6
BAB I WACANA BUBUKA 1.1. Latar Wacana Dodol Garut mangrupi kadharan khas ti kota Garut provinsi Jawa Barat. Dodol Garut ieu seueur rupi-rupina, diantarana nyaeta dodol wijen, dodol nanas, dodol tomat, dodol durian, dodol coklat, jeung sajabana. Dodol ieu kaasup kana kadaharan camilan alatan rasana nu amis. Seueur toko-toko atawa warung-warung nu nyayagikeun dodol pikeun jualanna. Di sapanjang jalan kota Garut loba nu dagang ngajajakeun dodol garut, utamina di jalan-jalan di unggal pintu gerbang ka daerah lain di sabudeureun kota Garut. Seueur jalmi nu minyuka dodol Garut ieu alatan rasana nu khas, nu ngabedakeun jeung dodol-dodol nu ti daerah lain di Indonesia. Kummaha cara nyieun dodol Garut nu kawentar teh ? 1.2. Tujuan Wacana

Dodol garut

Embed Size (px)

DESCRIPTION

 

Citation preview

Page 1: Dodol garut

BAB I

WACANA BUBUKA

1.1. Latar Wacana

Dodol Garut mangrupi kadharan khas ti kota Garut provinsi Jawa Barat. Dodol

Garut ieu seueur rupi-rupina, diantarana nyaeta dodol wijen, dodol nanas, dodol

tomat, dodol durian, dodol coklat, jeung sajabana. Dodol ieu kaasup kana kadaharan

camilan alatan rasana nu amis.

Seueur toko-toko atawa warung-warung nu nyayagikeun dodol pikeun jualanna.

Di sapanjang jalan kota Garut loba nu dagang ngajajakeun dodol garut, utamina di

jalan-jalan di unggal pintu gerbang ka daerah lain di sabudeureun kota Garut.

Seueur jalmi nu minyuka dodol Garut ieu alatan rasana nu khas, nu

ngabedakeun jeung dodol-dodol nu ti daerah lain di Indonesia. Kummaha cara nyieun

dodol Garut nu kawentar teh ?

1.2. Tujuan Wacana

Ieu panalungtikan ditulis kangge mancenan tugas basa Sunda kelas VIII C di

SMPN 1 Jatisari, taun palajaran 2009/2010.

1.3. Udaran Masalah

1) Bahan-bahan nyieun dodol

2) Cara nyieun dodol

3) Pamasaran

Page 2: Dodol garut

BAB II

EUSI WACANA

2.1. Bahan-Bahan Pikeun Nyieun Dodol Garut

Bahan-bahan nu diperlukeun pikeun nyieun dodol garut :

1) tipung ketan 16-17 kg,

2) tarigu 1 kg,

3) Gula pasir 30 kg,

4) Lemak sapi saperluna wae

5) Mentega saperluna

6) Pewarna makanan (saperluna),

7) Bubuk coklat (mun perlu),

8) Kelapa 25 hulu (dijieun cipati nu kentel jeung nu encer).

2.2.Cara Nyieun Dodol Garut

1) Cipati kentel dimasak di jero wajan gede nepi ka ngagolak saheng.

2) Adonan tipung nu geus dicampur jeung cipati encer diasupkeun kana

wajan.

3) Aduk terus nepi ka 80 persen asak, mun perlu diletak dicobian.

4) Asupkeun gula, bari diaduk terus.

5) Asupkeun lemak sapi, bari diaduk terus.

6) Asupkeun penyedap coklat/pewarna mun diperlukeun, karek diaduk terus

nepi ka asak 100 persen.

7) Angkat ti kompor, asupkeun kana jero loyang-loyang nu geus disiapkeun

saacanna. Ditiiskeun diantep nepi ka sapoe sapeuting.

8) Poe isukanna, dodol siap dipotong-potong tur dibungkus.

Page 3: Dodol garut

2.3. Pamasaran

Numutkeun Dinas Perindag KUKM kab. Garut wilayah pamasaran dodol garut

geus dipasarkeun ka hampir sakitar wilayah Indonesia jeung manca nagara nyaeta

Pulau Jawa, Kalimantan, Sumatera, Bali , Brunai, Malayasia, Jepang, Arab Saudi,

Singapura, Inggris.

Page 4: Dodol garut

BAB III

WACANA PAMUNGKAS

3.1. Kasimpulan

Dodol Garut nyaetan kadaharan khas urang Garut. Dodol Garut geus janten

komoditi ekspor nasional nu ngadukung perdagangan jeung industry wilayah Jawab

Barat.

Cara nyieun dodol garut kaitung sederhana jeung babari pikeun dipalajari ku

urang sarerea. Nu diperlukaeun dina nyieun dodol garut, nyaeta milih kualitas bahan

nu bermutu jeung dina proses nyieunna kudu taliti jeung numutkeun prosedur resep

nu bener, supaya rasana enak jeung khas, tur kangseuna seungit.

3.2. Saran-saran

Dina nyieun dodol garut kudu merhatoskeun:

1. Kualitas bahan-bahan.

2. Proses nyieun nu bener jeung procedural.

3. Kabersihan jeung kasehatan bahan.

4. Cara mungkus nu rapih tur bias ngajaga dodol sangkan awet.

Page 5: Dodol garut

DAFTAR PUSTAKA

1. http://nyieundodol.blogspot.com/2010/03/nyieun-dodol-garut.html

2. http://bahar-edukasi.blogspot.com/2009/05/pengen-tau-tentang-dodol-

garut.html

3. garutkab.go.id)