sadayana sakali deui sumangga nyanggakeun.

Kumargi kitu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana, anu janten margi dina tata titina, dina tindak tandukna, oge dina tata titina, bema tatakrama, oge dina basa basina mung sakadar dirarampa, sugan kiti, meureun kieu, tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmana mah, seueur silung sareng sumbangna, kalayan teu puguh entep seureuhna.

Rupina sakitu nu kapihatur hapunten sagala rupi kalepatan sareng kakiranganana, beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran, tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda disarengan luhur kuta gede dunya, jatnika sapapaosna, bagja dunya rawuh akheratna. (unsilster.com)

Hikmah Puasa Jeung Kasantunan

Assalamualaikum Wr.Wb

Loba manfaatna nu bias dibeunangkeun jeung sakabeh muslim ti ibadah puasa. Salah sahijina, jeung media ngalatih kasantunan jeung berimokrasi sapopoe jalema muslim nu hayang ngajaga kamurnian puasana wajib ngangembangkeun. Cara berinteraksi nu sopan. Baik jeung tutur kata, canda atawa tingkah laku bahkan jeung jalema nu ngangsarikeun, sakalipun anu sakabeh jalema anu keur puasa Sabda rosulullah SAW anu aya nu mari atawa nyangserikeun, gewatlah abdi ngomong (maaf) abdi keur puasa (HR. Bukhori jeung Muslim).

Kasantunan kawas kitu rek ngadampak gede jeung pribadi anu bersangkutan atawa jalema anu ti sakitarna abdi erek ngabuat jadi pribadi anu indah. Allah swt nurunkeu, dua kaindahan umumna jalema kaindahan fisik jeung kepribadian umumna jalema gampang kagoda ku kaindahan fisik, lamun kaindahan fisik leungit kesan anu tingkah laku jeung omonganana kasar, di deuleuh kasantunan jadi factor kunci ngawujudkwun pribadi nu indah.

Sasungguhna Allah swt ngabere (kautamaan) jeung kasantunan nu teu di berekeun jeung sifat-sifat nu lain (HR. Muslim)

Ti kesempatan lain Rasulullah SAW bersabda :Sasungguhna ka santunan teu melekat ka pribadi atawa parhiasan, jeung teu kacabut atawa jeung aib. (HR. Muslim).

Kadua kasantunan bisa ngabentuk sakitar kita, loba sahabat anu beunangkeun hidayah saenggeh, nyaksikeun pribadi Rasululloh SAW, nu santun, diantaranana : Tsumamah bin atsal RA jeung zaid bin saanah RA. Katilu kasantunan adalah pelindung hati ti noda jeung panyakit kalbu nu perlu di sadarkeun katika ngomong kasar jeung nyumpahkeun sabenerna kita teu keur ngarugikeun jalema lain. Tapi nganodakeun hati sorangan, ngotorkeun kanggo kekerasan serta ngajadi keras sasungguhna Allah swt maha santun ti sagala hal (HR. Al Bukhori).

Samoga puasa ieu bisa meletakeun etos kasantun ti sapopoe kita sahingga menjadi hamba-hamba nu di sukai Allah swt, sabab ti sabuah hadist di sebutkeun apabila Allah swt suka hambana, maneh erek ngaruniakeun kasantunan (HR. Muslim jeung Abu dawud)

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Iman Kana Kodo dan Qodar

Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatnaAmin..

Hadirin anu dipikahormat !Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan Allah sanajan manehna nyamuni.

Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.

Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirjaAnu hartosna : saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.

Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum

Manfaat Iman Kana Qodo sareng Qodar

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka dzatna anu maha suci anu maha mantena, parantos masihan mangrebu-rebu kanimatan terutamina nimat iman sareung nimat islam, teu hilap oge solawat sareng salam urang sanggakeun ka junjungan Nabi Agung Muhammad SAW, ka kaluwargina sareng ka sobat-sobatna oge ka para tabiin tabiatna anu ka Allah di mulyakeun.

Ka bapa sareng ibu guru anu simkuring di dipikahormat oge teu hilap ka para siswa sareng siswina anu ku simkuring di pihormat sareng mugia ku Alloh di mulyakeun.Aminn, ngadegna simkuring ieu teh di payun bade pidato sanes bade mimbar atanapi dakwah, langsung wae simkuring bade pidato anu insya Alloh nerangkeun atanapi nyarios masalah qodo dan qodar.

Sadaya umat muslim anu iman wajib, iman kana qodo sareng qodar Allh swt, iman kana qodo dan qodar ngandung mangpaat anu seueur ka urang sadayana. Di antawisna mangpaat iman kana qodo sareng qodar nyaeta tiasa ngokohkeun iman sareng takwa tiasa nyadar upami sagala kajadian di dunia sareng di aherat tos di di tentokeun ku Alloh swt. Ti jauh-jauh haritana nyana iman qodo sareng qodar tiasa numbuhkeun kateguhan hate sareng ka sabatan, aya na musibah tur rintangan anu tiasa di hareupan ku mangrupa katentuan-katentuan Allah swt.

Iman kana qodo sareng qodar tiasa numbuhkeun rasa iklas tiasa narima sagala katentuan ti Alloh swt sareng tiasa ngadorong kana ka sukuran ti Alloh swt upami usahan tiasa hasil, upami tiasa nyadarkeun kana ka berhasilannana ka mangrupa karunia ti Alloh swt, kaimanan qodo sareng qodar tiasa ngafdorong tina sikap tegar, sabar, sareng heunteu putus asa, di antawisna upami usahana gagal, kagagalan dina usaha sabenerna tos di catet ku Alloh swt ti zaman azali.

Mung sakitu pidato ti simkuring, mugi-mugi aya mangfaatna,salah leresna di tawakup nu sa agung-agungna.

Hukmah Iman ka Kitab-Kitab Allah

Asslamualaikum.Wr.WbBismillahirohmanirrohim.

Wabihi nastainu ala umuri dunya wadin wasolatu wasalamu ala asropil anbiyai walmursalin waala alihi wasohbihi ajamin Ammabadu

Pertama-tama mangga urang sadaya panjatkeun puji sinareung syukur ka hadirot Allah swt anu mana dina dinten ieu urang tiasa kumpul dina pertempatan ieu, nu salajeungna sholawat sareng salam mangga urang sadaya curahkeun ka junjungan urang sadaya Nabi Besar Muhammad SAW, serta para shohabatna, para ulama, para pengikutna, kangge urang sadaya tetep janten umat anu masih taat dina ajarana, amin ya robbal alamin.

Dina kaempatan ieu urang bade ngabahas tentang iman ka kitab-kitab Allah swt, pengertian tina iman ka kitab-kitab Allah nyaeta urang yakin sapinuh hate bahwa Allah swt nurunkeun kitab-kitabna ka para rasul-rasulna lewat malaikat jibril, kana dijadikeun pedoman hirup urang sadaya jeung ngabedakeun mana anu hak jeung mana anu bathil. Kita Allah nyaeta pedoman hirup manusia nu bakal ngacapaikeun kabahagiaan dunya sareng akhirat jeung mikeun kahartos antara anu hak sareung anu bathil nu halal sareung nu haram, diperlukeun nyaeta Al-Quran.

Kitab suci urang salaku umat islam nyaeta Al-Quran. AL-quran nyaeta kitab suci nu diturunkeun ka Nabi Muhammad SAW sakaligus nu terakhir di turunkeun ka dunya. Dijelaskeun dina surat Al-Baqarah ayat 2 nu hartina :Al-Quran nyaeta panerangan kana jalmi-jalmi nu takwa ka Alloh swt. Hikmah serta manfaat iman ka kitab-kitab Allah SWT diantarana nyaeta nentramkeun batin, merenyano kana umat-umat jaman baheula, bias ngabedakeun mana anu hak sareung petunjuk ngacapai kabahagiaan dunya jeung akhirat.

Kadua waktuna terbates tos sakitu heula ti abdi upami aya kasalahan mohon hampura, upami aya nu teu kahartos pek resepekun di jero hate.

Wassalamualaikum Wr.Wb.

Panghulung Kalbu

Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah taala. Amiin..

Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabiin tabiatna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Kepala sekolah SMPN 2 Leuwimunding, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan sinareng adi-adi kelas abdi, anu kusimkuring di pihormat.

Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina COBAAN ATAWA UJIAN

Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :1. Ujian anu manis2. Ujian- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta nikmat ti gusti Allah contona : Pa Udin jadi jalema anu dipikihormat ku sabab anjeunna kaya, gaduh mobil anu berkilat sahingga istrina oge 4Subhanallah- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan musibah contona : Pa Dayat gaduh kaluwargi, kanggo nganafakahan kaluwargina hese.Jadi kasimpulanan :Upami urang di pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ?

Maksadna ayat Al-Quran dijelaskeun :Upami urang syukuran ka nikmat Allah maka bade nambihan nikmat tersebut. Tapi sabalikna, upami kufur ka nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna.Upami urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah sabar.Nabi bersabda :

Sabar eta sabagian tina imanSareng Allah ngadawuh :

Allah seneng ka jalma-jalma ani sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan.Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan nana.Hapunten bila aya kalepatan.

Pidato nyambut dina mieling hari Kesaktian Pancasila

Assalamualaikum Wr.Wb

Para saderek sadaya nu sabangsa jeung saperjuangan anu dimulaikeun.

Dina kasempetan ayeuna rupina urang sadaya bangsa Indonesia nuju mieling Kari Kesaktian Pancasila anu ngarupikeun falsafah nagar jeung pandangan hirup bangsa.

Naon pangna dina dinten ieu 1 Oktober dosebat hari Kesaktian Pancasila? Memang upama ku urang ditalungtik ti kawit dicetuskeunnana kadaulatan bangsa jeung nagara urang Republik Indonesia, seueur pangalaman sareng rupi-rupi halangan sarta ancaman anu tujuanana ngarongrong jeung kasatuan bangsa anu hakekatna ngarupikeun bagian tina Pancasila, maksud=maksud anu goring anu haying nyoba-nyoba ngarebut sareng ngaganti falsafah nagara pancasila ku komunisme tiasa digagalkeun.

Upama urang nalungtik tina lahirna Pancasila, pancasila ngarupakeun hasil rumusan nu parantos ngancik dina jiwa sareng budaya bangsa Indonesia, nu digali tina poko-poko pikiran nu suci jeung hate sanubari bangsa Indonesia.

Kumargi kitu layak tur pantes upama Pancasila ngarupikeun poko-poko pikiran, sumber tina sagala hokum, pandangan hirup bangsa. Sarta sabagi ideology sareng falsafah nagara, anu wajib ku urang dipiara, dijaga sarta dilestarikeun.

Urang sadaya masih emut kana peristiwa atawa kajadian taun-taun nu parantos kalangkung, tepatna dina tanggal 1 oktober 1965, parantos dilakukeun gerakan pembasmian secara operasional anu dipimpin ku Letjen Suharto salaku Komandan Operasional Pemulihan Kaamanan kalayan dibantu ku segenep kakuatan masyarakat anu mertahankeun kadaulatan nagara jeung Pnacasila, tina terror anu ngaku dirina Gerakan G 30 S/PKI.

Gerakan Operasional eta hasil kalawan sukses, sahingga kadaulatan nagara tiasa disalamatekeun sarta tetep ngadeg di atas Dasar Pancasila sabagi falsafah nagara.

Kumargi kitu anu salajengna dina tanggal 1 Oktober, diabadikeun sabagi Hari Kesaktian Pancasila.

Sangkan teu ka alaman deui kajadian anu pait eta, nu usahapikeun ngargragkeun kadaulatan nagara jeung falsafah Pancasila, mangka dina kasempetan ieu, urang sabage bangsa Indonesia mangga urang sami-sami usaha, nalaah jeung ngamalkeun sacara murni jeung konsekwen, Sepertos nu nuju digalkeun ku ayana panataran-panataran P$, kalayan rupa-rupa carana nu diayakeun ku pamarentah. Sabab upama jiwa Pancasila eta geus bener-bener nyerep dina pribadi urang, mangka ieu bakal ngarupakeun tameng anu tangguh pikeun ideology lain anu rek usahangamangruhan atawa ngarongrong diri urang pikeun nurutkeun pangaruhna.Pancasila eta ku urang sadaya kudu diamalkeun, pon kitu deui ajak kulawarga urang sangkan bener-bener jadi kulawrga anu Pancasilais sajatai. Nya ieu pisan saestuna anu jadi puncak tina cita-cita proklamasi, anu bener-bener bakal ngawujud sakumaha anu cita-cita ku urang sadaya nyaeta BALDATUN THAYYIBATUN WARABBUN GHAFUR, ngawujud masyarakat adil jeung mamur berdasarkeun Pancasila kalayan kenging pangampura ti Allah swt.

Mudah-mudahan Allah SWT. Salamina ngalimpahkeun rahmat sareng karuniaNa, sareng mudah-mudahab ngaijabah kana saniskeun cita-cita sareng harepan bangsa Indonesia.Amiin!

Wasslamualaikum Wr.Wb

Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Pendidikan

URANG SUNDA KUDU NGAROJONG KANA ATIKANPIKEUN SUKSESNA KAWAJIBAN DIAJAR 12 TAUN

assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuhSampurasun..Dwan yuri anu ku sim abdi di pihormat, ibu kalih bapa guru nu sami rawuh di ieu tempat, teu kakantun rrncangan sadaya anu ku sim abdi di pitresna.

Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh SWT nu Maha Ghopur tur mihman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh sanubari, mugi sing ulah pok deui, komo kudu luncat mulang tali gadang, sing kukuh tur pengkuh teu unggut kalinduan teu gdag kaanginan.

Sholawat salam nu jadi panguat rasa tilam katresna, mugi tetep dillrkeun ka kanjeng nabi Muhammad SAW, miwah kulawargana, sohabatna tug dugi ka umatna nu tumut turut kana ajaranana.

Dina kasempetan nu sa ieu dina raraga lomba biantara sunda 6 taun, sim abdi bad ngabantun judul Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan, Pikeun Sukssna Kawajiban di Ajar 12 Tahun.

Dwan yuri nu ku sim abdi di pihormat,Masalah atikan mangrupikeun, salah sawios kawajiban kangg urang sadayana, milari lmu th dianjurkeun ku agama boh kupamarntah, sabab ku ayana atikan manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu ngagaduhan atikan. Sakumaha pitutur sepuh jalmi nu gaduh lmumah calikna pangpayunna, lohokna pang panjangna iketna pangrubakna.

Taun ajaran nggal ayeuna nu bad kasampeur, mangrupikeun salah sawios tatapakan nu nggal pikeun seuweu-siwi tatar galuh Ciamis, pikeun neraskeun sadaya nu sakola dasar ka sakola lanjutan tingkat awal, boh nu ti sakola lanjutan tingkat awal ka sakola lanjutan tingkat luhur,

Dwan yuri nu ku sim abdi dipihormat,Jawa Barat nu di sebat Pasundan sabagian ageungna urang sunda parantos ti beh dituna knh wanoh kana atikan, sateuacan UNICEF. Dina kamandangna long life education nuntut lmu th sapanjang hirup, sepuh pini sepuh urang tos ngawanti-wanti supados seuweu-siwina teu jaranteun jalmi bodo, sateuacan aya program kawajiban diajar 9 tahun ayeuna rek diundakeun jadi 12 tahun sepuh pini sepuh sunda tos ngagaduhan kamandang ngeunaan filosopis dina atikan boh dina wanda kawih, sisindiran, paribasa atawa babasan.

Dina rompaka kawih anu kieu unggelna:Nlngnngkung NlngnngkungGeura ged geura jangkungGeura sakola sing julungSangkan jadi jelma luhung

Nlngnngkung NlngnngkungGeura gede geura jangkungMun hidep pareng geus luhungPoma ulah rek adigung

Filosopis dina wanda kawih diluhur csna jntr, urang sadaya kudu sakola nyuprih lmu, bari jeung lamun parantos gaduh lmu teu adigung adiguna.

Dina rumpaka sisindiran anu kieu unggelna.

Aya manuk dina pagerNa sukuna aya bolaLamun urang haaing pinterKudu getol kasakola

Baju kutud heureut polaDikelin teu dijalujurLamun teu cucud ka sakolaArisin balik kalembur

Sihoreng mun urang hoyong pinter teh kudu getol kasakola sabalikna mun urang teu junun kasakola bakal isin balik kaleumbur.

Dwan yuri nu ku sim abdi dipihormat, Bapa kalih Ibu anu sami rawuh ditempat, og rrncangan saperjoangan nu ku sim abdi dipikatresna,Agama urang agama islam ngajarkeun umatna pikeun nyupri lmu dina salah sawios hadits nabi Muhammad saw.

Hartosna : Nyuprih lmu th wajib pikeun muslimin jeung muslimat ti kawit na kandungan dugi ka alam kubur.

Ditegaskeun deui ku sepuh pini sepuh urang sadaya dina babasan elmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarnya.

Filosofis nu nyangkaruk dina babasan diluhur, urang sadaya sans mung ukur nyuprih lmu wungkul tapi biayana g kudu disiar, mun pareng geus linuhung ku lmu kudu siger tengah.Kumargi kitu hayu urang suksskeun Wajar Dikdas 12 Taun, rarojong program pamarntah supaya sadaya janten murangkalih anu pinter bari jeung bener, cageur bari jeung sing singer. Mun cageur, bageur, bener, pinter, tur singer insya allah moal kabalinger.Pamendak pitutur sepuh urang sunda, luyu jeung agama diarigama, pamungkas:Sing getol nginum jajamuNu guna nguatkeun uratSing getol neangan lmuNu guna dunya akhrat

Cag, wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh(gtcrentalcsg.blogspot.com)

Contoh Biantara Wawakil Guru/Kapala Sakola Waktos Paturai Tineung

Assalamualaikum wr wbAlhamdulillahirobbilalamin. Washolatu wassalamu ala asrofil anbiyai wal mursalin, Allahumasali Muhammad waalla alihi washobihi ajmain.Wiwitan puji kagungan Illahi Robbi, sadaya puja mung kagungan Allah. Alhamdulillah dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan lahir sareng batin, oge kakiatan kanggo tiasa kempel ngariung di dieu patempatan, dina raraga ngaluuhan acara paturay tienung sareng pangjurung dua kanggo akang sareng teteh anu parantos lulus ti ieu sakola.Salam sinareng solawat muga netes ka Nabi Muhammad SAW, natrat ka para karabat, para ahli sareng sahabat.

Hadirin nu dipihormat, dina danget ieu mangrupi dinten anu kebek ku kabingah sareng kabagjaan kanggo urang sadaya, kabingah Bapa Ibu Guru kalih sepuh-sepuh para siswa, rehing parantos rengse diajar, salami tilu taun, nyukcruk elmu pangaweruh sareng katiasa di ieu sakola. Kalintang wajarna upami urang sadaya ngucapkeun Alhamdulillah.Salami tilu taun para siswa diatik sareng diaping ku Ibu kalih Bapa Guru, dipaparinan elmu sareng katiasa keur pibekeleun maranehna jaga dina mangsa nu bakal datang. Waktos tilu taun diajar di sakola mung saukur janten rawayan tina panjangna lalakon hirup anu kedah disorang. Mugi-mugi bae sadaya elmu nu parantos dipaparinkeun ku Ibu sareng Bapa guru sing janten lawang pamuka keur para siswa kanggo nyangking paelmuan saterasna. Panghudang sareng pangjurung ti Ibu Rama anu janten sepuhna kalintang diperyogikeunana, malih eta saestuna nu langkung utami, nu langkung anteb tapak guratna, nyaeta didikan ti ibu sareng ramana.

Ka sadaya para siswa anu bade ngantunkeun ieu sakola, Bapa mung tiasa ngajurung ku dua, mugi-mugi hidep sadaya siang tiasa neraskeun sakola. Sing langkung suhud sareng junun dina diajar, sing langkung motekar, sabab elmu teh kasakten diri. Elmu tungtut dunya siar, sing pinter ngaraksa diri. Hidep sadaya sing jucung sing nanjung, tapi poma masing inget dina rengkak jeung paripolah, boh di sakola boh di lingkungan masyarakat, pamugi masing tarapti, kedah adab ka sasama, hade budi someah reujeung darehdeh. Rengkuh ajrih ka saluhureun, heman nyaah ka sasama, bear bageur ka sahandapeun. Mun hayang jadi jalma nu dihormat diajenan ku nu lian, anu disebutkeun tadi mugi sing jadi papagon hirup. Insya Allah.Pamungkas, bapa mung saukur ngiring ngajurung, mugi-mugi naon anu dipiharep jeung dicita-cita sing laksana tinekanan. Teu hilap, kalayan asmana Ibu kalih Bapa guru sadayana. Bapa nyuhunekun dihapunten tangtu aya kalepatan. Paribasa clik putih clak herang, caang bulan opat welas, urang lubarkeun samudaya kaluluputan.Sakitu nu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan, bahe carekna langkung saurna, neda sihapunten.Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalualaikum wr

Contoh Biantara Wawakil Siswa Waktos Acara Paturai Tineung

Assalamualaikum wr. wb.Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah, Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuringMungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sareng cita-cita.Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka sim kuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun dua, pamugi rupining elmu sareng katiasa anu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. AminBapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhurRupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntennaWabillahi taufik wal hidayah. Wassalualaikum wr. wb.

Contoh Pidato Sunda | Biantara Paturay Tineung TI Wawakil Siswa Biantara Paturay TineungAssalamu'alaikum Wr. Wb

Puji Sinareng Sukur Kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Alhamdulillah dina denget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upicara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca bade ngantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar tilu taun.

Bapa kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.Sim kuring ngadeg di ieu tempat minangka wawakil ti rerencangan kelas tilu, hoyong cumarios ngedalkeun kareteg angan.

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelak . Asa kamari keneh sim kuring saparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayuena tos kedah paturay deui. Sim kuring saparakanca kedah deui neraskeun sakola, ngahontal hareupan sareng cita-cita.

Kantenan bae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabeutaheun, sim kuring saparakanca diajar neangan elmu. Ruang-riung bohdi kelas boh dina rupa-rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan. Tangtos bae eta sadayana bakal jadi 'kenangan' nu moal kahihilapkeun. Atuh kasaean Bapa kalih Ibu Guru sadayana, elmu pangaweruhna anu didugikeun kasim kuring saparakanca, tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalan sorangeun. Kalayan diaping dididik ku Ibu Bapa Guru pisan sim kuring saparakanca gaduh elmu nu mangpaat. Dituduhkeun nu sae sareng nu awon, nu leres sareng nu lepat, nu poek sareng nu caang.

teu aya nu tiasa kapisanggem, iwal ti hatur sewu nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa Guru sadayana. Sim kuring saparakanca teu tiasa males eta kasaean, anging ngedalkeun du'a, pamugi rupining elmu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran nu ageung mangtikel-tikel ti Gusti nu maha suci.

Atuh silami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola, kantenan bae seueur pisan kalepatan. Seueur pisansikep sareng nyuhunkeun di hapunten tina samudaya kalepatan kaluluputan.

Pamungkas, sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu's ti Ibu kalih Bapa Guru sadayana, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukeruk elmu di tingkat nu langkung luhur..

Meser kaos dimeteran,meser sendal sareng pita,Abdi mios rek pamitan,rek ngahontal cita-cita.

Kamari mawa ragaji,ayeuna rek mawa kisa,Kamari urang ngahiji,ayeuna urang papisah.

Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunteun bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah.

Wabilahi taufik wal hidayah. Wassalamu'alaikum Wr. Wb